2. “Uyah mah tara téés ka luhur!” Kitu ceuk paribasa gé.
Hartina, di antarana téh paripolah jeung kalakuan kolot
bisa netes ka handap. Atuh, mun ti luhurna hadé, nya
gedé harepan jeung kamungkinan ka handapna bakal
hadé.
Harepan medalna generasi nu hadé, di antarana téh
ngandelkeun kaum wanoja. Da arinyana, apan nu jadi
guru munggran jeung utama keur barudakna téh.
Hartina, kaum wanoja nu jadi tuturus rundayan, kudu
boga kamampuh jadi cukang lantaran medalna generasi
pinunjul. Sabalikna, mun wanoja hengker, éta kahengke-
ran téh bakal jadi bangbaluh pihak séjén. Ku lantaran
kitu, kamajuan kaum wanoja ogé, hartina demi
kamaslahatan masarakat sakumna.
Hak wanoja bagian hak asasi manusa. Nanjeurkeun
hak asasi wanoja, sarua jeung nanjeurkeun hak asasi
manusa. Sabalikna, mun hak wanoja katideresa, hartina
ogé aya sabagian manusa nu katideresa hak-hakna.
Loba nu percaya, nanjeurkeun hak jeung kawajiban
téh di antarana, bisa ngaliwatan dunya pulitik. Ku kitu-
na, da di dinya huluwotanna kakawasaan geusan
matéahkeun wewenang keur kahirupan balaréa. Atuh,
kaludeung ancrub kana widang pulitik gé sawadina
mekar ti kulawarga kénéh.
Mitra, upama aya hawar-hawar wanoja masih kénéh
hariwang upama manggung ka nu leuwih luhur, bakal
gedé pangaruhna ka lingkungan kulawarga. Rundayan
nu jadi generasi mangsa ka hareup, kacida butuhna
pangaruh lingkungan nu pangdeukeutna, kaasup
pangjurung nu jadi indung.
Mitra Manglé, nomer ieu ngolongan pamanggih Dr.
Nina Djustiana, drg., M.Kes., Pupuhu Pusat Penelitian
& Pengembangan Gender dan Anak (P3GA) Universitas
Padjadjaran. Di antarana nu jadi bukur catur téh,
pentingna kaludeung kaum wanoja dina pulitik. Cindek-
na, wanoja Sunda gé kudu boga kamampuh jeung
kaludeung makalangan dina widang pulitik geusan
kamaslahatan balaréa. ***
Ngajurung Ludeung Kaum Wanoja
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. SAJAK
Padung
Ari Andriansyah ................................ 8
PURIDING PURINGKAK
Jadi Jurig
H Usep Romli HM .......................... 24
UNAK-ANIK
Kahirupan Biduan Dangdut
Di Kota Leutik
......................................................... 44
GUGURITAN
Gandrung Liwung
Entoh T Satibi ................................. 48
CARITA PONDOK
Basa Sakola Kabanjiran
Holisoh ME ..................................... 20
Sapanjang Jalan Ka Subang
Tety S Nataprawira ............................. 26
DAR W I N
Onnok Rahmawati .............................. 46
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle ALit ..................................... 32
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (1723)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (11)
M.A. Salmun
............................................................. 12
SekarManglé
Fenty Jesica
5
TAMU
Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.;
Wanoja Sunda Kudu Ludeung dina Pulitik
Potret:Reisyan
Dur subuh téh geus hudang, da diguyah-
guyah ku Ema. Padahal panon mah
hayang peureum kénéh. Tuda wayah
kitu mah keur meumeujeuhna disimbut
buni, bari ceuli ngadédéngékeun nimat-
na si jago kongkorongok di pipir.......
20
Basa Sakola Kabanjiran
4. ManggatiPayun
D
ina sawatara taun
katompérnakeun karasa
pisan marudahna sawatara
inohong Sunda téh. Babakuna anu
galedé angkeuhanana kana urusan
pulitik. Ari batur anu daratang ka
Tatar Sunda bisa jaradi jelema,
naha ari urang Sundana sorangan
teu kitu? Urang Sunda téh apan
étnis nomer dua panggedéna di
Indonésia tapi naha ari dina widang
pulitik kahancenganana téh saeutik
pisan? Nu jadi mentri waé teu réa.
Padahal pantes mun aya nu jadi
wakil presidén gé. Urang Sunda
salila ieu éléh bersaing.
Kira-kira kitu anu mindeng ka-
bandungan téh. Naon atuh nu jadi
sababna?
Nya para inohong Sunda téh
ngajidiri atawa ngayakeun intro-
spéksi. Aya sababaraha rupa anu
geus ditembrakkeun téh, salasa-
hijina ngeunaan babasan anu salila
ieu diparaké ku urang Sunda.
Babasan sabangsaning handap
asor, soméah hadé ka sémah, geus
ti béh ditu kénéh diusulkeun ulah
diparaké deui dina pajamanan
saperti ayeuna mah. Akibatna
kalah négatif ka urang Sundana
sorangan, cenah.
Anu ayeuna-ayeuna keur
meujeuhna populér téh babasan
mangga ti payun. Cenah nu ieu gé
négatif balukarna. Nu matak ulah
kitu, ayeuna mah geus waktuna
kudu diganti ku punten kapayunan.
Nu ieu mah leuwih positif, cenah.
Dina pasamoan-pasamoan resmi gé
sawatara inohong Sunda kiwari
geus paséhat pisan umajak sangkan
mangga ti payun dirobah jadi pun-
ten kapayunan.
Ngan lamun rada dipikiran deui,
dina kabiasaan atawa tradisi
kahirupan urang sapopoé, asana
henteu kitu larapna éta babasan
téh. Babasan mangga ti payun tara
dilarapkeun ka sambarang jalma,
tara ditujulkeun ka saha baé.
Mangga ti payun mah dilarapkeun-
ana téh ngan ka jalma-jalma anu
pantes dihargaan jeung pantes
diajénan. Upamana baé
ditujulkeunana téh ti nu sahanda-
peun ka nu saluhureun, ti murid ka
guru, ti santri ka ajengan. Ka jalma
anu baragajul mah asa tara aya anu
ngalarapkeun mangga ti payun. Ari
ngajénan ka jelema anu pantes
diajénan atawa ngahargaan ka nu
pantes dihargaan, apan éta mah
salasahiji ciri adab dina campur-
gaul. Tur lain urang Sunda baé anu
boga tradisi kitu téh. Sabalikna
lamun santri ka ajengan atawa
murid ka guru nyebutkeun punten
kapayunan, éta mah teu mustahil
bakal disebutna ogé colonos, teu
nyaho di adab.
Papadaning kitu mémang
sakuduna naon-naon anu geus
nyampak jadi adat, kabiasaan
atawa tradisi ditafsirkeun deui
dumasar kana pangabutuh jaman.
Dipilih-pilih deui mana anu bisa
kénéh dilarapkeun, mana anu
sabalikna. Hal ieu gé sipatna uni-
versal. Unggal bangsa gé boga
pangalaman anu saperti kitu. Di
lebah dieu engkéna bakal kanya-
hoan, mana anu sipatna umum
mana anu spésifik dina widang-
widang husus wungkul.
Komo deui dina kaayaan
pabéntarna tradisi anu geus nyam-
pak di urang jeung pangaruh anu
datangna ti luar. Ayeuna mah apan
geus blas-blus pisan asupna panga-
ruh ti luar kana kahirupan urang
sapopoé téh.
Nu kungsi kaalaman ku Shih
Nin Chi bisa dijadikeun salasahiji
conto. Manéhna téh ti Cina bubuara
ka Amérika Serikat. Ari urang Cina
apan kasohor, pageuh pisan dina
nyekel tradisina. Salasahiji anu jadi
bekelna téh buku leutik anu eusina
papatah jeung babasan supaya bisa
hirup mulya di dunya.Tangtu wé
nurutkeun tradisi luluhurna.
Barang dilarapkeun dina kahiru-
panana di Amérika, loba anu nam-
bag. Salasahijina, babasan anu
unina kira-kira saharti jeung
babasan nu aya di urang, nyaéta
kandel kulit beungeut. Dina tradisi
Cina gé sarua, éta babasan téh
goréng hartina. Jadi, ulah dipaké.
Malah kudu jadi pantangan.
Tapi manéhna boga pangalaman
séjén. Kungsi digawé di asuransi,
ceuk manéhna, lamun ngagugu
kana éta babasan, rék iraha bisa
ngajual polis? Da tara aya jelema
anu langsung asup asuransi tina
sakali tepung. Lamun keukeuh-
peuteukeuh ngagugu kana tujuan
babasan kandel kulit beungeut,
sakali ditolak terus teu didatangan
deui, tangtu nepi ka iraha ogé moal
beubeunangan. Ceuk manéhna,
dina éta urusan mah babasan kan-
del kulit beungeut téh hartina bisa
positif. AM
Manglé 2441 3
5. 4 Manglé 2441
Sampurasun!
Bangsa Indonesia nu
soméah hadé ka sémah,
nu silihélédan, nga-
luhurkeun siliharegaan,
jigana méh sirna, kaléléd
ku harakna hubuddunya.
Balukarna pasipatan
urang jiga nu leungit ko-
mara. Kasaksén pisan
dina sagala widang. Dina
widang politik mah geus
karuhan, geus patulayah
jalma-jalma nu tiap poé
salin rupa jeung sipatna.
Da, cenah ari dina politik
mah, lamun teu licik moal
genah. Beu! Meureunan
jalma nu cicing dina poli-
tik, boa-boa jujur jeung
amanah téh geus jadi
musuh dirina. Upama
bangsa geus kitu, ulah
salah nu karieu téh bakal
mawa pirus kana widang-
widang séjénna.
Ayeuna kasaksén aya
béja nu leuwih parna,
cenah pangmaceuhna nu
ngalakukeun korupsi,
nyaéta jalma-jalma nu
cenah harayang ngurus
agama di Departemen
Agama. Ieu tangtu bahla!
Rék kamana atuh bangsa
urang diurusna. Pa-
maréntah deui nu disebut
PNS, keur geunjleung,
cenah raresep korupsi.
Malah PNS ngora ogé,
loba teu euleum-euleum
némbongkeun pakayana,
améh arapal ‘uing pang-
beungharna’. Teu sadar
maranéhna geus dipatok
panghasilanana. PNS nu
sasatna mung saukur
ladén masarakat, geus
tibalik hayang jadi jura-
gan. Nya antukna baroga
sipat kumawasa. Saha nu
salah lamun geus pa-
nyakit ieu narajang ka
unggal jalma?
Aya deui keur di dunya
hiburan sepakbola.
Bangsa urang deui-deui
némbongkeun sipat em-
bung siliélédan, embung
siliharegaan. Nu aya sili-
jongklokeun, silisalah-
keun, ahirna masarakat
moal deui paduli kana
omongan pamingpin.
Dualisme nu ngayakeun
sepakbola di urang, hiji
bukti, pamingpin resep
ngaragragkeun urusan
ahlak.
Sakitu waé surat ti
simkuring, mudah-muda-
han hiji waktu tiasa di-
sambung deui.
Bah Somad
Ti Sumedang
Sampurasun!
Nyi Mangle, ngaban-
dungan nanjeurkeun
hukum di urang,
singhoreng beuki teu
jelas. Saperti waktu Djoko
Susilo nu korupsi perala-
tan Simulator tea, apan
mani cetek. Teu saimbang
jeung polah nu matak pa-
tojaiyah jeung cita-cita
bangsa. Euh... maenya
korupi nu sakitu gedena,
dihukum ngan 10 taun.
Eta deuih nungtutna asa
formalitas ngan 18 taun.
Cek simkuring mah,
nu ngurus ieu nagara
pangpangna dina nan-
jeurkeun hukum, para
hakim geus ngalelece
kaadilan hukum. Padahal,
hukum apan lianti keur
kaadilan dirina oge keur
mere palajaran ka sing
saha wae, sangkan ulah
ngalakukeun. Ari ieu? ko-
rupsi nu sakitu miliyaran
ngan dihukum 10 taun,
atuh cetek pisan. Lain oge
matak arembung, tapi
geura jadi harayang. Tah
lamun jadi harayang,
hartina nu nanjeurkeun
hukum geus salah tina
tujuan.
Ku kituna, kuring
mah aneh kabina-bina.
Naha atuh loba jalma nu
pinter teh bet tapi teu
mangpaat. Asa lebar
deuih nu palinter, mang-
taun-taun neangan elmu
mangratus- ratus juta
keur biaya sakola, ari der
teh teu mawa mangpaat.
Lebar.... lebar.... den nu
karitu teh. Anggur si, an-
jeun kudu ngariksa diri,
kudu apal kana hakekat
maot. Kabeh oge moal
aya nu dibawa tah lamun
geus mayit mah. Mana
keur ge mungpun keur
hirup, hayu urang hirup
nu bener, nu jujur, nu
ihlas, nu bener-bener
mawa mangpaat keur
batur.
Sakitu wae nyi Ma-
ngle.
Hatur nuhun.
Ibu Nita Rostita
Ti Majalengka Jawa
Barat
Nganti Pangorba-
nan
Kiwari, kasadaran
daék ngorbankeun hak-
hak pribadi kacida
pereluna. Da, kitu dina
kahirupan manusa salaku
mahluk sosial mah. Éta
téh tandaning tuwuhna
kasadaran yén manusa
silihpikabutuh. Bukti
dina nyumponan panga-
butuh gé taya saurang ogé
nu leupas tina jasa jalma
séjén. Kadaharan, pakéan
jeung sajabana enas-
enasna mah meunang
batur.
Kasadaran daék kor-
ban (kalebet nu sakedap
deui bade meuncit hewan
kurban), samistina nye-
rep kana ati sanubari. Nu
daék korban, hartina
namperkeun kanyaah ka
nu lian. Lian ti kitu,
hartina ogé, dirina téh
keur ngawangun jati diri
atawa ngawangun ajén
dirina.
Dina saban kahirupan,
komo deui jaman kiwari,
sumanget daék korban
kacida dipikabutuhna.
Da, upama masing-ma-
sing pihak daék korban
keur pihak séjén, piraku
boga karep ngarampas
hak pihak séjén. Lantaran
keur nu daék korban,
tong boro ngagasab hak
nu lian, dalah nu geus jadi
milikna gé teu teu lebar
dikorbankeun keur pihak
séjén.
Haturan salam
Ti Ibu Mimin
Cipadung Bandung
Sipat Siliélédan,
Ka manakeun?
Nganti
Kaadilan Hukum
6. H
ak wanoja bagian hak asasi
manusa. Nanjeurkeun hak asasi
wanoja, sarua jeung nanjeurkeun
hak asasi manusa. Sabalikna, mun hak
wanoja katideresa, hartina ogé aya sabagi-
an manusa nu katideresa hak-hakna. Ku
kituna, upama aya hawar-hawar wanoja
masih kénéh hariwang upama manggung
ka nu leuwih luhur, éta téh salah kacida.
Sapertina waé, kiwari, pangpangna wanoja
Sunda, seueur kénéh nu ngarasa hariwang
upama ancrub kana widang politik.
“Hawar-hawar, yén politik téh kotor, mé-
mang seueur mangaruhan kana ketak
wanoja, dugi ka aya nu mendag mayong
aralimeun maranggung kana widang poli-
tik,” cek Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.,
pupuhu Pusat Penelitian & Pengemba-
ngan Gender dan Anak (P3GA) Universitas
Padjadjaran, muka obrolan waktu tepung
di kantorna Jalan Banda Bandung.
Dina panalinga Dr. Nina, anggapan
kitu tangtu sagancangna diluruskeun.
Lantaran, perjuangan nu tumali panang-
tayungan, cumponna, jeung panghor-
matan kana hak asasi kaum hawa, jinek
ngabutuhkeun tanggung jawab sakumna
pihak, kaasup kana kawijakan nu aya di
legislatif, éksékutif atawa yudikatif. Lan-
taran deuih, cek ieu pangarang buku ‘Revi-
talisasi Pusat studi Wanita’, kiwari,
démokrasi téh teu weléh jadi kacapangan,
jadi gambaran kahirupan nu ngajénan
sasama. Ku lantaran kitu, nagara nu
démokrasi gé kacida dipikacangcamna.
Harepan kitu, teu anéh, da di nagara
démokrasi, rayat téh nu boga kakawasaan
nu pangluhurna. Kadar éta aya nu jadi
pamingpin, apan enas-enasna mah man-
dat ti rahayatna. Dina masarakat nu
démokratis, aya jaminan hak-hak pulitik
sakumna warga. Ku lantaran kitu ogé, jinek
ayana hak-hak saban golongan, kaasup
kaum wanoja. Kasadaran sakumna pihak
kana-hak wanoja kacida pereluna. Lan-
taran, mémang dina kanyataanan mah, can
saperti dina tiori téa. Najan puguh aya
aturanana, wanoja meunang hak anu sarua
kawas lalaki, dina émprona mah teu kitu.
Buktina, apan masarakat gé ilahar kénéh
nempatkeun wanoja dina kalungguhan nu
teu samistina.
Ku kituna, bajuang keur nanjeurkeun
hak-hak kaum wanoja, cek ieu paniten gen-
der, butuh cara nu jinek. Upama di tingkat
internasional aya Deklarasi Beijing Plat-
form, nu jadi cukang lantaran medalna
program-program penting nu tumali jeung
kaadilan gender, nya dina tingkat lokal
tinggal ngalarapkeunana. Carana? Cek Dr.
Nina Djustiana, drg., M.Kes. tetep kudu
ngahijikeun kakuatan nu aya di tingkat
lokal, sapertina waé ayana Forum Komuni-
kasi & Kajian Gender Jawa Barat jeung teu
pegat koordinasi. “Kacida pentingna teras
koordinasi antar widang, lembaga,
paguron luhur sareng pamaréntah,” saurna
tembres.
Upama Dr. Nina Djustiana, drg., M.
Kes. apal pisan kana ketak wanoja kiwa-
ri, mémang di dinya icikibungna. Lian
ti nyekel pancén di lembaga
panalungtikan jeung mekarkeun
gender di Universitas Padja-
djaran, ogé loba diondang
jadi narasumber di
sababaraha tempat,
pangpangna sual ke-
tak kaum wanoja
dina pangwangunan.
Dina panalingana,
ketak wanoja, husus-
na di Jawa Barat, mé-
mang tacan unggul
dina widang pulitik.
“Ketak wanoja Sunda
dina sual pulitik
Manglé 2441 5
Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.;
Wanoja Sunda Kudu Ludeung dina Pulitik
7. sapertos nu teu warantun,” cek Dr. Nina nu
pernah mancén pupuhu Pusat Penelitian
Peranan Wanita, Lemlit Unpad téh.
Dina bagian séjénna, cek ieu ahli
kesehatan, sabenerna, pangwangunan
Jawa Barat geusan ngaronjatkeun ajén
kaum hawa teu kurang-kurang. Buktina,
kaum wanoja di Jawa Barat dina sual ajén
mah teu kurang-kurang. Loba kaum wajo-
na nu nanjeur dina widang atikan jeung
ékonomi. Hartina dina sual ajén sumber
daya manusa (SDM) mah kacida reueusna.
Ngawalakayakeun kaum wanoja, ceuk
ieu istri Ir. Ardhana Putra PhD, mémang
teu babari, malah bangga kacida. Lantaran,
bangbaluh nu tumali jeung salah hartina
pamahaman ngeunaan ‘gender’ kacida
matak rugina keur kaum wanoja.
Naon atuh ari ‘gender’ téh? Taya lian ti
bédana peran, pungsi katut tanggung
jawab antara lalaki jeung awéwé nu nga-
wujud ku lantaran wangunan sosial bu-
daya. Hartina, gender mah, bisa robah
dumasar kana kamekaran jaman jeung
pangrojong masarakat.
Ku kituna, nyawalakeun gender jeung
kakuatan kaum wanoja, penting kacida.
Lantaran kaum wanoja témbong kacida
dina peran pangwangunan nepi ka saban
daerah. Ku kituna, Dr. Nina, ngarasa perlu
ayana tarékah-tarékah nu natrat dina
raraga sosialisasi gender ka masarakat.
Henteu waé di masarakat tapi ogé ka kam-
pus-kampus. Saperti di Unpad, tétéla Dr.
Nina, miharep ka saban fakultas sangkan
ngajarkeun mata kuliah nu patali jeung
masalah gender.
Ngagedurkeun Kasadaran
Pamahaman nu bener kana pancén
kalungguhan jeung pancén kaom wanoja,
nepi ka kiwari, masih kénéh aya anggapan,
yén pagawéan kaom wanoja mah, luyu
jeung kodratna. Padahal, ari profési mah,
lain ditangtukeun ku kodrat, tapi ku ka-
mampuhan. Nya ku lantaran kitu, deui-
deui pamahaman ngeunaan gender téh
jadi penting. Aya kekecapan nu sakapeung
mah dipacorokeun. Enya, antara sesebutan
awéwé (jenis kelamin), kodrat, jeung gen-
der téh dalit naker. Ngan, ari enas-enasna
harti jeung maksud mah béda pisan.
Mahluk nu disebut awéwé mémang
kodratna ‘karesebab’, kakandungan,
ngalahirkeun, nyuusan ku cai susuna,
jeung ‘menopouse’. Nu ditatan bieu mah,
sipatna téh biologis, da mémang kudratna
awéwé ti Nu Mahakawasa. Ari gender mah,
bédana peran jeung pungsi antara lalaki
jeung awéwé nu sipatna téh robah jeung
bisa robah lantaran ‘buatan’ sosial budaya
masarakat. Kitu di antarana ogé nu cukang
lantaran ngadegna lembaga panalungtikan
jeung kamekaran gender jeung anak
(P3GA) Universitas Padjadjaran.
Atuh dina sual séjénna, pangpangna
6 Manglé 2441
Dina palatihan nyegah KDRT di Bogor
Sakulawarga
Nataharkeun program, nanjeurkeun ajen kaum wanoja.
8. Manglé 2441 7
dina raraga nguatan karep kaum wanoja
dina rupa-rupa widang, apan butuh
léngkah-léngkah anu jinek. Tangtu wé,
loba pakalangaan nu bisa diasupan ku
kaum hawa geusan nguatan jaringanana.
Kituna téh saperti Dr. Nina Djustiana, drg.,
M.Kes. dina mupuhuan lembaga P3GA
Unpad. Ieu lembaga ogé, boga udagan nu
jinek, nyaéta ngayakeun kagiatan
panalungtikan jeung palatihan ngeunaan
gender dina sababaraha widang; sosial,
budaya, ékonomi, pulitik, nepi ka muncul
karya nu ilmiah nu saterusna jadi bahan
rekomendasi keur nu boga kapentingan,
dina sual pamahaman gender jeung
masalah anak.
“Alhamdulillah, P3GA salawasna
ngayakeun panalungtikan ka saban tem-
pat, di antarana waé, nalungtik nu patali
sareng naskah akademik keur Pergub
Pengurus Utamaan Gender Jabar, bakti
sosial ka nu kamusibatan longsor, masihan
penerangan patali nyegah kekerasan,
trafiking, ogé sawala dina nguatan ketak
wanoja di Jawa Barat,” cek Dr. Nina Djus-
tiana, drg., M.Kes.
Sual nguatan ketak kaom wanoja,
pangpangna dina organisasi pulitik, teras
dihangkeutkeun, utamana sual perluna
lembaga koordinasi sual ajén wanoja nu
rék ancrub dina widang politik. Ieu perlu,
lantaran cek Dr. Nina, sual ajén politikus
wanoja bakal mangaruhan kana perjoa-
ngan wanoja nu sagemblengna. Kaum
wanoja nu kadieunakeun témbong per-
anna ka saban widang, boh dina sual
kasehatan, sosial, hukum, budaya, sosial
jeung sajabana, tangtu bakal butuh politi-
kus wanoja nu hadé ajénna. “Sual ajén
kaum wanoja dina pulitik, rupina kedah
ditingkatkeun,” saurna deui.
Melaan nu Katideresa
Nina Djustiana, teureuh Majalengka.
Waktu leutik kénéh mémang geus resep
buméla ka kaum nu katideresa. Atuh ba-
baturan harita, sok ngarasa sugema upama
dibarengan ku Nina. Saperti, waktu sakola
di SDN IV Padalarang, loba kaum lalaki nu
éléh upama adu hareupan. “Waktos alit
resep adu hareupan sareng pameget
atanapi saha waé nu sok curang. Duka
kumaha, abdi mah sok wantun nyang-
hareupan, dugi ka sarieuneun,” saur ieu
putra Bapa Sadeli Hardjawikata sareng ibu
Siti Saodah téh, nineung ka jaman baheula.
Dr. Nina dikantunkeun ku ramana
waktu nincak yuswa opat taun. Ku kituna,
upama aya kekecapan karuhun, indung
tunggul rahayu, nya kitu pisan nu karasa
ku Nina Djustiana gé. Saparantosna
dikantunkeun ku ramana, indung (Ibu Siti
Saodah) téh jadi pangjurung laku geusan
tinemu rahayu. Matak, baheula keur
budak, indung salawasna sok mapagahan
prinsip hirup keur pikahareupeun. “Naon
nu dipilampah, salami aya dina jalan nu
leres, ulah mangmang, jalankeun waé,”
saurna Dr. Nina, nirukeun ucapan papatah
biangna nu natrat nepi ka kiwari.
Margi kitu, papatah mandiri, éstuning
jadi tuturus Nina Djustiana dina nyiar
élmu pangaweruh saterusna. Sabada
sakola SD ti dua sakola, SD Cililin sareng
SDN IV Padalarang taun 1969, neruskeun
ka SMPN Padalarang. Lantaran ti keur SD
nepi ka SMP prestasi congcolang kacida,
nya teu hésé daftar ka sakola favorit ogé.
Saperti waktu daftar ka SMAN 3 Belitung
Bandung, ti SMPN téh ngan saurang nu di-
tarima. Ngan waktu abus ka SMAN 3, béda
sumur béda tampian. Karasa pisan ku Nina
gé. “Ma’lum namina ti daérah, waktos abus
ka SMA, rada ararisin saalit minder. Atuh
waktu aya nu ngajak jadi babaturan, harita
atoh kabina-bina,” cek Nina nineung ka
mangsa rumaja.
Ti harita, Nina beuki ludeung beuki
mancegkeun cita-cita. Kituna téh deuih
pangaruh biangna, nu harita icikibung di
organisasi wanoja, di BKOW Padalarang.
Ketak biangna nu témbong sumangetna,
ahirna nurun ka diri Nina. Ti harita mah,
panceg wé cita-cita téh, hoyong jadi dokter,
sakumaha wargi iparna, pangpangna
harita ningal dr. Arman Natalegawa.
Adumanis antara keyeng jeung élmu
pangaweruhna, Nina gé neruskeun kuliah
ka Fakultas Kedokteran UNPAD, sok sana-
jan harita gé daftar UI katarima. “Abdi
milih UNPAD, lantaran caket,” saur ieu
panitén kasehatan masarakat nu ogé per-
nah dilélér anugerah Program Hibah
Peningkatan Kelembagaan PSW/G
Penelitian jeung Publikasi Ilmiah.
Neuleuman élmu kadokteran salila ku-
liah, keur Nina, singhoréng teu cukup jadi
bekel hirup saterusna. Atikan sepuhna nu
resep kana kagiatan sosial, keur diri Nina,
ahirna teu bisa leungit. Ku kituna,
saréngséna kuliah ti Unpad, taun 1988 biur
nyiar élmu ka Australia, pernahna di The
Departement of Preventive Dentistry, Syd-
ney University. Di antara diajar élmu sosial
jeung informatika. Teu cukup semet dinya,
ti 1994-1997, saréngséna ngawangun
rumah tangga, ngajatukrami ka Ir. Ard-
hana Putra PhD wedalan ITB, diteruskeun
neuleuman deui élmu kedokteran di
tingkat Magister di Unpad. Taun 2004
réngsé nyangking gelar doktor masih dina
élmu kadokteran di Unpad.
Ieu sepuh tilu putra, Ammalia Prama
Putri, SH., Aradhea Perdana Putra, ST.,
sareng Adria Permana Putra, drg., lian ti
sapopoéna ngajar di Ilmu Teknik jeung
Material Kedokteran Gigi Fakultas Kedok-
teran Unpad, ogé sering ngaluuhan
sababaraha kagiatan di unggal tempat, boh
nasional boh internasional. Saperti dina
palatihan Pemetaan Permasalahan Tindak
Pidana Perdagangan Orang ngaliwatan
Pendidikan, Indonesian Dental Associa-
tion Joint Meeting di Bali, ogé ngaluuhan
Dental Material Congress - Bangkok Thai-
land, jeung kagiatan-kagiatan séjénna. Kitu
deui dina kiprah ngabebenah kawijakan
pamaréntah daérah, di antarana dipercaya
jadi tim Penyusunan Draft Peraturan
Gubernur keur Pengarus Utamaan Gender
di Jawa Barat.
Saabreg kagiatan nu kacangking, keur
Dr. Nina nu kiwari nganjrek Jl. Pecah Kopi
No. 34 Sukaluyu Bandung, teu ieuh jadi
halangan pikeun ngabdikeun diri di
masarakat, pangpangna dina mer-
juangkeun hak-hak kaum wanoja. “Insya
Alloh, ka payunna, hoyong ngabdi dina
widang sosial baé. Kituna téh hoyong nga-
bantos kanggo ningkatkeun karaharjaan
masarakat,” saur Dr. Nina Djustiana, drg.,
M.Kes. nutup obrolan. *** (RH)
Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. (katuhu), sareng Dr. Hj. Nenny Kencanawati,
M.Si.,Kepala BP3APKKB Jawa Barat waktu acara ‘Koordinasi Fasilitasi Forum Komu-
nikasi & Kajian Gender Jawa Barat’
9. Ari Andriansyah
Padung
Béhna mah raga teu bisa nyumputan kalangkang ringkang
Najan lawas miceun salasah, ngabaruang isarah lampah
Teu burung jonghok jeung ramo-ramo nu halon keketrok
Tapi dareuda sampurasun bet karungu halimpu sora tahlil
Sedeng hégak nu ngarampésan ngan wasa ngedalkeun rénjag
Panto bedas digedor, léngkah-léngkah pati ningker buruan
Ngadago lebah golodog, ngagero ngaweredonan lalakon
Di dieu, taya nu leuwih buni batan samuni demitna takdir
Salawasna kasungsi raratan sanggeus kalaip jeung ruruhit
Nyésakeun belewuk taneuh beureum dina bangbarung umur
Panto tinggal tulak rujad, sukma satangtung padung bejad
Mukakeun bulungbung lawang ka rangkulan iuh hanjuang
Laju luhur palupuh waktu satumpuk liwung jangkep asiwung
Turta rarangsak samak sirara taranjang raga diamparkeun
Kana lalambaran boéh nu geus nganti-nganti meulit diri
Walahar, 2012
Tetengger
Anjog urang ka dieu, ngiuhan dina liliuh samoja
Medar ruruba rusiah dina geter jeung tetengger
Sabada saniskara nu kapibanda kaurugan taneuh beureum
Di dieu, taya hartina ngampihan jejerih jeung kapeurih
Sésa inghak nu leslesan, cimata nu leungiteun sungapan
Geus diawurkeun jadi amayak rampé papastén saampar jalan
Anjeun atawa kuring heula nu baris miheulaan miang
Taya bédana. Wanci geus ti heula ngagedatkeun ngaran
Jeung titimangsa dina tetengger séwang-séwang
Manglé 24418
10. Naon nu kudu diabar ludeung sabada keueung
Ngajirim lalancip sekin saban wirahma talkin
Gelik pati langgeng nyaring saban kelak situncuing
Di dieu, kayakinan ngarangrangan sadahan sukma
Lir samoja nu terus muguran kana lahunan. Taya nu bisa
Nohagaan anggang, rénghap saraket sarapet boéh
Urang sadrah rék ngageubra saliliran, rék tibra salenyapan
Tuluy lunta siraraan, ngukur-ngukur kujur kuburan
Rék ngagolérkeun impian jeung banusan luhur paésan
Karawang, 2012
Layon
Ukur lalamur panon basa pasaran ngangkleungkeun layon
Ngarayapan nogéncang taktak, ti geter ka geter réma samoja
Taya kedal ungkara, taya aweuhan madakeun keclak inghak
Jalan urang, jalan satapak nu ngayuga tungtung jarak
Sapanjang tarhim jeung talkin nyangkalak sakur talajak
Satemenna lain jisim nu nganteur bangkarak deungeun
Éstu waruga sorangan mayang bugang séwang-séwangan
Saban samporétna reureuh, saban beungeut pulas taneuh
Isarah miang jeung mulang salawasna nakon lalakon
Nganteng saban ringkang kalangkang jeung boéh rarang
Basa layon cunduk satengahing parentul tutunggul padung
Bet aya nu rerencepan bingbrit tina rangkulan sukma urang
Sabot ngitung balung balitungan antara kebatna sorangeun
Jeung bedasna sasambat kalakay ditilar ranggeuman régang
Tuluy aya nu pugur kana lemah, aya nu beueus batan cimata
Ciampél, 2012
Ari Andriansyah, lahir di Bandung 18 Januari 1988. Alumnus Jurusan Pendidikan Basa jeung
Sastra Sunda UPI Bandung. Nulis di sawatara média. Dumuk di Karawang, guru Basa Sunda
SMAN 1 Ciampél.
Manglé 2441 9
11. 10 Manglé 2441
Bagian
172
Peuting ka-195
Kacatur deui Putri
Budur. Lilir tina saréna.
Pipikiranana nyantél ka
nu cikénéh kaalaman.
Nyéh imut sorangan.
Kakara harita
ngararasakeun kabungah
nu taya papadana tepung
jeung lalaki. Da, apan
saméméhna mah, tong
boro resep, teu mikir-
mikir acan hayang tepung
jeung lalaki téh.
Nyah putri beunta.
Rarat-rérét ka
sabudeureunana. Nu
disangka bakal paamprok
jeung teuteup lalaki nu
dipikacangcamna téh,
nyalahan. Nu dipisono
teu kasampak, duka di
mana.
Putri téh sedih. Segruk
wéh ceurik. Rarasaanana
asa diteungteuingan, asa
anu asih dipulang sengit.
Dirina nu micinta taya
papadana, teu narima
wawales ti éta lalaki.
Ceurikna putri téh
beuki tarik, nepi ka nu
séjén gé ngadengéeun.
Atuh ngadéngé
dununganana ceurik ba-
ngun kanyenyerian,
parabadégana gancang
nyalampeurkeun.
“Ku naon Enden
Putri?”
“Ema, ka mana ari
lalaki nu tadi peuting aya
di dieu?”
Nu ditanya pungak-
pinguk. Da, teu kungsi
nempo aya jalma séjén
lian ti putri. Méméh nga-
jawab, ema pangasuh téh
ngahuleng deui, da mé-
mang teu ngarti kana
pananya dununganana.
“Ih, kalah ngahuleng!
Ka mana lalaki nu tadi
téh?”
“Saha téa, Juragan?”
“Eh, kalah malik
nanya. Sidik nu di-
tanyakeun téh lalaki nu
tadi téa. Piraku andika teu
nganyahoankeun ka mana
léosna!”
Saterusna, Putri Budur
téh nétélakeun dedegan
jeung rurupaan éta pa-
muda. Cenah, kaasup
dedeg jeung rurupaanana
nu hésé babandinganana.
Dirina gé nu salila ieu teu
kataji ku lalaki, harita
mah ngarasa éléh jajaten,
teu bisa nyumputkeun
kaayaan haténa.
“Ngimpi panginten,
Juragan!”
Ngadéngé omongan
kitu, putri téh asa diang-
gap bodo balilu. Ku lan-
taran kitu, nyel ambek,
gantawang nyarekan si
ema pangasuh. Lian ti
kitu, éta nini-nini téh nepi
ka dijengut terus
disuntrungkeun.
Nyaksian dunungan-
ana kitu, badéga séjénna
patingjarérit. Atuh puguh
wé kaayaan di dinya téh
jadi ibur. Béja pabéja-
béja nu ahirna mah,
riributan di tempat putri
Budur nepi ka raja.
Raja jengkar ngajugjug
tempat putrina.
Sadatangna ka éta tem-
pat, langsung nanyakeun
kaayaan anakna. “Sehat
hidep téh?”
“Pangésto, Ama.”
Saterusna, Putri Budur
nanyakeun lalaki nu aya
di kamarna peuting tadi.
Ditéték, cenah, waktu
dirina lilir, kasampak aya
lalaki gigireunana. Ngan,
teu kungsi tunya-tanya
lantaran éta lalaki téh
angger ngageubra teu bisa
diajak ngobrol.
Ngabandungan carita-
an putri kitu, Raja Gayur
kacida sedihna. Ceuk
pikirna, anakna téh ka-
gangu pipikiranana. Ku
lantaran kitu, keur nga-
jaga sangkan teu jadi ma-
mala nu leuwih pohara,
putri téh kapaksa diranté
sarta dikerem teu meu-
nang ka mana-mana.
Raja gé satékah polah
ngubar-ngabér éta putri.
Ngan, ahirna mah, ba-
ngun nu béak déngkak.
Sakur tabib karajaan teu
mampuh ngubaran Putri
Budur.
Pangaruh kakingkin
raja, karajaan gé ngu-
ngun, lir narik kolot. Ka-
giatan-kagiatan karajaan
loba nu kaganggu, lan-
12. Manglé 2441 11
taran pipikiran raja
leuwih museur kana
kaayaan putrina.
Béak poé ganti
minggu, béak minggu
ganti bulan, putri angger
kénéh waé. Omonganana
ngan ukur nananyakeun
lalaki nu teuing di mana
ayana. Da, mémang taya
saurang ogé nu kungsi
nyaksian aya lalaki ngu-
lampreng ka lebah kamar
putri téa.
Raja gé ahina mah
ngyakeun saembara
ngubaran putri. Sakur
tabib sohor dionadang
sina datang. Tangtu we,
pangbibitana ge lain
lulumayanana, da bakal
dibere hadiah nu matak
pikaheroyeun saréréa.
Ngan, nya kitu, sakur
jalma pinter jeung nu
kasebut tabib gé taya nu
mampuh ngubaran Putri
Budur. Alhasil, putri raja
angger dianggap siwah!
Kaayaan putri Budur
kawas kitu, lir nu terus
rasa ka dulur sasusuna.
Baheula, waktu pada-pada
budak, Putri Budur téh
kungsi disusuan ku nu
sejen kalayan boga dulur
sasusu nu ngaranna Mar-
wazan. Eta pamuda téh
lunta ka jauhna néangan
élmu jeung pakasaban.
Nya harita, manehna teu
weleh tibelat ka lembur
hayang balik, nu ahirna
maksakeun manéh mulang
ka bali geusan ngajadi.
Sadatangna ka imah,
éta pamuda téh
nanyakeun Putri Budur
nu dianggapna geus jadi
dulur saturunan. Atuh
kanyaahna gé moal bina
ti kaadi teges.
Nyabit-nyabit kaayaan
putri, indung éta nono-
man téh balaka, nyari-
takeun kaayaan Putri
Budur nu sabenerna.
Cenah, memang geus kitu
nasibna, nu asalna rék
direremokeun ku ramana
téh, ahirna mah kalah
siwah.
Marwazan kacida
sedihna. Pok nyarita
hayang nepungan dulurna
sarta susuganan bisa
ngubaran nu keur nan-
dangan musibah. In-
dungna nyaluyuan, ngan
cenah, kudu titih-rintih
ulah nepi ka kanyahoan
ku raja.
“Kumaha atuh carana,
Ma?”
Keun wé ku ema urang
pikiran heula. Mun geus
puguh, engké hidep jeung
ema urang langsung nga-
datangan putri Budur.
Ngan, omat pakarepan
hidep ayeuna ulah di-
ucah-aceh ka nu sejen.
“Mangga ngiringan
kumaha Ema.”
Indung Marzawan mé-
mang lain si itu si éta keur
kulawarga karajaan mah.
Matak, upama téa mah
datang ka lingkungan
Putri Budur, tangtu wé
bakal dibagéakeun. Ku
kituna, indung Marwazan
gé kalayan rerencepan
datang ka tempatna putri
Budur. Kituna téh bari
mawa oléh-oléh keur nu
ngajaga Putri Budur.
Sanggeus barangbéré,
indung Marwazan
cacarita, nyebutkeun aya
kaperluan ka purti Budur
bareng jeug anakna. Nya
geus kabeuli haténa mah,
paraponhgawa nu ngajaga
téh ngidinan éta awéwé
datang deui ka éta tempat
bareng jeung anakna. ***
(Hanca)
13. 12 Manglé 2441
B
euki karasa ku Nyi
Rapiah, yén pangna
Ujang Kusén, -salaki-
na, barayana!- nepi ka
ngalakon jadi parantéan
jeung pangna dirina pribadi
nepi ka jadi cocooan para
nonoman baleunghar téh,
batin-batinna mah paneka
jeung paneumbag “aturan”
hirup kumbuh harita, bibita
babon poko mah duméh
ménak dikacikeun saka-
wenang-wenang, duméh
kaadilan sosial pincang, nepi
ka Ujang Kusén teu werat
teu kaduga ngadakwahkeun
Aom Usman anu ngacak-
ngacak imah tanggana,
neukteuk duriatna! Jaba ti
kapiheulaan sérab ku
kaménakan téh, da geus teu
aya untupan meunang.
Jaman harita mah di mana
aya somah wani
merkarakeun menak,
ngimpi gé kawasna diangir
mandi.
Sataun ka tukang mah
Nyi Rapiah cadu teuing boga
pikir kitu, saperkara kaitung
budak keneh, ka duana
jelema gede hate –perbawa
duit- jeung baroga pangarti,
lacur-lacur ge ninggang di
jelema pinter tur calakan
cara Nyi Piah, salahna téh
dumeh dibarengan ku karep
males, abong keur kausap
setan.
Kajadianana, nya
badami jeung Nyi Dampi
katut Agan Lilis, sina
ngagerejud maruna, itung-
itung bela dina dorakana,
bari mulangkeun kanyeri
dumeh ngalindih.
Nyi Dampi tadina mah
adug-adugan, nolak, basana
teu sanggup ka eta mah, lain
gegel-gegeleun nu ompong.
Ceuk Nyi Piah: “Duka
geus sabaraha rebu kuring
nguntungkeun ka Bibi.
Awak kuring nepi ka dilele-
cih dijieun kocomberan, teu
magar kumaha. Ayeuna Bibi
dipentaan tulung sakitu, tur
sareatna mah nguntungkeun
ka Bibi, bet rek tega ka ku-
ring. Lamun Bibi kolu ka
kuring, atuh urang semet
dieu bae, kuring moal nin-
cak deui ieu sawarga-setan.
Jeung kuring moal asa-asa
bebeja ka pangagung
ngaboker rasiah ieu
panonoban jurig!”
Ngadenge ancaman kitu,
sajongjonan mah Nyi Dampi
mani calangap bawaning
kaget, teu nyana Nyi Rapiah
arek kitu beledagna.
Lilis nempas: “Atuh
urang sarere dibui, eneng
oge milu dibui!”
Nyi Rapiah: “Geus
nekad! Ku Kuring geus di-
itung nepi ka dinya. Naha
make sieun dibui, da doraka
eukeur, boga dosa enya.
Mati-mati dibui, dayeuh
Bandung bakal ngurangan
widadari-iblisna, sugan
masarakat ge ngurangan
bokbrokna!”
Nyi Dampi nyuuh kana
lahunan Nyi Rapiah bari
ceurik: “Tobat Agan, anan
Ema, ampun Geulis, ulah
waka anggeus-anggeusan
kitu. Sabar jimat, mustika
Ema, alon heula ...,” jeung
rea-rea deui.
Ayeuna urusan téh jadi
tibalik, lain Nyi Rapiah nu
kakeupeul ku Nyi Dampi
jeung Lilis, tapi pati-hurip
Nyi Dampi jeung Lilis aya
dina dampal leungeun Nyi
Rapiah. Tadina mah bawa-
ning jengkel, Nyi Dampi
nepi ka boga pikiran arek
ngabaruang ka Nyi Piah,
tapi da comblang piduiteun,
diperenkeun eta mah atuh
cara miceun berlian tina
watang ali, jeung enya,
lamun tea Agan Sari nepi ka
beunang dipikat, moal teu
nguntungkeun kana “pausa-
haan”, bener teu geulis ara
Nyi Piah tea mah, tapi
bubuhan kasipuh ku elmu
kahibaran ku pangabisa,
sorotna ge rada beda.
Badamina jeung Nyi
Dampi kieu: “Ku pokal
Rapiah, Aom Usman rek di-
paksa unggal Jumaah,
Saptu, Minggu kudu kilir di
Nyi Rapiah. Jadi malem eta
mah katut poena, di Agan
Sari lowong. Tah dina
mangsa lowongna kitu,
masabodo Nyi Dampi jeung
“layanna” jangjina: “Lamun
nepi ka tanggal 1 bulan
puasa Agan Sari teu nepi ka
dibawa kabur ku kabogohna,
Nyi Dampi rek didak-
wahkeun.
Nyi Dampi nu geus
kakeupeul dayana ku Nyi
Rapiah beurat-beurat ge
nyanggupan; padahal dina
hatena mah Nyi Piah henteu
tegaeun ari nepi ka Agan
Sari dibawa kabur mah,
ngancam sotéh nyingsieu-
nan bae. Cindekna badami
geus asak, jangji geus pa-
heut.
Kungsi guru magahan
{ 11 }
Ku M.A. Salmun
14. Manglé 2441 13
kieu: “Lamun jalma rek
dibere eleh sarta rek dibere
apes, hatena ku Pangeran
sok dijieun leutik, pikirna di-
jieun sundek. Sabalikna,
lamun Gusti ngersakeun
jaya, jalma téh sok dibere
gede hate, leber wawanen
jeung jembar akal.”
Eta pamagahan kawas
teu salah, lamun urang
nenjo galar-gilirna lalakon
Nyi Rapiah dina
nyanghareupan Nyi Dampi
sabatur-batur katut ...
Usman, salakina anu sawe-
nang-wenang tea. Buktina,
Nyi Rapiah urang pasar nu
baheula camieul kurung
batok téh ayeuna bet jaba ti
sonagar téh kawas nu dipa-
parin terbuka akalna, dipa-
parin timbul kawanina.
Alatan tina insap kana pin-
cangna masarakat, jadi boga
angkeuh sangeuk dijieun
cara ka seupah bari ku jalma
nu teu puguh jasana.
Hiji mangsa Usman
“pareng” hayang kilir ka Nyi
Rapiah. Ku bojona ditampa
sakumaha biasa, teu aya
riuk-riuk atawa rindat anu
boga niat nalukkeun salaki.
Pangakuna someah sareseh,
gumati sakumaha sasari,
ngan bedana ti biasa di
dapur aya Si Roda, pidulu-
ran Nyi Rapiah geus laer,
jago penca di Nyengseret,
keur ngorana mah dipika-
gigis ku sa-Bandung, tuakng
gebug, tukang teunggeul,
malah Gan Ali ge –nu bareto
mangmentakeun surat talak
Nyi Rapiah ka Ujang Kusén
tea, ku Si Roda mah kungsi
diusap sirah diudaran
gelung (lalaki oge baheula
mah loba nu dibungkus ku
bendo). Barang geus rada
kolot, babalik pikir, komo
barang ku haji Abdulraup
dijeujeuhkeun mah, dijieun
purah ngajaga toko jeung
gudang, tuluy jinek. Ari
sawara poe ieu ku Nyi
Rapiah diala ti bapana
dakuna mah sina ngajejeran
ngomean dapur, diinjeum
saminggu, sukur lamun
satungluyna betaheun. Ku
Ki Haji dijurungkeun. Ari si-
horeng maksud Nyi Piah
mah, Si Roda téh arek
ngageretak Aom, lamun nepi
ka ambek. Nya eta atuh, Nyi
Piah téh kawas keur dipa-
parin terbuka, dumadak rea
akalna.
Kituna téh babakuna
tadina dibere bongbolongan
ku layan Nyi Piah, Anom
Luih, anu diajak sarasiah.
Ari Anom Luih téh, Walanda
paranakan, ku urang Ban-
dung mah disarebutna ge
buaya Cicendo, kana akal
bajingan jeung ekol pokrol
bangbu téh cacakan ngora
keneh pisan mah geus
kaitung hatam. Tah, Nyi
Rapiah tea ku eta diapapata-
hanana malah diharewosan
nyieun surat perjangjian
sagala jeung Aom Usman.
Cindekna mah Nyi Rapiah
téh dibobotohan weh. Meu-
jeuhna gede hate ge,
mangkaning Walanda téh
jaman harita mah, weu, lain
lumayan diarambeuna.
Ari kituna, saenyana
Luih oge lain kajurung ku
ihlas, tapi boga itungan.
Lamun gujrud nepi ka
baruntak, memang geus
sadia arek nadah Nyi Rapiah
sabab cek pikirna: tinim-
bang kawin ka nona Wa-
landa kapalang-tanggung
mah atuh mending boga
nyai-nyai ka Nyi Piah. Ka
duana dina teu pegatna ti
Usman, nu geus pasti daya
Usman kakeupeul ku Nyi
Piah, najan kabitur kalakuan
ge, Usman seuseut rek
gerakna.
Aya saurupa hengkerna
Aom Usman téh, nya eta
kungsi nginjeum duit R
1500 –ka Haji Abdullarup,
dakuna mah rek
mangnebuskeun sawah
Agan Sari, padahal dipake
maen jeung rucah.
Ari nginjeumna susu-
lumputan ti ibu-rama,
tandonna: imah katut tanah
nu dicicingan ku Nyi Piah.
Jadi, aya kudua Usman
kalawan saleh sarta ihlas
ngimahan pamajikan tur nu
kolot téh! (hanca)
15. D
itilik tina jihat jasmani atawa raga
badag mah manusa téh taya
bédana jeung mahluk nu disebut
sato atawa héwan. Sahenteuna sarua
pada-pada butuh kadaharan jeung ngi-
num keur kalumangsungan hirupna. Tapi
lamun ditilik tina kasampurnaan ciptaan
Alloh, tétéla manusa leuwih onjoy batan
sato. Di antara kaonjoyanana nyaéta
manusa dipaparin kamampuh mikir lan-
taran dilengkepan ku akal.
Nya ku hal éta pisan manusa mah
disebut ''hayawaanun naathiqun'' (sato
nu sok mikir). Anapon kamampuh
mikirna taya kajaba anging ku ayana
atikan, boh langsung tina pangalaman
hirupna sacara otomatis ngandelkeun in-
stink atawa tina atikan nu datang ti luar
dirina.
Dina Islam, atikan téh mangrupa
hidayah élmu nu kokocoranana tina
wahyu Alloh sareng conto tuladan ti
Rosululloh saw. nu maksudna taya kajaba
anging sangkan manusa hirup kumbuh di
dunya téh ajeg dina bebeneran, napak
dina galeuh-galeuh kaimanan nu pamus-
tunganana salamet di dunya rawuh
ahérat. Dina emprona bakal katara nga-
jauhan sagala hal cegahan Alloh.
Fakta teu bisa dipungkir deui yén di
nagara urang kiwari anu sasatna mibanda
sumber-sumber ajaran moral linuhung
boh warisan luluhur atawa agama, tapi
réa kénéh masarakat nu ahlakna bejad
kabina-bina. Nu curaling taya euih-euih-
na, kamasiatan nalonggérak, oknum-
oknum nu ngagasab duit nagara, para
pamingpin nu kuduna jadi panutan tapi
nyontoan teu bener, barudak ngora nu
tigebrus kana dunya peteng, sakabéhna
geus lain rusiah deui.
Éta sakabéh tumiba alatan
ngamomorékeun atikan nu sumberna ti
Alloh sareng RosulNa. Da atuh kan-
garanan manusa mah benerna téh kudu
dibebener, élingna téh kudu dipépéli-
ngan. Hartina, kudu diatik, dididik. Ari
sabab, lamun teu dididik mah hirup
manusa moal bina ti sato héwan anu
sakadar hirup ngingilu jeung karep in-
stink katut napsuna. Cindekna mah Islam
ngawajibkeun unggal jelema narima
atikan lamun hirupna hayang mulya tur
salamet di dunya rawuh ahérat.
Ku kituna teu hamham deui yén
atikan téh mangrupa sarat mutlak keur
mémérés ahlak manusa anu dina basa
agama mah disebut dawah téa, tegesna
umajak kana kahadéan geusan ngundeur
kauntungan. Maju mundurna hiji
masarakat, bangsa, jeung nagara anu
luhur ajén martabatna nurutkeun papa-
gon Islam mah gumantung kana dunya
atikan/dawah dina harti anu jembar.
Allah SWT ngadawuh nu hartosna:
''Jeung kudu aya di antara aranjeun
kaom anu cumeluk kana kahadéan, nitah
kana maruf jeung nyegah kamungkaran.
Tah manéhna téh jalma-jalma anu arun-
tung.''(QS Ali Imron: 104)
Amar ma'ruf nahyi munkar
Jadi, numutkeun ayat ieu tandes yén
kaom anu baris metik kauntungan dina
hirupna nyaéta anu prosés atikanana
lumangsung kalayan merenah, aya nu
daék ngélingan, nuduhkeun kana jalan
hak jeung nyegah kamungkaran. Ngatik
barudak ku ahlak nu Islami, hartosna
ngipuk jiwa barudak sangkan jadi jalma
soléh, teu tigebrus kana jurang amal
salah.
Mun téa mah kiwari nagara urang teu
weléh dikiruhan ku pirang-pirang konta-
minasi ahlak ramijud, bongan talajak
jelemana nu embung nurut kana pituduh
Nu Agung, mungpang kana kanyaah Nu
Mahawelas.
Murukankeun hirup répéh rapih, ra-
harja lahir tumekaning batin téh ku papa-
gon hirup awuntah ngalajur napsu
ngumbar amarah, nerekabna kamasiatan
di mana-mana. Lain, lain ku cara éta.
Hirup répéh-rapih nu ngandung harti aya
dina rohmat Gusti mah baris kasungsi
lamun jalma geus daék ngalaksanakeun
atikan hirup nu utama nyaéta amar maruf
nahyi munkar, lamun paréntah Alloh
sareng RosulNa dijalankeun sakumaha
mistina sakumaha pidawuh Alloh Nu
Mahaagung dina Kitab Suci nu hartosna:
''Jeung jalma-jalma anu iman, lalaki
jeung awéwé, sabagéan maranéhna téh
jadi tukang nulung pikeun nu séjen.
Manéhna maréntah migawé maruf, nye-
gah tina mungkar, ngadegkeun solat,
ngalaksanakeun zakat, jeung maranéhna
toat ka Alloh jeung RosulNa. Tah
maranéhna téh anu dipaparin rohmat ku
Alloh.'' (Surat At Taubah: 71)
Kitu pituduh Alloh SWT sangkan
urang meunang rohmat Mantenna. Hal
éta baris tinekanan lamun saréréa geus
kaatik kapribadianana ti leuleutik geus
kapiara ahlakna ti bubudak. Sidik pisan
ajén atikan nu sumberna tina ajaran
ahlak anu hadé téh kacida pentingna.
Saur ki juru pantun:
"Meuli pitik ti Cipatik,
nyiar salak ti Cibadak.
Atik diri ti leuleutik
bina ahlak ti bubudak."
Ku kituna, keur kulawarga muslim
mah ngatik diri katut kulawarga ku ka-
soléhan téh mangrupa kawajiban anu teu
bisa ditawar-tawar deui. Enya, atikan téh
lain pagawéan joré-joré apan aya élmuna,
aya sakola peresun keur calon para guru
dina atikan formal sangkan hasilna
mucekil téa. Ngeunaan kawajiban ngatik
kulawarga ku kasoléhan di antarana
kauninga dina Al Quran nu hartosna:
''Jeung paréntahkeun ka kulawarga
anjeun (sangkan) ngadegkeun solat jeung
sobar dina ngalaksanakeunana. Kami
henteu ménta rejeki ti manéh, tapi Kami
anu maparin rejeki ka manéh. Jeung aki-
bat anu hadé téh pikeun jalma anu
takwa.'' (QS Thohaa: 132)
Teu hamham deui, ketak kulawarga
geusan ngawujudkeun kahirupan bangsa
jeung nagara nu maslahat téh kacida
gedéna lamun teu rék disebutkeun kokojo
gé. Apan enya tina individu-individu di
Atikan keur Kasalametan
Dunya jeung Ahérat
Ku Féndy Sy. Citrawarga
14 Manglé 2441
16. unggal kulawarga anu ngawarnaan
kahirupan anu leuwih jembar dina hirup
kumbuh masarakat, bangsa, katut nagara
téh. Lamun masarakatna jauh tina
bebeneran, ahlak bangsa ogé bakal ka-
pangaruhan.
Ku kituna, atikan di kulawarga kudu
répéh rapih. Al Quran nandeskeun
sangkan tatali batin salaki jeung pamaji-
kan téh salawasna kudu harmonis.
Hubungan nu hadé saperti kitu, bakal jadi
galeuh nu tanggoh dina kahirupan laki
rabi.
''Jeung kudu gaul jeung maranéhna
(para istri) ku cara anu pantes. Lamun
maranéh henteu mikaresep maranéhna,
(nya kudu sabar) ku sabab bisa jadi
maranéh henteu mikaresep kana hiji
perkara, padahal Alloh ngajadikeun
kaalusan anu gedé tina éta perkara.'' (QS
An Nisa: 19)
Lamun salaki jeung pamajikan hirup
akur, méré conto anu hadé ka kulawarga-
na pangpangna ka anak-anakna, tangtu
moal hésé nerapkeun atikan ka barudak
ogé. Ku atikan agama anu kuat, dipiharep
barudak jadi soléh anu isuk jaganing géto
mulang tarima ka indung jeung bapana
ku kasoléhan deui. Sabalikna lamun
barudak teu diatik ku kasoléhan nya
tangtu bakal malikan ku ahlak goréng ka
kolotna. Padahal, dina Islam mah kitu
peta téh kagolongkeun dosa gedé. Pida-
wuh Alloh nu hartosna:
''Jeung Kami ngawasiatkeun ka
manusa sangkan migawé kahadéan ka in-
dung jeung bapana. Indungna anu geus
ngakandung kalayan ripuh tur lemah
jeung diporotkeun susuanana dina jero
dua taun. Prak muji sukur ka Kami jeung
indung bapa manéh.'' (QS Luqman ayat
14)
Sangkan budak urang soléh, mibanda
ahlak pinuji, jauh tina lampah doraka nya
taya jalan deui iwal kudu diatik ku ajaran
agama anu saenya-enyana. Kolot wajib
ngaping ngajaring nepi ka déwasa,
nyumponan kabutuh lahir batinna. Ulah
nepi ka aya kajadian kolot maténi anakna
alatan sieun teu kaparaban atawa alesan
séjénna sabab kitu peta téh dipahing
pisan ku Alloh sakumaha pidawuhna:
''Pacuan manéh maténi anak-anak
manéh alatan sieun kalaparan. Kami nu
baris ngarijkian maranéhna jeung
manéh. Saéstuna, maténi maranéhna
(barudak) téh kaasup dosa gedé.'' (QS Al
Isro ayat 31)
Anapon harti maténi dina ayat di
luhur lain baé maéhan dina harti saujrat-
na, tapi ngawengku harti majazi nyaéta
maéhan dina harti ngantep anak teu di-
atik teu dididik, teu disakolakeun, teu
dideukeutkeun kana agama, sakumaha
kasakséni di urang kiwari loba barudak
jadi andar-andar.
Maténi budak ku cara kitu kacida
bahayana, nyatana maténi poténsi baru-
dak ku cara teu tanggung jawab. Padahal
apanan anak téh minangka amanat ti
Gusti sangkan dipiara, diaping dijaring,
dicumponan kabutuh lahir batinna téa
sangka jadi ''manusa'' anu mibanda
harkat darajat pinuji. Geusan nyumpo-
nan hal éta téh taya kajaba anging ku
élmu atawa jembarna mah ku atikan.
''Ngan wungkul jalma-jalma anu
mibanda élmu anu sieun ku Alloh mah.''
(QS Fathir: 28)
''Alloh ngangkat darajat jalma-jalma
anu ariman jeung jalma-jalma anu
baroga élmu.'' (QS Al Mujadilah: 11)
Ngaronjatkeun Harkat Darajat
Kitu pidawuh Alloh ngeunaan mang-
paat élmu nyatana élmu téh baris
ngaronjatkeun harkat darajat manusa.
Cindekna, moal aya manusa anu
mibanda darajat pinuji anging ku élmu
atawa atikan dina harti anu jembar. Dina
lebah dieu unggulna manusa nu mibanda
élmu téh teu cukup ku pinter, teu cukup
ku apal, tapi nu leuwih penting mah
ngamalkeunana, lain sakadar élmu ajug.
Conto élmu ajug kabuktian di nagara
urang kiwari. Oknum-oknum pajabat,
pamingpin, nu kajiret hukum duméh
curaling ngagasab harta nagara anu
hakékatna milik sakumna rahayat nu
disebut korupsi téa, apan éta téh tangtuna
gé nu palalinter, wedalan sakola luhur.
Ieu ciri benerna lamun dunya atikan
leuwih condong kana kapinteran batan
museurkeun kana ngatik widang ahlak,
témahna matak cilaka. Saur sepuh mah
pinter kabalinger téa.
Alloh maparin pangwawadi ka jalma
loba élmu tapi nihil amal.
''Contona jalma-jalma anu mamawa
kitab, tapi teu diamalkeun eusina atawa
teu dipikaharti sarua jeung kaldé anu
mamawa kitab.'' (QS Al Jum'ah: 5)
Najan mawa kitab saloba-lobana,
kaldé mah tetep kaldé, moal bisa unggah
darajat nu pinunjul. Nya kitu deui jalma
anu pinter, gelarna ngabéréndél, jabatan
luhur, réa pakaya, terus tigebrus kana
lampah codéka alatan teu ngamalkeun
élmuna, darajatna baris tigejrét. Malah
dina ayat séjén mah ditandeskeun sarua
jeung sato sabab teu ngagunakeun indra-
na sakumaha ajén kaimanan.
''Saéstuna anu pangjahat-jahatna sato
ngarayap numutkeun paningal Alloh mah
nyaéta jalma anu torék, pireu, anu teu
daék mikirkeun hiji hal.'' (QS Al Anfal
ayat 22)
Mugia urang sadayana teu kagolong-
keun ka kaom ''dawab'' nyaéta anu teu
ngagunakeun akal jeung pikiran geusan
ngamalkeun élmu anu geus dipibanda.
Sakali deui, mekelan budak ku élmu
jeung ahlak pinuji malah mandar jaga
jadi jalma nu mibanda ajén diri téh kacida
pentingna. Barudak, sawadina lain baé
pinter, cerdas, parigel, tapi kudu mibanda
bénténg anu tanggoh nalika nyanghareu-
pan pangrobéda hirup.
Anapon pangrobéda hirup anu utama
numutkeun saréat Islam taya kajaba
anging godaan sétan sakumaha nu
kaunggel dina Al Quran nu hartosna:
''Jeung singsaha anu maléngos tina
pangwawadi Nu Mikawelas (Alloh), Kami
ancokeun keur manéhna sétan, maka
sétan téh jadi sobat keur
manéhna.''(Surat Az Zuhruf: 36)
''Satemenna Kami ngajadikeun sétan-
sétan téh pamingpin pikeun jalma-jalma
anu teu iman.'' (QS Al A'rof: 27)
Kitu pidawuh Alloh ngeunaan godaan
sétan boh sétan nu aya dina diri manusa
atawa sétan bungkeuleukan wujud
manusa, nyatana sétan téh baris jadi
pamingpin anu tangtuna méngpar tina
katangtuan Alloh nepi ka dina diri
manusa téh taya kaimanan.
Dina hadis kauninga yén jalma anu
ngalakukeun masiat téh imanna dicabut.
Jadi, satungtung jalma mibanda iman
mah mustahil ngalakukeun kadorakaan.
Moal arék korupsi oknum pajabat lamun
dina dirina aya iman. Korupsi mahabu di
nagara urang, hartina iman geus dicabut,
ajaran agama, moral, étika, geus
dimomorékeun.
Mugia urang kalebet insan anu bener-
bener panceg mibanda kaimanan ku cara
nu teu petot-petot ngatik diri ku hidayah
Ilahi malah mandar teu gampang
kapangaruhan ku godaan sétan. Saur ki
juru pantun mah:
"Huhujanan ngangon meri,
ngiuhan di beulah wétan.
Pageuhan iman 'na diri,
sangkan teu kagoda sétan."
Angot pikeun barudak urang mi-
nangka sirung harepan anu dina jaman
kiwari mah ngatik barudak téh lain paga-
wéan énténg-énténg. Da apan saacan
balég mah barudak téh jadi tanggung
jawab urang salaku kolotna sakumaha pi-
dawuh Rosululloh saw. yén unggal orok
téh dijurukeun kalayan fitri (suci), indung
jeung bapana anu ngawarnaan hirupna
naha rék dijadikeun yahudi, majusi,
atawa nasrani.
Mugia para sepuh muslim panceg
ngatik budak sangkan napak dina fitrah
Islami malah mandar salamet hirupna
boh di dunya sumawonna di ahérat.
Aamiin. ***
Manglé 2441 15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Ngahutang Keur Ongkos Ibadah Haji
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat. Ibadah haji dina
prak-prakana beda sareng ibadah sejen-
na. Ngalaksanakeun ibadah haji saurna
aya sarat anu henteu tiap umat Islam
bisa nyumponana. Diantawisna aya “is-
titha’ah” ngabogaan kamampuan biaya
anu teu saeutik pikeun ongkos
ngalaksanakeuna. Anu jadi patarosana,
saupama biaya eta ibadah haji teu acan
cukup, naha kenging ngahutang heula?
boh ngahutang ka bank atanapi ka lian
ti bank? Sim kuring nyuhunkeun
waleranana. Hatur nuhun.
Abdul Rojak
Komp Pratista Antapani Bandung
Waleran:
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Kiwari seueur pisan bank atanapi lem-
baga-lembaga kauangan sanesna anu
nawarkeun injeuman artos pikeun
nalangan biaya ongkos ibadah haji,
utamina ka anu can cukup ngabogaan
biaya ongkosna. Hal ieu janten pasualan
di kalangan umat Islam. Margi dumasar
kana katerangan saupama can ngaboga-
an biaya anu cukup (mampuh), mangka
hukumna henteu wajib. Tegesna ibadah
haji hukumna wajib pikeun ka nu tos
manjing (istitha’ah), sagala rupana kaa-
sup biayana. Sakumaha pidawuh Alloh:
“Ngalaksankeun ibadah haji mangrupa
kawajiban ka Alloh, nyaeta pikeun ka
jalma anu mampuh berangkatna ka
Baitulloh. Sing saha nolak kana eta
kawajiban, mangka saestuna Gusti Alloh
Maha Beughar tina kakayaan ieu alam”
(QS. Ali Imran: 97).
Ayat di luhur nandeskeun, yen Alloh
marentahkeun kawajiban ibadah haji
ngan wungkul ka jalma-jalma anu mam-
puh tur sanggup berangkat ka Baitulloh.
Maksud mampuh atawa sanggup (is-
titha’ah) dina ngalaksanakeun ibadah
haji nyaeta ngabogaan biaya salila
berangkat ka Baitulloh, biaya pikeun
nganafkahan kulawarga anu ditinggal-
keunana, mampuh sacara fisik, ka-
amanan salila di jalan, jeung pikeun
awewe wajib dibaturan ku salakina
atawa ku muhrimna.
Dumasar kana katerangan di luhur,
mangka ibadah haji pikeun umat Islam
anu henteu ngabogaan kamampuhan
(istitha’ah) dina ngalaksankeunana
hukumna henteu wajib. Pikeun ka jalma
anu henteu ngabogaan panghasilan
tetep, atawa pikeun ka jalma anu henteu
ngabogaan disiplin mayar hutang tepat
waktu, atawa condong kana moal bisa
mayar hutangna, mangka diwajibkeun
ulah ngahutang pikeun ngalaksanakan
ibadah haji, lantaran kucara kitu bakal
jadi bangbaluh pikeun manehna dina
perkara anu henteu diwajibkeun.
Balukarna moal pimaslahateun malah
bakal pimadarateun. Tapi saupama
keukeuh bari maksakeun ngahutang,
terus ngalaksanakeun ibadah haji,
mangka hajina tetep sah, sabab kaayaan
mampuh (istitha’ah) mangrupa sarat
wajib haji, lain mangrupa sarat sahna
haji.
Kiwari umat Islam di Indonesia
seueur pisan anu ngalaksanakeun
ibadah haji kalawan ongkosna hasil
ngahutang heula, utamina anu langkung
gampang tur enggal nyaeta ngahutang
ka lembaga-lembaga keuangan saperti
Lembaga Keuangan Syari’ah. Cara anu
saperti kieu dina elmu perbankan di-
sebut Dana Talangan Haji. Cara ieu
maksadna nyaeta injeuman artos anu
dikaluarkeun ku bank ka para nasabah
anu bade ngalaksanakeun ibadah haji
pikeun nyumponan kakurangan
ongkosna atawa biaya perjalanan ibadah
haji (BPIH), nepi ka bisa
ngalaksanakeunna dina taun anu tos di-
tangtukeun. Dina hal ieu nasabah
ngabogaan kawajiban pikeun mayar
hutang ka bank anu diinjeumkeuna dina
jangka waktu anu tos ditangtukeun.
Sedengkeun pihak bank nguruskeun
biayana (BPIH) sakaligus jeung ngurus-
keun sarat-sarat lianna anu diperlukeun
pikeun ngalaksanakeun ibadah haji,
kalawan nu nguruskeunana meunang
jasa.
Cara saperti kieu numutkeun fatwa
Dewan Syari’ah Nasional Majlis Ulama
Indonesia (MUI) dimeunangkeun. Tapi
aya sababaraha sarat sangkan cara ieu
henteu kaasup riba anu diharamkeun ku
Alloh SWT. Di antara syarat-syarat eta:
Kahiji, jasa hasil nguruskeun ibadah haji
anu dilakukeun ku pihak bank henteu
meunang dihubungkeun jeung injeu-
man pikeun biaya ongkos ibadah haji
atawa dihubungkeun jeung dana tala-
ngan ibadah haji. Kadua, jumlah im-
balan jasa ngahutangkeun henteu
meunang gumantung kana jumlah
prosentase biaya atawa dana talangan
anu dikaluarkeun ku pihak bank. Anu
jadi masalahna nyaeta, naha dina prak-
prakana pihak bank daek nginjeumkeun
dana ka nasabah pikeun nutupan
kakurangan biaya ongkos ibadah hajina
sedengkeun nguruskeun hajina henteu
ngaliwatan eta bank? Terus naha pihak
bank deuih daek ngaluarkeun dana
jeung ngan sakadar narima jumlah dana
anu dikaluarkeunana (diinjeumkeun-
ana) kalawan henteu aya kauntungana
atawa tambahana tina jumlah anu
diinjeumkeuna?
Saupama pihak bank nangtukeun
(ngaluarkeun syarat) ka nasabahna dina
nguruskeun sarat-sarat ibadah haji
lianna kudu dilaksanakeun ku eta bank,
terus eta bank meunang kauntungan di
ahirna, mangka hal ieu patojaiyah
sareng fatwa anu dikaluarkeun ku
Dewan Syariah Nasional (DSN) MUI,
tegesna kaasup riba anu diharamkeun
ku Alloh SWT. sakumaha disebatkeun
dina Hadits: “Satiap injaman anu mere
tambahan ka anu nginjeumkeuna
mangka hukumna riba”. Hadits
sanesna: “Henteu halal ngagabungkeun
antara piutang jeung akad jual beuli;
dua sarat dina hiji transaksi; kauntu-
ngan ngajual barang anu henteu jelas;
kauntungan ngajual barang lain milik
anjeun.” (HR. Turmudzi, Abu Daud
sareng Ahmad). Sakitu mudah-muda-
han aya mangpaatna. Wallohu ‘alam.***
16 Manglé 2441
18. K
urikulum 2013 minangka tare-
kah nyampurnakeun Kurikulum
Berbasis Kompetensi anu geus
dirarancang ti taun 2004 jeung KTSP
taun 2006 anu ngawengku kompetensi
sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan.
Bedana teh ari dina KBK 2004 jeung
KTSP 2006 mah eta tilu kompetensi teh
napsi-napsi atawa sewang-sewangan,
sedengkeun dina Kurikulum 2013 mah
kudu gumulung ngahiji.
Hal sejenna anu ngabedakeun teh nya
eta, Kompetensi Inti dina Kurikulum
2013 sarua keur unggal mata pelajaran,
sedengkeundinaKBK2004jeungKTSP
2006 mah unggal mata pelajaran mi-
boga Standar Kompetensi sewang-se-
wangan.
Lebah Kompetensi Inti (KI) Kuriku-
lum 2013 teh geus maneuh aturanana
teu meunang patukeur, sarta KI geus
diluyukeun jeung parobahan umur para
siswa dina kelas nu tangtu. Satuluyuna
KI bakal diturunkeun jadi Kompetensi
Dasar (KD) anu beda pikeun unggal
mata pelajaran jeung unggal tingkatan.
Ngaliwatan KI integrasi vertikal rupa-
rupa Kompetensi Dasar dina kelas nu
beda bisa dijaga.
Kompetensi Inti anu aya dina Kuriku-
lum 2013 teh ngawengku:
1. Kompetensi Inti-1 (KI-1) pikeun kom-
petensi inti sikep spiritual;
2. Kompetensi Inti-2 (KI-2) pikeun
kompetensi inti sikep sosial;
3. Kompetensi Inti-3 (KI-3) pikeun
kompetensi inti pangaweruh; jeung
4. Kompetensi Inti-4 (KI-4) pikeun
kompetensi inti kaparigelan.
Tina unggal Kompetensi Inti anu opat
tea kakara diturunkeun kana Kompe-
tensi Inti unggal tingkatan atikan,
timimiti SD/MI, SMP/MTs, nepi ka
SMA/SMK/MA. Tapi tetep kudu nyoko
KI-1 patalina jeung spritual atawa
kaagamaan, KI-2 patali jeung sosial
atawa budaya, jeung KI-3 patali jeung
pangaweruh, sedengkeung KI-4 patali
jeung kaparigelan atawa karancagean.
Upama Kompetensi Inti anu opat tea
dipatalikeun jeung udagan dina atikan
sakola di Pasundan, asana teu kaleu-
leuwihi lamun sakumna ais pangatik
jeung rengrengan pangaping sakola Pa-
sundan nepak dada. Eta udagan teh
geus lila diterapkeun sarta dilaksa-
nakeun di sakola-sakola Pasundan mah.
Nu jadi udagan sakola-sakola Pasun-
dananuayadilingkunganYayasanPen-
didikan Dasar dan Menegah (YPDM)
Pasundan, sarta aya dina iuh-iuh
Paguyuban Pasundan, kapan jentre
Pengkuh Agamana, Jembara Budayana,
jeung Luhung Elmuna. Jadi lamun di-
patalikeun jeung opat Kompetensi Inti
Kurikulum 2013 mani nyekrup.
Kompetensi Inti-1 (KI-1) pikeun kom-
petensi inti sikep spiritual sarua jeung
udagan YPDM Pasundan, nya eta
pengkuhagamana.AriKompetensiInti-
2 (KI-2) pikeun kompetensi inti sikep
sosial, ieu oge hakekatna sarua jeung
jembar budayana. Sedengkeun Kompe-
tensi Inti-3 (KI-3) pikeun kompetensi
inti pangaweruh, sarua jeung luhung el-
muna. Tah lebah. Kompetensi Inti-4
(KI-4) pikeun kompetensi inti kaparige-
lan, sacara tersurat mah teu natrat aya
dina udagan YPDM Pasundan, tapi dina
prak-prakna mah nyamuni kudu aya
dina unggal kagiatan sakola-sakola
YPDM Pasundan, nya eta rancage dina
gawe atawa parigel tea.
Tantuna ku munculna opat Kompe-
tensi Inti Kurikulum 2013 anu meh nye-
ples jeung udagan sakola-sakola Pasu
ndan, mudah-mudahan bae jadi su-
manget jeung nambah kadariaan ais
pangatik sakola Pasundan dina ngaron-
jatkeun ajen atikan di sakola Pasundan,
da geuning sakola-sakola Pasundan
mah leuwih ti heula nerapkeun eta opat
kompetnsi inti teh, jauh samemeh
Kurikulum 2013 dirarancang sarta dim-
plementasikeun. Beh dituna, mudah-
mudahan bae keur sakola-sakola Pasun
dan mah bisa mere conto kumaha
ngalarapkeun KI-1 sikep spritual
(pengkuh agamana), KI-2 sikep sosial
(jembar budayana), Ki-3 pangaweruh
(luhung elmuna), jeung KI-4 kaparige-
lan (rancage dina gawe).
Sajabatieta,dinaKurikulum2013teh
napak dina palsafah urang Sunda, nya
eta cageur, bageur, bener, jeung pinter.
Jadi kudu cageur heula lahir batinna,
ulah delekan jeung kaniaya kasasama,
komo resep mitnah ka batur atawa sa-
hadapeun mah dipahing pisan.
Kudu bageur dina ngalaksanakeun
amanah jeung pagawean, atawa kudu
junun lain hayang katempo ku dunu-
ngan.
Kudubenerdinangalarapkeunaturan
jeungkawijaksanaanlantaransagalapa-
gawean bakal dipenta tanggung-
jawabna. Kudu pinter dina sagala
widang ngarah teu kabobodo atawa
katipukubatur,tapikahademun pinter
ulah minteran batur, bisi kawalat. Kitu
saur karuhun urang Sunda, anu eta teh
jadi landasan filosofis Kurikulum 2013.
Saterasna mah mangga nyanggakeun...
Nu Nulis
Guru oge Pupuhu SMP
Pasundan 12 Kota Bandung
Manglé 2441 17
Kompetensi Inti Kurikulum 2013
dina Udagan Sakola Pasundan
Ku: Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
19. 18 Manglé 2441
M
aca tulisan Bapa H.
Usep Romli dina Man-
gle sababaraha nomer
kaliwat, anu ngalala-
konkeun pangalaman
mantenna dina jaman gangguan kaa-
manan gorombolan DI/TII, matak nga-
hudangkeun pangalaman sim kurang
dina mangsa gorombolan DI/TII di
Kuningan. Dina mangsa harita taun 1957
kuring masih keneh sakola di SGB (Seko-
lah Guru B) di Kuningan kelas opat. Saku-
liah kabupaten Kuningan dina mangsa
harita jadi pangacakan gorombiolah
DI/TII pangpangna di wewengkon suku
gunung Ciremai saperti kacamatan Man-
dirancan, Cilimus, Jalaksana, Cigugur,
Kadugede, oge di tatar kidul di kacamatan
Subang, Selajambe, Ciniru, di beulah
wetan di kacamatan Cibangbin, Ciwaru.
Meh unggal peuting boh di kulon, kidul,
wetan, atawa kaler langit marakbak hibar
beureum tandana aya kahuruan imah-
imah anu diduruk ku gorombolan. Sarta
mehunggalpoemeunangbejadidesaanu
aya sakitu imah diduruk, aya sakitu jalma
maot ku ditembak ku gorombolan. Harita
mah lamun geus reup peuting hate
waswas naha isuk masih keneh aya dikie-
una atawa kumaha. Kakara lamun geus
kadenge adan subuh, Alhamdulillah ge-
uning masih hirup keneh. Kitu jeung kitu
wae unggal poe.
Kajadian anu matak nalangsa nya eta
waktu gorombolan nyerang ka kota
Kuningan. Kuring harita cicing di asrama
SGB 2 di jalan Pasapen III. Peuting harita
kuring jeung babaturan keur sasadiaan
rek praktek ngajar isukna, ujug-ujug aya
sora tembakan ti unggal juru. Puguh
matak reuwas, tuluy kuring tiarap di ko-
long dipan bari ngadedeg teu puguh
rarasaan. Pertempuran kacida kahotna
antara tentara jeung gorombolan nepi ka
tengah peuting. Isukna kacida kagetna
yen loba pisan rahayat anu jadi korban
katembak duka ditembak ku gorombolan,
di kampung Lembur Sukun jeung Cipi-
cung (ayeuna mah wewengkon jalan Pra-
muka) sarta sababaraha imah anu didu-
ruk. Diantara korban anu maot kaasup
aya genep babaturan sakola anu rek prak-
tek ngajar. Poe eta sakola diperekeun
sabab para murid kudu ngalayad ka ku-
lawarga murid anu jadi korban. Masih
kabayang ngarakacak hate waktu genep
layon babaturan di jajap ku Bapa Kapala
Sakola (Bapa Karwapi) tuluy diiangkeun
ka kuburan. Ku ragotna pertempuran, eta
mah tihang listrik mani jiga suling sabab
pinuh ku liang pelor. Ti harita gangguan
gorombolan teh lain di desa wae tapi di
kota Kuningan oge kungsi jadi sasaran. Di
Kuninganpamingpingorombolananuka-
mashur jahat tur bengis nya eta katelahna
pasukan Gojin.
Aya deui kajadian kakejeman gorom-
bolan anu matak nalangsa nya eta di desa
Jalatrang kacamatan Subang, anu diram-
pog, imah diduruk, jelema dirogahala.
Dina waktu gorombolan nyerang jelema-
jelema nyarumput dina balong, tapi
kanyahoan ku gorombolan bari terus di-
dorodod ditembakan. Atuh puguh wae
loba warga anu maot, nepi ka cai balong
jadi beureum sabab katumpahan getih.
Salah sahiji korban nya eta babaturan
sakola di SGB. Sedih, nalangsa kacida.
Jadi Anggota OKD
Sabada tamat SGB tanggal 1 Nopember
taun 1958 kuring diangkat jadi guru
Sakola Rakyat di Bandorasawetan Kaca-
matan Cilimus. Sakumaha anu kamalum
dinamangsaharitadisakuliahJawaBarat
aya dina kaayaan kacida weritna ku sabab
gangguan gorombolan DI/TII. Meh ung-
gal peuting pihak gorombolan ngaganggu
kaamanan rahayat. Nya kitu deui desa
Bandorasa Wetan geus jadi “pangacakan”
gorombolan DI/TII. Kawajiban warga
masyarakat dina mangsa harita nya eta
kudu milu ngajaga kaamanan desa tina
sagala gangguan gorombolan DI/TII.
Salah salah sahiji rupa organisasi pikeun
ngajaga kaamanan desa mangsa harita
OKD (Organisasi Keamanan Desa) sama-
cem HANSIP atawa LINMAS lamun
mangsa ayeuna mah. Salaku warga desa
kuring boga tekad pikeun milu memper-
tahankeun sarta ngajaga kaamanan desa.
Ku kituna babarengan jeung warga
masyarakat liana milu jadi anggota OKD
anu langsung dikomandoan ku Kapala
Desa. Jadi OKD bareng jeung sobat-sobat
kuringpapadagurunyaetaPaJumadi,Pa
Usin, Pa Dayat. Salaku anggota OKD
puguh wae milu latihan katentaraan, kaa-
sup latihannembakeunbedilsartapanga-
bisa sejenna anu aya patula patali jeung
syarat khusus pikeun jadi OKD.
Dina ngalaksanakeun laku lampah kaa-
manan desa,diatur tugas piket sacara gili-
ran anu ditempatkeun di sababaraha pos
jaga di sakuliah desa. Salila ditugaskeun
pikeun ngajaga desa kawas aya hiji wawa-
nen dina diri kuring. Asa reueus bisa milu
babarengan ngajaga kaamanan, itung-
itung milu berjuang pikeun nagara sabab
perang kemerdekaan teu kungsi ngala-
man da masih budak leutik keneh.. Jadi
lamun ayeuna di lingkungan tentara aya
sesebutan dwifungsi, nya kuring oge
kungsi ngalaman milu ngalaksanakeun
dwifungsi. Fungsi anu utama nya eta jadi
guru anu tugasna ngajar, tapi oge milu
ngajagakaamanandesa.Tapisanajankitu
kuring milu ngajaga desa tapi embung ari
kudu paeh konyol mah, sabab hayang
tuluy babakti ka nagara dina dunya
atikan. Ku sabab kitu lamun aya gorom-
bolan DI/TII nyerang ka desa, kuring jadi
jelema anu nyumput ti heula. Sabab em-
bung arikudu bertempurkomokatembak
mah. Tempat panyumputan kuring biasa-
na lamun teu di sawah nya di balong nga-
hephep bari ngadoa supaya disalamet
keun. Borangan eta téh kasebutna? Nya
kitu boa tapi anu pasti mah embung
ngabedilsartaembungdibedil.Kungsihiji
mangsa aya aya serangan ti gorombolan
DI/TII anu kacida rongkahna, rarasaan
meh sapeupeuting kajadian pertempuran
antara gorombolan ngalawan tentara
katutOKD.Kuringkacidasieunna,kulan-
taran sieun katembak, kuring lumpat
Dwifungsi Guru SR jadi OKD
H. Mohamad Surya
Gangguan Gorombolan DI/TII di Kuningan
20. Manglé 2441 19
nyumputkatengahsawah,Kakarasabada
rengse pertempuran, gorombolan arindit,
kuring ngawanikeun mucunghul ka bale
desa bari rancucut balepotan leutak. Pak
Kuwunanya,“dimanatadiguru?”kukur-
ing di jawab “abdi bertahan di beulah
kaler desa sisi sawah”.
Dina hiji mangsa kuring kungsi ditu-
gaskeun ku Pak Kuwu salaku komandan
pikeun jaga di pos jaga anu ayana di te-
ngah-tengah kuburan. Pikeun kuring
pribadi mah hal eta teh mangrupa musi-
bah sabab kuring mah kaasup jalma bo-
rangan anu sieun ku kuburan, komo deui
sapeuting jeput. Tapi kumaha da teu bisa
nolak. Sawaktu peuting anu harita keur
caang bulan, puguh tutunggal makam teh
kaciri parentul mani jelas matak keueung
keur anu borangan jiga kuring. Sanajan
henteu sorangan tapi saperti anu geus
kasebut tadi, kuring mah jalma borangan
anu sieun ku kuburan. Sok komo deui
beurangna aya anu maot anu dikubur teu
jauh ti pos jaga. Bayangkeun ti mimiti
bada isa peuting nepi ka subuh, kuring
kasiksa ku kasieun anu kacida pisan, nepi
ka bulu punduk mah muringkak sapeu-
peuting nandangan kasieun. Babacaan
mah sabisa-bisa bari teu puguh pikeun
ngalawan kasieun. Bari teu bisa sare sa-
kerejep-kerejep acan padahal batur piket
mah bisa sare mani tibra pisan, sanajan
ceuk aturan mah teu meunang sare ari
tugas di pos teh. Barang kadenge aya sora
adan subuh ti masjid, Alhamdulillah
salamet teu aya jurig anu naganggu sa-
kumaha anu dibayangkeun. Padahal
sabenernamahpeutingatatehteuayaka-
jadian naon-naon, tapi kangaranan sieun
mah teu bisa disumputkeun. Jadi nepi ka
kiwari oge kasieunan tugas jaga di pos
kuburan masih kabayang keneh.
Karasana harita mah sapeuting teh
mani asa sataun kacida pisan lilana
nunggu beurang. Sanggeus kadenge adan
subuh, kacida atohna tuluy buru-buru
balik asa bebas tina panjara anu nyiksa
sapeupeuting. Sabada shalat subuh tuluy
sare sapopoe, teu ka sakola sabab meu-
nang idin ari tos jaga malem mah. Tah
kitu di antarana pangalaman jadi anggota
OKD anu ditugaskeun jaga di pos pang-
jagaan di wewengkon kuburan. Sanajan
sok sieun ditugaskeun deui di pos kubu-
ran, kuring reueus, kudu diaku yen kuring
salaku guru geus bisa milu ngajaga kaa-
manan desa. Salaku anggota OKD Al-
hamdulillah kuring teu kungsi ngarasa
perang kalayan nembakeun bedil, sabab
kuring geus boga tekad masih hayang
keneh babakti ka nagara ngaliwatan
dunya atikan. Jadi sanajan teu kungsi
ngalaman perang, sarta teu boga cita-cita
jadi tentara, tapi kawajiban salaku warga
nagara geus kungsi kalakonan ku jadi
anggota OKD.
Pager Bitis
Taun 1960 kuring pindah ngajar ka
desa Citangtu Kuningan nuturkeun anu
jadi Bapa anu diangkat jadi kapala sakola
di SR Citangtu 2, bari sakalian hayang nu-
luykeun sakola ka KGA (Kursus Gyry A)
di Kuningan. Ari kaayaan gorombolan
kalah beuki mahabu ngaganggu meh ka
unggal desa. Saperti anu kaalaman di
Bandorasa, kuring milu ngajaga desa
bareng jeung warga masrakat. Pikeun
numpes gorombolan, pamarentah ning-
katkeun upaya numpes gorombolan
DI/TII. Salah sahiji kabijakan nya eta
gorombolan terus dikepung ti unggal
madahab ku kakuatan tentara anu dit-
ingkatkeun boh persenjataan boh per-
sonilna. Hiji taktik pikeun nalukkeun
gorombolan nya eta kawijakan pager bitis
anu mangrupa gawe bareng tentara jeung
rahayat. Harita anu jadi panglima Sili-
wangitehJenderalIbrahimAjieanulang-
sung jadi komandan operasi. Sakabeh
warga masarakat anu dewasa tanpa pilih
bulu wajib milu ngalaksanakeun pager
bitis. Ari pager bitis teh nya eta sakabeh
gunung dikepung ku rahayat di pos-pos
penjagaan bagian tukang sabab di hareup
mah tentara jeung OKD. Dina prak-
pakananapagerbitisgunung-gununguta-
mana gunung Ciremai dikepung ku rayat
anu mager sakurilingna. Ku kituna
gorombolan teh teu bias turun ngaram-
pok, nepi ka kalaparan da teu aya logistic
pikeun kadaharan maranehna. Dina
pager bitis kuring kabagian tilu kali di gu-
nungCiremaipersisnadidesaPalutungan
kacamatan Cigugur. Ari giliran teh bi-
asana dua peuting aya di gunung di hiji
posanudieusiankira-kiragenepanunggal
pos penjagaan. Puguh asa piknik atawa
berkemah, mirun seuneu jiga api unggun
keur jaman kapanduan (pramuka), bari
murak timbel atawa ngaliwet. Sanajan
bari tiris ku hawa gunung resep wae anu
aya teu jiga waktu jaga di kuburan
sawaktu di Bandorasawetan.
Tetela eta taktik teh ampuh pisan,
gorombolan loba anu nyerahkeun diri,
kaasup gegedugna Kartosuwiryo katang-
kep di kabupaten Bandung (wewenghkon
Majalaya), oge Gojin anu kacida jahat
jeung bengisna serah bongkokan di Ci-
waru. Nya ti harita taun 1962 gorombolan
DI/TII tuntas anu ngalantarankeun Jawa
Barat jadi aman.
Uang Kaget
Taun 1962 sabada aman, kuring hijrah
ka Bandung nuluykeun sakola ka FKIP
Unpad anu tuluy jadi IKIP Bandung
(ayeuna jadi UPI alias Universitas Pen-
didikan Indonesia), dibelaan eureun tina
Pagawe Negeri.. Sawaktu geus jadi maha-
siswa aya panggilan ti Dinas Pendidikan
Kuningan anu ngabejakeun yen meunang
uangkaget.Arianudisebutuangkagetteh
nya eta duit ti pamarentah pikeun ka sing
saha pagawe nagri kaasup guru anu
kungsi mancen gawe di kawasan anu di-
ganggu gorombolan DI/TII. mangrupa
duit. Minangka hikmah digawe tugas di
daerah anu kungsi diganggu ku gorom-
bolan, nya kuring kabagian “uang kaget”
ti pamarentah. Jumlahna lumayan aya
kana tilu kali gajih nepi ka bisa meuli pa-
parabotan dapur, pakean, meuli buku-
buku, jeung kaperluan sejenna. Kitu tah
pangalaman tugas dwifungsi nya eta jadi
guru sakaligus jadi OKD anu milu ngajaga
kaamanan desa.***
Taun 1959, kuring keur jagi guru SR di Bandorasawetan, Kecamatan Cilimus, Kuningan
21. 20 Manglé 2441
D
ur subuh téh
geus hudang,
da diguyah-
guyah ku Ema.
Padahal panon
mah hayang peureum kénéh.
Tuda wayah kitu mah keur
meumeujeuhna disimbut
buni, bari ceuli ngadédéngé-
keun nimatna si jago kongko-
rongok di pipir. Sorana mani
ngoncrang, bubuhan hayam
pelung hadé piara. Pangirim
Mang Tatang ti Lembur Ba-
bakan. Ngajimatan cenah, da
sajodo méréna téh. Ngan édas
nu bikangna mah ukur tilu
poé umurna aya di kuring téh,
da kagiles ku ojeg nu lalar-
liwat.
“Hudang, Jalu! Geura ka
pancuran, si Apa bisi ngam-
bek,“ ceuk Ema bari nyokot
anduk nu disampaykeun
tukangeun panto.
“Tiris, Ma!” témbal téh ti
jero simbut belang.
“Sétan éta téh! Maenya éléh
ku si jago! Wayah kieu geus
kongkorongok ngageuing-
keun batur,“ ceuk Ema
teugeug.
Éléh déét, kuniang hudang,
gap kana sarung nu ngalum-
buruk na palupuh, disalin-
dangkeun ngabunian awak,
méh teu tiris teuing. Komo di
luar cacak di jero gé sakieu
tirisna. Abong imah di sisi gu-
nung. Sabada meundeutkeun
panto dapur, kuring ngiclik
nuturkeun Ema nu angkari-
bung ngakeup said ku pa-
ngais, dieusi piring kum
baheun, urut peuting dalahar
ngariung. Rada loba kumba-
heunana, da puguh aya
Amang jeung Ibi saboron-
doyot. Nyimpang. Cenah mah
tas ti anakna nu ngadon bu-
buara deukeut lembur kuring.
Lebah pudunan, geus méh
deukeut ka pancuran, pasan-
grok jeung Apa. Da Apa mah
mun ka pancuran téh méméh
adan subuh, méh bisa salat
berjamaah di tajug jeung pan-
curanana lowong. Iy… teu
sieun-sieuneun sosoranganan
di pancuran. Sakitu geueume-
unana. Apan pancuran téh di-
iuhan ku tangkal caringin nu
kacida gedéna, akarna gé geus
ngarambay siga janggot aki
aki.
“Gura-giru Ujang ka cai
téh, bisi teu kabagéan berja-
maah!” Sora Apa teugeug.
“Heug!” témbal téh bari
ngarérét.
Saenyana mah rada ho-
réam salat ka tajug téh, sok
lila jaba tiris. Da bilik tajug
téh mani cararang pisan.
Anéh, tara diaroméan tajug
téh, padahal urang lembur
ieu mah sarolat téh ka tajug.
Atawa meureun acan kaburu
ngaroméan da keur rariweuh
ku nguruskeun binih paré nu
kakareueum baruruk. Saba-
likna, mun usum halodo tara
kari binih téh, da gararing
taya cai. Bet taya mendingna.
Komo ayeuna, ngijih geus
sababaraha bulan, bari jeung
taya poé nu kalarung. Dur
lohor, cur hujan. Kalan-kalan
mah adan awal wayah janari
téh geus ngecrek hujan, parat
nepi ka wanci haneut moyan.
“Panto dapur ditulakan,
Iyeung?” ceuk Apa bari nga-
reret ka Ema.
“Iraha teuing nulakan
panto. Blung-blong gé moal
aya nu asup, ari lain si Jago
mah,” ceuk Ema bari seuri.
Da enya di lembur kuring
mah tara aya maling tara aya
bangsat. Aman lain boboho-
ngan. Kajeun dipolongokeun
ti isuk nepi ka magrib gé tara
kaleungitan piring songhék–
songhék acan.
“Heueuh bisi ditulakan,
nanya téh. ” Ceuk Apa bari
ngingkig ka tonggoh. Ema teu
némbalan. Kuring gé cicing
teu milu ngomong. Ngingkig
wé nuturkeun Ema bari
nyéréngéh. Na bet barina gé
iraha teuing imah ditulakan
atawa dikonci gamlok. Ditu-
tupkeun gé geus untung. Ulah
teuing hayam marodol di jero
imah. Datang ka pancuran
brus mandi. Karasa tiisna
nembus kana tulang sum-
sum. Awak dikasay ku daun
seureuh, puguh rada arateul.
Tuda geus dua poé dibéré waé
pais hurang ku Ema téh.
Awak asa renyem. Tapi da teu
bisa protes, da puguh saenya-
na mah beuki kana hurang
téh, komo mun dipais. Matak
sok segut ari dahar hurang
téh. Apa gé sarua beuki naker
kana pais hurang téh. Ngan
ari Apa mah tara nanaon
enggeusna téh, kuring mah
sok buntutan, arateul.
Réngsé mandi, gancang
kuring indit rék muru tajug,
milu amum salat Subuh. Ema
ditinggalkeun da gegeroh
kénéh piring.
“Kadé ka tajug, Ujang! Bisi
si Apa ngambek!” ceuk Ema
bari jongjon meresihkeun
sabun nu narapel dina
baskom.
“Enya eudeuk, mana ru-
rusuhan gé!“
“Heueuh, kudu sieun ku
pangrangkét.”Ceuk Ema
daria. Nya da Apa mah galak,
utamana urusan ngaji, urusan
salat, urusan sakola agama,
euweuh ampun keur si Apa
mah. Apan pokna gé, “Kajeun
teu dibantuan ngarit, batan
manéh teu sakola agama!”
Lamun hujan gé kudu waé
indit ka tajug, bélaan dian-
teurkeun ditiung ku daun
cau. Hiji séwang. Ka sakola gé
Basa Sakola Kabanjiran
Carpon Holisoh. ME
22. Manglé 2441 21
kitu, mun sakola kabanjiran,
pasti wé ku Apa kuring di-
akeup, da buruan sakola téh
kakeueum ku cai nepi kana
bitis Apa. Tatéh ti kelas hiji
nepi ka kelas dua; mun sakola
kabanjiran, pasti dianteur-
keun bari diakeup. Teu meu-
nang peré pisan, ari lain
gering mah. Pajar téh ulah
dibiasakeun peré, kéh bisi jadi
kabiasaan. Eutik-eutik peré,
eutik eutik peré. Ayeuna ku-
ring geus kelas genep, sakeu-
deung deui gé ujian, kaluar ti
ieu sakola nu remen kabanji-
ran mun usum ngijih.
Lamun keur banjir kuring
jeung babaturan laleumpang
téh pacekel–cekel, kawas nu
rék ngepung lauk. Pan basa
keur kelas opat mah kungsi ti
buruan sakola meunang lauk
emas. Aya tiluna. Kabawa
caah ti balong nu gigireun
sakola. Karunya nu boga ba-
long téh, béak kabéh laukna
da mudal caina. Kawasna
sawaréh ka walungan nu
hareupeun sakola. Untung wé
nu sok ngaruseup sisi walu-
ngan mah.
Kuring ogé mun balik
sakola osok ka walungan
ngala kijing atawa tutut jeung
babaturan. Kitu gé tara lila
geus meunang sakaléng.
Geuwat balik. Sieun dicarékan
ku si Apa, pan kudu sakola
agama di madrosah. Mun
henteu sakola agama pasti di-
rangkét. Nepi ka ayeuna sa-
kola téh sok kabanjiran waé.
Padahal ku pamaréntah téh
geus diluhuran. Pas panto ger-
bangna lian ti dipager beusi
téh, ogé diluhuran lebah
lawang asupna, maké beton
da aya solokan. Tapi angger
wé unggal taun gé, paka-
rangan sakola téh kabanjiran.
Malah ayeuna mah cai téh sok
asup ka kelas, ka kantor.
Anéh. Na éta kitu pédah
solokanana jadi ngaheu-
reutan? Katambah-tambah di
landeuh aya wangunan kan-
dang hayam nu jumlahna
ngawelas. Da hayamna gé
ngarebu. Cenah mah pami-
ceunan caina teu bener. Mana
mun usum ngijih téh cai tam-
plok ka lembur nu deukeut
sakola, malah sakola gé pan
kabagéan geuning caahna.
Ti mimiti kadéngé adan
awal, hujan geus turun. Lir nu
dicicikeun ti langit. Meujeuh,
da meuyeum pihujaneunana
gé ti kamari mula. Tambah
ngeunah ngaringkuk disim-
but. Reup deui panon peu-
reum. Tambah rapet. Tambah
tibra saréna gé. Beunta-beun-
ta téh diguguyah ku Apa.
“Sujang, Sujang, hudang!
Tuh wudu wéh dina émbér, na
golodog dapur. Ku Apa bieu
dipangjingjingkeun ti pancu-
ran.” Sora Apa mani ngon-
crang, da nampeu kana ceuli.
Kuring ngulisik.
“Keun waé Apa, uing deuk
ka pancuran.” Témbal téh
bari nguliat. Jurungkunung
hudang. Heg nangkeup tuur.
Ngararasakeun haneutna
dikarimbun simbut.
Laaah, da mun teu kudu
salat subuh mah, horéam hu-
dang téh. Hayang ngaringkuk
wé nepi ka panonpoé bijil
nalobros sela-sela bilik.
Tapi Apa jeung Ema sok
ngaguguyah waé unggal
waktu salat. Tara meunang
bolong salat lima waktu sapoé
téh. Lima kaliananana kudu
kaeusian. Malah engké mah
meureun geus ka és ém pé
kudu ditambahan ku rupa-
rupa salat sunat. Pan ayeuna
gé geus diajarkeun ku Ustad,
rupa-rupa do’a solat sunat.
Rupa-rupa babacaan nu
parondok. Méh geus cangkem
kabéh gé. Kari prakna.
“Sujang! Sujang! Na kalah
ngajentul waé di enggon?”
sora Ema mani ngoncrang
alah batan éngang.
“Enya enggeus. Ieu gé deuk
ka pancuran!” témbal téh bari
nyénglédkeun sarung nu
dikarimbunkeun kana awak.
“Montong! Geus dipang-
jingjingkeunku Apa bieu.
Leueur di jalanna. Komo
lebah tanjakan mah, Apa gé
bieu méh-méhan tiseureuleu,”
témbalna daria.
“Nya atuh!” témbal téh bari
léos ka dapur. Enya wé dina
golodog dapur geus sadia cai
beresih na émbér jeung pa-
nyiukna. Bageur si Apa téh.
Tapi ogé galak. Teu kaharti.
Geus bérés wudu kuring
nyampeurkeun deui bapa.
“Hayu Sujang ka tajug!“
ceuk bapa daria.
“Hujan kénéh, Apa?” tém-
pas téh.
“Miripis!”
”Kerep kénéh!” ceuk kuring.
Puguh rada wegah salat ka
tajug téh, sok jareblog di
jalanna. Jaba kacida tirisna.
Angin subuh di lembur téa
atuh, tirisna alahbatan alah-
manan.
“Aaah, hayu! Apa geus
ngala daun cau dua ponggol.
Hiji séwang!” ceuk Apa bari
ngaléos ka hareup. Kapaksa
kuring nuturkeun, bari sarung
dibeulitkeun kana awak, méh
teu tiris teuing. Jeung méh teu
cérét, da dipayung ku pong-
golan daun cau mah, ukur
sirah nu teu kahujananana da
awak mah angger wé sok
baraseuh.
Di tajug mani coréngcang,
ukur aya genepan. Kolot
opatan, barudak duaan.
Haroréameun ka tajug
meureun, atawa haroréameun
ngala daun cauna. Ngan nu
tara absén téh Ustad Usep wé,
deuk hujan girimis deuk
hujan ngagebrét gé, pasti geus
siap sila dina paimbaran.
Kacida ngéstona kana kawa-
jiban. Keur sagala pinter téh.
Hadis, dalil, kabéh geus
ngolotok, aya di luareun sirah.
Piraku wé atuh puluh-puluh
taun ngalap élmu di pasan-
tren. Méh nepi ka tabuh
genep, hujan masih ngecrek.
Cileuncang di mana-mana, di
unggal buruan ngabaralong.
Puguh hujan ngagebrét ti dur
adan awal. Sabaraha jam atuh
nepi ka wayah kieu can deuk
raat-raat? Atoh teu atoh ari
hujan isuk-isuk téh. Atohna
mun hujan téh bisa mangkir
sakola, asal Apa euweuh. Da
ari aya mah moal bisa
mangkir, meureun teu nga-
muk nempo kuring cicing di
imah. Atohna deui mun hujan
téh, atoh, balik sakola bisa
huhujanan bari maraén bal di
lapang Cikandang tonggoh-
eun sakola. Tara dipikiran
baju calana pinuh ku leutak,
kawas nu balik macul. Da éta
mah urusan Ema urusan
nyeuseuh mah cai pancuran
ngagolontor kénéh. Bisa
bararesih deui baju téh.
Datang ka imah Ema geus
nyadiakeun keur mumuluk.
Sangu disangray, dibungbuan
réndos cikur. Mani seungit.
Deungeunna mah kurupuk
aci. Réndos céngék jeung
uyah. Geus sakitu wéh. Da
kabeuki sambel goang mah.
Matak kajeun juru-juru biwir
barohak kakadalieun gé, hih
da angger wé. Mun dahar taya
sambel goang téh asa teu
ponyo.
“Mumuluk wayah kieu,
Iyeung, kawas nu deuk ka
sawah,” ceuk Apa bari
ngarérét ka Ema nu keur
ninyuh cai entéh kana téko
panci. Selengseng, seungit
entéh. Seungitna téh mani
matak kukurubukan beu-
teung. Téh héjo asli meunang
ngaramu sorangan.
“Najan teu ka sawah gé,
angger wé kudu gedé tanaga.
Apan kudu ngakeup si Sujang
ka sakola, da pasti banjir
sakola si Sujang mah,” ceuk
Ema bari seuri konéng.
“Ah, uing mah embung di-
akeup. Éra ku babaturan,
meureun gedé-gedé diaakeup
kénéh,” ceuk kuring daria.
“Baé dipoyokan batur gé,
Sujang! Batan seragam
baraseuh,” ceuk bapa, bari
kop kana cukil kai. Kerewuk
nyiuk sangu dua cukil mu-
cung. Mani pinuh piringna
téh.
“Moal uing mah, Apa! Moal
diaakeup. Éra,” témpas téh.
Da enya, embung éra kudu di-
akeup-akeup ka sakola.
Baréto keur kelas hiji teu éra,
da ayeuna mah iyyy, kacipta
pada moyokan lamun kuring
ka sakola diaakeup. Da baréto
gé diaakeup téh lamun caina
semet bitis si Apa. Ari déét
mah tara. Leumpang wé
ngiciprit. Resep malah kuku-
cuprakan dina cileuncang.
Komo mun maraén bal di
pakarangan imah nu pinuh ku
cileuncang mah, waaah poho
dahar poho sakola agama.
Bakat ku aranteng. Ngan ari
ulin dina cileuncang téh peu-
tingna dampal suku sok ara-
teul. Ceuk Ema mah jaram
cenah.
Kuring langak-longok ka
luar. Hujan masih miripis.
Tapi katémbongna langit geus
mimiti lénglang. Bangunna
23. 22 Manglé 2441
sakeudeung deui gé eureun
hujan téh.
“Raat hujan téh Sujang?”
bapa ngagorowok tijero imah.
“Acan, Apa. Masih
miripis....” témbal téh bari
tetep mencrong cihujan nu
ninggang batu tétécéan.
Tangka beresih batu téh da
kahujanan unggal poé.
“Ké atuh sakeudeung deui
ka sakola mah! Boa buruan
sakolana gé kacaahan.
Kudu singkil wé Sujang,”
ceuk Ema daria. Apa ngarérét
ka Ema.
“Sok mapagahan teu bener
ka anak téh. Biasa wé indit
mah, Sujang. Kajeun datang
pangheulana batan kabeura-
ngan mah,” ceuk Apa daria.
Ema ngabalieur.
Biwir nyéréngéh, seuri
konéng. Geus teu anéh kolot
kuring mah, sok hoghag mun
sual sakola téh.
“Nya ayeuna wé atuh uing
indit. Lin aya kénéh pong-
golan daun urut Apa tadi ti
pancuran?” ceuk kuring bari
gap kana kantong. Sapatu
mah teu dipaké, dijingjing wé.
Da pasti pakarangan sakola
kakeueum ku cai, kacaahan.
“Anteur ku Apa?” tanya
bapa bari seuri konéng.
“Geus kelas genep ayeuna
mah, Apa! Manasina keur
kelas hiji, diaakeup.
Éra ayeuna mah,” témbal
téh bari rap masangkeun topi
na sirah. Awét topi téh ti keur
kelas opat meulina téh. Ukur
rurud sisina wungkul.
Kuring ngiciprit muru
sakola, bari diiuhan ku pong-
golan cau. Di hareupeun imah
si Sobari, léngkah ngarandeg.
“Sobari! Deuk sakola?” ku-
ring ngagorowok. Taya nu
némbalan.
“Sobari, deuk sakola moal?”
leuwih tarik ngagorowok téh.
“Endeuk! Dagoan euy!”
kadéngé Sobari ngajawab bari
ngosom. Kawasna waé keur
mumuluk. Teu kungsi lila So-
bari kaluar bari masih kénéh
nyapék. Gap kana ponggolan
cau nu nanggoh deukeut
golodog imahna. Kawasna
geus disadiaan ku bapana
meureun. Da puguh usum
ngijih mah ponggolan daun
cau téh kudu sayagi waé. Keur
paranti ka pancuran, ka
warung, ka sawah, ka kebon,
ka sakola, apan diparayungna
téh ku ponggolan cau. Tapi da
moal béak-béak daun cau
mah sanajan dialaan unggal
poé gé, da saincak-incak da-
puran cau mah.
Bring indit duaan jeung
manéhna. Beuki deukeut ka
sakola, beuki ngabring nu
maraké saragem bodas
beureum. Kabéh maraké
tiung ponggolan daun cau.
Tatéh da datang ka sakola
mah ponggolan daun cau téh
jadi tumpukan runtah. Tara
diparaké deui balik mah,
najan hujan gé. Kajeun huhu-
janan. Resep.
Datang ka sakola, kabéh
ngaharuleng hareupeun pager
beusi. Cai di pakarangan
sakola méh semet harigu ku-
ring. Soalna si Emang penjaga
sakola nu keur menerkeun ti-
hang bandera ukur katempo
ti cangkéng ka luhur. Ah, gedé
cai téh. Boa kelas hiji mah
kalelep mun arasup ka paka-
rangan sakola téh. Pa Didin
jeung Pa Sopian guru agama,
geus aya di teras kantor ka-
pala sakola. Leungeunna
méré kodeu sangkan kuring
ulah arasup ka pakarangan
sakola.
“Sakola darurat, Jang!
Darurat! Kelas gé kabéh
kakeueum,” omongna
ngagorowok. Kuring silih
rérét jeung nu séjén, da geus
ngaliud di luareun sakola téh
murid jeung ibu ibu guru.
“Peré, Bu?” tanya téh ka Bu
Eli nu nangtung tukangeun
kuring.
“Ké wé ngadagoan Bapa
Kapala,” témbalna.
“Apan kelasna gé kakeu-
eum, Bu?” si Komar nyeleng-
keung ti tukang.
“Enya, ké wé kumaha ceuk
kapala sakola!” keukeuh wé
Bu Eli téh ngajawabna kitu.
Nu deuk sarakola geus pinuh
ka buruan imah si Isti nu
hareupeun pisan sakola. Éta
gé sarua kakeueum ngan ukur
semet mumuncangan teu
parna teuing. Ongkoh rada
luhur buruan imah Isti mah.
Leuwih luhur batan sakola.
Nu deuk ka sawah gé tinghar-
iul wé di jalan jajahan. Bécék
jeung laleueur. Kawasna
haroréameun, da tangtu
sawahna gé kakeueum.
Tapi loba deuih jalma nu
marawa pancing, kawasna rék
marancing kiduleun sakola.
Pan aya walungan gedé, da
susukan nu hareupeun sakola
gé gubragna téh ka walungan
éta.
“Paranén lauk euy!“ ceuk
Komar bari nyampeurkeun.
“Heueuh. Mun diperékeun
urang nguseup yu!” ceuk
Ondin daria. Jurig nguseup
manéhna mah. Aya aturan
maké saragam kénéh, geus
ngajego di sisi walungan,
atawa kudak-kodok kana
liang belut. Tapi sok bangé-
nan, da sok meunang waé.
Teu kungsi lila kurunyung
kapala sakola, leumpang bari
singkil. Calana digulung nepi
kana bitis. Ngobrol jeung Bu
Eli, Bu Rini, Bu Gantini, Bu
Tarsih, nyaritakeun bulak-
balik ka sakola ti janari kénéh
da aya nu ngabéjaan cenah
sakola kacaahan.
Nyalametkeun heula barang-
barang sakola nu marahal.
Perangkat komputer, parabot
UKS nu sumbangan ti pa-
maréntah, buku-buku mah
cenah geus disaralametkeun.
“Ayeuna kumaha atuh, Pa?
Kelas tos kakeueum,” ceuk Bu
Gantini bari kerung-kerung
wé. Puguh cenah gé nunda
rapot dina lomari, sieun
kakeueum.
“Urang sina dialajar di
imah wé, poé ieu mah. Sugan
isuk mah caina rada orot,”
ceuk kapala sakola. Barudak
sarurak ngadéngé belajar di
rumah téh. Atoh. Komo si
Ondin mah bari émprak
surak.
“Jadi euy nguseup téh!
Jadi!” si Ondin gogorowokan.
Kepala sakola ngarérét.
“Kudu mulang heula ka
imah, ulah maké seragam!”
ceuk kapala sakola teugeug.
Sieun katempuhan meureun
mun aya murid tikerelep,
atawa kabawa caah. Komo
masih kénéh maké saragam
mah. Sakola nu katempuhan.
Girimis geus eureun,tapi cai
nu ngumplang di pakarangan
sakola, tacan orot.
Siga balong. Bisa dipaké
ngojay. Kawasna moal bisa
orot ku sajam dua jam, cai
ngumplang kieu mah. Tingali
wé, méh nepi kana jandéla
kelas cai téh ngeueumna.
Mun kelas hiji mah tikerelep.
Matak barudak téh ngagarim-
bung di luar wé. Bubuhan
luhur taneuhna, cai gé ukur
semet mumuncangan. Baru-
dak mimiti balubar. Jalan
beuki jeblog jeung leueur. Ibu
guru masih ngajarengjen di
luar pager. Kapala sakola mah
geus kukucuprakan di
pakarangan sakola, deuk
ngontrol kantorna meureun.
Mangkaning sagala rupa
dokumen sakola aya di dinya.
“Kalah tinghariul di dieu,
henjung geura marulang.
Ngarapalkeun anggursi,
sakeudeung deui ujian,” ceuk
Bu Tarsih bari nepak taktak
kuring.
Biwir nyéréngéh. Komar,
Ondin, Sobari, Asep, Engkus
silih rérét.
“Ké wé, Bu,“ témbal téh.
“Ééh bisi deudeupeun kolot
hidep. Jeung kadé ulah arulin
ka wahangan, caina gedé
naker,” ceuk Bu Rini bari me-
long si Ondin.
Kawasna rada teu perca-
yaeun ka si Ondin mah, da
sok remen kaperego keur
nguseup sisi wahangan mun
balik sakola téh.
Malah mah kepala sekolah
gé remen merego si Ondin
keur nagog di balong atawa di
wahangan. Jurig nguseup si
Ondin mah. Da turunan
meureun, apan Mang Hanan,
bapana, jago nguseup.
Di mana-mana diudag waé
urusan nguseup mah. Mana
nurun ning ka anakna.
“Hayu ah!” ceuk Ondin
daria.
“Siappp,“ témbal saréréa.
Méméh jung ngaléngkah,
saréréa nareuteup heula
pakarangan sakola nu geus
robah jadi balong. Caina kiruh
siga bajigur. Tapi kuring yakin
dina cai nu kiruh éta, loba
lauk emas atawa nila
tinggudibeg, ngaranjleng ti
balong balong nu aya
sabudeureun sakola.
***
Sukasari,
Mei 2013
24. Manglé 2441 23
M
EUJEUHNA mun diterap-
keun ka para anggota déwan
téh.Endogsasayang,peupeus
hiji peupeus kabéh. Codéka saurang
apan sadudulur kababawa. Cara par-
lemén urang ayeuna. Tangtu henteu
kabéh tukang mangkir. Aya wé anu
getolna. Henteu kabéh artis nu aya di
parlemén ngan saukur jadi pamaés
wungkul. Aya wé anu jeung tatagna
nyarita. Henteu kabéh tara teu mikiran
rahayat. Aya wé anu dina pikiranana
tara kaselapan nu lian iwal ti rahayat.
Henteukabéhtukangngagasabduitna-
gara. Aya wé anggota déwan nu lem-
peng. Tapi nya kitu, da bongan sa
sayang. Bongan arua papada anggota
parlemén, atuh daék teu daék gé ka-
paksa wé narima dianggap codéka.
Cilakanana téh lain baé anggota par-
lemén di tingkat pusat wungkul anu di-
anggap codéka teh tapi ogé anggota
déwan nu aya di sahandapeunana. Boh
anggota déwan di tingkat propinsi boh
di tingkat kabupatén jeung kota, dirad
wé papada dianggap codéka.
Nya kudu wayahna wé disakompét-
daunkeun gé. Nu gawéna tara mangkir,
anu tara ceceremed ngagasab duit na-
gara --nu saéstuna mah duit rahayat
kénéh, kudu narima disaruakeun jeung
nu gawéna melencing, nu gawéna sok
ceceremed. Taya gunana ieuh awong-
awongan gé da puguh kitu kany-
ataanana. Aya anggota déwan nu teu
reugeujeug. Nya merenah upama par-
lemén ayeuna dianggap lembaga nu di-
anggap taya gunana. Rék teu dianggap
kitu kumaha atuda, méh saban poé aya
wébéjangeunaananggotadéwannudi-
pariksaKomisiPemberantasanKorupsi
(KPK) alatan disangka ngagasab duit
nagara. Cohagna disangka korupsi.
JeunganudisangkakorupsikuKPKtéh
sok réa pisan nu enyana manan anu
ukur disangka. Ku lantaran anggota
déwan anu curaling téh “sasayang”, pa-
pada “nyayang” di Senayan, tuh ka-
paksa wé nya kitu téa, “ndog sasayang,
peupeus hiji peupeus kabéh”.
Lain baé di legislatif anu kapaksa
kudu narima disasayangkeun téh. Di
éksékutif gé nya kitu. Malah teu bina ti
kitu apan di lembaga yudikatif, di
lingkunganparahakimgé.Aparaturpa-
maréntah kawas nu paboro-boro, pa-
pada néangan lolongkrang pikeun
narima panyogok. Nu pangahirna mah
malah keuna ka sawatara urang
aparatur pamaréntahan nu pancénna
nguruskeun perkara migas, minyak
jeung gas bumi. Réa nu teu nyangka
manéhna beunang disogok téh. Da cék
saliwatan mah jalmana téh apan
idéakis. Tapi horéng nya kitu, buktina
bet nyolong badé.
Di lembaga yudikatif gé horéng teu
jauh ti kitu. Lembaga yudikatif anu
pancénna nanjeurkeun hukum kabuk-
tian kalah ngaduitkeun hukum. Sugri
nu daék nyogok, teu mutahil hukuman
beurat gé jadi hampang, atawa malah
bébas sama sakali. Hadéna aya KPK.
Cacak di urang euweuh KPK mah nu
curaling téh pasti mahabu, awahing
ngarasa jongjon. Lamun lembaga
yudikatif geus kitu peta, atuh rahayat
téhkudupercayakasahadeui?Rékper-
caya ka éksékutif apan da puguh kitu
buktina.Réakabuktiananaaparaturpa-
maréntah nu ngagasab duit nagara. Ari
duit nu digasabna apan lain ukuran
rérécéhan, tapi dina ukuran nu tangtu
moal kaitung ku rahayat leutik samodél
urang mah. Rék percaya ka legislatif, ka
parlemén, apan kacida pamohalanana.
Da geuning réa kabuktianana anggota
legislatif téh babarengan ngagasab duit
nagara. Korupsi babarengan, nganggap
duit nagara téh bancakan anu bisa
dibagikeun di lingkungan maranéhna
wungkul. Mimitina mah harepan
sakumna rahayat téh ka lembaga
yudikatif, ka para hakim jeung jaksa, ka
jalma-jalma nu pancénna nanjeurkeun
hukum. Tapi ari célékéték téh horéng
kitu buktina. Réa jaksa beunang disuap
réa hakim beunang disogok. Antukna.
Rahayat téh jadi leungit kapercayaan ka
sugri nu kasebut pangagung pamarén-
tahan. Ari anu matak pikasebeleun
pisan mah éta niténan kalakuan jalma-
jalma, boh ti lembaga eksékutif, boh ti
legislatif boh ti yudikatif anu disangka
koruptor ku KPK, Sok ngarasa jadi
jalma nu teu tuah teu dosa. Hahah
héhéh bari teu weléh parakatangtang
pérékéténgténg. Teu ieuh ngarasa éra
dilalajoanan ku jalma réa. Ku kitu téa
mah meureun geus meujeuhna urang
téh nerapkeun hukuman nu leuwih
beurat pikeun para koruptor téh. Da ari
ku samodél hukuman ayeuna mah
batan kapok kalah gawok. Anu can
kungsi korupsi gé ayeuna mah maké
mikir-mikir hayang korupsi da dina ka-
panggihna gé hukumanana henteu
sabaraha beurat. Atuh duit anu beu-
nang ngagasabna pasti bakal réa kénéh
sésanasanggeusmaranéhnangajalanan
hukuman gé. Cindekna mah, dina
mangsa réformasi kiwari nagara urang
téh teu bina ti sawargana pikeun para
koruptor. Kawasna mah enya, keur ger-
ing nagara urang téh. Panyakitna can
kapanggih. Ku lantaran can kapanggih
panyakitna, atuh piubareunana ogé can
kapanggih kénéh baé.***
(yayat.hendayana@gmail.com)
DI KIWARI MACA BIHARI (17)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Endog Sasayang,
Peupeus Hiji Peupeus Kabéh
25. 24 Manglé 2441
C
eudeum geus
ti lohor
keneh minu
han langit.
Breg jadi
hujan bada asar. Persis
barang Ustadz Jamil nepi
kana tanjakan Pasir
Barong. Lalampahan kan-
deg. Tukang ojeg teu sang-
gupeun tuluy. Malah
anggur gura-giru mudun
deui. Ustadz Jami loge
kapaksa neangan keur
ngiuhan, sanajan bajuna
geus lantis ku cihujan.
Breh saung. Nenggang.
Rada ngelok saeutik ti sisi
jalan. Lumayan tamba
rancucut teuing.
Saung wawayagon.
Hateup eurih geus buruh.
Hadena teu bocor kabeh.
Aya keur nyalindung.
Malah aya pirunan. Pinuh
ku huut badag. Aya suluh
sababaraha teukteuk. Bisa
keur siduru lamun daek
ngahurungkeunana mah.
Burinyay, beledag.
Gelap saleser. Handap
pisan. Burinyay deui.
Beledag deui.
“A’udzubillahi minasy
syaiton nirrojim, “Ustadz
Jamli neregteg ta’udz bari
nutupan ceuli. Dituluy-
keun ku maca Falaq bin-
nas jeung ayat Kursi.
Saung ujug-ujug ingge-
ung. Paratag pangdiukan-
ana nu geus rada ucutan,
maruragan. Ti handapeu-
nana aya nu ngondeal. Ju-
rungkunung, jleg jirim
jelema. Tapi geus teu man-
grupa pisan. Kucel kude-
mel. Baju rangsak ru
wak-rawek. Nutupan awak
regung kabina-bina. Be-
ungeut peot leuwih ti peot.
Teu beda ti kulit jeruk nu
rek dikalua, karek dijait
tina pangeueuman ciapu.
“Sora naon cikeneh?”
eta jirim nyarita. Leutik
tenge, meh teu kadenge.
Ustadz Jamil morobot
istigfar. Bulak-balik
falaqbinnas jeung ayat
Kursi. Diselang ku du’a
menta panangtayungan
tina kajahatan mahluk.
“A’udzu bikalimatil-
lahit tammah min syarri
ma kholaq. Abdi nyalin-
dung ku ayat-ayat Alloh nu
Maha Sampurna tina kaja-
hatan sakur mahluk.”
“Naon eta?” sora tenge
the semu ngajerit.
“Sora gelap !”jawab Us-
tadz Jamil nu geus teger
pisan. Hatena jejeg man-
teng ka Alloh SWT. Teu
sieun ku nanaon, iwal ti ku
Anjeunna Nu Maha
Kawasa. Komo ku wujud
mahluk jiga jurig nu aye-
una nangoh hareupeun-
ana. Inget kana papatah
guruna. Yen bangsa jurig,
siluman sileman, teh aya.
Mangrupa runtuyan ti
Jadi Jurig
Ku H.Usep Romli HM