2. Ngayonan Musuh Rahayat
L
obana
calon présidén can nyugemakeun
sakaumna pihak. Réa kénéh nu néangan calon
séjén kalayan rupa-rupa cara. Aya nu ngaliwatan déklarasi, aya ogé nu konvensi. Nu disebut pandeuri mah, haneut kénéh naker diémbarkeunana ogé,
saperti
Konvensi Rakyat, nu diluluguan ku
Sholahudin Wahid (Gus Solah) saparakanca.
taran teu ditataharkeun ku para pamingpin
saheulaeunana, ogé balukar lunturna rasa hormat
masarakat ka pamingpinna. Kituna téh, balukar talajak parapamingpin téa nu ceuk tilikan rahayat mah
ngan saukur keur kapentingan pribadi atawa
golonganana. Cindekna, pamingpin ayeuna loba nu
nguciwakeun masarakat!
Upama loba pihak nu teu sugema ku jengléngan
pamingpin kiwari, mémang, lantaran kapamingpinan
di urang mah teu ditataharkeun ti anggalna.
Munculna calon pamingpin gé henteu dibentuk atawa
dikader kalayan daria ku parapamingpin saméméhna.
Balukarna, munculna (calon) pamingpin anyar gé teu
weléh dicuriga.
Mitra, tumali sareng kapamingpinan, dina nomer
ieu Manglé ngolongan pamendak Prof. Dr. H. Asep
Kartiwa, Drs. SH., M.S. Saur ieu guru besar Fisip
Unpad Bandung teh, rahayat butuh pamingpin anu
‘masagi’.
Lain ukur mampuh ngokolakeun
kakawasaan, tapi deuih wani ngayonan musuh-musuh
rahayatna.
Héngkérna regenerasi kapamingpinan, lian ti lan-
***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 20
Buah Dalima
5
TAMU
Dawuh Rosulullah Muhammad SAW,
“Sing saha baé jalmana anu migawé hiji
kahadéan, ku Gusti Alloh bakal diganjar
sapuluh tikel.”
Caturkeun dina hiji mangsa, Siti Fatimah Zahra putra Kangjeng Nabi,
geureuha Sayidina Ali bin Abi Thalib teu
damang. Henteu keresa pisan barangtuang, ngaleueut gé langka. Pikahariwangeun rama katut carogéna...
Prof. Dr. H. Judistira K. Garna, Ph.D.
Baduy Kiwari Geus Kasilih Modernisasi
LAPORAN
Milih Pamingpin
Wani Ngayonan Musuh Nyamuni
........................................................... 8
IMPLIK-IMPLIK
Warung Talaga
Midangkeun Pasakan Tahu Nyunda
......................................................... 24
Potret : Reisyan
GUGURITAN
S
ekarManglé
MELINDA
HOUSE OF DO’I KEBAYA
Jl. PHH. MUSTOPA NO. 96
CP : 082115276504 –
087825674908
PIN BB . 28F17AD4
Banjar Karang Pamidangan
ET Satibi ......................................... 26
Bah Karta
Ena RS .............................................. 22
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ....................................... 30
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 44
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
KOLOM
CARITA NYAMBUNG
Maluruh Kawih Jeung Tembang
Dian Hendrayana ........................... 34
Ngahiruphuripkeun Pers Sunda
Karno Kartadibrata ........................ 54
CARITA PONDOK
EMA
Naneng Daningsih ............................ 18
Gujrud
Moddi Madiana ................................ 20
Carita Sarebu Samalem (183)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (21)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (5)
HD. Bastaman
............................................................. 48
4. Tatangga
N
a ku naon nya ari tatangga
urang garoréng haté waé ka
urang téh? Singapura jeung
Malaysia geus mindeng loba cécékbocékna. Ayeuna ditambah deui ku
Ustrali. Mangkaning nu ieu mah
leuwih jail. Bayangkeun wé geura,
Ibu Ani diintip. Saha pan anjeunna
téh? Di urang sorangan gé pan euweuh anu wani kitu.
Boa-boa, nu matak tatangga
wani campelak kitu gé lantaran
urangna euweuh deuleueunana.
Di lembur baheula, apan kitu
basana téh. Lamun aya dulur urang
anu dihina ku tatangga, apan tampolana urangna sok milu ceurik.
Ngarasa sedih lantaran dicacampah. Bari kukulutus jeung ngupahan diri sorangan, babasaanana
téh: Sia mah meujeuhna dihina ku
batur gé da euweuh deuleueunana.
Nu kitu téh umumna mah anu
mariskin. Ari urang apan sabalikna.
Kurang naon sok nu ngaranna
Indonésia? Bandingkeun jeung
Singapura. Bandingkeun jeung
Malaysia. Bandingkeun jeung Ustrali. Saméméh kateterusan muji
sorangan, aya anu nyodorkeun
keretas ti gigireun. Dina urusan budaya urang leuwih beunghar. Tapi
tina jumlah wisatawan anu
daratang ka dieu, urang nomer
dalapan. Ari Malaysia nomer opat.
Kutan? Teu kudu héran, cenah.
Di Malaysia mah cicika gé bisa dijual. Lain diala cicikana terus dijual
kiloan atawa dijadikeun karajinan.
Ieu mah cicikana diantep disina
hirup di tempatna. Dina sakalina
peuting, cicika téh tingkariceup.
Manglé 2452
Teu bisa ciatah pikeun nyaksianana
gé. Wisatawan disina tumpak
parahu bari mopoék. Tangtu wé aya
ongkosna.
Di urang mah teu bisa kitu.
Leuweung di urang hésé bangsana.
Méh sagala rupa tatangkalan jeung
sasatoan aya di dinya. Dina
sakalina dijual, tangkalna dituaran,
sasatoanana dialaan. Atuh tangtu
wé béak ngan sakéak. Ayeuna
leuweung ganggong sima gonggong
téh ngan kari tapakna. Sasatoan
ngan kari ngaranna. Urangna sorangan, tinggal gulak-giluk kari tuur
hérang-hérang kari bincurang.
Banda
béak
hirup
angger
balangsak.
Dina iklan wisata Malaysia anu
dijual ka urang upamana, nu
ditawarkeunana téh tatangkalan
anu geus jaranggotan. Henteu diala
kaina ku urang ditu mah. Dina dijualna ngan semet jual deuleu.
Wisatawan diajak ka lebah dinya,
sina tatanggahan sina rurat-rérét
bari cruk-crek ngabandungan
dongéng nu digorolangkeun ku nu
nganteurna. Moal aya béakna ku
cara kitu mah. Duitna asup ari
tatangkalanana mah angger teu
cécél teu bocél.
Na ku naon ari urang teu bisa
nurutan kitu?
Lantaran ku urang mah nu
kararitu téh tara jadi pikiran. Kaasup ku para pamingpin jeung wakil
rayatna.
Kurang
kumaha
maranéhna
pulang
anting
ngayakeun studi banding. Ka nu
jauh éta téh. Da ari ka tatangga
deukeut mah, teu sasatna pulang
anting unggal bulan. Saha pamingpin urang anu can kungsi nganjang
ka Singapura. Saha anu can ka
Malaysia, ka Ustrali, ka Thailand?
Ayeuna mah komo, kacapangan
sapopoé téh apan ulin ka Cina.
Loba dongéngna mah. Anu pasti, ka
dituna téh ngadon balanja.
Tacan aya anu daék mikiran
kumaha upama disina tibalik. Lain
urang anu rabul arulin ka ditu, tapi
urang ditu anu ngaleut ngeungkeuy
hayang senang-senang ka Indonésia.
Kurang kumaha beungharna
urang téh. Sok tanyakeun ka SBY.
Lamun ku urang disebutkeun yén
urang téh miskin, euweuh kaboga
anu matak dihina baé ku batur gé,
sarébu peresén bisa dipastikeun
anjeunna bakal bendu amarwatasuta.
Anu matak teu kaharti, sangkilang dihina baé ku tatangga téh, ka
urangna sorangan mah sigana teu
jadi pikiran. Dihina ku Singapura,
urang angger resep pulang anting
balanja ka dinya. Dalah Ratu Atut
gé apan cenah ngomé beungeut
jeung awakna téh langgananana ka
dinya, lain ka tukang urut di Banten. Atuh dihina ku Malaysia nya
kitu deui. Ka Kualalumpur téh geus
siga jalan ka cai.
Kadé sing inget, cenah. Teu bisa
disakompétdaunkeun kitu. Ka Ustrali mah urang sakitu tegasna.
Sanggeus kanyahoan ituna sok
ngintip ka urang, apan Dubes RI di
ditu saharita disina balik.
Rék teu ambek kumaha, atuda
anu diintipna gé Ibu Ani pisan! AM
3
5. Sual Program ‘Jabar
Mengembara’
Sampurasun!
Damang Ais Pangampih
Mangle? Hatur nuhun atuh
pami daramang mah, margi
eta nu janten harepan
sadayana.
Nyi Mangle, ahir-ahir ieu
pamarentah provinsi Jawa
Barat ngahaminan pisan
ayana
program
‘Jabar
Mengembara’. Nu tujuanana sangkan urang Jawa
Barat bisa raharja di luar
Jawa Barat.
Keur simkuring mah,
lantaran Jawa Barat mah
tatar Sunda, program eta
bisa jadi kareueus jeung bisa
jadi kahariwang. Reueus,
meureunan urang Sunda nu
lunta daek ka jauhna, pasti
meunang bekel elmu pangaweruh, boh ku cara palatihan boh dina sual bekel
materina. (duka ketang!).
Ari palebah hariwangna, nya
tangtu patali jeung kamandirian urang Sunda di
lemburna sorangan.
Cek simkuring mah, nu
harayang gawe di luar
negeri, bisa jadi lantaran
hese gawe di tempat urang
sorangan. Hartina, upama
pamarentah ngahangkeutkeun program urang Jabar
sina ngalumbara, bisa jadi
lantaran dirina ngarasa
‘kausir’ di lemburna sorangan. Daek ngalumbara teh
boa-boa pedah kausir di
lembur sorangan. Saha nu
ngusir? Nya tangtu upama
ditilik sacara ekonomi mah,
meureunan bangsa deungeun nu jor-joran nyarimpen/investasi di urang.
Lantaran SDM nu dibutuhkeunana lain bangsa urang,
nya, nu baroga usaha oge
embung ngagawekeun. Tah,
sakali deui, ieu di antara
rasa kahariwang simkuring
mah. Duka ari pamarentahna sorangan mah.
Kahariwang
sejenna,
nyaeta lantaran ngarasa ‘euweuh deui jalan’ atawa
‘kausir’, meureunan hayang
gawe ka luar nagri oge, pasti
dirina kudu bebekel. Timana
bekelna? Nya tangtu, diantarana bisa jadi ngajualan
pakaya. Taneuh dijual, imah
dijual, demi hayang raharja
di tempat batur.
Tah, lamun geus kitu,
rek engkena raharja atawa
keur apes, yakin eta urang
Sunda, moal hayang balik
deui lemburna, lantarana
taneuhna geus dijual. Komo
lamun dijualna ka urang
Cina mah, aslina moal bisa
dibeuli deui. Kumaha lamun
kitu? Pamarentah palebah
dieu kudu jadi bahan pikiraneun.
Margi kitu, simkuring
usul wae ka pamarentah,
sangkan pamarentah sorangan kudu wani omatomatan ka urang Sunda nu
rek arindit ka luar tatar
Sunda, sangkan ulah ngajualan taneuh. Sabab, dina
hiji waktu mah, maranehna
kudu baralik deui ka
lemburna sorangan, tur
kudu jadi juragan di lemburna sorangan. Hartina,
upama taneuh geus dijualan
mah, mustahil urang Sunda
bisa jadi ‘juragan’ di lemburna sorangan.
Sakitu wae, usul ti
simkuring. Mugia ngaliwatan Mangle nu mupujuhkeun kasundaan tiasa
diaos ku pamarentah. Hatur
nuhun.
Wassalam,
Cecep Muhlas
Cikoneng Ciamis
Innalillahi Wa Inna Ilaihi Rooji’un
Parantos mulih ka jati mulang ka Rohmat Alloh Swt.
AYI HAMBALI
(68 taun)
(Kepala Bagian Divisi Percetakan Manglé Manten)
Almarhum ngantunkeun dinten Salasa, 19 Nopember 2013,
di bumina di Desa Sinarjaya Rt.01 Rw.15 Batujajar Kabupaten Bandung Barat,
sarta dikurebkeun di TPU Sinarjaya Batujajar Kabupaten Bandung Barat.
Allohumagfirlahu warhamhu wa’afihi wa’fu anhu.
Allohuma latahrimna ajrohu wala taftina ba’dahu, waghfirlana walahu.
Sakumna karyawan Manglé, ngiring sungkawa. Mudah-mudahan,
kulawarga nu dikantunkeun dipasihan kasobaran, henteu kaleleban.
Dua nu ihlas, mugia almarhum ditampi Iman-Islamna, dicaangkeun di alam kuburna.
Amin.
Bandung, 20 Nopember 2013
Pupuhu Manglé,
Drs. H. Oedjang Daradjatoen M
4
Manglé 2452
6. Prof. Yudistira K. Garna Baduy geus kasilih ku modernisasi
batu: Peleolitikum/batu kolot, Megalitikum/batu tengah,jeung Neolitikum/batu ngora) malah cek Prof. Judistira K.
Garna jelema nu hirupna dina tradisi
megalitik ge aya keneh di wewengkon
Sunda mah, malahan dalahar sangu
keneh nyaeta urang Kanekes atawa nu
sok disarebut urang Baduy tea nu
nyicingan
wewengkon
Gunung
Kendeng Kacamatan Leuwidamar
Kabupaten Lebak Propinsi Banten.
Tina rupa-rupa situs purbakala nu kapanggih di wewengkon Banten Kidul
saperti Lebak Si Bedug, Kosala, Gunung Dangka, jeung Sasaka Domas di
Kanekes, geus nuduhkeun yen urang
Baduy dina mangsa heubeulna euyeub
ku budaya megalitik. Ngan hanjakal kiwari Baduy geus mimiti robah kasilih
ku modernisasi.
Tina mimiti sistem kapamarentahanana (Tangtu Telu/Baduy Jero:
Cikeusik, Cibeo, Cikartawana ) nu tadina diatur ku para “Puun”, “Baresan”,
“Girang Seurat”, jst, kiwari dikawasa ku
Jaro Pamarentahan. Alhasil sistem pamarentahan adat nu pageuh kana
sagala aturan pikukuh jeung pitutur
anu geus diturunkeun ti karuhun ge
paburantak. Jaro Pamarentah nu tadina anut jeung hormat ka para Puun
jeung Jaro Kanekes kiwari
laku
lampahna badis kapala desa nu leuwih
nurut jeung ajrih ku camat/bupati. Ala-
Prof. Dr. H. Judistira K. Garna, Ph.D.
Baduy Kiwari Geus Kasilih Modernisasi
H
asil kabudayaan baheula
titinggal karuhun urang nu diwujudkeun dina rupa-rupa
benda saperti prasasti, candi, naskah,
jeung sajabana eusina kacida pentingna
sabab di jerona ngandung ajen sajarah,
rekaman kahirupan mangsa heubeul
nu tangtu dieusi ku rupa-rupa hal
saperti tatacara tatanen/pertanian,
nyieun wawangunan,
pendidikan,
bahasa ekonomi/perdagangan, taktik
perang, politik, kaagamaan, nepi ka
pangobatan. Ku kituna teu helok lamun
terus ditalungtik ku para ahli sabab me-
Manglé 2452
mang masih keneh bisa dilarapkeun
dina kahirupan jaman kiwari jeung
mangsa datang.Contona situs Gunung
Padang kapan kiwari terus ditalungtik
jeung diekskapasi pikeun nganyahoankeun konstruksi tahan gempana, sabab
wawangunan megalitik hasil karya
luhung karuhun urang Sunda nu cek
para ahli leuwih kolot batan budaya
Yunani jeung Mesir kuna teh memang
geus rebuan taun tetep ajeg teu unggut
kalinduan teu gedag kaanginan, tahan
gempa! Memang Tatar sunda beunghar
ku tradisi megalitik-na(aya tlu jaman
hasil urang Baduy nu baheulana
“buyut” narima bantuan ti deungeundeungeun kiwari geus narima “Bantuan
Tunai Langsung” mun teu kitu kasab
dagang ngaliwatan KUBE (Kelompok
Usaha Bersama Ekonomi) anu disalurkeun ka kapala desa. Pikukuh jeung
larangan geus dirempak. Taya deui
basa “teu wasa”, “buyut” atawa kapamalian di Kanekes.
“Janten Baduy nu janten bagean
tina urang Sunda nu pinuh ku kaahengan sareng kawentar luhung budayana
teh upami diarantep, dimomorekeun,
5
7. Sareng garwana turunan Ratu Galuh
Olot Darma Baduy Luar nu sok kasab ka Bandung
teu ditalungtik sareng dicatet kalayan
anteb, dina hiji waktos mah tangtos
bakal tumpur budayana kasapuk ku
jaman. Kiwari ge tradisina tos seueur
nu ical, basana robih komo tradisi
carita pantun mah, roko daun kawung
ge tos teu pajeng ayeuna mah padahal
tangkal kawung rajeg,tapi tos kadesek
ku roko keretek ti Jawa, kitu deui tradisi ngalemar (urang Baduy lalakina ge
sok nyeupah) tos ngirangan”, kitu saur
Prof. Yudis (nenehna) manghanjakalkeun. Ku kituna kajurung ku tanggel
walerna salaku akademisi Sunda nu
nyaah kana budayana, ieu Guru Besar
Antropologi Unpad terah Galuh Ciamis
teh dina mangsa-mangsa mayunan
marenna tina tugas ngajar sareng janten panalungtik terus satekah polah
“berkarya” dina widangna nyaeta nulis
buku-buku hasil panalungtikanana boh
hasil tulisan anyar, atawana ngulang
nulis buku-bukuna nu geus medal
jeung karya tarjamahan.
Profesor Yudis memang rajin nulis
jeung nalungtik ngeunaan Baduy. Geus
aya kana 30-40 taun saurna pulanganting
ka wewengkon Gunung
Kendeng nyukcruk galur mapay laratan
nalungtik kahirupan urang Kanekes.
Hasil tulisanna diantarana wae “Orang
Baduy” . Bangi: Penerbit Universiti Kebangsaan Malaysia (UKM, 1987),
“Tangtu Telu Jaro tujuh Kajian Struktural Masyarakat Baduy di Banten Selatan Jawa Barat Indonesia” (Tesis
Ph.D Universiti Kebangsaan Malaysia
1988), jeung anu mangrupa tarjamahan “Orang Baduy Dari Banten” tarjamahan tina “De Badoej’s yasana Dr.
Jul Jacobs 1891 jeung “Sapuluh Pantun
Baduy” tulisan Meijer, jeung “Orang
Baduy dan Muslim di Lebak Parahyangan, Banten Selatan” (tarjamahan tina
disertasi N.J.C. Geise 1952). Tah saur
Prof. Yudis tina buku nu ngamuat
kahirupan urang Baduy dina tilu jaman
eta, taun 1891 Etnografi urang Baduyna
dokter Walanda Jul Jacob, terus taun
1952 disertasi Geise nu ngabandingkeun parobahan urang Baduy nu
dekeut jeung pakampungan masarakat
Islam, jeung disertasi anjeunna dina
taun 1988 nu ngaformulasikeun deui
sistem budaya, sisitem kapamingpinan
salaku sistem agama saperti kaayaan di
Bali kiwari, “Ku tilu buku eta, bakal
tiasa dianalisa yen Baduy kiwari
sakedik-sakedik parantos robih”, Kitu
Urang Baduy Jero rek seba ka bapa gede
6
Manglé 2452
8. saurna.
Padahal, saur Pa Yudis lamun urang
hayang nyaho kana tatacara kahirupan
urang Sunda dina jaman pra(saacan)
Pajajaran nepi ka sabudeureun runtagna Karajaan Pajajaran (1579) bisa ditingali tina tatacara kahirupan urang
Baduy ayeuna. Baduy estu mangrupa
sempalan sajarah Jawa Barat dina
mangsa samemeh islam; di jerona aya
kahirupan karuhun urang baheula,
jeung ngandung unsur edukatif
ngeunaan parobahan basa Sunda
mangabad-abad lilana.Basa Baduy bisa
danggap basa nu baheula digunakeun
di karajaan pajajaran jeung di Kapuloan Sunda, sabab basana beda jeung nu
digunakeun di wewengkon Banten
lianna.
Urang Baduy Saba Kota
Urang Baduy saur Pa Yudis memang dianggap ngamilik karakteristik
sosial budaya saperti halna kahirupan
dina komunitas Sunda Lana, sistem
sosial nu geus teu nyampak dina
komunitas Sunda kiwari lianna di Jawa
Barat jeung Banten. Taun 1891 urang
Baduy dumuk di 9 kampung (3
“tangtu”, 1 “panamping”, jeung 7 “dangka”), taun 1929 jadi 17 kampung; taun
1952 jumlah kampong 34;taun 1986
jadi 43 kampung; jeung taun 2000 kacatet 34 kampung (3 Tangtu, 47
Panamping, jeung 3 Dangka). Lega
Kanekes 5.101,85 hektar. Taun 1988
jumlah urang Baduy kacatet aya 291
urang nu cicing di 10 kampung, taun
1899 jumlahna 1.407 urang di 26 kampung. Tina sensus taun 1930 dilaporkeun aya dua versi jumlah
pamukim, nyaeta taun 1908 jumlahna
1.547 urang jeung taun 1928 1.521
urang. Lamun dina taun 1966 sakabeh
pangeusi kacamatan Leuwi Damar
lobana 22.882 urang, hartina jumlah
Urang Baduy aya 3.935 urang, taun
1980jumlahna 4.057 urang, jeung taun
1983 4.574 urang, jeung nurutkeun
catetan taun 2000 pangeusi Kanekes
kira-kira aya ka 8 rebu urang.
Teuing pedah ku geus lobana pamukim atawa ku remenna pagilinggisik
jeung semah-semah nu datang ka
Kanekes, Baduy kiwari memang geus
kasilih ku modernisasi, Urang Baduy
kiwari memang geus rada “ngota”
malah loba nu nyaba atawa kasab ka
kota. Tapi nu kacatet ku Mangle nu
daratang
ka Bandung mah
kalolobaanana urang Baduy Luar
Manglé 2452
(Panamping), da urang “Kajeroan/Baduy
Jero
(Cikeusik,
Cibeo,
Cikartawana) “Cadu/Buyut pantrang
numpak kandaraan, paling sok kapanggih arulin/ nyiar kaen laleumpang ka
Tanah Abang Batawi. Urang Panamping mah memang tungtutan adatna
geus logor. Komo di wewengkon Dangka
(Baduy
pangluarna)
mah,
kahirupanna geus meh sarua jeung
masarakat di saluareun Kanekes, geus
modern.
Tah kumaha carana ngabedakeun
urang Kanekes/Baduy Jero jeung
Baduy Luar lamun urang kabeneran
panggih di jalan? Gampang. Diantarana bisa dibedakeun tina rupa
papakeanana. Kostum urang Kanekes
ngawengku iket, baju jeung sarung.
Tah iket urang Baduy Jero mah kelirna
bodas sok disebut “telekung”, “romal”
atawa “iket”, ari iket urang Panamping/Baduy Luar mah disebut
“merong” nu motif batik kelir bulao
kolot(tarum/nila), ngan kiwari mah
kaenna memang geus nguyang ti tanah
Abang jeung
aya nu dibatik di
wewengkon Jawa Wetan. Baju urang
Kajeroan kelirna bodas, teu make kerah
sumawonna kancing, malah nu asli
mah teu dikaput-kaput acan, bahana ge
tina ramat/serat kulit tangkal pelah
atawana tina kaen balacu, disebutna
“kutung”, tah baduy Luar mah make
“jamang kampret” nu kiwari geus loba
dipake ku barudak ngora ti komunitas
kasundaan di Bandung, di Baduy mah
dipakena dua lapis di jerona bodas di
luarna jamang hideung (ilik pakean
silat mandarin Jacky Chan), ngan kiwari mah geus loba nu make jamang
kampret salapis hideung wungkul. Ari
sarung nu sok dipake ku urang
Tangtu/Baduy Jero dijieunna tina tinunan “kanteh” atawa benang heuras, kelirna bodas gagarisan bulao kolot (meh
jiga lurik) disebutna “aros”, ari cara
makena dibeulitkeun kana cangkeng
kawas sarung biasa ngan semet tuur,
pamageuhna ditalian ku beubeur tina
kaen. Ari sarung Panamping mah
disebutna “poleng hideung”. Sakabehna buatan sorangan.
Pakean wanojana, lamun urang
Tangtu sok make “kemben” keur
ngabunian awak bagean luhur (ilik
wanoja Bali lamun keur upacara di
Candi) jeung “lunas” (samping kebat)”
keur nutupan ka handapna, duanana
dijieunna tina benang kanteh/ramat
kulit pelah, meunang ninun sorangan.
Ari wanoja Kanekes Luar mah make
kabaya bulao ngora jeung samping
bulao kolot nu disebut “kacang herang”
buatan sorangan, tapi lamun keur upacara sok make kabaya bodas jeung
make samping nu sarua.Aya deui nu
sok disebut “lamak suat” nu pungsina
aya keur upacara (kelir bodas) jeung
keur ngais budak rupana jiga karembong
warna-warni
atawa meh
sakarupa “ulos’ batak, alus nakeur asli
meunang ninun sorangan. Cag. ***
ASEP GP. Potret:Asep GP jeung
dok Yudistira K Garna:
Pa Yudis dibabarkeun di Ciamis Jawa Barat, riwayat atikanana kugsi diajar Sinologi di Universitas Indonesia apingan Dr. TjanTjoe Som. Taun 1961
asup ka Jurusan Antropologi-Budaya Unpad diapin ku Prof. Harsoyo. Taun
1972-73 jadi pamilon “Social Sciences Research Methods Applied to Health
Educatio” nu diayakeun ku WHO di Mahidol University Thailand. Taun 1977
ngiringan “Post-graduate” Studies in Sociology di Natinal University of
Singapore. Taun 1982-83 ngirigan PATA “cultural heritage conservation
training seminar” di East-West Centre, University of Hawai .Dina taun 1988
ngaraeh gelar Doktor Filsafat (Ph.D) Antropologi jeung Sosiologi di National
University of Malaysia (UKM, Universitas Kebangsaan Malaysia) diaping
ku Prof. Hood Salleh, BA, Dipl.Soc. Anth,B.Litt,D.Phi (Oxon).
Ti mimiti taun1961 ngawulang di Unpad jeung di sababaraha lembaga
atikan ABRI: Seskoad (1975-1995); Sespim Polri (1980), sarta Seskoau.
PaYudis kasinugrahaan 6 bentang jasa dina widang atikan luhur sareng
atikan militer. Ti taun 1988 ngawulang di Program Pascasarjana Unpad,
UPI, Airlangga jeung universitas sanesna.Ti taun 1999 jadi anggota Dewan
Riset Nasional (DRN), Taun 2007 ngaraeh panghargaan Pengabdian Pendidikan Tinggi (Anugerah Sewaka Winayaroha) di Ditjen Pendidikan Tinggi,
Diknas, R.I.
7
9. Tujuan nagara keur ngaraharjakeun wargana. Hartina, butuh
pamingpin nu jinek léngkahna, sarta
wani ngayonan musuh nu nyangsarakeun rahayatna.
***
S
aabreg calon presiden nu patingpedengkreng, can nyugemakeun
sakumna pihak. Loba kénéh nu
kotéténgan néangan calon séjén kalayan
rupa-rupa cara. Aya nu ngaliwatan
déklarasi, aya ogé nu konvensi. Nu disebut pandeuri mah, haneut kénéh naker,
saperti Konvensi Rakyat, nu diluluguan
ku Sholahudin Wahid (Gus Solah).
“Tujuanana, néangan pamingpin nu
panghadéna, “ceuk Gus Solah.
Lobana pamingpin nu nguciwakeun
rahayat, mawa mamala. Antukna,
masarakat gé loba nu teu percaya ka
calon-calon pamingpinna. Buktina, nu
Prof. Asep Kartiwa, Guru Besar Fisip Unpad
Milih Pamingpin
Wani Ngayonan Musuh Nyamuni
boga hak pilih tapi teu ngagunakeun
hakna, ti pemilu ka pemilu téh terus
ningkat. Najan, teu kabéh pamingpin
boga talajak goréng, bisa waé
disakompétdaunkeun. Malah, bisa waé
ninggang kana paribasa, angeun
sapariuk karagragan tai beurit, bakal
geuleuh kabéh. Komo deui mun tai beurit patengah jeung angeun téa!
Kagiatan nu dijejeran ku Gus Solah
saparakanca, mémang di luar partéy
pulitik. Atuh, pamilon konvensi gé bisa
ti rupa-rupa kasang tukang. Cindekna,
sasaha gé bisa miluan. Nu kabiruyungan ku milik, kapilih tina éta pakalangan, engkéna ditawarkeun ka partéy
pulitik. Da, mémang tata cara milih
pamingpin nasional di urang mah kitu.
Kakuatan ékonomi deungeun bisa jadi musuh nu nyamuni
8
Manglé 2452
10. Konvensi Rakyat, cara séjén geusan néangan calon pamingpin
Méméh capres jeung wawakilna dipilih
langsung ku rahayat téh, angger wé
ngaliwatan kandaran parpol heula.
Balukar Kateug
Pilihan umum, pakalangan keur
calon pamingpin. Saha waé bisa milih
jeung
dipilih
asal
nyumponan
pasaratan. Ngan, upama loba pihak nu
teu sugema ku jenglengan pipamingpineun kiwari, mémang, lantaran kapamingpinan
di
urang
teu
ditataharkeun ti anggalna. “Munculna
calon pamingpin gé henteu dibentuk
atanapi henteu dikader kalayan daria ku
parapamingpin saméméhna,” ceuk Prof.
Dr. H. Asep Kartiwa, Drs. SH., M.S.,
Guru Besar Fakultas Ilmu Sosial dan
Ilmu Politik (Fisip) Universitas
Padjadjaran, Bandung.
Nu milu kana éta Konvensi Rakyat,
ceuk tilikan Prof. Asep mah, moal loba
‘beungeut-beungeut anyar’. Hartina,
bakal éta-éta kénéh, nu ceuk kekecapan
urang Batawi mah L-4 téa, lho lagi, lho
lagi! “Margi regenerasi kapamingpinan
nasional kateug, tangtos wé baris
kakirangan pamingpin anu leres-leres
napak dina haté rahayat,” ceuk Prof.
Asep.
Hengkerna regenerasi kapamingpinan, lian ti lantaran teu ditataharkeun
ku para pamingpin saheulaeunana, ogé
balukar lunturna rasa hormat masarakat
ka pamingpinna. Kituna téh, balukar
talajak parapamingpin téa, nu ceuk tilikan rahayat mah ngan saukur keur
kapentingan pribadi atawa golonganana.
Cindekna, pamingpin ayeuna loba nu
nguciwakeun masarakat!
“Dina kaayaan kitu, ti kalangan nu
Manglé 2452
biasa aya di luareun kapamingpinan
mah, moal seueur nu gaduh karep hoyong janten pamingpin,” ceuk ieu Dekan
Fisip Unpad téh.
Leupas tina pasualan kateugna
regenerasi kapamingpinan, masarakat
mémang butuh pamingpin. Ngan, ceuk
Prof. Asep Kartiwa mah, pihak-pihak nu
ngasongkeun calon pamingpin gé kudu
bener-bener
demi
kamaslahatan
bangsa, lain demi partéyna.
Kurangna nu boga karep jadi
pamingpin nasional, ahirna mah nu
patingpucunghul téh ti kalangan partéy
pulitik. Balukarna, nu diosol-osol atawa
nu ‘ditabeuh’ keur pipamingpineun téh
ti masing-masing partéyna téa. Padahal,
masarakat gé loba nu geus teu pati percaya ka partéy pulitik téh. Dina kaayaan
kitu, teu sing anéh upama, aya pihakpihak séjén nu mikahayang calon
pamingpin nu torojolanana lain ti partéy
pulitik.
Dina alam kiwari, ceuk ieu Ketua
Dewan Pakar IAPA (Indonesian
Association for Public Administration)
téh butuh pamingpin anu masagi. Lebér
wawanén jembar wawasan sarta mampuh ngalarapkeun kamampuhanana
keur kapentingan rahayat sakumna.
Lantaran,
pancén nagara geusan
ngaraharjakeun masarakatna, bakal
gumantung ka para pamingpinna.
Nilik kana poténsi nu nyampak,
nagri urang téh teu kurang-kurang
pimajueunana mah. Ngan, cenah, butuh
tarékah jinek dina ngokolakeun sagala
sumber daya, boh alamna boh ajén
masarakatna. Salah sahijina, nu tumali
jeung kabeungharan laut. Tah, ceuk
Prof. Asep mah, panalinga kana kaayaan
sagara gé kurang pisan. Padahal, ti baheula mula bangsa urang téh katelah
bangsa palaut!
Nilik kana poténsi laut, dina
ngawangun gé samistina teu mopohokeun kabeungharan jeung mangpaatna
laut. Carana, ngawangun palabuhanpalabuhan saloba-lobana di saban pulo.
Lain ukur ulukutek ngawangun sarana
jeung prasarana di darat. Kitu ceuk ieu
Guru Besar Universitas Padjadjaran nu
remen ngalanglang Nusantara téh.
Kamampuhan ngokolakeun hasil
laut sarta ngamangpaatkeunana geusan
karaharjaan masarakat, lain pamohalan. Lantaran, sumber daya manusana
mah teu kurang-kurang. “Kari prakna!
Ngan, ahirna bakal gumantung kana
kawijakan para pamingpin di urang,”
pokna tandes naker.
Pentingna matéahkeun laut, lian ti
keur kapentingan ékonomi ogé keur
kakuatan kadaulatan bangsa katut nagara. Neueul kana kakuatan sorangan,
kacida pentingna dina jaman kiwari
mah. Lantaran, masing-masing nagara
gé hayang punjul. Atuh balukarna, nagara-nagara nu leuwih kuat satékah
polah bakal ngalemahkeun nagara
séjénna. Indonésia nu lega jeung
padumukna nu loba, jadi inceran bangsa
deungeun.
Nagri urang, ceuk H. Asep Kartiwa,
jadi pasar nu pikabitaeun batur. Atuh,
pihak deungeun gé bakal satékah polah
sangkan bangsa urang jadi pasar.
“Hengkerna urang gé bisa jadi, mémang
pihak deungeun mikahayang nagara
urang téh tetep lemah,” ceuk ieu pakar
ilmu hukum jeung politik téh.
Kakuatan politik jeung ékonomi hiji
bangsa bisa mangaruhan bangsa
séjénna. Ilaharna, nu kuat bisa
ngarugikeun nagri nu leuwih lemah.
Ngan tangtu, cenah, kakuatan politik
jeung ékonomi mah bisa nyamuni, bisa
teu témbrés ayana, tapi bakal écés
balukarna. Ngayonanana gé kudu
babarengan sakumna pihak, ngaliwatan
kakuatan bangsa, ngandelan rasa
nasionalisme! Kitu ceuk Prof. Asep Kartiwa mah.
Carana? Jinek, kudu ngutamakeun
kamandirian bangsa. Metakeun poténsi,
boh tatanén, boh laut, keur kapentingan
masarakat. Wani nolak pangaruh asing
nu bener-bener ngarugikeun bangsa
sorangan. “Nu teu éléh pentingna,
urang kedah sadar kana ayana musuh
nu misti diayonan babarengan, najan
bisa jadi, musuh urang téh teu nembrak,” pokna. ***
(Ensa/Rudi)
9
11. Bagian
183
Peuting ka-214
Syahrazad neruskeun
dongéngna. Masih kénéh
nyaritakeun paripolah
manuk nu kasaksén ku
Komarujaman.
Réngsé ngubur
baturna, manuk nu dua
téh hiber ka luhur. Ngajerit ngaluarkeun sora nu
matak reuwas manukmanuk sejenna. Beuki
lila, éta manuk téh hiber
beuki luhur, ngumbul
nepi ka lesna teu
katempo.
Komarujaman, masih
can ingkah ti dinya.
Angkanana gé rék
reureuh heula, nungguan
tarangna teu nyanyautan
teuing. Reup manéhna
meureumkeun panonna.
Ngan, kakara gé rék
ngalenyap, kaburu
kageuingkeun ku sora nu
ngagepluk hareupeunana, dituturkeun ku sora
manuk récét.
Breh Komarujaman
10
beunta, tembong bangké
manuk nu taksiran,
kakara pisan
dipuragkeun ku dua
manuk téa. Pas muragna
téh gigireun kuburan
manuk nu cikénéh diruang ku maranéhna.
Taksiran, dua manuk
téh can sugema ku geus
maéhan lawanna. Da,
najan éta manuk geus
jadi bangké, haben wé dipacokan dicakaran nepi
ka bangké manuk téh
rangsak. Geus kitu, geleber wéh dua manuk téh
ingkah ti dinya.
Komarujaman
panasaran, terus
ngadeukeutan bangké
manuk nu geus ancur.
Bet bréh tembong celakcelak cahaya moncorong
tina telih bangke manuk.
Sanggeus dideukeutan,
bréh weh, horéng nu
herang téh permata
bogana Putri Budur nu
dipacok manuk téa.
Top éta permata di-
cokot. Dibulen ku lamak
meunang nyoekkeun tina
baju nu dipakéna. Geus
kitu mah disakuan
kalayan haté nu bungangang. Muji sukur ka
Pangeran, teu dinyana
kaparengkeun manggihan deui permata nu
ceuk pikirna hamo bisa
kapanggih deui.
Komarujaman jung
nangtung, ngaléos ti éta
tempat. Maksudna, muru
panginepanana.
“Ki!” pokna
ngageroan aki-aki.
Taya nu nembalan, da
mémang taya sasaha.
Aki-aki nu indit ti isuk
jedur téh, tacan balik
kénéh waé. Ngan, teu
ieuh matak hariwang,
sakapeung mah, da kitu
si aki téh, mun indit-inditan tara cukup ku sapoé.
Komarujaman
ngagoloyoh kana
pangsaréanana. Taksiran,
bakating ku capé, reup
wéh peureum. Subuhsubuh kakara lilir terus
kacai. Karasana seger,
tarangna deuih geus teu
karasa nyeri.
Saperti biasa,
Komarujaman gé
ngalaksanakeun pagawéan nu biasa. Nyacar
jujukutan nutuhan dahan
nu geus bobo, ogé nyeboran tatangkalan nu kudu
dicebor. Matak, sanggeus
meleték panon poé,
manéhna saged mawa
bedog jeung kampak.
Nu ditujuna, kebon nu
bala kénéh kacida.
Kakara harita manéhna
anjog ka lebah dinya
mah. Barang bréh nempo
tangkal nu kacida
gedéna, manéhna
ngarandeg. Angkanana,
rek nyacar rerembetanana nu minuhan éta
tatangkalan. Ngan,
kakara gé nyabetan
reremetan, bréh
katempo, di bagian
tangkal nu panghandapna, deukeut tunggulna,
siga-siga aya panto! Mémang, moal gampang
katempo da nu wangunna kawas panto téh
nyamuni naker. Warnana, sarimbag deuih jeung
kulit kai!
Komarujaman
Manglé 2452
12. ngadeukeutan éta
tangkal, leungeunna
nyurung-nyurung bagian
nu kawas panto téa.
Enya wé oyag. Hartina,
éta mah misah tina
tangkala gedé téa.
Barang disurungkeun,
bray wéh muka. Barang
ditempo, écés, aya
lawang ka handap, tembong sababaraha hambalan nu muru ka jero
taneuh.
Komarujaman teu
bisa nahan ka
panasaranana. Manéhna,
blus wéh ka éta lawang,
terus turun nuturkeun
tangga nu ka handap.
Teu lila, da ukur
sababaraha hambal,
manéhna anjog ka rohangan ngablag . Di dinya
aya rohangan. Nu leuwih
kagét, horéng éta rohangan éndah naker nu
mun diukur ku harega
duit mah, bakal kacida
mahalna!
Komarujaman guragiru ka luhur deui. Rék
neruskeun baranggawé
gé pugag lantaran
hayang buru-buru
tepung jeung aki-aki téa.
Maksudna, rék
mopoyankeun sagala
rupa nu kaalamana,
pangpangna mah nu
cikénéh kapanggih,
rohangan nu ayana di
jero taneuh téa.
Bada duhur, aki-aki
téh nguruyung. Paromanan marahmay bangun manggih nu
pikabungaheuan. Teu
ngadagoan ditanya, akiaki téh, pok wéh
cacarita. Cenah, pangna
lila di panyabaan téh,
lantaran kabeneran
ningali kapal nu ngajugrug di darmaga. Terus
tatanya, horéng éta kapal
téh kakara sababaraha
poé cunduk ka dinya,
terus nurun-nururkeun
Manglé 2452
barang ti sabrang lautan
nu diangkut ka éta tempat. Satuluyna, méméh
miang deui, kapal gé
baris mawa dagangan
keur ka nagri séjén. Nu
matak bungah, ceuk akiaki téh, tétéla, éta kapal
téh bakal ngajugjug
nagri-nagri Muslim.
“Hartina, hidep téh
bakal bisa neruskeun
lalampahan ka tempat
nu dituju,” ceuk aki-aki.
“Nya, hatur nuhun
atuh, Ki!”
“Tapi, teu kudu gurungusuh, da aya kénéh
waktu keur sasadiaan
heula. Piinditeun éta
kapal, moal kurang ti lilu
poé deui!” ceuk aki-aki
nambahkeun.
Komarujaman
ngadeukeutan éta akiaki. Méméh nyariita,
ngarawu leungeun éta
kolot, terus dicium bangun hormat naker.
“Aya pisaureun
puguh gé!”
“Naon téa?”
Pok Komarujaman
nyaritakeun papangihanana. Cenah, basa
manéhna ka kebon, terus
anjog ka dukeut hiji
tangkal nu kacida
gedéna, manéhna meresihan rerembetan nu
ngareumpeukan éta
tangkal. Horéng, teu
dinyana, bét manggihan
panto nu brasna ka handap. Cindékna, sagala
papanggihanan téh di-
caritakeun sacéréwéléna.
“Leuh, bagja temen,
anaking!” Tangtu éta téh
panyimpenan harta nu
kacida gedé pangajina,”
ceuk aki-aki.
Saterusna, aki-aki
cacarita. Cenah, mudahmudahan éta téh jalan
kahadéan keur Komarujaman. Tanda-tandana
mah, memang kitu.
Apan dirina mah puluhan taun miara jeung
ngaprak éta kebon, teu
kungsi manggihan tempat nu kawas kitu. Ari
éta nonoman, kakara
bubulanan ayana di
dinya, geus papanggihan nu kacida gedé
haregana. ***
( Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 21 }
D
ina keur meujeuhna
Sari kulapengan, teu
puguh rasa, teu
puguh cabak, réa kasieun,
réa karempan –bongan boga
dosa— jol Belem ngadon
ngendong. Haté Sari ngemplong meueusan, asa boga
geusan pakumaha. Keur
karusut ogé ngahégar-hégar
manéh.
Teu catur mimitina
muka carita, tapi caturkeun
Agan Sariningrat maksa
nyedek, ngadesek, ngadongsok ka Belem, hayang
dibawa minggat, disingkahkeun ti Bandung. Teu diambat-ambat bab nitah
ngaracun Nyi Rapiah ku Si
Abdullah mah. Nu diasongkeun téh geus teu kuat
nuturkeun salaki duméh dicandung, rék ménta pegat
teu kaduga, sieun ku kolot.
Ari ku maru geus teu
kawawa jeung ka Anom geus
cacap bogoh.
Belem, ari didongsok kitu mah teu wudu bingung, pikirna téh
mandeg-mayong, aya wani,
aya henteu. Da tadina gé
henteu aya karep arék
tutuluyan mihukum, ngan
12
sakadar pelesir ngarah
saulas-saolés baé. Minangka
nambul daging sakeureut,
lain rék ngingu munding
sahiji. Ménta témpo heula
cenah, rék mikir jeung bisi
perlu sasadiaan. Masing
pikirna acan gilig ogé, ari
ajaman mah geus aya, mun
minggat téh arék ka Batawi,
ambéh rada hésé kapanggihna, jaba ti dayeuhna ramé
téh lalakonna gé tarahal,
opat peuting tumpak kaharbalon.
Isukna Belem nepungan
Luih jeung babaturanana,
ménta timbangan. Ceuk
Luih jeung babaturanana,
mending dibawa minggat,
perkara mah kumaha engké,
da Hoffmeyer téh beunghar,
kaduga mayar adpokat.
Péndékna, seuneu keur hurung, dibegbregan injuk,
atuh Belem téh giak. Léos
balik ka Lémbang, sasadiaan, ka bapana bébéja hayang
ulin ka Batawi bari nguruskeun kopi di gudang di ditu,
cenah, diajar nambahan
kanyaho, aras-urus di
Batawi, sabulan mah.
Hoffmeyer atoh duméh
anakna ngadadak koloteun,
bisi pikiranana kaburu robah
deui, geuwat baé disanggupan, dibahanan duitna gé
sarébu rupiah, jaba suratsurat pikeun ka nu perlu didatangan. Teu nyahoeun
Hoffmeyer téh, yén ku peta
kitu ka anakna téh saenyana
asup kana paribasa: nu burung diangklungan, nu édan
dikendangan. Éstuning
hadé-sangka pisan Si Bapa
téh.
Sajungna Belem ti imah
Sari, jol Lilis, biasa téa baé
ngadon ngagosok ngagonggorokan. Ngadéngé Sari teu
kawawa ku salaki téh –ka
Lilis ngomong kitu téh sasat
unggal papanggih—ku Lilis
sakumaha bisa digosok, sina
tambah panas, kahuruan.
Pokna: “Sanggem Euceu
gé kanggo naon pameget
sapertos Aom lami-lami
dikawulaan. Upami Euceu
mah ti kapungkur gé parantos ngencrud nuturkeun nu
béla, nu nyaaheun meungpeung anom kénéh. Salaki
purah nganyenyeri mah
kedah ditokér, bari ditonggéngan. Tuman!”
Sari: “Kumaha upami
jadi “perkawis”?”
Lilis: “Ah éta mah urusan
pameget, sanés tanggelan
urang. Nu dituturkeunana
atuh kedah anu leres-leres
béla-pati, ulah nu mambrih
saolés.”
Sari: “Orokaya panginten
jadi guyur, heug urang katotol awon.”
Lilis: “Asal urang luas,
ulah satengah haté. Dina
gujrudna, urang nu sohor,
tandaning pajeng dugi ka
jadi rebutan pameget. Cenah
katotol awon? Lah, émutan
Euceu mah ari parantos
kantenan aya nu baris
nyanggap mah, badé awon
badé saé, deungeun mah
paduli teuing!”
Sari: “Kitu gé, ceuk,
matak teu diangken ku
sepuh sareng para wargi.”
Lilis: “Sabot bendu, tiasa
jadi ka urang téh miceun!
Nanging nu bendu téh apan
aya lelerna. Parantos lémpés
mah tangtos saé deui. Malah
upami urang tos lémpés mah
tangtos saé deui. Malah
upami urang sareng anu
nyanggap téa katingal
senang tur mahmur mah,
wah ... baraya nu magar
ngéwa téh rabul hayang
diaku.”
Cindekna, iman Sari anu
ngan kari sabakatul hiber
téh, ku sétan-gogoda mangrupa Lilis mah lésang ditiup
kabéh. Haténa beuki gilig,
geus teu rék ngarérét ka sisi
ka gigir, jangji ngabéngbéos
Manglé 2452
14. dicicir ka Batawi, rusuhribut kuma mangké. Kitu
puguh pikiran jalma nu keur
kausap sétan mah, picilakaeun pidorakaeun téh asa
jalan anu cepet lempeng
pisan, geus teu katémbong
jurangna jeung gurawésna.
Lamun seug Usman keur
teu dibéréan poék haté jeung
pareum pangdeuleu mah,
saenyana kudu awas, yén
pamajikan sadua-dua téh
ramijud kabéh, nu kolot
ngaco, nu ngora sasar. Ari
kituna téh sasat dititah
atawa dijurung ku Usman
pribadi, dibaréré lantaran
teu bener, bongan salah
pihuntuanana tadina. Da
upama pamajikan benerbener dijieun tempat majik
mah, ulah ngan ukur purah
ngalaan tulak panto ari balik
nganclong, piraku teu suhud.
Ari ieu awéwé ngarora keur
meujeuhna mangkak mekar
jadi papaés jagat, ngan ukur
diparaké parabot panglacuran napsu, mangkaning di
Bandung harita, ririwa
gogoda modél Nyi Dampi téh
lain saurang, pademit-demit
papelit-pelit néangan
mamangsanna. Ninggang di
awéwéna héngkér, lalakina
balangah, wah, lapur, galagat
nyatu lauk haram unggal
poé.
Ari pamajikan atawa
awéwé téa, ceuk para alim gé
héséning-gampang,
perbawana mahala-mahayu.
Héséna ana urang geus
pasalingsingan pikir pasalia
paham, itu ngalér urang
ngidul, urang teu ngarti ieu
teu iheung, kajadianana:
lamun teu papalingpang
tangtu bantrok. Imah-imah
sarupa kitu, jadi gambaran
siksaan lahir-batin, moal
dunyana moal ahératna
karasa ngeunahna. Ana rajeun karep urang
dideukeutkeun kana kahayang itu atawa pamajikan
nyoba-nyoba ngadeukeutan
pikiran urang, sok rajeun
cara cepuk salah turub, mun
teu logor, goblah. Tah lebah
dinya mah laki-rabi téh teu
Manglé 2452
surup ka kupuna, teu parok
ka répokna sasatna mah silih
ganggu silih siksa, najan teu
dihaja diniatan ogé. Jodo
sarupa kieu dituluykeun gé
awét rajét, dipanjangkeun gé
pageuh eunyeuh; najan gedé
duriat, tapi gedé masiat.
Ari gampangna, ana geus
sauyunan, sahaté sahaluan,
sakanyeri-sakapeurih, sapapait-samamanis, sabagjasacilaka. Jodo nu sarupa
kieu, sanajan careking titistulis ditakdirkeun hirup
kokoro nyoso malarat rosa,
moal matak rubuh panyuh,
moal matak pecat iman.
Najan diparengkeun
sangsara, moal asa naraka,
sumawonna lamun diparengkeun hadé milik gedé
darajat mah, éstuning cacap
hatam kabagjaan laki-rabi.
Ari disebut mahala-mahayu sabab pamajikan téh
perbawana aya nu jadi
paneunggeul, tapi aya ogé nu
jadi pangdeudeul. Teu saeutik lalaki nu béjad rungkad
lantaran ti pamajikan, cara
Ujang Kusén, upamana,
sabab Nyi Rapiah mangrupa
paneunggeul. Sabalikna, teu
saeutik lalaki nu ngambul
mumbul perbawa pamjikan,
sabab Si Bojo téh ngajadi
pangdeudeul. Salaki téh
sasatna mah ditanggeuy sina
jejeg-ajeg.
Tapi ari ninggang di Aom
Usman mah pamajikan rék
jadi paneunggeul rék jadi
gegendir gé meujeuhna baé,
da dijieun ku sorangan.
Jaradina nu kitu téh ari
poko-pokona mah nya ti
Usman kénéh. Masing
alesanana diputar-puter
dibulak-balik gé nyokona
mah angger di dinya ieu:
“Usman careraman ku Nyi
Rapiah; kajurung ku napsu
jeung kuangkeuhan ieu aing
ménak, moal enya aya nu
wani, Nyi Rapiah dibedol ti
salakina. Ari geus beunang,
bet sina lambak-lumbuk siga
bubututan, teu ngarampa
kanyerian haté batur abongabong ka cacah!”
Ari kangaranan nyeri téa,
sumawonna jelema dalah
sato ogé moal aya nu
daékkeun. Lamun jelema nu
meunang kanyeri téa
nyaring pikirna, hurip atina,
heug dibéréan karep males
atawa mulangkeun kanyeri,
balukarna sok matak répot
nu nandangan pamales. Ari
peta anu males téa, rajeun
“majar maké renten.” Ninggang nu dibalesna balangah
atawa héngkér, moal teu
nombro enyaan alahbatan
dagang sapat modal, korédas
katut tunggul kurasna.
Pait-peuheurna pamales
Nyi Rapiah ku Usman, tatas
rantas parat ka Sariningrat,
ku maru asa disundut, ku
salaki asa digerih; panas ti
Nyi Rapiah, peurih ti salaki.
Ninggang di nu teu lega ambahan atawa heureut jeujeuh
cara Sari, mulangkeun kanyeri téh sagabrug-gabrugna, komo bari jeung aya iblis
mangrupa Lilis mah.
Paripolah Usman anu
tadina luhur pamakanan téh
malindes ka awakna pribadi;
ku Rapiah dibantahan ku
Gan Sari dibintihan. Bongan
ngahahangu papada
manusa!
Lamun seug dirarasakeun, sihoréng
sanisakara anu tumiba ka
diri urang téh, hasil panggawé urang kénéh. Boh nu
awal, boh nu ahir, boh nu
karasa, boh nu teu karasa.
Dina Usman giliran balik
ka Agan Sariningrat, bubuden Agan geus teu cakueum
teuing, paromanna jaba ti
pias sepa balas kurang saré
mah, dipaksa dibéar-béar,
malar, Usman teu boga
sangka yén rék dipangminggatkeun.
Lantaran nénjo roman
pamajikan marahmay, Aom
ogé haténa teu juwet teuing,
malah pok nyaritakeun bab
dipangloh ku patih, di dituna
mah ménta paneger haté ti
pamajikan, sugan aya bongbolongan.
Ari Sari dibéjaan kitu téh
kalah murengked, eukeur
mah réa kasieun, heug
dibéré ilapat yén salaki bakal
jadi calon sakitan; hing
ceurik. Kaharti ku Usman
ceurik mangwatirkeun
manéhna, disangka nyeungceurikan salaki anu keur
tunggara, pohara atoheunana.
Ceuk Usman: “Parantos
agan entong nangis. Dina
seuhseuhanana mah piraku
Mama sareng Abah Jaksa gé
tega ka urang.”
Dasar Usman keur
pareum pangdeuleu,
tikoséwad rasa!*** (hanca)
13
15. Mémérés Ahlak,
Perlu Tuladan Pamingpin
Ku Abdul Kholik
D
ina sesebutan alam kiwari
mah, hirup téh kudu hadé
gogog, hadé tagog. Ceuk éta
babasan téh, manusa mah kudu hadé
pokna alus sikepna. Hartosna istiqomah téa. Salilana panceg dina kahadéan, kalayan sieun nincak dina
kamungkaran, éstuning jiwa raga
bakal kajaga nu polah hadé.
Upama loba nu ngarasa hariwang
tur hareudang ningal pajamanan kiwari, lantaran teu mampuh nahan
balukar informasi, geus sidik kituna
téh lantaran loba nu teu mampuh
ngabebenah ahlak. Padahal, mémérés
ahlak téh, peryogi panalinga sareng
tanggungjawab sadayana. Henteu
cukup ku jalur atikan formal wungkul.
Ku kituna, generasi ngora, sanajan
ahlak téh ‘abstrak’, tapi kacindekan
ahlak tiasa dipahing ku polah nu tiasa
dicontoan. Salasahijina, nanjeurkeun
ahlak, kedah napak dina conto tuladan para tokoh jeung para pamingpin.
Harepan kitu téh, mémang karasa
ayana. Minangka conto dina urusan
pornografi. Balukar kurangna tuladan
ti nu jadi pamingpin, generasi ngora
bakal babari tigebrusna kana jurang
kama’siatan. Ku kituna, palebah dieu
peran agama kudu leuwih diperhatikeun. Islam ‘publik’ nu keur digedurkeun, tiasa jadi alternatif, yén sagala
amal pagawéan, muarana mah jadi
urusan agama.
Dina surat Ali-Imran ayat 14,
Allah Swt. nguningakeun : "Juyyina
linnasi hubbush shahawaati minannisaa’i wa baniina wal qonaatiiril
muqontoroti minaddahabi wal fiddoti
14
wal khaelil musawwamati wal an'ami
wal harsi, dzaalika mata'ul hayatid
dunya wallohu indahu husnul ma
aabi." (Geus dipapaéskeun jalmajalma téh micinta kasenangan napsu,
nyaéta awéwé, anak incu, emas-perak
anu lobana mangpikul-pikul, kuda
tunggang nu pinilih, sato ingoningon, sawah jeung kebon. Nya kitu
papaés dunya téh, tapi di Alloh mah
aya tempat mulang anu leuwih hadé).
Ku kituna, ti ayeuna urang pahing
deui, mata ulah ningali nu salah, létah
ulah salah nu dirasakeun, irung ulah
salah ambeu, sungut ulah barang
carék, kitu deui leungeun ulah barang
cokot. Ieu papatah nu sagemlengna
umajak kana amar ma'ruf nahyi
mungkar.
Tilu Sikep
-Ngawangun Ahlak Mulya
Dawuhan Allah Swt. : Hudil afwa
wa’mur bil ‘urfi wa ’a rid ‘anil jaahiliin.
“Geura hampura baé jeung geura arajak (maranéhna) kana ngalampahkeun anu ma’ruf, sarta geura
ngabalieur ti jalma-jalma anu barodo.
(QS. Al-A’raaf: 199)
Upami dibandungan deui ayat di
luhur, ieu katerangan éstuning luhur
ajénna. Malihan numutkeun Az-Zamaksyari sareng Ibnu Asyur mah,
ayat ieu kalebet kana kategori “Ajma’u
ayatin fi makarimil akhlak”. Ayat nu
paling sampurna pikeun ngawangun
ahlak anu mulya. Naon nu janten
margina? Margi ahlak nu tiasa katingal tur karaos pinuji téh tangtuna
kedah mampuh ngajalankeun tilu
perkara, sakumaha ditandeskeun
dina ayat di luhur tadi, nyaéta mampuh ngagaduhan sikep pikeun ngahampura
jalmi
nu
pernah
nyilakakeun ka urang. Gaduh sikep
istiqomah dina nanjeurkeun bebeneran, tur salawasna haté jeung ragana
ngabalieur atanapi ngajauhan sagala
perkara nu teu uni tur gedé
madorotna.
Numutkeun Imam Ar-Razi, ayat
di luhur ogé mangrupa intisari tina
manhaj (aturan) anu lempeng dina
urusan mu’amalah (aturan bisnis nu
seueur hubunganana sareng papada
manusa). Margi, jalmi nu cumpon tilu
kasanggupan tadi, dina dirina jelas
ngagaduhan ahlak anu jujur, istiqomah tur haténa mulya.
Kitu deui, Sayid Quthb dina tafsir
Fi Dzilalil Qur’an, nyaurkeun surat AlA’raaf ayat 199, minangka pépéling
sareng ‘taujih’ langsung ti Allah swt
pikeun Kangjeng Rasul Muhammad
saw sareng para sohabatna nalika
aranjeunna aya di Makkah keur
nyanghareupan
kaum
kafir
Jahiliyyah.
Sakumaha eusi ayat tadi, intisarina mah nyumpon kana tilu perkara.
Nu kahiji, ngahampura ka éta jalmi,
sok padahal jalmi éta pernah nyilakakeun urang. Sipat jembar manah
kanggo ngahampura disebat luhung
budi pekertina, margi teu sagawayah
jalmi nu mampuh ngahampura jalmi
nu pernah migawé dosa ka urang.
Beurat ngucapkeunana beurat nampina. Alatan kacida mulyana, Rosulullah SAW ogé kénging wartos ti Allah
SWT anu diunggelkeun dina surat Al-
Manglé 2452
16. Baqarah: 109. Nu eusina, Allah swt
maréntahkeun ka Nabi Muhammad
saw sangkan ngahampura kana jalmi
nu pernah ngalélécé tur ngabalieur
tina perjoangan da’wahna. Unina :
“Mangka hampura jeung antepkeun
maranéhna, nepi ka Allah ngadatangkeun paréntah-Na. Saéstuna
Allah Maha Kawasa kana sagala
perkara.”
Kitu deui dijelaskeun, kumaha
mulyana jalmi nu mampuh ngahampura jalmi nu pernah dolim. Dina
surat Ali Imran ayat 159, Allah Swt.
nguningakeun : “Ku (perbawa) rahmat ti Allah, manéh jadi leuleus jeujeur-liat tali ka maranéhna, cacakan
upama manéh goréng laku-lampah
jeung teuas haté mah, tanwandé
maranéhna baris paburisat nyalingkir
ti sakurilingeun manéh. Ku sabab éta,
pék hampura kasalahanana jeung
pangméntakeun hampura ka Allah
pikeun maranéhna, jeung maranéhna
geura ajak musawarah dina perkara
(kadunyaan), sarta lamun haté
manéh geus gilig, prak geura tawekal
ka Allah. Saenyana Allah micinta
jalma-jalma anu tawekal.”
Paréntah keur ngahampura batur,
numutkeun Ibnu ‘Asyur saupama
nyandak tina asal kecap basa “AlAfwu”, jelas kalebet kana lafad nu
bentukna “ta’riful jinsi”. Ngahampura
téh dihartoskeun mibada jiwa nu teu
aya kereteg hayang naur sikep nu teu
uni deui, teu aya rasa hayang nyilakakeun batur deui. Malahan dina haténa
aya kereteg pikeun ngadu’akeun ka
nu pernah nyilakakeun, sangkan
kénging jalan anu lempeng.
Tapi, paréntah ngahampura di
dieu henteu ogé mutlak kitu dina tiap
kaayaan. Saperti alatan jalmi migawé
kadoliman, nelasan, ngalanggar aturan jeung sajabana. Ieu mah tetep
kedah meunang ganjaran.
Kamulyaan jalmi nu daék ngahampura ogé, kantos dijelaskeun
sakumaha dina musnad Imam
Ahmad dari Uqbah bin Amir, yén Rosulullah saw kantos masihan wartos,
ngeunaan kamulyaan ahlak di dunya.
Rasulullah saw masihan pesen: “Prak
aranjeun masing ngahubungkeun tali
silaturahim jeung jalmi nu pernah rék
mutuskeun silaturahim, méré ka
jalmi nu salawasna sok ngahalangan
kahadéan pikeun anjeun, sarta kudu
ngahampura ka jalma nu pernah
nyilakakeun anjeun.”
Kadua, wa’mur bil ‘urfi. Ngagaduhan sipat wani ngajak kana
bebeneran. Wani ngajak jeung wani
nyarék, mangrupa katanggohan hiji
jalma anu mulya. Wani henteu idéntik jeung baragajulan, tapi wani téh
istiqomah, pengkuh kana cekelan, teu
undut kalinduan teu gedag kaanginan
teu laas kahujanan. Ngan lamun
kawani ieu saeutik méngpar tina
bebeneran, jalmi éta kasebutna jalmi
nu épés méér gedé hulu. Dina alQur’an
dijelaskeun,
sakumaha
kaunggel dina surat al-Ankabut ayat
69: Walladziina jaahaduu fiina lanahdiannahum subulanaa, wa innalloha
lama’al muhsiniin. Hartosna: Jeung
jalma-jalma anu digawéna tihothat
dina urusan Kami, saéstuna Kami
baris méré pituduh ka maranéhna
kana jalan Kami, jeung saéstuna Alloh
marengan jalma-jalma anu milampah
kahadéan.
Katilu, wa ’a rid ‘anil jaahiliin.
Ngabalieur tina laku lampah jahat.
Kangaranan hirup di dunya pasti
disadiakeun jeung rupa-rupa ujian
jeung cocoba. Nabi Adam as. nu kapungkur karayu ku panggoda sétan,
tur sétan ngabudahkeun jangjina
bakal ngagoda nepi ka datangna poé
kiamah, tangtu, urusan kadoliman
pasti moal bisa dipiceun. Nu bisa
mah, manusa ngabalieur tina pangajak sétan. Tah, saha jalmina nu mampuh ngabalieur tina kajahatan, ieu
jalmi kalebetna kana golongan a ’a rid
‘anil jaahiliin. Naon contona? Saperti
nu kaalaman kiwari, korupsi mahabu,
ma’siat, pornografi, ngaruksak leuweung, pangaresep ninggalkeun
ibadah jeung sajabana, ieu lampah
ujian kadoliman, nu sabisa-bisa
manusa wani ngabalieur tina polah
saperti kitu.
Jalmi nu ngagaduhan kapancegan
pikeun ngabalieur tina kadoliman,
kalebetna kana jalmi nu ngagaduhan
ahlak mulya. Kamulyaan ahlak, ayana
lain dina paniléy batur, tapi kamulyaan ahlak ayana dina dirina
sorangan.
Tilu kamulyaan ahlak pikeun
ngawangun generasi ahlakul karimah,
mémang dina seuhseuhanana mah
henteu gampang. Perlu kacindekan
atikanana, élmuma sareng lingkunganana. Pamingpin nu mulya, tangtu lain
pamingpin nu betah dilingkungan
dolim, kitu deui pamingpin dolim,
moal betah aya dilingkungan kapamingpinan nu mulya. ***
tina internet
Manglé 2452
15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Ngusap Sirah Budak Yatim dina Poé Asyuro
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat. Kapungkur, sim kuring kantos
ngadangu, wiréh dina kaping sapuluh
sasih Muharam, atanapi anu disebat
poé Asyuro mangrupa kautamaan
keur barudak yatim, dugi ka sok
ngarusap sirah budak yatim. Simkuring nyuhunkeun pedaran nu
langkung jelasna. Hatur nuhun.
Wassalam,
Hj. Iis Rahmah
Jatinangor Sumedang
Waleran
Hatur
nuhun
kana
perhatosanana. Aya kabiasaan (tradisi),
saupama datang tanggal 10 Muharam
sok ngumpulkeun murangkalih
yatim, terus dipasihan artos. Saatos
dipasihan artos terus sirahna
diusapan.Cara saperti kieu terus tiap
taun atawa tiap datang tanggal sapuluh Muharam, nepi ka sabagian
kalangan aya anu nyebutkeun, yen
tanggal 10 Muharam mangrupa poe
lebaran budak yatim.
Numutkeun Ibnu Hajar al-Haytamy, rehing anu dimaksud ngusap
sirah budak yatim nyaeta benerbener ngusap kana sirahna (makna
hakiki) saperti anu dijelaskeun dina
Hadits: “Sing saha jalma anu ngusap
kana sirah budak yatim kalayan
wungkul diniatan karana Alloh,
mangka ti satiap rambut anu diusap,
Alloh bakal maparin sapuluh kahadean ka manehna. Jeung sing saha
jalma anu nyieun kahadean ka
budak-budak
yatim,
mangka
diumpamakeun
kuring
jeung
manehna engke di surga saperti kieu
(teras Nabi ngarendengkeun jari-jari
pananganana)”.
Sirah, ilaharna mangrupa bagian
16
anggota awak anu paling istimewa,
sahingga sabagian ulama ngajelaskeun, yen anu dimaksud ngusap sirah
dina Hadits di luhur ngandung
makna kinayah (sindiran) nyaeta
mikanyaah jeung mikawelas-asih bari
nyumponan kana sagala kabutuhan
budak-budak yatim, tangtos budak
yatim anu dimaksud nyaeta budak
yatim anu kaayaanana fakir miskin.
Leupas tina pasualan makna ngusap
sirah, boh sacara hakiki, atawa kinayah, anu paling penting sakumaha
anu seueur disebatkeun dina
Alquran, wireh budak yatim wajib
dipikanyaah jeung dipikawelasasih,
malah kaasup dosa gede keur ka
jalma anu henteu malire sok komo
bari nganyenyeri ka budak-budak
yatim.
Anu jadi pasualan nyaeta
sakumaha anu ditaroskeun di luhur,
nyaeta ngusap sirah budak yatim dina
poe Asyura nyaeta poe tanggal 10
bulan Muharam. Dasarna nyaeta
salasahiji Hadits Nabi anu sumberna
ti Ibnu Abbas, wireh Nabi kantos
ngadawuh: “Sing saha anu ngusap
sirah budak yatim di bulan Muharam
tanggal 10 (poe Asyura) mangka
manehna bakal diangkat darajatna
tina satiap lembar rambutna jaga di
surga”. Teras sahabat Umar nyangem
ka Nabi: “Ya Rosululloh! Alloh parantos maparin kautamian ka urang sadaya dina poe Asyura”. Rosululloh
ngadawuh: “Leres pisan, margi dina
poe asyura ieu, Alloh nyiptakeun langit, bumi, Arsy, gunung-gunung
sareng bintang” (HR. Imam Baihaqi).
Hadits ieu janten pangrojong umat
dina hal nyumponan pangabutuh
budak-budak yatim dina poe Asyura.
Anapon Hadits anu nyebatkeun
ngusap sirah budak yatim dina poe
Asyura, diriwayatkeun ku Imam Baihaqi, namung anjeuna oge ngajelaskeun wireh eta Hadits kalebet Hadits
“munkar” sareng sanadna oge kacida
lemahna. Seueur pisan para ulama
Hadits anu ngajelaskeun, wireh eta
Hadits kalebet hadits “maudhu’”
atanapi palsu. Imam al-Syaukani dina
kitabna “al-fawaid al-majmu’ah alahadits al-maudhu’ah” ngajelaskeun,
yen Hadits anu diriwayatkeun ti Ibnu
Abbas eta, mangrupa hadits
“maudhu” atawa palsu. Al-Mula Ali
al-Qari dina kitabna “al-Asrar al-Marfu’ah fi al-Akhbar al-Maudhu’ah” oge
ngajelaskeun eta hadits kalebet hadits
batil, lantaran, salasahiji ti sahabat
anu ngariwayatkeun eta hadits anu
ngarana Habib kaasup jalma anu sering ngamalsukeun hadits. Imam alSuyuthi sakumaha disebatkeun dina
kitabna “al-La’ati al-Mashnu’ah fi alAhadits al-Maudhu’ah” ngalebetkeun
hadits ieu kana kumpulan hadits-hadits palsu. Nyakitu deui Imam Ibnu
al-Jauzi dina kitabna “al-Maudhu’at
al-Kubra” ngalebetkeun hadits ieu
kana
kumpulan
hadits-hadits
palsu.Teras Imam Ibnu al-Jauzi oge
ngalebetkeun Hadits ieu dina kitabna
anu nyantumkeun Hadits-hadits
palsu.
Dumasar kana pedaran di luhur
tiasa disimpulkeun: Kahiji, anu dimaksud ngusap sirah budak yatim
sakumaha anu disebatkeun dina Hadits tiasa dimaknaan sacara “hakiki”
nyaeta bener-bener ngusap sirah, oge
tiasa dimaknaan sacara “majazi”
atawa “kinayah”, tegesna mung
sakadar sindiran anu ngandung
makna mikanyaah jeung mikawelasasih bari nyumponan kabutuhan
hirupna dina sapopoe. Kadua, Hadits
anu nyebatkeun ngusap sirah budak
yatim dina poe Asyura, kalebet Hadits
palsu anu henteu tiasa dijantenkeun
dalil pikeun ngalaksanakeuna, margi
ngusap sirah budak yatim bari
mikanyaah ka jinisna henteu dipatok
ku masalah waktu. Wallohu ‘alam.
Manglé 2452
18. Urang Sunda di Batam
Bukti Nyaah ka Sarakan
S
aabad ngadeg Paguyuban
dan Korwil Kepri Dede Suparman,
Pasundan (organisasi karengrengan pangurus PB.Paguyusundaan nu etnonasionban Pasundan, sarta rebuan warga
alis) memang boga tujuan nu
Pasundan nu aya di Kepulauan
jinek, lengkahna natrat, ngaRiau.
malirkeun padika, enggoning
Ketua Umum PB.Paguyuban
ngamalirkeun dua patekadan
Pasundan
netelakeun,
dina
mulya, merangan kokoro jeung
ngareuah-reuah milangkala sakabodoan. Dina manjing umur
abad Paguyuban Pasundan, dipasaratus taun ieu organisasi teh
heutkeun rupa-rupa gagasan,
ketak jeung tarékahna, lir
angen-angen, cita-cita, impian, nu
kawah candradimuka urang
baris jadi karep jeung kahayang
Sunda.
sakumna urang Sunda anu aya di
Mun ngoréhan dokumentasi
sakuliah nusantara.
Paguyuban Pasundan, bakal
Saabad Paguyuban Pasundan,
bréh pamianganana téh jinek
ceuk HM. Didi Turmudzi
naker. Aya tujuan anu jinek,
negeskeun nu jadi jejer badagna
merangan kokoro jeung kanyaeta nyoko kana karep jadi Jaga
bodoan. Upaya kitu terus natrat
Baya Sunda. Tékadna, mageuhnepi ka kiwari, najan ahirna
keun jati diri urang sunda nu temah nu leuwih témbong écés
uneung ludeung. Nangtukeun
téh dina widang atikan. NgaliLeadership Pamingpin Sunda,
watan widang atikan, Paguyunangtukeun kiwari dina titik pamiban Pasundan satékah polah
angan anyar keur ngawangun
ngajaga ‘kalanggengan’ ajén-inkasadaran nanjeurna solidaritas
Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum PB.
ajén budaya Sunda anu soméah
kabangsaan, sarta ngawangun
Paguyuban Pasundan…”Urang Sunda geus waktuna ngujeung toléran. Lian ti kitu, ogé
manusa Sunda pinunjul boh di
niang, tandang makalangan”
satékah polah nyiptakeun insan
tingkat nasional, regional boh inSunda anu ahlakul karimah tur
ternasional.
Teu pamolahan mun Paguyuban
pinunjul enggoning ngokolakeun Pasundan kiwari boga karep jeung
Milangkala saabad Paguyuban Pabangsa jeung nagara. Mun Paguyuban harepan, urang Sunda kudu jadi pam- sundan gé jadi panitén balaréa. Ku kiPasundan pada mikawanoh tur ingpin di tataran nasional, boh di ek- tuna, wajar, boh para inohong boh
kawentar kajauhna, memang jeung sekutif, legeslatif boh yudikatif. Nya masarakat Sunda loba nu miharep ka
buktina. Ieu organisasi Kasundaan teh kaasup, keur pipresideneun atawa Paguyuban Pasundan sangkan sabada
jadi kawah canradimuka. Wadah sila- wakil presiden.
nincak umur 100 taun, beuki teuneturahhmi masarakat Sunda hususna ti
Eta hal di luhur ditetelakeun ku ung ludeung, jadi panyundut sumarupa-rupa profesi, pon kitu deui ieu Ketua Umum PB.Paguyuban Pasun- nget kaasup dina sual kapamingpinan
organisasi teh jadi gunung panang- dan Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, nasional. urang Sunda dina taun 2014
geuhan sarta jadi imah balarea. M.Si., basa nepikeun biantarana dina geus waktuna nyiapkeun pamingpin
Paguyuban Pasundan, ngadeg di raraga acara Mieling Saabad Paguyu- ka tingkat nasional. “Urang Sunda mimana-mana, teu ukur di Jawa Barat, ban Pasundan sarta silaturahmi warga nangka étnis badag, geus waktuna
DKI jeung Banten, tapi oge di luar Pasundan di Kepulaun Riau (Kepri), loba teureuh Sunda nu ngigelan di
pulo Jawa jeung di Mancanagara. sawatara waktu ka tukang di Batam. tingkat nasional. Kitu deui kamamMun nilik boh tina umurna boh jum- Hadir dina acara pajabat nagara, para puhan SDM-na jadi ukuran unggulna
lah cabang-cabangna, ieu organisasi tokoh katut rengrengan pangurus pangwangunan nasional. Lantaran
teh, kacida potensina, lega ambah- Paguyuban Pasundan Korwil Kepri. kitu, teu pamohalan, mun ka hareup
an,leber wawanen, tur gede aweuhan- Diantarana, Ketua DPR RI Dr. aya Presiden atawa Wakil Presiden
ana.
Marzuki Ali, Ketua Paguyuban Pasun- teureuh Sunda," pokna.***
Manglé 2452
17
19. EMA
Ku Naneng Daningsih
T
i peuting mula
bébérés téh, koper
nu geus dipak téh
dibongkar deui,
kitu deui tas tangan bawaeun ka kabin kabéh
dibongkar, teu percaya kana
pagawéan sorangan. Atuh da
sieun aya nu tinggaleun, mang
kaning lalakon jauh apan
ayeuna indit téh. Enya ogé di
ditu loba toko beulieun cenah
hayang naon sagala rupa ogé
aya tapi apan kuring téh
jelema manyang-munyung
urang kampung bau lisung nu
teu nyaho nanaon da puguh
apan kakara ayeuna rék ngasaan tumpak kapal udara ogé.
Ka toko téa meureun kudu
ngomong naha ku basa Inggris atawa ku basa Arab.
Lebeng duanana ogé teu timu
boro-boro jalma jauh ka bedug modél kieu bisa basa
modél kitu, jajauheun.
Koper téh geus sabaraha
kali mah dibongkar pasang,
baju nu geus asup dikaluarkeun deui, geus di luar kapikir
engké perlu, bus diasupkeun
deui, kitu jeung kitu baé
18
nepika tungtungna mah pusing sorangan, cul baé diantep. Kuring téh dipareng
keun rék jarah Mekah, geus
lebaran ieu, iang téh. Geus
kitu baé geus waktuna meunang panggilan ti Nabi
Ibrahim. Titis tulis bagja awak
geuning enya lain urang anu
nangtukeun. Anu rék jarah téa
satadina mah lain kuring tapi
ema, indung kuring. Geus
saged sasadiaan jauh saméméhna. Duit keur mayar ONH
geus dipisahkeun malah geus
disetorkeun ka Biro perjalanan haji jeung umroh nu aya di
kota kuring.
Nu matak hélok jeung teu
kaharti ku akal mah ema téh
geus nyieun surat wasiat anu
eusina nétélakeun bagian
harta kakantun ema geus
diatur keur si itu si ieuna;
sasatna ema téh geus buka
waris da saurna "Ema mah
geus kolot bisi dipundut di
ditu, mending ogé bérés
babagi ayeuna Ema téh teu
hayang ngadéngé anak-anak
ema paséa alatan parebut
warisan. Pek sing alakur sing
silih pikanyaah.” Enya sagala
geus dibagikeun sararé geus
boga hancengan masing-masing, da puguh banda teu sabaraha gampil babagina ogé,
jeung deui pangpangna mah
dulur-dulur alakur sakabéh
teu aya nu baha kana bagian
anu geus ditangtukeun ku
ema.
Naha atuh tilu bulan méméh bulan puasa, ema téh bet
ngantunkeun. Ngabongohan
pisan, sararéa asa diheulang,
enya ari ema kagungan darah
tinggi mah, tapi da sapopoé
téh kaciri jagjag, ka pangaosan
biasa unggal Kemis taya nu
kalarung kitu deui mun aya
piknik kaditu kadieu jeung
rombongan RT atawa rombongan séjénna ema sok ngiring da puguh teu aya tan
da-tanda nu repot teu aya totondén nanaon, éstu teu
disangka pisan. Bada solat
subuh ditéang ku Ceu Atin nu
héran tara-tara tisasari tos
carangcang tihang ema teu
acan kaluat ti kamar. Ari
diguyahkeun geuning tos teu
aya dikieuna.
Geus beres tujuhna, sadudulur kuring jeung kulawarga
masing-masing ngumpul
ngariung, ajengan anu tadi
ngaluluguan tahlil diandeg
ulah waka sina mulang, maksud téh rék ngabadamikeun
wasiat ema téa. Tapi da hen-
teu lila saréréa ogé sapuk rék
ngajalankeun wasiat ema,
saréréa geus narima bagian
masing-masing, ngan ukur
ngomongkeun teknis kumaha
ngurus-surat-suratna.
Aya saeutik anu jadi pananya ti sararea téh, apan ari
raja kaya mah tadi gé geus diajangkeun keur si itu si ieu na,
ngan jatah ka Mekah anu
duitna geus dipihapékeun ka
biro perjalanan haji jeung
umrah henteu bisa dicokot
deui, tapi bisa diganti ku nu
séjén, sanajan kudu aya tambahan keur itu jeung ieu. Teu
nanaon sakitu mah wajar.
Masalahna saha anu rék ngagantina, dulur nu tilu geus
jaradi haji jeung hajjah, iwal
kuring nu acan téh. Sararéa
nunjuk ka kuring, hayang kuring ogé ka Mekah téh, ngan
meureun ongkos ka Mekah
hancengan ema lain kuring
wungkul tapi kudu dibagi keur
dulur-dulur anu sarua boga
hak. Dina babadamian diputuskeun ka Mekah bagian kuring tapi bagian tina balong
nu tonggoh kuring henteu
meunang bagian. Hadé kitu
ogé, sararéa satuju. Kitu deui
kang Maman, salaki kuring
anu iklas ditinggalkeun ku
kuring ka Mekah. Ajaman
mah lamun kuring ka Mekah
téh hayang bareng jeung
manéhna da kumaha atuh ari
situasina saperti kitu, lain teu
hayang? teu masalah lamun
kuring boga duit mah.
Dina emprona indit, kulawarga ngan nganteurkeun
nepika kuring merenah diuk
dina beus nu rék mawa kuring
ka Pondok Gede anu saterusna dibawa deui ka Halim, ti
dinya biur ngapung ngawangngawang. Labaik Allohuma
Labaik.
Saméméh iang ka Halim
rombongan téh direureuhkeun heula di asrama haji lantaran kapal anu rék mawa
kuring kakara jam 8 peuting
ngapungna.
Batur sabangku dina beus
téh tatanga kénéh, Ibu Mari
nu angkatna téh sakulawarga
sareng carogéna, sareng
ibuna, Ibu Marfuah, katut putrana duaan, néng Nina
sareng Cép Dodi. Ari ibu Marfuah téh sobat dalit ema boh
Manglé 2452
20. di lembur boh di pangaosan
yuswana ogé henteu géséh nu
matak nyobat, kaditu kadieu
sasarengan baé. Basa ema
pupus anjeuna midangdam
bangun anu kanyenyerian
pisan da puguh kaleungitan
sobat anu sapantar sami-sami
sepuh.
"Naha atuh Ma Enar téh bet
miheulaan, apan ibu anu gering ripuh téh jaba geus sakieu
rarempona kieu," saurna.
Saleresna anjeuna téh kagungan panyawat gula jeung
darah tinggi tos repot da kamana-mana téh tara kantun ti
teteken. Ayeuna ogé mekel
korsi roda kanggo engké diditu nu mawi Cep Doni dicandak ogé, badé ngabantu-bantu
nyurung.
Mindeng kabandungan
mun sakalieun ema sasauran
yén ibu Marfuah téh sering
curhat perkawis kalakuan
putu-putuna anu kirang
sapagodos sareng kahoyong
manahna. Tapi ku ema ukur
dimuhunkeun baé da nya
saleresna sanajan nyobat ari
urusan rumah tanggana mah
teu saé milu ilubiung. Kuring
ogé api lain ngeunaan urusan
éta mah ngan ukur nyaho
sadirieun baé, tapi barang
ningali salila di perjalanan bet
asa kapikiran boa enya
kasauran ema téh. Basa di
jalan Ibu Marfuah téh
sasauran hoyong lirén heula di
pom bengsin hoyong ka jamban heula. Naha atuh lain
digugu boh ku putrana atawa
ku incu-incuna kalahkah
gegelendeng, tarik deuih
nyariosna téh da ku sararéa
ogé kadangu.
"Ari Amih atuh sanés titadi
méméh angkat!" Kasauran ibu
Mari téh tangtu baé
kakupingeun ku pangaping nu
terus noél supir. Teu lila beus
téh reg eureun di rest area.
"Mangga bilih aya nu badé
ka jamban, palih ditu pengkereun réstoran Padang" ceuk
pangaping. Jrut nu tarurun
téh lain baé ibu Marfuah tapi
ampir kabéh nu aya dina beus.
"Enggal atuh Ni, hararésé
naker badé tarurun téh Nina
gé hoyong ka cai,” ceuk Neng
Nina pokna teu euleum-euleum, sakitu ningali ninina
usah-oséh rék turun tina beus
Manglé 2452
téh.
Ari kitu mah teu géséhgéséh teuing cariosan anjeuna
ka ema téh. Da kuring ogé
ngarasa kalakuan Cép Doni
téh henteu merenah. Kitu deui
Basa datang ka Pondok Gede
dina waktuna tuang, paboroboro bangun nu sieun béakeun kaasup Néng Nina jeung
Cép Doni teu inget ka nini nu
masih kénéh di tukang.
Ningali kitu kuring bet
merebey cimata teu pupuguh,
ceurik kanyenyerian teu bisa
ditahan nepi ka basa batur
solat magrib berjamaah kuring mah nyuuh dina bantal di
juru. Kuring téh rumasa dosa
da kalakuan kuring ka ema
ogé henteu leuwih alus batan
kalakuan Cep Doni ka ibu
Marfuah. Kuring téh budak
bungsu nu dirungrum kaasih
indung jeung dulur-dulur nu
matak ogoan jeung goréng
adat. Rumasa kuring téh rumasa, komo sanggeus kuring
kawin jeung Kang Maman,
kuring pupulih rék pindah nuturkeun salaki ku ema diceungceurikan. Majarkeun téh
lamun kuring pindah ema
jeung saha naha tega ninggalkeun ema di dieu sorangan? Bisi gering panas tiris
moal aya nu ngurus, kituna
téh bari terus carinakdak.
Dulur-dulur ogé ngarojong
kana pamendak ema téh da
sanajan sakota ogé moal bisa
nalingakeun ema terus- terusan, da puguh baroga tanggungjawab masing-masing.
Nurut kuring téh nurutna
mah henteu tulus nuturkeun
Kang Maman komo deui basa
nyaho Kang Maman ogé soléh
hirup sorangan di Jakarta kajeun teuing balik unggal
minggu, kakaretaapian unggal
Jumaah soré balik deui Senen
subuh. Sanajan kitu haté kuring angger ngageremet asa
dipegat duriat, asa diteungteuinganan ku ema. Nu matak
adat téh beuki undak teu kaop
kasigeung gampil pisan marudah, kitu téh teu ka dulur teu
ka ema sarua. Tungtungna
kuring pada ngama'lum ku
sararéa. Da basa jatah ka
Mekah dibikeun ka kuring gé,
mémang geus meunang
badami saréréa sugan baé
geus ka Mekah mah adatna
bisa robah.
Jadi kalakuan Cep Doni téh
gambaran kalakuan kuring
pisan ceples henteu dipiceun
sasieur. Ayeuna kuring kakara
sadar geuning kalakuan kitu
téh kacida goréngna, kacida
gedé dosa kuring ka indung
nu sakitu mikanyaahna nu
salawasna ngéléhan dapon
kuring senang. Karasa lamun
kuring keur murang-maring
ema mah sok terus angkat,
paribasa mah dek mikeun cau
ka si Tetéh atawa papadon rék
ka tukang ngaput atawa naon
baé nu jadi alesan. Padahal
ceuk si Tetéh mah Ema téh
ngahaja ngajauhan nu keur
ambek supaya ulah kateterusan, karunya budak téh bisi
doraka lamun nepika ngunghak ka indung.
Solat magrib téh kuring sorangan, batur balakécrakan di
ruang makan kuring mah
numpi di kamar. Boro-boro
hayang dahar, disarusulan ogé
ukur nganuhunkeun baé.
Kuring neneda ka Gusti
nyuhunkeun dihapunten kana
kalakuan kuring anu sakitu
cawadeunana. Duh Gusti
naha kinten-kintenna dosa
abdi téh tiasa dipupus?
Ampun Gusti, ampun ema,
hapunten abdi.
Kuring henteu yakin naha
dosa kuring téh bisa dipupus
gancang-gancang atawa henteu, tapi ti harita unggal solat
kuring teu weléh sujud
neneda ka Yang Manon
sangkan sagala dosa kuring
utamana dosa ka ema anu
sakitu gedéna geura dihapunten. Teu weléh kuring neneda
sangkan ema,ditampi iman islamna ditampi amal ibadatna
sareng dihapunten sagala
kalepatanana. Kitu téh unggal
waktu bari teu petot cimata
murubut teu ngingetkeun
kana kaséhatan sorangan
kadang kala nepika poho
dahar poho nginum padahal
perjalanan anu sakitu beuratna. Aya nu ngupah ngapeh
ogé boh ku sasama jamaah
atawa ku pangaping kuring
henteu betus ngan ukur nyebut teu naon-naon atawa ukur
nyebut salésma. Tapi kakuatan awak geuning aya watesna beuki lila boh lahir boh
batin beuki karasa lemah,
tungtungna brek gering parias
nyongkab bari jeung sasar.
Lantaran kaséhatan kuring
beuki lila beuki goréng, di
Mekah kuring dibawa ka
rumah sakit meunang dua
poé. Salila ngendong di rumah
sakit téh panas henteu turunturun, késang ngoprot bari
jeung guling gasahan, unggai
rék saré kabayang baé pameunteu ema asa aya dina
kongkolak panon. Basa rék dirangkul les deui kalangkang
ema téh ngiles. Kitu jeung kitu
baé kuring ngudag-ngudag
ema bari haharegungan,
gogorowokan ema hapunten
ema hapunten, tepika reupna
peureum. Dina itungan duka
sabaraha lilana kuring ngalenyap rarasaan téh ema
nyampeurkeun bari imut
ngagelenyu terus ngusapan
siran, aya rasa tengtrem anu
kacida nikmatna, nyerep nyecep kana ati sanubari.
Barang nyah beunta ibu
Marfuah karasa keur ngusapan sirah kuring bari diriung ku
ibu-ibu nu séjénna. Rék
cengkat diharalangan majarkeun téh tong wara hudang
baé cenah tangtuna ogé
lalungsé kénéh urut dua poé
sasar teu eureun-eureun.
Ti harita awak neutneutan
ka cageur, ibadah sanajan
kudu nyéwa korsi roda teu burung kalaksanakeun. Pauntuyuntuy jeung ibu Marfuah boh
sa'i boh tawaf kana korsi roda
nu ngahaja anjeunna ogé
husus nyéwa nu ngadorongna
da apan korsina mah anjeuna
mawa ti lembur, cacap nepi ka
beresna rukun haji.
Ari nu matak hélok kamana-mana téh kuring asa dibaturan ku ema da rét ka gigireun
ningali téh asa ningali ema,
jalmi eta téh pangambungna
persis pangambung ema, kitu
deui rét ka kénca ieu mah socana nu siga ema téh, ningali
ka hareup ieu mah langgeorna
nu siga ema téh. Kitu jeung
kitu baé salawasna ema aya di
gigireun, di hareupeun, di
kenca, di katuhu, dimanamana. Saestuna ema aya dina
haté kuring.***
Bandung 15 November
2014 (Keur Aas, Nyai
jeung Ade)
19
21. Carpon Usep Romli
P
Citangis Ngeclak di Paris
oé éta, Déndin
ngadadak kaluman. Poé-poé
bébas sakola
sabada ujian nasional, nyanghareupan seléksi
asup ka paguron luhur, henteu ngurangan perasaan
rengkeng jeung kateken
saméméh jeung salila nyorang ujian. Lulus henteu?
Mun lulus boga waragad keur
neruskeun sakola? Kuliah nu
cenah welasan juta?
Nénjo tivi mani ijid. Nénjo
parabot “gim”, jeung sabangsana, éstu matak murel. Mun
kongang hayang ngababétbabétkeun kabéh. Pita kasét,
CD, DVD, teu hayang nyetél
teu sing. Laguna éta-éta
keneh. Lamun lain “Iwak
Peyek” Trio Macan, aya deuih
sababaraha lagu pop Barat.
Lagu kasidah Arab, jeung réaréa deui, nu teu matak nyuge-
20
makeun.
Aya Toni ngajak futsal.
Horéam. Kawas sedekan
budak. Keur leutik onaman,
saacan sakola, resep sedekan
téh. Di buruan atawa di
tegalan. Ayeuna kabéh geus
euweuh. Geus robah jadi adegan rupa-rupa wangunan.
Kaasup gedong futsal nu welasan taun ka tukang, pakebonan. Ngan basa aya Boy
ngajakan ulin ka imah akina
di Ciberelang mah, aya jorojoy hayang. Sok resep ngadéngé dongéngnga. Lalakon
keur ngora. Ngambah ka
saban nagara saalam dunya.
“Heueuh, bosen nyetél tivi,
vidéo, kasét, bari nyirekem di
imah ngumbar lamunan teu
puguh, mending ngabandungan obrolan akina Si Boy,”
Déndin, cengkat tina sofa.
Nguliat jeung heuay. Terus
ngagorowok, “Siap Boy!”
“Maké gowés?” Boy nanya.
“Heueuh! Maké naon
atuh?” Déndin mukakeun
panto tukang. Nyokot sepédah gunung kameumeutna.
“Bisi rék kana motor, sepédah urang rék ditunda di
dieu.”
“Lah mending ngagowés..!”
Geus ngagero ka pembantu
nu keur ngistrika, bébéja rék
indit, clak Déndin kana sadel.
Langsung ngaboséh. Nyebrut.
Dituturkeun ku Boy. Ngadius
ka Ciberelang.
Rada caang pipikiran téh
Teu mumet teuing cara tadi.
Kitu lain kieu lain. Gap kana
buku, beuki kaluman. Teu
tuman maca. Éléh ku kabiasaan nénjo jeung ngadéngékeun.
“Aya dongéng anyar ti aki
kamu, Boy?” Déndin satengah ngagorowok.
“Dongéng aki uing mah,
moal béak-béak. Pasti aptudet waé, euy!” Boy némbalan
satengahing hégak napas
ngagoél dina tanjakan.
Teu kungsi sajam, geus
cunduk ka nu dijugjug.
Nyampak akina Boy keur
maca di buruan tukang.
“Aki urang mah réa kénéh
maca ti batan lalajo tivi atawa
ngadéngékeun musik,” Boy
némbongkeun kareueus, “Teu
kawas urang, heueuh?”
Geus ngucapkeun salam,
Déndin jeung Boy, sasalaman
rengkuh pisan.
“Aéh, sisinarieun yeuh,
para calon mahasiswa rurumpaheun….” akina Boy
ngaku daréhdéh pisan.
“Pidu’ana wé, Ki, sing lulus
UN, lulus SMPTN sareng aya
biyana,” cék Boy. Gék dina
korsi rada butut hareupeun
akina. Déndin gigireunana.
Korsi sofa nu jokna geus
Manglé 2452
22. lanyéd. Dipernahkeun di
émpér buruan tukang nu iuh
ku tatangkalan.
“Bisi halabhab, ké nitah
Mang Adun ngala duwegan….
itu tuh duwegan beureum,
amis kareueut caina,” akina
Boy nuduhkeun ka lebah
tangkal kalapa nu leubeut.
“Wios Ki, engké deui,” cék
Boy, ”Dongéng heula wé ayeuna mah, dongéng nu kawas
kapungkur basa abdi sareng
Déndin ka dieu ngawitan…..”
“Heug sugan aringet kénéh.
Urang jojoan wé nya,” akina
Boy nunda buku nu keur dibacana. Buku kandel leutik.
Geus kucel belewuk. Basa Inggris. Kabaca ku Dendin,
judulna “Leaves of Grass”.
Kumpulan puisi klasik panyajak Amerika abad XIX, Walt
Withman.
“Uyuhan…” haté Dendin
ngagerentes, ”keur aing mah,
bororaah maca buku kitu,
maca buku roman nu diwajibkeun ku sakola gé, haroréam
pisan.”
“Kumaha mun ngadongéngkeun lalakon aki di
Éropa Kulon?” akina Boy
nanya, “Harita aki jadi gaid
para wisatawan Indonesia ka
Paris, terus ka Brussel, jeung
Amsterdam. Kitu lah lima welasan taunam ka tukang.”
“Mangga,” témbal Dendin
jeung Boy mani bareng.
“Kieu geura,” akina Boy
dédéhem, ”Harita aki dipercaya ku hiji biro perjalanan.
Kudu jajap saratus wisatawan
tur ka Éropa Kulon. Mimiti ka
Paris, tilu poé dua peuting.
Teu seubeuh saenyana mah,
sakeudeung teuing. Tapi
lumayan réa nu kadongdon.
Ngahudang kesan positif tina
rupa-rupa nu katingal di
dinya. Saeutikna, muji ka
urang Prancis, urang Éropa
umumna, nu ngahargaan
pisan kana sajarah, jeung
lingkungan. Monuménmonumén sajarah, mangrupa
wawangunan kuno, dipiara
enya-enya. Dipaké parabot
ngadidik generasi ngora
sangkan ngarasa reueus ka
nagarana. Yén Prancis kungsi
jadi nagara “super power” nu
ngawasa sabagian dunya. Di
benua Amerika, apan
Manglé 2452
Amerika Serikat jeung
Kanada, baheulana bawahan
Prancis. Nepi ka kiwari, basa
jeung budaya Prancis masih
kénéh diparaké di sawatara
nagara bagian AS jeung
Kanada. Kitu deui di Afrika
jeung Asia Tenggara. Aljazair
karék lesot tina ranggeuman
penjajahan Prancis taun 1963.
Nepi ka ayeuna, basa Prancis
jadi basa resmi kadua di Aljazair, sabada basa Arab. Di
Asia Tenggara, nagara-nagara
Laos, Kamboja, Vietnam, urut
jajahan Prancis nepi ka taun
1950.”
“Éh ké heula, pikaresepeun
henteu?” akina Boy eureun
heula. Nanya bari ngagupayan
MangAdun nu nolol tina
lawang pager. ”Ké atuh ambeh
resep, urang diselang ku nginum duwegan. Ngala duwegan, Dun, sacukupna. Tuh nu
beureum…”
“Mangga,” Mang Adun
rengkuh. Ngagilirkeun bedog
nu disorénna. Gidig muru
tangkal kalapa beureum di
juru buruan nu ngawates ka
sawah.
“Tah….” akina Boy nuluykeun, ”Rada lila para wisatawan mapay-mapay Taman
Tuiléres jeung Place dé la
Concorde, nu dianggap jajantung kota Paris. Dina taun
1793, mangsa hangkeut Revolusi Prancis, di dinya diadegkeun tihang guillotine keur
ngahukum para ménak borjuis Prancis. Kaasup Raja
Louis XVI jeung prameswarina, Maria Antoniette. Place
dé la Concorde, nyanghareup
ka Avenué dés Champs-Elysees. Di tungtungna ngajegir
Champs Elysees karaton urut
para raja Prancis, nu ayeuna
jadi padumukan presiden
Prancis. Sapanjang avenué
ngagemblang. Teu meunang
aya wawangunan anyar nu
ngahalangan pamandangan ti
karaton ka sapaparat jalan.
Mun di Bandung mah,
Gedong Pakuan, nu ayeuna
katimpah ku wangunan hotél
téa geuning…. hotél nanahaon
da mindeng ganti ngaran.
Keur diributkeun mah baréto
hotél Planét mun teu salah
mah. Duka ayeuna geus teu
diributkeu naon
ngarananna……
Taman Tuileriés nu kajojo,
Place dé la Concorde, endah
pisan, nyanding lapangan
lega. Mun di urang mah
matak uruy tukang culamétan. Bisa-bisa dijual ka para
cukong. Diburak-barik dijieun
mol. Kawas panjara Banceuy,
geuning, tempat Bung Karno
dibui. Der dibongkar dijieun
pertokoan. Hanas monumén
sejarah musna, hanas pertokoan sepi combrék.”
Jol Mang Adun mawa
duwegan meunang mapas.
“Sok leguk heula geura……
…” akina Boy ngahempékkeun. Dendin jeung Boy teu
talangké. Cai duwegan ditotor
tina liangna. Seger, tiis, tapi
amis.
“Tarok sakalian, Dun, sina
dikerok eusina. Ka ditu séndokna nyokot ka dapur……
Béak acara di Paris, isuk-isuk
tas sasarap di hotél, dius
ngalér. Ka Brussel, puseur
dayeuh Belgia. Sapaparat
jalan loba téténjoan nu matak
ngahudang kelar. Komo geus
di luar kota mah. Padésaan
resik asri. Béh dituna ngalamuk pileuweungan héjo
ngémploh. Najan kaceluk kota
metropolitan pangmashurna
sadunya, pinuh ku nuansa
kahirupan sarwa moderen,
kota Paris ngahargaan pisan
kana ayana ‘leuweung kota’.
Dua bois, nyéta leuweung,
ngapit kota Paris ti kulon
jeung kidul wétan. ‘Bois de
Boulogne’ nu katelah ‘Bois
St.Cloud’ di kulon, jeung ‘Bois
de Vicénnnes’ di kulon wétan.
Cek urang Paris, éta dua
leuweung téh mangrupa
kaagul pikeun urang Paris.
Leuwih dipikaagul batan Munara Éifel. Sabab, ku ayana
dua leuweung, urang Paris
boga andelan sumber cai
alami nu cukup. Unggal
minggu, jalma sakota Paris
ngabring piknik ka éta leuweung. Pangpangna ka ‘Bois
St.Cloud’, pikeun nyeuseup
hawa seger, jeung ngararasakeun kahirupan ‘a la campagne’. Hirup gaya padesaan
abad 19.”
“Asalna mah ‘Bois St.Cloud’
téh milik pribadi Kaisar
Napoleon III. Taun 1852 disumbangkeun ka pamaréntah
kota Paris sangkan dipiara. Ku
pamaréntah kota, gancang dipakihikeun. Ditata dumasar
kana rarancang arsiték Jerman, Baron Haussman. Jadi
wé leuweung nu bener-bener
boga pancén minangka
wewengkon panyerepan cai,
jeung pamapaés kota Paris.
Wangun jeung pernahna, teu
béda ti Punclut di kota Bandung. Ngan ari Punclut ngan
riweuh jeung riweuh baé geuning. Bororaah ka jadi
leuweung. Malah jadi rebutan
nu hayang kitu nu hayang
kieu, bari terus dibukbak
diburak-barik. Kawasna para
angota legislatif jeung ekseklutif urang nu arindit studi
banding ka Paris, tara pirajeunan lunta ka éta dua “bois”
tadi. Nalungtik kumaha
carana ngurus pasir di pakotaan sangkan enya-enya
mangpaat keur umum. Proyék
jangka panjang lain keur
kapentingan pribadi nu sipatna ‘jang ka imah’.
Mun nyonto Paris, Bandung mah luyu pisan. Pan ti
baheula geus katelah ‘Paris
van Java’. Jajauheun nyumbang tanah pileuweungeun
cara Napoleon III. Atuh tanah
nu geus aya samodél Punclut
dileuweungkeun sing enyaenya.”
“Teu karasa harita, panon
aki baseuh. Citangis ngeclak
di Paris, ras ka Bandung, lembur matuh banjar karang
pamidangan, nu pinuh runtah
jeung patalimarga macét.
Usum hujan banjir cileuncang, usum halodo kagaringan …..”
Torojol Mang Adun, mawa
duwegan meunang meulah.
“Tah geuning, geus dibeulahan. Séndokna aya…..sok
kadieukeun….”
“Aya….” Mang Adun ngasongkeun duwegan meunang
meulah jeung séndokna
sakalian. Ditampanan ku Boy
jeung Déndin, tapi teu tuluy
dikerok. Hayang geura terus
Nyambung ka kaca 27
21
23. Buah Dalima
Carpon Hana Rohana
D
awuh Rosulullah
Muhammad
SAW, “Sing
saha baé jalmana anu migawé hiji kahadéan, ku Gusti Alloh
bakal diganjar sapuluh
22
tikel.”
Caturkeun dina hiji
mangsa, Siti Fatimah
Zahra putra Kangjeng
Nabi, geureuha Sayidina
Ali bin Abi Thalib teu
damang. Henteu keresa
pisan barangtuang,
ngaleueut gé langka. Pikahariwangeun rama katut
carogéna. Tapi Sayidina Ali
hantem wé ngagelendut
garwa supaya keresa
barangtuang.
“Cik atuh Nyi, sahuap
mah barangtuang. Lamun
teu kerasa barantuang
atuh moal aya tanaga. Sok
nyarios, palay naon?”
Waler Siti Fatimah, “Teu
hoyong nanaon, Kakang.
Parait,” ngan kitu jeung
kitu wé waleran ka carogéna anu teu weléh melangeun téh.
Hiji mangsa Sayidina Ali
pok deui nyarios, “Nyai,
bawirasa Kakang, piraku
taya pisan anu dipikahayang. Kajeun Nyai
enyaan teu damang. Pok
wé wakcakeun, moal buManglé 2452
24. rung ditedunan.”
Galindeng Siti Fatimah
nyarios, “Nanging punten
Kang, abdi téh asa-asa
hoyong buah dalima!”
Bingah amarwata suta
manah Sayidina Ali bada
garwana nyarios kitu. Tuh
geuning ayeuna mah aya
pamundut. Sayidina Ali
mésem leleb neuteup
geureuhana anu masih
ngalempréh di pajuaran.
“Deudeuh Nyai…, kapalay ku Kakang mo buManglé 2452
rung ditedunan. Kakang
sorangan anu rék nyiar
buah dalima ka pasar!”
dawuhna. Nyarios kituna
téhbari rada lelenyapan
angen sabab nu gagah satria islam téh teu acan
uningaeun pasti naha kagungan artos atanapi henteu. Barang ngodokan
saban saku jubahna bet
karampa aya artos kajeun
henteu sabaraha, “Jigana
cukup keur meuli dalima
hiji mah.”
Nya lajeng pamitan ka
geureuhana deuk milari
dalima. Teu hésé. Di pasar,
dalima méh di unggal tempat dadasar bubuahan
ngahunyud. Bareureum
pikabitaeun. Bérés ngagaleuh dalima, sayidina Ali
niat mulih ka bumi, sabab
pameunteu geureuha
kokolébatan baé. Soantenna kadangu baé, nyebat
asa-asa palay buah dalima.
Ayeuna dalima geus aya,
ngagayot dina saku jubahna. Ngagedig ngantunkeun pasar, mapay-mapay
sisi jalan nu rada tiiseun.
Keur kitu kadangu sora
anu melas-melis. Barang
ditngali, tétéla andarandar ngagolér sisi jalan.
Tayohna keur gering da
kadangueun ku Sayidina
Ali humaregung.
Leugeunna namprak,
”Duh nu ngalangkung, ieu
jisim kuring jalma teu
gaduh. Geus tilu dinten
tilu wengi henteu neda.
Paparin juragan… naon wé
anu sakira bisa diteda,
pasihan Gan…!”
Bagénda Ali lalaunan
nyampeurkeun éta pakir.
Dititénan, mémang keur
gering.
Pok si pakir nyarita,
“Aduh Gusti, alhamdulillah salira ngalangkung ka
dieu. Mugi kauninga, jisim
abdi henteu mendak
tedaeun tos tilu dinten tilu
wengi. Manawi salira
nyandak tedaeun
sahuapeun mah, paparin
jisim abdi, Juragan!” sorana melas-melis kadanguna peurih pisan.
Gap kana saku jubah,
aya dalima; kacipta keur
meujeuhna amis kareueut.
Tapi, kapan éta mah pesenan Siti Fatimah Zahra,
geureuhana? Mun
dibikeun…kumaha Fatimah? Emutan Sayidina
Ali ngarancabang.
Perang sabil dina manahna, antara mikeun dalima ka nu kalaparan
jeung nyanggakeun dalima
ka geureuha anu teu damang. Ditimbang-timbang, ras émut kana
dawuhan Rosululloh SAW,
“Sing saha baé anu nyieun
hiji kahadéan, bakal diganjar sapuluh tikeleun.”
Emut kana dawuhan Rasululloh, Sayidina Ali énggal ngodok saku jubahna.
Gap, dalima anu pangbadagna. Heug dicepeng,
terus nyaketan pakir anu
gering. Pok ngadawuh,
“Kula ngan boga ieu hé
dulur.”
Dalima dialungkeun ka
si pakir. Gancang ditéwak.
Pohara bungaheunana.
“Hatur nuhun, Gusti. Alhamdulillah….alhamdulillah,” Sayidina Ali gura-giru
mulih. Barang sumping ka
bumi,Siti Fatimah rumanggieung mapagkeun
bari naroskeun dalima.
Dawuh Sayidina Ali, ”Ké
heula dalima mah, Nyai,
ku kakang dititipken ka nu
ka pasar. Kakang inget baé
ka Nyai, gura-giru balik.
Atuh henteu kaburu ka
pasar.”
Nu teu damang melong
carogé sari anu teu percanteneun. Tapi tacan gé
nyarios deui ka carogé,
trok…trok…panto aya anu
ngetrokan. Enggal dibuka
ku Saydina Ali. Bengong
ningali tamu nanggeuy
baki dituruban kaén
bodas.
“Ké….ké…saha téa Sampéan téh nya? Kula mah
asa kakara tepung. Jeung
aya pamaksudan naon?”
Sémah ngawalon adab
naker. Pokna, “Lembur
mah sim kuring téh jauh.
Ari ngaran, Salman ti
Parsi. Ngadeuheus ka
Salira, dijurungan nyanggakeun ieu dalima!”
Gebeg, Bagenda Ali
ngagebeg. Kagét jeung
reuwas. Dalima? Pék tutup
baki dibuka. Duh enya wé
dalima. Diitung aya salapan, geus arasak.
Sayidina Ali mésem
leleb, “Aéh, naha nya, dalimana ngan salapan?
Kapan ti dituna mah sapuluh?” Ki sémah nyeuleukeuteuk seuri. Pokna téh,
“Naha gamparan uninga
éta dalima mung salapan,
sareng ti dituna sapuluh?”
“Ti Kangjeng Nabi
Muhammad SAW. Kula
nyaho. Dawuhna, sing
saha baé anu migawé hiji
kahadéan, diganjar sapuluh tikel,” walon Bagénda
Ali. Barakatak Salman
seuri deui bangun anu
genah naker. Pék ngodok
saku jubahna bari nyokot
dalima.
“Tah ieu, dalima teh
leres jadi seueur saluyu
sareng dawuhan Rosululloh SAW. Tadi mah pribados hoyong nguji wé ka
Salira. Sim abdi parantos
terang kana eusining
dawuhan Rosululloh.”
Teu kanyahoan, iraha
jeung ka mana inditna,
Salman geus teu aya
payuneun Sayidina Ali.
Sohabat Nabi istigfar,
”Nya bener Salman, anjeun téh lir Malaikat,”
gerendengna.
( Tina wangkongan taun 1967
jeung RAF. Bada maén Gending
Karesmen ‘Leuwi Sipatahoenan’ di perkebunan Sparata
Sineumbra Ciwidey Bandung)
23
25. Warung Talaga
Midangkeun Pasakan Tahu Nyunda
T
ahu mangrupa kadaharan anu
teu weléh aya dina kahirupan
sapopoé masarakat di Indonésia,
pangpangna urang Sunda. Tahu bisa dipaké deungeun sangu atawa di tambul.
Sarua nikmatna, komo lamun haneuthaneut mah. Dumasar kana hal éta,
Warung Talaga nawarkeun rupa-rupa
pasakan tahu anu has tur unik.
“Kana tahu mah urang-urang téh tara
bonsen. Cara masak tahu henteu ukur
digoréng wungkul, tapi tiasa diolah janten rupi-rupi pasakan atanapi didamel
pasakan anu bahan dasarna tina tahu,”
ceuk Sally, Operational Manager Warung Talaga, waktu tepung jeung Manglé di Cihampelas Walk (Ciwalk),
sawatara waktu nu kaliwat.
Sally ogé nétélakeun, Warung Talaga
mimiti dibuka taun 2008, ti dinya terus
mekar tur kiwari boga lima cabang, tilu
di Bandung sarta nu dua deui mah di
Serpong jeung Bekasi. Menu anu dipidangkeunana ogé réréana mah mangrupa pasakan tradisional saperti tahu
gejrot, cihu (ciréng tahu), tahu bodo
saeutik, jeung sajabana. Sedengkeun
sanguna mah aya Nasi Tutug Oncom,
Nasi Liwet, sangu goréng tarasi, jeung
sajabana. Sok sanajan pasakan nu dijual
di warungna mangrupa pasakan tradisional, Sally henteu ngarasa inggis kadéséh ku rumah makan-rumah makan
anu midangkeun pasakan modéren ti
luar negri, lantaran pasakan ti Warung
Talaga mah boga ciri nu mandiri, sarta
kiwari réa jalma anu karesepna balik
deui kana pasakan tradisional.
Ceuk katerangan ti marketing Warung Talaga, Betsy, tampilan Warung
Talaga ngahaja nyokot konsép warung
jaman baheula atawa ceuk barudak
ayeuna mah Jadul. Piringna ogé maké
piring séng. Lian ti kitu, Warung Talaga
Warung Talaga midangkeun suasana warung jaman baheula (dédé)
24
ogé satékah polah midangkeun nuansa
Sunda minangka salasahiji ciri hasna.
Ciri kasundaan téh di antarana diterapkeun dina ngaran sababaraha pasakan,
saperti Tahu Bodo Saeutik, Tahu peureum Beunta, jeung sajabana.
“Ka payunna mah Warung Talaga ogé
hoyong midangkeun kasenian Sunda,
kanggo nambihan suasana kasundaan,”
pokna.
Ceuk Sally, Warung Talaga téh mémang idéntik jeung tahu Talaga, anu
mimiti dijieun ku pausahaan tahu Yunsen nu ngadeg taun 1938. Awalna tahu
Talaga dijieun di Kota Bandung ku
Liauw Pak Phin (asli Cina) jeung Ma Ilot
(pituin Talaga-Cikijing). Tina sapuluh
anakna, anu ahirna seurieus sarta konsistén nuluykeun usaha nyieunan tahu
téh nyaéta Joeliman jeung istrina Marlina. Ku katekunanana, tahu Yunsen
bisa terus mekar tur suksés saperti
Sally jeung Betsy,
Manglé 2452
26. Tahu Bodo, salah sahiji kaolahan tahu di warung Talaga (dok. Warung
Talaga)
tulisan “Yunsen” nu hartina teu weléh
suksés. Ti saprak dikokolakeun ku generasi kadua, tahu Yunsen ganti ngaran
jadi tahu Talaga. Ngaliwatan Warung
Talaga, tahu téh diolah jadi rupa-rupa
pasakan anu bahan dasarna tina tahu.
“Dina prosés ngadamelna, tahu Talaga
mah teu weléh nganggo bahan-bahan
alami, tur henteu ngaggo pewarna
sareng pengawét kimia. Ku margi kitu,
ngolah konsép pasakan tahu nyunda (dédé)
Manglé 2452
Nasi Tutug Spésial, ogé jadi salasahiji andelan Warung Talaga
(dok. Warung Talaga)
tahu Talaga
mah dijamin aman tur séhat,” pokna.
Sally ngémbohan, tahu talaga anu
pabrikna di Jl. Jend. Sudirman Nomer
227 téh ogé ngajual tahu hasil produksina di mol-mol jeung super markét.
Warung Talaga anu ngolah rupa-rupa
pasakan tina tahu Talaga, éstu geus kajojo ku konsumén lain saukur ti kota
Bandung, tapi ogé ku konsumén ti luar
Kota Bandung. Malah aya palaggan satia
ti Malaysia jeung Singapur anu remen
ngahaja datang ka warung Talaga pikeun
nuang rupa-rupa pasakan tina tahu.
“Ku margi prosés ngadamelna higiénis, tahu Talaga mah hampasna ogé tiasa
dipasak janten tuangaeun. Henteu bau
sapertor hampas tahu biasa,” ceuk
Sally.***
Dédé/Dédas
Ramé pada ngadeugdeug ku konsumén (dédé)
25
27. ET Satibi
BANJAR KARANG PAMIDANGAN
Pasosoré angin ngahiliwir
nebak daun arendag aroyag
panonpoé lingsir ngulon
layung sumedeng mayung
di mumunggang luhureun pasir
cahyana menggah hibar
jangjang peuting kumpul
di langit pating arudat
dalit ngancik meulit lir emas sinangling
mingkin asri sarakan
Tepiswiring dilingkung ku lamping
Pasir Maja reujeung Gunung Sawal
pama ngalanglang ti kulon
kalér wétan jeung kidul
ngaplak cai eusining tasik
kitu deui di tengah
lambak tingsuruwuk
lir sisit emas jeung pérak
sorot cahya sumirat sedeng lumingsir
mapag peuting lumampah
Pamayangna geus wancina ngampih
muru sisi mulang ka daratan
kitu deui sato kalong
ihtiar sangkan mupul
balangsiar lumrah ti peuting
hamo bisa ti beurang
dupi eusi situ
nusa kalintang éndahna
pangjugjugan pamuruan jalmi tebih
anu sumeja nyekar
Dayeuh Panjalu,
Désémber 2012
26
Manglé 2452
28. Sambungan ti kaca 21
ngabandungan lalakon nu keur
dicaritakeun.
“Lima jam di perjalanan.
Datang ka Brussel, pukul satu
beurang. Langsung ngajugjug
ka kompleks masjid al Birru,
salah sahiji puseur komunitas
Muslim pangbadagna di Bélgia.
Salat di dinya, jama qosor lohor
jeung asar. Réngsé salat, silaturahim ka para jamaah jeung
takmir masjid nu kabeneran
araya kénéh. Malah kaburu
mapay ka kelas-kelas barudak
TK al Quran. Lucu ngabandungan barudak diajar maca Fatihah. Komunitas Muslim di “al
Birru” campur. Aya urang
Éropa asli, aya urang Asia ti
Turki, Afghanistan, Suriah, aya
urang Afrika ti Maroko, Aljazair, Tunisia, jeung sajabana.
Kaitung ma’mur oge masjid
téh. Bubuhan jadi puseur komunitas Muslim Belgia nu bacacar di saban tempat. Ti mas
jid, ngajugjug alun-alun Grand
Place nu dikuriling ku wangunan-wangunan kuno buatan
abad 15-an. Saperti Boodhuis.
Hartina ‘Imah Roti’, nu oge
katelah Maison du Roi atawa
‘Imah Raja’. Sabab dina abad 16
kungsi dipaké pasar roti ku
Kaisar Romawi Charles V. Aya
deui Maison dés Ducs de Brabant jeung La Balance. Kabéh
masih keneh asli, sanajan ayeuna dipake restoran jeung toko.
Alun-alun Grand Place dianggap alun-alun pangberesihna
jeung pangrapihna di sakuliah
Eropa…..”
“Étah duwegan…geur sok
kerok. Ngeunah geura nyapék
kalapa ngora bari ngabandungan dongéng….”
Déndin jeung Boy sareuri.
Cugceg kana séndok jeung
duwegan nu geus meunang
meulah Mang Adun.
“Bari mapay-mapay toko
coklat nu kasohor – padahal
bahan bakuna, buah coklat,
dipelak di Rajamandala, Kab.
Bandung – nyaksian jalma pasuliwer di alun-alun. Aya kumpulan barudak ngora, ngamén
ku cara maca sajak. Topina nu
dipaké nampa pangalungan,
geus pinuh ku duit lambaran.
Tétéla di batur mah, maca sajak
ogé bisa ngadatangkeun duit.
Di urang mah apan, nu ngamén
make hitar ogé, beubeunanganana ukur kencring hiji dua.
Tara nepi ka pinuh wadah nu
Manglé 2452
diasong-asong.”
“Di sisi alun-alun, paragpag
kios buku urut. Réa buku-buku
karandel dina basa Prancis,
Inggris, Walanda, Jerman,
jeung rupa-rupa deui. Nu
datang ka dinya, kawilang réa.
Aya nu meuli, aya nu saukur
mukaan jeung maca saluwatsaliwat. Aya ogé nu rek tukeur.
Kitu geuning di batur mah,
buku gé bisa ditukeurkeun.
Buku urut kana buku weuteuh,
atawa buku urut kana buku
urut deui. Aya nu pagulingan,
mun hargana sarua. Aya nu
tukeur tambah, boh ti nu ngajak tukeur. Boh ti nu ditukeuran. Hiji perkara lain samanéa.
Sabab kudu papada apal kana
ajén-inajén katut penting teu
pentingna eusi buku. Mun teu
kitu, lapur, harga buku digebud
sangeunahna nu rék meuli
atawa nu rék ngajual. Di urang
mah tacan kabéjakeun aya tempat panukeuran buku. Karék
mobil, motor, atawa barang
éléktronik nu payu tukeur tambah teh. Buku mah…..lapur !”
Déndi jeung Boy rada patingkelemes. Asa kasindiran. Rumasa. Bororaah apal kana ajén
inajén jeung eusi buku. Kana
judul jeung nu ngarangna gé
duka teuing. Maca tara pangangguran. Beda jeung lalajo
TV, CD, DVD. Ngadéngékeun
music tina MP3 atawa iPad. Éta
mah lir kawajiban tur géngsi
barudak rumaja.
“Tapi keun waé, da salah
urang kénéh. Saméméh bangsa
Indonesia resep maca, malah
réa kénéh nu buta hurup, industri parabot audio-visual
nerekab mantén. Jadi wé budaya maca éléh ku budaya ténjo
jeung déngé. Asa murah kénéh
meuli CD,DVD jeung sabangsana ti batan meuli buku. Aéh
naha bet léok ka nu kitu? Nepi
ka mana dongéng aki tadi?”
“Di alun-alun Brussel,” Boy
némbalan satengah ngosom.
Kagok keur nyapek duwegan.
“Aéh enya,” akina Boy
ngadéhém, ”Pasosoré ti Brussel
ngajugjug Amsterdam. Jalan
datar, ngaliwatan jambatanjambatan luhureun walungan
jeung kanal. Dua walungan
badag, Scheldt jeung Meuse,
beresih kawas Séine di Paris.
Kitu deui, kanal-kanal aya ratusna, bareresih deuih. Teu
kakotoran limbah saeutik-eutik
acan. Boh limbah rumah
tangga, boh limbah pabrik.
Kabersihan mémang jadi prinsip hirup urang Éropa. Kaasup
di kota-kota palabuan nu biasana kotor lodro. Cara di
Volendam, kota palabuan Laut
Kalér Walanda. Rarasaan téh
lain tempat pamayang ngabangkat lauk. Taya hanyir, taya
ucrat-acrét sisit atawa getih.
Komo runtah mah. Manuk laut,
bangsa camar, pabaliut. Kitu
deui waliwis jeung pelikan.
Ngeunah wé tingkayapak malingan lauk sabot nu tungguna
bongoh. Ukur digebahkeun, teu
dikukumaha. Teu diténggor,
teu diketepél. Jajauheun ka
dibedil cara di urang….”
“Bari ngadahar goréng cumicumi meunang meuli ti tukang
dagang lauk dina roda dorong,
teu jauh ti wangunan pasar
lauk, ngabayangkeun kaayaan
palabuan di urang. Apan sakitu
rarujitna. Terus tukang lauk
dina roda dorong téh, maké
pinter sababaraha basa. Geus
puguh basa Walanda jeung Inggris. Basa Jepang jeung Indonésia ge bisaeun….”
“Mapag jaman pasar bébas,”
jawab manéhna waktu ku aki
ditanya, ngeunaan kabisana
dina widang rupa-rupa basa.
“Hiji waktu, mun kuring butuh
dagang di Indonesia, di Jepang
atawa di mana waé, geus moal
hésé deui semet nawar-nawarkeun dagangan mah.
“Geura ituh, bangsa deungeun mah geus sayaga kitu. Siap
ancrub kana tarung pasar
bébas, nu geus ngarungkadkeun wates-wates nagara. Istilah ‘no border térritory’ téh
enyaan diayonan .Nepi ka pantar tukang goréngan cumi-cumi
dina roda dorong, sakitu teuneungna nyanghareupan
parobahan global. Jauh jeung
urang nu karék semet ngaributkeun hal-hal céték…..”
Boy jeung Dendin, rada melenguk. Ras ka diri maranéhna.
Tamat SMA, bari teuing lulus
teuing moal ujian nasional,
bororaah ngawasa dua tilu
basa. Basa sahiji ogé nu geus
kapimilik ti barang lahir, basa
Sunda, teuing bisa kénéh teuing
henteu.
“Right or wrong is my contry,
cek urang Inggris,” akina Boy
nuluykeun carita. “Hadé goréng
nagara sorangan. Tapi dalah
dikumaha. Sabot ngalanglang
Eropa Kulon, bet nyeri haté
mun inget ka nagara sorangan.
Jauh kaayaanana upama
dibanding-banding jeung nagara deungeun. Pangpangna
Éropa nu modéren, tapi bisa
ngamangpaatkeun kamodérenana keur ngajaga ajén-inajén
kahirupan nu sarwa bersih,
rapih, apik. Kaasup di tempattempat nu sakuduna kotor
jeung amburadul. Atawa nagara urang mah masih kénéh
kuno kitu? Tacan ngambeu
modérnisasi nu merenah, jeung
tacan bisa ngamangpaatkeun
kamodérenana kalawan hadé?”
akina Boy kawas nanya ka dirina sorangan.
Déndi jeug Boy bororaah bisa
ngajawab. Ngeluk wé. Ramona
mocélan daging duwegan
pasésaan ngerok ku sendok.
Ngarasa rumasa téa. Sakola
ukur gidig. Lain niat hayang
boga élmu enya-enya. Nu
matak dina nyanghareupan
ujian nasional, ngarasa sebér.
Maké kudu ngayakeun tarékah
saluareun kagiatan diajar formal. Kayaning du’a husus,
istigoshah, jeung rupa-rupa
deui sangkan meunang kalancaran jeung kalulusan. Turta
geus lulus, kudu siap-siap deui
tarung marebutkeun korsi di
paguron luhur kalawan milu
tésting jeung sasayagian waragad nu lain seutik.
“Aki urang mah, sakolana gé
ukur satingkat SMP,” Boy
kungsi ngaharéwos baréto basa
nganjang mimiti. “Tapi pinter
jeung motékar. Cenah, alatan
getol maca.”
Anggur pertanyaan akina
Boy tadi – naha urang tacan
ngambeu modérnisasi nu merenah jeung teu bisa ngamangpaatkeun kamodérenan kala
wan hadé – bet asa tujul ka diri
Déndin. Boa ka diri Boy gé
sarua.
Tapi teu bisa nanaon. Bororaah ngajawab atawa méré komentar. Déndin jeung Boy
jongjon ngutek-ngutek ramo
kana sésa daging duwegan anu
ramiping, sabot akina Boy
reureuh ngadongéng, terus
nyarita:
“Sakitu heula, nya dongéng
aki ayeuna. Insya Alloh ke aya
deui dongéng séjénna…bisi rék
dalahar, ka dapur wé. Aya nini
jeung Si Bibi di ditu. Capé jeung
lapar,nya, tas ngaboséh sapédah ti lebak, Jung ka ditu ka
dapur……..” ***
27