2. A
lhamdulillah, saparantosna urang nyeueurkeun
mahabbah, ti kawitan sasih Rojab dugi ka sasih
Sya’ban, ayeuna cunduk kana waktuna, urang
ditepangkeun deui sareng sasih anu mulya, nyatana sasih
Romadon. Sasih nu disebat sayyidusuhur, panghuluna
sakabéh bulan. Margi dina éta sasih, dilungsurkeunana
rohmat, dilungsurkeun mangpirang-pirang magfiroh
sareng ditebihkeunnana tina seuneu naraka. Kaunggel,
sakumaha dina pidawuh Kangjeng Rosul, fiawwali
rohmah, waao satuhu maghfiroh waahiruhu itqu
minannar.
Para Mitra Manglé,
Pasipatan manusa nu sarwa balagah jeung lemah,
ayeuna pisan tiasa diriksa ku mangrupa-rupa ibadah.
Sawangsulna, upama manusa dina sasih mulya ieu masih
angger balangah jeung lemah, tangtos moal kénging
ganjaran puasana.
Margi kitu, para mitra Manglé, dina ngawitan sasih
anu mulya ieu, mangga urang siapkeun diri, nu diantawis-
na; 1.Didikan jasmani, nyaéta tumuwuhna jasmani jeung
mulasara kaséhatan. 2.Didikan kasopanan nyaéta
ngalelempeng létah (ucapan) jeung ngoméan raga dina
ngalampahkeun hirup. 3.Didikan aktual nyaéta
minterkeun akal pikiran sarta ngajuruskeunana ka nu
langkung maslahat. 4.Didikan kaparigelan nyaéta
ngalatih gawé geusan nyiar kabutuh hirup. 5.Didikan
ilmiah, nyaéta upaya ngalengkepan manusa reujeung
élmu pangaweruh anu bener tur ajén guna. 6.Didikan
méntal, nyaéta ngahudangkeun acining rasa reujeung
kaéndahan alam, geusan nyadap pangajaranana. 7.
Didikan sosial kamasarakatan, nyaéta ngawanohkeun
kana hak-hak masarakat. 8.Didikan rasa kamanusaaan,
nyaéta rasa duduluran di antarana umat manusa.
9.Didikan ahlak (moral spiritual), nyaéta ngalempeng-
keun katukuhan reujeung katoatan kana sagala paréntah
Alloh ogé ngajauhan laranganana. 10. Didikan rohani,
nyaéta ngaronjatkeun rohani geusan sumambung reu-
jeung Sang Kholiq, Alloh Azza Wajalla, Alloh Swt.
Mudah-mudahan. ***
Marhaban Ya Romadon
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di-
brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. KOLOM
Hadé Ku Omong Goréng Ku Omong
Tatang Sumarsono .......................... 17
PURIDING PURINGKAK
Jurig Imitasi
Eddy Ruswandy .............................. 24
IMPLIK-IMPLIK
Makalangan di Batawi
Ngondang Wisatawan ka Majalengka
......................................................... 46
SAJAK
Balung Tunggal
Arom Hidayat ................................ 49
CARITA PONDOK
Sapuluh Tips Ma(n)yunan Saum
Ihung ............................................... 20
Si Munggah
Féndy Sy. Citrawarga ........................ 22
Si Panyajak Oni
Déri Hudaya ....................................... 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ....................................... 32
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (165)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (3)
M.A. Salmun
............................................................. 12
SekarManglé
Fauziah
6
LAPORAN
Pamingpin
Mahing Kiruh ti Girangna
Potret:Reisyan
Wilujeng énjing Baraya! Wilujeng pen-
dak deui sareng Ceu Onnok, si penyiar
nu bageur téa, penyiar nu manis taya
duana. Pendak dimana? Dimana deui,
lintang di radio anu maneuh, radio
kameumeut urang sadaya, Manglé FM.
Radiona urang Sunda nu gumbira!
.................................
20
Sapuluh Tips
Ma(n)yunan Saum
Panata Rias & Raksukan: ARGA
PUSPA Jl. Melong Kaler I No. 2
Bandung Telp. 022 – 91600157 HP.
087821252077
4. Puasa
C
euk ustad, bagja pisan cenah
mun urang bisa nyorang deui
puasa salila sabulan cam-
pleng. Urang gé percaya, loba pisan
ganjaranana cenah lamun urang bisa
nyubadanan ibadah puasa dina
bulan Ramadan téh. Tangtu,
puasana gé henteu asal kitu baé.
Puasa anu mabrur téh lamun di-
pilampah kalawan nyubadanan
sagala katangtuan jeung nyegah
sagala pantanganana. Ceuk ustad
deui waé éta téh.
Ceuk para ahli, lamun
dimangpaatkeun kalawan optimal
puasa salila bulan Ramadan téh
bakal luar biasa mangpaatna. Éfékna
bisa ngawengku kana sagala widang.
Dina urusan kaséhatan apan beuki
dieu beuki sapagodos pamanggih
para ahli téh. Puasa gedé pisan
mangpaatna pikeun nyéhatkeun
awak. Salila bulan Puasa awak urang
kudu matok kana disiplin anu teu
bisa ditawar. Dimimitian ku saur
dina mangsa janari, disambung ku
puasa sapoé jeput, kakara bisa
barangdahar deui téh dina waktuna
magrib. Ku cara mayeng kitu pada-
haran urang bakal robah gawéna,
kana awakna bakal leuwih séhat. Éta
anu pokona. Ditambah deui ku
ibadah sunahna, boh tarawéhna boh
tadarusna. Latihan fisik samodél
kitu bakal alus pangaruhna kana sis-
tem saraf jeung jalanna getih. Komo
deui lamun dibarengan ku niat anu
ihlas, pasrah.
Sawadina, salila bulan Puasa
sagala rupa anu didahar ku urang
téh kudu kadaharan anu halal
wungkul. Boro-boro anu haram
dalah anu makruh gé kuduna di-
jauhan. Lamun anu didahar ku
urang kaasupan anu teu halal, ka-
maslahatan ibadah puasana bakal
ngurangan.
Ari anu kasebutna teu halal, lain
ngan sakadar barangna wungkul
tapi ogé prosésna. Gampangna mah,
salila bulan Puasa omat ulah korup-
si. Lantaran naon baé anu tina hasil
ladang korupsi bakal milu ngura-
ngan kana mabrurna puasa téa.
Malah bisa jadi mubah.
Lamun bener-bener dijalankeun-
ana kalawan kitu, meujeuhna lamun
ibadah puasa téh kamaslahatanana
bakal luar biasa. Tina nu saréatna
ngantep beuteung lapar salila sapoé
jeput, mangpaatna lain ngan ukur
kana badan tapi kana jiwa ogé bakal
beresih. Lamun jiwa urang geus
beresih, pasti urangna ogé moal
sarakah.
Ari salasahiji anu ayeuna keur
jadi mamala ka sakumna bangsa
urang apan lantaran loba pisan anu
sarakah. Rék para politisi, rék nu
arusaha, kitu deui kaom terpelajar-
na, kaasup para ulamana, kum teu
diwiji-wiji saréréa mani keur saru-
manget pisan ngalajur napsu.
Pulitik hayoh wé diparékos-
parékoskeun, geus leungiteun
dikaéra asal meunang untung.
Agama ngan semet paséhat dina
nepikeun ajaran-ajaranana tapi ari
prakna mah wallahu'alam. Atuh
kaom terpelajarna ogé teu
tinggaleun ngajarualan élmu jeung
pangabisa demi kalungguhan jeung
panghasilan.
Keur meujeuhna mahabu ku anu
kararitu di urang ayeuna téh. Jeung
geus karandel kulit beungeut deuih.
Henteu kudu susah-susah kokoréh
néangan keur contona, da unggal
waktu nembrak di mana-mana.
Komo deui ayeuna, mani siga kana
naon nyanghareupan pemilu 2014
téh.
Asana teu euweuheun nagara
batur gé anu ngagegedékeun
démokrasi. Tapi asa arang langka
anu nyucud saperti di urang. Cenah
kabéjakeunana dina lebah ngokola-
keun nagara urang téh ngiblat pisan
ka Amérika Serikat. Duka teuing
lebah mana nu jadi kiblatna, da apan
nu ngaranna nagara Amérika Serikat
téh sakitu legana. Jeung duka naon
deuih anu dijadikeun kiblatna téh.
Da buktina, lamun ngiblatna ka
Washington, dina lebah tata tertib
ngurus nagara nu jareneng di
Jakarta téh sama sakali henteu
nyonto aturan jeung disiplin nu di-
paraké ku anu ngalantor di Gedung
Putih. Cenah ngiblatna ka New York,
buktina irama jeung aturan usaha nu
aya di urang henteu saperti nu aya di
ditu.
Papadaning kitu, perkara pajar
urang ngiblat ka AS téh geus pirang-
pirang dikritik. Tapi euweuh hiji gé
anu kalawan nembrak sanggup méré
conto anu leuwih bener nepi ka bisa
diturutan ku saréréa.
Tangtu, nu ngaranna ngurus
nagara jeung ngurus bangsa moal
cukup lamun anu jadi patokanana
ngan sakadar élmu. Kudu dibare-
ngan ku iman, cenah. Ari salasahiji
tarékah pikeun ngandelan iman téh
nya puasa. Tinggal buktina. AM
Manglé 2433 3
5. 4 Manglé 2433
Wilujeng Saum
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Punten ngiring ngin-
tun serat kanggo roha-
ngan Koropak Mangle.
Simkuring ngahaturkeun
wilujeng tepang deui
sareng sasih Romadon
anu mulya, nu dilebetna
seueur kamulyaan. Ku
kituna, hayu urang eusi
sasih ieu ku rupa-rupa ka-
hadean sareng ngariksa
diri kana lampah nu
salah, kana laku nu sok
kalan-kalan sering
patojaiyah.
Utaman deui ka pama-
rentah, nu kiwari seueur
kadangu masalah korup-
si, musibat, pacengkadan
jeung sajabana, mugi dina
sasih saum mah, teu aya
kajantenan kitu, malihan
tiasa dijagi dugi ka sabada
rengse sasih Romadon.
Nyi Mangle anu geulis,
Simkuring oge, ngemutan
ka para mitra, mugi sing
kiat urang ngalaksana-
keun saum. Komo urang
mah da urang Sunda, nu
cek kolot baheul, urang
Sunda mah biasa
ngalaksanakeun saum,
henteu wae saum wajib
dina sasih Romadon.
Dalitna urang Sunda
jeung Agama Islam oge,
apan kedah jadi dasar
keur urang Sunda masing
nyaketkeun deui sareng
agama Islam. Lantaran,
diantawis ciri urang
Sunda apan, jalmi nu
dalit pisan, nu salawasna
tiasa nyumponan ajaran
agamana. Margi kitu,
mudah-mudahan wae
para mitra dimana wae,
dina nanjeurkeun agama
Islam salami sasih Roma-
don oge, seueur da’wah
teh nganggo basa Sunda,
basa lembur urang sora-
ngan. Ieu memang
peryogi kasadaran sareng
kawijakan ti pamarentah
Jawa Barat atanapi
pamarentah kabupaten/-
kota di Jawa Barat.
Simkuring mah, asa
reueus kacida, pami
da’wah Sunda di-
hangkeutkeun deui, ulah
dugi basa Sunda nu
kacida endahna, dianggo
da’wah ku umat nu sanes
Islam. Sakitu, hatur
nuhun.
Wassalam,
Ujang Najmudin
Ti Tasikmalaya
Jujur jeung Daria
Assalamu'alaikum Wr.
Wb.
Damang Manglé?
Punten ngiring nyerat.
Ku seueurna pasualan
bangsa, jigana ulah
nyalahkeun teuing pihak-
pihak nu teu walakaya.
Pacogregan di sababaraha
tempat, boa-boa ieu teh
balukar tina conto para
pangagung nu nyarekel
kalungguhan di luhur nu
teu teu weleh pareum-
pareum. Ketak para pihak
nu resep ngulinkeun
hukum jeung sipat egois
pajabat, geus puguh eta
teh teu mere conto nu
hade. Sanajan nu kitu teh
bentuk perjuangan
nanjeurkeun hukum, tapi
kajujuran mah kudu
nomer hiji. Di urang loba
pajabat, tokoh politik nu
siap ngalawan kadoliman,
tapi moal aya hasilna
upama teu siap jujur.
Jigana kudu aya gerakan
siap jujur.
Punten-punten ka
para pangacara, ulah asal
bisa ngabela nu jugala
bari resep nyumputkeun
data. Sanajan kakara
mampuh paheuras-
heuras genggerong, tapi
yakin ahirna nu jujur
bakal meunang. Kitu deui
dina bentuk gerakan,
sanajan loba gerakan anti
korupsi, gerakan anti
manipulasi, salila teu aya
gerakan jujur mah jigana
moal eureun-eureun ieu
masalah teh.
Tah, di tatar Sunda
Jawa Barat nu kasebut
loba potensi, jigana
pantes lamun jadi conto,
aya gerakan kajujuran.
Nu ngokolakeunana
tangtu para pajabat oge
para inohong. Kituna teh
sahenteu aya hikmah
keur dirina sangkan jujur.
Cek kuring mah,
masalah bakal bener
upama cumpon ku dua
perkara. Hiji jujur kadua
daria. Sanajan kasebutna
daria (transparan) tapi
teu jujur moal aya
barokahna. Kitu deui
sanajan jujur tapi teu
daria, moal oge aya
palajaranana.
Tah, ningal pasualan
pacengkadan antar lem-
baga di luhur, tangtu
kudu sagancangna sala-
dar. Ulah aya hiji oge nu
ngarasa bangsa ieu teh nu
dirina.
Sakitu wae nya Nyi
Mangle. Sakali deui hatur
nuhun. Hurip Sunda!
Wassalamu'alaikum
Wr. Wb.
Abdurahman
Bandung
6. Manglé 2433 5
Rancagé
K
acaritakeun mangabad-abad
katukang, Jonathan Rigg,
urang Inggeris, muka per-
kebunan enteh di Jasinga, Bogor Kidul.
Tetela eta pangusaha ti nagara Lady
Diana teh katarik oge nyusun buku
kamus basa Sunda. Salila sabelas taun
( 1843-1854) manehna ngadekul
ngumpulkeun kekecapan basa Sunda.
Nya teu burung hasil ngawujud mang-
rupa buku kamus dijudulan A Dictio-
nary of The Sunda Language of Java.
Puguh wae buku bieu teh pohara
pentingna, lain wae mangrupa buku
kamus dwi basa Sunda-Inggeris, tapi
oge mangrupa sumber dokumentasi
aspek-aspek kahirupan urang Sunda
jaman harita. Upamana wae, kacatet
cara tatanen urang Sunda harita,
nyawah jeung ngahuma. Atuh pare nu
dipelak oge aya dua rupa, pare sawah
jeung pare huma atawa pare pasir.
Matak helok, tetela pare sawah aya
kana 45 rupana, ari pare huma sakitu
reana nepi ka 150 rupana. Naon wae?
Diantarana nu kaasup pare sawah teh,
Sisit Naga, Gajah Menur, Seri Kuning,
Cere Bogor, Cere Malati, Beureum
Gede, Beureun Loyor jeung sajabana.
Atuh nu kaasup pare huma, diantarana
Bentik, Beunteur, Campaka, Bujang,
Bunar, Beureum Manggala, Beureum
Randa, Beureum Sereh, Ketan Ban-
teng, Ketan Asmara, Ketan Jaleha,
Ketan Kerud, Ketan Kidang jeung
sajabana.
Matak panasaran, naha rupa-rupa
pare nu kasebut dina kamus beunang
nyusun Jonathan Rigg bieu teh ayeuna
aya keneh? Atawa geus musnah?
Malah lain wae saukur matak
panasaran, tapi campur oge jeung
kamelang. Balukar modernisasi, jelas
pola hirup masarakat Sunda, hususna
masarakat tani ngarandapan robahan
sakitu rosana. Cara tatanen geus robah,
tina cara tatanen tradisional kana cara
tatanen nu ngalarapkeun padika
moderen. Atuh pakakas nu diparake
ku patani oge geus robah, upamana
wae etem nu nepi ka taun 60an di-
parake keneh ku para wanoja mangsa
dibuat, ayeuna mah geus teu aya deui.
Lian ti kitu, kaaripan hirup masarakat
patani nu pohara mentingkeun watek
rajin, taliti, leukeun, sabar, ngahormat
sasama jeung ngarawat kabeungharan
alam geus rea nu kagiridig jaman.
Perlu didokumentasikeun
Jelas, kahirupan masarakat tani di
tatar Sunda, ngawengku cara hirup,
ajen inajen nu jadi ageman jeung aspek
budaya sejenna, pohara pentingna di-
dokumentasikeun. Hal kitu pohara
perluna keur nambahan pangaweruh
masarakat Sunda kiwari, hususna
generasi ngora, enggoning miwanoh
kabudayaan masarakatna ti mangsa ka
mangsa.
Tah, maksud kitu nu ngajurung
medalna buku Kompendium Istilah
Sistem Pertanian Tradisional Sunda nu
disusun ku Darpan, M.Pd, Drs. Abdu-
rachman, Atik Soepandi, S.Kar, Drs.
Dasum Muanas jeung Prof. Dr. Yus
Rusyana. Ieu buku teh mangrupa hasil
panalungtikan ka masarakat tani di
sababaraha kabupaten, di antarana
Kabupaten Bandung, Kabupaten
Ciamis, Kabupaten Majalengka, jeung
Kabupaten Lebak.
Eusi buku bieu, garis badagna
ngawengku Sistem Pertanian Tradisio-
nal, saperti ngagarap sawah, pakakas
tatanen tradisional, istilah-istilah tata-
nen tradisional saperti ngaran waktu
tatanen, ngaran –pakakas tatanen,
kaayan pare, hama pare, gawe selingan
patani jeung sajabana. Satuluyna
netelakeun rupa-rupa pare pajamanan
Jonathan Rigg, Pare dina kasusastera-
an Sunda, panutup daptar istilah tata-
nen tradisional Jawa Barat.
Dilengkepan ku gambar jeung bibliog-
rapi.
Lian ti nataan pakakas tatanen
saperti arit, asahan, aseuk, balincong,
etem, pacul, rancatan jeung sajabana,
ditataan oge parabot dapur saperti
aseupan, boboko, ayakan, bekong,
bokor, cecempeh, padaringan, pendil,
para seuneu jeung sajabana. Kitu deui
usum tatanen saperti usum tebar,
ngarambet, usum pibuateun jeung
sajabana.
Ieu buku karek mangrupa ihtisar,
daptar istilahna ringkes pisan. Conto,
ngaran rupa-rupa manuk di sawah ku-
rang disebut. Kukituna, pohara perlu-
na dituluykeun nyusun buku kamus
istilah tatanen lengkep make gambar
atawa leuwih afdol deui ensiklopedia
ngeunaan tatanen di tatar
Sunda.Iraha? (kk) ***
Pare ti Abad ka Abad
Judul :
Kompendium Istilah Sistem Per-
tanian Tradisional Sunda
Panulis:
Darpan M.Pd, Drs.Abdurachman,
Atik Soepandi,S.Kar, Drs. Dasum
Muanas, Prof.Dr. Yus Rusiana.
Panerbit :
PT Dunia Pustaka Jaya, gawe
bareng jeung Universitas Padja-
djaran.
Citakan ka hiji, Mei 2013.
7. Pilihan gubernur geus lila
lekasan. Bulé hideungna geus
puguh. Tapi, lain hartina
réngsé pasualan, da nu pen-
ting mah, kumaha satutas
kapilih tur mancén gawéna.
Malah, satutas gupernur
jeung wawakilna diistrénan,
rahayat loba nu nebarkeun
harepan anyar.
***
U
pama kapamingpinan tatar
Jawa Barat jadi panalinga
balaréa, tangtu lantaran
tina pentingna kalungguhan
pamingpin. Ku lantaran kitu, teu
anéh, upama ketak jeung paripolah
pamingpin téh pada moconghok,
pada nalingakeun ku balaréa, kaa-
sup ku para ahli pamaréntahan,
saperti Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH.,
M.Si., Guru Besar Universitas
Padjadjaran (Unpad), Bandung.
Pamingpin, ceuk Prof. Asep
samistina apal kana keteg haté
masarakat. Apal kana harepan-
harepan jeung impianana. Lian ti
kitu, apal deuih kana pasipatanana.
“Pasipatan urang Sunda umumna,
hormat ka kolot, ngajénan kaum
intelektual, ogé para inohongna,”
pokna.
Pamingpin, keur urang Sunda
mah, kaasup inohong hormateun.
Atuh, pamingpin ogé kudu jadi
picontoeun. “Margi pamingpin mah
gambaran sareng etalasena
masarakat. Ku lantaran kitu,
pamingpin mah kudu jadi conto,
ulah nepi ka kiruh ti girangna mun
dipapadékeun kana walungan
mah,” pokna basa ngobrol sawatara
waktu ka tukang di Kampus Pasca-
sarjana Fisip Unpad, Dago, Ban-
dung sawatara waktu ka tukang.
Mun pamingpin jadi gambaran
masarakatna, ceuk ieu Dekan Fisip
Unpad téh, paripolah jeung ketak
éta pamingpin kudu mampuh
nganteur kahontalna harepan
masarakat. Pilihan masarakat,
gambaran kapercayaan ka paming-
pinna. “Jangji-jangji jeung
kasanggupan calon pamingpin
waktu kompanye, kudu dilaksana-
keun satutasna kapilih!” pokna
tandes naker.
Sarua Kuat
Pilihan langsung anu ‘sapaket’
jadi kakuatan keur éta papasangan
pamingpin. “Boh gupernur boh
wakilna ngagaduhan kakiatan anu
sami,” pokna.
Kakuatan nu sarua kitu, najan
béda-béda pancén, tetep geusan
karaharjakeun masarakat. Atuh,
masarakat gé satutas éta calon
kapilih, baris mopohokeun asal-
usul jeung kasang tukang éta
pamingpin, kaasup teu masualkeun
deui partéyna. Anggapan
masarakat saperti kitu, ceuk Prof.
Asep, sawadina ogé jadi bahan
tinimbangan daria pamingpin di
Jawa Barat.
Pamingpin saperti gupernur
jeung wawakilna, ngemban amanat
balaréa. Atuh, jabatanana disebut-
na téh jabatan publik. Hartina,
upama éta pajabat ngalaksanakeun
kakawasaanana atawa wewenang-
na, hartina téh keur kapentingan
balaréa, demi kamaslahatan
6 Manglé 2433
Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH., M.Si.,
Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung
Pamingpin
Mahing Kiruh ti Girangna
8. Manglé 2433 7
saréréa.
Kumaha ari pamingpin nyura-
han anggapan masarakat saperti
kitu? Tangtuna ogé sagala raran-
cang jeung prak-prakanana
mancén gawé kudu demi masarakat
sakumna. “Tah, tumali sareng
pancén gawé, apan aya aturan anu
jinek,” pokna.
Patokan keur pamingpin, lian ti
undang-undang jeung aturan, ogé
aya étika. Tangtu wé papagon étika
mah, lain bener jeung salah, lain
hadé jeung goréng, tapi pantes
jeung teu pantes. “Dina jabatan
publik ogé kedah ngagaduhan étika
anu tangtu,” cek ieu panitén politik
jeung élmu pamaréntahan téh.
Nyaritakeun sual étika pajabat
publik, obrolan Manglé gé ngalegot
kana pamanggih masarakat
ngeunaan Wakil Gupernur Jawa
Barat, H. Dedi Mizwar nu masih
kénéh jadi béntang iklan. Wagub
masih kénéh remen midang dina
layar kaca, ngiklankeun ‘barang’
dagangan. “Taya ari aturan nu
ngalarang mah, mung dumasar
kana étika, pajabat publik mah teu
pantes ngiklankeun barang daga-
ngan,” ceuk H. Asep dibarung
mésem.
Upama ketak wagub saperti kitu
jadi bahan adu-rényom dina
pakalangan balaréa, cek Prof. Asep
kudu dima’lum. “Eta téh hiji ka-
hariwang masarakat nu saleresna
mikanyaah ka pamingpinna,”
pokna.
Kumaha atuh mistina? Ceuk H.
Asep Kartiwa, upama masih aya
kénéh sésa kontrak, kari
ngabadamikeun wé jeung méré
kontrak téa. “Tiasa di négo ulang,”
pokna tandes. Hartina, kontrak
iklan antara pangusaha jeung wakil
gupernur Jawa Barat kudu di-
imeutan deui. “Tangtos pangusaha
gé bakal ngartos,” pokna. Hartina,
pihak pangusaha ogé moal nga-
bangbaluhan wakil gupernur. Lan-
taran, masing-masing pihak geus
silih percaya. “Ayana kontrak iklan
téh apan hasil tina silih percaya.
Hartina, masing-masing pihak gé
kedah silih ajénan,” pokna.
Demi Kapentingan Warga
Pamingpin téh harepan
masarakat. Nu milih jeung nu
kapilih, geus ngalaksanakeun téken
kontrak. Hartina, rahayat mikeun
sabagian ‘wewenang’ jeung
‘kakawasaanana’ ka pamingpinna.
Saterusna, nu ngurus ngatur
kahirupan rahayat téh pamingpin-
na. Ku lantaran kitu, pancén-
pancén nu lain keur kapentingan
masarakatna, ulah nepi ka nga-
ganggu pancén nu samistina.
Harepan kawas kitu, ogé lantaran
masarakat hayang éta pamingpin
ngalaksanakeun pancén gawéna
kalayan gembleng.
Mangsa bakti lima taun ka
hareup, ceuk tilikan Prof. Asep, lain
hanca garapan nu eunteung. Komo
deui, ditumalikeun jeung kasang-
gupan calon waktu kompanye. “Nu
dijangjikeun kedah cumpon,”
pokna.
Dina panitén ieu ahli élmu
pamaréntahan, léngkah-léngkah
mitembeyan nu digarap ku guper-
nur jeung wawakilna, kudu sareun-
deuk saigel, nuju kana visi, misi,
katut, jangji-jangjina téa. “Sakur nu
dijangjikeun kedah kahontal dina
dangka lima taun pamaréntahan-
ana,” pokna.
Geusan ngahontal kamajuan
Jawa Barat, mémang lain pamoha-
lan. Nilik kana poténsi nu nyampak
apan teu kurang-kurang. Upamana
waé butuh ku ahli dina masing-
masing widang, Jawa Barat gé
gudangna. Loba paguron luhur
tempatna para inohong nu boga ka-
mampuhan dina masing-masing
widang paélmuan. “Kari ngamang-
paatkeunana. Ulah aya anggapan,
ongkoh seueur ahlina tapi kirang
dimangpaatkeunana,” ceuk ieu
Guru Besar Unpad témbrés. ***
Pamingpin ulah kiruh ti girangna
9. Manglé 2433
H
arita, pertengahan taun 2011,
basa keur mancén tugas di Badan
Bahasa Jakarta, lamun keur teu
pati riweuh ku urusan administrasi kantor
mah, sok ngahaja ngilu ka lapangan
pikeun panalungtikan. Kuring sok ngadon
papadon ka staf anu mancén tugas, ulah
jadi kagok pédah kuring salaku kepala
pusat ilubiung, da dina hal ieu mah naluri
panalungtik teu bisa ditahan, éstu hayang
apal kumaha prak-prakanana mupu data
nu lain basa sorangan. Enya gé di Jurusan
Sunda Unpad unggal taun aya Kuliah
Kerja Lapangan (KKL), tapi ieu mah séjén
deui, boh udaganana boh lokasi sarta
masarakat anu disanghareupanana.
Ari nu jadi tujuan nyaéta pikeun
motrét kumaha sikep masarakat per-
batasan nagara Indonésia--Papua Nugini
kana basana. Harita anu jadi pangjugjugan
téh nyaéta Kabupatén Merauké. Sanggeus
sagala kaperluan jang ka lapangan téa
sadia, utamana mah bahan-bahan
panalungtikan, kuring jeung staf saurang
miang make pesawat Garuda ti Jakarta
tujuan Jayapura, minangka ibukota
Papua. Di Jayapura reureuh heula sapeu-
ting. Isukna kakara ka Merauké maké
pesawat nu leuwih leutik. Ti awang-awang
katingali sakuriling bungking héjo ngém-
ploh leuweung jeung pagunungan. Komo
pas pesawat rék turun mah ngaliwatan
Dano Santani, pemandangan éndah pisan,
tinggarunduk pulo-pulo leutik. Pon kitu
deui beungeut cai tinggurilap katojo ku
panon poé nu harita keur meujeuhna
manceran.
Reureuh sapoé pikeun aras-urus
admnistrasi. Datangna kuring ka Papua
téh minangka anu kadua kalina. Nu mung-
garan mah harita basa meunang pancén ti
Fakultas Sastra Unpad (Fakultas Imu Bu-
daya ayeuna) gawé bareng jeung UNICEF
dina taun 2008. Harita mah ngan ka Kota
Jayapura jeung perbatasan, bubuhan
kasengker ku samporétna waktu.
Lalampahan ka Distrik Sota
Ari nu jadi tujuan utama pikeun
panalungtikan téh nyaéta Distrik Sota. Ieu
distrik téh minangka wewengkon anu
langsung wawatesan jeung nagara Papua
Nugini. Ayana di wewengkon sabudeureun
Taman Nasional Wasur. Jauhna ti Kota
Merauke kurang leuwih 80 km, maké
mobil pribadi mah aya kana sajam
satengahan mah. Éta ogé aya beus Damri,
ngan sapoé sakali operasina. Kaitung gan-
cang sajam satengah téh sabab jalanna
geus diaspal mulus. Kacida hawa nyong-
kab panasna. Sok sanajan sapaparat jalan
kénca katuhu rajeg tangkal kai bus, ngan
teu pati iuh bubuhan jadina di tanah rawa,
teu iuh siga di jalan perbatasan Jayapura-
-Papua Nugini. Sepi pisan arang mobil nu
ngaliwat, komo jalma nu pirajeunan
ngulampreng mah.
Di sela-sela tangkal kai bus téa aya
pemandangan nu teu biasa. Katingali ting-
arenclo gundukan taneuh nu jangkungna
kira-kira satangtungan jelema dewasa,
malah mah aya anu nepi kana tilu lima
meterna sagala. Taya lian gundukan
taneuh éta téh nu disebut sayang sireum
(rumah semut), musamus nyebutna urang
dinya mah.
Anjog di Distrik Sota wanci asaran.
Sanggeus lapor ka aparat, kuring jeung staf
téa dipernahkeun di wewengkon trans-
migrasi. Nu nempatan perumahan trans-
migran téh lolobana mah asalna ti Pulau
Jawa. Kaayaan perumahan téh bet asa Ci-
jerah baheula taun 80-an keur mimiti di-
wangun. Listrik geus aya, ngan hurungna
ti mimiti magrib nepi ka jam sabelasan
peuting. Pon kitu deui sinyal telepon,
ayana mareng jeung hurungna listrik. Kitu
gé ngan di puseur distrik bari radiusna
ngan 100 méteran. Ari dur magrib téh,
jalma ti sabudeureun éta distrik ting kuru-
nyung bari marawa handphone moro
sinyal téa. Geus manggih mah sinyal aya
nu nelpon aya nu sms, marangpang-
meungpeung. Ngan tampolana sok nge-
nesna téh keur ngeunah-ngeunah
neleponan atawa sms-an lep ngaleuit
sinyal téh. Atuh obrolan téh buntu,
diteruskeun deui isukna. Kadang-kadang
aya ogé sinyal tipu, ongkoh aya sinyal, tapi
teu bisa sms-sms acan.
Bada subuh, sanajan hayang kénéh
reureuh, ngahaja leuleumpangan pikeun
ngarasakeun panon poé isuk-isuk anu
munggaran nyaangan tungtung Indonésia
wétan. Jam genep isuk-isuk geus mimiti
karasa ngaheab hawa téh. Sabot tanggah
8
Dibagéakeun ku dulur salembur nu aya di Sota Merauké
Urang Sunda nu Ngumbara di Sota—Merauké
Ku Cece Sobarna*)
10. Manglé 2433 9
ningali langit nu beresih kénéh jauh tina
polusi, inget kana lagu “Dari Sabang sam-
pai Merauke”, nu sok dinyanyikeun jaman
SD. Bet jadi boga pikiran, boa éta lagu téh
kuduna mah ti balik.
Panggih jeung urang Sunda
Urang Sunda di Ditsrik Sota, aya kana
opat puluh urangan mah. Basa
dikumpulkeun, kacida maranéhna
aratoheunana. Langsung wéh alakrab, asa
panggih jeung dulur salembur meureun.
Beuki peuting beuki pogot obrolan gé.
Maranéhna panasaraneun kana kaayaan
lemburna ayeuna. Sok sanajan geus pulu-
han taun ngumbara, ari dina soal basa
mah maranéhna ingeteun kénéh bubuhan
sok diparaké di lingkungan kulawargana,
utamana nu kulawargana pituin Sunda.
Atuh pon kitu deui barudakna masih aya
kénéh nu wanoh kana basa Sunda.
Sawaréh deui mah lebeng da kawin cam-
pur téa, jeung urang Jawa atawa Sulawesi.
Malah mah aya oge urang Sunda anu
kawin ka suku asli di dinya.
Maranéhanana kacida nineungna ka
lemah cai Sunda. Mun diitung-itung mah
di Sota téh geus aya kana dua puluh
taunna leuwih. Ngumbarana ka Sota téh
lain ngahaja, tapi milu program trans-
migrasi. Jeung deuih pamaréntah harita
teu ngabéjaan yén maranéhna rék
ditempatkeun di dinya. Maksud pamarén-
tah mah alus na kituna mah, sangkan pen-
duduk téh rata sumebarna, sakabéh pulo
kaeusian. Ahirna mah maranéhna narima-
keun kana nasib, nganjrek di Sota kalawan
dibéré imah jeung lahan garapan ku
pamaréntah. Ari asal lemburna rupa-rupa,
aya nu ti Tasik, Garut, Cianjur, jeung Suka-
bumi. Éta ogé harayang ari balik mah ka
lemburna séwang-séwangan, ngan dalah
dikumaha ongkosna beurat kudu naék
pesawat atawa kapal laut. Kudu boga duit
jutaan pikeun nepi ka Pulau Jawa téh.
Taun-taun ka tukang di Sota aya
pukumpulan husus urang Sunda ngan ku
sabab pupuhuna ngumbara ka tempat lain
éta pakumpulan téh pugag. Padahal keur
aya kénéh mah pakumpulan Pasundan
pirajeunan sok aya hiburan kasenian
Sunda. Maranéhna ogé masih kénéh inge-
teun kana majalah Manglé. Ngan hanjakal
harita teu mawa. Pikeun ngalubarkeun
rasa sono ka bali geusan ngajadi, paling
maranéhna nyetel lagu-lagu Sunda dina
CD anu ngahaja dipesen ka urang Sunda
séjénna.
Tapel Wates
Ka tapel wates teu pati jauh, aya kana
dua kilo méter mah. Ti kajauhan geus
katingali gapura anu éndah, aya gambar
Garuda di handapna aya tulisan “Good bye
and see you again another day”. Di han-
dapna dilengkepan ku basa daérah di
dinya nu pihartieunana ‘sahaté, satujuan’.
Atuh di tukang gapura aya tulisan ‘Wel-
come to Republik Indonésia”. Tapel wates
teu pati ketat dijaga. Malah mah aya
taman asri sagala, dipapaés ku slogan-slo-
gan nu ngahudang sumanget kaIndonésia-
an, “Bahasa Indonésia Penjaga Persatuan
dan Kesatuan NKRI”. Aya ayun-ayunan,
deplang, sasaungan ala Papua pikeun
reureuh. Teu jauh ti dinya aya musamus
téa. Ari poé Minggu mah sok rada ramé éta
taman téh, jadi tujuan wisata. Nu nga-
baladah nyieun taman sarta ngariksana
kalawan daria nya éta Aiptu Ma’ruf dina
taun 2004. Aiptu Ma’ruf éstu anggota Polri
nu matak jadi tuladan, pangabdianana ka
nagara kacida gedéna tur ihlas sok sanajan
ditempatkeun di tempat nu jauh pisan
tungtung Indonésia bari jeung walurat,
tapi sumangetna kacida ngagedur pikeun
mertahankeun nagara Indonésia.
Urang Papua Nugini, hususna ti Désa
Wariaber, sok balanja ka Sota naék
sapedah atawa laleumpang. Daratang ka
Sota téh barangbeuli kaperluan sapopoé
da jarak ka kota di nagarana mah leuwih
jauh. Malah mah aya nu sakola ogé sabab
sarana jeung prasarana di Distrik Sota
leuwih onjoy ti batan di daérahna. Saliwat
mah teu pati béda dina dedegan, ngan
bédana dina pakulitan leuwih meles jeung
warna papakéan awéwéna leuwih moro-
nyoy urang Papua Nugini mah. Basana
maké basa Inggris Papua Nugini, aya ogé
nu bisaeun basa Indonésia. Atuh urang
Indonésia gé aya nu sok nganjang ka
Papua Nugini. Kuring sorangan harita
ngan ukur ningali ti kajauhan kaayaan na-
gara Papua Nugini da teu bisa asup leuwih
jero ti perbatasan.
Penduduk Distrik Sota aya kurang
leuwih kana 1.000 jiwa. Suku aslina nya
éta di antarana Marind kanum. Pacabakan
urang asli di dinya lolobana mah moro
babi ka leuweung, patani sagu, malah aya
ogé anu PNS. Ari pendatang mah lolobaba
dagang jeung tani. Distrik Sota dibagi dua
blok. Unggal blok dibagi jadi genep jalur.
Pribumi jeung pendatang nyicingan ma-
sing-masing blok.
Urang Sota saroméah. Ka tamu ari
panggih isuk-isuk di mana waé teu weléh
nanya jeung méré salam, “Selamat pagi,
Bapak” bari logat nu has Papua. Ku sabab
sapopoé loba campur gaul jeung urang
Sunda, maranéhna ogé ngarti kana
kekecapan Sunda, saperti naon, éta, euy,
awéwé, geulis. Malah mah arapaleun ka
ngaran Kota Bandung téh. Ngadéngé tina
siaran TV transmigran sigana mah. Basa
diobrolan kuring ti Bandung, maranéhna
hookeun da saméméhna nyangkana Cina
Jakarta. Sorot matana nyawang, pikiran-
ana ngareka-reka siga kumaha meureun
ari kahirupan di Kota Bandung téh.
Puguhna ogé jauh pisan bédana, sagala
nyampak di Bandung mah. Na jero haté
kuring ngucap sukur ka Nu Mahakawasa
geus lahir jeung hirup di Bandung. Tagi-
wur jeung rasa nalangsa ari ras inget ka
nagara nu geus rék tujuh puluh taun
merdéka, tapi tacan walatra kaasaan pang-
wangun ku masarakatna, cag heula. (Ban-
dung, 20 Juni 2013)
*) Prof. Dr. Cece Sobarna, Guru Besar
Linguistik Universitas Padjadjaran
(Unpad)
Teu sagetih, teu saadat, tapi layeut dina ugeran Bineka Tunggal Ika
11. 10 Manglé 2433
Bagian
165
Peuting ka-176
Raja Syahraman guli-
gah. Haténa teu bisa
tingtrim. Atuh, sapopoéna
gé remen ngahuleng miki-
ran pipetaeun. Ngan, ku
lantaran teu manggih pi-
jalaneun, kapaksa nitah
pangjurungna néang
mantri nu biasa
nganaséhatan dirina.
Pok raja ngedalkeun
maksudna. Taya deui,
iwal ti miharep saran
pipetaeun ngalelemu haté
anakna sangkan daék
gancang-gancang
ngawangun rumah
tangga. Pangna boga ka-
hayang kitu téh, lantaran
dirina rék sagancangna
ngecagkeun kalungguhan.
“Tah, kitu maksud
kula téh!”
“Bawiros, pamaksadan
Gamparan langkung saé
sakantenan didugikeun
dina gempungan karaja-
an. Ceuk emutan, upami
éta pamaksadan
didugikeun di payuneun
jalma réa, tangtos tuang
putra gé moal kersa
nolak.”
Raja bungah narima
saran kitu téh. Ngan,
moal waka dilaksanakeun
harita, lantaran éta putu-
san téh rék dikedalkeun
dina gempungan
kanagaraan. Hartina,
baris dilaksankeun dina
wanci anu mustari.
Geus babadamian kitu
mah, pleng wéh éta raran-
cang téh ukur disidem.
Atuh, ka Komarujaman gé
taya pangaruhna, lan-
taran pasemon raja gé
sabihara-bihari deui.
Bagian ka-177
Cunduk kana waktuna,
ninggang kana mangsana,
Raja Syahraman
ngayakeun gempungan.
Mémang, biasana kitu
téh, da saban taun gé aya
pajemuhan husus medar
sual-sual kanagaraan
kalayan diluuhan ku para-
pajabat nagara. Bedana
jeung gempungan biasa,
ieu pajemuhan mah di-
hadiran ku méh ku
sakumna pajabat nagara.
Sanggeus nu diondang
hadir, Raja Syahraman
nitah salah saurang
badéga kadeuheusna,
ngangkir Komarujaman.
Nu diangkir teu lila cun-
duk, da ieu putra raja teh
keur teu ka mana-mana,
lantaran apal rék aya
gempungan rongkah.
Acan sotéh miang ka
karaton, lantaran nung-
guan pangangkir, luyu
jeung kabiasaan
saméméhna.
Gempungan lumang-
sung daria naker. Rupa-
rupa pasualan dipedar
sarta dibadamikeun
sagala rupana. Sakur nu
hadir, dibere waktu keur
nepikeun saran-saranna.
Kitu téh, kabiasaan éta
raja dina mutuskeun
kapentingan balaréa.
Réngsé babadamian
sual kanagaraan, raja
nyarita deui. Najan uru-
san kulawarga, da puguh
teu bisa dileupaskeun
jeung urusan nagara, atuh
babadamian gé teu ku-
rang-kurang dariana.
Caritaan raja téh malapah
gedang. Mimiti méré ale-
san pangna dirina rék
ngecagkeun kalungguhan,
saterusna ditema ku pi-
gantieunana. Ahirna,
dipungkas ku pamentana
sangkan Komarujaman
daék gancang-gancang
milih rabi, ngawangun
rumah tangga.
Dina bagian séjén, raja
téh togmol ménta jawa-
ban putrana. Nya tangtu
wé, Kamarujaman téh
reuwas kacida. Teu
nyana, éta urusan téh
ditepikeun dina riungan
nu dihadiran ku para-
pajabat nagara.
Réngsé raja nyarita,
jep jarempé. Sakur nu
hadir teu sirikna megeg
napas hayang écés kana
jawaban nu dikedalkeun
ku Komarujaman. Da,
loba nu apal, tiheula-
heula mah, éta pamenta
téh ditolak sapajodogan!
Komarujaman
cengkat. Diukna ajeg, teu-
12. Manglé 2433 11
teupna manco ka hareup
ka lebah raja. Pok
ngawalon, cenah, pa-
madeganana sual
ngawangun rumah tangga
tacan robah. Cindekna,
tetep keneh nyekel putu-
san tiheula.
Ngadenge omongan
kitu, rey paroman raja
nyiak, semu beureum
tandaning getih naék ka
luhur. Awakna ngadégdég
nahan amarah. Da, mun
kongang mah, hayang
nongtak anakna nu
dianggapna ngawiwirang
dirina di hareupeun jalma
réa. Malum, apan kana
parentah raja mah tara
aya nu wani nolak.
“Hapunten, maksad
Ama sapertos kitu, teu
acan katampi!” ceuk
Komarujaman.
Najan nguat-nguat
manéh, amarah raja téh
teu burung bedah. Harita
kénéh, nyeukseukan
putrana. Cenah, nu asih
dipulang sengit! Ku di-
tolak kahayangna, keur
raja mah asa dipopokan
ku kokotor.
Raja nangtung. Nga-
lejeg hareupeun balaréa.
Dina kaayaan kitu, ieu
pangawasa nagara téh
marentahkeun bala-
baladna sangakan
nyangkalak Komari-
jaman, diborogod sarta
diasupkeun ka pang-
bérokan.
Najan beurat narima
parentah, balad-balad
raja téh teu buurng nurut.
Komarujaman dibaban-
dan, dibawa kaluar ti pa-
jemuhan, sarta
diasupkeun ka panjara.
Mémnag teu dihi-
jikeun jeung tawanan
séjénna, da ieu mah ukur
ngawarah sangkan
Komarujaman sadara
jeung daék babalik pikir
teu baha kana kahayang
raja. Ngan, keur nu
ngalamanana mah,
angger wé matak tung-
gara.
Leng ieu anak raja téh
mikir. Jorojoy aya rasa,
ngarasa diteungteuingan
ku kolotna. Ceuk pikirna,
taya salahna nganteur ka-
hayangna da teu ieuh
ngarugikeun pihak séjén.
Ngan, rasa kaduhung
mah teu burung aya.
Aya di panjara, teu bu-
rung ngarasa tunggara.
Leungit rasa lapar, ilang
rasa tunduh. Dibéré daha-
reun gé diantep wé, mun
diasaan gé ukur saperelu-
na. Reup peuting teu daék
saré. Najan aya pitunduh-
keun, geus goledag mah,
teu daék reup. Kitu téh,
pangaruh haténa nu
marojéngja, inget kana
rupa-rupa urusanana.
Kocap deui raja,
pipikiranana teu weléh
baluweung. Ku lantaran
kitu, taya pagawéan séjén
nu dipilampah, da di
karaton gé ukur ngobrol
sapereluna.
“Teu nyana kieu
kajadianana,” ceuk raja
ngagerendeng.
Saterusna, raja nyarita
deui. Cenah, sagala rupa
tarékah geus dilaksana-
keun. Malah, karepna
ngawinkeun anakna téh,
oge dumasar kana saran
pihak séjén nu dianggap
baris mawa hasil. Dina
tungtung caritaanana,
raja téh semu-semu
nyalahkeun mantri, nu
nyarankeun sangkan éta
pakarepan ditepikeun di
hareupeun balaréa. Tapi,
buktina kalah meunang
wiwirang lantaran
baheulana anak ka bapa
téh kasaksén ku balaréa.
Mairan kekecapan
raja, mantri nyarankeun
deui. Cenah, keun waé
sababara poé mah,
Komarujaman téh sina
ngararasakeun ayana di
panjara. Ku cara kitu, bisa
waé, ahirna mah sadar
sarta nurut kana parén-
tah raja. *** (Hanca)
13. 12 Manglé 2433
U
jang Kusén jeung Ar-
sali ku sipir dihijikeun
jeung nu “hukuman
énténg”.
Patali jeung kudu nyieun
laporan katut podrah, sakur
anu aya pakuat-pakaitna kana
kajadian di palabuhan, boh pa-
gawé boh parantéan ku sipir
dicalukan saurang-saurang,
dipariksa taliti pisan; kitu deui
Ujang Kusén jeung Arsali.
Lebah mariksa Ujang
Kusén, minangka arék nga-
ganjar, sabada papariksaan nu
penting, sipir nanya kieu:
“Bisi manéh boga ka-
hayang, ku déwék arék di-
podrah ka pangagung, cing
hayang naon?”
Jawab Ujang Kusén:
“Lamun meunang mah, kuring
ku hayang nyuratan ka in-
dung-bapa.”
Sipiri: “Arék nyuratan
naon? Minangka luarbiasa
déwék baris ngidinan, béja-
keun baé maksudna, engké rék
dipangnuliskeun ku jurutulis.”
Ujang Kusén: “Lamun
tuan percaya mah ka kuring,
hayang nulis pribadi, asal
dibéré kertas jeung mangsina.”
Sipir ngarénjag, sasat
ngagurubug bawaning kagét:
“Hah? Nulis pribadi? Manéh
bisa nulis? Bener bisa?”
Ku Ujang Kusén kaharti-
eun pangna sipir sakitu
kagéteunana téh, sabab jaman
harita mah sok sumawonna
anak somah, dalah anak
ménak ogé kaitung pohara
carangna nu bisa maca-nulis
téh; ari ieu parantéan ngaku
bisa nulis jeung ngomong saki-
tu sonagarna, basa Malayuna
bérés (harita mah can aya basa
Indonésia malah urang Sunda
nu bisa ngomong Malayu gé
teu réa. Ieu gunem catur an-
tara sipir jeung Ujang Kusén
téh maké basa Malayu). Sipir
mani olohok.
Ceuk sipir: “Dimana
manéh diajar nulis jeung basa
Malayu?”
Ujang Kusén: “Di Bandung
aya Walanda, ngaranna
Homan, sobat Bapa, boga
anak pantaran kuring; kuring
diajar nulis ngabaturan Si
Sinyoh di tuan Padri.”
Sipir: “Homan? Anu
imahna di totogan Braga?”
“Bener, éta nu sok meu-
ting-meutingkeun sémah
Walanda.”
Sipir beungeutna béar
marahmay bungah pisang,
imutna mani mébér, irungna
beukah, gogodeg tuluy ingguk-
inggukan, pok ngomong:
“Heueuh éta, losmén
ngaranna. Jadi manéh téh
batur sakola Win?”
Ayeuna giliran Ujang
Kusén nu kagét, olohok:
“Enya, bener. Geuning tuan
nyaho!”
Duka perbawa kagagas
jaman di Bandung, duka naon,
sipir téh jiga nu poho yén keur
mariksa parantéan, ceuleukeu-
teuk seuri: “Da déwék gé urang
Banceuy!” pokna dina basa
Sunda.
Ngomong kitu téh sipir
lain heureuy. Manéhna lila
ngumbara di Bandung jadi
agén-pulisi, imahna di Ban-
dung, lebah hareupeun bui
kiwari (harita mah bui téh lain
di Banceuy, tapi sisi Cikapun-
dung), ayeuna mah toko lelang
Wiys di lebah urut imahna téh,
malah imah Homan anu
sawatara puluh taun ka tukang
ukur balik awi hateup kiray téh
ayeuna mah jadi salah sahiji
hotél panggedéna di Indo-
nésia. Sipir téh enya kagagas
waraas, inget jaman ngora di
Bandung, disarebutna gé
“Anom Royal”, ku urang dinya.
Kawasna perbawa pijala-
neun Ujang Kusén meunang
rahmat, sanajan jadi paran-
téan ogé, bet boga sipir téh nu
wawuheun ka sobat-sobatna,
malah sering “ditulungan” duit
ku bapana geusan roroyalan
kumaonam peta “anom-
anom” Bandung jaman harita.
Da tadina mah sipir ka Ujang
Kusén téh ngan ukur wawuh
ngaran. Sigana baé datangna
rahmat téh bawaning ku Ujang
Kusén bener-bener tobatna
jeung tapakurna, nyandang
ranté téh dianggap pameuli
dosa.
Teu dicatur nyuratanana
ka kolotna, Ujang Kusén jeung
Arsali ti harita digawékeun téh
di kebon melak sayuran geu-
san kaperluan bui, dahareun
parantéan. Nya kaitung
senang baé sakitu mah, mun
dibandingkeun jeung nyieun
palabuhan.
Sabulan ti harita –-pikeun
jaman harita mah pohara gan-
cangna— Ujang Kusén di-
calukan deui ka kantor sipir,
bareng jeung Arsali.
Ti sipir meunang béja, yén
Arsali dibébaskeun lain duméh
jasa-jasana nyegah rurusuh di
palabuhan baé, tapi sanggeus
perkarana ka para pangagung
di Batawi (ayeuna Jakarta) di-
ungkab deui sarta dipapay ku
jaksa yén pitenah malulu,
panggawé jelema hasud,
tukang malingan muding; nu
boga dosana ayeuna geus
ngaringkuk di pangbérokan.
Ari Ujang Kusén,
hukumanana dibéré potongan
sataun sarta ranténa dileupas-
keun. Lantaran bisa nulis,
{ 3 }
Ku M.A. Salmun
14. Manglé 2433 13
kaidinan jadi jurutulis sipir
(pikeun jaman harita mah teu
anéh aya hukuman anu
bisaeun nulis digawékeun di
kantor téh, lamun katimbang
henteu matak bahaya mah).
Leuwih ti kitu, rangsomna
meunang dibéré endog jeung
daging saminggu sakali,
disaruakeun jeung hukuman
bangsa Walanda jaman harita.
Arsali jeung Ujang Kusén
nepi ka silih rangkul, silih
ceungceurikan bawaning ku
bungah.
Kalawan paménta Ujang
Kusén, Arsali balilk téh henteu
tuluy ka Parungkujang, tapi ka
Bandung, ngajugjug Haji Sam-
sudin, dibahanan surat ku
Ujang Kusén. Sipir ngidinan,
malah boa surat lepasna, boh
surat jalanna (supaya meu-
nang tumpak kapal perdion
nepi ka Cirebon jeung kahar
pos perdio, sakumaha ilharna
ka urut hukuman jaman
harita) diatur nepi ka Ban-
dung. Jaba ti duméh aya
paménta jinisna, Arsali nu
hayang nyaho dayeuh Ban-
dung, éta deuih sipir hayang
mihapé surat ka sobat-sobat
heubeulna di Bandung, tapi
teu matak beurat, sabab teu
wudu gedé ngeupeulanana ka
Arsali, jaba lungsuran, atuh
Arsali téh ginding.
Sakumaha ngangresna
Ujang Kusén ditinggalkeun ku
Arsali, geus teu kudu dicarita-
keun.
2
Ti sajungna Ujang Kusén
dibuang ka Surabaya, Haji
Samsudin teu kendat tirakat,
napakuran anak anu sasat
dibuang ku manéhna pribadi.
Haji Samsudin liwat saking
kaduhungeunana geus
ngadakwah anak, duméh
nyokot duit lima rébu rupiah
tina peti beusi. Awahing
ambek tur jéngkél, baréto téh
tuluy sapongkol jeung Haji
Tajib, minantuna, sina dakwah
ka hakim, yén nu dipaling téh
saenyana duit manéhna nu
dipihapékeun di mitohana.
Putusan hakim, Ujang
Kusén dihukum buang
dibangbaluhan ranté lantaran
ngabongkar peti beusi tur
nyokot duit lima rébu rupiah,
pikeun jaman harita mah pan-
gaji anu matak ngarenjag ku
gedé-gedéna, ma’lum atuh
jaman béas tilu sén saundem-
na endog hiji sasén, malah cék
nu heureuy mah magar jaman
cacing dua saduit.
Indung Ujang Kusén nepi
ka kagegeringan, kaleleban ku
anak, sabab najana loba deui
gé anakna, Ujang Kusén téh
enodanana, geus teu aya
dunya kinasihan ka éta mah.
Hadéna geringna teu katutulu-
yan.
Haji Tajib dina haténa
mah asa dipékprékan, ngan
teu wani ka mitoha. Manéhna
sok sering gegebegan, inget
basa nénjo Ujang Kusén tas
diémbarkeun hukumanana
tuluy diranté, kadeuleu kénéh
baé bengeutna jeung waruga
adi beuteungna, kuleuheu,
becepo, lodro, pias kanyos cara
mayit, mata carelong, pipi aya
juruan, buukna ngarewig,
kumis janggot rarogok da teu
dikurud, totopongna dapon
nyangreudlah geus teu mang-
rupa jelema bener.
Ari anu pangpangna
rerenjagan mah, inget kana
sumpah di hareupeun hakim;
harita téh bawaning ajrih ku
mitohana, mani jiga heueuh
ngucap sumpah ngademikeun
ka Pangéran, diungkulan
kitab ku panghulu bari ngi-
blat.
Hadé lakuna mah Haji
Tajib, sakapeung sok hayang
srog baé ka hareupeun hakim,
nyarita terus-terang, wakca
balaka, yén dakwahan baréto
téh palsu, awahing teu kaduga
mapalangan karep Haji Sam-
sudin. Tapi, tangtu manéhna
didakwa sumpah palsu, mana
teuing beuratna hukumanana.
Jadi, sarwa salah.
Batin Haji Tajib éstuning
teu aya tengtremna,
lelembutanana sering maru-
dah, ngadongdolek, nganaha-
naha ka jinisna. Ka mitohana
tampolanana timbul ijid tapi
cacap ngompod, ambek
nyedek napsu nguwung, ama-
rah teu bisa budal.
Ras inget kana bebendon
Pangéran anu geus
didemikeun bari ngucap asma
Rasul, Haji Tajib sok rajeun
ngarumpuyuk.
Sabab mungguh laku
palus,
tangtu jadi siksa batin,
moal tengtrem pipikiran,
gebeg deui renjag deui,
reuwas ku polah sora-
ngan,
ngarasa dorka diri.
Najan nyumput teu
kabitur,
tapi nurani nu wening,
nuding nunjuk
ngananaha,
nalungtik unggal ngulisik,
keukeuh ménta paitu-
ngan,
tina laku palsu tadi.
Awahing ku hayang nga-
lebur dosa, nepi ka ragrag
ucap di hareupeun mitoha
jeung dulur-dulur pama-
jikanana, basana: “Lamun Si
Ujang balik ti pangbuangan,
kaula turun kaul, rék dibéré
duit pimodaleun lima rébu ru-
piah sarta dibawa munggah
haji kalawan sagalana tang-
gungan kaula.”
“Cup!” cék nu hadir,
“nyakseni!” (hanca)
15. Dawuhan Alloh Swt. : Yeuh
jalma anu ariman! Geus diwajib-
keun ka aranjeun paruasa,
sakumaha geus diwajibkeun ka
jalma-jalma saméméh aranjeun
supaya aranjeun tarakwa. [Al-
Baqoroh: 183]
T
eu karaos, geuningan urang
téh tos tebet deui kana sasih
Romadon 1434 Hijriyah. Para
ulama nyebatkeun Romadon teh
kelebt sayyidus syuhur, rajana
bulan, lantaran dina bulan ieu,
sadayana amal ibadah jalmi nu
iman mah bakal dipasihan gan-
jaran nu manglipet-lipet. Ku ka-
agungan bulan Romadon ogé, para
ulama nerangkeun sababaraha
gelar keur bulan Romadon. Di-
antarana wae, Syahr al-mubarok,
bulan anu pinuh ku barokah, Syahr
al-fath, bulan anu unggul, Syahr al-
ghufran, bulan anu pinuh ku
pangampura Alloh Swt., Syahr al-
huda, bulan turunna pituduh Alloh
(al-Quran). Syahr al-ibadah, bulan
ibadah, Syahr al-jihad, bulan per-
juangan, Syahr Allah, bulan Alloh,
Syahr al-Quran, bulan diturun-
keuna al-Quran, Syahr al-najah,
bulan kasalametan, Syahr al-
rahmah, bulan pinuh rohmat Alloh,
ogé Syahr al-tilawah, bulan panga-
jian, maksadna dina ieu bulan
kedah mémang nyeueurkeun ngaos,
neuleuman elmu pangaweruh
agama Islam.
Margi ieu bulan ageung pisan
kamulyaanana, hayu urang papag-
keun ieu sasih ku kabingahan
sareng medar deui élmu panga-
weruh, hususna dina kautamaan
sasih romadon sareng kawajiban
puasa. Marhaban Ya Romadon,
wilujeng sumping sasih Romadon.
Kawajiban puasa dituduhkeun
pikeun jalma anu ariman. Naon
atuh Romadon téh? Saur katera-
ngan, Romadon nurutkeun basa
mah hartosna meuleum. Ku kituna
naon waé anu dibeuleum, tangtos
karaosna bakal panas. Ku kituna,
lantaran Romadon téh proses
meuleum nu saterusna nimbulkeun
panas, nya dina ngalaksanakeun
puasa oge lir keur manaskeun diri
sangkan leuwih asak, leuwih
deukeut, mahabbah ka Gusti Alloh
Swt.
Naon anu dibeuleum téh? Kan-
tenan dina hal ieu gogodan manusa
nu bijilna tina hawa nafsu, anu bi-
asana ngajurung kana kajahatan
atawa kana kagoréngan. Ngan,
sayaktosna henteu sadaya napsu
ngajurung kana kajahatan, lantaran
aya ogé napsu anu anu dipiridho
sareng dipaparin rohmat ku Alloh
SWT. Sakumaha anu ditétélakeun
dina Alqur’an: Jeung kuring henteu
(ngarasa) diri bébas (tina sagala
kasalahan) lantaran saéstuna napsu
éta salawasna ngajurung kana kaja-
hatan, kajaba (napsu) anu anu di-
paparin Rohmat ku Alloh. Saéstuna
Alloh téh Maha Jembar Pangam-
pura, Maha Asih. [QS Yusuf: 53]
Ngadalikeun Napsu
Diantawis pidawuh Alloh Swt.
dina Alqur’an nu nétélakeun napsu,
ebreh aya dina surat Yusuf ayat 52,
nu hartosna kirang langkung kieu:
Jeung kami henteu ngutus saurang
Rosul jeung henteu (ogé) saurang
Nabi saméméh anjeun (Muham-
mad) kajaba upama manéhna
ngabogaan hiji kahayang, sétan ogé
ngasupkeun sagala godaan-godaan
kana jero kahayang éta. Tapi Alloh
ngaleungitkeun naon anu diasup-
keun ku éta sétan, Alloh baris
nguatkeun ayat-ayat-Na, jeung
Alloh Maha Uninga, Maha Wijak-
sana.
Sakumaha katerangan di luhur,
yén ngontrol sareng ngadalikeun
hawa napsu téh mangrupa tugas
manusa salila hirup dialam dunya.
Kumaha carana? Nya dina sasih
Romadon ieu, diantara cara ngada-
likeun hawa napsu téh, nyaéta ku
nyumponan ngalaksanakeun puasa.
Istilah puasa nu sok dibasakeun
di urang, ari dina basa Arabna mah
nya disebatna shaum téa. Puasa
mangrupa latihan pikeun ngada-
likeun napsu anu dilakonan dina
bulan Romadon sabulan campleng.
Atuh tujuanana ogé sakumaha
dawuhan Alloh di luhur, sangkan
jalma geusan jadi takwa, jeung jadi
pibekeleun hirup saatos bulan
Romadon. Ku kituna, upama puasa
dina bulan romadon disebatna lati-
han keur ngalaksanakeun takwa,
mémang manusa ogé henteu mung
cicing dina bulan Romadon
wungkul. Dina hartos, umat Islam
ogé henteu saukur mampuh
ngadalikeun napsuna teh dina
Marhaban Ya Romadon
Ku Tati S. Hartati
14 Manglé 2433
16. bulan Romadon wungkul, tapi
mampuh dilampahkeun dina
bulan-bulan séjénna.
Kaimanan Mangrupa Sarat
Utama
Jalma anu diwajibkeun puasa ku
Alloh, nyaeta jalma anu iman.
Margi kitu upama urang tepung
jeung jalma nu henteu puasa,
sabenerna henteu perlu diupat,
atawa dipoyok. Lantaran anu wajib
puasa mah mung jalma anu iman.
Hartina jalma nu teu puasa mah,
mémang teu kaasup jalma anu
iman, anu meunang panggero
sakumaha Alqur’an téa. Sapertina
waé, di antaran ciri jalma iman téh,
salah sahiji sok maos Alqur’an. Tah,
jalma nu tara maca Alqur’an téh
henteu kagolongkeun jalmi nu
iman. Lantaran badé terang
kumaha kana élmu Alqur’an,
sedeng dirina ngajauhan al-Qur’an.
Alloh Swt. ngadawuh: Jeung nya
saperti kitu, kami ngawahyukeun ka
anjeun (Muhammad) ruh
(Alqur’an) kalawan paréntah kami.
Saméméhna anjeun henteu nyaho,
naha naon ari kitab (Alqur’an)
jeung naon ari iman téh. Tapi kami
jadikeun Alqur’an téh cahaya, nya
ku cara éta kami méré pituduh ka
singsaha anu ku kami kersakeun di
antara abdi-abdi kami. Jeung
saéstuna anjeun téh bener-bener
nuduhkeun (jalma) kana jalan anu
lempeng. [QS. Asy-Syura: 52]
Sanajan puasa diparéntahkeun
ka jalma anu iman, tapi upama hen-
teu kuat ngalaksanakeunna, atawa
lantaran kasehatanna kaganggu
mah, bisa diganti ku bayar fidyah,
nyaéta masihan tuangeun ka jalma
miskin, sakumaha anu dijelaskeun
dina surat Al-Baqoroh :(Nyaéta)
sababaraha poé anu geus ditangtu-
keun. Ku sabab kitu, sing saha di
antara aranjeun aya anu gering
atawa nuju musafir (nuju dina per-
jalanan) (tuluy henteu puasa) nya
(wajib kodo) salila sapoé (anu hen-
teu puasa) dina poé-poé lian. Jeung
pikeun jalma-jalma anu ngarasa
beurat ngalakonanna wajib mayar
fidyah, nyaéta méré dahar jalma
miskin. Tapi sing saha anu ihlas rék
méré leuwih ti kitu nyaéta leuwih
hadé pikeun dirina, jeung puasa
aranjeun éta leuwih hadé pikeun
aranjeun lamun aranjeun nyaraho
mah. [QS. Al-Baqoroh: 184]. Iraha
dibayarkeunna fidyah téh? Fidyah
dibayarkeun saban dinten waktu
urang henteu puasa, atanapi
dibayarkeun sakaligus di awal-awal
bulan puasa ka jalma miskin atawa
jalma-jalma anu di aya dina per-
jalanan (musafir). Tapi poma, kudu
ati-ati ulah nepi ka awuntah,
sakumaha dawuhan Alloh : Jeung
geura bikeun hakna ka kulawarga
deukeut, nya kitu deui ka jalma
miskin, sarta jalma anu aya di per-
jalanan jeung poma maranéh ulah
awuntah (kana harta banda
maranéh) kalawan boros. [Al-Israa
: 26] Kitu deui: Saéstuna jalma-
jalma awuntah téh dulur-dulurna
sétan. Ari sétan téh ingkar pisan ti
Alloh. [Al-Israa: 27].
Dosa dibeuleum saluyu
jeung pituduh Alloh.
Alloh Swt. maparin pituduh dina
Alqur’an, kumaha carana meuleum
dosa. Carana, nyaéta ku sedekah,
amalan soléh, nyieun kahadéan,
sabar nyanghareupan musibat sarta
ngaleupaskeun hak qisos. Dawuhan
Alloh: Lamun anjeun némbong-
keun sedekah-sedekah aranjeun,
éta alus, jeung lamun aranjeun
nyumputkeun sedekah-sedekah,
sarta dibikeunna ka fakir miskin,
nya nyumputkeun éta leuwih alus
pikeun aranjeun, jeung Alloh baris
mupus sawaréh tina kasalahan-
kasalahan aranjeun. Jeung Alloh
Maha taliti tina sagala rupa anu
dipilampah ku aranjeun. [Al-
Baqoroh: 271]. Kitu deui dina Surat
Hud ayat 11, : Kajaba jalma-jalma
anu salabar (tina musibat), nga-
jalankeun amalan soléh,
maranéhna baris meunang ampu-
nan sarta ganjaran anu gedé.
Anapon meuleum atanapi mupus
dosa ku cara ngaleupaskeun hak
qisos, sapertosna wae nu ditetela-
keun dina surat Al-Maidah ayat 45,
nu kirang langkung kieu
pihartoseunana: Jeung kami geus
netepkeun pikeun maranéhna di-
jerona (At Taurat), yén nyawa
dibales ku nyawa, mata dibales ku
mata, irung dibales ku irung, ceuli
dibales ku ceuli, huntu dibales ku
huntu, jeung tatu dibales ku tatu,
ogé aya qisosna (balesan anu
sarua). Sing saha anu (ngaleupas-
keun hak qisos)na, nya éta (jadi)
panebus dosa pikeun manéhna.
Sing saha anu henteu mutuskeun
perkara anu diturunkeun ku Alloh,
nya maranéhna kasebut jalma-
jalma anu darolim.
Tepung jeung Idul Fitri
Nincak bulan Romadon, pasti
sok aya ahirna atanapi sok disebut
lebaran atanapi Idul Fitri téa. Tah,
sanaos urang lami kénéh ogé, tapi
pami dina urusan élmu mah kedah
terang ti ayeuna, yén sadayana amal
nalika puasa sabulan campleng di-
piharep bakal balik deui kana
kasucian, lir orok nu kakara gubrah
lahir ka alam dunya, teu kapécrétan
dosa saaalit-alit acan. Fitri atanapi
fitrah, asal kecapna tina fataro.
Hartosna hukum Alloh. Fitrah
Alloh tetep moal robah. Fitrah Alloh
anu geus nyiptakeun jalma nu-
rutkeun éta fitrah, sakumaha anu
dijelaskeun dina dawuhan Alloh:
Ku kituna prak geura sanghareup-
keun beungeut aranjeun sing lem-
peng kana agama (Islam) sakumaha
fitrah Alloh, ku sabab Mantenna
geus nyiptakeun jalma nurutkeun
éta fitrah. Henteu aya parobahan
dina dadamelan. (Tah éta téh)
agama anu lempeng, tapi kalobaan
jalma henteu nyarahoeun. [Ar-
Rum: 30].
Margi kitu, dina ngeusian
ngawitan sasih Romadon ieu,
mangga kandelan kaimanan urang
jeung paburu-buru ngahontal
ampunan Alloh Swt, kalawan
nyeueurkeun amal ibadah ka Gusti
Alloh Swt. Mugia sagala tarékah
urang sadaya kénging rido Alloh
Swt, urang tiasa ngahontal kabagja-
an dina saum taun ieu. Marhaban
ya Romadon! Wilujeng sumping
sasih anu mulya ieu. Mugia amal
ibadah urang sadaya ditampi
kalayan satemenna aya dina
panangtayungan Alloh SWT. Amin
Ya Robbal ‘Alamin. ***
Manglé 2433 15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS
Gaduh Junub
Patarosan :
Wilujeng tepang deui sareng
sasih Romadon. Punten tumaros,
pami dina kaayaan junub, naha
haram ngalaksanakeun ibadah
saum? Teras kumaha pami dina
kaayaan junub lebet kana waktos
Subuh kalayan teu aya udzur, naha
puasana sah atanapi henteu? Pun-
ten, naroskeun deui téh, margi tos
hilap deui. Hatur Nuhun.
Ari Firman
Majalaya Bandung
Waleran :
Hatur nuhun kana
patarosanana. Muhun pisan urang
téh asa teu karaos pisan, tos lebet
deui kana sasih Romadon. Wios
naroskeun deui ogé, margi maos
ajaran Islam mah mémang ulah
bosen-bosen. Sapertosna waé kana
maos Alqur’an, apan kedah teras.
Tah, élmu agama gé, komo ngeuna-
an nu patali sareng ibadah dina
Romadon mah, kedah pisan.
Perkawis kaayaan junub atanapi
ngagaduhan hadats ageung, pikeun
urang henteu wajib ngalaksanakan
ibadah saum, badé saum wajib
atanapi saum sunat. Margi saur
ulama Fiqih (Ijama' al Ulama) ogé,
réhing anu janten salasahiji syarat
sahna saum téh kedah suci tina ha-
dats ageung, diantawisna kudu
bébas tina junub. Kitu deui ari nu
disebat sarat apanan kedah
cumpon salah sahijina. Nu hiji teu
cumpon mantak mangaruhan kana
sarat séjénna.
Anapon dina kaayaan junub
(ngagaduhan hadats ageung)
ngalangkungan waktos subuh dina
waktos saum, naha badé saum
sunat atanapi saum wajib, éta mah
teu janten batal, margi illatna (nu
ngajadikeun sababna) lantaranana
dina kaayaan pamengan atanapi
aya udzur, nyaéta kaboboan téa.
Hal ieu ogé tiasa pikeun ka nu nga-
gaduhan udzur anu sanés, sapertos
kasiangan sareng sajabina.
Ngan upama kaboboanana hen-
teu aya udzur (geus jadi kabiasaan),
éta mah janten dosa sareng batal,
sabab darurotna teu katingal. Ieu
luyu sareng dawuhan Rosul, nu
mana Malaikat ngangkat (henteu
nyatet), karana tilu perkara. (1)
jalmi anu bobo dugi ka ingetna; (2)
jalmi anu gélo dugi ka warasna; (3)
budak leutik dugi ka balighna
(dewasa umurna) (HR Imam Abu
Dawud sareng Imam Nasa’i).
Dumasar kana hadits tadi,
upami diluyukeun sareng
patarosan ibu, upami leres-leres
kaboboan sareng teu ngahaja hen-
teu mantak batal. Hartosna saum
ibu sah. Namung saatosna ibu émut
atanapi gugah bobo, kedah énggal-
énggal ngalaksanakeun naon hal
anu janten kawajiban, nyaéta
bebersih (mandi ngilangkeun ha-
dats ageung), teras ngalaksanakeun
sakumaha biasana, tapi syaratna
dina waktos Subuh, Ibu henteu
nguping adzan, atanapi henteu
émut pisan kana waktos subuh.
Tapi pami émut hartosna sadar,
teras Ibu henteu gugah, éta mah
tiasa janten saum Ibu henteu sah,
lantaran lengleng atawa
ngalalaworakeun kana kawajiban
saum nu puguh waktosna.
Lajeng, kumaha pami dina
kaayaan gaduh junub, kalawan teu
aya udzur nanaon? Kaayaan kieu
ogé sami, henteu batal saumna,
mung ulah dugi ngalangkungan
waktos Subuh. Margi hal ieu kantos
kajantenan ku jungjunan urang
Nabi Muhammad SAW anu
dicarioskeun dina Hadits ti Siti
Aisyah, saurna: "Saéstuna Nabi
SAW kantos dugi ka waktos Subuh
dina kaayaan junub alatan jima',
sanés alatan ngimpén, teras
ngalaksanakeun saum Romadon."
(HR Bukhari Muslim).
Hartosna, saum kitu hukumna
sah, sok sanaos dina waktos Subuh
tur gaduh junub kénéh (teu acan
beberesih ngilangkeun hadats a-
geung). Éta mah badé karana jima',
ngimpi, atanapi hal sanésna. Ngan
anu teu kénging mah, ulah ngahaja
atawa sok diaya-ayakeun. Sabab
lamun kitu illatna atanapi lantaran
daruratna teu aya, nya lebetna kana
ngalalaworakeun syaréat téa.
Upami tos aya niat ngalalawora-
keun saréat, éta hukumna dosa,
atuh puasana ogé jadi batal.
Mudah-mudahan aya mangpaatna.
Wallohuálam.***
16 Manglé 2433
18. R
ék alus rék goréng, omongkeun
baé. Maksudna, kudu balaka, ulah
disumput-salindungkeun. Alus
mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun.
Cacak lamun goréng gé, teu kudu sung-
kan-sungkan nyaritakeun lebah mana
goréngna.
Kitu ayeuna mah paribasa “hadé ku
omong goréng ku omong téh” disura-
hanana. Kudu bruk-brak, anu ceuk
légégna mah: kudu transparan. Ulah di-
tutup-tutup,sangkananuséjénarapaleun.
Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meu-
reun mun dina basa Indonésiana mah.
Kituceukayeuna.Tapi,kumahaariceuk
baréto?Tétélahartiétaparibasatéhrobah,
daariasalnamahteukitu.Hadékuomong
goréng ku omong, maksudna: alus jeung
goréngna jelema téh gumantung kana
omonganana.Jalmanualusomonganana,
bakal meunang pangajén hadé. Sabalikna,
nu goréng omonganana, bakal diajén
goréng. Cindekna, alus jeung goréngna
jalma téh diukur ku omonganana. Nu di-
maksud hadé atawa goréng di dieu bisa
tujul kana eusi atawa substansi omong-
anana, bisa deuih kana tatacara atawa
étikana.
Mana nu rék dipaké cecekelan, naha
harti ayeuna, atawa harti asalna? Jih, nya
teu langkung, Pa Adén. Apan ari basa mah
boga saréréa, nya, Ceu Enéng. Ari basa
mah apan mekar saluyu jeung paneka
jaman. Dina kabuktianana, aya sawatara
paribasa anu robah hartina, upamana waé
“bengkungngariungbongkokngaronyok”,
anu ayeuna sok dihartikeun: keun baé
hirup ripuh gé, nu penting asal ngariung
sadudulur.Padahal,dinahartiasalnamah,
éta paribasa téh ngandung maksud hirup
sauyunan. Tuh, apan sakitu patukang-
tonggongna, nya?
Tah, lebah “hadé ku omong goréng ku
omong”,pikeunkaperluanieutulisan,pun
uing rék nyokot harti saasal. Yén alus
jeung goréngna jalma téh bakal diukur ku
omonganana. Bakal alus kasebutna, mun
alus omonganana. Bakal goréng kase-
butna, mun goréng omonganana.
Éta paribasa téh produk dina hiji jaman,
gelar tina kahirupan urang Sunda mangsa
kapungkur. Meureun, jaman karuhun
urang masih kénéh jumeneng, omongan
anudikedalkeunkuhijijalmatéhbakaldi-
paké ukuran dina nangtukeun pangajén.
Étapangnadinangomongtéhkuduati-ati,
ulah saengabna, ulah padu heuay. Apan
geus jadi kacapangan, mun kuda dicekel
kadalina, ari jalma mah omonganana.
Ngomong téh kudu alus, mun urang
hayangdiajénanbatur.Kituceukkaruhun,
anu boa-boa sumberna tina ajaran Islam.
Heueuh, apan dina Quran aya sawatara
ayat anu nétélakeun yén ngomong téh
kudu qaulan sadida, qaulan layyina, atawa
qaulan ma’rufa anu lamun dicokot baba-
rina mah nya omongan anu alus téa.
Malah aya kasauran Kangjeng Rosul saw.
anu ceuk basa urang pasantrén mah: Sing
saha-saha anu iman ka Alloh jeung kana
poé kiyamah, mangka (maranéh) kudu
nyarita hadé, atawa jempé.
Ngan masalahna, naha jaman kiwari
masih kénéh luyu ngukur hadé jeung
goréngna jalma téh tina omonganana?
Tah, lebah dieu, pun uing ngahuleng. Ku
ngabandungan rupa-rupa hal dina mang-
sa ayeuna, asa mindeng manggihan jalma
anuhadéomonganana,tapisabadadiban-
dungan, bet tepi kana kacindekan: éta
jelema téh geuning goréng, euy!
Teu mustahil pamanggih pun uing di-
hualkeun:gagabahmakényebutgoréngka
nu lian! Apan alus jeung goréng mah lain
ceuk panénjo jalma, tapi aya dina wewe-
nang Gusti Alloh. Tong sok nyanya-
hoanan! Boa nu ku silaing disebut goréng
téh, mungguh Pangéran mah alus.
Heueuh lah, lebah dinyana mah. Sagala
rupa gé, lamun geus wangsulkeun ka Anu
Di Luhur mah, urang-urang téh apan teu
daya teu upaya. Tapi, salaku mahluk nu
boga akal, apan urang téh kudu ngagu-
nakeun éta akal, pikeun nimbang rupa-
rupa hal. Afala ta’qilun, naha maranéh teu
ngagunakeun akal? Kitu apan pidawuh
Gusti Nu Murbéng Alam gé. Hanas hasil
pikiran urang teu merenah, nya mu-
nasabah baé.
Ceuk pun uing, teu sakur jalma alus
omonganana, laju ku urang bisa dipeun-
teun hadé. Dina kabuktianana, loba nu
omonganana hadé, tapi dina pamustun-
ganana ku urang henteu dipeunteun hadé.
Beu, ari caritaanana mah kurang kumaha
hadé jeung merenahna, genah kana ceuli,
matak nyerep kana manah, pikabunga-
heun, matak gedé haté, jeung sajabana.
Tapi éta caritaan téh horéng ukur lalambé,
ngan wungkul keur pangirut, leuwih
jauhna sakadar pangbébénjo.
Omongan haradé dipidatokeun gegede-
ran, ditabeuh dina rupa-rupa forum, di-
tulis tingjareblag dina spanduk, diwawar
keun dina média massa, dipaké jejer lagu,
jadi hiasan barang cindera mata, jeung ...
wah dina naon rupaning nu bisa kadéngé
jeung katénjo.Ramé pokona mah.Di jalan
raya, di alun-alun, di buruan pasar, dalah
di géng seselempet, pinuh ku kekecapan
haradé. Heueuh, pinuh, Lur. Di mana teu-
ing tuda aya omongan dina kampanyeu
goréng. Bet kabéh gé jangjina mah demi
rahayat. Saréréa ogé ari ngucapna mah
pikeun kapentingan umum. Tepi ka asa
enya, amanat UUD 1945 téh bakal sim
salabim....ngarobahnu katideresajadira-
harja, subur mamur gemah ripah loh ji-
nawi, bru di juru bro ‘na panto ngalayah di
tengah imah, kahirupan éstu raweuy
beuweungeun rambay alaeun.
Tapi, kituna téh ukur semet omongan,
ukur catur tanpa bukur, tara dituturkeun
ku buktina. Antukna saréréa jadi ma-
phum, tepi ka tara ngarep-ngarep najan
sakumaha hadéna omongan anu dikedal-
keun gé. Moal, moal aya buktina. Nu
puguh mah ukur jadi omongan tamba bau
sungut. Malah boa anu ngedalkeun éta
omonganharadé téh,dinaseuhseuhanana
mah maranéhna gé teu ngarti kana naon
anu diomongkeunana.
Ana kitu mah, paribasa “hadé ku omong
goréng ku omong” téh geus teu luyu jeung
kanyataan kiwari. Mun kitu, naon atuh
anu ayeuna bisa dipaké ukuran hadéna
jalma? Tah, mun ieu mah kudu béda deui
dongéngna. Sapuk?
Nu nulis Staf Khusus Bidang
Budaya Rektor Universitas
Pasundan
Manglé 2433 17
HADÉ KU OMONG GORÉNG
KU OMONG
Ku Tatang Sumarsono
19. 18 Manglé 2433
A
YEUNA waktuna pikeun ngalarap-
keun éta babasan dina kahirupan
sapopoé téh. Apan ayeuna urang
diasongancalon-calonanggotalegislatifku
partey-partey politik nu milu tarung dina
Pemilu 2014. Urang diasongan daftar
calon sementara (DCS) ku alpukahna
KPU. KPU miharep malar urang méré
pangajén kana éta DCS. Pangpangna
ngeunanan tapak-lacak calon, boh bisi aya
calonanukasangtukanghirupnateu(pati)
hadé. Bisi aya nu nyaleg bari ngagunakeun
ijasah palsu, bisi aya caleg anu tétéla
kungsi basilat, bisi aya caleg anu matak
mawa pangaruh goréng ka lembaga legis-
latif upama manéhna engké kapilih.
Ari teu wawuh-wawuh teuing mah apan
teugampangmérépangajénkajelematéh.
Mana komo upama pangajén urang ka
salah saurang calon téh kudu disartaan ku
idéntitas diri anu écés. Potokopi KTP
urang apan kudu dibarengkeun jeung pa-
ngajén urang. Henteu kaci surat kaléng,
bisi aya paniatan nu teu hadé. Cacak hen-
teu kudu disartaan ku potokopi KTP anu
mangrupa identitas diri mah tangtu surat
kaléngtéhbakalpasulabreng.Suratkaléng
téa sing saha waé gé bisa nyieun da teu
kudu ieuh tanggungjawab. Jadi, tangtu
rada hésé pikeun urang méré ajén ka
jalma-jalma nu aya ngaranna dina DCS.
Keun wé atuh, meunteun calon-calon nu
aya dina DCS mah bagian batur anu enya-
nya wanoh ka salah saurang caleg nu aya
daptarna dina DCS. Keun wé ari teu
wawuh-wawuh teuing mah DCS
téh sina jadi Daftar Calon Tetap
(DCT) heula. Geus jadi DCT gé
tangtu teu gampang pikeun méré
apangajén téh. Ana kitu, urang
pegat wé dina waktu maranéhna
kampanyeu.
Apan ari dina waktuna kamap-
nyeu mah, dina waktuna urang
bisa adu hareupan jeung caleg téa,
urag Sunda mah puguh boga ce-
cekelanana ti baheula. Babasan
“hadé gogog hadé tagog” apan
merenah mun ku urang dipaké ce-
cekelan (kritéria) enggoning urang méré
pangajénkacaleg-calegtéa.Soraurangtéh
apan kacida hargaanana. Mana pantes
upama réa caleg anu daék ngaluarkeun
duit gedé pikeun meui sora urang, sang-
kan dina waktuna pemilu milih manéhna,
ulah milih sasaha. Urang peunteun dina
waktuna kampanyeu, naha aya caleg anu
ninggang kana babasan “hadé gogog hadé
tagog” téa atawa henteu. “Gogog” jeung
“tagog” keur urang Sunda mah hésé di-
pisahkeunana. “Gogog” jeung “tagog” lir
gula jeung amisna, lir tarasi jeung bauna.
Arinudisebut“gogog”henteunganukur
ngawengku “cara” nyarita wungkul tapi
ogé “eusi” caritaanana. “Cara” jeung “eusi”
anu digogogkeun ku caleg dina kampa-
nyeu téa ku urang wajib diajén. Ari pancén
anggota parlemén apan nyarita, ngagogog.
Sangkan didéngé ku batur (éksékutif) atuh
cara nyarita téh atuh kudu hadé. Ulah
padu heuay. Iwal ti hadé cara nyaritana,
eusi caritaanana gé kudu sarua alusna
jeung carana. Nu disebut alus pikeun
anggota parlemén mah nyaéta upama
naon anu dicaritakeunana luyu jeung ka-
hayang balaréa. Tah ku lantaran kitu, dina
waktu para caleg kampanyeu téh ku urang
kudu diajén boh “cara”-na boh “eusia-na.
“Cara” nyarita katut “eusi” caritanana, éta
nu disebut gogog dina konsép Sunda mah,
sakumaha anu aya rengkolna dina
babasan “hadé gogog hadé tagog” téa.
Dina babasan “hadé gogog hadé tagog”
tétéla pisan yén nu kudu hadé téh lain baé
“gogog”na tapi oge “tagog”-na. Lain baé
kaparigelan nyarita (nya “cara” nya “eusi”)
tapi ogé kapantesanana, tampilanana,
performance-na.Kududitaksirdinawaktu
kamapnyeuna, naha éta caleg téh pantes
pikeun jadi pangeusi gedong parlemén
atawahenteu.Pangna“tagog”kududiajén,
tayaliantisangkanparaanggotaparlemén
téh henteu éléh pamor ku birokrat. Lamun
pamorna geus asor mah atuh geus éléh
mantén méméh tarung. Pamor anggota
parlemén kudu leuwih unggul manan ja-
jaran éksékutif. Urang sok teu panuju ka
anggota déwan anu sok popoyongkodan
uapama adu hareupan jeung jajaran ék-
sékutif.Lainkudungalélég,tapikudujoro-
joy tina haténa sorangan yén dirina
ngarasa satata jeung sing saha waé ti ja-
jaran éksékutif.
Upama “gogog”-na henteu diajén,
upama “tagog”-na henteu diajén, tapi nu
diajén téh gedé leutikna paméréna, urang
kudu daék narima upama lembaga legis-
latif hasil Pemilu 2014 téh pinuh ku
anggota parlemén nu méntalna korup.
Pangna kitu, ku lantaran maranéhna
tangtu dibeungbeuratan ku pikiran kudu
mulangkeun deui duit nu kungsi
dibagikeun ka balaréa basa kampanyeu.
Caleg-caleg samodel kitu téh ku lantaran
ngarasa sadar yén upama ngan sakadar
ngandelkeun “gogog” jeung “tagog”
wungkul mah moal ieuh meunang sora.
Sangkan meunang sora, nya kudu mrulian
ti anu ngabogaan hak sora nyaéta rahayat.
Lamun urang boga niat malar hasil
Pemilu 2014 téh leuwih hadé manan
pemilu nu enggeus-enggeus, sawadina
upama babasan “hadé gogog hadé tagog”
téh dipaké cecekelanenggoning meunteun
caleg-caleg nu keur kampanyeu, malar
urang teu salah dina ngatukeun pilihan.
Dina mangsa kiwari, meujeuhna urang
nerapkeun sugrining “ajén-inajén” titing-
gal karuhun urang téh dina kahirupan
sapopoé mangsa kiwari.
***
DI KIWARI MACA BIHARI (9)
Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Hadé Gogog Hadé Tagog
20. Manglé 2433 19
A
ya warta pikabungaheun, “Pe-
minat Prodi Bahasa Sunda
Meningkat”. Kitu nu ditulis
kalawarta Pikiran Rakyat (PR) édisi
Saptu, 22 Juni 2013. Disebutkeun ogé
yén nu hayang abus ka prodi Sastra
Sunda di Unpad ngaronjat. Nu samé-
méhna ngan 320 urang pikeun jalur tin-
ulis dina taun 2012, kiwari mah
ngahontal angka 1.431 urang dina taun
2013: 1.040 pikeun jalur SNMPTN nu
marebutkeun 85 korsi jeung 391 urang
marebutkeun 15 korsi dina jalur
SMBPTN. Prodi Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah (JPBD) UPI oge ngaron-
jat. Nu tadina dina taun 2012 nu daptar
ka ieu jurusan ngan 250 urang, ayeuna
mah ngajaul nepi ka 463 urang.
Hal ieu téh pikabungaheun jeung
matak reueus pisan. Tétéla geuning nu
hayang dialajar basa Indung, nya éta
basa Sunda téh ngaronjat sacara sig-
nifikan.Masihlobanonomannuhayang
jadi ahli basa Sunda boh jadi guru atawa
sastrawan, jeung widang kasundaan
séjénna.
Basa Sunda téh jadi salasahiji basa nu
dipikahariwang carem dina 50 taun ka
hareup. Hal ieu jadi bukur catur balaréa.
Tapi, warta dina PR tadi nuduhkeun yén
masih kénéh réa nu mikahaat jeung
mikadeudeuhkasundaanditatarParah-
yangan téh. Numutkeun rektor Unpad,
GanjarKurniamahréacalonmahasiswa
nu bener-bener hayang asup ka Prodi
basa Sunda kalawan jadi pilihan kahiji.
Prof. C.W Waston nétélakeun, basa
SundamiripjeungbasaWelshdiInggris
nu baheula méh tumpur alatan jumlah
panyaturna nu terus nyirorot, migrasi
masyarakat désa ka kota, loba “tamu” di
Jabar, gempuran média massa nu nga-
gunakeunbasaIndonesia,“sekulérisasi”,
loba nu humandeur para pangagung nu
teu daria, jeung kolot nu teu ngagu-
nakeunbasaSundakabudakna(Mangle
No. 2420, 11—17 April 2013).
Tapi, tétéla masih kénéh loba masya-
rakat nu mikahéman basa jeung budaya
Sunda. Sok sanajan jumlah panyaturna
ngurangan jeung rupaning pasualan
saperti disebutkeun tadi. Lian ti kitu,
kalawartaSundamasihmayengmidang,
sapertiManglé,Galura,jeungSundaMi-
dang. Buku sastra nu dipedalkeun ogé
kawilang réa dibandingkeun buku basa
Jawa atawa Bali, nya éta 38 siki, nu
ngawengku 28 buku buku karya sastera
jeung10bukubacaanbarudakdinataun
2012, sok sanajan aya nu pindo citak.
Dina khazanah basa Jawa, medalkeun
29 buku sedeng sastera Bali ngan
medalkeun 9 buku, (Yayasan Kebu-
dayaan Rancage, 2013).
Di ranah cyber, grup-grup kasundaan
sumebar. Saperti Salakanagara nu
ngabogaan anggota nepi ka 16.760
kalawan jumlah dokumén 945 siki; Fik-
simini Basa Sunda nu ngeus nga-
hasilkeunkarya36.824naskah,kalawan
jumlah anggota 5.670, fikminer 1.785,
koméntar276.029,jeungjumlahjempol
396.353; Komunites Iket Sunda (KIS)
nu makalangan, sababaraha kali pro-
filna midang dina kalawarta PR, aktif
dina rupaning kagiatan, sarta ngabo-
gaan sababaraha cabang. Kitu ogé web-
site atawa blog kasundaan nu lain hiji
dua. Kagiatan ranah cyber nu awalna
ngan di dunya maya, maju kana kopdar
(kopi darat) di dunya nyata kalawan ru-
paning kagiatan pikeun ngamumulé ka-
sundaan. Pintonan kasenian Sunda ogé
teu suda-suda, boh nu sérémonial atawa
mayeng. Di Dago Tea House apan
mayeng dipintonkeun rupaning wanda
kasenian ti sakuliah tatar Sunda. Oge di
Bale Rumawat Unpad. Festival Gunung
Tangkuban Parahu nu lumangsung sa-
taun sakali, acara sérén taun, jsb. Kitu
ogé acara sérémonial saperti di acara
lembaga, milangkala kabupaten atawa
kota, jste.
Rupaning lembaga kasundaan apan
ngadeg, ti mimiti LBSS, PPSS, Bammus,
Patrem, jrrd. Paguron luhur nu nga-
jarkeun kasundaan saperti UPI, Unpad,
Jeung Unpas jadi salasahiji kontribusi
pikeunkasundaan.Hadiahpikeunkom-
ponen kasundaan ogé lain hiji dua. Aya
hadiah sastra Rancage pikeun buku
sastera panghadéna unggal taun; Ha-
diah sastera Samsudi pikeun bacaan
barudak; Hadiah Hardjapamekas pi-
keun guru basa Sunda nu mibanda
prestasi pangnyongcolangna ti mimiti
tingkat SD, SMP, jeung SMA; Hadiah
LBSS pikeun carpon, sajak, jeung éséy
nu medal dina kalawarta; Ogé hadiah
pikeun sajak, carpon, ésay, jeung bara-
katak pinilih nu midang dina majalah
Manglé.
Nilik tina ha lieu, naha kasundaan nu
dirojong ku rupaning hal sakumaha
disebutkeundiluhursaolahngansaukur
nagenditempat?Hal-halnupatalijeung
kasundaann nepi ka kiwari dianggap
ngan saukur euforia wungkul. Ramé,
tapi teu nuduhkeun ngaronjatna kasun-
daan boh sacara kualitas boh kuantitas.
Nepi ka iraha hal ieu terus lumangsung?
Naha urang teu bisa saperti Korea mis-
alna, nu geus ngadunyakeun kabu-
dayaanana ku gumelarna Korea Culture
Pop (K-Pop) sababaraha waktu ka
tukang? Sok sanajan kitu, urang wajib
muji syukur réa kénéh nu mikahaat,
mikanyaah, sarta ngamumulé kasun-
daan ngaliwatan rupaning kagiatan, ko-
munitas, ayana jurusan atawa mata
kuliah basa Sunda di paguron luhur,
kalawarta nu ngagunakeun basa Sunda,
pintonan kasenian, sarta rupaning
anugerah. Bari jeung terus narékahan
manéh ngaronjatkeun kasundaan dina
rupaning widang jeung aspék. Hiji
mangsa, moal boa Sunda ngajomantara
di jaya buana. Cag!
* Alumni Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI Ban-
dung
EUFORIA KASUNDAAN
Ku Reni Nurhayati
21. 20 Manglé 2433
W
ilujeng én-
jing Baraya!
Wilujeng
pendak deui
sareng Ceu
Onnok, si penyiar nu bageur
téa, penyiar nu manis taya
duana. Pendak dimana? Di-
mana deui, lintang di radio
anu maneuh, radio kameu-
meut urang sadaya, Manglé
FM. Radiona urang Sunda nu
gumbira!
Hapunten, kamari-kamari,
Ceu Onnok tidak mengudara.
Kamari téh Ceu Onnok ngiring
démo ka Jakarta. Ceu Onnok
pencak-silat di ditu. Ceu
Onnok mengepalkan tangan di
udara. Ceu Onnok, orasi,
ambek-ambekan.
Bongan tuda, BBM naék.
Sagalarupa teuing. Baraya ho-
yong terang kumaha orasina
Ceu Onnok di ditu? Kieu yeuh:
“Bapa-bapa, ibu-ibu nu boga
nagara, déngékeun! BBM tong
ditaékkeun. Pusing. Engkéna
sok sagala naraék. Harga
naraék. Ojég naraék. Béca
naraek. Bawang. Uyah. Kiridit,
sok pipilueun. Tukang minyak.
Tukang baso. Ma Ijoh. Ceu
Enting.
Listrik. Bapana budak, sok
pipilueun. Gedé ambek. Ka-
malang-kamarancing. Riweuh.
Pahibut. Jaba rék hajat. Nyam-
bungan. Loba hutang aing
mah. Budak sakolakeuneun.
Patungan jalan. Patungan
masjid. Jaba pagebug. Hama.
Panén, gagal. Balong uruseun.
Bedah. Cararoblong. Duh
biyung.Pokona BBM tong
naék. Mun BBM tetep naék,
kami rék terus démo, rek terus
menyuarakan hati nurani
rakyat. Hidup rakyat. Hidup
BBM. Hidup Pancasila.”
Tah kitu orasi
Ceu Onnok. Wah
meunang tepuk
tangan. Bérés
orasi terus maca
sajak. Naék ka
luhur mobil.
Muka baju. So-
lawatan. Ramélah
pokona. Matak
Ceu Onnok loba
penggemar di
ditu. Loba nu
ménta tanda-ta-
ngan. Polisina gé
ménta poto-poto
jeung Ceu Onnok
mah. Jokowi,
datang méré nasi
bungkus. Wuh,
kerénlah. Jaba
nang tender, meu-
nang kartu-nama
ti Hanung. Cénah
dititah miluan
casting keur film
Sukarno. Kataji
meureun ku ék-
ting Ceu Onnok.
Heuheu.
Ngan nyakitu,
balikna wé nu
apes mah. Kating-
galeun rombong-
an, da Ceu Onnok
dirariung waé
wartawan. Duh,
piambaraheun.
Hég duit leungit
aya nu nyopét.
Jaba nyasab. Ka-
tulunganna mah,
untung aya Cép Ihung. Nuhun
ah ka Cép Ihung di mana waé
ayana. Nuhun parantos nitip-
keun Ceu Onnok ka konéktur.
Tah kitu gening para wargi.
BBM téh keukeuh naék. Tos
nasib urang meureun nya.
Tapi keun waé, ulah teuing
janten sedih papanjangan. Se-
lami masih aya Ceu Onnok, se-
lama Manglé FM mengudara,
selama Manglé lovers jagjag-
belejag, selama itu pula tidak
ada duka diantara kita. Urang
mah cuang terus hiburan.
Terus menjaga galumbira.
Manglé lovers anu balageur,
dinten ieu Ceu Onnok gaduh
téma anu gokil. Téma nu
mudah-mudahan memikat
hati kita. Naon cénah témana,
Ceu Onnok anu gaya? Tos teu
sabar nya. Téma kita kali ini
adalah: 10 tips menghadapi
bulan Romadon. Naha Ceu
Onnok nyandak téma ieu?
Pédah Ceu Onnok nuju gaduh
gebetan putra mama ajengan?
Hihi. Sanés. Mung pédah
seueur pisan, utamina Manglé
lovers anu aranom, anu gara-
low, nwitt ka Ceu Onnok.
Saurna, sok rareuwas pami
badé sasih saum téh. Asa tacan
tatan-tatan. Can siap meng-
hadapi ujian. Tah matak,
mudah-mudahan, téma hari
ini, tiasa masihan inspirasi,
tiasa janten bekel, bagaimana
kita menyiapkan diri, sasaged
enggoning mayunan sasih nu
pinuh berkah.
Oké! Ayeuna cuang lang-
sung wé kana tips anu kahiji.
Mangga ka Manglé lovers anu
badé nyiapkeun heula catetan,
diantosan ku Ceu Onnok.
Hiji, tips mayunan sasih
saum, nyaéta dengan mem-
buka-buka lagi diary kita. Ti-
ngalian. Ari prak aya seratan:
Dear diary, hari ini aku nyeri
haté pisan. Si Aa mutuskeun
untuk yang ke-9 kalinya. Jadi
aku nangis lagi. Jadi we puasa
gé batal... Dari data itu, mari
kita tanya, tos dikodoan tacan
batal urang taun kamari? Pami
teu acan, buru geura kodoan
heula. Sekali lagi mottonya:
ulah ninggalkeun hutang se-
belum hutang-hutang yang
baru bakal numpuk. Sik
langkung beurat nanggungna.
Atanapi na diary tercatat: Ari
atos mah asa hanjakal ngara-
gaji gagaduhan carogé.
Karunya, jaba diémut-émut
kalah rugel nyalira. Ah da éta
tuda, si Aa mah sok kabina-
bina. Teu ningal nuju datang
bulan tanapi hanteu, sok wé
mamaksa kedah ditumut ka-
hoyongna... Tah, bilih aya ibu-
ibu siga kitu, énggal geura
nuhunkeun hapunten ka
carogé. Nuhunkeun dijanglar
tina sagala dosa-kalepatan.
Bulan suci, langkung saé di-
dongkapan ku diri anu beresih,
nu caang bulan papa sangan.
Tips nu kadua, lakukan operasi
plastik. Saurkeun ka dokter,
pangageungankeun tikoro
sareng beuteung kituh. Naon
gunana? Krusial pisan. Améh
urang tiasa nyimpen emameun
sadinteneun, sukur-sukur
sasasiheun. Apan upami lam-
but urang ageung mah,
Sapuluh Tips
Ma(n)yunan Saum
Carpon Ihung*)
22. Manglé 2433 21
martabak sapanci tiasa disim-
pen, jambu nu malolénang, és
cream, malah pami tiasa mah
jeung kulkas-kulkasna cuang
simpen na genggerong. Siang-
siang, lapar, pan tos nyampak
jawadah satalawéngkar. Siang-
siang haus, pan tos nyampak
kalapa-muda satéténong.
Aman. Puasa tidak tergoda lagi
lapar dan haus.
Tiga, mulailah rajin
olahraga. Bila perlu dongkap-
keun pelatih fisik ka bumi.
Naon margi? Keutamian Ro-
madon, sanés waé tinu wa-
jibna, tapi ogé tinu sunahna.
Aya tarawéh-witir, tantangan
urang. Tah sugan, ari urang
geus kuat fisik mah, tong boro
tarawéh 11-23 rokaat, rék sa-
baraha waé oge siap dengan
sesungguh hati. Lain ieu mah
karék wé 4 rokaat geus huma-
rurung. Geus kambuh jeung
éncok, jeung lungsé, tuur geus
ngaleketey, panon berkunang-
kunang jeung sariawan.
Ahirna nambru di hari ke 4 ke
5. Pleng wé, kadituna teu
embol-embol deui ka masjid.
Teu tarawéh-tarawéh deui.
Nu ka opat, berkaitan den-
gan faktor eksternal. Nu badé
disanghareupan ku urang lain
tibang nahan lapar sareng ho-
yong eueut wungkul. Tapi ogé
nahan tina hal-hal keburukan
séjénna. Hal-hal nu matak
lugar jeung nyamos pahala
saum. Diantawisna serangan ti
kaum tekhnologi, ti kaum
maya dan lain-lain. Kumargi
kitu, tiasa ogé mulailah diajar
mareuman hapé, cabutan
modem internét, balédogkeun
tipi jeung cd-dvd. Ulah dugi,
keur ngeunah-ngeunah wargi
puasa, kirining hapé disada.
Prak, nu nagih hutang. Atuh
janten kaémutan. Jadi ngagi-
dir napsu. Janten ambek
hayang maéhan nu nagih. Tuh
pan, janten cukang datangna
sétan. Nuju kalem-kalem
tadarusan, lol panon ningal
bujur dina tipi, leketey atuh
sang manah. Kereteg janten
hoyong nyabak gagaduhan
pun bojo. Rapuh deui
kaimanan téh. Gubrag deui
puasa téh. Komo cénah Mang-
lé lovers nu aranom mah, méh
teu karaos ngantosan buka,
nya mukaan heula situs bokép.
Duh aing mah. Ceu Onnok
mah teu maido pisan ka nu
kitu téh. Ngabuburit, babala-
pan. Ngabuburit,
ngaromongkeun batur. Komo
ngabuburit bari ngulek éndrin
kanggé dituang ku bapa Kuwu
mah. Naudzubilah...Atanapi
kieu. Tah ieu tiasa janten tips
anu ka lima. Manglé FM pan
gaduh program ayeuna téh.
Nyaéta program mengadakan
pelatihan dan workshop
menulis. Sok darongkapan.
Mangga, dialajar. Aya saéna.
Daripada digarosipkeun bari
sisiaran, bari ngangeun ken-
tang, ning diseratkeun saur
Ceu Onnok mah. Ngéwa ka
tatanggi, tong diobrolkeun di
dapur, tong diémbarkeun na
sapéker. Hiji, taya gunana.
Dua, apan nu tadi téa bilih
kalah der matak ngaham-
pakeun pahala. Ning dise-
ratkeun ku urang mah.
Dijantenkeun inspirasi, boh
keur sajak, novel atawa car-
pon. Gaduh tatanggi, ngéwa da
judes waé, cuang seratkeun
kana naskah drama. Kintun-
keun naskahna ka Kang Dadi.
Sugan dipentaskeun na FDBS,
pan janten manpaat. Aya batur
pirujiteun, tong diteluh,
karunya. Cuang serat janten
bahan disertasi atawa tésis.
Leres teu? Pami lepat, carékan
hayam pelung. Naha kituh
mun kongkorongok sok
nempo ka luhur? Sok tah.
Sakantenan ka Manglé lovers
nu terang jawabanna, mangga,
kénging doorprise ti Ceu
Onnok. Tiasa ditelepon tanapi
sms-keun ka 081323144164.
Sok diantos. Heuheu.
Tips nu ka genep, naon nya?
Oh, ieu mah tips ti sepuh
Ceu Onnok. Tips kanggé ibu-
ibu. Dina nyiapkeun buka
puasa mah, teu kedah nganggé
emameun atawa eueuteun nu
saé-saé. Lebar. Nyaah.
Spaghéti, saté domba, sop
kalkum, jus limun, torabika
dan lain-lain éta mah keur
sahur wé. Keur buka mah,
saayana wé. Baé da keur nu
lapar mah sagala gé didahar,
digares. Taroskeun geura ka
anu kasurupan. Batok kalapa
gé disangki dorokdok. Dedek
kopi disangki brownis. Cai
kokocok siga és sirsak. Muhun,
lalampahan pun biang éta
mah. Sok haré-haré mun buka
puasa. Pokna téh, buka puasa
mah ngeunah ngenyotan
kulub tutut gé. Mun sagala
aral-sagala teu daék, éta tanda
teu puasa. Jadi wé harita gé
Ceu Onnok mah api-api
nikmat. Padahal nu digayem
téh ganyol ateul. Tips untuk
menghémat ieu mah. Tapi teu
nanaon cuang cobian. Buka
puasa bersama dadar beling.
Pais sopték. Urab injuk. Tu-
lang-taléng. Kérécék cangcut.
Angeun oréa. Abon korong.
Jus cangkudu. Duwegan
kalapa sawit. Hihi. Didalahar
moal nya ku nu lapar?
Buka puasa bersama di hotél
Panghégar dengan ménu sisit
kadal. Darongkap moal?
Buka puasa bersama Guber-
nur Jabar dengan ménu tauco
dicampur hamperu galandan-
gan nu maot katabrak karéta
terus lalabna daun kacapiring
terus sanguna kéjo garing
nang moé sataun kahujanan-
kaanginan... Badé ngiringan
moal, urang?
Buka bersama anak-yatim.
Tapi anak-yatimna kudu maké
seragam. Terus anak-yatimna
kudu ngajéjér sisi jalan, améh
katingali menyambut anje-
unna dengan meriah. Terus
anjeunna ngadadahan tina
mobil, dengan wajah yang
diusahakan sumringah. Terus
kudu diwawancara ku tipi da
rék ngomong bahwa partéy
yatim piatu sangat mencintai
anak-yatim. Untuk itu
dukunglah kami di pemilu
yang akan datang. Buka puasa
bersama kiai terkenal dengan
udunan 100 rébu éwang tapi
tanpa jamuan makan; ngan
ukur foto bareng wé jeung ki-
aina dan dapat sertifikat dan
tanda tangan langsung ketua
penyelenggara... Badé
dongkap moal?
Hihi. Ari Ceu Onnok
ngomong naon nya. Sok janten
ngacacang. Kieu yeuh ari nuju
galow téh. Untung Ceu Onnok
mah tetep lucu dan cantik, dan
yang terpenting tetap setia
menemani Manglé lovers sam-
pai berderai galumbira. Oké?!
Kita lanjutkan.
Uih deui ka tips menghadapi
sasih Romadon.
Yang ke tujuh. Kanggé para
orang-tua nu gaduh mu-
rangkalih baraong, ieu mah.
Jangan biarkan pintu kamar
anakmu tertutup, siang-siang.
Panto dapur tong dikoncian,
panto goah jeung sajabana.
Sabab lamun panto kamer ter-
tutup, éta mengundang seléra
kanggé ngedekes ciki jeung
kiripik tanpa sieun katohyan
ku ibu-rama. Tips ieu dongkap
ti hasil survey Lembaga
Peneliti Batal Puasa Kaum
Anom (LPBPKA) di tatar
sunda. Dari hasil survey ka
1000 murangkalih, tempat-
tempat nu sok dijantenkeun
tempat nyumput batal puasa
nyaéta: 60% di kamer. 15% di
goah. 10% di dapur. 7% di
kamer mandi. 5% di kebon. 3%
di warung nu nyingkur. Tah
kitu. Kanggé eunteung ibu-
bapa ieu mah. Janten mulai ti
ayeuna, siapkan buku tamu
lebah lawang kamer, lawang
goah, dapur dan sebagainya.
Tuliskan alasan dan tujuan
mun murangkalih urang badé
arasup ka dinya. Bila perlu
pariksa na saku bajuna, na
kantong calanana.
Nu kadalapan. Lakukan ker-
jasama dengan Mendikbud.
Kaluarkeun aturan yén salami
bulan Romadon, setiap sakola
teu kénging nampi pungutan.
Améh naon? Améh taya alesan
kanggé murangkalih nuhun-
keun bekel berlebihan. Hal ini
dilakukan untuk meminimal-
isir uniko (usaha nipu kolot),
anu kadituna disalah guna-
keun kanggé meser és lilin,
teras batal diperjalanan uih
sakola.
***
Keur anteng Ceu Onnok
macakeun tips-tips, kirining
sora telepon.
“Hallo, Manglé FM. Wilu-
jeng énjing. Sareng saha, di
mana?”
“Hallo. Engkos, di Batujajar.
Ceu, ari laguna mana?! Asa
ngecebrek waé!”
Klik. Telepon ditutup.
“Ih haram jadol,” Atuh Ceu
Onnok kutuk-gendeng. “Pent-
ing mana lalaguan jeung pisur-
gaeun!” cénah bari
ngagusekkeun gagang telepon.
Lat poho kasiaran. Kalah
manyun sahaseupan.***
Bandung, 2013
*) Lahir di Majalengka.
Ayeuna nuju nyiapkeun ideu
kangge ngadamel carpon nu
judulna “Sasakala Pamimpin
Urang Teu Balener”
23. 22 Manglé 2433
"MUNGGAH, munggah,
insaalloh saum téh cios din-
ten énjing....," mani nong-
toréng béwara tina sapéker
di masjid. Duloh kalah ny-
ocokan liang ceuli. Kolébat
beungeut Ma Ojoh, pama-
jikanana, dituturkeun be-
ungeut Si Onih, anak
bungsuna. Berebey cimata
maseuhan pipi, labas kana
kumisna nu cokrom.
"Hampura Ema, hampura
Onih," gerencemna, sumam-
bat ka nu di imah. Taya nu
némbalan. Panénjona
nanceb kana jaruji beusi,
ngulincer kana témbok
beton, teup eunteup kana
lalangit. Hayang berengbeng
kabur seja marengan nu
munggah di imah, pamoha-
lan.
"Gara-gara si kurang
ajar!" habek peureupna me-
upeuh témbok. Dua budak
lalaki nu carinekul di juru
tangka ngarénjag.
"Enggeus Pa, tamaha
urang," ceuk nu saurang
ngupahan. Nu disebut si ku-
rang ajar téh taya lian Si
Mémét anak cikalna. Enya si
éta nu nyababkeun Duloh
jeung dua urang budak la-
laki kiwari ngaringkuk di
tahanan polsék téh.
Kedepruk-kedepruk sora
sapatu ti jauhna, beuki deu-
keut beuki atra, lir atrana
katunggara na haté Duloh.
"Ampun Pa ampun...,"
kabayang deui Si Mémét
pupuringisan ménta
ampun. Saeutik gé harita
mah teu hayang ngaham-
pura. Ngan ayeuna karasa
aya nu nyeuit na atina.
Nu ngedepruk jebul. Bréh,
patugas ngaroris. Manéhna
balik deui.
"Moal, moal kabur!"
Duloh kekerot. Najan enya
gé ayeuna téh usum mung-
gah, usum suka bungah tata-
har kadaharan saaya-aya
keur kulawarga, apan isukan
téh munggaran ngalak-
sanakeun kawajiban puasa
Romadon. Hayang nyadia-
keun dahareun rada isti-
méwa da kitu galibna
ningan, sahenteuna si bo-
rontok mah kudu kaasaan.
Mangkaning Si Onih mah
siga taun tukang, saur gé
caman-cémén. Tah lamun
aya daging, rada moho.
Munggah, keur sakumna
umat Islam di pilemburan
sok ubyag ku pirang-pirang
ritual, aya nu diangir mandi,
aya nu nadran ka makam,
aya nu sasadiaan keur dahar
saur, malah di kota mah aya
nu ngahaja balotram curak-
curak da poé isuk mah puasa
moal sukan-sukan barang
dahar pajah téh.
Panon Duloh mindo teu-
teup kana lalangit, puriding,
keueung. Teu nyangka
sacongo buuk kudu ngala-
man hirup di tahanan.
Nyaan, paingan ceuk papa-
gah kolot, napsu nu matak
kaduhung badan anu katem-
puhan. Tapi deuih da teu
napsu-napsu teuing atuh,
awahing hayang ngadidik ka
Si Munggah, enya Si Mémét
téa anakna nu nyieun gara-
gara.
Janari leutik harita téh
keur meumeujeuhna ngimpi
di alak paul. Tapi teu burung
tingkoréjat basa kana panto
aya sora ngagebrug. Geus
apal kalakuan Si Munggah.
Matuh, unggal mantog uluk
salamna téh ku najong
panto. Kituna téh bari
walahwah weuleuhweuh
weureu arak. Boh Duloh boh
Ma Ojoh taya nu teu kacu-
gak mamaras haténa.
"Buka panto....!" Si Mung-
gah ngowowong bari nye-
butkeun ngaran hiji sato.
Tara loba omong, nu
pangheulana ngadéngé
gura-giru muka panto.
"Buru kéjo, aing lapar!"
Garawak deui. Ma Ojoh
mani dagdag-dégdég. Ari rék
diasongkeun, nu méntana
geus nyegrék badis si bopih
héés di kolong golodog.
Mun ngaguher kérék,
méakkeun kasuka tas ngi-
num alkohol Si Munggah
tara hudang téréh-téréh.
Mun pareng nu muka
tulak téh bapana, enya
Duloh, kudu baé meunang
panyacampah.
"Hararésé pisan muka
panto téh?" Matana hurung.
Jekuk sapatuna nu geus
cewaw dipaké ngajablog-
keun panto.
Duloh bati istigpar.
Angot mun nu mukana Si
Opay atawa Si Didit mah
kudu baé meunang oléh-
oléh, sirahna didegungkeun.
"Munggah-munggah, én-
jing cios saum insaalloh,"
nongtoréng deui sora
béwara ti masjid tong-
goheun kantor polsék.
Ngadéngé kecap munggah,
Duloh sok inget ka Si Mung-
gah minangka ngaran
nénéhna Si Mémét, anal
cikalna. Dimunggah-mung-
gah gé apan Si Mémét téh
ngajuruna pareng poéan
munggah, tilu puluh taun
kaliwat. Kolébat beungeut
jenatna Yati, indung teges Si
Mémét.
Ku Féndy Sy. Citrawarga
24. Manglé 2433 23
"Muga-muga baé budak
téh sing walagri Kang, rék
awéwé rék lalaki," ceuk Yati
harita bari ngusapan beu-
teungna nu bulan alaeun.
Duloh unggeuk. Ngarasa
bagja sabab laki rabi geus
lima taun can dipercaya
boga turunan ku Gusti
Alloh. Kabiruyungan.
Wancina gubrag ka dunya,
enya poéan munggah tëa
brol orok lalaki. Nyusurup
jeung poéan munggah, in-
dung Si Mémét méré nga-
ran nénéhna Si Munggah.
"Sugan wé jalu manéh
téh hirup beresih siga bara-
resihna jalma-jalma nu
munggah," ceuk indungna.
Bubuhan budak meu-
nang tipepereket ngadunga
bari ngan hiji-hijina, mo-
kaha Si Munggah diogo
pisan, pangpangna ku in-
dungna. Sagala kahayang
teu sirikna dicumponan,
kalan-kalan saré gé dikeu-
keupan baé siga sieun aya
nu nyulik. Mun aya nu
barang geureuh, kolotna
diontrog bari dicarékan.
"Warah budak téh, nyaho
Si Munggah mah teu ka-
opan," pajah téh.
Duloh onaman biasa-
biasa baé, ngenod teuing
henteu, galak teuing hen-
teu. Kuma umumna wé
kolot ngatik anak sangkan
daék sakola, ngaji, malah-
mandar jaga hirup bener.
Sup ka SD. Kungsi deuih
ngaji. Éta gé meunang
diolo-olo ku Duloh da ku
indungna mah tong dipak-
sa-paksa cenah budak em-
bung sakola téh, karunya.
Carékna téa mah asal hirup
gé geus untung. Kitu pami-
kir indungna baning nyaah
ka Si Munggah téh.
Nincak rumaja, Si Mung-
gah salin jinis jadi budak
baragajul da puguh sakola
teu junun. Nyaan cééhan,
teu kaop digeureuh-geu-
reuh, teu kaop dihulag, teu
kaop disisiwoan, langsung
nyégag. Témahna mindeng
galungan jeung babaturan-
ana. Antukna sakola teu
junun. Indungna kakara
sadar, ning boga anak kitu
laku téh malindes ka kolot-
na. Nu ngomongkeun
tingkecewis, nu ngontrog
tipopolotot, angot basa Si
Munggah urusan jeung
pulisi nepi ka dibérokna
mah, haté indungna asa di-
wewejét.
"Naha atuh manéh téh
maké bijil poéan munggah
ari laku lampah euwah-
euwah mah?" Yati kage-
geringan mikiran Si
Munggah, nepi ka han-
teuna pisan. Duloh pruk
kawin jeung Ma Ojoh, boga
turunan satilu-tilu, Si
Opay, Si Didit, jeung Si
Onih, budak awéwé hiji-hi-
jina. Ditinggalkeun indung,
lampah euwah-euwah Si
Munggah mungguh ngagu-
ruh, siga euweuh pamun-
tangan. Kabur ti kolot,
hirup lunta sakaparan-
paran jadi préman. Puguh
wé beuki ngajago. Basa
gubrag Réformasi, mun ba-
heula aya petrus loba kara-
man dikarungan, jaman
Réformasi mucunghul
amuk massa. Si Munggah,
siga batur-baturna,
ngistrika kokodna nu aya
tatoan, teu beresih. Ka-
paksa disumput-sumput.
Aya kasieun dirempug
balaréa nu gangas kadong-
sok krismon. Ning mun aya
préman beunang, laju di-
kerepuk teu meunang
ampun, terus dibanjur
minyak béngsin, gur didu-
ruk. Si Munggah ngompod
ogé. Nya ngulunu ka ba-
pana. Duloh bati bingung,
ditarima kumaha ditolak
kumaha. Antukna léah, nya
ditarima wé da burung
palung bodo gélo gé anak
sorangan. Hadéna Ma Ojoh
gé léah. Mimitina mah Si
Munggah katémbong lin-
deuk, sari-sari nyantri,
kuma umumna préman
usum Réformasi ningan.
Béh dieu-béh dieu, euwah-
euwah Si Munggah kan-
ceuh deui. Teu bina ti
korupsi, nu pajah Réfor-
masi téh seja meresihan
aparat korup, hih kénéh-
kénéh kéhéd ningan, ko-
ruptor kalah beuki nga
leuya. Nya ngapruk deui
dunya peteng da ningan
kasempetan keur kikituan
gé nonggérak deui. Jaman
Réformasi nu daragang
inuman keras kungsi di-
ubrak-abrik ku nu maraké
sorban, pada nyeceléh, nya
répéh. Kadieunakeun miras
nerekab deui, malah aya
sesebutan pésta miras, teu
kalis weureu arak, hayang
leuwih apdol meureun dio-
plos jeung naon ku hanteu.
Puguh wé lauk keur Si
Munggah mah. Jleg deui
wé préman, batan babalik
pikir kalah euweuh kagi-
mir, batan kapok kalah
gawok.
Nu digangguna lain baé
urang luar, siga puras-
peres, kulawargana gé di-
pajeg. Puguh deui ngadon
dahar jeung héés mah.
Peuting kamari, janari
leutik, saperti sasari Si
Munggah balik. Siga bi-
asana. sampurasunna téh
najong panto bari nyebutan
ngaran si bopih. Teuing
kumaha peuting kamari
mah nu araya di imah asa
kasirep jurig tunduh
kabina-bina.
Kakara harudang sang-
geus Si Munggah najong
panto sababaraha rintakan.
"Sétaaan..na malolor
téh?" Si Munggah ngawak-
wak. Napsu ngagidir, tina
sungutna meledos sésa
urut mabok. Torojol ba-
pana, karék gé hol nu keur
lulungu téh dipapagkeun
tonjok. Jekuk, jurahroh.
Koréjat Duloh maksa-
keun hudang bari nahan
kanyeri.
"Na siah téh Munggah?
Durjana kabina-bina?"
Duloh dak dumadak boga
kawani. Pudingding napsu.
Teu ngabibisani, aya kénéh
sésa jawara jaman keur
ngora.
"Goblog!" Si Munggah
geus teu boga wiwaha. Der
galungan antara anak jeung
bapa, ti jero imah ngagésér
ka buruan. Najan ruruntuk
jawara gé geus umuran
mah teu burung kasoran.
Nénjo kitu, Si Opay jeung
Si Didit nu ti tatadi olohok
mata simeuteun baning
baluas, sakilat duanana
maju jurit ngaraponan
lanceukna nu geus kausap
. Si Munggah pada nga-
hanca, saréréa geus kaleun-
gitan kadali, tali pameung
keut duduluran ngajem-
prung, hayang pada-pada
unggul. Ceg Duloh kana
batu sagedé hulu domba
paragi manéhna moyan.
Teu antaparah deui, gejrot
dipeupeuhkeun kana sirah
Si Munggah. Kocéak....
"Ampun Pa, ampun Pa,
ampuun....!" Na remeng-
remeng peuting Si Mung-
gah minangsaraya, kakara
lilir tina impian euwah-eu-
wahna.
Tapi....Duloh geus kale-
ungitan rasa nyaah, dur-
jana modél Si Munggah
kudu dipérénan. Titis tulis
ciri wanci, baheula Si
Munggah gubrag ka dunya
poéan munggah, ayeuna gé
mulang na poéan mung-
gah.
Gujrud salelembur aya
kajadian rajapati antara
anak jeung bapa. Harita
kénéh gé pulisi --sabada
meunang laporan ti
masarakat-- nyangkalak nu
tiluan, Duloh, Si Opay
jeung Si Didit terus dibawa
ka kantor polsék, blus ka
kamar tahanan, ngadagoan
dijagragkeun ka pangadi-
lan.
Gebeg, Duloh lilir tina
lamunanana.
Rét ka dua budak lalaki
nu taya lian Si Opay jeung
Si Didit, teup deui kana
lalangit, bréh Si Munggah
nu keur ceurik ngagukguk
ménta ampun.
"Munggah, munggah in-
saalloh énjing cios saum.
Mangga geura beberesih,"
geus kadéngé deui béwara
munggah ti masjid wuwuh
matak ngagerihan batin
Duloh.
"Munggah? Puasa? Ya
Alloh, kanggo naon atuh
paruasa ari gogoda hirup
pada ngantep baé?" geren-
deng batin Duloh siga nu
ngarasula kana kaayaan
rinéka jaman.
Berebey cimatana nga-
banjiran kumis, terus kana
janggotna.***