2. L awangSakéténg
Antara Kabutuh Masarakat
jeung Kapentingan Partey
K
akawasaan partey pulitik téh digjaya pisan. Méh
sagalarupa nu tumali jeung ngurus-ngatur nagara huluwotanana mah aya di partéy pulitik.
Boh nangtukeun anggota legislatif, eksekutif, kaasup
nataharkeun piprésideneun, kumaha partéy pulitik.
Ketak parpol kitu, mémang luyu jeung undang-undang. Atuh, kitu tata carana deuih dina nangtukeun pipamingpineun ogé. Matak, teu anéh upama nu
ngasongkeun atawa nu nawarkeun piprésidéneun gé
partey pulitik. Saha waé calonna, kudu ngaliwatan
panto partéy.
Pihak-pihak nu dibalitungkeun ku partey, tangtuna
gé nu baris nguntungkeun pihak partéy. Atuh, sabalikna, upama dianggap taya pangaruhna keur partey,
bisa jadi teu dipaliré.
Ketak jeung paripolah partey kawas kitu, bisa ka
gambar dina cara masing-masing partéy nempatkeun
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
calon legislatif dina pilihan umum ayeuna. Tinimbangana lolobana mah gumantung kana kapentingan éta
partéy. Balukarna, calon nu ditempatkeun ku partey teh,
can tangtu nu dianggap ‘pantes’ kumasarakat.
Ketak partey kitu, memang wajar, lantaran nu boga
kakawasaan nangtukeun caleg oge partey. Ngan, sawadina, masarakat gé bisa nangtukeun pilihanana kalayan
’cerdas’. Milih pipamingpineun téh, ulah ngan sakadar
kumaha raména, komo deui ukur lantaran eta caleg téh
jalma sohor.
Mitra, tumali sareng éta pasualan Manglé nomer ieu
nurunkeun seratan tumali sareng kakawasaan partey
dina nangtukeun pamingpin rahayat. Nu sanena, seratan tumali sareng cara masarakat nangtukeun pamingpinna. Nu dua hal bieu tiasa ditingal dina Laporan
sareng Aweuhan Pasundan.
***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL
PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana
Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang
R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. Jukut Riut
Ari rék togmol ka manéhna, tong
datang-datang deui ka imah, teu
werat. Asa moal kaur pok, kaburu
ku cipanon. Nulis dina facebook
waé kitu? Kasawang geunjleungna.
Jadi wéh nyarahoeun, antara kuring
jeung manéhna aya nanaon........
5
TAMU
Drs. Toto Sucipto;
Miara Budaya Sunda Malar Teu Diaku Deungeun
BAHASAN
Lempa Lempi Lempong .................... 56
LEKRA Bagian ti PKI
Ajip Rosidi
......................................................... 30
IMPLIK-IMPLIK
Seni Sunda di Masarakat Cina
......................................................... 46
LAPORAN
Caleg nu Arunggul
Kasilih Kawijakan Partéy
.......................................................... 8
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Gedong Sate ...................................... 48
Katumbiri .......................................... 41
Bale Bandung .................................... 50
Mangle Alit ..................................... 51
Tarucing Cakra .................................. 55
JAGAT WANGWANGAN
( 17 - 40 )
4. K acaTilu
Gurat Beungeut
C
euk kolot, watek hiji-hijina
jelema téh bisa dibaca tina
gurat beungeutna. Tah ayeuna
ninggang kana wanci nu mustari.
Keur meujeuhna usum ayeunaayeuna téh. Geura étah rupa-rupa
beungeut teu sasatna diasong-asong
kana beungeut urang. Lengkep jeung
nomerna, katut ngaran partéyna.
Jeung maruji manéh deuih. Aya anu
ngaku jelema takwa. Aya anu nyebut
manéh nyaah ka rayat. Tapi euweuh
hiji gé anu agul lantaran sedep ka istri
mah. Komo anu ngaku koruptor anu
leueurna leuwih ti belut mah.
Dina lebah milihna, éta mah
kumaha urang. Aya gambar Sutan
Bhatoegana upamana. Piraku aya
kénéh nu can apal saha ari Sutan.
Lantaran ngaranna maké Sutan, pantesna téh salembur jeung Sutan
Syahrir, Sutan Takdir Alisyahbana
atawa Sutan Malaka. Pokona abrulan
bangsaning sutan mah moal ti mana
jolna.
Tapi kadé ulah boga sangkaan lir
ibarat potokopian, kabéhanana bakal
persis taya bédana. Sutan Syahrir nu
sakitu pinterna, henteu karooh ku
pangbibita Walanda. Padahal mun
ngagugu, moal hésé imah, moal
susah hayang boga mobil. Panghasilan bakal mucekil. Atuh dina sakalina
resep ka istri, moal enya nepi ka kudu
nampik da ituna anu sasat ngasongngasong. Tapi pan teu kitu. Syahrir
milih merjoangkeun kamerdékaan
nagarana batan kudu hirup lubaklibuk bari kumawula ka penjajah.
Sutan Takdir Alisyahbana, najan
henteu kungsi nyorén bedil, ari kacintaanana ka lemah cai mah, geus
diaku. Harita mah ngan aya hiji buku
Tata Bahasa Indonésia nyaéta nu disusun ku STA. Henteu barieukeun
saperti ayeuna.
Tan Malaka mah komo deui.
Getol pisan nulis sangkilang kaayaan
harita walurat kabina-bina. Henteu
kungsi nyorang gen-ahna ngantor di
Senayan lantaran dina jaman révolusi kaburu ditémbak ku tentara.
Sanggeus leuwih ti 60 taun dikubur
di pasisian Kediri Jawa Timur,
kakara ayeuna cenah arék dipindahkeun ka Taman Makam
Pahlawan Kalibata.
Syahrir, STA, Tan Malaka ayeuna
mah ngan kari gambarna jeung
tulisanana. Ari Sutan Bhatoegana
osok pirajeunan kitu nilik-nilik potrét
para sutan nu tiluan téa? Sigana mah
tara. Da unggal ngomong gé apan
tara aya bandunganeunana manéhna
mah. Tara kungsi kadéngé deuih pirajeunan ngutip omongan atawa
tulisan Syahrir atawa Tan Malaka.
Mana kitu gé, teu mustahil, tara maca
jeung teu wawuheun deuih.
Matak meujeuhna lamun ayeuna
loba anu bingung. Bingung ku ningali
keureutan beungeutna bingung ku
ngabandungan omonganana. Arék
kumaha
ngabanding-bandingna
atuh?
Lamun ceuk kolot harita pasipatan jelema bisa dibaca tina
potrétna, ayeuna mah karasa rada
bangga. Lain hiji dua anu kitu téh, ieu
mah umumna sarua. Tangtu wé, da
potrét anu dipasang jeung didagangkeun ka sakumna umat téh meunang mapantes. Méméh jeprét
dipotrét téh, aya anu husu ngabebenah. Perkara jasna warna biru, meujeuhna da warna partéyna ogé kitu.
Kadé éta rambut ulal sina ngariom
kitu, bisi matak sieuneun barudak.
Gumujengna deuih ulah tarik teuing.
Kedah optimis Pa. Sawios nuju
mayunan perkara anu abot, ulah dugi
ka kanyahoan ku anu sanés.
Lamun potrétna geus diréka-réka
kitu, naon palakiahna atuh sangkan
élmu maca gurat beungeut bisa
kénéh teurak. Apan ieu mah guratan
beungeutna ogé geus dijieun-jieun,
geus pupulasan. Sagala rupana disaluyukeun jeung palakiah kaidah
komunikasi pulitik anu panganyarna.
Sedeng nu ngaranna élmu maca
gurat beungeut, éta mah tradisonal
pisan. Boa-boa bakal nambag.
Ulah waka pondok pangharepan.
Ayeuna apan aya nu ngaranna élmu
géstur. Sok geura tanyakeun ka Pa
Acép Iwan Saidi. Moal, moal dipersabenan. Jeung moal aya ongkosna
deuih. Piraku da Acép téh tunggal papada Sunda kénéh. Urang Bogor anjeunna téh. Ulah disaruakeun jeung
urang Tasik, tara piduit urang dinya
mah. Tinggal urangna wé anu ludeung nyaritakeunana. Pa Acép, cing
abdi tulungan. Ieu anu hayang dipilih
ku abdi téh beungeutna kawas kieu.
Geus tilu peuting abdi téh teu bisa
mondok. Omat, ulah teu ditulungan.
**
AM
Manglé 2464
3
5. K oropak
Milih Rayat nu Amanah
Sampurasun! Damang Nyi
Manglé? Nuhun pami daramang mah.
Punten ngiring nyerat. Nyi,
kiwari mah geuning loba pisan
nu hayang jadi pamingpin.
Padahal, loba conto manten
pamingpin téh, tinemu bahla.
Jabatanana, ahirna mah nganteurkeun dirina ngaringkuk di
pangbérokan.
Beuki dieu nu harayang
jadi pamingpin atawa wakil
rayat téh beuki loba. Jabatan
naon waé nu merelukeun
pangdeudeul rahayat, teu
weléh jadi inceran. Atuh, ruparupa tarékah ngirut haté rayat
sangkan ngarojong dirina jadi
pamingpin teu weléh ditarékahan.
Naon waé pakarepan, sok
jadi udagan nu hayang dihontalna. Léngkah-léngkah jeung
paripolah hirupna, gambaran
tina pamahahan si éta jalan
kana kahirupan. Padahal dina
agama mah, totorosol hayang
janten pamingpin téh apan dipahing pisan..
Dina agama Islam ogé apan
jelas, naon waé nu dipilampah
di dunya baris aya balukarna di
ahérat. Hartina, sagala rupa
paripolah jeung kalakuan di
dunya baris jadi tanggung
jawabna dina mangsa kahirupan jaga. Dadasar kahirupan
kawas kitu mistina mah jadi
pamatri pribadi masing-masing dina nangtukeun paripolah
kaasup
pancén
gawéna
samangsa kumelip di alam
dunya.
Beuki dieu téh nu hayang
jadi pamingpin beuki loba.
Prah deuih dina saban
tingkatan. Contona, ayeuna
dina usum ‘nyaleg’ boh di
tingkat nasional, propinsi, ogé
kabupaten/kota, teu weléh
kasindeuhan ku jalma-jalma nu
boga pakarepan jadi wawakil
rahayat. Eta calon, katingalna
ogé, pamianganna téh lain ukur
4
Manglé 2464
neueul kana kahayang, tapi ogé
asal meunang. Hartina, loba nu
boga pakarepan kitu teu
ngukur ka kujur!
Cek simkuring mah, upama
ngahontal udagan saukur kahayang wungkul, saukur meunang
wungkul,
bisa
ngabalukarkeun mamala. Kituna téh, lain ukur démokrasi
teu séhat, tapi deuih dina dangka panjang mah, bakal
ngaruksak pasipatan ‘hadé’
balaréa. Ku kituna, simkuring
meredih, dina milih wakil rayat
kudu dumasar kana
ati
sanubari, nu bener-bener
mampuh. Kumaha ari urang
Sunda? Rék milih saha?
Mangga éta mah sanggakeun
ka diri séwang-séwangan. Nu
jelas, loba nu dipiharep geuning
teu jol. Sabalikna nu nyaralon,
biheung teuing apal kana
kaayaan urang.
Sakitu wae, mudah-mudahan aya mangpaatna. Kitu deui,
ka Ais Pangampih Mangle, hapunten, bilih aya kekecapan nu
kirang merenah, kirang luyu
jeung undak-usuk basa Sunda.
Wassalam,
Pa Udung
Ti Tasikmalaya
Perda
Ngamumulé
Basa Sunda
Larapna Perda No. 5 keur
ngamumulé basa Sunda geus
jinek. Tinggal kumaha jeung ku
saha dimumuléna. Ayana
perda tangtu ogé aya waragadna. Ku saha waé waragad
katarimana, jeung kabagian
nepi ka sabaraha waé nu unggal
narima? Tangtu nepi ka ayeuna
tacan aya bewara nu jentre tur
lengkep. Pami Manglé nu ngamumulé basa Sunda ti jaman
poék (méméh aya listrik) kénéh
kabagéan teu? Ah... punten ieu
mah heureuy nya.
Reueus pisan, di urang sok
aya kongrés basa. Kitu deui,
generasi muda seueur nu
haroyongeun dialajar basa
Sunda. Malahan loba pisan
dina media internet mah nu silihsimbeuhan pentingna ngobrol ku basa sunda. Ieu tanda
generasi muda moal kitu-kitu
waé ninggalkeun basa lemburna. Ngan nu ulah téh, malah
nyebutna ‘teu rido’, lamun aya
warisan-warisana Sunda ku
pasipatan bohong, hianat, ingkar jangji. Sabalikna kudu aya
warisan pasipatan jujur,
amanah, nyaahan, ogé buméla.
Tah, jinekna dina pasipatan
jujur ogé, generasi ngora
hayang pisan kawarisan apal,
kamana baé salila ieu anggaran
larapna Perda Basa Sunda. Upamina ka 100 lembaga, jigana
alus pami dibéjérbéaskeun dina
Manglé. Yakin pisan simkuring
mah, urang Sunda mah luhur
jatidirina, luhur kajujuranana,
ogé sok aya kainggis lamun
nincak dina salah, béda jeung
urang batur. Kumaha lamun
teu aya warisan kajujuran?
Beu! Meureunan mana kitu
ogé, urang Sunda geus ninggalkeun tatapakan Sundana sorangan. Da, Sunda mah lain
napak di hiji jalma, tapi dina
pasipatanana. Urang Sunda nu
jujur, éta Nyunda, urang Sunda
nu teu jujur, lain urang Sunda.
Satuju!?
Sakitu mudah-mudahan
janten eunteung saréréa.
Nuhun ka Ais Pangampih
Manglé.
Irfan_zid@yahoo.com
Bandung
Urang Sunda kedah
Ngariksa Diri
Urang Sunda kirang nu
maranggung dina widang politik, rupina mah lepatna aya di
urang keneh. 1. Rempug jukung
sauyunan di antawis urang tos
rada kirang sanaos di sebat teu
aya pisan mah teu acan. 2. Di
antawis urang teu sakedik nu
ngaraos langkung reueus ku
deungeun-deungeun ti batan
mireueus urang pituin.
Wassalam,
Budi Yanto
Poho ka Jati
Urang Sunda kirang nu
maranggung dina widang politik, ku sabab urang sunda geus
poho kanu jati dirina, ku sabab
poho eta, jadi weh urang Sunda
teh kalindih ku urang deungeun. Urang Sunda geus
loba nu poho kana kareueus
jadi urang Sunda, poho kana
rasa sadulur papada urang
Sunda.
Wassalam,
Adi Jaksa
Nu Harayang
Makalangan
Mun urang deungeun wae
hayang makalangan di tatar
Sunda, komo deui urang sunda
na! Saenyana meureun, urang
deungeun oge boga pertimbangan atawa lilinggeran anu
matak mawa untung pikeun
pamaksudan maranehna. Mun
ceuk paribasa mah, "Lain lantung lambuh laku, lain lantang
tanpa
beja".
Hartina,
maranehna "Lain datang teu
pupuguh, tapi aya nu dimaksud". Tapi sanajan kitu, keun
bae asal urangna rido galih
jeung manah. "Clik putih clak
herang".
Wassalam,
Ian M Komarudin
Gengsian
Urang Sunda kirang nu
maranggung dina widang politik, lantaran urang Sunda mah
gengsian papada urang sunda
ge. Ari ngomong sok pake basa
Indonesia bae, teu jiga suku
anu lain. Komo budak ngora
mah kana lagu Sunda geus teu
resepeun.
Wassalam,
Herman Arapat
6. T amu
Drs. Toto Sucipto;
Miara Budaya
Malar Teu Diaku Deungeun
Teu jarang hasil
karancagéan karuhun
diaku dengeun. Balukarna, turunanana
mah teu bisa ngalap
mangpaatna. Kitu di antara jejer obrolan Mangle jeung Drs. Toto
Sucipto, Kepala Balai Pelestarian Nilai Budaya
(BPNB) Bandung.
Drs. Toto Sucipto, Kepala BPNB Bandung
W
arta-warta hasil karya
bangsa diaku batur, keur
Drs. Toto Sucipto mah,
matak tugenah. Lan-taran,cenah,
hartina bangsa urang téh masih
kénéh héngkér dina miara jeung
ngariksa hasil karyana. “Teu jarang,
nu enya-enya nyiptakeunana, didakwa
ngalanggar hak cipta, lantaran eta
karyaleuwihtiheuladipatenkeunkupihaksejen,” pokna.
Kajadian kitu,
kaalaman ku
sababaraha urang pangrajin Bali. Nu
matak nyeri haté, nu ngadakwa- keunana téh bangsa deungeun, pedah
pihakna leuwih heula nyiptakeun hak
paténna, padahal nu saenyana lain
manehna nu hak. Kitu ceuk ieu Kepala
BPNB Bandung mah.
Lian ti hak cipta pribadi, hasil
karya karuhun bangsa géremendiaku
deungeun, misalnawae, tempe, ukiran
Jepara, kopi Toraja, Reog Ponorogo,
Lagu Rasa Syange, jeung sajabana.
“Nu sapetos kitu kedah janten conto,
sarta dituturkeun ku tarekah
ngungkulananan,” ceuk ieu teureuh
Subang Jawa Barat téh.
Lobana hasil karya diaku deungeun, lain pasualan basajan. Lantaran, bisa jadi mamala. Apan, saperti
nu kaalaman ku salasaurang pangarjin bali, apan dijagragkeun di pangadilan, diancam dihukum, kalayan
kudumayardengda nu lain sautik.
“Kaayaan sapertos kitu, matak prihatin,” pokna.
Tangtu cenah, pihak-pihak nu engeuh kana pentingna budaya téh teu
cicingeun. Pamaréntah gé, apan saban
taun ngusulkeun hasil karya bangsa
sangkan diaku di dunya internasional.
Ti waktu ka waktu, aya nu dipatenkeun di tingkat nasional, saperti
wayang (2003), keris (2005), batik
(2009), angklung (2010), tariSaman
Manglé 2464
5
7. T amu
(2011), jeung Noken (2012). Atuh dina
taun 2013, Indonésiagé ngusulkeun
sababara hasil karya, tapi taya nu
lulus, hartina kudu ditambahan deui
data-datana.
Memeh didaptarkeun di tingkat
internasional,
pihak BNPB gé
cumeluk sangkan masarakat ngadaptarkeun hasil karya luluhurna nu
sipatna kolektif, saperti kasenian, hasil
karajinan has hiji daérah jeung sajabana. Carana, pihak BNPB ngaluarkeun pormilir, saterusna sina
dieusian ku nu ngalaporkeunana,
tangtu wé kudu dilengkepan ku data
awal, saperti sajarahna ogé ahlina.
Geus kitu, bakal aya nu nengetan halhal nu didaptarkeun téa, disusud ka
lapangan. “Upama nyumponan
pasaratan bakal dipaparin sertifikat ti
Kementrian Pendikan dan Kebudayaan RI,” pokna.
Lain Lulumayanan
Ceuk juru kawih cenah, budaya téh
jasana lain lumayan. Ngan, nya kitu,
ceuk kepala BPNB mah, masarakat gé
loba nu teu engeuh kana budayana.
Atuh, anggapanana kana budaya ge
heureut naker, da lobakénéh nu boga
anggapan,
budaya téhnganukur
kasenian. Padahal, ceuk ieu lulusan
Jurusan Antropologi, budaya téh
rupa-rupa naker, kasenian mah ukur
bagian tina budaya téa. Mun diwincik
deui, aya budaya nu wangunna
barang, aya oge nu mangripa palsapah, padika hirup jeung sajabana.
Tina budaya téa, saterusna mah
loba mangpaatna. Saperti mun éta budaya
téh
mangrupa
hasil
karancagéanmasarkat, tangtu wé, lain
ukur semet pakéeun da bisa ngadatangkeun pangasilan, jadi pangupa
jiwa. Matak, teu anéh upama hasil
karya téh, kacida diajénanana jeung
kacida pentingna.
Hasil karya nu diaku di tingkat internasional, saperti angklung, apan
ahirna mah lain ukur jadi kaagulan, da
puguh muka lolongkrang usaha. Nu
nyarieun angkulung bisa meunang
pangasilan da éta alat-alat kasenian
téh payu naker di luar nagri. “Seueur
hasil karya nu ahirna mah, nga-
6
Manglé 2464
Ngajak masarakat nyaah kana budaya
gaduhan pangaruh potsiti kanggo
kamékaran ekonomi masarakatna,”
ceuk ieu urang wewengkonPantura nu
lahir taun 1965 téh.
Hasil karancagéan masarakat téh
kacida lobana. Contona, nu tumali
jeung kasenian, apan nyampak di
saban tempat kalayan boga ciri
mandiri. Nu kawas kitu, kudu gancang
didaptarkeun ka Kementrian Pen-
didikan dan Kebudayaan. Upama
nyumponan pasaratan tangtu bakal
disahkeun pangakuanana kalayan
jinek rengkolna dina sartupikat. Geus
kitu mah, jongjon lantaran moal diaku
deungeun.
Ngajiga Malar Ngajega
Aya paribasa mun teu wanoh moal
bogoh. Matak, ceuk Toto mah, penting
pisan mikawanoh budaya bangsa téh
Drs. Toto Sucipto sareng kulawarga
8. sangkan tumuwuh rasa cinta jeung
kareueus. “Teu reuustéh bongan we
teu apal,” pokna.
Toto mah yakin, nu napak kana
budaya mah, bisa leuwih maju. Sabalikna, mun ngabaé-baé budaya sorangan, saterusna ge moal puguh
sorangeunana. Matak, cenah, miara
budaya téh penting pisan. “Apan ceuk
kekecapan karuhun gé urang téh kudu
ngajaga, ngajiga, ngajega, jeung ngajago,” pokna nyutat kekecapan tina
naskah Sunda heubeul.
Mun téa mah, rék ‘ngajago’,
hartina kudu masagi. Apal kana sagala
rupa nu mistina apal. Wanoh kana
sagala rupa nu mistina dipikwanoh.
Kitu deui nu tumali jeung budaya,
kudu dipiara sangkan kaalap mangpatana. Apan, ceuk kekecapan
karuhun ge, mun butuh supana kudu
daék miara catangna. Budaya nu bakal
maslahat, tangtu wé kudu di-piara sahadé-hadéna.
Mun ngaku urang Jawa Barat,
hartina gé kudu kawas urang Jawa
Barat, da budaya nu dipakena gé budaya Jawa Barat. Kituceukieukepala
BPNB teh. Malah, ceuk ieu nu resep
silat téh, teu nanaon ‘ngajago’ gé mun
puguh kamampuhanana mah!
Dina mangsa patalimarga antara
bangsa jeung bangsa gampang kacida,
parobahan paripolah gé gancang silihpangaruhan. Geuning remen kasaksén, nu samemehna teu kabandungan,
bet kawas nu akrab kasaksén disakuirluengeun urang. Nu kawas kitu, bisa
nyebar ngalegaan.
Kaayaan kitu, keur ieu panalungtik mahbudayamah, teu matak
heran, da puguh antarbangsatéhsilipangaruhan téa. Ngan, nu tétéla mah,
geuning bangsa urang nu jadi ‘sasaran’
pangaruh deungeun téh. Kanyataan
kawas kitu gé bisa kasaksen ti mangsa
ka mangsa. Aya waktuna bangsa
urang (pangpangna mah nonomna)
kapangaruhan ku budaya Barat,
saterusna, kasengserem ku budaya
India. Geus kitu, torojol jepang, nu dituturkeunku Korea. “Urang kedah
kiat napak kana budaya soarangan,”
pokna.
Pangaruh kitu, lir kujang dua pangadekna. Bisa mangpaat jeung
madorot.Mangpatna, tangtu wéda aya
sawatara bagian nu hade pangaruhna.
“Ngan, teu jarang nu mawa
madorotge,” pokna. pokna.
Apan paripolah dengeun mah, can
tangtu loyog jeung kabiasaan di urang.
Atuh, mun kasengsrem ku budaya deungeun, nu soarangan mah bakal diapilainkeun.
“Padahal,
ukur
ngungudag nu batur mah, tetep moal
kapimilik enya-enya,” pokna semu
ngelingan.
Ngabadungan kaayaan kawas kitu,
Drs. Toto Sucipto, teu sing leutik hate.
Inyana percaya, bangsa urang téh
boga kapunjulan. Kitu deui nu tumali
jeung budaya, apan tembong naker
karancageanana gé. Ngan, mun téa
mah teu pati tembong lantaran mémang nu leuwih nembraktéh pangaruh budaya asing tea. “Tetep kedah
optimis asal aya tarékah anu jinek,”
ceukieu alumni UniversitasPadjadjaran (Unpad) teh.
Naon tea tarekahna téh? Taya lian
ceuk ieu Kepala BPNB mah, tetep
ngawanohkeun budaya sorangan,
ngaja jeung ngariksa sarta satékah
polah mekarkeunana luyu jeung kabutuh nu ngajamananana!
Milih Ancrub dina Budaya
Saperti barudak lembur umumna
taun 1970-an, masih keneh raket
jeung budaya karuhun. Kitu deui Toto,
ngarasa akarab jeung kasenian Sunda
téh, saperti penca silat. Atuh, ula-uli
dina ieu seni gé lain ukur tuturut muding da tanjrih nepi ka biasa minton
boh di sakola boh dina acara-acara
séjénna.
Karesepna kana silat saperti kitu,
nuluy nepi ka SMP. Malah, karepna
kana kasenian téh bet nambahan, da
hayang pipilueun kana gending
sagala, ngadegung, kajeun jadi tukang
goong. Horéng, kabiasaan deukeut
jeung seni Sunda gé, bet jorojoy aya
kahayang, bogakarep leuwih anteb
kana budaya. Matak, pilihan kuliahna
gé gilig tolabelmu di JurusanAntropologi Unpad.
Cekel gawéna, mimitina mah di
kosnsultan. Harita, gajih mah lain lulumayanan, da bisa sapuluh kalieun
pagawé nagri nu kakar ‘cle’. Ngan,
geus kitu lalakonna, kudu nyambung
jeung budaya, waktu aya panarimaan
pagawé nagri, sepuhna nyarankeun
sangkan leuwih milih jadi pagawe
nagri. Tinimbanganana sangakan
élmu nu diarah di bangku kuliah kamangpaatkeun. Antukna, katarima
jadi pagawenagri nu raket tumalina
jeung kabudayaan.
Najan gajih mimiti ukur sapesapuluhna tina gajih konsultan tea, teu jadi
hahalang. “Nya alhmadulillah mayeng
dugi ka ayeuna,” ceukieuurangSubang
nu lahirtahun 1965 teh.
Keur Toto, digawé dina bidang budaya, karasa loba mangpaatna. Dirina
yakin, upama bangsa urang napak
kana budaya talari karuhun, sarta bisa
ngalarapkeunnana, kekecapan ngajaga, ngajiga, ngajega, jeung ngajago,
lain pamohalan. ***
(Ensa/Nay)
Ngariksa budaya sangkan teu diaku deungeun
Manglé 2464
7
9. Laporan
Caleg nu Arunggul
Kasilih Kawijakan Partéy
Héabna milih
wakil rayat 2014
geus karasa di
mana-mana. Para
calon ti partéy pulitik gé geus ‘gedé
harepan’ bakal
kapilih ku rayat nu
aya di dapilna.
Ngan, kumaha
upama rayat salah
pilih? Naha nu jadi
pilihan di dapil
masing-masing
bener-bener nu
arunggul di
daérahna?
Aweuhan pilihan wakil rayat keur
milih DPRD Kabupaten/Kota, DPRD
Provinsi, DPR-RI jeung DPD-RI, walatra
ka saban tempat. Teu di kampung teu di
kota, pada-pada ngadurényomkeun éta
pilihan. Kitu téa mah teu sing anéh, lantaran jinek wakil rayat nu kapilih téh, mémang nu bener-bener nu dipikabutuh
balaréa. “Nu kapilih jadi wakil rayat,
kedahna nu leres-leres mampuh tur nu
arunggul di dapilna masing-masing,”
ceuk Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, Drs., SH.,
MS., Guru Besar Fakultas Ilmu Sosial
dan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung.
Wakil rayat tetep kudu boga visi katut
misi jeung kamampuh dina rupa-rupa
8
Manglé 2464
Prof. Asep Kartiwa; nu kapilih kudu nu arunggul di dapilna
udagan demi kamaslahatan balaréa. Ari
nu disebut wakil rayat, tangtu kudu
mampuh nyekel amanah rayat nu milihna. Hartina, wakil rayat nu jadi, mémang nu bener-bener amanah, apal
kaayaan tur arunggul di dapilna masingmasing. “Kedahna nu kénging téh nu
terang kaayaan dapilna ogé nu arunggul
di dapilna,” pokna basa ngobrol rinéh di
kampus Pascasarjana Unpad Dago Bandung.
Nilik kana kamampuhan paracalon
wakil rayat, bisa ditalingakeun visi jeung
misina katut ketak éta calon di dapilna.
Upama éta calon apal pisan kana kaayaan
dapilna, tangtu éta calon mémang geus
pantes jadi pilihan rayatna. Ku kituna,
ceuk Prof. Asep, sosialisasi visi jeung misi
para calon ka rayat di dapilna, kudu jelas.
Kagiatan nu kawas kitu ogé ka dituna
mah kudu jadi sarana atikan pulitik keur
masarakat. “Ulah ukur ngabibita jeung
ngabobodo. Tapi, kudu mampuh méré
gambaran, naon waé nu bakal disorang
jeung kumaha prak-prakan ngalaksanakeunana,” pokna deuih témbrés.
Husus keur calon-calon rayat nu aya
di dapil-dapil di Jawa Barat, Prof. Asep
Kartiwa masih percaya, masarakat Jawa
Barat bakal milih nu arunggul di dapilna.
Sok sanajan di sababaraha dapil di Jawa
Barat, réa calon nu apal kaayaan rayatna,
tapi urutanana aya dihandap.
Posisi atawa urutan calon, mémang
10. dina sistem demokrasi kiwari teu jadi
sual. Tapi dina panalinga masarakat,
geus katangar, yén urutan nu pangluhurna bisa jadi kaasup calon nu pangunggulna. “Hanjakal, seueur kénéh
calon-calon wakil rayat nu palinter, nu
mampuh, henteu jadi urutan pangluhurna,” pokna deui.
Pilihan langsung, mémang gambaran
lumangsungna démokrasi dina nangtukeun jalma nu pangunggulna. Ngan
tangtu wé, hasilna mah can tangtu idéal,
atawa nu panghadéna.
Pangna kitu, lantaran partéy nu ngasongkeun piliheun, saperti leuwih mentingkeun kapentingan partéyna. Komo
deui, dina pilihan pamingpin atawa wakil
rayat kawas ayeuna, pilihan rayat bisa
ogé keur kapentingan partéyna lain keur
pilihan kamaslahatan masarakatna.
Hartina, aya kapentingan séjén
satukangeun éta pilihan.
Kawijakan Partéy
Upama masarakat di Jawa Barat loba
nu kagét ka calon-calon rayat, lantaran
pangaruh dominasi partéy keur ngasongkeun di dapil masing-masing, leuwih
gedé. Ku kituna, teu anéh upama loba
anggapan masarakat nu aya di dapil masing-masing, loba nu dipiharep tapi teu
nyalon, sedengkeun nu nyalonkeun, justru lain nu teu dipiharep. Kitu deui keur
dapil di Jawa Barat. Cek panalinga ieu
paniten administrasi publik, keur Jawa
Barat penting pisan calon nu kapilih téh
urang Jawa Barat sorangan. “Pangpangna kanggo DPR-RI, upama seueur
nu kapilihna teureuh Jawa Barat, ka dituna, kaunggulan Jawa Barat ogé bakal
diperhitungkeun di tingkat nasional,”
saur Prof. Asep Kartiwa jinek.
Antara para calon nu dipiharep jeung
nu kalah aya, cek Prof. Asep, lantaran
partéyna sorangan, kurang nalingakeun
dina nempatkeun jalma-jalma nu benerbener potensial di éta daérah dapilna.
Henteu waé di dapil Jawa Barat, tapi ogé
di daérah luar Jawa Barat. Masih loba
para calon teu apaleun kana poténsi
daérah dapilna. Lantaran kitu, ahirna,
loba calon rayat nu nempuh jalan séjén.
Di antarana ngagunakeun politik nu
kotor, saperti politik ‘duit’ sangkan milih
Atikan politik keur kapentingan balaréa
Pesta démokrasi, lain keur kapentingan partéy
dirina.
Dina mangsa pilihan langsung kawas
kitu, rayat ogé boga kakawasaan. Kari
metakeun hakna, luyu jeung kahayangna.
Kanyataan kawas kitu, sawadina kudu
bener-bener
dimangpaatkeun
ku
sakumna nu boga hak pilih. Cek ieu
Ketua Dewan Pakar IAPA (Indonesian
Association Public Administration), pilihan rayat gé kudu milih nu panghadéna
dumasar kana ati sanubari rahayat. Lantaran putusan nu ukur memenitan,
balukarna mah manjang. Copélna, lima
tauneun ka hareup.
Ajen-inajén calon rayat, pamustun-
ganana mah gumantung kana putusan
nu milih. Hartina di dinya, aya gambaran
démokrasi dina nangtukeun pilihan. Kitu
deui, lantaran pilihan, bakal ogé gumantung kana ketak tim sukses, ku kituna,
atikan politik kudu bener-bener dilarapkeun, nyaéta atikan politik keur
kapentingan balaréa!
Dina panitén ieu ahli élmu pamaréntahan, nu rék milih jeung rék dipilih kudu
sareundeuk saigel, nuju kana visi, misi,
katut, jangji-jangjina téa. “Mudah-mudahan rayat bener-bener sadar kana pentingna milih calon nu unggul di
daérahna,” pokna. (Rudi. H)
Manglé 2464
9
11. DI KIWARI MACA BIHARI (32)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Ronggéng Gunung Sisingaan
D
INA Kamus Basa Sunda R.A.
Danadibrata
(PT Kiblat
Buku Utama, 2006) kecap
“kompét” téh ngandung harti
“tilepan ponggolan daun cau
jualeun”. Diteruskeun ku katerangan “sakompet daun cau lamun
daun cauna rubak jeung teu saroéh
cukup saponggol, tapi lamun daun
cauna nya heureut jeung saroeh,
sampingna rubak di jerona
sababaraha ponggol daun cau nu
heureut jeung saroéh”. Dina éntri
éta kénéh R.A. Danadibratanyontokeun paribasa dikompétdaunkeun
anu pihartieunana “jelema hadé dianggap sarua jeung nu goréng at.
jeung nu boga salah, nu goréng
dikumkeun jeung nu hadé”. Éta
paribasa téh, cék R.A. Danadibrata
kénéh, “sok disebut ogé dihurunsuluhkeun”.
Ari dina Kamus Basa Sunda R.
Satjadibrata (PT KIblat Buku
Utama, 2005) mah “kompét” téh teu
dihartikeun kecap dasarna, tapi
kecap rarangkénna: Sakompét anu
hartina salipet. Lebah ngahartikeun
disakompétdaunkeun (dihurunsuluhkeun) mah cukup ku “disaruakeun jeung nu boga dosa”.
Enas-enasna mah sarua jeung nu dihartikeun ku R.A. Danadibrata
sakumaha ditétélakeun di luhur.
Dina buku 1000 Babasan jeung
Paribasa Sunda beunangna Budi
Rahayu Tamsyah sprk. (Pustaka
Setia, 1994) paribasa “dikompétdaunkeun” atawa “disakompétkeundaunkeun” sarua hartina jeung
“dihurunsuluhkeun”
nyaéta
“disamarutkeun jeung nu boga
10
Manglé 2464
dosa”.
Dumasar éta tilu buku, “disakompétdaunkeun” téh ngandung
harti disaruakeun antara nu hadé
jeung nu goréng, antara nu bener
jeung nu salah. Dina kahirupan
sapopoé, tinangtu teu bisa diradkeun kitu. Nu bener teu kaci
disamarutkeun jeung nu salah, nu
hadé teu bisa disaruakeun jeung nu
goréng. Da mungguh kitu apan nu
kudu dipilampah dina kahirupan
sapopoé gé, nu bener kudu dipisahkeun ti nu salah, nu hadé kudu
dipisahkeun ti nu goréng. Cindekna,
ulah disaruakeun. Ulah digradualkeun cék pibasaeun kiwari mah.
Tangtu kudu kitu dina enggoning
urang
ngalakonan
kahirupan
demokrasi gé. Pangpangna lebah
nyanghareupan pemilu nu sok pada
nyarebut “pésta demokrasi” téa.
Taun ieu, cindekna tanggal 9 April
2014, urang baris tepung (deui)
jeung nu disebut “pésta demokrasi”
téa. Sakumna rahayat nu geus
sawawa papada miboga hak pikeun
milih, boh partéy, boh wakilwakilna nu dicalonkeun pikeun jadi
anggota parlemén. Malah geus
sababaraha kali pemilu, rahayat
ngabogaan hak pikeun milih salah
saurang calon anggota Déwan Perwakilan Daérah (DPD) nu baris
ngawakilan propinsi salaku sénator.
Nu ngawakilan Propinsi Jawa Barat
di DPD aya opatan. Hak rahayat
Jawa Barat pikeun nangtukeun saha
nu opatan téa ku cara ngagunakeun
hak pilih dina pemilu bulan April
engké.
Tah, dina enggoning urang nga-
mangpaatkeun hak pilih téa perluna
urang ngajauhan sikep nyakompétdaunkeun téh. Nganggap sakumna
partéy jeung wakil-wakilna sarta
calon anggota DPD nu baris
nyoarakeun kapentingan daérah
propinsi téh sarua baé goréngna.
Upama urang mibanda sikep
samodél kitu, nya antukna urang
bakal milih cicing di imah batan
indit ka TPS,alias milih jadi “golput”
téa. Tug padahal upama urang henteu ngagunakeun hak pilih téh sarua
jeung nganggap teu penting kana
nasib bangsa jeung nagara jero lima
taun ka hareup. Kacida pisan rugina
upama urang milih jadi golput alatan sikep nyakompétdaunkeun
atawa ngahurunsuluhkeun téa. Ku
kituna atuh ulah jadi golput, anu
hartina apilain kana nasib bangsa
jeung nagara.
Nyanghareupan pemilu nu bakal
datang téh kawasna meujeuhna
upama urang nanjeurkeun sikep
“piraku taya nu hadé ti antara sakitu
réana piliheun”. Ku sikep kitu,
hartina urang moal milih jadi
golput, tapi baris ngagunakeun hakpilih kalawan daria. Enya, milih téh
lain kawajiban, da puguh ngaranna
ogé hak, hak-pilih, tapi lebar temen
upama éta hak téa nepi ka lapur alatan teu digunakeun. Pilih calon, boh
keur DPR, DPD jeung DPRD, anu
dipercaya ku urang bakal merjoangkeun nasib urang, nasib rahayat. Da tangtu henteu kabéh calon
anu upama geus jeneng téh ukur
mikiran dirina sorangan. Kitu jampéna mah malar urang teu milih jadi
golput téh.***
12. Aweuhan
Urang Sunda
Ulah Ukur Tukang Keprok
Ubyagna pihak-pihak nu nataharkeun piprésideneun, urang Sunda mah haréharé. Mun téa mah, ilu-biung, ukur ‘lalajo’ atawa ngahaminan batur. Kitu di
antara jejer obrolan Manglé jeung Drs. Soma Gantika, M.Si., Pangurus
Puseur Paguyuban Pasundan.
L
ian ti pilihan anggota legislatif,
nu keur jadi kacapangan balaréa
téh pilihan présiden. Loba pihak
nu geus tatahar ngasongkeun calonna.
Malah, nu ngawanohkeun bakal calon
présiden gé rupa-rupa cara, kaasup
ngaliwatan konvesnsi partéy pulitik.
Konvensi nu lumangsung, di Bandung, sawatara waktu ka tukang,
salasahiji cara ngawanohkeun bakal
capres ka balarea. Di dinya, calon téh ti
rupa-rupa profesi jeung sélér bangsa.
“Tapi, taya saurang ogé nu asalna ti
tatar Sunda. Urang Sunda mah, tong
boro giak nataharkeun piprésideneun,
dalah ukur jadi pamilon konvénsni
géhenteu.” ceuk Drs. Soma Gantika,
M.Si., KetuaBidangOrganisasi PB.
PaguyubanPasundan.
Mémang, nu nangtukeun calon
présiden mah, pihak partey pulitik.
Masing-masing
partey
pulitik
ngawanohkeun capresna ka balarea.
Atuh, nilik ka dinya, kamaphum upama
nepi ka danget ieu taya urang Sunda nu
kasebut-sebut picapreseun, lantaran
teuayaurang Sunda nu jadi ketua
umum partey atawa jadi ketua dewan
pembina. “Ngan, munurang Sunda diajakan dina konvensi, bisa waé, upama
urang Sunda dibalitungkeun batur,”
pokna.
Upama urang Sunda kurang dibalitungkeun patrey pulitik, ceuk ieu dosen
Fisip Unpas téh, sakuduna jadi pamecut keur sakumna urang Sunda. “Ulah
ngan ukur daék dipaké pakacar deungeun, “ pokna.
Hartina, urang Sunda gé kudu boga
kakuatan anu jinek. Carana,cenah,
kudu ngawangun kasadaran masarakat
Sunda. Saperti dina nangtukeun pamingpin boh dina milih legislatif boh ek-
sekutif, kasadaran
urang
Sunda
sakumna kudu jinek
jadi kakuatan anu
rohaka.
Ngan, saha nu
nyadarkeunana?
Tangtu wé, para
‘elit’ Sunda atawa
para
inohong
Sunda.
Mémang, cenah,
ari adurenyom kasundaan
mah
remen. Tapi, ukur
sabudeureun para
inohong wungkul.
“Boa
masarakat
mah teu apal, da
béwara-béwara ngeunaan pentingna
kasundaan téh teu
nepi ka masarakatSunda,” pokna.
Dina
mangsa
pilihan umum, para
élit kudu leukeun
Drs. Soma Gantika,M.Si., ....“UrangSundaulahukurjadipakacar”
datang
ka
masarakat. Ngajak
kudu masagi. Hartina, kudu loba
jeung nyadarkeun masarakat pent- pangabisana, punjul ti masarakat nu
ingna kapamingpinan. “Kudu mampuh dipingpinna deuih. Sual ukuranana,
nuwuhkeun kasadaran masarakat kana aya ugeran jinek, nu nyantri, nyunda,
pentingna pilihan pamingpin nu baris nyakola, tur nyantika. “Ukuran nu
mangpaat keur urang Sunda,” pokna kawas kitu, bisa dipaké padika milih
tandes.
pamingpin keur urang Sunda,” ceuk ieu
Sora rahayat Jawa Barat kacida WakilKetua YPDM Pasundan téh.
lobana. Jumlah nu kawas kitu jadi
Nu penting ayeuna, ceuk Drs. Soma
kakuatan nu rohaka. Ku kituna, urang Gantika, M.Si., ngawangun kasadaran
Sunda gé kudu nangtukeun pilihanana ‘kolektif’ urang Sunda. “Mun kakukalayan imeut tur taliti sangkan nu atanana jinek, tangtu bakal dibalikapilih téh nu nyaah ka tatar Sunda tungkeun pihak séjén, kaasup dina
jeung masarakat Sunda.
pilpres,” pokna.
Pamingpin, ceuk urang Sunda mah
***
Manglé 2464
11
13. N yusur Galur
Pindahna Puseur Dayeuh
Dirarancang ti Taun 1950
C
ita-cita hayang mindahkeun puser dayeuh kabupaten Bandung ti kota Bandung teh geus dirarancang jeung ditaratas digunem caturkeun ti taun
1950. Tangtu bae kudu saluyu jeung kahayang
masarakat. Harita pilihan lokasi ditangtukeun di Baleendah sabudeureun Dayeuhkolot (De oude negorey van
Bandung), geus sapamanggih harita teh jeung pihak
DPRD. Kabupaten Bandung luyu Jeung nomer surat
09/KPTS/DPRD/1970.
Sarua jeung Gupernur Jawa Barat Solihin GP anu maparin restu kasaluyuanna sacara resmi saluyu jeung Surat
no; 1059/A-1/2/1972 tanggal 13 Nopember 1973.
Pikeun nataharken jeung ngayakeun survey sarta
nyusun rarancang Induk Ibukota Kabupaten Bandung nu
dipercayakeun ka PT.West Java Consulting Services
Pingpinan Prof. DR. Abumutalib mentri PU manten
dibantu ku para planolog ti LIPI-ITB pingpinan
DR.Iskandar hasilna geus dilaporkeun ka DPRD jeung
gupernur Jawa Barat , ti nu dua tadi geus ditarima surat
pernyataan persetujuan kana Rencana induk Ibukota
saperti anu kaunggel dina Buku 1 nu dikaluarkeun tanggal 18 april 1973 ngeunaan Rencana Induk Ibukota
kabupaten Bandung. Pangawasan jeung ngabebaskeun
tanah sarta peraturan peralihan Surat Menteri Dalam
Negri No. BKT 4/1/14 Februari 1974 ngeunaan Rencana
INDUK IBUKOTA Kabupaten Bandug enta ka Gupernur
supaya nyaluyuan jeung Rekomendasi ti Bupati Bandung
ka Gupernur ngeunaan idin mindahkeun puseurdeyeuh
kabupaten Bandug. Surat Gupernur Jwa Barat No.
155/A.1/2/1974 tanggal 16 Maret 1074 ngeunaan proyek
Penyempurnaan prasaratan Prasarana pisik Pamongpraja Propinsi jawa barat taun 1974/1975. Ngusulkeun
pangwangunan kantor jeung Rumah Dinas Bupati Kabupaten Bandung pikeun meunang prioritas dina enggoning ngarojong dina upacara neundeun batu cikal
palaksanaan pangwangunan puseur dayeuh kabupaten
Bandung. Surat Gupernur Jawa barat No,
166/A.1/Kota/1974 tanggal 30 Maret 1974 ka Mentri
Dalam Negri mangrupa rekomendasi Kasaluyuan jeung
menta idin pikeun mindahkeun puseurdayeuh nu jadi
pusat pamarentahan Kabupaten Bandung ka Baleendah
sabudeureun Dayeuhkolot.
Dieureunkeun
Tanggal 20 April 1972 ninggang dina poe tepung
12
Manglé 2464
taunna Kabupaten Bandung anu ka 333 lumangsung
upacara masang titimangsa jeung prasasti sakaligus neundeun batu cikal tanda diawalanana pangwagunn
puseur dayeuh Kabupaen Bandung ku Gupernur Jawa
Barat di-pingpin ku Panglima Kodam VI Siliwangi katut
unsur Mapida. Kacida ramena pesta mieling weweton
kabupaten teh sabab mareng jeung diteundeunna batu
cikal tea. Warga kabupaten Bandung ngarasa suka bungah, cita-cita hayang boga puseur dayeuh anu henteu
jauh ti lemburna bakal kasorang. Urusan-urusan jeung
pamarentahna moal jauh deui, mol kudu ka kota Bandung deui anu beuki heurin ku tangtung. Minimal henteu
di dayeuh Bandung deui puseur dayeuhna Kotamadya.
Geus waktuna kabupaten boga puseur dayeuh di lemburna sorangan, henteu tumarumpang deui di kota.
Terbitna peraturan daerah no: IV taun 1973 hartina
geus boga kakuatan hukum ngeunaan Penetapan Rencana Induk Ibukota Kabupaten Dt/II nu dikaluarkeun
tanggal 18 April 1973 nu ngamuat bab-bab ngeunaan
Katangtuan Umum, Rencana Induk, jangka waktu, jeung
tahap-tahap palaksanaan pangwangunanana.
Wawanen teh saur RH.Lily Sumantri dina panineunganana, babarengan jeung para pejabat teras Pemda
Kabupaten Bandung pikeun ngalaksanakeun proyek rohaka ieu, sanajan tanpa ada bantuan dana atawa sarana
nanaon, tekad babarengan ngan dibekelan ku motivasi
jeung sepuh anu nyebutkeun yen “Lamun urang boga
pamksudan jeung tujuan anu hade, salawasna kudu bae
aya halangan harungan. Tapi mangrupa dosa jeung noda
gede lamun urang teu wani ngalaksanakeunna, padahal
maksud jeung tujuanan hade teh bakal kacida gede gunana pikeun kapentingan masarakat jeung kapenting
bangsa katut nagara”.Proyek rohaka ieu memang dirarancang jeung dilaksanakeunna jaman ordeu Baru,
ngeusian REPELITA I jeung REPELITA II, anu dina
awalna mah memang jalan lancar jeung sukses, tapi dina
kanyataanana dina ahir REPELITA II sabada dipigawe
10 taun lilana pagawean ujug-ujug kudu dieureunkeun,
dumasar kana parentah jeung putusan pihak atasan nu
boga kawajiban. Kacida hanjakalna.
Gagal Ka Seskoad
Kudu Jadi Bupati
Keur kadua kalina Panglima kodam VI Siliwagi menta
RH. Lily Sumantri pikeun lebet SESKOAD Reguler
14. saluyu jeung Surat Keputusan KASAD, ngaganti
Angkatan ka 8 taun 1970. Tapi dibatalkeun sabab RH.Lily
Sumantri kapilih jadi Bupati Kepala Daerah Tk II Kabupaten Bandug. Gupernur Jawa Barat dina Surat no; 47/B
X/DES/PPD/72. Tanggal 17 maret 1972, perihal anu kaduakalina nulis surat ka pangdam VI Siliwangi ngeunaan
ditunjukna Letnan Kolonel RH. Lily sumantri pikeun
milu pendidikan di SESKOAD, bawirasa sulit pikeun bisa
dipertanggung jawabkeun upama kudu ditetepkeun keur
gagantina keur saheulaanan antar waktu salila R.H.Lily
Sumantri ngalakonan pendidikan.
Ari kasempetan milu pendidian di SESKOAD Reguler
pikeun Perwira Menangah leuwih hade dibere kasempetan deui sabada beres mangsa jabatan pengkaryaan
sakumaha anu dimaksud tadi.
Maksudna taya lian sangkan panglima tiasa ngamalum, kana sagala rupi perhatosanana, ngahaturkeun
nuhun. Ditawis ku Gupernur Jawa Barat Solihin G.P.
Ngartos sarta paham pisan kana hal-hal anu disebatkeun tadi. Sim kuring netelakeun sadar turta nampi
sarta iklas pikeun neruskeun tugas kekaryaan jadi Bupati
Kabupaten DT II Bandung tepika mangsa jabatan beres.
Ditawis ku R.H.Lily Sumantri.
Repotna Narima Ondangan
Nu pangngarepotkeunana upama narima ondangan
ti daerah, boh ti kacamatan boh ti desa. Pangpangna
nyumponan ondangan seremonial anu lokasina tampolana jauh, henteu bisa disorang ku kendaraan, tapi
kudu disambung ku leumpang, nanjak mudun lamping,
matak cape. Komo sabada tepi ka tapel wates desa, katingal masarakat ngajajar sisi jalan ngabageakeun ku sewu
kabungah.
Bapa-b apa jeung ibu-ibu ngabaris beres
ngabageakeun rombongan ku paroman anu suka bungah,
dina kaayaan anu geus kacida lungsena narima pangbagea, masarakat sungsong ngawilujengkeun kanu
sumping. Katedaan ngabarak, rupa-rupa kaolahan urang
lembur kayaning ranginang, opak, wajit, dodol jeung
bubuahan disu-guhkeun, atuh bari ngaso teh ngaleueut
da puguh sagala aya.
Sabada ngaso, bral rombongan jeung pribumi
ngabring ka masigit, solat lohor, balikna deui geus disadiakeun keur tuang siang. Kacida ni’matna tuang ngariug
di lembur, sangu akeul rencangna asin, sambel lalab, pais
lauk jeung sajabana.
Beres tuang siang, gunem catur jeung Kepala Desa,
para sesepuh katut tokoh masarakat. Loba anu ditembrakeu ku Kepala Desa jeug para tokoh masarakat,
babakuna nu tumali jeug masalah-masalah di palemburan, masalah hirup sapopoe, naon leuwihna naon kakurangana, maranehna brukbrak cumarita henteu asa-asa
deui. Nu jadi pangabutuhna oge saerti dina widang pertanian diungkabkeun ka bupatina.
Sajeronig kitu Ibu Bupati oge dina riunganana jeug
ibu-ibu ngawangkongkeun rupa-rupa masalah, pangpangna anu tumali jeung kahirpan ib-ibu di palemburan.
Loba pisan masalah anu ditepikeun ka ibu bupati dina
kasempetan anu langka ieu.
Sakolaan di Daerah
Dina kasempetan silaturhmi jeug para sesepuh para
pingpinan pamarentahan desa katut masarakat loba
pisan masalah anu katampi ku bupati. Tapi pangpangna
mah, pameredih, usul malah ngadongsok supaya Pemda
Kabupaten gancang ngawangun sakolaan pangpangna
keur SD di desa-desa. Sabab tetela loba keneh barudak
anu henteu katampung di SD-SD anu geus aya, memang
sakolaan mah geus aya tapi teu cukup lamun kudu nampung kabeh barudak anu kudu jeung hayang sarakola.
Ditembrakeun yen di desa aya 400 budak anu teu acan
bisa katarima di SD sabab sakolaanana teu cukup tea, bupati ngaraos prihatin, Ari sakola kapan wajib.
Upama bisa mah ngawangun 6 rohangan kelas anu
bisa dipake ku 240 siswa, mun bisa sakolana bagilir (2
shift) sapoe, tangtu bisa nampung 480 siswa. Tapi
masarakat henteu bogaeun waragad keur ngawangun 6
rohangan kelas oge. Waragad keur ngawangun sakolaan
teh kudu aya Rp. 24.000.000.Bupati ngajakan barempung jeug mikir babaregan
kumaha cara ngungkulanana. Babarengan ngitung sakolaan anu kumaha anu kudu diwangunna, sabaraha piwaragadeunana, diwincik tepi ka bubuk leutik tepika
ahirna bupati harita ngajanjikeun arek nyumbang semen
batu 250 sak, minangka pangjurung ludeung jeung mere
sumanget ka masarakat.
Na da eta mah heuleut lima bulan ti saprak
babadamian tea, datang laporan anu netelakeun yen wangunan SD hasil sewadaya masarakat geus rengse diwangun , Bupati muji sukur kana sumanget masarakat anu
tansah hayang nyakolakeun anak-anakna jeung ngamajukeun lemburna.
Taun 1973 Bupati R.h.Lily Sumantri dipercaya jadi
ketua PORDASI (Persatuan olahraga Berkuda) sa Jawa
Barat , nampi tongkat etapet kapamingpinan pordasi
Jabar ti Kol.Kav. DR. H.R. Yudono Koesoema MBA.
Kol.Kv.Yudono. Ketua Pordasi Jabar nu heubeul Kol.Pur.
Ahmad Syam Walikota Bogor nampi pamasrahan lapang
pacu Tegalega jeung Tribunna.
Dibantu ku gupernur Jabar Bupati Bandung mampuh
ngawangun Setadion olahraga Pacuan Kuda di Arcamanik. Bupati rempug gawe jeung para pejabat PU nu
maratuh di Ujungberung, mangnyieunkeun lapangan
golf di Arcamanik. Dua proyek eta saterusna disebut
Jawa Barat Recreation Centre. Ku jalan diwangunna lapangan Pacuan Kuda Arcamanik, saterusna lapangan
pacuan kuda Tegalega ku Bupati dipasrahkeun ka Wallikota Bandung.***
(HRS/Hanca)
Manglé 2464
13
15. M unara Cahaya
Paké jeung Pamaké nu Hadé
Ku Émha Ubaidillah
Alloh SWT ngadawuh dina QS Al‘Araf ayat ka 26;
“Yeuh anak Adam! Saenyana
Kami geus nurunkeun ka aranjeun
pakéan pikeun nutupan orat jeung
pikeun papaés. Tapi nya pakéan
takwa anu panghadé-hadéna mah.
Éta téh ti antara ayat-ayat Alloh supaya maranéh aréling.”
Alloh SWT maparinan tilu rupa
pakéan, nyaéta: (1) Pakéan anu ngan
sakadar nutup orat nu karasa perelu
jeung pentingna. Upama jalma geus
apal kana kasopanan, pasti ngarasa
éra mun katémbong orat. Sedengkeun
jalma nu teu apal kana kasopanan
mah tangtu moal butuheun kana
pakéan samodél kitu. (2) Pakéan anu
dipapantes, diraéh, jeung disulam, supaya oratna katutup bari pantes dipakéna. Diantarana hiasan batik,
kombinasi warna atawa papaés anu dijieun tina bulu manuk nu matak haneut kana awak sarta henteu tembus
ku cai, alus warna jeung rupana, teu
babari luntur sarta lemes dicabakna.
Ku sabab boga akal, manusa boga
karep sakeur ngaréka daék mikir tur
motékar, mampuh ngabédakeun hadé
jeung goréng, pantes jeung ngéwa.
Umat anu acan maju mah cukup ku
sagala hideung atawa sagala bodas
malahan ukur nutupan orat pepentigna, taya karep pikeun ngaréka.
(3) Pakéan takwa, nyaéta pakéan jalma
anu parantos ningkat kaluhungan budi
jeug batinna.
14
Manglé 2464
Ku lantaran tabéat manusa sok
resep ngaliwatan wates, dina ayat tadi
dituduhkeun pakéan jalma lain
pakéan kuda atawa monyét sangkan
ulah poho kana tujuan asal, nyatana
nutup orat, nuruban anu ulah témbong anu teu pantes katara ku batur.
Nyaéta ku panggeuing yén pakéan anu
paghadé-hadéna mah nyatana pakéan
takwa. Islam teu maréntah sangkan
batin atawa maké baju potongan
takwa teu ngawidian maké pakéan anu
jauh tina katakwaan, anu hartina némbogkeun orat lahir orat batin. Tujuan
pakéan téh nyaéta nuruban orat,
tegesna orat, ahlak anu gorég patut,
jeung sakumna kajahatan. Ku kituna
kudu ditutup ku katakwaan, sabab
lamun teu ngabogaan katakwaan
tangtu keleter ati anu jahat atawa
ajakan nafsu anu murka bakal katémbog dina amal garapan anu nyata teu
kahalangan ku pakéan takwa. Lamun
di parapatan aya juru tugur anu purah
ngarangsadan pakéan sing saha anu
lalar liwat ka dinya tangtu moal aya
anu daékeun ngaliwat deui ka dinya
malah bakal kapok teu sudi ajrig-ajrigan. Lamun ditakdirkeun aya nu
maksa mirusa ngalaan pakéan di tengah jalan tangtu moal rido malahan
bakal ngamuk mertahakeun diri sabab
wirang lamun nepi ka kudu ditaranjang. Tapi anéh bin ajaib, samangsa dirangsadan pakéan ku sang Syetan mah
teu aya au ngambek malah sigah nu
pasrah tepi ka kajeun bulucun. Naon
atuh sababna? Sabab ari Syétan mah
cara ngaragsadanana lain ngudar morosotkeun tapi ku cara ngahaja
ngagindingan tur mapaésan nepi ka
leugit tujuan asal. Kieu ceuk Aki Pantun;
Kaistiméwaan baju
Jadi simbul jadi ciri
Antara jalma jeung hewan
Nembus ngeunteungan roh batin
Komo dipasieup takwa
Hakékat luhungna budi.
Pami carogé nu tuhu
Mayunkeun dangdosan istri
Imeut dina nutup orat
Kilang hurung-hérang awis
Teu kalebet lakon nyandang
Margi luar tina syar’i.
Anu asalna maké pakéan téh
hayang buni ulah katémbong orat,
ayeuna mah anu jadi ciri jeung syi’ar
yén diri téh lain mu’min anu hakiki,
kalah hayang katanggar ngatarakeun
teu yakin kana gangaasna naraka, ngahaja pamér ka nu lian yén diri téh
nukang nonggong kana kaislaman,
reueus dina kadorakaan. Upama éta
pakéan rap dipaké, ngarasa gandang
jeung ginding diuk dina riungan pésta
hura-hura ana lamun dipaké ka
masjid atawa pasamoan anu sifatna
ibadah, matak éra turta wirang.
Upama urang tafakkur, geuning
pakéan lahir mah meni rupa-rupa, aya
pakéan paragi nahan tiris jeung panas,
kakapeungan pikeun jaga diri dina
pangperangan tegesna tina serangan
musuh. Naha atuh ari pakéan batin
anu bakal ngajaga diri tina panasna seuneu naraka jeung tina gangasna siksa
kubur bet diluli-luli?
Kacida teu adilna lamun kana
pakéan lahir paboro-boro, paalus-alus
bari teu ngarasa gimir ku mahalna
harga, sawatara kana pakéan batin,
pakéan takwa kacida heuat beuratna
padahal hargana leuwih murah sarta
awét sabab bakal kapaké tepikeun ka
ahérat, teu buruk teu ajur sok sanajan
kaselang ngetém heula di alam kubur.
Dina Hadits diterangkeun yén batin
manusa téh bakal dilukiskeun ku
pakéanana tegesna pakéan téh gambaran kaayaan batin anu makéna.
Jalma sholéh ahli ibadah umumna teu
daékeun maké baju jeung calana
warna sageblég nu sok dipaké ku
16. tukang ngadu hayam ngadu domba.
Rosululloh SAW mapadonan sangkan
umat Islam ulah maké pakéan nu biasa
sok dipaké ku kaom musyrikin tur
kaom kafirin.
Dawuh Rosululloh SAW;
“Demi Alloh anu jiwa Muhammad
aya dina tangan kakawasaanana.
Moal aya pagawéan hiji jalma anu
dibunikeun, anging ku Alloh bakal dipasihan anggoan (anu salaras reujeung amalna) anu nembrak turta
nyata. Lamun pakéanana alus
salawasna tangtu alus jeung lamun
goréng baé atuh tangtu goréng.”
(HR.Ibnu Jarier RA).
Ayeuna kacida lobana jalma anu
ngagem agama (Islam) geus ninggalkeun tiungna (hijab), malah geus
wani ngaganti ku erok pungsat atawa
calana merecet ditiungan ka luhurna
renga-rengé. Hal éta nuduhkeun turta
ngajadi pertanda ruksak pakéan batin
atawa teu merduli kana ayat-ayat anu
aya hubunganana kana sual éta. Lain
nyela kana erokna tapi tina hal nutupan oratna, lamun téa mah aya erok
anu laér bisa nutup orat samodél
pakéan wanoja-wanoja di Mesir(nu
Islam) tangtu sah sah waé asal pakéan
anu nuduhkeun kana katakwaan
sabab kacida kaliruna lamun badan
kasaran dijaga didama-dama, diraksa
diriksa boh tina panas tina tiris boh
tina pamoyok jelema sawatara teu dijaga tina seuneu naraka anu bahanna
langgeng saeneng-eneng.
Ku sabab sok maké erok, levis
merecet atawa calana modeu leupeut
nepi ka ninggalkeun hijab(tiung jsb)
balukarna bakal ningkat resep kaluar
ti imah turta bakal ngajauhan masjid
atawa pangajian anu tungtungna
akhlak ogé bet robah saeutik-saeutik,
beuki ngésér kana nyéléwéng turta
ngagaléong jauh. Lamun nu jadi pamajikan reujeung para wanoja turta
para nonoman sina maké pakéan islami tangtu bakal ngarasa éra mun
campur gaul di tempat-tempat dangsa,
éra ku lalajona éra némbongkeun diri
jadi puseur paningali balaréa sabalikna baris ngarasa betah turta tigtrim
mun aya di tempat pangajian di majlismajlis dzikir geusan ngawewegan
iman, geusan terus-terus ngundakkeunana kana lébel anu leuwih pinunjul.
Dina Al-Qur’an diterangkeun yén
Kangjeng Nabi Adam alaihis salaam
samangsa ngala buah tina tangkal
khuldi jug taranjang kabuka oratna,
atawa langsung kaungkab kasalahanana. Hal éta méré isyarat yén
pakéan téh bener-bener panutup orat
saperti ogé katakwaan salaku pangbuni kajahatan. Pakéan téh gedé pangaruhna kana amal garapan.
Kulantaran kitu, urusan anu patali
reujeung pakéan ulah dianggap sepélé,
sabab tina panto éta para syétan blasblus ngagoda ka urang(manusa).
Rancatan tina tuturus
Nyaplak huma reujeung sawah
Syétan tara paéh jurus
Mitapak ucap jeung lampah.
Melak léjét melak laja
Sakalian ngaguguntur
Matak kagét ku wanoja
Ulin make baju tidur
Ketan pangkék dina lisung
Etémna ti Sarijadi
Syétan teu nyarék ditiung
Ngan ngamodeu ka Yahudi.
Pasir Koja Pasir Jeungjing
Jalanna ti Karapitan
Wanoja sok pada nuding
Mun pareng panyéréwédan.
Lamun tiap lalaki boga anggapan
yé wanoja maké erok téh atawa maké
pakéan samodeu jeung pakéan kuda
leuwih alus tur leuwih matak narik
tibatan papakéan islami tangtu ka
dinya para wanoja paniténna(perhatianana) jeung ku nukeurkeun cara
maké, ku ngalihkeun fungsi pakéan
tina anu buni luyu reujeung syaré’at
kana pakéan purikil nu jauh tina ajéninajén kaislaman teu mustahil atawa
teu nutup kamungkinan akhirna
nukeurkeun kaimanan, naudzu billah
midzaalik.
Syétan ngagodana ka urang henteu
ti salawang waé tapi ti sakuriling
bungking jihat anu katelah madhab
papat malahan geusan ngahalangan
sangkan lalampahan pamungkas
manusa nyinghareupan maot jeung
akhérat aya dina pamaléngos maghfiroh Gusti Alloh SWT ku jalan ngajak
ninggalkeun ibadah jeug ta’at.
Syétan pisan anu ngabeungbeuratan ku sagala ruruba dunya anu ku
urang rék ditinggalkeun, tegesna
kadunyaan reujeung harta-banda anu
teu sabaraha. Bréh sawah, bréh kebon
bréh lumengis anak incu, pamajikan
jeung sobat sapangulinan. Sanajan
urang yakin yén dunya barana téh
baris ditiggalkeun tapi beurat jeung
kacida cintana leuwih punjul batan
kana ibadah anu nyata-nyata bakal
kabawa ka akhérat.
Ti katuhu tuturubun, ngarobéda
sagala ibadah, ngawewejét akidah nu
beunang hésé capé dileukeunan ti
leuleutik, nu keur dikeureuyeuh diamalkeun. Blus pentangan Syétan
ngawangun baksil ngaranna riya’.
Ibadah ngan ngutruk jeung ngutruk
teu nyésakeun sasebit kaweningan
ihlas karana Alloh. Ti tebéh kénca
ngagoda supagi karasa yén ngalakonan
kajahatan téh, yén ngalakonan
ma’siyat téh, yén ramé-ramé
ngahirupkeun maén jeung pamabokan
téh, hiji kani’matan turta kangeunahan
sakeur jalma anu iceus ngamangpaatkeun dunya, kitu cenah. Ditépakeun celepan patén dina ati-atina
sangkan teu aya saguruntul-sagurutul
acan watek rumasa salah sok komo
wanoh kana dosa, diantarana éta
kabéh nya ku cara ngabolékérkeun
orat, lain wungkul diteumbleuhkeun
ka kaom wanoja da patéah lalaki gé
kacida mangaruhanana.
Allohumma ashlih ahwaalaa. Waballigh bimaa yurdhiika Amaalanaa.
Wakhtim bish-sholihaati a’maalaanaa
Wabis sa’aadati Ajaalanaa. Wa-anta
Roodhin ‘Anna Ya Robbal ‘Alamin.
Subhaana Robbika Robbil’izzati
‘Amma yashifuuna Wasalamun ‘Alal
Mursaliina Walhamdulillahi Robbil’Alamii (Wallohu A’lam).
***
Manglé 2464
15
17.
18. C arita Pondok
Jukut Riut
A
RI rék togmol ka
manéhna,
tong
datangdatang deui
ka imah, teu werat. Asa
moal kaur pok, kaburu ku
18
Manglé 2464
Carpon Us Tiarsa R
cipanon. Nulis dina facebook waé kitu? Kasawang
geunjleungna. Jadi wéh
nyarahoeun, antara kuring
jeung manéhna aya
nanaon.
Embung aya nu nyaho.
Éta mah sina nyangkaruk
dina haté wé. Haté kuring
jeung haté manéhna nu
saban usik sok guntreng
waé. Antara jojontor haté
kuring jeung jojontor haté
manéhna aya benang nu
nganteng, teu pegat-pegat,
teu kalis kahalangan ku
rumah tangga. Teu kahalangan ku salaki teu kahalangan ku anak. Sarua,
kitu pisan, cenah,
manéhna gé. Pamajikanpamajikan, anak-anak,
haté leutikna mah –
cenah—meulit dina haté
19. kuring
Ti papada ngora tepi ka
ayeuna geus reuay incu,
angger wé nganteng benang téh. Sababaraha kali
rék digolongan atawa sina
pegat pisan. Nganteng
deui-nganteng deui. Ngahaja teu ditelepon-telepon
acan, ambéh teu kahudang
deui. Pleng aya bulanna,
malah kungsi aya taunna,
teu tepung-tepung. Teu
kuat. Sok aya wé alesan
kudu tepung téh. Salaki
gering téa. Barudak sok
natanyakeun waé. Aya
hajat téa. Ditelepon wéh.
Gurudag datang ka imah.
Saréréa kawas nu saronoeun naker. Salaki gé teu
sirikna ngeukeuweuk leungeun manéhna, teu lésot
tas sasalaman téh. Der
saréréa ngobrol ngalér
ngidul, gogonjakan. Aya
aturan sapat sapoé jeput
ngawangkong téh.
Pédah papada bisa
nyumputkeun semu,
meureun, boh salaki boh
barudak, teu riuk-riuk, teu
témbong siak-siak timburu. Ngaku lanceuk téh
éstu kawas ka dulur pet ku
hinis. Tara asa-asa salaki
téh mun nyaritakeun kateungeunah di pagawéan
atawa di kulawargana.
Barudak gé miuwa téh
nyaan. Kabéh arogo, komo
si Bungsu mah sok hayang
dilalahun ari manéhna ka
imah téh.
Teu nyahoeun kitu? Eta
lalaki téh apan deungeundeungeun haseum. Lalaki
nu teu weléh aya dina haté
kuring. Ngan kuring sorangan di imah mah, nu
teu ngaku manéhna
lanceuk téh. Kabéh adi
jeung lanceuk kuring, kitu
deui salaki jeung dulur-dulurna, teu asa-asa milanceukna téh. Keur kuring
mah manéhna téh leuwih
ti sakadar lanceuk, nu
ngawasa rasa nu teu
kungsi pancakaki téa. Tapi
lain salaki deuih, da
manéhna gé teu ngaku
kuring pamajikanana.
Manéhna lain salaki kuring. Kuring lain pamajikanana. Kabogoh? Ah,
déét teuing. Kabogoh mah
telenovela, mun lagu mah
lagu pop nu ukur ngolébat
sabéngbatan, ukur ngaliwat saliwatan.
Kuring—sarua
manéhna gé—teu kungsi
manggih kudu kumaha
nyebutna. Semet paadu
teuteup. Kitu gé tara ngahanakeun. Sarérét, malah
sagurilap. Genclangna
panon manéhna bet siga
talaga nu lébér maseuhan
rasa. Sok asa ngapung
ngawang-ngawang, paduduaan. Ngan sakotéap
geus anjog deui ka pangapungan nu tadi, ka alam
nu saenyana. Kuring ka
kuring nu lain nanaon
manéhna.
Dosa? Enya! Rumasa
midua haté antara salaki
jeung manéhna. Tapi da
teu kungsi ngijing sila.
Salaki téh keur kuring mah
sagala-galana.
Teu béngkok teu céda,
miasih salaki téh asa totomplokan. Sugan aya
jorojoy ngéwa ka salaki
alatan aya manéhna. Teu!
Teu saeutik-eutik acan.
Komo tepi ka boga niat
ngejat ti imah, ngahiji
jeung manéhna onaman.
Teu! Lain bohong, can
kungsi ngalakukeun nu teu
uni jeung manéhna di
tukangeun salaki. Dibaidkeun pisan! Embung. Kuring embung ngotoran
kaasih salaki ka kuring ku
kalakuan nu nirca. Kitu
manéhna ogé ka pamajikanana—cenah. Enya
ceuk manéhna. Sarua
deuih, kuring jeung
manéhna embung
ngiruhan talaga asih nu
canémbrang hérang
salalawasna, nu sok dipaké
lalayaran ku duaan.
Jauh pisan umur kuring jeung manéhna téh.
Basa kuring asup ka SMA
téh manéhna mah geus
réngsé kuliah. Mimitina gé
harita. Teu resep kana
pangajaran basa Kawi téh.
Sarua jeung babaturan sagéng. Nyebut ka guruna gé
tara ngaranna, Si Kawi,
mun teu Pa Kumis gé.
Kétang lain ka guruna,
teu resep téh kana pangajaranana, hésé. Teu apalapal. Ongkoh cék pikir,
keur nanahaon maké diajar basa Kawi sagala. Moal
dipaké sapopoé. Keun wé
sina dalang atawa calon
ahli filologi nu diajar basa
Kawi mah.
Ari ka guruna mah, ah,
maskét wé meureun
pibasaeunana téh. Disebut
mibapa, asa teu pantes.
Milanceuk? Asa aya nu
leuwih ti adi ka lanceuk.
Bogoh téa kitu? Piraku, da
jauh tanah ka langit apan
umur gé. Teuing, da beuki
lila asa beuki deukeut.
Remen paduduaan, ari aya
acara di luar téh. Sakaresep atuda, sok lalajo téater,
pintonan musik klasik,
atawa paméran lukisan.
Deukeut wéh, malah maké
‘pisan’ deuih deukeutna
ogé.
Babaturan pangpangna
sobat sa-géng, teu asa-asa
ngajejeléh téh. Nyarahoeun meureun, atawa
karasaeun boa, kuring
jeung Pa Adi téh aya
nanaon. Si Eli mah nyebutna gé, “Si teu boga
rarasaan. Si teu ngukur ka
kujur, Si teu ngarampa
angen sorangan. Sidik bogaeun anak pamajikan,
hayoh diléndotan. Kawas
nu euweuh deui lalaki.
Daék dicandung kitu Iyét
téh?”
Teu diwaro. Nyaho,
malah boa leuwih nyaho
kénéh sorangan batan
maranéhna. Nyaho, Pa Adi
téh geus bogaeun anak pamajikan, malah tilu
anakna gé. Nu cikal geus
parawan, sahandapeun
kuring tilu taun. Wawuh
deuih ka Téh Nana gé,
enya pamajikanana. Sok
ngobrol da sok tepung ari
aya acara, mun diajak ku
salakina. Henteu ari mindeng pisan mah babarengan jeung pamajikanana
téh. Kuringna deuih, sok
rada teu méréan. Cenah,
cék salakina, Teh Nana téh
kungsi timburuan ka kuring, pédah deukeut jeung
salakina. Boa kétang, kuring nu sok rada ngahéab,
ari manéhna paduduaan
jeung pamajikanana téh.
Teu kaharti puguh gé,
naha maké kudu panas
sagala, pantes rék kumaha-kumaha ogé da
puguh salaki jeung pamajikan. Balik-balikanan kuring, der nempatkeun haté
di antara dua haté nu dibeungkeut ku tali asih, ditandaan ku walimah.
Manéhna deuih, abong
lalaki. Geus kurenan sakitu
lilana, hayoh ngadeukeutan kuring. Kituna téh bari
angger hirup runtut raut
jeung kulawargana bari
katémbong sakitu bagjana.
Teu puguh deuih, saukur
ngulur jeung narik mun
maén langlayangan téa
mah. Sugan pok, manéhna
bogoh ka kuiring lantaran
teu manggih kabagjaan
jeung pamajikanana.
Teusing.. Jempling wé,
ayem tengtrem wé. Boa,
Manglé 2464
19
20. enya sakumaha caritaan
babaturan sakelas téa,
lalaki mah kituna téh ukur
saulineun. Jajauheun
maké gedé wawanén, nyerahkeun pamajikanana
terus ngarangkep jeung
kuring. Hayam lamba,
ngéplék jawér ngandar
jangjang, kuméok méméh
dipacok. Padahal mah kari
datang ka kolot, pok ménta
kuring.
Tapi kétang, da kuringna gé teu boga niat
ngarebut manéhna ti pamajikanana. Dicandung
embung deuih. Sanajan
cenah, awéwé mah embung sotéh dipangnyandungkeun, ari dicandung
mah daék sanajan dijieun
nomer tilu nomer opat
ogé. Kuring mah teu kitu,
teu hayang boh dipangnyandungkeun boh dicandung. Teu purun boga
maru. Geuning daék ari dipaké saulineun mah? Enya
meureun keur saulineun.
Tapi sakitu mangtauntaun babarengan, boh kuring boh manéhna, teu
boga niat ngotoran asih
duaan ku laku lampah nu
nirca, nu diharamkeun ku
agama. Bararaid. Teu
manéhna mah, lain lalaki
nu resep ngulinkeun
awéwé. Mun téa mah enya
manéhna asih ka kuring,
asihna téh éstu canémbrang hérang, teu dibarengan ku niat ngiruhan
Basa kuring ditanyaan
ku Kang Ajat, bapa
muntang ka manéhna nu
narima téh. Kitu deui basa
kawin. Manéhna nu
narima seserahan ogé.
Salaki, sugan témbong
sakotrét wéh timburuan ka
manéhna. Malah milanceukna téh nyaan. Lain
ngan sakadar mamanis
lambé. Mupujuhkeun
pisan, asa leuwih ti kuring,
20
Manglé 2464
kanyaah ka lalanceukanana téh.
“Kang, tong mulih
saban dinten atuh ti kantor
téh,” cék salaki ka
manéhna basa ngariung di
tengah imah pasosoré.
“Capé ngadugdag sakitu
tebihna. Di dieu wé kulem.
Aya paviliun kosong. Badé
di luhur, mangga, mung
sareng barudak di luhur
mah. Saminggu sakali wé
mulih mah.”
Didugdag ari ngajar
téh. Imahna di kota séjén,
kana mobil, nyupiran sorangan. Sakapeung sok
kana karéta api. Ari kana
karéta api mah, isuk-isuk
téh sok nyimpang ka imah,
ngadon mandi, da tepina
sok rebun-rebun kénéh.
Lar-bek kawas ka imah kulawargana wé. Barudak
sok kacida aratoheunana
mun manéhjna datang téh.
Teu daékeun ari diandeg
sina mondok mah ku
salaki ogé. Kaharti atuda
boga kulawarga. Piraku
meureun ditinggalkeun
mondok moék di batur
bari sasatna di imah urut
kabogoh. Inget ka dinya
sok nyel ambek, panas
atuda. Saban poé teu
weléh babarengan jeung
pamajikanana, ari kuring
diantep! Har, cék haté
kénéh, apan di dinya gé
kagungan carogé. Bongan
saha ngahéroan salaki
batur. Urut! Urut kabogoh.
Urut sotéh cék batur,
da ari cék haté sorangan
mah, manéhna téh lain
urut kabogoh. Ti harita
tepi ka boga anak geus
sakitu galedéna, da asa
angger. Talagana éta
kénéh, cai nu canémbrang
hérangna éta kénéh,
ngagenyas kénéh. Nu lalayaranna ogé angger, kuring jeung manéhna. Teu
kahalangan ku asih salaki
nu sakitu ngagulidagna.
Teu kapegat ku umur nu
beuki nambahan, ku kulit
nu mimiti karenyod, ku
huntu nu geus sababaraha
hiji ninggalkeun gugusi.
Méh saban rérés solat
sok ngadoa sangkan nu
nyangkaruk dina jajantung
téh leungit. Hapunten
Kang Ajat, salaki jungjunan ati, rumaos midua
haté. Rumaos deuih, teu
tiasa mupus asih nu napak
dina ati. Duh, Gusti mung
Anjeun anu uninga.
Nyanggakeun sadayadaya. Can dipareng
meureun mumuntang téh,
da ari keur nyorangan
mah, boh di imah boh di
jalan, manéhna deui wé nu
minuhan lamunan téh.
Kungsi pajauh, basa
salaki dioper ka kota séjén
nu kawilang anggang.
Ngahaja teu ditelepontelepon. Aya telepon atawa
sms ti manéhna tara diwaro. Ngahaja ngarah
poho, ngarah haté kuring
tumplek keur salaki.
Manéhna gé kawas nu
surti, teu ditémbalan mah,
tara nelepon-nelepon deui.
Pleng wé. Rada kabangbalérkeun, da saban poé riweuh kudu nguruskeun
PKK téa, Dharma Wanita
téa, ongkoh ku tara tepung
téa meureun. Teu lila, ukur
dua taun. Salaki kudu
balik deui ka kota asal.
Atuh amprok deui jeung
manéhna. Tapi bakat ku
terus dibangbalérkeun
mah, sanajan kungsi
tepung ogé, teu cara béh
ditu-béh ditu teuing.
Malah nyaan nékad, rék
bakti ka nu jadi salaki
kalawan haté nu gembleng, teu kabauran ku nu
lain-lain. Da masing kalah
kumaha lantipna ogé, mo
burung kapanggih, kuring
midua haté sakitu lilana.
Bisa lah. Piraku maké
teu kuat. Apan boga salaki
nu sakitu nyaahna. Sagala
rupana leuwih onjoy ti
manéhna. Boh rupana boh
pakayana. Naon kurangna
salaki téh? Naon leuwihna
ari manéhna? Kang Ajat
nu unggul, dina marebutkeun tempat jero haté kuring téh. Ngan moal ari
bébéja mah ka Kang Ajat
inggis kalah wowotan.
Sieun salah tarima. Mending sidem terus tumpurludeskeun rasa nu aya
puluhna taun nyangkaruk
dina jajantung téh. Ari
manéhna mah pasti
surtieun. Ku kuring teu
disanghareupan ogé pasti
bakal karasaeun, kuring
megatkeun tali asih nu
nganteng téa Ayeuna, geus
hirup lalagasan, geus jadi
randa, kuduna mah kari
pruk. Piraku manéhna gé
nolak ari kuringna geus
rarandaan mah. Kari nalék
wé, naha rék nyerahkeun
pamajikanana terus kawin
jeung kuring atawa, atawa,
atawa rék ngadua. Tapi,
teu kitu. Kuring hayang
némbongkeun ka saréréa,
pangpangna ka anak jeung
ka urut babaturan sakelas,
kuring jeung Pa Adi, euweuh nanaon. Moal rék
ngaruksak rumahtangga
batur. Dipaheutkeun dina
haté, kuring rék ngaku
lanceuk ka manéhna, cara
salaki jeung dulur kuring.
Ongkoh kuring teu boga
lanceuk lalaki Jukut riut di
gigireun pajaratan Kang
Ajat, daunna ngariut kaoyagkeun ku nu datang ti
tukangeun. Kuring mah
kaasup nu miahéng kana
N yambung ka kaca 38
21. C arita Pondok
Carpon Emha Ubaidillah Bratalegawa
Marékplékan Purnama
di Langit Yamisa
P
asosoré,
gégéléhéan di
téras hareup.
Buku pangajaran Basa Ing-
gris jeung Quran-Hadits
balatak, asa horéam
kacida ngerjakeun PR,
tugas ti Pa Ahmadi jeung
Pa Mamat Saepul Kodir
téh. Ah keun da kauntup,
ceg kana pulpén, golédag
nangkarak bengkang.
Panon nyawang kana
lalangit. Mungguhing
lelembutan mah asruk-asrukan ka wengkon sakola.
Ratug jajantung
dibarung seseblakan haté
geus teu kacatur. Malah
Manglé 2464
21
22. béh dieu-béh dieu bet
nyirisit lir hinis dipaut tina
hompétan kélék. Geus dua
minggu mihapékeun surat
keur manéhna nu ceuk
kuring béntang Yamisa,
adi kelas kuring. Lebeng
teu embol-embol balesan.
Ana kieu mah aing téh ditampik téa; nyeri, keuheul,
kesel, ambek nyedek bari
mulek.
Gepluk nangkuban,
gutrut nulis sajak perjoangan meneran nyanghareupan agustusan. Sok
pada mesen ku barudak
karang taruna di lembur
atawa ku panitia agustusan di sakola. Kabayang
tingjelegur, dar-dér-dor
bedil, trong-trang pakarang, pating garoak pating
jarerit. Gorowok ‘hoferdom’ jeung gorowok
‘merdéka atau mati’
saweur, blag-blug korban
aduglajer nemahan pati.
Pating beretek para rumaja putri setélan bodasbodas muru nu taratu,
mulasara pajoang anu
garuyang getih. Ké ké ari
itu saha nu rancunit panghareupna, dijilbab deuih?
Beu, gening si manéhna.
Alah tong ka dinya Eulis,
énggal nyumput kana
cubluk! Kuma mun
kasérémpét telebek?
Nulis sajak kandeg da
ilhamna ngadadak pered,
kaburu watir.Blak
nangkarak deui, pangangguran ningalian buleudan
gambar batik dina internit, nyéh aya nu ngagelenyu. Deuh mani ka
reueut! Bari ngagurinjal
tulisan sajak diilo. Bedul
téh, na bet jadi Marlina
Kutunggu di Tapal Batas
Pan bieuna mah Toha Kutunggu di Tapal Batas.
Keretas HVS dipangpéngkeun kana carangka
runtah, bluk nyuuh. Lin,
22
Manglé 2464
mani ngaganggayong kieu
ka Hadi téh, pami nampi,
nampi atuh. Pami
nampik...les teu inget di
bumi alam. Lilir-lilir Si
Sardan adi kuring ngagebotan sirah ku anggel
butut, ti tukang wéh indung kuring jéjéréwétan,
“Na kabina-bina teuing
Hadi manéh téh, geus
sakieu buritna ngadon
kérék di tepas imah.
Angguran gura-giru ka cai
kituh. Asar sakeudeung
deui gé béak!”
Koréjat hudang bari
nalipak bujur Si Ramdan.
Brus wulu, cong solat.
Punduk mah asa ku beurat, kateuing naon nu
ngadaplokna. Wanci sareupna, sarérés sambéang
maghrib, babaturan
nyalampeur; Si Kartobi, Si
Saboni, Si Iyas Fasya ngan
nu alpa téh Si Oleh Sujana
cenah geus tiheula da
tanagana dibutuhkeun
keur kukunjal.
“Jiga nu kurang vitamin manéh mah Sarhadi?
Hayu siapkeun lah! Urang
indit ti awal kénéh ameh
bisa kutrak-ketrék !” ceuk
Si Kartobi, kurunyung
deuih Si Ahmad Sobariti
lembur peuntas.
“Tah Obar ningan?
Tuh tempo Si Hadi
ngadon teu gairah kitu
deuk maleman kreasi téh!”
Iyas Fasya ngarindat ka nu
n anyar datang nu laju
ngalacat kana téras.
“Na can dibales surat
énté téh ?” cenah ngaharéwos ka kuring, kuring
gideug.
“Paingan atuh!...eh
hampura !” Si Ahmad Sobari neruskeun, kuring
ngoréjat.
“Naon kitu, Bar?”
“Surat énté anu dititipkeun ka urang téh sabenerna mah direbut ku Si
Eep cenah deuk dibikeun
ku manéhna bubuhan
sakelas!” bari gék dina
korsi. Nu séjén pating
kulinting di buruan kawas
keur ngarala jangkrik.
Nampa béja kitu, kuring
ukur melengék. Beuki teu
napsu deuk ngahadiran
panggung kréasi di sakola
téh, teu kabayang nyeri
haténa ningali si manéhna
geugeuleuyeungan reujeung lalaki séjén.
“Matak gé, méh puguh
bulé hideungna, yu gancangan dibaju. Urang ka
sakola ayeuna!” Si Ahmad
Sobari ngaburu-buru, kuring gideug.
“Mani lénglé nya ari Si
Sarhadi. Geuwat atuh!”Si
Kartobi nyelengkeung.
“Heu, meunggeus atuh
lah putus semet dieu sosobatan téh!” Ahmad Sobari
ngajéngkat.
“Satujuuu!” témbal anu
diburuan bari tinglaléos.
Awahing ku reuwas kuring
ngagaclok tina korsi. Kéla
anan ari tepikeun ka pegat
sosobatan mah.
“Dagoan atuh euy!”
Beretek ka enggon. Rap
kaos, sup levis belél, blus
jeket parasit hideung,
“Ma, mangkat yeuh!” teu
nunggu waleran ti indung
nu keur wiridan, becir wéh
ngudag Si Ahmad Sobari
sabatur-batur.
Lebah gapura jalan ka
sakola, geus noyég ku nu
larsup.
“Had, Hadiii!” ti
tukangeun gapura, sora
anu nyalukan.
“Itu Tutih ngageroan,
sok totorékan kitu énté
mah!” Si Ahmad Sobari
nepak taktak, nu séjénna
geus bur-ber ka mana
mah. Gok jeung barudak
awéwé babaturan sakelas.
“Adeueuh, nu baru jadian yeuh!” Apiyani ngaje-
bian, Nursati ngelélan.
“Mani engga bilang-bilang nya?!” témpas
Nunung urang Lémbang.
Ti tukangeunana Si Nyai
Jubed adeuh-adeuhan. Si
Saadah mah manyun wéh.
Kuring kalah cudagcideug,
“Maniii, ka mana waé
sih? Diarep-arep ti soré
kénéh!” ceuk Tutih urang
Bojong Maris sanggeus
kuring di hareupeunana.
Dikitukeun ukur nyengir
wé, leungeun pakupis
ngekesek golep ala DuranDuran. Asa teu narapsu
ngobrol jeung Tutih téh
bawaning eusi dada anu
teu puguh rurupaanana,
gentak malik deuk
ngaléos.
“Eeeh aya titipan
yeuh!” ceuk Tutih, kesel jigana mah. Kuma karep ah
ceuk haté. “Ti Marlina!”
ceuk Tutih deui. Gebeg!
Pelentung jeroeun dada
aya bulan mabra pisan.
“Dieuh Tut!” réplék
awak malik. Tutih jebi sulusup ngasupkeun lipetan
keretas kana keupeulan
leungeun kuring. Bulan
dina dada enyoy-enyoyan.
Suku ngaléngkah gancang
jeroeun ngagimbungna
jalma-jalma. Kuliwed ka
pipireun warung Ceu
Kokom. Bray surat dibuka.
Ambuing, teuing ku seungit. Bulan ajol-ajolan,
sagaclok-gaclokeun
mecleng ti jero dada.
“Lin, ayeuna badé
tampil. Upami Hadi teu
nongton, wios bedo wé.
Teras saupami Lin tos
réngsé, mugia kersa ngantos di téras bumi Ma
Opoh. Wassalam Marlina.”
Bray, caang padang
narawangan. Bulan anteng
ngahénén, nyelegon dina
kokombongan rasa. Rut-
23. rét sugan kasampak Si
Ahmad Sobari, lapur.
Kalah gok jeung Si ketua
Osis Nana Karpia.
“Hadé euy sajak di
dinya, teu nyangka bet
boga bakat jadi bujangga.
Salut lah!” pokna bari ngacungkeun jempol, kuring
rungah-ringeuh, “Ayeuna
gé sajak di dinya deuk ditampilkeun. Lin Marlina
anu macakeunana, budak
manis kelas dua”, cenah
pokna deui bari ngagidig
ka lebah panggung.
Suku hideng nuturkeun. Kabeneran teu
pati lila nungguan pidangan vokal grup gabungan
kelas dua jeung kelas tilu.
Nu ngagitaranana Si Ucay
Jamal urang Cidalima
maturan Pa Nanu Miharja
guru kasenian. Inget wéh
sababaraha waktu ka
tukang, cenah ceuk Pa
Nanu Miharja, kuring
kacida poténsina ngéléhkeun bujangga anom Soni
Farid Maulana béh dituna
WS Rendra. Nyao teuing.
Teuing enya teuing lakar
nyungkun.
Seselendep wéh di antara para panongton.
Maksud deuk setor beungeut. Ana teup pas
pisan pateuteup, nyéh
imut. Keleter. Bulan dina
dada melendung teu
kawadahan. Peleteng ka
awang-awang. Mun teu
asak kuda-kuda warahan
Aki Amin Parungserab,
meureun geus ngajongkéng kuring téh. Daék
medu ku kareueut éta
imutna. Na tungtung vokal
grup, manéhna ngagalindengkeun sajak; Toha Kutunggu Di Tapal Batas,
kuring kuram-kireum sorangan. Sadar-sadar geus
diuk gigireun manéhna,
sedeng Tutih paréndéng
reujeung Si Kusmarwan di
juru tebéh katuhu.
Kadéngé cicirihilan,
meureun keur dipangdongengkeun sakadang
kuya.
“Nembé katampi siang
tadi da serat ti Hadi téh!”
ceuk manéhna muka
obrolan. Di langit bulan
angkleung-angkleungan,
renya-renyu ku cahyana
nu endah warnaningtyas.
Gamulengna maturan
kabagjaan, imut maneuh
nu teu kaselap camérong
murukusunu.
“Na bet tiasa kitu pan
tos dua minggu ti Hadina
mah?” ceuk kuring bari
neueulkeun gado kana
embun-embunanana,
geugeut téh. Selengseng
seungit malati.
“Pan terang ku anjeun,
si Eep mah gaduh panyawat limpeuran setadium unggul!” manéhna
nyeuleukeuteuk rangu,
“Eta gé bari tatalépa. Ti
Eep diwiatkeun ka Edod,
ti Edod ka Lili, ti Lili ka
Dadang Botrok, ti Dadang
Botrok ka Enjang Gagap,
ti Enjang Gagap ka
Rokayah ti Rokayah ka
Neng Nisa, ti Neng Nisa ka
Nyi Roro, ti Nyi Roro ka
Tuti Rohimah teras Imas
Rohimah teras ka Yusni
Kurnia teras weh ka Tutih,
nembé katampi ku Elin!”
“Beu!” kuring nepak
tarang demi Elin Marlina
mah ceuceuleukeuteukan.
“Paingan atuh!” Manéhna
ngajembél pigeulang kuring, “Dupi anu masihkeun catetan sajak ka Elin,
saha?” kuring nyusul
tepus bari ngagolékkeun
leungeun. Kék malik
ngaranggeum pigeulangna.
“Pan Oleh Sujana, kinten jam limaan. Ah hideng
nyalira wé seratan Marlina-na digentos ku Toha,
bubuhan terang seuhseuhanana!” manéhna
ngaliwey, némbongkeun
biwirna anu miyuni
peremén ngucur, legit
meureun saluhureun
madu odéng.
Tilu bulan deuk ébtanas aya ku bagja. Poépoé kebek ku sulaman
sutra maniloka. Mun kongang hayang usul ka Pa
Ade Yayan, kepala sekolah
kuring harita, supaya
sakola téh dipanjangkeun
waktuna dua-tilu taun
deuih mah. Piisukeun ka
ébtanas, katalatahan ku
Tutih sobat dalit Marlina
téa, cenah hayang ditemonan di juru alun-alun
Soréang. Enya wé, ti
jauhna manéhna geus
katingali diuk nyorangan
luhureun akar caringin.
Seragam bodas-abuna aya
ku sieup badis putri salju.
Heu, kuring pangéranana,
pangéran kodok!
“Lin téh kanggo
sababaraha minggu mah
badé wangsul heula.
Kaleresan libur panjang
dugi ka kenaikan kelas.
Rupina moal tiasa lebet da
sami program pondok gé
ngiring libur!” galindengna sanggeus paheneng-heneng. Kuring
ngabetem, tikoro asa
nyelek. Ti unggal kios sada
haleuang Gelas-gelas
Kaca-na Nia Daniati.
“Widian atuh Hadi supados tiasa amengan ka
bumi Elin!” pok téh
dareuda. Manéhna gideug
antaré pisan. Rét ka beulah kulon, sakembaran
munara masjid agung
Soréang kawas anu
nganaha-naha, pasoléngkrah luhureunana
sesebitan méga-méga ku-
lawu.
“A...?” cenah tara-tara
nyebut aa, “Talunganan
teu tepang sakalian wé
sareng Aa téh. Panginten
moal kagorés lalakon katalangsara di antawis urang
duaan.”
Ngan pok-pokan éta
anu ngagulimbeng dina
lelembutan. Ngagelendrung minuhan rohang
panyawang bari lebeng teu
kabokér beungkeutan rusiah anu mindinganana.
Galindeng pamungkas
méméh beus “Putra Setia”
ngaléok dina péngkolan
Cibeureum ka Ciwidéykeun. Poé-poé caliweura
lalampahan rumaja kuring, lambaran beubeuratna berekah bisa
kasorang kalawan mulus
banglus satutas besét
ngalakonan ebtanas. Lambaran mangsa téa jeung
Marlina ngaheuyeuk
pangharepan nu beurang
tangka ilang dangiang,
peutingna ngagerihkeun
kagigis. Malastrakeun
warna-warna ngajadi peteng gegeblegan. Ah Marlina, Naha bulan nu pias
sok kabeurangan téh
bulan urang kénéh?
Basa keur ngariung di
juru kelas, basa Si Dadang
Botrok nyoo godrohna,
Tutih mah ngaharéwos
cenah Marlina engké deuk
midang dina maleman
perpisahan. Nyoy-nyoy,
bulan nu spaneng setruman deui, keteg jajantung
dina layar EKG nu méhméhan ngagurat, rérégéan
deui, net net net!
Poé ka poé nyingkabkeun lambaranana,
deuk bencing deuk hapa
pancénna teu bisa tumetep, ukur opat likur jam
N yambung ka kaca 38
Manglé 2464
23
24. P uriding Puringkak
Nu Hayang
Nabeuh Kendang
Ku Féndy Sy. Citrawarga
"Wayahna wé Man
euy. Karunya ka budak
urang!" ceuk Idi ka Oman
babaturanana.
"Ih lain teu ngéstokeun ka babaturan Di.
Tapi apan heueuh kudu
ngarempak luluhur
Cikondang lin?"
"Alaah... éta mah
lalakon kolot baheula,
tong dipikiran!" témbal
Idi bari ngusiwel ngodok
dompét. Golosor nyodorkeun duit.
"Tah pamanjer bisi teu
boga ongkos keur rombongan."
Oman héjo nénjo duit
kelir beureum sababaraha lambar. Ras ka rombongan calung Gentra
Madya nu dipingpinna nu
geus lila can manggung
deui. Témahna barudak
calung siga nu euweuh
sumanget tatabeuhan da
beuki dieu arang nu
nanggap. Ayeuna geus diancoan duit ku Idi, babaturan sakolana baheula nu
ngumbara ka Cikondang
sangkan manggung di
lemburna, rék hajat
nyunatan budakna.
Tapi aya sésékélan
anu kacida matak pugag
lalampahan. Enya, Cikondang kawentar lembur nu
tara kasaba ku raraméan
24
Manglé 2464
atawa tatabeuhan sabab
cenah luluhurna geus ragrag ucap di lembur
Cikondang mah teu meunang aya raraméan. Tong
boro pintonan wayang nu
sapeuting jeput, dalah
tubah-tabeuh alat kasenian wungkul gé teu meunang. Pamali, basana.
"Na moal nanaon?"
Oman ngadilak bari leungeunna agag-agagan rék
nampanan duit.
"Alaaah...na mani
sieun. Ceuk uing gé éta
mah carita lawas. Cikondang ayeuna geus ramé
ku tatabeuhan. Aya TV
aya radio, aya vidéo.
Moal, moal nanaon.
Pokona kudu datang!" Idi
nyundutan Oman.
Teu majar kumaha,
antukna Oman nyanggupan, rék nyalung di
Cikondang. Dipikir deui
da jeung saenyana atuh
jaman kiwari geus robah,
adat tatali luluhur loba
nu dirumpak bari apan
dina emprona mah majar
bisi kitu bisi kieu téh taya
kajadian nanaon. Malah
ceuk wejangan ajengan
mah percaya ka nu kitu
téh kaasup pagawéan
sirik, kagolongkeun
tahayul.
"Sagala rupa panteng-
keun kana iman ka Gusti
Alloh," saur ajengan dina
pangajian nu kadéngé ku
Oman.
Nya saged wéh rék
manggung téa. Barudak
calung Gentra Madya
dikumpulkeun.
"Nu bentul ieu téh
bos?" tanya Si Ogin, juru
bodor sakaligus purah
ngecrékan.
"Insyaalloh Gin," témbal Oman. Golosor
ududeun sabungkus.
Ngan sakotéap bungkusna geus rangsak, parebut eusina.
"Moal nanaon kitu
Kang maén di Cikondang?" Rohim, ki dalang
calung rada rumegag.
"Heueuh tadina mah
rék ditolak najan urang
padabutuh manggung ogé
da inget kana pacaduan
urang Cikondang. Tapi
cenah budak Si Idi ngadat, moal daék disunatan
lamun teu nanggap
calung. Urang lahaola wé
lah...sanggakeun ka
Gusti." témbal
Oman
nengtremkeun haté barudak.
"Ari Si Dédi ka mana?" Oman nanyakeun Si
Dédi, tukang kendang, nu
can katénjo ngariung.
"Kana moal ngilu
sigana mah Kang." Nunu
nu ngajawab téh
.
"Haaar...naha?"
"Cenah keur teu garenah awak, jelasna mah
katarajang bisul, heug
dina bujurna pisan," tambah Nunu nu natangga
jeung Dédi.
"Beu, mimiti yeuh
sésékélan datang. Saha
atuh nu nyuluran ngendang? Manéh bisa Gin?"
Rohim ngagonjak Si
Ogin.
"Naon héséna nabeuh,
ngan moal ngawirahma.
Asal neunggeul."
"Heueuh manéh mah
ari ngigel hayang ditepak
kendang lincah, dipénta
adi jejebris," ceuk Nunu.
Si Ogin jebi.
"Pan, énté wé nya?"
Oman nitah Pandi nu
geus taram-taram bisa
ngendang najan can
mahér siga Dédi. Pancén
pokona mah Pandi téh
tukang goong. Da kitu,
goong jeung kendang
mah ngajodo. Ceuli
tukang goong mah mancona kana tepak kendang
nu matak sok padeukeut
gé. Bisa ngendang pasti
bisa ngagoongan. Hayang
bisa ngendang kudu
hatam heula ngagoongan.
Engké, nu pancén
25. ngagoong rék dicekel
heula ku Oman, itungitung ngamahérkeun
tepak kendang Pandi.
Isuk-isuk kénéh barudak geus sasadiaan,
mémérés bawaeun kayaning calung, kendang
kumplit jeung kulantérna
dua siki. Goong jeung
panakolna. Geus puguh
deui calung mah teu
tinggaleun. Nyi Icih, juru
kawih, geus dicalukan.
Saged rék miang ka
Cikondang. Peuting
engké, malem Ahad nu
katénjona mah cangra,
rék manggung ngareuahreuah nu hajat nyunatan.
Tabuh sapuluh geus
aya dina mobil, kolbak
bogana Haji Dawud.
Oman jeung Nyi Icih
diukna di hareup maturan Si Usup, supir. Nu
lianna aranjeucleu di
tukang.
"Bismillaah...," gerencem Usup. Dihaminan
ku Oman jeung Nyi Icih.
Geuleuyeung mobil maju.
Na atuh karék gé
sababaraha méter, Usup
ngerém mobil. Reg eureun.
"Aya naon Sup?" Si
Ogin nalék bari nonggéng
ka hareup.
"Ban aya nu kempés.
Tarururun heula. Ban
saalus-alus naha kem-
pés?" Usup tiba gogodeg.
Ngadéngé omongan
Usup, Oman mimiti teu
genah haté. Ras ka Cikondang, ras ka Si Idi, ras ka
Si Dédi.
"Aya-aya baé
sésékélan téh. Geus moal
boa aya nu heureuy,"
ceuk Rohim.
"Heueuh kawasna
mah," ditémbalan ku
baturna.
"Lah buru tarurun,
anggur bantuan Usup!"
Oman ngahuit najan dina
haténa mah manéhna gé
mimiti curiga.
Usup néangan ban
sérep rék ngaganti nu
kempés. Gebeg, tétéla
euweuh di tempatna.
"Alah aing mah ban
sérepna euweuh!"
"Na ka mana?"
"Gin, sori euy
pangnéangkeun heula ka
teun Pa Haji, bisi enya
tinggaleun, uing rék
ngabongkar nu kempés!"
Kencling Si Ogin ka
imah Haji Dawud. Enya
baé ban sérep téh
tinggaleun, poho taksiran
tas ditambal teu dipasang
deui di tempatna.
"Untung kempés di
dieu, cacak mun di tengah toangan matak
bangkar," ceuk Oman
semu ngupahan.
Sanggeus ban sérep
dipasang, geuleuyeung
mobil maju deui. Rada
mengpeng da puguh jalan
alus. Ngan geus béak
lembur
saterusna
mapay jalan leutik nu ka
Cikondang, lembur nu
aya di sisi gunung, Usup
mimiti mindeng ngidek
pedal erém bari teu
cileureun bisi aya kajadian nu teu dipiharep.
Langit nu asalna béngras, kasorénakeun ngadak-ngadak hieum ku
pihujaneun. Da jeung
saenyana, ana breg téh
hujan. Atuh eureun heula
masang terpal.
Geuleuyeung mobil
maju deui, rada ngeyeted
ngajaga jalan leueur. Nu
matak teu anéh mun
wanci magrib kakara tepi
ka imah nu boga hajat.
Hujan ngecrek kénéh.
Dibantuan ku urang
N yambung ka kaca 40
Manglé 2464
25
26. C arita Heubeul
Ku M.A. Salmun
{ 33 }
U
rusan imah
geus teu
mikiran,
masa bodo
lanceukna
baé, pokna
gé hayang jongjon makaya,
cenah, kuring mah nyaho
dahar nyaho maké. Najan
sakitu popohoanana digawé,
ari kana salat-ngaji mah teu
nunda, dalah keur aya di
leuweung ogé dibélaan
néangan nu rada negla. Ka
awéwé bangbaungeunana téh
enyaan, jaba ti ngomong
saperluna jeung Enok Dioh,
ka Nyi Epoh gé batur saimah,
carang saminggu sakali ngajak ngomong ari lain enyaan
perlu mah, padahal Nyi Epoh
téh masing teu ngabaranyay
cara Nyi Rapiah ogé, ari
jeung pantaran Agan Sariningrat mah wanieun silih
beubeut, cacakan diganda ku
pakéan marahal mah. Kawas
bener ceuk Enok Hapsah: teu
mustahil Nyi Epoh téh ti dituna boga kocoran ménak
Banten anu makidulan, éta
ku béda rautna ti awéwé
26
Manglé 2464
pakidulan ilahar. Jeung éta
deuih daweungna, bangun
laludeung tur teu aya sari
dusun naha duméh atikan
nyonya kontrolir atawa
duméh aya teuteureuh ti kasultanan? Ari punjulna éta
maké bisa maca-nulis najan
teu lancar jeung teu alus gé
sakadar ngabédakeun A tina
B mah lumayan. Ari ngaji
ceuk Ibu Haji Ubeng jeung
Ibu Haji Banisah nu kungsi
rada lila nyaba ka Serang
jeung jaman di Mekah sok
pagalo jeung jamaah ti Banten, sejakna téh aya sejak Kasuniatan, pangajian para
putri Banten.
Tapi éta kabéh ku Ujang
Kusén anu kapok ku awéwé,
teu kanyahoan, tujuhanana
keur husu kana mulihkeun
pakaya kolot jeung dulur,
duméh asa boga hutang.***
12
Hjii mangsa dayeuh Bandung oyag moyeg, ku jelema
anu midang, balawiri ngalerngidul anu entas ti Tegallega
atawa nu ngajugjug ka ditu
sabab ti mimiti poé éta nepi
ka pagéto-amat di Bandung
aya ngadu kuda.
Geus biasa ti baheula, di
Bandung mah lamun aya
ngadu kuda téh jalma-jalma
sok maridang cara dina poé
lebaran. Mangsa éta dayeuh
Bandung sok kaseundeuhan
ku tatamu ti jauhna, aya nu ti
Surabaya, Samarang, Cilacap
jeung ti peuntas sagala. Aya
nu ngadon lalajo baé, nu
ngadon ngadu, nu ngadon tumangan jeung ... neangan nu
gareulis. Salilana ngadu
kuda, di rumahbola “Baraga”
rame ku nu ngadu, nu dangsa, jeung nu ... mabok. Nya
mangsa éta aom-aom, anomanom jeung babah-babah réa
anu ngumbar napsu téh.
Panonoban-panonoban, boh
anu maké lantéra beureum,
boh nu bunina model imah
Nyi Dampi, mangsa éta jadi
puseur masiat jeung kadorakaan anu pupuasan!
Di juru kalér made
rumahbola Baraga, Anom
Luih nu keur selang-seling
mabok arak, keur ngabuih
nyarita jeung hiji Walanda
toto, ngora kénéh pisan, di
Bandungna gé kakara tilu
bulan, tacan réa nu wawuheun. Bubuhan ka papada
ngora jeung keur mabok, nu
dicaritakeun téh nya bab
awéwé. Anu diajak nyarita
henteu mabok teu nundutan,
haripeut pisan nyanggapna
carita Luih téh. Nu disanggap
asa dipiheueuh, komo barang
éta Walanda toto nyanggupan, mangmayarkeun inuman jeung keukeuh hayang
dipapatahan petana lacur
mah, Luih téh asa dipiguru.
Paralak baé rasiah-rasiah
imah Nyi Dampi dibudalkeun. Ku Walanda toto téa
dicatet ngaran-ngaran awéwé
balangor nu sok ngadon
“nyumponan pesenan” di
imah Nyi Dampi, sabab bisi
perlu “mesen” cenah.
Sawatara “langganan” ogé dicatet, sabab bisi pareng amprok-pasurandong ulah nepi
ka ribut pasea jeung dulur
sakasur pokna mah. Imah
Nyi Dampi nepi ka digambar
karna, lebah dinya imahna, di
hareup aya naon, di katuhu
aya naon, di kenca, di pipir,
nepi ka sasak bobo luhureun
susukan di palebah jalan
“panglumpatan” oge ku eta
Walanda toto digambar,
sabab magar téh bisi nyasab
lamun rek ka imahna.
Bangun reuwas, Luih
ngaharéwos: “Lamun hayang
27. ka Nyi Rapiah, bentang Bandung kudu cara kuring, ka
Nyi Dampi ngeupeulan heula
R 25,- ka jinisna mun tas pelesir saeutikna R 50,- mah
ulah poho. Teu panasaran
miceun sakitu téh, batur mah
aya nu R 100,- Isukan, antara
pukul 10-20 saréréa tangtu
kumpul, sabab geus baroga
pasangan, “dipesen” ti kamar
kénéh.
Walanda toto bangun
hanjakal: “Beu, matak handeueul, tah. Kuring sajauhjauh ti nagara Walanda
neangan kahirupan di dieu,
heug teu ngalaman kasukaan
ka nu geulis urang dieu, leuh
hanjakal ... aeh, nginum,
sagelas deui nya! Kuring ge
tukang nginum, tapi sakali
ieu mah keur boga kasakit
beuteung, ku doktor dicaram
... ah, jeung botolna sakalian
nginum nya, itung-itung
ngawakilan kuring nu keur
dicaram ku dokter.
Geus tetela Luih selangseling mah leos eta Toto téh
indit ka kantor pulisi. Ari sihoreng eta téh Aspiran Kontrolir, budak saleh pisan,
tuhu kana agamana, tara
lacur tara nginum, malah ditarikna ku residen ka Bandung gé diantarana
dipapancénan ngabasmi pangaduan gelap, centeng bunian, pamadatan poék jeung
sapapadana.
Lantaran nu enggeus-eunggeus mah ari rék ngagerebeg imah Nyi Dampi téh sok
gagal-gagal baé, duméh
rasiah bitu manten, sakali ieu
mah tatahar téh pohara dirahasiahkeunana. Agen-agen
dippilih, teu nyokot nu bareto
moyodok, kabeh sina nyamur, aya nu jadi padagang
saté, nu dagang oncom,
borondong jeung jaba ti éta,
Lebah sasak butut “panglumpatan” téa, masang
sawatara jalma nyamur jiga
kuli jeung mandor nu ngilikan sasak bobo, rék dioméan. Waktu jeung tanda
kabéh geus diatur.
Isukna antara pukul 10
jeung 11 di imah Nyi Dampi
geus kumpul: Agan Lilis, Nyi
Rapiah, Nyi Salmah, Nyi
Sinta, Nyi Munigar, Nyi
Duyeh jeung Nyi Cucu,
kamar anu laleutik tapi baretah garenah téh araya eusian
bangsa petingan-petingan
Bandung bae, minangka
panggoreng-patutna téh Nyi
Jule, kitu gé wanieun kénéh
balap ari jeung sekarkadaton
nu saumur jeung manéhna
mah.
Nyi Dampi harita di
dapur nyorangan pisan keur
kabeh kamar “areusi” malah
kamarna pribadi kapaksa
disadiakeun geusan Nyi Jule,
dibelaan sorangan mah di
dapur.
Ari dapur tea, ngaranna
ge dapur heug ieu mah lain
dapur gedong; dina galar téh
mani paragpag botol jeung
kaleng wawadahan; neundeunna darapon sok sangeunahna bae.
Nyi Dampi diukna téh
dina bale-bale heureut, da
dapurna ge teu lega, nya
sarundek nya rarupek, da la-
nilep-nilep lambaran duit
“ladang” nu tujuhan téh mani
R 150,- nincak R 20,saurangna, ti semet Nyi
Rapiah nu panjerna R 25,nepi ka Nyi Jule anu ngan R
10,Éta téh sakali “ngaladangan” mangkaning isukan
jeung pageto ngadu kuda téh
aya kénéh. Anom-anom
jeung babah-babah ti jarauhna sakitu raroyalna, pesenan méh teu kaladangan.
Ari nu matak ngitung di
dapur, ku saréréa ogé tangtu
kaharti, lamun di patengahan
mah moal jongjon, bisi aya
“nénéng” atawa “agan”
ngadadak bijil ti kamar, heug
éraeun. Manéhna pribadi
ngara era milang ladang
katenjo ku dagangan mah.
Ari rek di kamar puguh
hana beakkeun ku dijieunan
kamar. Dina malebahan
sirah. Nyi Dampi, aya kaleng
jeung sawatara botol tea dina
galar. Ku Nyi Dampi teu
katiten yen nu neuduen
kaleng téh pohara gagabahna, katoel saeutik bae ge
ngagolenceng, bahe,
mangkaning eusina pangeurihan minyak tanah
paranti ari ngajadikeun seuneun.
Nyi Dampi teu barangpirosea, da katungkul ku milang duit, estuning keur
balangah pisan, da pangrasana aman, moal aya kitukieu.
Sabot kitu, padagangpadagang palsu geus arabus,
sasak panglumpatan geus dijaga, panto imah Nyi Dampi
opatanana geus para nincet.
Hiji mangsa, titit sora
surilit, tiritit deui nu narembalan meh bareng ti opat
madhab, nu jauh nu deukeut.
Ngan sakilat padagang-padagang tea geus pating jarega di
unggal lawang bari sadia
gegendir pulisi, saperkara minangka ciri kapulisian, ka duanana memang geus
diparentah, lamun palacur
boh awewe boh lalaki aya nu
lumpat, hade peupeuh bae,
tapi ulah nepi ka ruksak.
Nu di jero puguh bae
rareuwaseun mah, tongkorejat tinggurubug ngadenge
surilit pulisi sakitu ramena
tur geus deukeut pisan,
malah sada geus arasup. Luih
kawasna henteu keur kapalang cara nu lian, norojol ti
panto, ngajingjing sapatu,
ngelek jas, nu maregatan téh
diteumbragan cara budak
neumbrag leuit, nyorobot
nuju sasak butut panglumpatan tea, ma’lum lumpat
nu sieun teu pati barangawaskeun, lebah sasak téh
borobot, gubrag tiporos,
dengek ngajerit aduh-aduhan
bari meumpeunan panon
katuhu, getih ucur-acar tina
sela-sela ramo. Sihoréng kasogok ku awi pipitesan sasak
nu peunggas.
Ari Nyi Dampi, bari
ngoréjat téh bawaning kaget,
nyenggol minyak tanah
paranti ngahurungkeun seuneu tea, diwadahan dina
kaleng susu molongo, dina
galar dapur, blok bahe ti
lebah cangkeng ngalembereh
mapay sarung. Memeh
mabur kaburu ngarawu duit
heula diabuskeun ka jero kutang. Kuliwed ka panto
kamar mandi, bray kaluar ti
pangpok sasatna, da mani
sésélékét, salingker ka pipir
tatangga; nu boga imah tas
sasapu di pakarangan, malah
keur ngasur-ngasur deurukan
runtah meunang nyapuan
tea, meujeuhna nyeak hurung
nu matak ditungguan ge, bisi
ngalentab hateup.
(hanca)
Manglé 2464
27
28. C arita Nyambung
Bagian
195
Peuting ka-236
B
éda jeung
Asad nu keur
nandangan
tunggara,
kaum Majusi
mah jarigrah
naker. Suka bungah lantaran keur natahararkeun
poé karamat éta kaum.
Biasa kituna teh, saban taun
urang dinya miang ka gunung seuneu nu aya di peutaseun lautan.
Pandita Majusi, Bahram
cakah-cikih. Paparéntah,
kaasup maréntahkeun ngurung Asad dina peti, sebakeuneun di gunung seuneu
téa. Geus réngsé sapuratina,
peti wadah Asad digotong
diasupkeun kana éta kapal.
Geus kitu mah, kapal ngageuleuyeung ka tengah lautan.
Lalampahan ka gunung
28
Manglé 2464
seuneu méakeun waktu
sababaraha poé. Matak, bebekelan gé kacida lobana,
pangpangna dahareun.
Saperti biasa, tara sumpangsimpang heula lantaran taya
kapereluan séjén lian ti seja
muja di gunung téa.
Poé kahiji lalampahan
téh lungsur-langsar. Kapal
nyuruwuk muru tujuan.
Kitu deui peutingna, masih
kénéh ngageuleuyeung luyu
jeung rarancang. Ngan,
dina hiji soré pihujaneun
reueuk sarta angin ngagelebug. Kayaan sabudeureunana beuki lila beuki poék
pangaruh poé ngagayuh ka
peuting.
Lian ti kitu, ombak gé
beuki gedé nepi ka kapal téh
inggeung naker. Atuh, najan
nangkoda kapal legok tapak
genténg kadék, nyanghareupan kaayan kitu mah, teu
manggapulia, inyana teu
bisa ngamudi kapal nu
balukarna kapal katambias
ka tempat séjén.
Beuki lila kaayaan laut
beuki pikapaureun. Kapal
diombang-ambing ku
ombak. Dina kaayaan kitu,
nangkoda kapal téh ukur
sabisa-bisa ngajaga kapalna
sangkan teu tikelebuh.
Sapeupeuting éta kapal
kaumbang-ambing ombak
kaséréd ka basisir hiji kota.
Nangkoda ngadatangan
pamingpin rombongan.
Nétélakeun kaayaan lalampahanana. Ceuk éta pangamudi kapal téh leuwih hadé
nyimpang heula di éta tempat bari sakalian nanyakeun
arah nu rék disorangna.
Bahram panujueun da
inyana gé ngarasa linglung
teu nyaho di kulon-wetan.
Atuh, kana kaayaan éta kota
gé teu mantra-mantra acan,
lantaran mémang kakara
harita ka lebah dinya mah.
“Kumaha atuh ayeuna?”
ceuk Bahram.
“Urang tarurun wé
heula,” jawab nangkoda.
Saterusna bisi kumaha
onam, cenah, mending gé
Pandita Bahram disalin
heula, maké papakéan nu liahar dipaké ku sudagar.
Kudu ngakeukeun inyana
padagang nu biasa ngajualan rupa-rupa barang
kaasup ogé ngajual budak
beulian.
Kacatur padumuk lembur, ningali kapal lain
wayah heraneun naker.
Atuh, jul-jol wé ngadatangan sisi basisir. Horéng, nu
leuwih tiheula apaleun kana
datangna eta kapal mah
prajurit karajaan nu biasa
ngariksa éta patempatan.
Papanggihanana langsung
ditepikeun ka pamingpinna
nu taya lian ti Ratu Marjanah.
Ratu kalayan dibarengan
ku prajurit nu samagréng
pakarangna, ngajanteng
nyanghareup ka lebah
kapal. Salah saurang prajurit marentahkeun sangkan
nu aya dina éta kapal gancang ngadeuheus ka éta
ratu. Pamingpin Majusi teu
léléda. Kalayan niru-niru
sudagar, manehna kaluar ti
heula, diiringkeun
29. sababaraha urang pangiringna. Tukangeun éta pangiring, ngiclik Asad dibaba
ndan saperti umumna
budak beulian nu rék dijual.
Raja tetelepék. Jawaban
Bahram, tangtu wé lain nu
sabenerna. Cenah, manéhna
téh sudagar nu tas ngajualan barang-barangna. Nu
nyesa téh ngan kari budak
beulian saurang.
“Saha ngaran anjeun?”
“Asad, juragan!”
“Bisa nulis jeung maca?”
“Tiasa!”
Ratu marentahkeun
pangiringna mikeun keretas
jeung pulpénna. Diasongkeun ka Asad sina nulis. Teu
lila, tulisan téh geus aya
dina leungeun ratu. Intina,
ratu percaya, Asad téh lain
ukur bisa nulis jeung maca,
tapi deuih boga pangweruh
nu lain lulumayanan. Kituna
téh, kaciri dina syair nu dituliskeunana.
“Kula butuh abid kawas
kieu. Sabaraha haregana?”
ceuk ratu.
“Pangapuntén, nu ieu
mah moal diical!”
“Har naha?”
Bahram nyieun ruparupa alesan. Cenah,
manéhna butuh ku tanagana, komo deui apan
lalampahanana téh kacida
jauhna. Tangtu wé, butuh
nu ngawulaan. Tapi, Marjanah keukeuh hayang
ngamilik Asad.
Najan teu diidinan ku nu
bogana, Asad dibawa heula
ka istana, rék ditanya heula
sapereluna. Cenah, mun
mémang kanyahoan aya
pasipatan nu teu sapagodos
jeung kabutuh manéhna,
tangtu dipulangeun deui.
Pingpinan majusi teu
bisa majar kumaha. Kapaksa ngidinan, kalayan
haténa mah miharep Asad
dipualngeuk deui ka
manéhna.
Heuleut sawatara waktu,
Bahram narima surat ti
Ratu Marjanah. Eusina
nétélakeun, Asad disita ku
manéhna. Malah, diimplikimplikan mun teu nurut
kana kahayang ratu,
sakalian kapal jeung
barang-barangna rek dirampas dijadiekeun harta milik
nagara.
Pingpinan Majusi teu
boga pilihan séjén. Kapaksa
nurut kana kahayang Ratu
Marjanah. Da mun teu kitu
mah, tangtu wé bakal cilaka.
Malah, lain ukur béak
banda, da teu mustahil,
bakal keuna ku hukuman,
mun teu dihukum pati ogé,
dibérok mah tangtu. ***
(Hanca)
Manglé 2464
29
30. B ahasan
LEKRA Bagian ti PKI
Ku Ajib Rosidi
A
yana wacana yén Lekra lain
bagian ti PKI sarta Lekra
jeung PKI téh dua organisasi anu béda, kakara mucunghul sabada Joebaar
Ajoeb (sekretaris Lekra) kaluar ti
tahanan pamaréntah Ordeu Baru dina
tulisan “Sebuah Mocopat Kebudayaan
Indonesia” keur ngabagéakeun Kongrés
Kabudayaan IV dina taun 1990. Numutkeun Joebaar, Lekra téh hiji gerakan
kabudayaan nu nganasional jeung ngara’yat, nu di jerona aya sawatara jalma
nu jadi anggota PKI, ari lolobana lain.
Ari PKI mah teges-teges partéy politik.
Politik mah hiji widang téoritis. Sanajan
aya katerangan panjang lébar, tapi tetep
teu bisa ngajelaskeun éta kalimah.
Numutkeun Joebaar, kira-kira dina
taun 1964 katompérnakeun, aya hiji
gagasan ti PKI nu disodorkeun ka
sawatara pimpinan Lekra anu miharep
sangkan Lekra jadi organisasi bawahan
PKI anu ogé boga anggota non-PKI.
Lamun Lekra satuju kana éta gagasan,
hartina Lekra jadi bawahan PKI, rék diwawarkeun sacara formal. Tapi Lekra
30
Manglé 2464
nolak éta gagasan (Joebaar Ajoeb, “Sebuah Mocopat Kebudayaan Indonesia”,
Inkultra Foundation Inc. tanpa taun. Kc
61).
Kana éta wacana, Basuki Resobowo,
salahsaurang tokoh Lekra anu dina jamanna leuwih wibawaan batan Sekretaris Umum Joebaar Ajoeb, ngabantah
pisan. Nu dicutat ku Tempo tina surat
nu dikirimkreun ka Joebaar, nétélakeun
yén, “Basuki mah percaya yén PKI jeung
Lekra téh dua gerakan aksi nu sarua...
Basuki nuduh yén Joebaar kompromi
jeung Soeharto.” (Tempo, 6 Oktober
2013, nomer husus Lekra, kc 56). Sacara
lisan, Basuki nétélakeun yén ku omonganana kitu téh, Joebaar lélétak ka Soeharto jeung rézim militér ABRI (Dina
obrolan di nagri Walanda taun 1990an).
Dina Tempo numer husus téa,
karasa aya kesan yén ti awalna mula
Lekra téh misah ti PKI. Lekra lain bagian
ti PKI. Boh dina anggaran dasar Lekra
boh dina anggaran dasar PKI, duanana
teu aya patalina. Hartina, anggaran
dasar Lekra teu nyebut-nyebut yén éta
organisasi kabudayaan téh bagian ti PKI
sarta anggaran dasar PKI gé teu nyebut-nyebut yén Lekra téh jadi underbow
PKI. Tapi sanajan teu aya réngkolna hal
patalina éta organisasi dina anggaran
dasar sacara resmi, lain hartina antara
éta dua organisasi henteu aya hubungan
naon-naon. Teu mustahil, teu dijéntrékeun dina anggaran dasar téh ngahaja, mangrupa taktik anu geus disa
luyuan ti awalna. Teu kabéh organisasi
nu dianggap underbow PKI aya hubungan organisatoris formal jeung PKI.
BTI (Barisan Tani Indonesia), upamana, jelas yén organisasina mah lain
underbow PKI. Organisasina mah antara PKI jeung BTI teu aya hubungan
naon-naon, saruan jeung antara PKI
jeung Lekra. Tapi pan urang saréréa
nyaksian yén dina awal Gestapu, waktu
PKI keur nanjung diugung-ugung, apan
BTI anu ngagerakkeun anggotana
pikeun miheulaan ngalakukeun “aksi”
ngarebut lahan anu lain waé milik pribadi anu harita dianggap “sétan désa”
(bareng jeung istilah “sétan kota” anu
ngahaja ku PKI dipaké slogan dasar
kawijakan politikna), ogé ngarebut
tanah-tanah perkebunan pamaréntah.
Ari milik pribadi-pribadi mah nu jadi
sasaran téh tanah-tanah wakaf anu diadegan pasantrén nu dipingpin ku
parakiai. BTI ngagerakkeun anggotana
pikeun miheulaan aksi PKI ngarebutan
tanah bari alesanana ngalaksanakeun
Undang-Undang Agraria nu kakara disahkeun.
Nya kitu deui Lekra. Gerakan Lekra
dina jaman mapag Gestapu taya lian
ngalaksanakeun politik PKI. Sanajan
bener teu aya hubungan organisasi antara PKI jeung Lekra, tapi gerakan Lekra
salawasna ngalaksanakeun politik PKI.
Teu kungsi kadéngé aya jalma dina
jaman harita nu nyebutkeun yén Lekra
lain PKI. Kitu ogé Joebaar Ajoeb atawa
Njoto. Dina laporan Tempo ditegeskeun
yén aya béda papahaman antara Aidit
jeung Njoto tina perkara Lekra. Aidit
hayang ngasupkeun Lekra sacara
organisasi nepi ka jadi bagian PKI,
sedengkeun Njoto mah miharep
sangkan Lekra angger madeg mandiri
luareun PKI sanajan dina nyatana mah
Lekra geus ngalaksanakeun kawijakan
politik PKI.
Kuring nu ngarasa ngilu nitenan
kamekaran politik di Tanah Air di awal
taun 1960-an, perkara béda papahaman
antara parapamingpin nu sapartéy téh
biasa. Upamana, kuring ngadéngé yén
antara Soebandrio jeung Roeslan Abdulgani anu pada-pada pamingpin PNI
(Partéy Nasional Indonésia), béda papahamanana. Kituna mah sanajan sirah
téh sarua buluan, eusina mah béda-béda
pisan. Harita kabandungan yén aya béda
paham antara Aidit jeung Njoto anu
sarua PKI. Lain soal kudu henteuna