2. 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-
marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky
M. Rafiudin, Dikdik Djoko S., Ade.
P
ilihan geus lekasan. Bulé-hideungna, kari nung-
guan putusan Komisi Pemilihan Umum (KPU).
Keur rahayat, saha waé nu kapilih, muga bisa nga-
laksanakeun pancénna geusan kamaslahatan balaréa.
Dina saban pilihan, tangtu aya nu sugema jeung
sabalikna. Ngan, upama dibalikkeun kana tujuan
pangabdian, saha waé nu dipercaya pikeun babakti, boga
tanggung jawab ngalaksanakeun pancénna demi
kapentingan rahayat sakumna. Hartina, ku saha waé éta
kawajiban dilaksanakeun, nu penting, rahayat narima
hak nu samistina.
Rayat percaya, masing-masing caleg boga patékadan
anu sarua, babakti ka lemah cai sangkan kahirupan
leuwih walagri. Angen-angen kawas kitu, bakal
katangén sabada arinyana boga wewenang ngalaksana-
keun pancén gawéna.
Lobana nu hayang babakti, keur rahayat mah bungah
kacida. Lantaran, ku cara kitu, aya harepan kahirupan
leuwih hadé batan saméméhna. Atuh, sabalikna, mun nu
boga karep ngabdikeun diri teu laksana, ogé moal kuci-
wa, lantaran tujuanana geus kawakilan ku pihak séjén.
Lir dina hiji kulawarga, mun aya pihak séjén nu
mikanyaah éta kulawarga, sakumna anggota kulawarga
bakal bungah. Kitu deui, nu boga kawajiban nalingakeun
jeung mikanyaah éta anggota kulawarga ogé bakal bu-
ngah. Da, Ku cara kitu, nu boga karep mikanyaah, najan
teu prak ku dirina, geus aya pihak séjén nu ngalaksana-
keunana.
Ukurana pangabdian, jinek, demi kapentingan
balaréa. Hartina, saha waé nu boga karep babakti ka
bangsa katut nagara, bakal ngaheulakeun kapentingan
balaréa batan kapentingan-kapentingan séjénna. ***
Sabada Kapilih
LLawangSakéténg
3. BAHASAN
NgokolakeunAsét Daérah
Kudu Reueus jeung LuyuAturan
H. Endang Juhari ............................... 8
BANDUNG - BANDUNG
Taman jeung Leuweung Kota
Kudu Terus Ditambahan
......................................................... 10
IMPLIK - IMPLIK
Grup Qasidah Husnul Khotimah
Makalangan ka Tingkat Jawa Barat
......................................................... 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Aweuhan ........................................... 41
Gedong Sate ...................................... 42
Katumbiri .......................................... 50
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
5
TAMU
Prof. Dr. H. Oyo S. Mukhlas, M.Si.;
Pulitik keur Ngatur Umat, Larapna Kudu Maslahat
Potret:Reisyan
Mimiti wawuh ka manéhna téh dina
facebook. Jaman ayeuna mah geus lain
kamonésan mun urang bisa wawawuhan
jeung saha waé tina jaringan sosial nu
geus jadi kacapangan barudak ayeuna.
Enya, panggih jeung manéhna téh
mimitina mah tina facebook, ngaranna
‘CAMPAKA’.
Mimitina kuring nempo hiji awéwé tina
profil kacida manisna........
CAMPAKA
JAGAT WANGWANGAN
( KACA : 17 - 40 )
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
4. 3Manglé 2471
KKacaTilu
Bayern Muenchen
T
ujuh kali tilu sabaraha? Sa-
likur. Ari 77 dicokot 52
sabaraha? Salawé. Enya,
masih kénéh kudu maén tujuh kali
deui. Tapi da lamun Borussia Dort-
mund meunang tujuh kalianana oge,
nyaéta nambahan angkana ngan sa-
likur. Ari tinggaleunana salawé. Moal
kaudag.
Nyésa tujuh kali deui maén geus
jadi juara, Bayern Muenchen téh.
Mangkaning can kungsi eleh deuih.
Édun pibasaeunana gé. Cacak lamun
anu kitu téh Persib, Ridwan Kamil
meureun bakal meuncit domba nga-
jak warga Bandung kambing guling.
Di urang Bundesliga téh teu pati
loba nu mikaresep. Pajar cenah gaya
maénna teu pikaresepeun. Béda
jeung Liga Primer Inggris jeung La
Liga Spanyol. Serie A Italia gé ayeuna
mah rada tiiseun.
Padahal lamun ditingali tina anu
maju kana babak Delapan Besar Liga
Champions taun tukang jeung taun
ieu kleub ti Jerman téh nyongcolang.
Taun kamari anu adu hareupan di
final téh duanana gé ti Jerman, Ba-
yern Muenchen jeung Borussia Dort-
mund. Duanan gé saméméhna
ngéléhkeun dua kleub Spanyol anu
jugala, Real Madrid jeung Barcelona.
Taun ieu Dortmund kudu adu hareu-
pan deui jeung Madrid. Ari
Muenchen ngalawan Manchester
United.
Lamun ditingali jumlahna, nu
maju di Liga Champhions téh aya tilu
kleub ti Spanyol, dua ti Jerman, dua
ti Inggris jeung hiji ti Perancis. Komo
deui anu juara taun tukang apan
Muenchen.
Alus pisan préstasi taun tukang
anu ditinggalkeun ku Heynckess di
Muenchen téh. Matak teu kurang-
kurang anu héran naon sababna di-
ganti ku Guardiola. Tapi apan nya
kitu téa. Saha nu teu kabita atuh ku
préstasi Pep? Opat taun ngalatih
Barcelona, ngahasilkeun 14 kali
juara. Waktu sataun lilana manéhna
tatapa di New York, cenah loba anu
nepungan. Diantarana Alex Fergus-
son anu geus boga rencana rék
mundur.
Lamun diitung-itung, mémang
teu loba pelatih anu hébat téh. Anu
kasohor pelatih aralus téh ti Walanda
jeung Italia. Ngan kadieunakeun
urang Walanda siga anu keur maju
kana pareum. Komo kleubna mah,
apan teu hiji-hiji acan anu ayeuna
maju kénéh di Liga Champions. Kitu
deui Italia. Minangka saleuheung
kénéh téh pédah aya Carlo Ancelotti.
Rada alus gurat leungeunna nu ieu
mah. Sanggeus dipecat ti Chelsea,
meunang pakasabanana téh di Paris
Saint German. Lantaran katimbang
aya hasilna, nya dibibitaan ku Real
Madrid, kleub anu duitna teu béak-
béak. Mourinho saméméhna anu
ngadu nasibna di dinya téh. Ambisi-
na gé lain lalawora. Hayang mawa
Real Madrid jadi juara Champions.
Lamun nepi ka tinekanan, atuh
puguh wé matak jadi kaagulan.
Madrid laksana sapuluh kali juara
Champions, ari keur Mourinhona
hartina bisa tilu kali jadi juara Cham-
pions bari kleubna béda-béda.
Lantaran teu kungsi laksana, taun
ieu Mourinho balik deui ka kleub
asalna, Chelsea. Bari kutuk gendeng
ku dua ku tilu. Keur mah eukeur di
Real Madridna gagal. katurug-turug
cita-citana hayang ngalatih MU teu
kahontal dan Fergusson kalah milih
David Moyes.
Anu ngaranna maénbal di naga-
ra-nagara Éropah ayeuna geus jadi
bisnis anu luar biasa. Urusan pulitik
gé éléh. Moal aya anu nandingan
popularitasna. Lain ngan semet
pamaénna, pelatihna ogé sarua, pada
marebutkeun jeung pamahal-mahal
biaya kontrakna.
Angger, Liga Primer Inggris anu
jadi primadonana téh. Buktina,
Mourinho. Sanggeus ninggalkeun
Chelsea, kungsi ngalatih Inter
Milan. Nya harita Inter bisa jadi
juara Liga Champhions téh, sanajan
pada ngiritik ku saréréa lantaran
gaya maénna siga jaman béh ditu,
pamaénna disina ngajajar di daérah
pinalti. Tapi keur pantar Mourinho
mah teu jadi pikiran ieuh. Pan
pokna gé keur naon maén alus
lamun teu bisa jadi juara?
Naha parancah Mou nu saperti
kitu téh bakal diadopsi ku Persib
atawa ku PSSI? Nepi ka ayeuna mah
tacan aya kelemengna. Da salasahiji
anu jadi kabiasaan di urang mah,
tara ayana targét pikeun jadi juara.
Maksud téh targét anu dirarancang
jeung digarap kalawan sistematis,
sakumaha anu geus jadi patokan di
Éropah. AM
5. Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Ti payun ngahaturkeun
réwu nuhun ka Ais
Pangampih Manglé nu paran-
tos kersa ngamuat surat
simkuring dina koropak
Manglé.
Sababaraha waktos
kapengker, simkuring ame-
ngan ka Garut sareng kula-
warga. Aya pangalaman
salami lalampahan téh, di
antawisna ditengah-tengah
jalan, mobil simkuring kudu
keuna masalah, lantaran ban
mobil asup kana lobang gedé
antara Nagreg Cicalengka.
Harita simkuring mémang
kerung pisan. Bari tanggah ka
langit peuting-peuting, haté
mah teu kuat nahan kahan-
jelu, ku naon jalan raya bet
ruksak parna!
Sabada dilenyepan, ras wé
inget kana usum kampanyeu
politik. Simkuring tambah
keuheul, lantaran boga
pamikiran, jalan ruksak pada
ngantep téh, boa-boa para
inohong saribuk kampanyeu
atawa pada ngantep sangkan
henteu simpati deui ka hiji
pihak. Ieu nu terus ku simku-
ring jadi ingetan.
Mémang kitu buktina.
Usum rék milih, jalan beuki
raruksak parna. Pangpangna
nu harita ku simkuring kaala-
man di wilayah saméméh
Nagreg upama ti arah Ci-
calengka. Ku kituna, simku-
ring meredih ka pamaréntah,
masing gancang-gancang
ngabebenerkeun éta jalan, nu
geus barolong. Malah aya nu
jiga balong sagala. Lamun
beurang mah rada leuheung
meureun bisa milih-milih.
Tapi lamun peuting mah,
apan rada remeng-remeng.
Lantaran nu barolong jiga ba-
long ogé loba pisan. Mobil gé
tinggaléong néangan nu
aman. Akibat tinggaleong éta,
loba mobil jadi rék pagésrék.
Tah, ieu nu kudu diperhati-
keun ku pamaréntah. Ulah
sibuk waé ku kampanyeu, ari
kana urusan pangabutuh
masarakat dimomorékeun
pisan.
Simkuring ngaliwatan
Majalah Manglé meredih
deuih ka nu hayang disebut
inohong, masing aya kapadu-
lian. Lantaran pastina ogé
loba pajabat nu lalar liwat ka
palebah dinya. Ku kituna, sok
atuh béjakeun ka nu
bersangkutan. Terus terang
waé, keur simkuring mah teu
aya hartosna loba harus carita
dina kampanyeu rék aya
parobahan, rék bener nalinga-
keun pangwangunan,
sedengkeun aranjeunna hen-
teu respek, henteu gancang
boga kapadulian. Keur
simkuring mah, para caleg,
hadéna mah ngajeblagkeun
poto-poto jalan ruksak nu mé-
mang teu urus ku pamarén-
tah. Tah ku ayana kawani kitu,
hartina caleg éta ngabuk-
tikeun hayang merjuangkeun
nasib rayat jeung wani
ngontrol kawijakan pamarén-
tah dina ngawangun jalan.
Sakitu waé surat ti
simkuring, mudah-mudahan
aya mangpaatna. Nu utami,
mudah-mudahan éta jalan nu
ruksak parna téh sagancang-
na bisa dibenerkeun.
Hatur nuhun Nyi Manglé.
Wassalam,
Cecep Hamdan
Cicadas Bandung
Ngiring Sungkawa
Sampurasun!
Ngalangkungan Manglé,
simkuring neda hapunten
badé ngadugikeun rasa hor-
mat sareng ngiring sungkawa
ka kulawarga Kang Haji Asep
Sunandar Sunarna, nu paran-
tos mulang ka alam
kalanggengan Gusti Alloh
Swt. Innalillahi wa inna ilaihi
rooji’uun.
Terus terang waé, keur
simkuring nu resep kana
cariosan Kang Asep Sunandar
mah, asa kaleungitan pisan.
Ki Dalang Maestro tos
ngantunkeun urang sadaya-
na. Carios-cariosanana natrat
ninggalkeun tapak, éstuning
loba pulungeunana. Sanajan
dina wanda wayang, tapi
tatapakanana mah tetep dina
adumanis Sunda jeung Islam.
Sering pisan, nyaritakeun
bener jeung salah nu dasarna
tina papagon Islam. Jadi keur
simkuring mah, almarhum
téh kaasup mubalig ngali-
watan média wayang.
Kanggo dalang-dalang ka
payun, mugia tiasa aya nu
ngagentos, utamina dina nga-
jalankeun visi wayang Kang
Haji Asep Sunandar Sunarya.
Dina kasempetan ieu, sim-
kuring ngiring ngaduakeun,
mudah-mudahan almarhum
ditampi iman Islamna. Atuh
ka kulawarga mudah-muda-
han dipasihan kasobaran.
Amin.
Wassalam,
Miftah
Ti Cicalengka Bandung
Manglé 24714
Usum Milih, Jalan Ruksak
KKoropak
Majalah Manglé
Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan
PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.
Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé
Jalan Lodaya No. 19 Bandung.
Telepon 022-7303438,
Hp. (Tuti) 0857 21307232
1.Siti Rayati
Rp. 19.000,-
2.Si Kabayan
Rp. 12.000,-
3.Ki Merebot
Rp. 25.000,-
6. 5Manglé 2471
TTamu
G
ederna politik dina pésta
démokrasi mangaruhan pisan
kana ajén-inajén kahirupan,
kaasup keur umat Islam. Agama
Islam ogé ngatur pisan urusan politik.
Malahan, prinsip politik dina Islam
mah, lain keur naon-naon, tapi mi-
nangka étika, keur ngatur hirup
manusa nu leuwih maslahat. “Islam
kacida ngaturna politik, nyaéta mi-
nangka étika,” cek Prof. Dr. H. Oyo S
Mukhlas, M.Si., waktu tepung di roha-
ngan Dekan Fakultas Syari’ah UIN
SGD Bandung.
Ngalarapkeun politik tangtuna ogé
kudu luyu jeung tujuannana. Ku kitu-
na, politik kudu jadi modal keur
kapentingan umat. Ngan kumaha
ngalarapkeunana? Cek ieu Guru Besar
Syari’ah UIN SGD Bandung, partéy
jeung pribadina kudu tumuwuh
kasadaran, yén politik téh mung
saukur cara keur ngatur kapentingan
balaréa, lain keur kapentingan pri-
badi-pribadina. “Politik lain keur
ngatur kapentingan pribadi tapi keur
kapentingan umat. Ngan hanjakalna,
partéy jeung para politikus masih jauh
tina pamadeganana,” cek ieu panitén
hukum jeung politik Islam témbrés.
Nempatkeun politik minangka
‘cara’ ngatur hirup pribadi-pribadi
jeung partéy politik, kacida pentingna.
Lantaran upama politik henteu
ditempatkeun minangka étika,
balukarna, nu éléh jeung nu meunang,
ka dituna bakal timbul sikep ngunek-
ngunek. Padahal dina Islam mah, cek
Prof. Yoyo, apan jinek, ngunek-
ngunek atawa males kanyeri téh di-
pahing Islam. Malah pernah
dicontokeun dina jaman sohabat.
Waktu salahsahiji sohabat boga
kasempetan pikeun males kanyeri
musuhna, anjeunna inget, yén males
kanyeri téh lain jalan nu hadé. Lan-
taran tina males kanyeri bakal timbul
sikep ngunek-ngunek atawa dina hiji
waktu bakal males kanyeri.
Ibroh tina carita Islam éta,
nuduhkeun politik téh kudu
ditempatkeun minangka étika. Sana-
jan ka dituna néangan kakawasaan,
tapi cek ieu Doktor wedalan Universi-
tas Padjadjaran, boh pribadi boh
partéyna kudu matéahkeun politik
keur kapentingan umat.
Pésta démokrasi milih wakil rayat kari
prakna. Nu dipiharep lain saukur
mampuh milih jalma wungkul,
tapi ogé kudu mampuh numuwuhkeun
étika satukangeun gederna démokrasi.
Tapi kumaha buktina?
Prof. Dr. H. Oyo S Mukhlas, M.Si.,
Dekan Syari’ah & Hukum UIN SGD
Bandung medar pamanggihna
ka Manglé.
***
7. Politik keur
Kamaslahatan Umat
Léngkah ngahontal politik nu
pimaslahateun, moal lésot tina pasua-
lan nempatkeun hak jeung kawajiban
pribadi-pribadina. Salila masing-ma-
sing pribadi ‘resep’ kénéh loba nung-
tut hak tinimbang ngalaksanakeun
kawajiban atawa ngalanggar hak
pihak séjén, pasualan gé pamohalan
kahontal. “Kawajiban sok leuwih han-
dap tinimbang hak,” cek ieu pupuhu
umum Asosiasi Sarjana Syari’ah In-
donesia (ASSI) téh. Lantaran kitu, teu
anéh upama pasipatan kitu ahirna
loba rambat kamaléna, kasup kana
dunya politik jeung kana cara ngurus
nagara. Sapertina waé, cek ieu Prof.
Yoyo, di urang sok dipupujuhkeun
pisan kana urusan HAM (Hak Asasi
Manusa) tinimbang kana urusan
KAM (Kawajiban Asasi Manusa). Lain
salah urang sok mupujuhkeun HAM,
tapi urusan kawajiban asasi manusa
(KAM) ogé jadi prinsip nu leuwih
penting.
Nanjeurkeun urusan politik mi-
nangka ‘étika’, nu dipalar téh tu-
muwuhna pribadi umat nu soléh. Ku
kituna, cek Prof. Yoyo deui, masing-
masing pihak, kudu mampuh
nanjeurkeun rasa ukhuwah jeung
tumuwuhkeun karakter pribadi nu
kuat. Carana? Pribadi nu kuat, tangtu
kudu ngancik kasaimbangan antara
kapentingan dunya jeung ahérat.
“Habluminannas sareng habluminal-
loh kedah saimbang. Lantaran, tugas
manusa téh keur ngama’murkeun
alam dunya, lain keur ngaruksak alam
dunya,” pokna. Ku kituna, cek ieu
panalungtik ‘Perbandingan Orientasi
Politik Kiai dan Relasinya dengan
Partisipasi Politik Santri Serta Kontri-
businya Terhadap Da’wah dan Pem-
bangunan’, paripolah manusa kudu
terus dibekelan ku élmu jeung takwa.
Saperti kekecapan nu pernah
ditétélakeun ku Imam Syafi’i, ‘hay-
atul fata wallohi bil ilmi wattuqo.
Idzalam takun la'tibaro lidzatih’.
Keur kahirupan generasi ka hareup
kudu boga modal élmu jeung takwa.
Upama duanana teu aya, mangka
hirupna gé bakal taya hartina.
“Insya Alloh nu alancrub dina poli-
tik ogé, upama ku élmu jeung ku
takwa mah bakal salamet,” pokna
jinek. Atuh ka dituna mah, cek Prof.
Yoyo deui, upama loba pihak nu teu
‘kataji’ ku pulitik ogé sawadina jadi
bahan tinimbangan para pulitisi nu
ancrub dina partéy. Lantaran,
samistina mah, partéy pulitik téh
ngatik masarakat sangkan ngarti
jeung engeuh kana pulitik nu hadé.
Mentingkeun Atikan
Oyo Sunaryo Mukhlas lahir di
Majalengka, 12 Desember 1958. Ieu
putra H. Muklas sareng Ny. Hj. Elah
Binti H. Syamsuddin, ti leuleutik di-
asuh dilingkungan agama. Indung
tunggul rahayu bapa catang darajat,
keur Oyo mémang karasa pisan. Teu
weléh sepuhna mapatahan sangkan
Oyo sangkan pengkuh agamana ogé
luhung pangabisana, nu ahirna kudu
junun. “Kadé kudu solat jeung ngaji”,
cek Prof. Oyo nirukeun kekecapan
sepuhna waktu leutik. Ku kituna,
waktu Oyo sakola taun 1971 di SDN
jeung Madrasah Diniyah PUI di Ci-
canir ogé, sepuhna mah teu weléh
nalingakeun, pangpangna dina sual
ngaji agama.
Pangaping kitu, ngabuahkeun
hasil. Oyo gé, sakola satuluyna di-
tarima Mu’allimien Darul Ulum PUI
di Talaga. “Pun Bapa kalintang disi-
plin sareng teu weléh masihan papa-
tah nu saé,” cek ieu bapa Lena
Ishelmiany Ziaharah, SH, MH, Sidki
Zauhar Padila, Dita Padiani Rahma
nineung ka mangsa keur budak.
Oyo beuki déwasa beuki buleud
cita-cita. Lantaran meunang élmu
Manglé 24716
TTamu
Ngajurung ludeung mahasiswaSareng kulawarga
8. adumanis sakola jeung pasantrén,
atuh nuluykeun gé ka IAIN Sunan Gu-
nung Djati Bandung di Fakultas
Syari’ah, boh keur ngaréngsékeun sar-
jana muda atawa keur sarjana penuh
S1. Di IAIN SGD Bandung (ayeuna
mah UIN), singhoréng jadi tempat
keur neruskeun karirna. Kaayaan
kitu, Prof. H. Oyo ogé sadar tur teu
weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt.
Lantaran, satutas di Bandung beuki
nambah élmu pangaweruh, beuki loba
kawawuh, beuki loba lolongkrang
keur ngamalkeun élmu pangaweruh-
na. Ngan nya kitu, sual élmu pan-
gaweruh mah, keur Oyo, beuki
nambah téh, singhoréng asa beuki
ngurangan. Ku kituna, saterusna mah
nyiar élmu deui, kuliah deui ka Pro-
gram Magister (S2) Pascasarjana Uni-
versitas Padjadjaran taun 2000, ogé
Program Doktor (S3) masih di Pas-
casarjana Universitas Padjadjaran
taun 2007.
Makalangan di dunya kampus,
Oyo gé teu ujug-ujug. Ti mimiti nyak-
ing staf pangajar ogé pernah nyangk-
ing Sekretaris Program Pendidikan
Calon Panitera Pengganti (PPCPP)
Pengadilan Agama Fakultas Syari'ah
(1992-1993), nyangking Ketua Juru-
san Ahwal al-Syakhsiyah (AS) Fakul-
tas Syari’ah (1995-2003), Pembantu
Dekan II Bidang Administrasi Umum
dan Kepegawaian Fakultas Syari’ah &
Hukum (2003-2007), Pembantu
Dekan I Bidang Akademik Fakultas
Syari’ah & Hukum (2007-2011). Pan-
galaman kitu, ahirna Prof. Dr. H. Oyo
S. Muklas, M.Si. dipercaya mancén
Dekan Fakultas Syari’ah & Hukum
UIN Sunan Gunung Djati nepi ka ki-
wari.
Nyangking di kampus, dina sual
élmu mah, kudu karasa mangpaatna
keur balaréa. Ku kituna, Prof. Dr. H.
Oyo, nu kiwari nganjrek di Komplek
Bumi Panyileukan B 9/6 RT 05 RW
02 Cipadung Kidul, Panyileukan,
Bandung téh, ogé loba aktif di
sababaraha organisasi kagamaan,
saperti di Himpunan Ilmuan Sarjana
Syari’ah Indonesia (HISSI) Wilayah
Jawa Barat, pupuhu umum Asosiasi
Sarjana Syari’ah Indonesia, Anggota
Dewan Pakar Masyarakat Ekonomi
Syari’ah Jabar, Dewan Syari’ah Pimp-
inan Wilayah PUI Jawa Barat,
Anggota Dewan Pengawas Syari’ah
Bank Pembiayaan Rakyat Syari’ah
HIK Parahyangan oge di Dewan
Pakar ICMI Orwil Jawa Barat.
Pancén tugas di sabaraha widang,
keur Prof. Oyo mah éstuning amanah.
Lantaran kitu, dina ngokolakeun éta
amanah, nu dipupujuhkeun téh gawé
babarengan jeung ngaheulakeun
kapentingan balaréa. ”Mémang pami
hoyong majeng, nya sadayana kedah
tiasa damel sasarengan sareng kedah
silih ajénan,” cek ieu garwa Hj. Iis Eni
Sukaeni, S.Pd.I. nu katompérnakeun
Prof. Dr. H. Oyo suksés ngajurung
ludeung mahasiswa Syari’ah jadi
jawara dina ”Lomba Pencarian dan
Analisis Putusan Pengadilan bagi Ma-
hasiswa Hukum dan Syariah se-In-
donesia”.
Adumanisna pangalaman mancén
di kampus, jadi nara sumber di semi-
nar-seminar jeung tina neuleuman él-
muna, Prof. Dr. H. Oyo teu weléh
nyatetkeun catetanana jadi cutatan,
boh dina wangun buku atawa dina
karya ilmiah. Sapertina waé buku-
buku diantarana; Sosiologi Politik,
Orientasi Politik Kiai dan Pertukaran
Sosial. (Bandung: tsabitA 2007),
Perkembangan Peradilan Islam: dari
Kahin di Jazirah Arab Ke Peradilan
Agama di Indonesia (Jakarta: Ghalia,
2011), Peradilan Agama dari Masa Ke
Masa, Pranata Sosial Hukum Islam
(Bandung: Lembaga Penelitian UIN
Sunan Gunung Djati, 2013), Pernak-
Pernik Pernikahan Kontemporer
jeung sabangsana.
Sanajan sibuk ku kagiatan, boh di
kampus boh di sababaraha organisasi,
tapi ieu pituin Sunda téh, teu weléh
tibelat ka lembur di Cicanir-Talaga
Garut. “Kantenan, émut baé ka lem-
bur mah. Ku kituna, kedah waé
nyempetkeun waktos, supados tiasa
amengan ka lembur. Margi sok ni-
neung sareng hoyong pisan nepangan
wargi-wargi di lembur,” pokna nutup
obrolan. *** (Rudi)
7Manglé 2471
Prof. Oyo S. Mukhlas;
indit jauh tetep tibelat ka lembur Majalengka
Dina kagiatan kampus, ningkatkeun kamandirian paguron luhur Islam
9. A
turan ngokolakeun asét
daérah mah teu kurang-ku-
rang. Tapi, dina prakna
mah teu babari ngalarapkeunana.
Ku kituna, nu ngalaksanakeun
pancén gawé dina widang asét
daérah kudu apal kana pasualan.
Ngokolakeun asét daérah téh
lain hiji kagiatan nu asal anggeus
jeung kaciri, tapi kudu luyu jeung
aturan nu jinek. Aya sababaraha
kagiatan ngokolakeun asét nu ulah
leungit. Ti mimiti rancangan
pangabutuh, pangadaan, nyimpen,
miara, nyalurkeun, inventarisasi,
pangamanan, parobahan status
hukum, panghapusan, urusan
tuker, mangpaat jeung bebenah
usaha.
Ku kituna, ngokolakeun asét
lain kagiatan leutik, tapi mangrupa
kagiatan badag minangka kagiatan
administratif dina raraga panga-
wasan asét daérah, luyu jeung
Tuntutan Pembendaharaan dan
Tuntutan Ganti Rugi (TPTGR).
Pentingna TPTGR maksudna
dina raraga keur ngamankeun
jeung nyalametkeun asét daérah
kalawan dilengkepan aturan nu
jinek, nyaéta mangrupa sangsi
keur nu ngokolakeun éta asét. Di
antarana waé, kahiji, aya nu di-
sebut Tuntutan Pembendaharaan
(TP) ka nu nyekel barang saupama
ngokolakeunana loba kakurang.
Kadua, Tuntutan Ganti Rugi
(TGR) ka para pagawé negeri,
pangawé pausahaan daérah (dina
hal ieu pancénna lain nyekel
barang) nu lénglé dina ngajalan-
keun kawajibanana nepi ka ahirna
nagara matak rugi.
Cara Ngokolakeun Asét
Ngokolakeun asét daérah nu di-
palar kudu luyu jeung aturan. Di
antarana wae, kudu ngayakeun
rarancang pangabutuh. Rarancang
pangabutuh dina hiji pagawéan
kacida pentingna. Kituna téh,
sangkan nu rék dilaksanakeun bisa
kaukur jeung jadi patokan keur
gawé pikahareupeun. Lantaran
kitu dina ngokolakeun asét daérah,
rancangan pangabutuh ogé ulah
dumasa kana pangabutuh nu
diaya-ayakeun, tapi kudu luyu
jeung alesan-alesan nu bener-
bener memang dibutuhkeun. Di
antara alesan nu mémang pancén
gawé ngokolakeun asét daérah
butuh rarancang, diantarana:
kahiji, lantaran keur pangabutuh
barang upama rék aya tambahan
gawé atawa personil satuan gawé.
Kadua, lantaran ayana barang-
barang nu ruksak, nu dipupus, di-
jual, leungit, atawa sabab séjénna
nu merlukeun pertanggung-
jawabkeun atawa kudu diganti.
Katilu, lantaran éta barang mé-
mang dumasar kana jatah per-
orangan. Biasana hal ieu lantaran
Manglé 24718
BBahasan
Ngokolakeun Asét Daérah
Kudu Reueus jeung Luyu Aturan
Ku H. Endang Juhari
10. ayana mutasi personil nepi ka
mangaruhan kana kabutuhan éta
barang. Kaopat, lantaran keur nga-
jaga tingkat sadiana barang tiap
taun anggaran jeung kalima,
tinimbangan téhnologi.
Anapon nu saterusna nyaéta
kagiatan ‘pangadaan barang’.
Kagiatan ‘pengadaan’ atawa
ngayakeun hiji barang, dina harti
nedunan pangabutuh barang
daérah jeung jasa. Anapon
ngayakeun barang bisa ngaliwatan
meuli atawa nyieun sorangan
(Swaloka), narima (hibah, ban-
tuan, sumbangan atawa karana
ayana kawajiban pihak katilu),
jeung karana séwa.
Dina urusan ‘pangadaan’
barang sabenerna loba prinsip nu
kudu luyu jeung katangtuan. Ngan
dina palebah dieu, prinsipna mah
bakal gumantung kana kawijakan
Pamarentah Daerah dina urusan
ngawalayakeun para pangusaha
leutik jeung nerapkeun prinsip
pamarentah nu daria. Nu jadi
masalah prinsip dina hal ieu,
tangtu pamarentah daerah kudu
ngutamakeun barang produksi
dalam negeri ogé ngutamakeun
pausahaan satempat.
Hal séjénna kagiatan nyimpen
barang nu parimpen. Ngokolakeun
asét daérah tangtu kudu parimpen.
Dina harti nyimpen barangna ulah
sagawayah. Kagiatan nyimpen
barang nu parimpen kudu jadi
pasualan penting. Dina urusan ny-
impen asét daérah, nu kudu diper-
hatikeun, nyaéta: Kahiji, kagiatan
narima, nyimpen, ngatur jeung
ngajaga éta barang, boh di gudang
boh di hiji rohangan husus,
sangkan éta barang bisa aman.
Kadua, kagiatan administrasi
nyimpen barang. Katilu
ngalakukeun ‘stock opname’ terus-
terusan atawa bisa disebut
‘insidentil’ kana barang-barang nu
aya. Kaopat, kagiatan nyieun lapo-
ran, luyu jeung ayana barang.
Kagiatan nyimpen barang nu
parimpen, tangtu dina buktina
mah sok katombelarkeun. Lan-
taran sok dianggap teu penting,
padahal éta téh penting kacida.
Lian ti kagiatan nyimpen ogé
aya kagiatan miara asét daérah.
Hade jeung langgengna hiji asét, di
antarana gumantung kana nepi ka
mana bisa dimumulé kana éta
barang. Ku kituna, miara kana asét
daérah ogé lain saukur nempo tapi
ogé kudu jeung bener-bener di-
piara.
Ngalaksanakeun kagiatan
miara barang ku cara inventarisasi
asét nu dipaké, ogé ulah ngarobah,
nambah atawa ngurangan bentuk
tina wujud barang aslina mimiti.
Kituna téh sangkan kaéndahan
jeung pasualan séjénna tetep teu
robah.
Anapon nu kudu dilakukeun
dina kagiatan miara barang, di-
antarana ogé, kahiji miara jeung
ngarawat biasa. Hartina ngarawa
rutin bieu henteu nepi ka namba-
han beban anggaran kauangan.
Kadua, miara jeung ngarawat
barang nu dilakukeun ku tim ter-
didik atawa ahli nu ahirna bakal
nambahan beban anggaran ka-
uangan. Katilu, miara jeung
ngarawat éta barang ku ahli, lan-
taran aya hal nu darurat, nepi ka
kudu ngadatangkeun ahli. Pelabah
ieu ogé jadi bakal nambahan
beban anggaran kauangan. Cara
miara barang asét daérah ogé loba
cara séjénna, sepertina waé, keur
nyegah barang nu tereh ruksak,
Biasana karana musibah alam,
cuaca, cai, jeung sabangsana.
Saterusna mah kudu aya ka-
giatan nyalurkeun. Kagiatan
nyalurkeun barang asét nu di-
maksud nyaéta kagiatan keur
ngirimkeun barang ti gudang
induk atawa gudang unit ka hiji
satuan gawé ku cara teratur, gan-
cang ogé luyu jeung aturan.
Sedangkeun kagiatan nu teu éléh
pentingna nyaéta kagiatan
inventarisasi. Kagiatan inven-
tarisasi nyaéta kagiatan keur
ngalaksanakeun, ngatur, nyatet
data, laporan asét daérah. Kagia-
tan inventarisasi kacida pentingna,
lantaran bisa keur némbongkeun
kareues ka para pihak ogé keur
nyimpen data nu sawaktu-waktu
bakal meunang pangawasan.
Kagiatan séjénna, saperti
pangamanan, parobahan status
hukum, panghapusan, urusan
tuker, mangpaat jeung bebenah
usaha dina ngokolakeun asét
daérah, tangtu tujuanana sangkan
éta asét bisa langgeng jeung jadi
kareueus balaréa. Sabalikna,
upama asét daérah, buktina teu
karasa aya mangpaatna, atawa
dikokolakeunana sagawayahna,
mangka moal jadi kareueus deui
balaréa. ***
9Manglé 2471
Anapon nu
saterusna nyaéta
kagiatan
‘pangadaan barang’.
Kagiatan ‘pengada-
an’ atawa ngayakeun
hiji barang, dina
harti nedunan
pangabutuh barang
daérah jeung jasa.
11. Manglé 247110
BBandung - Bandung
P
osisi géograpis Dayeuh Ban-
dung nu dilingkung gunung,
kuduna mah ngalantarankeun
hawa di éta Ibukota Jawa Barat téh
seger tur linduh. Tapi kanyataanana,
kiwari, hawana kalah panas, kalan-
kalan dina usum hujan ogé kalah
ngelekeb, bayeungyang. Bayeung-
yangna hawa di Kota Bandung téh
balukar tina kurangna tatangkalan di
buruan imah sarta terus ngurangan-
ana leuweung kota alatan kadéséh ku
bangunan keur padumukan, kantor,
jeung sajabana. Sangkan hawa Kota
Bandung bisa hegar deui, idéalna
RTH (Ruang Terbuka Hijau)téh 30
persén tina legana Kota Bandung nu
ngahontal 16.729,50 KM.
Sékrétaris Komisi C DPRD Kota
Bandung, Drs. H Nanang Sugiri
MH,nétélakeun, DPRD Kota Ban-
dung éstu ngarojong kana program-
program pikeun ngawujudkeun RTH
di Kota Bandung nu idéal. Pangrojong
ti déwan téh diwujudkeun ngaliwatan
waragad dina APBD Kota Bandung
pikeun hal-hal anu aya pakaitna jeung
RTH. Lian ti kitu, asét pamaréntah nu
mangrupa lahan nu nu kurang mang-
paatna ditarékahan dijadikeun leu-
weung kota, sangkan saban taun RTH
di Kota Bandung terus nambahan.
“Kanggo nedunan kabutuhan
lahan geusan dijantenkeun taman
atanapi leuweung kota, éstu tos diatur
dina undang paraturan daérah. Kan-
tun aparat nu aya patalina sareng
penegakan hukum, sapertos Satpol
PP (Satuan Polisi Pamong Praja-réd ),
kedah langkung tegas dina nanjeur-
keun éta paraturan.Lamun aparatna
kirang tegas, tangtos bakal seueur
masarakat nu ngarempak éta turan,
boh keur kapentingan pribadi boh
keur kapentingan bisnis lianna,”
pokna.
Nanang ogé ngémbohan, program
jeung kagiatan nu ngarojong pang-
wangunan nu neueul kana lingku-
ngan éstu kudu dirojong ku balaréa,
sangkan saban tempat di Kota Ban-
dung aya lahan nu dipelakan
tatangkalan. Lian ti kitu, Walikota
Bandung ogé kudu leuwih aktip nga-
jak masarakat pikeun melak
tatangkalan di pakarangan imah. Ku
kituna, pamaréntah ngaliwatan dinas
nu aya pakaitna jeung éta hal, saperti
Dinas Pertamanan jeung Dinas Per-
tanian, kudu nyadiakeun binih
tatangkalan keur masarakat.
Salian ti masrakat, para pangu-
saha ogé kudu milu aub geusan
nyieun leuweung kota, nyaéta ku cara
melak tatangkalan di saban
pakarangan kantor jeung mol. Pon
kitu dseui di sapanjang sisi jalan,
kabéh kudu dipelakan tatangkalan.
Jadi, pamaréntah Kota Bandung téh
lain ngan ukur miara taman taman
kota wungkul, tapi ngahangkeutkeun
sagala hal anu boga poténsi pikeun
Drs. H Nanang Sugiri MH, Sékrétaris Komisi C DPRD Kota Bandung
TamanjeungLeuweungKota
KuduTerusDitambahan
12. 11Manglé 2471
ngawujudkeun Kota Bandung
Berhiber (Bersih Hijau dan
Berbunga).
Kota Bandung minangka wisata,
ceuk Nanang anu ogé kacatet mi-
nangka anggota déwan ti PAN, éstu
pada ngajugjug ku saban golongan
masarakat. Ku lantaran Bandung
kawéntar minangka kota wisata
kulinér, atuh tangtu baé réa wisata-
wan nu datang ngadon nyiar rupa-
rupa kadaharan. Lian ti kitu,
wisatawan ogé réa nu datang ka Kota
Bandung pikeun balanja jeung ulin.
Éta hal ngalantarankeun réa
masarakat ti luar kota datang ka Kota
Bandung ngadon usaha. Balukarna,
padumuk kota terus nambahan padet,
sarta lahan kosong nu kuduna
dipelakan tatangkalan antukna di-
jadikeun bangunan, boh keur tempat
dumuk boh keur tempat usaha. Éta
kanyataan éstu jadi pasualan kudu di-
ungkulan ku pamaréntah Kota Ban-
dung.
“Kiwari, RTH di Kota Bandung téh
kirang tina sapuluh persén,” ceuk
Nanang.
Nanang ogé nétélakeun, éstu hal
anu penting pikeun mulangkeun Kota
Bandung jadi Berhiber, nyaéta pikeun
kapentingan paru-paru Kota. Lan-
taran taman jeung leuweung kota téh
bisa ngungkulan hawa kota nu geus
kotor ku polusi tina haseup kan-
daraan. Mangpaat séjénna tina leu-
weung kota téh nyaéta pikeun tempat
nyimpen cai. Jadi lamun usum ngijih
teu banjir sarta dina usum halodo teu
kakurangan cai.
“Walikota Bandung kedah gaduh
komitmen pikeun ngawujudkeun
RTH nu idéal. Ku kituna, Komisi C
DPRD Kota Bandung teras nga-
dukung sagala rupi program sareng
kagiatan pamaréntah geusan teras
nambihan aréal leuweung kota,
ngalangkungan kawenangan tina segi
législasi, sangkan pamaréntah kagu-
ngan anggaran nu cekap pikeun
ngalaksanakeun program ngalegaan
RTH. Lian ti pikeun paru-paru kota,
taman sareng leuweung kota ogé tiasa
dianggo kanggo sarana olah raga
masarakat salami henteu ngaganggu
tatangkalan anu aya,” pokna deui.***
cucu/dédé
Padetna wangunan ngalantarankeun hawa Kota Bandung bayeungyang
Leuweung kota di Bandung kudu terus ditambahan
Paru-paru kota dibutuhkeun pikeun ngungkulan polusi haseup kandaraan (nét)
13. Manglé 247112
NNyusur Galur
L
aporan katilu ti Abraham van Riebéck putra
Johan van Riebéck nu ngawangun katédral di
Aprika Kidul. Tilu kali van Riebéck datang ka
Batutulis : tanggal 17 Agustus 1703, kadua 15 Méi
1704 , katilu kalina 11 Septémber 1709. Dua kali
kunjungan, nu mimiti dilakukeun waktu van Riebéck
nyangking kalungguhan Inspéktur Jénderal, nu
kadua mah geus jeneng Gupernur Jénderal VOC.
Béda jeung Scipio katut Winkler anu arasupna ka
Batutulis ti Tajur. Van Riebéck mah asupna ti kulon
kalér Kusabab kitu jadi nyahoeun yén dayeuh Pakuan
perenahna di tanah paluhuran sarupaning pasir
atawa bukit. Moal karasaeun ku Scipio jeung Winkler
nu jebulna ti lebah Parung Angsana ngaliwat ka Tajur
mah.
Laporan Van Riebéck anu parenting;
a) Jalan asup atawa gerbang Pakuan mangrupa tang-
gul heureut nu nanjak dihapit ku jungkrang
(solokan nu kacida lungkawingna).
b) Gerbang anu sarupa dilaporkeun ayana kuloneun
situs. Purwakalih anu nurugtug mudun ka
Cisadanékeun.
c) Solokan anu ngahapit jalan jalan di gerbang kulo-
neun situs Purwakalih mangrupa sambungan ti
solokan anu ngahapit gerbang Pakuan. Jadi éta
solokan nguriling ti mimiti sasak
Bondongan tepi ka setatsion karéta api Batutulis.
d) Di situs Purwakalih aya arca badag tanpa sirah
jeung dua arca leutik (Winkler nyebutna ngan
dua) anu sarua jeung kaayaanana ayeuna.
e) Lokasi Purwakalih perenahna sisieun (bovén-
vlakté) Pakuan.
f) Winkler dina laporanna nyebutkeun aya piring
tempat sasajén hareupeun batu datar nu aya
tulisan jeung sababaraha guruntul batu
sabudeureun batu prasasti (batu prasasti dilapor-
keun dua kali).
g) Abraham van Riebéck ogé nyebut-nyebut Pakuan
jeung Raja Pajajaran.
h) Bénténg anu ngurilingan patilasan dayeuh Pakuan
dijieunna tina taneuh dihapit ku solokan handap
(bénéden gracht) jeung solokan luhur (boven
gracht) sisi kulon kalér.
Tina laporan-laporan éta bisa dicindekeun;
a) Kabéh batu nu aya di situs kapanggihna narang-
tung.
b) Témbok (dingding) nu ngurilingan situs
kaayaanana geus ruksak.
c) Dingding anu ngiuhan situs dijieun tina campuran
tanah jeung batu walungan anu teu sarua gedéna.
d) Henteu dicaritakeun ayana wawangunan di jero
situs.
Kadua kalina datang dina taun 1703 van Riebéck
nyaritakeun ngeunaan ayana piring sasajén, padahal
di wewengkon éta teh tacan aya padumukna. Bisa jadi
hal éta dipigawé ku urang Parung Angsana (ayeuna
mah Tanah Baru luareun kota Bogor). Sabab waktu
urang Parung nganteur Scipio (1687), maranéhna
nyeungeut menyan lebah dinya.
Kacindekan séjénna, urang Parung Angsana jeung
Kedung Halang geus nyarahoeun kana éta situs jeung
éta kabéh kakantun Karajaan Pajajaran katut Prabu
Siliwangi. Ngaran Pakuan ogé geus dikenal, anu
ngalanteur Winkler mah geus nyarahoeun ka lokasi
urut karaton Pakuan Pajajaran.
Tina laporan-laporan éta, urang jadi terang yén
jalan Batutulis lian ti situs, ti baheula geus mangrupa
jalan anu nepungkeun dua gerbang nu kapangih ku
Van Riebéck jeung gerbang séjénna anu dilaporkeun
ku Scipio. Jalan husus ti situs ka karaton anu ayeuna
sohor kénéh nyaeta Gang Amil.
Ngeunaan Cungkup
Cungkup nu ngarungkupa prasasti Batutulis
mangrupa wawangunan anu basajan dilaporkeun ku
Hoeperamans taun 1864. Aya kamungkinan
wawangunan éta téh mimiti dijieunna dina ahir abad
ka 18, basa kalungguhan Bupati Bogor pindah ti
Parung Angsana ka Sukahati atawa Empang taun
Laporan Ekspédisi Van Riebéck
14. 13Manglé 2471
1754. Taun 1822 Batutulis jeung Jero Kuta geus jadi
pasawahan.
Bisa jadi nu nyieun wangunan pelindung téh
kuncén anu ngaranna Bapa Inga nu datang ti
Kuningan. Kuncén anu ayeuna (1982) teh kuncén ka
7 turunan Bapa Inga. Wangunan taratak diwangun
saperti elos panjang, sabab sabagian digunakeun keur
tempat ngiuhan pangunjung anu rék jarah.
Wangunan permanén diwangunna ku Kapitan
Cina taun 1904 nu saterusna saeutik-saeutik dioméan
ku maranéhna anu ngarasa usahana hasil sabada
jarah ka tempat anu dikaramatkeun ieu.
Pendokuméntasian
Pendokuméntasian prasasti Batutulis nu mung-
garan dilakukeun dina taun 1806 ku jalan nyieun
citakan tangan keur Universias Léiden Nagri Wa-
landa. Citakan tangan anu kadua dijieun ku A van
Pers taun 1840 keur Universitas Léiden kénéh.
Taun 1853 diturun ku Nétscher tepika usaha
transliterasi mimiti bisa dilaksanakeun ku Friederich
dina taun éta kénéh. Foto nu mimiti dijieun u van
Kinsbergen taun 1869, tilu lambar nyaéta Foto O.D
1341, 1442, jeung 1443. Terus “Oudheidkundige Di-
enst” nyieun acuan keretas nu panungtung dijieun ku
Dinas Musieum DKI taun 1975.
Usaha Transliterasi
Saméméh Perang Dunya ka II geus aya saurang
panaliti anu maca jeung nyieun transliterasi prasasti
Batutulis Nyaéta : R. Friederich (1853), K.F.Holle
(1869), C.M.Pleyte (1911), jeung R.M.Ng. Poerbat-
jaraka (1921). Sacara teu langsung dibahas ogé ku
Hoesen Djayadiningrat dina disertasina (1913).
Sabada Perang Dunya ka II usaha transliterasi di-
lakukeun ku I. Noorduyn (1959), Ayat Rohaédi ( 1963)
jeung Saléh Danasasmita (1970). Sacara teu langsung
dipedar ku M. Sutaarga dina bukuna “Prabu Siliwangi
(1965).
a. Bacaan R.Friederich (dina TBG 1.1853, h. 442-
568)
1. Watoe geng ni poedja, ini saka kala, sri boeteng
poerane poedja diwasa toe.
2. Witjaraa sri Boegoeroe dewata sana, diwasa toe
witjarana sri.
3. Padoega maharadja ratoe Prathiwi Pakoean Padja-
djaran sri saratoe de
4. Wata poen , jan-oekoe soekana (?) Pakoan
darsanakara hyag dewa nis
5. Kala, sasidha mokata di-goena tiga (loeirni)
rahyang niskala wastoe-
6. Kancana sasidha sokata ka-noesa lara ja-si i-ano9e
(gena) skala
7. Ka-goeroenoesan, sabalasana,-na samidha, na
sanghyang talaga
8. Rena mahawidjaya, ja si (ja) pamoedja Panda-
9. Wa pi (bana) iti warsa. ***(HRS/Hanca)
Saperti anu diungkabkeun ku Saléh Danasasmita
dina bukuna “Menelusuri Situs Prasasti Batutulis”
15. Manglé 247114
MMunara Cahaya
K
ecap syukur geus jadi basa
nu sok digunakeun ogé dina
basa Sunda. Kénging
kabungah, naék pangkat, kapilih
jadi wakil rayat, damang tina ge-
ring parna, gaduh bumi anyar
atanapi lulus ujian sok diteruskeun
ku acara syukuran. Anapon carana
syukuran sok béda-béda. Acara
syukuran sok disebut ogé walima-
han. Contona waé syukuran pertika-
han disebatna walimatul 'ursy,
syukuran khitan walimatul khitan,
badé munggah haji walimatus syafar
jeung sajabana. Sahingga kecap
syukur geus lain barang nu aneh
deui, sok sanajan ku sabagian baru-
dak ogé kecap sukuran sok diucap-
keun dina lain tempatna. Contona
waé, 'sukur siah! sukur manéh hen-
teu jadi jeung si éta!' maksudna
mupuas. Kecap sukur dina ucapan
palebah dinya henteu sapagodos
jeung syukur nu saleresna.
Tapi nu leuwih écés mah, para
ahli ngahartikeun kecap syukur
numutkeun basa aslina téh di-
antarana Al-Jurjani (1992:167).
Anjeunna ngahartikeunana kieu :
Syukur téh hiji pagawéan ucapan
nu kaluar alatan geus datangna ni'-
mat, boh ku lisan, anggaota atawa
dina haté. Sedengkeun katerangan
nu lianna, syukur téh dihartikeun-
ana, pujian pikeun jalma nu geus
méré kahadéan kalawan nyebut ka-
hadéanana. Leuwih singetna deui,
syukur téh nempatkeun hiji
perkara luyu jeung fungsina.
Saperti urang geus syukuran pédah
boga imah, lamun urang geus bisa
mungsikeun éta imah. Kitu deui
urang bisa syukur karana jabatan
lamun urang geus bisa mungsikeun
luyu jeung amanah jabatanana.
Conto nu pangbasajanana, tacan
bisa disebut syukuran, lamun
kopéah dipakéna dina tuur, sabab
lain tempatna. Sakumaha dawuhan
Alloh nu tétéla pisan dina surat An-
Nisa ayat 111, unina kieu :
Hartosna: Jeung sing saha anu
ngalampahkeun dosa, saéstuna
manéhna ngalampahkeunana téh
ngan wungkul pikeun (kacilakaan)
dirina. Jeung Alloh téh Maha
Uninga, maha wijaksana. Dawuhan
Alloh deui: Wamay ya'mal suu'an
ao yadlim nafsahuu tsumma
yastagfirillahi yajidillahi ghofuuro-
rrohiima. Sing saha anu
ngalampahkeun kajahatan atawa
dolim ka dirina sorangan, tuluy
manehna hampura ka Alloh, tan-
wandé manéhna baris manggih yén
Alloh téh Maha Jembar Pangam-
pura, Maha Asih.
Syukur Muji ka Alloh Swt.
Jalma nu sukuran ka Alloh,
hartosna hamba nu salilana muji
ka Alloh kalawan ngucapkeun al-
hamdulillah alatan ni'mat nu
datangna ti Alloh. Sedengkeun
Alloh ogé ngadawuhkeun ayana
syukur ka hambana. Dina harti
Alloh ogé muji ka hamba karana
katoatanana. Al-Raghib nerang-
keun, syukur ni'mat teh inget
kalawan istiqomah kana ni'mat ti
Alloh ku cara diucapkeun, di-
pigawé, ditancebkeun dina haté.
Sedengkeun ari sabalikna tina
syukur mah nyaéta kufur ni'mat,
nyaéta mopohokeun ni'mat ku cara
milampah pagawéan nu matak
nutupan kana amalna. Dina harti,
saha jalma nu terus ngucapkeun al-
hamdulillah tapi lampahna patoja-
iah saperti korupsi, tukang
manipulasi, ngobrolkeun batur,
migawé karuksakan jeung sajabana
éta kalebetna jalmi kufur. Sabab
lampahna geus nutupan ucapan-
ana.
Kecap ni'mat atawa nu
nuduhkeun kana kurnia Alloh dina
al-Quran kaunggel dina surat Al-
Baqarah, "Jeung masing inget kana
ni'mat Alloh nu geus dipaparikeun
ka manusa." (QS. Al-Baqarah:231)
Sareng kecap Na'ma dina surat Hud,
"Jeung saéstuna upama ku Kami di-
paparin ni'mat sabada balai tumiba
ka manéhna, tanwandé manéhna
baris nyarita : "Geus ilang ti kaula
éta balai téh", saéstuna manéhna
jadi bungaheun pisan turta agul.
(QS. Hud:10). Aya ogé ku kecap al-
Na'im saperti dina al-Takatsur,
"Tuluy saenyana maranéh baris di-
pariksa dina poé éta perkara ni'mat.
(QS. Al-Takatsur: 8)
Al-Raghib ogé nerangkeun, yén
al-Ni'mat perkara nu kagolong-
keun kana perkara nu hadé. Kitu
deui al-Ni'mat al-Halat al-Hasanat
tina kecap al-Na'ma`a nyaéta ra-
harja, datangna ni'mat sanggeus
leungitna balai. Al-Na'ma`u (al-
Ni'mat) bi-iza`i ad-Dhara`i.
Sedengkeun al-Naim nyaéta ni'mat
Syukur Ni’mat
Ku Rifqu Fawaj Fauji
16. 15Manglé 2471
nu loba. Al-Naim al-Ni'mat al-Kat-
sirat. Kecap al-An'am nyaéta jama
tina kecap al-Na'amu nu mimitina
mah hartina husus keur onta. Di-
sebut kitu téh duméh onta pikeun
urang Arab mah mangrupa ni'mat
nu kacida gedéna. Al-Jurjani
negeskeun, "Ni'mat téh kahadéan
jeung kamangpaatan." Dina al-
Qur`an disebatkeun bagian-bagian
ni'mat. 1. Ni'mat Bathinat. 2. Ni'-
mat Dzhahirat. Dina surat Lukman
ayat 20, Alloh ngadawuh : Alam
taroo annalloha sahhorolakum
maa fissamaawaati wamaa fil ardi
waasbago 'alaikum ni'amahu dho-
hirotan wabatinatan waminannasi
mayyujaadilu fillohi bigoeri ilmiw
walaa hudan walaa kitaabim mu-
niir. Naha maranéh henteu nité-
nan, yén Alloh geus nunduhkeun
saniskara anu aya dilangit katut di
bumi pikeun maranéh, jeung
Anjeunna namplokkeun ni'mat-Na
anu lahir katut anu batin ka
maranéh? Tapi ti antara manusa
téh aya anu paraséa perkara Alloh
kalawan henteu maké élmu jeung
kalawan henteu maké pituduh
jeung kalawan henteu maké kitab
anu nyaangan.
Ibnu al-Jauzi kantos nukil
patarosan Ibnu Abbas ka Kangjeng
Nabi perkara ni'mat dhohir sareng
ni'mat bathin. Dawuhan Nabi, Ni'-
mat dhohir teh Islam, bentuk nu
hadé jeung sampurna nu dipasihan
ti Alloh jeung rijki nu geus
dipaparinkeun ku Alloh. Ni'mat
bathin nyaéta Alloh nutupan
kasalahan atawa aib amal jeung
henteu dibukakeun pisan.
Sedengkeun al-Dhahak, nyebat-
keun al-Bathinat teh al-Ma'rifat
jeung al-Dzhahirat teh Husnu al-
Shurat (wujud nu hadé), Imtidad
al-Qamat (lempeng awakna) jeung
Taswiyat al-A'dha'u (saimbang
anggaotana). Al-Maraghi, nyebut-
keun nimat téh kabagian dua
bagian, Ni'mat mahsusat jeung
Ghair mahsusat. Nimat mahsus
atawa dhohir, nyaéta perkara nu
bisa ditempo ku mata dhohir
saperti harta jeung kaéndahan
lahir lianna. Sedengkeun ni'mat
ghair mahsus mah perkara nu teu
katingal ku dhohir saperti iman
jeung deukeutna ka Alloh Swt.
Imam al-Jurjani ogé ngabagi
syukur téh; as-Syukr al-'Urf (adat)
jeung as-Syukr al-Lughawiy (syukur
basa). "Syukur 'Urf, nyaéta ngagu-
nakeun sakabéh anggaota badan
sakumaha fungsina. Syukur
Lughawi, nyaéta ucapan nu nuduh-
keun syukur kana kaagungan jeung
kamulyaan nu parantos dipaparinan
Alloh ka umatna, badé ku diucap-
keun, digeretegkeun dina haté atawa
dilampahkeun ku pagawéan.
Al-Raghib ogé ngabagi syukur
kana tilu bagian; 1. Syukr al-Qalb
(Syukur haté) 2. Syukr al-Lisan
(Syukur ucapan) 3. Syukr sairi al-
Jawarih (Syukur pagawéan).
Syukur haté, syukur ku cara ngi-
nget-nginget kana ni'mat Alloh nu
parantos dipaparinkeun. Syukur
lisan, muji Alloh ku ucap-ucapan
nu nuduhkeun kaagungan Alloh,
saperti alhamdulillah. Sedengkeun
Syukur anggaota badan nyaéta
milampah kahadéan mungguh
Alloh karana ni'mat nu parantos
dipaparinkeun. Jadi syukur kana
hiji perkara upama henteu
dibarengan ku pagawéanana,
numutkeun al-Qur'an syukuranana
kurang sampurna. Dawuhan Alloh
Swt. dina surat As-Saba ayat 13 di-
jelaskeun : "Maranéhna (bangsa jin
téa) migawé pikeun manéhna
(Sulaeman) saniskara anu ku
manéhna dipikahayang kayaning
gedong-gedong anu laluhur jeung
arca-arca jeung wawadahan anu
sagedé-gedé balong jeung kancah-
kancah nu tarambleg. "Geura di-
garawé (tanda) syukur, yeuh
kulawarga Dawud!" Tapi, ngan
saeutik anu muji sukur ti antara
abdi-abdi Kami téh."
Ku margi kitu, urang salaku
kaum muslimin nu salawasna mi-
harep rido sareng maghfiroh-Na,
mudah-mudahan tiasa istiqomah
syukuran ka Alloh, nepi ka urang
jadi abdan syakuuro, abdi nu
syukur. Allohuma innaka as'aluka
sabatan fil amri wa as'aluka azi-
matan firrusdi wa as 'aluka syukron
finni'mati wakhusnan fi ibadati wa
as 'aluka lisanan shodiqo wa qol-
ban saliima. Robbana aatina fid-
dunya hasanah wafil akhiiroti
hasanah wakina adabannar. Amin
ya robbal 'alamin. ***
Internet
17. Manglé 247116
TTanyaJawab
Patarosan:
Simkuring gaduh patarosan
ngeunaan masalah ibadah. Kumaha
hukum ibadah solat, boh solat wajib
atanapi solat sunat anu dilaksanakeun
karana miharep hadiah? Saperti
kawijakan Wali Kota Bengkulu, nu
netepkeun, saha anu rajin solat ja-
ma’ah waktu Lohor salila opat puluh
poé, mangka bakal dibéré hadiah
mobil Inova. Hatur nuhun sateu-
acana.
Wassalam,
Hamba Alloh
Kerkhop Cimahi.
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana
sagala rupi perhatosanana. Sakumaha
patarosan di luhur, saleresna dina
ajaran Islam aya patalina sareng aki-
dah atanapi kaimanan. Numutkeun
para ulama Ilmu Kalam (Ushuluddin),
tingkat kaimanan hiji jalma dibagi
kana tilu tingkatan. Kahiji, tingkatan
“mubtadi”. Hartosna iman tingkat
handap/dasar. Jalma anu imanna
masih kénéh di tingkat dasar, dina
ngalaksanakeun ibadahna anu lang-
sung ka Gusti Alloh masih didorong
ka hal-hal anu sifatna materi. Contona
saperti budak rajin ngalaksanakeun
solat atawa puasa (boh anu hukumna
wajib atawa sunat), lantaran bakal
meunang hadiah ti indungna
(sepuhna), mangrupa duit jajan,
atawa pakéan anyar, atawa barang-
barang lianna anu dipikaresep ku
manéhna. Saur sapalih ulama, anu
kaasup tingkat iman ieu, jalma anu
ngalaksanakeun ibadah karana mi-
harep surga, atawa sieun ku naraka.
Kadua, iman tingkat “mutawasith”.
Hartosna tingkat kaimanan tengah-
tengah. Jalma anu imanna aya di
tingkat ieu, dina ngalaksanakeun
ibadahna teu acan panceg, tapi tos
ngajurus kana kayakinan ihlas karana
Alloh. Katilu, iman tingkat “muntaha”.
Hartosna tingkat kaimanan anu pa-
ling utama tur sampurna. Jalma anu
tos dugi kana iman tingkat ieu, dina
ngalaksanakeun ibadahna, henteu
galideur deui, ihlas ngan wungkul
karana Alloh. Nyakitu deui dina
nyanghareupan masalah kahirupan,
tos henteu aya deui kasieun, lantaran
kayakinana ka Gusti Alloh tos gem-
leng ngahiji (manunggal) jeung jiwa-
ragana.: “Inna Sholati, Wanusuki,
Wamahyaya, Wamamati Lillahi Rob-
bil’alamin”.
Dumasar kana tingkatan
iman di luhur, teras dihubungkeun
sareng masalah jalma anu
ngalaksanakeun solat karana hadiah,
mangka tiasa disimpulkeun, wiréh
iman éta jalma masih kénéh kagolong-
keun tingkatan mubtadi. Lajeng, naha
kénging ibadah solat dijadikan bahan
lomba pikeun ngahontal éta hadiah?
Nu kapendak mah, éta téh kénging
waé. Ibadah solat nu dilombakeun
atanapi dilaksanakeun karana hoyong
kénging hadiah, utamina pikeun nga-
didik murangkalih. Kituna téh, supa-
dos éta murangkalih rajin ibadah,
sapertos anu dicontokeun di luhur.
Tapi saupami pikeun nu tos déwasa
(balég) atanapi anu tos sepuh, tangtos
henteu kénging, sareng katingalna ogé
kirang hadé tur teu merenah. Margi
pikeun ka nu tos déwasa mah kedah
tos ngagaduhan kaimanan anu
panceg, tegesna tos kedah aya dina
tingkat kaimanan anu katilu
(muntaha).
Lajeng ngeunaan masalah solat
karana hadiah ieu, Ketua MUI K.H.
Khalil Ridwan nyebatkeun solat anu
diiming-iming hadiah hukumna sah,
asal sarat jeung rukunna kacumpo-
nan. Masalah meunang ganjaran
jeung henteuna, hal éta mah urusan
Alloh jeung hamba-Na. Cara kieu ogé
anjeuna, ngiring bingah, lantaran
tujuanana pikeun ngadidik
masarakat, sanes dijadikeun modal
atawa dijadikeun tujuan utama. Di-
ibaratkeunana mah, saperti lomba
hapalan Alquran. Sing saha anu
capetang apal cangkem bakal di-
paparin hadiah, tapi ganjaranana éta
jadi gugur saupama diniatan karana
hadiah. Pamadegan anu sami,
disebatkeun ogé ku Sekjen Fatwa Maj-
lis Ulama Indonesia (MUI) Asrarun
Niam Saleh. Anjeuna milu reueus
kana pamadegan Wali Kota Bengkulu.
Lantaran pamadegan éta bisa
ngadorong masarakat Bengkulu dina
ngalaksanakeun solat jama’ah anu
ganjaranana leuwih utama tinimbang
solat nyorangan.
Namung sok sanajan loba nu milu
reueus, tapi Imam Besar Masjid Istiq-
lal Jakarta, KH Ali Mustofa Ya’kub
mah kirang panuju. Lantaran, solat
mah mangrupa ibadah murni. Hartina
kudu dasarna gemleng ihlas karana
Alloh. Saupama niatna karana mi-
harep hadiah, mangka tos méngpar
(pasalia), atawa kaasup “Sharful
‘ibadah lighairillah syirkun”, nu
hartosna, tujuan ibadah salian ti ka
Gusti Alloh, kaasup syirik. Lajeng
Imam Nawawi nyebatkeun, tiap amal
anu diniatan pikeun ngalap duniawi
mangka ditolak. Dalil nu dijadikeun
dasar Imam Nawawi nyaeta Hadit
Qudsi anu sumberna ti Abu Hurairah
RA. “Alloh ngadawuh: Kuring henteu
ngabutuhkeun syarikat. Sing saha
jalma anu ngalaksanakan hiji amalan
kalayan diniatan salian karana Gusti,
mangka kuring bakal ninggalkeun
manéhna jeung ninggalkeun perkara
anu dijadikeun syarikatna.” (HR.
Muslim). Wallohu ‘alam. ***
Solat Lantaran Hadiah
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
18.
19. Manglé 247118
CCaritaPondok
L
esna mah
teu nungku-
lan. Harita
kuring jeung
bojo nyelang
mulang heu-
la ka Jakarta ngalongok
imah nu dipercayakeun ka
Bi Asih salila tutunggon
ema di Bandung. Kang
Imat nu ngabéjaan téh
nginterlokal ti rumah sakit
ka kantor. Bieu bada adan
asar cenah pupusna téh.
“Saré’atna mah alus
pisan mulihna téh, Am,”
ceuk Kang Imat dareuda,
“basa ngadangu adan, ema
mundut tasbé kagungan-
ana handapeun bantal.
Terus nasbé antaré pisan.
Barang réngsé komat tas-
béna ngagolosor ragrag
kana ubin …. ku akang
geuwat dirawu. Ari tang-
gah ….. katiténan geus
rapih sidakep ku anjeun.
Atra ngaharéwos muji,
terus ngahanju sakali, les
baé….” Kadéngé tina tele-
pon Kang Imat nginghak.
Kuring sorangan najan
geus siap méntal nyang-
hareupan ieu kajadian teu
burung bedah cimata milu
nginghak jeung nu nele-
pon. Indit gesat-gesut
bada solat magrib téh
karék nepi ka bumi ema
méh jam sapuluh peuting;
cacak di jalan kaasup lan-
car. Can aya by-pass
Sukarno-Hatta jeung tol
Cipularang harita mah.
Sabada Ema Ngantun
Ku H.D. Bastaman
20. 19Manglé 2471
Jakarta – Bandung téh
maké kendaraan pribadi
mah rata-rata 4 – 5 jam-
eun. Barang datang ka-
sampak ramé kénéh ku nu
ngalayad jeung kadéngé
nu ngaraos di tengah
bumi. Kuring jeung bojo
barang jol diparapag ku
dulur-dulur jeung dahuan.
Silihrangkul bari sarua
reumbay cimata. Komo
dua lanceuk awéwé mah
ngagoak basa ngarangkul
téh. Sanggeus mihapékeun
budak ka alo awéwé nu
geus rumaja, kuring jeung
bojo geuwat muru ka tem-
pat layon nu dipernah-
keun di tengah imah.
Layon téh kasampak geus
bérés sapuratina dirurub
ku sinjang kebat weuteuh
kagunganana. Seungit so-
gana melenghir leleb.
Sakuriling layon loba
kénéh nu ngaraos Yaa
Siin, lolobana dulur-dulur
jeung baraya ti pihak ema
jeung bapa ti Bandung,
Tasik, Ciamis, jeung Ban-
jar. Ngan urang lembur
nu can témbong téh.
Kapeutingnakeun sigana
daratangna, lantaran jauh
ti pakidulan. Kuring jeung
bojo pagigir-gigir deku,
rék muka rurub téh nga-
dadak teu wasa . Asa teu
sanggup. Duka ku naon.
“Buka baé rurubna,
Am,” ceuk Kang Ahmad
halon. Lanceuk pangge-
déna anjeunna téh. Katité-
nan meureun kuring teu
baé muka rurub. Bari
nguat-nguat manéh kuring
lalaunan muka rurub.
Barang bray…seblak…
cipanon ngagarajag deui
maseuhan beungeut. Nu
deku gigireun ogé kadéngé
nginghak bari nyambat
“emaaaa” sababaraha kali.
Nyeblak téh duméh asa
pangling. Pameunteu ema
basa ditinggalkeun
mangkukna kanyos pias
tur nirus, tulang damisna
ogé kaciri. Ari ayeuna
katingalna téh damisna
siga ngareusi, tulang da-
mis nu nyalohcor teu
katingal deui. Rarayna
katingal umyang beresih,
soca rapet peureum jeung
lambey semu imut. Cacak
katingal engapan mah teu
béda jeung nu keur kulem
tibra. Asa teu ningal layon.
Ema téh yuswana méh 85
taun, tapi katingalna siga
istri yuswa 60-an. Istri
sepuh nu atra kénéh geu-
lisna. Téténjoan kuring
wungkul meureun. Tapi
sigana lain, da bieu bojo
noél bari ngaharéwos,
“Pah, éta ema mani geulis
kitu,” pokna bari ngarérét.
Ukur dijawab ku unggeuk.
Ningal kaayaan kitu
kuring spontan ngager-
enteskeun “alhamdulillah”
dina haté. Muga-muga baé
ema leres-leres mulih dina
khusnul khatimah. Terus
baé ngadunga husyu’
pisan nepi ka sora nu
raéng ngaraji asa hawar-
hawar kadéngéna ogé.
Eusina mah taya lian
nunuhun ka Gusti Nu
Maha Suci muga ema dita-
mpi iman, islam, jeung
amal soléhna. Atuh kasa-
baranana salami nandan-
gan teu damang dikersa
keun tiasa mupus kale-
patan-kalepatanana.
Sanggeus ngadunga
rarasaan téh jadi leuwih
ayem teu marudah kawas
méméhna. Malah ngan-
tebkeun niat moal rék
ngagugu kasedih lantaran
isuk bakal nyanghareupan
gawé penting ngurebkeun
layon.
Isukna ngurebkeun téh
bérés roés. Indit ti imah
jam salapan luyu jeung ka-
palay ema kudu réngsé
ngurebkeunana méméh
lohor. Pangsepuhna ema
téh di kulawarga besar
mah. Matak teu héran
niténan sakitu ngantayna
mobil nu jajap dipalatukan
ku pulisi duaan maké
motor. Alhamdulillah ku-
ring diparengkeun teger
haté dina waktuna. Malah
milu ngabeberah dua lan-
ceuk awéwé nu teu eu-
reun-eureun nginghak.
Salapan putra ema
jeung bapa téh. Awéwéna
duaan, Ceu Énah jeung
Ceu Omih. Kuring pang-
leutikna. Ku kasapukan
saréréa kuring nu turun
nampanan layon lebah
mastakana dibarengan ku
duaan alo lalaki nu dare-
deg. Harita kaalaman so-
rangan nampanan layon
indung, terus ngéncag-
keun lalaunan dina lolong-
krang lombang, merenah
keun layon dibantalan ku
gugulu taneuh buleud.
Teger pisan rarasaan mah
dina ngalaksakeunana téh.
Malah basa bréh raray
ema waktu ngudar boéh
lebah pameunteuna maké
ngagerentes kieu, “Ehhhh
ema… Ema téh kawentar
geulis waktos anom,
angger geulis kasepuh-
nakeun. Atuh basa janten
layon teu leungit geulisna
dugi ka ayeuna pas diku-
rebkeun.”
Bari merenahkeun
lebah mastakana nunuhun
ka Mantenna sangkan in-
dung dikersakeun aya di
patempatan nu cangra ku
cahaya-Na. Ti dinya mah
ngong baé adan tarik
ngalanglaung, aweuh-
anana ogé asana kadéngé
ku sorangan ti jero ma-
kam. Ngan nepi ka réngsé
masang padung aya di
handap téh. Ngurugan
jeung ngaluluh taneuh
mah dipigawé ku tukang-
na baé. Kuring mah teu
milu, asa teu téga.
Sanggeus réngsé ngu-
rug tur geus ngawujud
makam maké tetengger
tina kai, wur diawuran
kekembangan. Nu kapeto
ngadunga jeung nelekin-
keun téh Kiai Muhtar Go-
jali, ajengan ti pasantrén
Al Ihsan di lembur.
Anjeunna ngahaja
sumping bareng jeung
rombongan ti lembur.
Kaletir basa Ajengan
ngaos talkin, asa dareu-
keut kana pimaoteun. Ari
nu ngawakilan kulawarga
lain Kang Ahmad, tapi ku
dulur sabrayna nu harita
kabeneran jadi gegedén
Bandung, Kang Ihin nga-
ranna, putra bibi. Bener-
bener teger kuring mah ti
barang sorangan ngureb-
keun ema, ngabeberah
lanceuk awéwé nu teu
weléh cimataan, silih
gedéan haté jeung dulur-
dulur, nampa béla sung-
kawa ti nu ngiring jajap ka
makam. Malah nepi ka
réngsé tahlil poé kahiji,
tiluna, tujuhna, nepi ka
opatpuluh poéna….angger
teger teu galideur.
Lain teu sedih diting-
galkeun indung, tapi piki-
ran téh geus titis tulisna
ema nampi panyaur ti Nu
Kagungan. Tur saréatna
mah apan sakitu saéna
mulihna téh. Urang mah
can puguh bisa kitu. Nu
penting mah urang ayeuna
kudu loba nyieun kaha-
déan sapertos anjeunna
waktu jumeneng. Kitu
angkeuhan nu jadi pa-
neger haté téh.
Tah, sangeus mulang
deui ka Jakarta bada tahlil
jeung pangaosan opatpu-
luh poéna mimiti karasana
téh. Jero sabulan mimi-
tina mah sok rus-ras ka nu
ngantun. Beuki lila beuki
21. Manglé 247120
sering ingetna téh. Malah
hiji waktu mah basa ningal
potrét ema dina album
maké ngalimba terus
nginghak. Lain sakali dua
kali éta téh. Jeung asa jadi
loba deuih nu ngalan-
tarankeun merebey cimata
téh. Sakur nu aya patalina
jeung ema teu weléh
ngahudang kasedih. Con-
tona baé niténan potrét-
potrétna nu aya di imah
jeung macaan deui serat-
seratna nu sok baku di-
pangnuliskeun ku Ceu
Juju, istri Kang Imat. Kitu
deui mun kabeneran
muka lomari pakéan bojo
sok selengseng kaambeu
seungit soga tina sinjang-
sinjang kebatna nu di-
tumpuk dina umpak
luhur. Bagéan bojo éta téh
basa sinjang-sinjang
kakantunna dibagikeun ka
putra istri jeung minantu.
Komo mun maké tasbé
kakantunna jeung ningal
kendi paranti anjeunna
ngaleueut sok teu kaam-
peuh murubut cimata.
Tasbé jeung kendi mah
meunang ngahaja ngariri-
han ti Kang Imat jeung
Ceu Juju. Da sainget ema
mah ngaleueutna sok cai
asak hérang baé tina kendi
ti aanom nepi ka sepuhna.
Aya deui nu matak
héranna téh unggal ningal
istri nu geus sepuh sok teu
karasa pipi baseuh ku
cimata. Lain sakali dua
kali éta téh. Hiji waktu
mah basa pabeubeurang
ngaliwat di hiji jalan
karérét tina mobil aya
nini-nini andiprek dina
trotoar nyanghareupan
beungkeutan kangkung
disasarap plastik biru
kuleuheu. Nu bogana
émok bari tungkul …. nun-
dutan. Bakating ku kesel
meureun dagangan can
kabéh payu kaciri kang-
kungna geus teu pati
seger. Kuring mundur-
keun mobil. Jrut turun
ngarawu beungkeutan
kangkung nu aya. Nu keur
nundutan ditoél lalaunan.
Sanggeus nyaring pisan,
“Ni, kangkungna dipésér
sadaya. Ieu artosna. Tong
diangsulan,” ceuk kuring
dareuda. Song duit beu-
reum salambar, buru-buru
asup deui kana mobil
ninggalkeun nu colohok.
Pangpangna mah kétang
sieun katohyan cimata
ngagarajag. Tilu kali mun
teu salah mah dina jero
sabulan kuring ngaha-
jakeun ngaliwat ka jalan
éta, tapi si nini téa teu
katénjo deui. Duka ka
mana pindah dadasarna.
Moal kitu dibuburak Sat-
pol PP mah? Mun enya téh
watir teuing.
Rupa-rupa ngalaman
kajadian kawas kitu jeung
kaayaan kuring jadi gam-
pang juuh cimata nu sok
ditapakuran mun kabene-
ran nyaring tengah peu-
ting nyileuk sorangan
nyangigireun nu nyegrék
tibra. Teu ihlas kitu dikan-
tun indung? Enya mimi-
tina mah, tapi apan ahirna
éstu lillahi ta’ala kana pa-
pastén. Atawa boga ka-
salahan kitu ka indung nu
can nampa pangampura ti
anjeunna? Rumasa pisan
loba kasalahan tur remen
ngajéngkélkeun kolot.
Pangpangna basa keur
budak jeung rumaja kato-
tol badeur loba carékeun
bari jeung mantangul mun
boga kahayang téh. Asa
aing “putra bungsu”. Tapi
ras deui inget geus silih
lubarkeun éta mah basa
munjungan dina poéan
lebaran dua bulan méméh
ema teu damang….
Harita bada turun
imbar ti lapangan ITB
gagancangan balik mi-
heulaan dulur-dulur
séjénna muru bumi Kang
Imat tempat calik ema di
pavilyunna. Kasampak
ema keur calik nyalira
sidéngdang dina ranjang.
Ceu Juju, Ceu Énah, Ceu
Omih jeung nu séjénna
kadéngé keur trong-trang
nyayagikeun nu tas sholat
I’d. Panto kamarna dibuka
lalaunan, cetrék dikonci
terus kuring muru ema
ngaras pangkonna bari
nyarita pegat-pegat neda
hampura. Sirah kuring
diusapan ku anjeunna.
“Dihampura pisan
lahir batin ku ema. Saba-
likna ema ogé kudu di-
hampura ku hidep.
Ma’lum kolot mah remen
bahé carék langsung saur
bari gawé téh ngarérépot
nu jadi anak,” saur ema
dumareuda.
Nguping kitu brah
piceurikeun nu satékah
polah ditahan téh bedah.
Kuring ngagolosor turun
tina lahunan ema, beu-
ngeut kuring ngantelan
sampéanana bari nga-
gukguk.
“Ulah kitu, Ujang.
Cengkat,” saurna bari
ngoyag-ngoyag sampéan-
ana. Barang cengkat, kek
taktak dijungjungkeun
terus dirangkul. Kakuping
anjeunna nginghak laun
jeung karasa cisocana ha-
neut maseuhan pipi. Ku-
ring ngagoak.
Teu karasa kaayaan
kitu téh geus méh sataun.
Tapi kana gawé jeung
kahirupan sapopoé mah
sasat taya pangaruhna.
Ngan “kanceuh” téh mun
panggih jeung istri sepuh
sarta niténan hal-hal nu
aya patalina jeung ema.
Éta nu sok ngadadak
ngahudang kasedih téh.
Lain sedih atuh pibasa-
eunana, tapi peurih!
Rarasaan peurih mah
leuwih jero batan sedih.
Leuwih nyosok jero.
Malah ayeuna mah maké
katambahan ku ngarasa
hanjakal teu kungsi kitu
teu kungsi kieu basa ema
jumeneng kénéh.
Contona baé, Jakarta –
Bandung lilana perjalanan
ukur jam-jaman maké
kendaraan umum. Bisa
pulang poé. Tapi nyatana
tara unggal bulan kuring
nepungan indung. Saka-
peung mah pleng tilu
bulan teu ka Bandung-
Bandung. Alesanna mah
katungkul ku loba gawé.
Ari nu ngaranna gawé
apan salawasna aya baé
moal béak-béak. Teu nga-
hajakeun baé sabenerna
mah. Tah, ngarasa tacan
cacap mulang tarima
sigana nu ngalantaran-
keun kuring babari bedah
cimata téh. Enya éta ka-
wasna. Ku kituna geuwat
atuh kuring nyuratan ka
Mama Muhtar Gojali di
lembur neda bongbolong-
an ngeunaan bangbaluh
haté asa can cacap mulang
asih ka nu jadi indung.
Teu lila jol surat balesan ti
anjeunna. Kieu di antara-
na.
“…. Kahartos pisan ku
Mama bangbaluh manah
Adén. Sareng leres pisan
kasauran Adén yén dikan-
tun ku nu jadi indung mah
peurih…. sanés mung ukur
nyeri atanapi sedih. Mama
sorangan kantos ngala-
22. 21Manglé 2471
man waktos dikantun ku
indung. Perkawis Adén
ngaraos teu acan cumpon
mulang asih ka nu janten
ibu numutkeun Mama
mah kieu. Upamina baé
diparengkeun Adén ceuk
wiwilanganana kagungan
emas ngajegir sagedé
pasir, éstu moal tiasa
nanding kana kaasih in-
dung ka anak. Komo tiasa
cumpon mulang tamba
mah tetebiheun. Nu tiasa
mulangkeun kaasih in-
dung mah hakékatna mah
anging Alloh Ta’ala nu ka-
gungan sipat Maha Welas
Maha Asih. Urang mah
pamohalan. Ku kituna,
carana mah taya sanés
urang kedah seueur nga-
dunga, utamina dikir ka
Gusti Nu Maha Suci. Pa-
hala dikirna Insya Alloh
digolontorkeun ku Man-
tenna ka almarhumah
tuang ibu. Kitu pamendak
Mama….”
Gedé pisan mang-
paatna bongbolongan
Mama Ajengan téh keur
kuring mah. Nyaéta ngu-
rangan rasa hanjakal
pédah asa can cacap mu-
lang tarima ka indung.
Angkeuhan hayang bisa
mulang tamba éstu moal
cumpon luyu jeung parib-
asa, ‘Kasih ibu sepanjang
jalan, kasih anak sepan-
jang penggalan’. Sanajan
teu nyosok jero teuing cara
méméh nampa surat ti
Mama Ajengan, tapi
angger unggal panggih
jeung istri sepuh sok teu
bisa nahan bedah cimata.
Kumaha nya ngungkulan-
ana? Ras inget boga sobat
psikolog ngora ahli psiko-
térapi ngaranna Dr.
Haérul Gandi Ashgar.
Atuh praktékna katiténan
suksés pisan.
Ngahaja nelepon lang-
sung ka kantorna rék kon-
sultasi. Ngadéngé maksud
kuring kitu ki sobat nya-
rita, “Atuh sami baé
sareng ngajar ngojay ka
ikan lumba-lumba, Kang,
pami kitu mah. Alim ah
sieun kawalat,” pokna bari
seuri.
Kéképéhan manéhna
téh mimitina mah. Tapi
ahirna mah puruneun
sanggeus dicaritaan kieu,
“Lain nanaon, Ayi Haér,
kieu geura dangukeun.
Kahiji, akang téh rék
ménta dibantuan lantaran
ayeuna keur boga masalah
nu geus méh sataun can
bisa diungkulan ku so-
rangan. Ké didongéng-
keun masalahna mah.
Kadua, akang percaya
pisan ka salira jeung moal
éra lantaran lain wawuh
sakatiga. Ari katiluna,
apan tukang cukur gé tara
kabéjakeun nyukur sirah
sorangan, sok ménta di-
pangnyukurkeun ku nu
séjén.” Ngagakgak ngadé-
ngé omongan kuring kitu
téh.
“Mangga atuh ngi-
ringan pami kitu mah.
Mung aya saratna nyaéta
sanés konsultasi, urang
ngawangkong biasa baé.
Sono deuih tos lami teu
tepang. Upami akang aya
waktos kumaha upami
abdi ngulem tuang siang
di ‘Ténjo Dano’, rumah
makan Sunda nu nembé
dibuka di Ciputat sisi Situ
Gintung. Raos sambel
sareng cobék léléna,
Kang,” cenah. Sanggeus
ngakurkeun jadwal sa-
pukna téh pagéto jam 11
tepung di ‘Ténjo Dano’.
“Tong waka seueur
barang tuang heula, Kang,
cuang pabadag-badag
huap,” pokna méméh
nutup telepon.
Barang jol ka ‘Ténjo
Dano’, nu ngondang geus
jogo. Malah mapagkeun.
“Calikna urang di luhur
baé, Kang, tos dipesen.
Salsé geura di dinya mah
sareng raos titingalian
nampeu ka Situ Gintung,”
pokna bari ngiringkeun ka
loténg.
Ngahaja milih tempat
diuk di juru kalér nu rada
misah moal kabaribinan
tamu séjén. Enya, plung-
plong ti lebah dinya mah.
Asri tur asli kénéh deuih
harita mah kawasan Situ
Gintung téh. Katingal di
béh sisi aya parahu nu
ngadon lintar. Sakuriling-
na leuweung paselang
jeung pilemburan. Di te-
ngah situ aya pulo man-
grupa leuweung kolot.
Tangkal-tangkal kaina
katénjona galedé jarang-
kung. Taya nu wanieun
muka lantaran béjana
tegal oray. Cenah oray we-
langna ngabubuhan,
tinggilisir oray weling nu
kawentar matih peurahna.
Oray sinduk areuleugeug,
oray héjo tinglaléor méh
saru jeung dangdaunan.
Rajana pajah oray sanca
sagedé tangkal jambé
numpi dina dahan tangkal
gedé. Malah cenah sok
kawénéhan témbong ti ka-
jauhan ku urang lembur
keur euleugeug dina
tangkal pangluhurna.
Duka teuing atuh, ma’lum
béja pacenah-cenah sok
dibarungbuan ku rahul.
Nu bukti mah salila dua
jam satengah aya di ‘Ténjo
Dano’ teu témbong raja
oray eueuleugeugan
luhureun tangkal. Nu
katingal ngan aya jalma
duaan keur nguseup dina
parahu sisi leuweung.
Teu kungsi satengah
jam jol dahareun nu tadi
geus dipesen téh datang.
Deungeunna katangén baé
aya goréng peda girinyih
dikucuran jeruk purut,
beuleum peuteuy opat
papan, angeun lodéh
cikruh maké turubuk,
cobék lélé maké rombéh,
goréng lauk emas ‘orokna’
ngepros gararing, goréng
hayam kampung kaambeu
melenghir seungit. Lalab
asak daun gedang sa-
dungkuk, lalab atahna
kumplit, pohpohan,
térong-galatik, leunca,
engkol, bonténg, jeung
surawung. Ari sambelna
diréndos kasar, siki
céngékna maréncéngés
dina sambel tarasi hi-
deung gurih nangtang
cocol. Paingan ceuk béja
‘Ténjo Dano’ mah kawen-
tar pisan sambelna, pajah
najan seuhah col deui-col
deui. Apan ditarelahna ogé
‘Sambel Jérété’. Sanguna
ngahaja mesen sangu
beureum nu haraghag ha-
neut kénéh dina boboko.
Bener ceuk ki sobat,
lain konsultasi ieu mah
tapi ngawangkong lohong
ka ditu-ka dieu diselang
seuseurian bari ngadu
huap. Nyaritakeun per-
soalanana ogé saliwat-sali-
wat bari ponyo nyocol
sambel, nyuruput lodéh,
ngeremus goréng lauk
emas orokna anu garing.
Atuh ki sobat nanyana ogé
bari ngahimel goréng
hayam kampung nu me-
NNyambung ka kaca 40
24. 23Manglé 2471
M
imiti
waw
uh ka
man
éhna
téh
dina facebook. Jaman
ayeuna mah geus lain ka-
monésan mun urang bisa
wawawuhan jeung saha
waé tina jaringan sosial
nu geus jadi kacapangan
barudak ayeuna. Enya,
panggih jeung manéhna
téh mimitina mah tina
facebook, ngaranna
‘CAMPAKA’.
Mimitina kuring
nempo hiji awéwé tina
profil kacida manisna.
Beungeutna oval, irungna
bangir, jeung panonna
siga panon Manuk Hong.
Tina dongéng Cina.
Cureuleuk. Jeung tina
dedeganana, sigana mah
anak nu beunghar.
Mimiti chating inbox
kuring nanya, “Sampura-
sun. Nepangkeun sim
kuring Kamajaya.”
Manéhna nyebutkeun
ngaranna téh ‘Campaka’.
Duh ngaran anu sakitu
éndahna ceuk kuring
dina haté. Keur geulis téh
ngaran Campaka. Apan
ari Campaka mah leleb
seungitna ogé. Atuh ti
poé ka poé kuring jeung
Campaka tambah dalit
sosobatan. Ngobrolkeun
kaayaan kulawargana
jeung nu jadi dulur-du-
lurna. Kitu deui kuring
nyaritkeun lalakon hirup
kuring kulawarga jeung
sagala naon waé anu ka-
randapan. Beuki lila beu-
ki raket. Geus teu asa-asa
silih kedalkeun rasa.
Campaka kuliah di
Bandung, kuring di
Bogor di IPB. Ari Cam-
paka di ITB di Seni Rupa.
Kuring jeung Campka si-
lih jurungkeun dina
nganggeuskeun kuliah.
Jadi lamun papanggih
inbox dina facebook ari
ngobrol téh mani resep.
Da manéhna bisa ngar-
tikeun kaayaan kuring
anu kuliah kulantaran
ngan hayang hirup ka
hareupna téh henteu
sangsara. Cindekna ha-
yang jadi jelema boga.
"Kang Jaya linggih di
mana di Bogorna?”
"Akang sanés di kota
Bogorna, tapi di Ciomas.
Rada tebih ka tempat Ku-
liah téh," ceuk kuring.
"Kana naon Kang ari
angkat kuliah?"
"Kana angkot. Tilu
kali naék."
"Répot atuh nya?"
"Tos biasa da," témbal
téh, "Pun Bapa mah
mung guru es de. Pun
biang icalan goréngan ari
sonten."
"Goréngan naon?"
Campaka nanya.
"Kanggo jajanan baru-
dak. Aya bala-bala, pi-
sang goreng, mendoan,
sareng géhu."
"Atuh resep nya
seueur waé tuangeun?"
cenah.
"Upami nyésa, da
seseringan mah séép-
eun."
Tina mindengna ngo-
brol, antara kuring jeung
Campaka bet aya rasa
nyaah. Enya, mimitina
tina babaturan di dunya
Maya, maju jadi soso-
batan. Beuki nyobat wé
antukna mah. Ngan can
kungsi nyaritakeun rék
panggih. Kitu wé nga-
malir kawas cai walu-
ngan. Tapi mun sapoé
henteu silihkirim pesen
kana inbox, bet aya rasa
kaleungitan.
Hiji waktu manéhna
teu aktif dina facebook.
Aya kana sapuluh poéna
teu inbok ka kuring.
Kuring bet asa leungi-
teun. Di és ém és, hapéna
teu ktif deui. Meunang
sapuluh poé kuring asa
leungiteun batur paku-
maha. Kacipta-cipta waé
imut dina profilna.
Cureuleuk panona, jeung
kekecapanana mun keur
chating dina inbox. Tapi
hiji poé Campaka muncul
deui. Kuring kacida
atohna.
"Ka mana waé? Akang
mani leungiteun."
"Demam berdarah
Kang. Kika diopname di
rumahsakit Boromeous."
"Mani teu ngabéjaan.
Mun terang meureun
Akang besuk," ceuk ku-
ring protés.
"Ah mung istirahat
wungkul, Kang. Ayeuna
pan tos aya deui."
"Akang hoyong pen-
dak. Tos sakieu lamina
urang kenal tapi tara
ngahaja tepang,” ceuk
kuring.
"Pami tiasa urang
Kopdar...”
"Naon kopdar téh?"
Ceuk manéhna.
"Kopi darat, alias pa-
pendak di darat. Tepang
di mana wé."
"Ké Akang hanjakal
pami tos pendak sareng
Kika," ceuk manéhna.
"Naha kedah han-
jakal? Teu aya nu matak
hanjakal, Akang mah
hoyong pendak. Ngobrol
téh ulah ngan saukur di
dunia maya wungkul, asa
kirang sugema."
"Sawios, ké sanés
waktos urang rencana-
keun," ceuk manéhna.
Kuring atoh.
Da teu puguh pisan,
hayoh wé chating salila-
lila tapi tacan pisan kop-
dar sakali-kali acan. Ari
keur chating téh sok silih
kedalkeun kasono. Pek
kuring nyieun puisi...
Campaka., Anjeun
taya bédana jeung bulan
di langit Nu teu katepi,
mun kuring hayang
panggih Campaka, ku-
ring ngan saukur bisa
melong Iraha kuring
bisa ngeukeup Anjeun?
Manéhna ngajawab
ku puisi deui. Kieu :
Kamajaya, Anjeun
manusa sampurna.
Kuring mah lir
manuk nu teu bisa hiber
Bari can tangtu kuring
leumpang anu bener Gi-
gireun anjeun kuring
lain jelema sampurna
Ku kuring puisi Cam-
paka dicatet, tuluy di-
teundeun dina Buku
Harian. Kuring asa aya
rasa nalangsa macana.
Naha manéhna nyieun
kecap-kecap siga kitu?
Tapi tuluyna kuring teu
loba mikir deui. Soso-
batan téh ganti jadi lagu
sillih pikanyaah jeung
silih pikabutuh. Di dunya
maya manéhna téh bé-
béné kuring. Sok remen
aya kalimah, "Kang naha
nya Kika bet sono ka
Akang?"
Ku kuring dijawab
kieu, "Sami Akang ogé
sono ka Kika."
"Kika sieun Akang
hanjakal mun tepang
jeung Kika," cenah.
NNyambung ka kaca 38
25. N
u geulis
sok jadi
werejit,
nu len-
jang sok
jadi ba-
ruang. Teu salah kekeca-
pan karuhun urang sa
perti kitu téh. Ari kanga-
ranan werejit atawa baru-
ang, lain waé mawa bahla
ka nu lain, tapi mun ku-
rang-kurang mawas mah
deuih sok kalah ngakala-
keun diri sorangan.
Di hiji lembur nu kate-
lah lembur Banjarsari,
aya hiji jalma nu keur
nandang gering alatan
keuna ku supata sorang-
an. Éta jalma téh para-
wan kolot nu nelah Nyi
Siwitri. Demi Nyi Sawitri,
ti baheula mula teu weléh
jadi catur bukur urang
lembur. Puluh-puluh
taun katukang kungsi ka-
caturkeun jadi béntang
lembur nu kageulisanana
jadi sabiwir hiji.
Kabéhdieunakeun, nu
jadi catur téh lain waé
kageulisanana, tapi ku
tampikanana ka unggal
jalma. Teu dijajaka teu
diduda, kabéh euweuh nu
bisa nalukeun haté Nyi
Sawitri. Nu beunghar nu
nanjung, aya waé nu ka-
cawadna. Tungtungna
manéhna nepi ka kapopo-
hoan, yén rupa téh moal
salawasna lana. Nu hirup
keuna ku waktuna kolot,
panyakit, jeung sajabana.
Jeung deuih ari rupa di-
tangtungan awéwé, gam-
pang pisan robahna,
séjén jeung dikeukeureut-
an lalaki.
Sababaraha taun ti
harita Nya Sawitri kate-
lah mojang tampikan,
nepi ka umurna nu leu-
wih ti 30 taun can kénéh
diparengkeun laki-rabi.
Indung bapana kurang
kumaha narékahan sang-
kan Nyi Sawitri léah ha-
téna geura ngawangun
rumah tangga, tapi bu-
buhan ka anak hiji-hijina,
indung jeung bapa téh
sok éléh waé ku nu jadi
anak. Bongan maranéhna
kénéh ngogo ti bubudak,
tara diwarah ti leuleutik,
geus gedé ngarasa ka-
ngeunahan.
Nincak umur nu maju
ka opat puluh taun, ka-
karék Nyi Sawitri eung-
euh. Rék nepi ka iraha
hirup sosoranganan? In-
dung bapa geus maju ka
kakolot, rék saha deui nu
mupujuhkeun manéhna
mun indung bapa eu-
weuh? Tapi abong adat
geus kakurung ku iga, Nyi
Sawitri keukeuh hayang
meunangkeun bujang,
aya sababaraha urang
duda nu ngahéroan, can
nanaon gé geus jebras-je-
bris mantén.
Sakali mangsa mah
aya Agan beunghar nu
rék sadia ngawin Nyi
Sawitri, ngan cenah rék
dicandung. Demi Nyi
Sawitri ngadéngé rék di-
candung, tuluy jebras-je-
bris, “Kawin ka duda waé
geus najis, komo ieu kudu
dicandung ku aki-aki!
Teu sudi aing mah, men-
ding kénéh teu kawin-
kawin!” Atuh nu rék
mileuleuheungkeun ogé
sawios bedo cenah, dina
enyana ogé boga pama-
jikan, keur naon geulis
ogé ari goréng adat jeung
haté mah.
Ari kiwari, Nyi Sawitri
téh geus sakitu dikakolot-
ananana bari angger lala-
gasan. Indung bapa geus
teu boga, salaki jeung
anak mah geus puguh
taya tapak-tapakna acan.
Ari kangaranan maju ka
kolot, geus lumrah jalma
mah sok balik deui ka
budak, kudu aya nu ngu-
rus kudu aya nu mupu-
juhkeun jeung nalinga
keun, ari Nyi Sawitri?
Enya éta ogé aya
dulur-dulurna. Boh dulur
ti bapa boh dulur ti in-
dung, tapi da ari kanga-
ranan dulur mah teu béda
jeung deungeun-deung-
eun, komo lamun urang
kurang hadé ti anggalna.
Apan sok jadi kacapangan
dulur jadi batur batur jadi
dulur. Aya ogé nu sok
mapandékeun lamun
dulur miskin sok kalah
jadi batur, sabalikna mun
batur beunghar sok jadi
dulur. Komo ieu Nyi Sa-
witri mah boga dulur ogé
dulur jauh wungkul, lain
dulur sagetih –da anak
ngan hiji-hijina.
Ari ngandelkeun
harta. Nyi Sawitri teu bisa
majar kumaha, sok sana-
jan basa aya kénéh in-
dung bapana mah
lubak-libuk, tapi sabada
yatim piatu mah saha nu
ngarahna? Pakaya nu aya
nungtutan ludes dipaké
hirup sapopoé.
Kangaranan pakaya nu
aya dipaké bari teu
digolangkeun, tangtu
ninggang dibéak.
Nyi Sawitri kiwari
maju ka geringan. Ari nu
kemit sok tara aya da
kalah sarieuneun. Boro-
raah tatanggana, apan
dulur-dulurna ogé kalah
api lain. Panyakitna Nyi
Sawitri teu puguh ku-
naon-naonna. Dokter
jeung dukun sapamade-
gan yén éta mah panyakit
kolot, lumbrah sagala
karasa. Kabéh dieuna-
keun Nyi Sawitri bet siga
nu siwah, mideng huleng
jentul bari seuseurian so-
rangan.
Siwahna Nyi Sawitri
beuki katara, sok ka-
déngéna humarurung
bari nyebut-nyebut ‘siit’
ngaharib-harib rarangan
lalaki. Ngan ari tatangga
jeung urang lembur mah
yakin lain sagélo-gélona,
tapi gélo lantaran teu
kawin-kawin jeung ka-
Manglé 247124
PPuridingPuringkak
Jurig Siit
Ku Taufik Rahayu
26. 25Manglé 2471
campuran panyakit jurig.
“Siiittt ... Siiittt ... Sii-
ittt ...” Méh unggal peu-
ting urang lembur teu
weléh ngadéngé nu nge-
lak humarurung saperti
kitu. Ngelakna téh sok
parat nepi ka wanci te-
ngah peuting. Urang lem-
bur geus asa diririwaan
ku jalma hirup. Tara
kadarugaeun ngulam-
preng ka luar ti peuting.
Mimitina, sora Nyi
Sawitri nu nyebut-nyebut
siit téh ngan kadéngéna
kalan-kalan, tapi beuki
dieu mah ngelakna saban
peuting. Teu kitu wung-
kul, saterusna deuih
kadéngé mapay ka unggal
imah. Ari nu biasa dida-
tanganana téh imah nu
aya mojang jeung jaja-
kaan nu geus cukup
sagalana pikeun laki-rabi.
Mun pareng aya nu siit-
siitan lalaki mah sok gan-
cang nyekelan ‘boboga
anana’, da cenah bisi teu
kanyahoan dirontok ku
nu ngelak, kitu ogé awéwé
sok tuluy babacaan sa-
bisa-bisa da sieun kaan-
cikan atawa katepaan
jomblo saumur-umur.
Sakali mangsa mah
kungsi aya nu sué ngadon
paamprok di tengah jalan
peuting-peuting jeung nu
siit-siitan. Na, da éta
mah cenah, inyana teh
ngayek-yek ngiihan
manéh. Rék lumpat teu
bisa, rék ngajerit pon kitu
deui. Nu siit-siitan téh
geus teu mangrupa
jelema. Awak rangkébong
tulang wungkul, buuk
bodas ruwag-rewig, pa-
non bolotot jeung om-
pong. Kitu ogé papaké
anana geus teu matut.
Teu bisa kukumaha
ningalina ogé, sadar-
sadar téh isuk-isuk waé
geus pada ngarejengan,
bari cenah éta lalaki nu
sué téh tuluy boga pa-
nyakit burut.
Ti saprak kajadian
harita, mun peuting téh di
lembur teu pati teuing
kadéngé nu siit-siitan,
ngan kadéngé hawar-
hawar waé ti kajauhan.
Dipapantesna téh meu-
reun mapay-mapay lem-
bur séjén.
Pikeun muguhkeun
bebeneranana, tuluy
ditéang ka imah Nyi Sa-
witri, bener waé teu ka-
sampak. Urang lembur
aya atohna ku euweuhna
Nyi Sawitri téh, bubuhan
jalma siwah. Dina ayana
ogé kalah nyusahkeun
jeung pikasieuneun. Tapi
loba ogé nu mangkarun-
yakeun ku nanasiban nu
tumiba ka Nyi Sawitri.
Nyi Sawitri, wanoja nu
kungsi jadi béntang lem-
bur jeung pada mare-
butkeun, bet tuluy siwah
bari teu puguh hirup
jeung henteuna. Nepi ka
kiwari éta jasadna Nyi
Sawitri teu kapanggih
laratanana. Ngan min-
deng pabéja-béja yén dina
wanci-wanci anu tangtu
sok kadéngé sora siit-siit-
an. Nu ngadéngé éta sora
sok mapatkeun parancah,
“Hus hus ... nyingkah
siah, aing mah da enggeus
(atawa arék) laki-rabi!”
Kapercayaan urang Ci-
sompét di Pakidulan
Garut mah, lamun aya
awéwé parawan kolot
maot, sok tuluy jadi siit.
Siit téh sato leutik kawas
jangkrik. Siit, ceuk do-
ngéng urang éta lembur
mah, sato nu kaancikan
jurig. Bisa mancalaputra-
mancalaputri jadi jajaka
gagah atawa wanoja
geulis, tuluy ngagoda ka
jalma-jalma ipis iman nu
liar ti peuting.***
Bandung,
Maret 2014
27. CCarita Heubeul
H
arita Ukur
henteu
werat kedal
lisan, ku
awahing
ngarasa ka-
gunturan madu kaurugan me-
nyan putih. Minangka ném
bongkeun kabungah haténa
ngan saukur cedok nyembah,
bari panon cumalimba, rus-
ras inget ka jenat éyangna anu
ngukut di desa Manikmaya.
Kangjeng Sultan tuluy mi-
warang Papatih, supaya engké
peutingna di paseban panura-
han ngayakeun pésta, ngistré-
nan Ukur dijungjung lungguh
kana senapati téa. Adipati
Ronggonoto ngadangu sada-
wuh-dawuh Sultan, ngan bati
gegetun, boga rasa bakal
kaéléhkeun komara, karebut
kakawasaan ku Ukur. Ulat
mesum, henteu lemék henteu
nyarék, gawéna ngan dulak-
dilak, ngéwa ceuceub ka anu
meunang nugraha.
Samulihna Kangjeng Sul-
tan ti babancong, senénan
tuluy lekasan. Nu lalajo bubar
naringgalkeun alun-alun, mu-
lang ka satempat-tempatna.
Sajajalan ting karecewis jeung
pada baturna nyaritakeun
karaméan dina senénan téa.
Ngaran Ukur enggeus jadi
sabiwir hiji, pada muji pada
ngalem, budak ngora éstu pra-
jurit digjaya, sinatria santika
Ieber wawanén.
Kacaturkeun beurang ka-
ganti ku peuting. Di paseban
panurahan geus caang bara-
nang siang, lampu setolopna
ngalempray. Gamelan kabu-
yutan anu nélah Kyai Wursita
muni agem ngagalindeng, lir
gamelan di kayangan, kalang-
enan déwa-déwi.
Kangjeng Sultan enggeus
rawuh, linggih dina korsi ga-
ding gilang kancana; di sagé-
déngeunana sang Ratu Padmi.
Di kiwa tengenna ngajéjér
para ceti reujeung emban, nu
ngaragem upacara karajaan.
Para bupati, mantri, pong-
gawa sila ngadep marendeko
di sabudeur paseban. Kabéh
pada ngaranggo anggoan
kalungguhanana, hurung-
hérang tingkaretip kasorotan
ku cahaya lampu anu sakitu
makbrakna.
Panceg dina waktuna anu
geus ditetepkeun Kyai Patih ka
nayaga miwarang eureun na-
beuhna, sarta pok ngémbar-
keun, yén Kangjeng Sultan
arék ngistrénan ngajungjung
lungguh priyarana Rahadén
Ukur. Jep jempé lir gaang kat-
incak. Nu hayang batuk ogé, ji-
gana dipengkék.
Kangjeng Sultan miwa-
rang, supaya Ukur maju ka-
hareup. Ukur géngsor lalaun
an, budi lungguh hanteu ang-
kuh. Sanggeus rada deukeut
ka Kangjeng Sultan, cedok
nyembah, gék mendeko sadia
nampi dawuhan.
Kangjeng Sultan jung nga-
deg dipayuneun korsi paleng-
gahanana. Bari ningali ka
Ukur, rintih ngalahir, sowan-
tenna halon ngagalindeng:
“Para Bopati, Mantri,
Ponggawa sakabéh! Kaula
neda panyaksén, wiréh dina
danget ieu, kaula seja ngang-
kat Priyarana Ukur, dijung-
jung lungguh jadi senapati
kadua, wawakil Senapati Kyai
Adipati Ronggonoto, panglima
sakabéhna wadyabalad
Mataram. Kaula geus nyaksian
sarta percaya, yén Ki Ukur
baris bisa sarta tanggoh éng-
goning ngajalankeun kawa-
jibanana. Nilik kasantikanana,
kabijaksanaanana jeung pi-
rasatna, sanajan Ukur lain
tédak ménak turunan
Mataram, turta umurna ngora
kénéh, kaula henteu ham-
ham, yén andika, sakabéhna
anu aya dina cangkinganana
baris satia, tuhu kana sagala
paparéntahanana. Singsaha
anu baha, henteu daék nurut
kana paréntahna, éta sarua
baé jeung baha teu turut ka
diri kaula.”
Ti dinya rét paningalina
ditujukeun ka Ukur, anu keur
tungkul ngabandungan pila-
hirna Sultan.
“Priyarana Ukur, ti mimiti
dawuh ieu, andika ku kaula di-
angkat jadi Senapati waja-
balad Mataram kadua,
kalawan dipaparin jenengan:
Rahadén Adipati Wangsa-
taruna. Kaula uninga, yén
andika téh terah Kulon, tu-
runan panggedé Pajajaran,
Manglé 247126
{ 55 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
28. anu éstu satia tuhu ka anu jadi
panembahanana. Kaula yakin,
yén andika ogé énggoning ku-
maula ka diri kami, tanwandé
suhud sumujud, hamo ngijing
sila béngkok sembah.”
Dipati Wangsataruna alias
Ukur, sakedapan mah ngahu-
leng baé henteu buru-buru
ngawaler, bawaning ku kalim-
pudan kabungah anu sakitu
gedéna. Pinanggih reujeung
bagja anu sakitu luhungna,
haténa téh bet ngaleketey, ing-
gis risi tinemu jeung bangba-
likanana. Émut kana kasauran
Éyangna, yén kalamangsa
meunang kanugrahan,
sanalika éta kénéh kudu inget
kana bangbalikanana, dodoja
Anu Kawasa, panguji ka anu
jadi mahlukna. Cék baba-
sanna: “Upama eukeur mang-
gih mudun, kudu inget baris
nanjak.”
Dipati Ukur kakara éling
kana salirana, kagebah ku
raména sora keprok. Kangjeng
Sultan harita geus linggih
deui, bari henteu liren-liren
neuteup ningali ka anu nuju
ngahuleng tumungkul.
Barang lelembutanana
geus kumpul deui, Dipati Ukur
cedok nyembah, nganuhun-
keun kana pangasihna Kang-
jeng Sultan. Soantenna henteu
pati tatag, semu anu duma-
reuda. Tapi cukup atra
pokpokanana, katuturkeun ku
sakabéh nu araya di dinya.
Walerna:
“Nun Gusti, Abdigusti
nyembahkeun sewu nuhun
laksa kabingahan nampi pa-
ngasih Dampalgusti, miwah
kanugrahan anu parantos tu-
miba ka Abdigusti. Abdigusti
parantos kaselir dipaparin
kalungguhan anu sakitu
agungna. Menggahing
Abdi¬gusti ngahaja dongkap
ka Mataram téh, sanés pisan
badé sosoroh ngudag-ngudag
kalungguhan, teu aya sanés
mung tumut kana welingna
pun aki, sumeja ulun kumaula
ka salira Dampalgusti, Ratu
hing Mataram, anu kamashur
ka awun-awun kawentar ka
janapriya, Ratu adil pinandita,
anu nyaah ka abdina.”
Soanten Ukur beuki lila
tambah ngoncrang:
“Ayeuna Abdigusti keng-
ing kapercantenan ti Dampal-
gusti, kedah ngiring ulubiung
ngolah kanagaraan. Karaosna
ku Abdi¬gusti sakalintang
abotna, wiréhing rumaos dika-
bodoan. Keur bodo téh henteu
acan pisan gaduh luang
panemu dina bag-bagan ngo-
lah nagara, papagon nga-
heuyeuk dayeuh. Salajengna
Abdigusti henteu werat miun-
juk paos, mung tansah hibar
pangdunga Dampalgusti anu
kateda, disarengan ku panang-
tayunganana Pangéran Anu
Kawasa, mugia Abdigusti tiasa
ngajalankeun sugrining kawa-
jiban anu parantos dipa-
pancénkeun ka Abdigusti,
demi kamamuran rahayat
sareng kerta-raharjana
wewengkon Dampalgusti,
kaulanun.”
Satamatna Ukur miunjuk,
ger ramé nu keprok, minton-
keun kapanujuanana. Kang-
jeng Sultan bari ngadangu-
keun téh teu kendat-kendat
imut ngegelenyu, dibarengan
ku unggut dina lebah ucapan-
ana anu kalandep.
Harita Ukur ku Kangjeng
Sultan dileler anggoan kalung-
guhan sapuratina, katut tanda
upacara kapangkatan adipati.
Saréngséna ngistrénan
tuluy disambung ku pésta,
mintonkeun rupa-rupa kase-
nian, kayaning ibing, sem-
palan lalakon wayang-orang
jrrd., diselang ku tuang-leueut
balakécrakan, nambah-nam-
bah kagumbiraan.
III. DIPECAK DEUI
Kacaritakeun sanggeusna
Ukur jadi senapati, kaayaan
nagara Mataram beuki tam-
bah reugreug-pageuh, aman
raharja, cék babasan téa mah
hurip gusti waras abdi.
Kaayaan kaprajuritan
beres roés, henteu tinggal tata-
tartib, susila jeung darma-
bakti. Ku Senapati Ukur sagala
rupa sarat kaprajuritan,
kaprawiraan henteu aya anu
dimomorékeun, sakabéhna di-
ajarkeun jeung dilarapkeun.
Atuh sumawonna para tam-
tama mah dipalajarna téh éstu
enya-enya, sangkan ulah aya
kapetolanana. Cék dina man-
ahna, anu jadi tamtama kudu
jadi conto pikeun prajurit, boh
lahirna boh batinna.
Nagara-nagara anu taraluk
ka Mataram, kayaning
Surabaya, Madura jeung nu
séjénna, kabéh satia tuhu,
henteu aya anu wani baha,
serab ku wewesenna jeung
kasantikanana prajurit
Mataram.
Senapati Ukur ku Sultan
pohara diasihna, lantaran
katingali kasatianana, ka-
cakepanana jeung kadig-
jayaanana. Luang lumbrahna
manusa, ari ka anu keur mujur
téh, sok réa anu mikasirik. Nya
kitu deui ka Senapati Ukur,
sanajan salilana lempeng-
bener, ngadek sacékna nilas
saplasna, ih teu weudeu réa
anu miceuceub. Ari pang-
pangna anu pohara mikangé-
wana téh, nya éta Sénapati
Ronggonoto jeung Ki Tam-
tama Jayengrono, da puguh
sarua pada boga rasa
kaéléhkeun.
Ieu anu duaan remen
pisan ngayakeun babadamian
rasiah, néangan akal tarékah,
sangkan bisa nyilakakeun Di-
pati Ukur. Sakali mangsa mah,
Mas Ronggonoto dumeuheus
ka Kangjeng Sultan, supaya
Senapati Ukur dicoba deui
kadigjayaanana, ku jalan
diadukeun reujeung banténg
lilin. Ari éta anu disebut ban-
téng lilin téh, ingon-ingonna
Kangjeng Sultan, anu pohara
galakna tur kacida bedasna.
Geus sababaraha kali dia-
dukeun jeung maung lodaya.
Kabéh euweuh nu kuat, paéh
nepi ka budal-badil peujitna,
ditanduk jeung ditujah ku
sang banténg. Ku tina bedas-
bedasna, diaranggap banteng
kajajadén, weduk henteu teu-
rak ku pakarang.
(lajengkeuneun)
27Manglé 2471
29. Manglé 247128
Bagian
202
CCarita Nyambung
N
ini-nini
amitan
sarta
jangji
isukna rék
datang
deui. Enya wé, isuk keneh
gé ema pangasuh téh geus
ngajego hareupeun toko
obat tabib. Sabada diba-
géakeun ku pribumi, semah
langsung cacarita ka
Nikmatulloh. Cenah,
ngarah lantip, mending
nyamar jadi awéwé.
“Ah, da teu gaduh
pakéan awéwé atuh, Ma.”
“Ieu ku ema geus disa-
diakeun,” pokna.
“Pek wé disalin. Kadé
deuih kudu robah sora gé.
Kumaha wé carana sangkan
teu katohyan batur,” ceuk
semah deui.
Nikamatulloh ngoréléng
ka rohangan tukang. Blus
ka kamarna. Teu kungsi lila
geus dangdak-déngdék
hareuepeun eunteung.
Naksir awakna sorangan nu
geus kabulen ku papakéan
awéwé. Geus kitu mah,
nyampeukeun deui nini-
nini téa.
“Kieu mah?”
“Enya la! Nu penting
deuih kadé ulah loba teuing
nyarita,” pokna bari mésem.
Kaharti, sora asli jeung
sora jijieunan mah, bakal
béda. Tah, bagian éta deuih
nu dipikahariwang ku
Nikmatulloh téh. Ari sual
cara leumpah jeung pario-
lah mah, moal susah teuing
niron-nironna.
Nu nyamur jadi awéwé
indit patutur-turu jeung
nini-nini. Maksudna, nga-
datangan Niam. Ngan,
cenah, lamun geus aya di
lingkungan istana mah,
wayahna wé kudu nyorang-
an. Kituna téh bari pok-
deui-pok deui ema panga
suh ngabejaan tempatna
Niam. Datang ka wawangu-
nan para selir, nu ngajaga
megat. Ngan, can gé
tatanya, nini-nini miheu-
laan nerangkeun. Cenah,
manéhna téh mawa budak
beulian pibatureun selir
holipah. Percayaan diomo-
ngan kitu téh. Atuh, lalam-
pahan nu nyamur nepi ka
buruan wawangunan tem-
pat selir mah aman.
Memeh abus ka ro-
hangan séjén, aya dui nu
ngajaga. Leuwih apik batan
nu ngajaga mimiti. Harita
gé, abid awéwé bawa nini
pangasuh teu bisa asup.
Ngan, ku lantaran si ema
mah legok tapak genténg
kadek, loba wé akalna téh.
Pek wae cenah, mun teu
meunang asup mah. Ngan,
asal nanggung rasikolna.
Da, inyana téh mawa abid
titahan holipah keur piba-
tureun selir kadeudeuhna.
Ngadenge omongan
kitu, nu ngajaga teu bisa
majar kumha. Blus weh
nini-nini jeung awéwé
mamlihan téh asup ka
wawangunan tempat
paraselir.
Ti lebah dinya, sangkan
teu nyurigakeun, nini-nini
mah ngajanteng heula.
Nitah Nikmatulloh leupang
tiheula muru jalan panu-
duhan. Geus kitu, manéhna
ge muru tempat Niam.
Peuting ka-245
Sanggeus aya kana ra-
tusna lengkah, jalan aya nu
nganca aya nu ngatuhu. Nu
kuduna mengkol ka katuhu,
Nikmatulloh téh kalah ka
kenca. Satérusna, milang
kamar saperti panuduhan
nini-nini téa. Geus ngara
yakin, manéhna nagjanteng
hareupeun panto nu rék di-
asupan. Geus kitu, nyu-
rungkeun éta panto nu
tetela teu dikonci.
Kamar téh murub-bub-
yar. Lampu-lampu nu war-
na-warni mancerkeun ca
haya nu adumanis lawon,
rergean, kulambu, jeung
sepere nu oge warna warni.
Lian ti kitu, kaangseu su-
ngitna minyak jeung
kekembangan.
“Ngan, ka mana pribu-
30. 29Manglé 2471
mina?” Nikmatulloh
ngagerentes.
Kituna téh dijawab deui
ku pikiranana sorangan.
Muereun keu ka cai heula
atawa keur ka dapur.
Malah, boa keur sasadian
tuangeun jeung inumeun
keur manehna.
Nikmatullah ngalacat
kana ranjang. Gegelehean
nagreureuhkeun kacape.
Najan teu leumpang jauh,
ari make papakean awéwé
mah, kaasana téh cape
pisan da teu laluasa
ngalengkah.
Keur kitu torojol aya nu
datang. Awéwé nu ruru-
panana moal eleh geulis ku
pamajikanan. Ngan, nu
anyra datang mah, leuwih
dewasa batan Niam katem-
pona téh.
“Saha anjeun téh?” ceuk
pribumi nu taya lian ti adi-
na holipah nu bisa nalinga-
keun paraselir.
Nikmatulloh teu nga-
jawab. Manehna tungkul,
bari tembongs emu bi-
ngung. Puguh we, pribumi
téh beuli panasaran. Ceuk
pikirna, tangtu éta awéwé
téh nu keur boga masalah,
da kitu biasana ge, mun
sakalieun disuekseukan ku
holipah, panglumpatanan
ka éta kamar. Haben dita-
lek, Nikmatulloh teu nga-
jawab. Tangtu we, beuki
pananaran jeung ngondang
curiga. Adi holipah ngara-
gamang ngalan panutup
sirag. Ana breh téh, horeng
lalaki!
“Saha anjeun téh?”
Geus kitu mah, Nikmat-
ulloh téh teu bisa majar
kumaha. Kapaksa medar
lalakon. Ti miiti nepi ka
ahirna ngawani-wani da-
tang ka éta tempat, ditéték
taya nu dikilungan.
Ngadéngé lalakon
semahna kitu, pribumi
kakara ngarti. Saterusna
mah, karunyaeun pisan.
Ceuk pikirna, éta pasulan
téh kudu gancang di-
réngsékeun sangkan teu
jadi mamala ka lanceukna.
Ngan, tangtu we, teu
waka percaya sagembleng-
na. Ku lantaran kitu, pri-
bumi téh nitahan abidna
sangkan néangan Niam.
Rék diamprokeun ka nu
ngaku-ngaku salakina.
Ari nini-nini nu ngajak
Nikmatulloh ka éta tempat,
kacida kagetna, lantaran
Niam téh nyorangan. Di-
tanykeun, cenah, can da-
tang. Teg wéh, tangtu salah
asup ka kamar. Leuh, mun
enya kitu, tangtu bakal uru-
ara. Keur bingung kitu,
torojol utusan adi holipah
datang. Rurusuhan naker,
sarta ngajak Niam harita
kénéh manggihan dunung-
anana. Teu lila ge datang ka
nu neang, kawantu teu jauh,
ukur sababara lengkah ti
tempat Niam. Sadatangna
ka ka éta tempat, langsung
paamprok teuteuep jeung
salakina.
“Enya ieu téh slaki an-
jeun?”
“Leres pisan.”
Adi holipah cacarita.
Cenah, éta lalaki téh salah
asup kamar, kalah ka kamar
manéhna. Niam gé teu
kaget da geus apal ti nini
pangasuhna. Ngan, nu
matak hariwang téh,
kumaha mun jadi uru-ara.
Boa-boa nasib salakina téh
mungkas lalakon hirup dina
tihang gantungan.
“Sadaya-daya,” ceuk
Niam bari merebeykeun
cipanon.
“Ih, teu kudu hariwang.
Kula nagrti kana kaayaan
aranjeun. Keun wé, urusan
saterusna mah kumaha
kula,” ceuk adi holipah.
“Aduh, hatur nuhun,
Enden Putri,” ceuk Niam.
Sanggeus ngadéngé cari-
taan adi holipah kitu, Niam
ngrasa reugreug. Kakara
wéh, manéhna nyampeur-
keun salakina. ***
(Hanca)
31. Manglé 2471
M
émang Éha nu boga lalakon
dina carita yasana Mohamad
Ambri (1832-1936) téh. Endén
Saléha cenah saenyana mah, putra jura-
gan Kalipah Kota di Cianjur, nu tunggara
manah alatan teu laksana ngarangkep ka
Mas Mahmud, beubeureuhna. Orokaya
geus aya nu mesék perkara nu éta mah
boh ku nu ngulik sastra boh ku nu ngoték-
tak filsafat.
Ku kituna nu deuk dipikiran ku soran-
gan mah lain Éha. Ongkoh da ari nanasi-
ban jalma mah, kayaning rudetna hu
bungan ti antara awéwé jeung lalaki atawa
pajurawetna hubungan antara kolot jeung
anak, kapan kitu kénéh kitu kénéh. Nu
ngabédakeunna mah, cék pangrasa, an-
tarana kaayaan masarakatna, nu jadi
kasang carita, pakalangan sing sakur nu
boga lalakon. Demi nyawang kahirupan
masarakat antarana bisa ku cara niténan
légégna jalma-jalma nu aya di dinya. Mun
kecap légég kurang keuna, nya sebut baé
cara hirupna. Tina jagat kahirupan Éha,
upama dikoréhan simbolna nu poko,
katémbong tilu rupa barang: karéta
mesin, surat, jeung potrét. Éta barang anu
tilu téh némbongkeun kamonésan mo-
dérenitas dina widang transportasi, ko-
munikasi, jeung dokuméntasi. Kabéh
museur di kota.
Ana dipikiran bet tétéla yén éta ka-
monésan modérenitas téh milu nang-
tukeun pangalaman jalma-jalma nu
didongéngkeun dina roman Lain Éta. Pa-
ling copélna, mun éta barang anu tilu téa
dileungitkeun tina éta roman, jalanna
carita tinangtu kaganggu. Minangka ba-
bandinganna mah, lalakon Roméo jeung
Juliét, cara nu kungsi disabit-sabit ku Is-
abelAllende,pastirobahkabina-binamun
seug kana éta carita diasupkeun barang
mangrupa télépon sélulér nu tanwandé
bisa dipaké ngirim talatah (text message)
ti Dén Roméo ka Endén Juliét.
Karéta Mesin
Karéta mesin téh karéta angin téa. Is-
tilah béh ditu éta téh. Ayeuna mah prahna
sepéda baé. Duka kumaha sarsilahna. Ari
Walandana mah mun teu rijwiel nya
tangtu fiets. Ari kangaranan karéta, cék
dina kamusna, taya lian ti tutumpakan nu
maké padati alias roda. Sorana méh-
méhan sarimbag jeung nu nyampak dina
basa Inggris, nya éta cart nu dibacana
“ka:rt”.
Nu sidik, istilah “karéta mesin” mé-
mang luyu jeung pasipatanana, nya éta
karéta nu dijalankeunana maké mesin,
lain maké kuda, munding, atawa sapi.
Unak-anik mesinna tina beusi atawa sa-
bangsana. Aya ranté, pedal, setang, jeung
sajabana nu silih sambung ngahiji dina
jirim tutumpakan téa.
Hanjakal, karéta mesin Ambri teu pati
écés. Teu sidik naha Fongers atawa
Gazelle nu ditumpakan ku Mas Mahmud
jeung Dén Bahrum basa pelesiran ider
kota Cianjur téh. Teu cara dina bab
ududeun, kapan écés pisan nu ngarang
nataan “sigarét Mac Gillavry” jeung
“sigarét cap Onta” (roko Camel, tayohna).
Duka mun harita balaréa teu ngarasa
perlu niténan mérek sepéda onaman. Da
geuningarilebahngagambarkeunparipo-
lah nu maké sepéda mah telik ogé. Con-
tona: “Séla karéta mesin ditilaman ku
saputangan bodas, bisi kotor kana lanci-
ngan...” Kilang kitu, peran karéta mesin
pohara pentingna dina nangtukeun plot
carita. Kapan mimiti tepungna Néng Éha
jeung Mas Mahmud téh basa nu dise-
butkeun pandeuri keur sesepédahan.
Mana komo basa Mahmud ngiriningkeun
bél sepédana bari naros ka Éha di jalan
mah, beuki pohara pentingna éta sa-
kadang sepéda téh. Nya adegan éta pisan
nu muka pasualan ti landeuhna tepi ka
tonggohna terus turun deui tepi ka
tamatna.
“... Sidik nu sok dilamun téa, seblak
manahna, béh jinisna katingali deui keur
asup ka toko, katingali keur tunggang
karéta mesin...,” kitu antarana nu aya dina
panyileukan Néng Éha.
Karéta mesin deui baé nu pohara
pentingna téh nalika carita geus tepi ka
méh-méhan ngalandeuh deui. Mun seug
ban karéta mesinna henteu kempés mah
pamohalan Dén Kosim peuting-peuting
tepung jeung Éha di jalan tepi ka Éha nu
keurkalelebankuMasMahmudturming-
gat ti salakina téh sasat meunang pa-
nyumputan sok sanajan bari jeung kudu
ngalaman hirup sagebrug jeung Dén
Kosim.
“Alus indit-inditan ieu. Teu nyana rék
boga papanggihan. Boro ambek tadi,
karéta mesin kempés banna. Sihoréng rék
papanggih jeung nu lenjang,” kitu nu aya
dina jero pikir Dén Kosim basa mimiti
tepung jeung Néng Éha peuting-peuting
téa.Cindekna, karéta mesin milu nandaan
bagian-bagian penting tina plot carita,
utamana bagian patepungna Néng Éha
jeung Mas Mahmud di awal carita jeung
patepungna Néng Éha jeung Dén Kosim
dina tengah-tengah carita.
Surat
Cara sepéda, surat gé pohara pen-
tingna. Malah mah salah sahiji tokoh
penting dina ieu roman, nya éta Dén
Bahrum téa, kapan digawé di kantor pos
pisan, nya éta lembaga nu ngurus unak-
anikna surat persuratan.
Nya surat nu jadi rawayan pikeun
nepikeun gerentes haténa Mahmud ka
Éha najan eusina beunang ngéngkénkeun
gé.Surattéhdigurit,diasupkeunkanaam-
plok, dirapet, diadrésan, diparangkoan,
sup kana koropak pos, dipihapékeun ka
panglayar. Saterusna mah Mahmud jeung
Éha remen silih suratan langsung baé, teu
Karéta Mesin, Surat,
jeung Potrét
Ku Hawé Setiawan
30
MMimbar Atikan