SlideShare a Scribd company logo
1 of 57
Download to read offline
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-
marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM
Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S, Ade.
N
gawawarkeun paniatan hayang boga kahadéan
keur balaréa....cenah! Naha maké kudu di-
wawarkeun? Apan batur acan wawuheun ka uing!
Can wanoh kana dedeg pangadeg, can apal kana kaahlian
uing, can apal kana paniatan uing. Katingal babalapanana,
paalus-alus pasang peta, pahadé-hadé nyieun uar panga-
jak, jeung pagedé-gedé pangbibita. Ari kituna mah kaharti,
apan nu kampanyeu téh lain saurang dua urang, puluhan
malah ratusan pada-pada hayang kapilih ku balaréa, palay
jeneng andegléng dina korsi goyang di gedong sigrong di
Senayan.
Kajurung ku ngagedurna karep hayang “nyait nasib
ngangkat darajat” dulur salembur baraya sanagara, atuh
dina prakna kampanyeu téh loba pisan anu poho kana
tatakrama, jiga sakarep ingsun , teu nolih wanci teu maliré
lahan. Pan aya nu geus derengdeng miheulaan batur
saméméh piriwit ditiup ku KPU jeung Pnwaslu. Nu mi-
dang dina koran jeung majalah, nambahan pangasilan ka
pamedalna. Nu narangkod baé dina tangkal kai jeung ti-
hang listrik sapanjang jalan téh teu maliré kana larangan
pamaréntah kota “ atribut kampanyeu ulah ngarurujit
kaéndahan kota”.
Ari pokpokanana, jangjina ésatu aramis pisan. Jigana
teu kaémut naha éta jangji téh geus diijir bakal bisa
kacumponan? Jeung éta raray anu nyarengan jangji nu
ngajeblag téh geuning raray anu tos dipiwanoh da
seuseueurna nu karampanyeu ayeuna téh anu tos lami je-
neng di Senayan. Ari kitu iraha atuh rék ngagéhan ka nu
anyar anu bener-bener hayang babakti ka nangri, bébéla
kana nasib balaréa. Jigana mah teu jadi soa bisa nedunan
jangji mah, nu penting ayeuna mah uing bisa meunang
sora panglobana. Lamun perlu, iwal anu tingjareblag dina
papan reklameu atawa dina tatangkalan nu ngahieuman
deudeuleuan téh teu kurang-kurang anu geus sasadiaan
amplop jeung sembako keur serangan pajar, cenah!
Ari kituna mah unggal usum gé urang teu bisa nying-
kahan ieu kaumuman téh da geus dirageuman ku urang
saréréa yén nya ku cara kieu urang bisa wanoh ka calon
pamingpin bangsa anu dipiharep bisa nyait nasib
ngangkat darajat bangsa téh. Muga baé kabiruyungan.***
Kampanyeu... kampanyeu... kampanyeu!
LLawangSakéténg
IMPLIK - IMPLIK
Pamor Karinding
Geus Mimiti Turun
......................................................... 10
NYUSUR GALUR
Prasasti Batutulis Bogor
Saperti Nu Dipedar
ku Saléh Danasasmita ..................... 12
LAPORAN
Kang Uu
Sunda Lain Ukur Ngigelan, Tapi
Ngigelkeun Jaman .......................... 24
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Aweuhan ........................................... 41
Gedong Sate ...................................... 42
Katumbiri .......................................... 44
Bale Bandung .................................... 50
Mangle Rumaja .................................. 51
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
5
PROFIL
Agus Gumiwang Kartasasmita;
Nguatan Gerakan Milih Pamingpin Sunda
Potret:Reisyan
Bada isya, Oyoy leumpang sorangan
muru lembur Pos Jaga OKD Karang
Anyar nu geus narungguan manéhna.
Haténa karasaeun harampang jeung
bungangang. Mun téa mah manéhna
bisa numpes gorombolan nu rék ngaran-
jah lembur Karang Anyar, mana teuing
bakal panjang caritana. Moal boa éta
béja bakal nepi ka Lilis. Aya harepan
Lilis bakal daékeun ngarangkep....
Tanjakan Panawuran
JAGAT WANGWANGAN
( 17 - 40 )
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
3Manglé 2469
KKacaTilu
Tuan Kawasa
S
alila tilu minggu, ti mimiti tang-
gal 15 Maret, sakumna bangsa
Indonésia bisa nyaksian kampa-
nye di mana-mana. Para pamingpin,
anu sapopoéna andegléng di kantor
anu diamparan karpét jeung tara
pareum tina AC, ayeuna mah turun
unggah panggung nepi ka kampung-
kampung. Di mana-mana maranéhna
awong-awongan pidato, bisa jadi eusi-
na mah kitu kénéh kitu kénéh, bari
jeung teu mustahil sabenerna mah
maranéhna gé teu ngarti kana eusi
pidatona.
Tapi da mémang ayeuna waktuna.
Cenah, kitu soténan ceuk maranéhna
sorangan. Dina salila lima taun téh
ngan tilu minggu lilana pahareup-
hareup langsung jeung rayat mah.
Bari jeung sakolépat-sakolépat da
jadwalna ngahaja disina padet. Isuk-
isuk pidato di hiji tempat, beurangna
pindah ka tempat séjén, soréna nya
kitu deui.
Naon hasilna tina nepungan rayat
dina waktu nu sakitu samporétna?
Bisa jadi tujuanana ogé lain ka dinya.
Lain arék ngadéngé kana paménta
atawa kahayang rayat tapi sabalikna,
hayang ngabéjaan kahayangna sora-
ngan tur miharep ku rayatna bakal
digugu. Naon salahna? ceuk
maranéhna, lantaran kakawasaan
keur aya dina cekelanana.
Nu diparebutkeun dina jero tilu
minggu téh teu kurang teu leuwih iwal
ti kakawasaan. Waktuna sagala rupa
tohtohan, lantaran lamun pareng bisa
nyekel kakawasaan éta téh pikeun
lima taun lilana. Keun baé capé jeung
kurang saré salila tilu minggu gé lan-
taran engkéna bakal bisa senang-
senang, hirup monyah-monyah bari
saré tibra lima taun lilana.
Kungsi populér pisan nu
ngaranna Tuan Kawasa. Jaman ba-
heula, ceuk dina caritana mah.
Jaman Walanda, da anu jaradi tuan-
na ogé nya maranéhna. Kangaranan
nu ngajajah nya tangtu wé sagala
rupa sangeunahna. Sagala rupa
kumaha manéhna. Teu kudu kahala-
ngan pédah teu adil, teu kudu
hamham pédah hawek jeung koko-
moan. Manéh anu kudu bobolokot
késangna, kuring anu senang-
senangna. Éta téh cirina anu bisa
kumawula. Mémang kitu kuduna
lantaran kuring Tuan Kawasa.
Kakawasaan Walanda geus burak
salila-lila, tapi ari Tuan Kawasana
mah henteu milu baralik ka nagarana.
Ngan semet ganti kulit, ganti beu-
ngeut, tabéatna mah teu pati jauh
bédana. Saha anu bisa netepkeun
sawah anu subur kudu ganti jadi
lahan industri? Tuan Kawasa. Saha
anu ngidinan pasir beusi diunjalan ku
jalma anu ceuk urang dinyana mah
saha boa? Tuan Kawasa. Saha anu
bisa netepkeun leuweung geledegan
dikapling-kapling pikeun ditaluaran
kaina? Tuan Kawasa. Saha anu ngidi-
nan cai nyusu anu tadina bisa diinum
ku saha bae sina robah jadi air mine-
ral anu dijualan ka unggal jalma?
Tuan Kawasa.
Dina jaman Romawi, minangka
panghargaan ka tentara anu gedé
jasana, tanah rampasan téh diduum-
keun sina jadi garapan masing-ma-
sing. Sanggeus pangsiun para jendral
téh bisa hirup medah-meduh. Tapi
lain di Romawi kajadianana lamun
aya jendral pulisi anu boga tanah lega
di mana-mana. Turta éta tanah téh
lain minangka pamulang kana jasana.
Démokrasi, anu keur dikeureu-
yeuh ku urang, mindeng pisan ti-
tatarajongna. Kakawasaan anu
hakna aya di rayat, mémang
didelegasikeun ka para pamingpin
boh nu aya di pamaréntahan boh nu
aya di législatif. Tapi naon
agulkeuneunana pemilu anu di-
sebut jujur jeung adil lamun hasilna
ngan semet unggal taun nyadiakeun
raskin.
Tuan Kawasa anu harita ngunjalan
sagala rupa ti urang ka nagarana,
jumlahna beuki dieu asa beuki loba.
Geus puguheun anu baroga modalna,
dalah anu jaradi calona di dieu gé
sarua ngarasa jadi Tuan Kawasa.
Ngan wandana anu robah téh da
prakprakanana mah kitu-kitu kénéh.
Cenah apan, lamun juragan bupati
harita arék kariaan, ménta sapi ka
unggal wadana hiji séwang. Dina gili-
ranana, unggal wadana ménta sapi ka
unggal camat hiji séwang. Ti camatna,
ménta sapi ka unggal lurah, hiji
séwang. Alesanana mah sarua, jura-
gan bupati badé kagungan maksad.
Bener ceuk nu weruh di semuna,
rék dina jaman karajaan rék dina
jaman républik, lalakon Tuan Kawasa
mah moal leungit-leungit. Komo dina
jamanna démokrasi diwowoy ku anu
baroga modal. AM.
Sim kuring tinggal di
Jakarta, sakali-kali
lamun sok aya liburan
poe Saptu jalan-jalan ka
Bandung. Tapi lamun ka
Bandung teh paling ka
daerah Bandung Kaler
anu rame ku jualan "fac-
tory outlet" , jarang maen
ka daerah kulon, wetan
atawa kidul mah.
Sakali waktu kuring
jalan ka puseur kota Ban-
dung nyaeta ka sakitar
alun-alun, jaman baheula
mah anu namina puser
kota teh nyaeta alun-alun
jeung aya masjid di hare-
upna.
Tah ieu aya hubun-
ganana jeung judul nu
diluhur, tapi maksudna
heurin di dieu lain heurin
ku tangtung (bangunan)
tapi ku PKL nyaeta pada-
gang kaki lima.
Kamana atuh Wa-
likota Bandung teh?,
naha teu ningali kaayaan
di kotana? padahal studi
bandingna mah geus ka
mancanagara tapi hasilna
can katingali.
Ulah jauh-jauh cobi
tingali kota Surabaya
atawa kota Solo bisa
ngatur PKL anu minuhan
trotoar, naha Bandung
heunteu bisa ngabere-
sihkeun PKL? padahal
baheula mah Bandung
teh kasohor kota "Paris
Van Java". Jakarta aye-
una geus ngawitan mere-
san PKL di daerah Tanah
Abang.
Baheula mah jalan
Dago, Cipaganti, Ciham-
pelas jeung jalan Riau teh
mangrupa hunian elit,
masih aya keneh wangu-
nan-wangunan paning-
galan urang Walanda. Ari
ayeuna campur baur
jeung nu jualan rupi-rupi.
Coba dingawitan ti
sakitar alun-alun heula
ngabersihkeun PKL teh
utamina di trotoar jeung
di alun-alun di sakitar
mesjid Agung, tem-
patkeun sementawis di
daerah Tegalega. Sat-
erasna eta angkot ulah
muter di alun alun.
Cukup we nepi ka Kebon
Kalapa jeung jalan Oto
Iskandardinata.
Hatur nuhun, mugi
kaaos ku juragan-juragan
panggede di Bandung.
Jakarta
Rachmat Budiman
Sudjanabrata
Milih Pamingpin
Bébasna nangtukeun
pilihan, salah sahiji
wujud kabébasan warga
nagara. Dina sual nang-
tukeun putusan, moal aya
nu bisa ngahalang-ha-
lang. Ceuk kekecapan
Kahlil Gibran mah, “An-
jeun bisa nalikung le-
ungeun kuring,
ngabakutet suku kuring,
malah ngalungkeun awak
kuring ka panjara, tapi
anjeun moal bisa ngaha-
lang-halang pikiran kur-
ing.”
Pilihan bébas ogé bisa
dilarapkeun dina wak-
tuna milih pamingpin.
Masing-masing pihak,
bisa ngalaksanakeun
léngkah-léngkah jeung
mutuskeun luyu jeung
hak masing-masing.
Upama kandidat boga
hak ngébréhkeun ka-
mampuhanana, nu rék
milih gé boga hak nguji
jeung nimbang-nim-
bangna. Di dinya mah,
bisa batu-turun keusik
naék, nepi ka masing-
masing ngahotal karepna,
najan teu bisa sugema
sagemblengna kana pili-
han jeung putusanana.
Margi kitu, sawadina
saméméhna milih teh
kedah datangna tina rasa
jeung pikiran nu panjang.
Tina rasa, henteu cukup
ku resep, tapi wanoh
kana program-program.
Panjang, hartina aya im-
plengan pikahareupeun
nu leuwih hadé.
Sakitu waé serat ti
pribados. Ngahaturkeun
rewu nuhun ka Ais
Pangampih Manglé.
Wassalamu’alaikum
Jumhana
Bandung
Manglé 24694
KKoropak
Majalah Manglé
Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan
PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.
Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé
Jalan Lodaya No. 19 Bandung.
Telepon 022-7303438,
Hp. (Tuti) 0857 21307232
1.Tatarucingan
Rp. 15.000,-
2.Kabungbuleungan
Rp. 40.000,-
3.Cahaya Gumawang
dina Ati
Rp. 20.000,-
Bandung Heurin
ku Tangtung
5Manglé 2469
PProfil
Agus Gumiwang Kartasasmita;
Nguatan Gerakan Milih Pamingpin Sunda
A
ngen-angenna ancrub ka
dunya pulitik, écés
patékadanana, babakti ka
lemah cai. Ku lantaran kitu, waktu
Agus Gumiwang Kartasasmita
(AGK) kapeto jadi anggota Dewan
Perwakilan Rakyat (DPR RI), 1997
-1999, inyana ngecagkeun pancén
gawé séjénna, demi museurkeun
perhatian kana tugasna, jadi
anggota DPR RI.
Harita umur AGK téh kakara 28
taun. Jadi wawakil rahayat gé, kaa-
sup kana ‘golongan’ lima urang nu
panggorana mangsa harita téh. “Asa
teu percaya waktu harita dilantik
jadi anggota DPR RI téh,” pokna
nyoréang mangsa ka tukang.
Upama inyana kapeto jadi
anggota déwan, mémang teu ujug-
ujug. Da, dimitembeyanana gé ti
anggalna kénéh. Asupna kana
dunya pulitik, jadi pangurus Golkar
lantaran asak pangalamanana dina
rupa-rupa organisasi kapamudaan
jeung kamasarakatan. Atuh, mere-
nah, upama inyana téh pada
ngahiap-hiap, diajakan ngagabung
ka Golkar. Salah sahiji bekel
ancrubna kana dunya pulitik, di
antarana, lantaran AGK téh kungsi
jadi ketua umum AMPI.
Jadi pulitisi nu ngantor di
Senayan, méméh Reformasi mah
ukur dua taun (1997 – 1999).
Saterusna, lir ayak-ayak beas,! Ngan
nu bener-bener hadé ajénna jeung
weweg pangalaman nu saterusna
ajeg makalangan mah. Apan, satu-
tas Reformasi, babak pilihan umum
gé leuwih bruk-brak, nu kapilih
téh nu bener-bener me-
unang dukungan
masarakat. AGK
ngabuktikeun dirina,
mampuh ngayonan
parobahan jaman.
Modal jeung
Pangalaman
Agus Gumiwang
Kartasasmita, teu-
reuh Sunda. Lahirna
taun 1969 di Jakarta,
lantaran ramana Gi-
nanjar Kartasamita
mancén gawé di
peuseur nagara, nya lir
ceuk paribasa, teng
manuk teng anak merak kukun-
cungan. Teureuh ‘katokohan’
kolotna gé, nétés ka di-
rina. Kitu téh, lan-
taran AGK
diwanohkeun kana
pulitik jeung uru-
san-urusan kana-
garaan ti bubudak.
Inyana remen
dibawa nepungan
paratokoh nasio-
nal di saban tem-
pat. Ku cara kitu,
Agus boga kalude-
ung campur gaul
jeung rupa-rupa
jalma, kaasup jeung
nu saluhureun.
Upama aya pari-
basa pangalaman
téh guru anu
Ancrub kana dunya pulitik, lir lauk jeung caina.
Kitu Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK) mah.
Ngan, naon wae ketak jeung lalampahanana salila makalangan di dunya pulitik?
AGK medar pangalamanana.
***
Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK)
Nyumangetan milih pamngpin Sunda
utama, ku AGK mah éta kekecapan
téh karasa pisan. Malah, nya tina
pangalaman téa, dirina ngarasa
boga kamampuhan ngalaksanakeun
pancén gawé sarta boga ‘jurus’ geu-
san ngungkulan rupa-rupa pasu-
alan. “Sim kuring yakin, pulitik téh
raket tumalina sareng pangalaman.
Upama urang rajin ngimeutan
rupa-rupa pasualan sarta gaduh
bakat, sagala rupi bangbaluh tiasa
diungkulan,” pokna gedé haté.
Kayakinanan kitu ogé, medal
tina pangaruh sepuhna. Ramana,
teu weléh ngingetan, hayang ngarti
kana pulitik bisa diajar tina lingku-
ngan, pangalaman, jeung kawijakan
(wosdom). “Ngan, tangtos kedah
ngagaduhan élmu pangaweruh
sanésna sangkan ancrubna kana
pulitik téh puguh kaahlian nu
diandelkeunana,” pokna.
Sual kamampuhan nu ku AGK
disebut ‘andelkeuneun’, keur dirina
mah mémang jinek. Ancruba jadi
wawakil rahayat téh apan kudu di-
dadasaran ku kamampuhan anu
jinek. Da, inyana gé sadar pisan, jadi
wawakil rahayat nu ngantor di
Senayan mah, kudu ‘masagi’. Lian ti
boga wawasan nu tumali jeung puli-
tik boh daérah, nasional, ogé inter-
nasional, ogé boga bekel élmu
pangaweruh nu dipikabutuh ku
bangsa katut nagara. Cindekna,
kudu boga élmu nu cukup keur
ngemban tugasna.
Jauh saméméh ancrub kana
dunya pulitik, inyana gé geus
nyusun tatapakan karirna. Tangtu
wé, lian ti atikan kulawarga, boh nu
tumali jeung agama, ogé sakola
saluhur-luhurna. Keur budak, najan
tara ngaji ka madrosah, tapi angger
wé ngaji mah kudu. Malah, kula-
wargana gé ngadatangkeun guru
ngaji sangkan Agus sadulur-dulur
bisa ngaji jeung paham kana agama.
Ari sakolana, satutas tamat
SMP téh diteruskeun di nagri deu-
ngeun. Sakolana di Amerika. Kituna
téh, tanjrih nepi ka kuliah. Sabada
tamat SMA di Amerika, neruskeun
deui nyuprih élmu di Pasific Wes-
Manglé 24696
PProfil
tern University Bachelor of Science
Commercial and Industrial Econo-
mic, California, Amerika Serikat.
Dumuk di nagri deungeun, sarta
biasa ngalanglang mancanagara,
teu poho ka bali geusan ngajadi.
Malah, kanyaahna ka bangsa sora-
ngan téh beuki nambahan. Da mun
kaparengan sasabaan ka nagri nu
leuwih maju, apan sok timbul rasa
hayang ngamajukeun lemah cai
sangkan kawas nagri deungeun nu
maraju. Atuh, patékadan sakola di
luar nagri gé, demi lemah cai.
Saterusna, najan di nagri deu-
ngeun, remen pisan ngawangkong
jeung para nonoman dulur sa-
bangsa nu keur sarakola di
Amerika. Jejer obrolan, taya lian ti
nyaritakeun kaayaan nagri sora-
ngan kalayan upaya ngamajukeun-
ana.
Réngsé tolab elmu, mulang ka
lemah cai. Prak deui wé aktip dina
rupa-rupa organisasi, ti tingkat
pusat. Ku cara kitu, rasa nyaah ka
balaréa téh tumuwuh leuwih kuat.
Matak, najan loba piliheun profesi
lantaran boga élmu ti luar nagri,
inyana milih leuwih deukeut jeung
masarakat.
Pilihan pulitik AGK lana
manjangkeun lalakon. Dina pilihan
umum mungaran pasca reformasi,
AGK makalangan. Mancén tugas ti
Partey Golkar, jadi wawakil rahayat
ti Jabar 2, ngawakilan Kabupaten
Bandung jeung Kabupaten Bandung
Barat (KBB). Harita, (1999 -2004)
AGK kapilih, miang ka Senayan.
Ancrubna deui jadi caleg, AGK
boga tujuan jinek. Sangkan leuwih
loba deui urang Sunda nu jadi
anggota DPR RI. Da, upama loba
urang Sunda nu jadi wawakil raha-
yat di puseur nagara, bakal jadi
cukang lantaran lobana pamingpin
Sunda dina rupa-rupa widang. Ku
lantaran kitu, AGK ngupayakeun
pisan sangkan gerakan milih
pamingpin Sunda walatra di saban
tempat.
Luyu jeung kamampuhan ogé
kasang tukang atikanana, AGK
7Manglé 2469
Silaturahmi jeung masarakat
Kab. Bandung, & Kab. Bandung Barat
mancén tugas di Komisi I, nu
ngawengku politik luar negeri, per-
tahanan, militer, intelejen, jeung
penyiaran. Nilik kana pancén
gawéna kawas kitu, hartina AGK teh
jadi ‘jagabaya’ nu ngariksa kadaula-
tan nagara.
Dina miara kaamanan nagara,
AGK gé kudu mastikeun, nagri
urang kuat sagala rupana. Atuh,
anggaran nagara keur meulian
senjata ogé alat-alat pertahanan
séjénna, taya lian ti keur ngariksa
nagara, sangkan aman tina sagala
rupa pangrobéda deungeun.
Tumali jeung kaamanan di jero
nagara, kitu deui, AGK gé engeuh
kacida kana kaamanan masarakat
sakumna téh. Di Komisi I, Agus,
dipercaya jadi Ketua Panitia Kerja
(Panja) RUU Intelejen. Eta undang-
undang téh penting pisan keur
kaamanan jeung kalanggengan na-
gara mah. Pihak intelejen, ceuk
Agus, sawadina mampuh
‘nganyahoankeun’ sagala rupa nu
bisa jadi gangguan kana kaamanan
nagara. Mun éta kaamanan tumali
jeung terorisme, saterusna bagian
Densus 88 nu ngungkulanana.
Dina pilihan umum keur mangsa
bakti 2004-2009, Agus ‘istirahat’
heula. Inyana leuwih museurkeun
pipikiranana nataharkeun jeung
mekelan dirina ku rupa-rupa élmu,
saperti kuliah S-2 di Administrasi
Publik Fisip Universitas Pasundan
(Unpas). Atuh, adu-manis élmu ti
luar nagri jeung élmu pamarénta-
han di urang téh, keur Agus mah,
jadi bekel makalanganana dina
waku-waktu saterusna. Atuh, basa
pilihan umum keur mangsa bakti
2009-2014 AGK tarung deui di
Dapil Jabar II. Pancenna nya saperti
nu tiheula wé, di Komisi I kénéh.
Dina tengah-tengah kari-
weuhanana, karepna tolab élmu
mah teu kungsi sirna. AGK gé
saterusna, keur kuliah di S-3 Fisip
Universitas Padjadajaran (Unpad).
Sabada makalangan lir heulang
nu kakalayangan di awang-awang,
Agus Gumiwang Kartasasmita, teu
poho ka pamiangan. Tatar Sunda
lembur karuhun, jadi kaagulan.
Matak, waktu parteyna nugaskeun
deui jadi wawakil rahayat, AGK gé
milih Dapil Jabar II deui baé. Keur
dirina, najan aber-aberan ka mana-
mana, mancén gawé di puseur na-
gara, nyuprih élmu di nagri
duengeun, tetep pakarepanana mah
keur kamaslahatan balaréa,
kapentingan bangsa jeung nagara.
Ngajurung Ludeung
Ketak Agus makalangan di
tingkat nasional, malah ngaman-
canagara, jadi tuturus nonoman
sapandeurieunana. Kaludeung, ka-
mampuhan, jeung kawanina
makalangan di peuseur nagara, keur
dulur sasélérna gé, jadi kareueus.
AGK lir tuturus nu nuduhkeun yen
ku karep jeung kahayang, bari jeung
patékadanana keur kamaslahatan
balaréa, tinangtu baris laksana
pakarepan. Angen-angen Agus dina
ngamajukeun nagara, kasaksén ku
balaréa!
Di tengah-tengah sora hariwang,
kurangna urang Sunda nu boga
karep ancrub kan dunya pulitik,
nilik kana karep AGK mah, bisa
kaubaran. Makalanganana di
puseur nagara, jadi Anggota DPR
RI, salah sahiji bukti kamampuhan
urang Sunda di tingkat nasional.
Ngan, pasipatanana jeung
kabasajanana mah angger, saperti
pasipatan urang lembur umumna
Agus nu keur leutik biasa ulin jeung
apal kana kasti, apal kana galah
asin, pasipatanana gé resep gaul
jeung rupa-rupa golongan jalma.
Atuh karesepna nepi ka ayeuna,
éstu basajan, resep gapléh, saperti
kaulinan ‘kolot-kolot’ di palembu-
ran bari ngawangkong ngeusia
waktu luang.
Jadi wawakil rahayat, AGK
satékah polah ngarasakeun kereteg
haté masarakat. Datangna ka
masarakat gé lain ukur waktuna
reses, tapi biasa saban inyana boga
waktu luang. “Mung kumargi amba-
han dapil teh lega, tangtos wé teu
sadayana kauber,” pokna.
Mun ngadéngé di dapilna aya
pasualan nu perelu ku bantuan,
AGK gé jeung sabalad-balad gé
moal burung ngurunyung. Atuh,
mun teu bisa langsung datang, bisa
waé ngajurungan nu séjén. Nu pen-
ting mah, natratkeun kadeudeuh ka
masarakat nu nitipkeun aspirasi ka
dirina.
Ku cara kitu, ka mana waé AGK
nyaba, teu weléh meunang
pangabagéa ti balaréa. Ieu wawakil
rahayat téh teu weléh pada ngahiap-
hiap, lantaran datangna ka
masarakat téh lain ukur dina waktu-
na kompanye wungkul.
Dina milih pamingpin,
masarakat gé geus palinter. Apal
kana jengléngan pamingpin nu di-
angen-angen ku urang Jawa Barat.
Da, masarakat tatar Sunda mah,
mun milih ogé boga ukuran anu
jinek, saperti nyantri, nyakola,
nyunda jeung nyantika.
Pangbagéa masarakat ka AGK
walatra di saban tempat. Hasil
survey Social Weather Indonesia
(SWI), sawatara waktu ka tukang,
ngeunaan caleg nu kira-kira bakal
kapilih, nempatkeun Agus Guwi-
wang, incumbent nu masih kénéh
meunang kapercayaan ti
masarakt dina pilihan umum
2014. Hartina, ceuk ‘responden’
Agus Gumiwang Kartasasmita
merenah kénéh jadi wawakil ra-
hayat keur mangsa bakti 2014-
2019.
Keur AGK, pangabgéa ti
masarakat, jadi ‘tangtangan’. Da,
cenah, karepna jadi wawakil rahat
gé, taya lian ti jadi hayang jadi
panumbu catur angen-angen
masarakat nu ditepikeun ka pihak
pamaréntah. “Wawakil rahayat
kedah mampuh jadi cukang lan-
taran karaharjaan masarakatna,”
pokna pinuh ku pangharepan.
***
Manglé 24698
PProfil
9Manglé 2469
S
ababaraha taun ka tukang, aya
sababaraha seniman anu
ngawanohkeun deui alat musik
karinding ka masarakat. Sorana nu
has ngalantarankeun réa anu kataji
ku éta alat musik tina awi anu basa-
jan. Grup musik karinding
tingpecenghul di ditu di dieu. Malah
di Kabupatén Bandung kungsi di-
gelar pintonan karinding pikeun di-
catet dina rékor MURI.
“Demam” karinding lain saukur
ngalantarankeun réa urang Sunda—
ti budak satepak nepi ka jalma
déwasa—nu diajar nyadakeun
karinding, tapi ogé réa deuih anu
nyieunan éta alat musik nu cenah ba-
heula mah sok dipaké nyieuhkeun
hama di kebon atawa di
sawah/huma. Salasaurang pangrajin
nu nyieunan karinding nyaéta Asep
Somantri, warga Kampung Pintu Loji
Désa Banjaran, Kacamatan Ban-
jaran, Kabupatén Bandung. Ceuk
katerangan ti Asep, kiwari pamor
karinding geus mimiti turun. Éta hal
dumasar kana kanyataan yén kiwari
geus jarang jalma anu meuli karin-
ding ka manéhna. Grup musik
karinding anu dikokolakeun ku
manéhna ogé geus tara latihan jeung
manggung deui.
“Tos aya kana lima sasihna jarang
aya nu mésé karinding kadieu. Pada-
hal setok karinding di abdi masih
kénéh seueur,” pokna, waktu
ditepungan ku Manglé ka padumu-
kanana, sababaraha waktu nu kali-
wat.
Asep ogé nétélakeun, waktu keur
ramé-raména karinding rata-rata
dina sapoé manéhna bisa ngajual
lima karinding. Nu meulina réréana
barudak sakola. Malah Asep gé sok
dititah ngajar di sakola nu hayang
ngayakeun ékstrakurikulér karinding
jeung celempungan. Biasana
manéhna ngajar di éta sakola salila
dua bulan.
“Rupina ayeuna mah tos barose-
neun kana karinding téh. Batur-
batur abdi nu biasa ngagugulung
karinding sareng celempung, ayeuna
tos ngaralih kana kagiatan sanés,”
ceuk Asep, rumahuh.
Sok sanajan batur-baturna geus
tara “nyagap” karinding, Asep mah
masih kénéh satia ngamumulé
karinding jeung alat musik Sunda
buhun lianna nu dijieun tina awi
Manglé 246910
IImplik-implik
PamorKarindingGeusMimitiTurun
Karinding, alat musik nu basajan tur sorana has (nét)
Karinding leuwih alus dipaénkeun ku leuwih ti tilu urang (nét)
11Manglé 2469
saperti celempung, awi kendang, awi
goong, jeung sajabana.
Asep diajar nyieun karinding
jeung alat musik lianna nu dijieun
tina awi sacara otodidak. Mimiti di-
ajar kira-kira dua taun anu kaliwat.
Husus karinding, diajar nyieunna
méakkeun waktu sabulan sarta diajar
nyadakeunana ogé sabulan. Mi-
nangka répérénsina, manéhna rajin
mukaan internét nu midangkeun
inpormasi ngeunaan karinding. Lian
ti kitu, manéhna ogé nyieun grup
musik karinding nu dingaranan
Jagat Awi. Grup musik Jagat Awi
remen manggung di wilayah Ban-
jaran, malah kungsi ogé maén di UIN
Bandung.
“Ngawitan mah abdi ngadamelan
karinding kanggo dianggo ku nyalira,
tapi ku margi seueur nu hoyongeun
teras wé ngadamelan seueur,” pokna
deui.
Asep ancrub kana dunya seni
karinding jeung alat musik awi
lianna éstu didadasaran ku niat nga-
mumulé seni titinggal karuhun anu
luhung ajénna, sok sanajan manéhna
henteu boga kasang tukang pen-
didikan seni anu formal. Asep mah
ukur lulusan STM (sekolah Tekhnik
Menengah) sarta kiwari digawé di
PLN (Perusahaan Listrik Negara)
Banjaran.
Minangka pangrajin jeung seni-
man karinding, Asep miharep
pamor karinding bisa naék deui.
Sarta aktipitas nyieunan jeung maén
karinding di lemburna bisa hirup
deui. Karinding nu dijieun ku Asep
dijual kalawan harga rata-rata dua
puluh lima rébu rupia. Nu meuli
karinding ka Asep ogé bisa pesen
karinding dumasar kana karakter
sorana, lantaran karinding mah
asup kana alat musik nu teu boga
laras.
Nyimpen karinding, ceuk Asep,
hadéna mah ulah sagawah. Karin-
ding kudu diwadahan atawa maké
késing, lamun diteundeun atawa
ditembrakeun di mana baé karinding
bisa miis tur sorana jadi kurang alus.
Sangkan sorana leuwih alus, karin-
ding bisa dibalur ku minyak
muncang. Ku lantaran teu ngalaras,
maén karinding alusna tilu urang
atawa leuwih. Karinding ogé bisa
diadumaniskeun jeung alat musik
séjén, boh alat musik tradisional boh
alat musik modéren.
“Kiwari abdi ukur ngical karin-
ding di bumi, tapi upami aya
distributor atanapi grosir nu butuh
karinding seueur tur pangaosna ka-
hartos, sim kuring sanggem mro-
duksi karinding sacara masal. Abdi
tangtos bakal ngajak rerencangan
kanggo ancrub deui kana ngadame-
lan karinding, margi seueur kénéh
réréncangan anu ngaligeuh teu
gaduh damel,” Asep ngémbo-
han.***dédé
Budak sakola réa anu diajar maén karinding (nét)
Karinding biasa diadumaniskeun jeung celempung (nét)
Manglé 246912
NNyusur Galur
S
itus titinggal sajarah di daérah Batutulis ieu téh
perenahna di sisi jalan Batutulis hareupeun kara-
ton “Hing Puri Bima Sakti” kantor Presidén RI anu
munggaran Ir. Sukarno anu leuwih mashur disebat Bung
Karno. Kaéréh ka Kelurahan Batutulis Kacamatan Kota
Bogor Kidul Kacamatan Bogor.
Kulantaran perenahna sisi jalan aspal nu nepungkeun
kota Bogor jeung setatsion karéta api Batutulis jeung
daérah Cipaku terus ka Rancamaya anu kaayaan lalu-
lintasna padet pisan, jadi situs Batutulis gampang
kadongkangna. Jalan Batutulis nyambung jeung jalan
aspal anu tepung jeung jalan raya Bogor-Sukabumi di
Teluk Pinang kiduleun Ciawi.
Ari legana éta situs nurutkeun kaayaan taun 1981 22
X 1650 méter pasagi , wincikanana 14.50 X 16.50 m2,
situs gigireunana ukuran 7.50 X 16.50 m2.
Nurutkeun hasil pangukuran taun 1975 nu di-
lakukeun ku Departemen Pendidikan dan Kebudayaan
Kodya Bogor lega situs sagemblengna 23X 17 M2,
wincikanana Situs inti 15 X 17 M2 , Situs gigireunana 8 X
17 m2. Parobahana kajadian sabada jalan Batutulis
dilegaan jeung bada ngagésérna wates, basa situs dipugar
ku Dinas Pariwisata. Situs gigir anu perenahna di bagian
kidul dipaké wawangunan permanén tapi basajan. Lahan
di bagian anu aya wawangunan imah ieu dijual ku salah-
saurang kulawarga kuncén situs.
Bari kuncénna sorangan ogé henteu nyahoeun. Nu
meulina téh anu boga imah téa
Perwira pulisi anu imahna mémang ngaréndéng
jeung situs inti beulah wétan. Kusaba pancénna di Irian
Jaya susah ditepunganana.
Pager jeung Cungkup
Pager situs inti tepika kiwri diwangun ku pager beusi
sisi kulonna, ngaréndéng jeung jalan Batutulis, di sisi
kalér jeung wétan pager témbok. Pager beusi jeung tem-
bok ieu diwangun ku Dinas Pariwisata. Wates beulah
kidul mah témbok imah téa.
Saméméh dipugar, sisi kulonna pager kawat. Pager
awi, sisi kalér jeung wétan , dilapis ku tangkal pakujaja.
Tatangkalan anu ayeuna aya, tatangkalan anyar sagigi-
reun jambu aér.
Ari cungkup, nu ayeuna aya saenyana cukup heubeul
meunang ngarombak, ngan digndingna diluhuran, ayeu-
na mah maké jandéla-jandéla kaca. Baheula mah
cungkup téh aya tepasan. Lanténa téhel beureum ukuran
30X30 sentiméter. Tepasna ukuran 5,50 X 4 m2, hateup-
na kenténg , bilikna kai. Tapi ayeuna mah tepasna geus
dipiceun, terasna digeder béh kulon dilempengkeun
jeung panto paranti asup.
Pamugaran sabenerna dumasar kana konsép
pemugaran anu disusun ku Kantor Departemen Pendi-
dikan dan Kebudayaan Kotamadya Bogor (1975) anu
mangsa harita geus disaluyuan ku kepala Direktorat Saja-
rah dan Purbakala. Tapi dina palaksanaana konsép mah
ditinggalkeun, iwal ti dipindahkeunna panto asup anu
tadina ditungtung kidul sisi kulon, kitu gé henteu diteun-
deun dina posisi anu samistina.
Cungkup heubeul ukuran 4,50 X 4 m2. Da tilu sisina,
kulon kalér jeung wétan maké salasar, sarupaning kori-
dor atawa gang rubakna 60 sentimeter, di sisi kulon
jeung wétan, 80 cm di sisi kalér, di sisi kidul wangunan
cungkup nyambung jeung tepas. Ukuran heubeul ieu téh
kudu diperhatikeun sabab masih ngadeukeutan anu
aslina.
Barang Titinggalna
Gambar 1.
Dilukiskeun dénah posisi batu-batu paninggalan
nurutkeun kaayaan ayeuna. Batu-batu anu ditandaan (E)
batu pindahan tina posisi séjénna.
Batu (C) pindahan tina pétak A, batu F 3a jeung F3b
pindahan tina pétak III keur nahan cai hujan. Batu tanda
+ (C1b) batu anyar nu muncul lantaran teras anu tadina
nutupan dibongkar. Waktu pamugaran batu-batu anu
tadina pabalatak nyebar ka mana-mana sabudeureun
cungkup, diurugan dina pétak B 2/3 jeung sabagian di-
tambahkeun ka
Gambar 2; dilukiskeun dadampar batu titinggal diti-
ngal ti luhur, mun ditingal ti gigir bisa ditingal gambar.
Di antara sakabéh titinggal ngan hiji batu (D 6a) nu eusi-
na ngan tulisan 9 baris maké aksara jeung basa Suda
kuno. Batu prasasti ieu téh aya di jero cungup jeung batu
séjénna.
Prasasti Batutulis Bogor
Saperti Nu Dipedar ku Saléh Danasasmita
13Manglé 2469
Balukar ayana cungkup nu nutup ieu, kesatuan ideu
anu kajadian dina posisi batu-batu jadi pecah-pecah.
Sacara teu dihaja disababkeun ku tujuan panalitian anu
beurat sabeulah kana batu prasasti. Para panaliti
mopohokeun malah teu paduli kana batu séjénna. Ngan
Rouffaer, terus Ten Dam jeung Amir Sutaarga anu nga-
balitungkeun batu-batu séjénna sagigireun prasasti. Kitu
gé ngan kana batu lingga anu ngajentul gigireun prasasti.
Tanpa prasasti jeung dua batu anu diukir hareupeun
pasasti, éta situs moal béda ti situs-situs megaltik
séjénna. Ngan pedah lokasina baheula di kota puseur pa-
maréntahan, situs saolah-olah mangrupa pamadetan ti
rupa-rupa kombinasi.
Di jerona kapanggih, upamana baé;
- “Stone avenue’’ nu diwangun ku lima menhir.
- Menhir tunggal nu buleud.
- Disolit (kombinasi menhir jeung batu datar atawa
batu pondok.
- Méja batu berundak.
- Petak berbatu jeung dua menhir.
- Pétak pasagi opat anu dijangkungan.
- Bisa jadi kasumputkeun oge kombinasi “teralit”
Éta kabéh luput tina pehatian dina panalitian-panali-
tian saméméhna sabab para panaliti ti mimiti Friederich
(1853) tepika Noorduyn (1959) ngan ngabalitungkeun
aspék sajarah liwat batu prasasti. Dina hal ieu ogé, dua
batu nu diukir nu aya hareupeun batu prasasti teu pere-
nah disigeung ma’na jeung gunana.
Hasil panaltian panungtung nuduhkeun yén batu-
batu titinggal sajarah dina situs ieu paling saeutik saperti
asalna ti dua periodeu anu misah. Batu pasasti jeung tilu
batu cépér anu dua diantarana maké ukiran nu aya
hareupeunana, diperenahkeun di dinya dina waktu béh
dieu. “plus” jeung “minus” kolompok batu prasasti kudu
dibalitungkeun lamun kana analisa situs ieu arék diasup-
keun skala waktu.
Batu Congkrang
Perenahna di sisi jalan Batutulis deukeut simpang
jalan Balé kambang kaléreun Batutulis. Dina tulisan
Pleyte (1911) eta batu ku penduduk masih disebut Kara-
mat Embah Cakra atawa Karamat Prabu Guntur Agung.
Éta batu perenahna hareupeun imah penduduk, dipager
ku batu pikeun wates.
Éta batu pager saenyana titinggal jaman baheula.
Purwakalih
Éta situs perenahna di simpang jalan Batutulis-
Lawang Gintung kiduleun situs Batutulis. Titinggal sa-
jarah nu aya dina situs diwangun ku hiji ménhir pondok,
jeung tilu patung tipeu polinésia. Nu gedé mah euweuh
sirahan. Ieu patung ku warga disebut Embah Purwakalih.
Da patung séjénna leuwih leutik disebut Embah Gelap
Nyawang jeung Embah Kidang Pananjung.
Éta tilu bokoh téh dina naskah Babad Pajajaran di-
sebut panakawan Prabu Siliwangi, pangasuhna Guru
Gantangan, disebut-sebut ogé dina Carita Mundinglaya
di Kusumah.
Dina naskah Pustaka Raja-raja Pajajaran di Bhumi
Nusantara nu disebut tokoh Purwakalih téh purohita
(pandita karaton) dina jaman pamaréntahan Sri Baduga
Maharaja. Taun 1911 Pleyte masih nyatet ngaran Purwa
Galih, ayeuna penduduk nyebutna Purwakalih. Barang-
barang nu aya dina ieu situs disimpen dina cungkup
basajan pisan anu geus kudu diganti.
Disolit di Gang Amil
Mimitina mah éta situs ayana di tempat anu nembrak,
nyelap diantara imah-imah penduduk, ayeuna mah geus
aya di papiliun imah salah saurah penduduk anu sakali-
gus ngarawat eta situs tulatén pisan. Ieu disolit diwangun
ku menhir pasagi lima alami jeung hiji batu cépér
gigireunana.
Gang Amil sabenerna mangrupa titinggal sajarah
sabab nuruteun laporan Winkler taun 1600 disebutkeun
yén manéhna manggihan hiji jalan anu dikuatan ku batu
kacida bérésna, brasna téh ka Paseban heubeul. Gigireun
gang atawa jalan, Winkler ogé manggihan batu badag nu
dibentuk hadé. Anggota pasukan Winkler nyebuteun yén
éta tempat téh urut tempat penjagaan jalan Pajajaran.
Upama prajurit geus ngarasa capé, bakal diuk dina batu
anu memang geus disadiakeun keur tempat ngaso. Hal
éta nuduheun yén batu anu dilaporkeun ku Winkler di
gang Amil téh disolit di Gang Amil, lian ti kitu diécéskeun
yén Gang Amil baheulana tempat anu ngahubungkeun
karaton jeung situs Batutulis. Waktu Winkler nikreuh
leumpang di jalan ieu, ahirna cunduk ka urut paséban
kolot, di dieu manggihan tujuh runggunuk tangkal
caringin. **HRS/Hanca**
Ngalereskeun
Dina MANGLE No. 2468 kaca 12 aya kalepatan anu
kedah dilereskeun.
1. Dina Judul seratan diserat jenengan R.H.Lily
Suantri
Kedahna R.H. LILY SUMANTRI
2. Dina seratan diseratna DIANTI ku Sani Lupias
Abdurachman
Kedahna DIGANTI ku Sani Lupas Abdurachman.
Ku jalan kitu kalepatan parantos dileresken, hapun-
ten kanu kagungan jenengan.
(Rumpaka)
Manglé 246914
MMunara Cahaya
D
anget ieu mindeng kajadian
rajapati. Nu maéhan jeung
dipaéhan. Malah réa nu
“anéh”. Kawas indung maéhan
anakna dilelepkeun kana toren.
Anak jeung minantu maéhan in-
dung bapa katut mitoha. Budak ru-
maja maéhan urut kabogohna.
Jeung réa-réa deui nu matak
muringkak bulu punduk sing saha
nu apal kana dosa. Nu boga rasa
kamanusaan.
Padahal Alloh SWT nyiptakeun
manusa dina wangun pisik hadé
(Q.s.at Tin : 4).
Nu hartosna: saéstuna Kami
geus nyiptakeun manusa dina
wujud nu panghadéna.
Kitu deui dilengkepan panca-
indra nu nyusun rapih, pancén
katut kagunaanana merenah
(Q.s.al Infithar : 7-8).
Diwuwuhan deui ku komponén-
komponén sejen, sangkan harkat
martabatna istiméwa, nu ku Kang-
jeng Nabi Muhammad Rosululloh
Saw, disebut “jawahir” (mutiara).
Nyaéta akal, ad dien (agama), rasa
éra jeung amal soléh.
Sakabéhna, ngajadikeun
manusa mahluk unggul lahir batin.
Jauh ngungkulan mahluk-mahluk
séjén, nu ngan dipulas lahiriahna
wungkul, teu dibéré kalengkepan
batiniah. Nepi ka manusa, nu ukur
mangrupa kekebul dina amparan
jagat raya alam goromyangan,
nyengceling nyengcelak. Ngaluhu-
ran gugusan-gugusan jutaan
galaksi, lantaran sakabéh runtuyan
jiwa ragana, pasrah sumérah
wungkul ka Alloh SWT. “Dainun-
nah lillahi wahdah”. Teu weléh
syukur kana sagala ni’mat anugrah
Alloh SWT, lantaran kurnia
Anjeunna, ngaleuwihan sagala
usaha manusa. Jumlah ni’mat nu
katampa ku manusa, moal kawi-
lang (Q.s. Ibrahim : 34).
Tapi lantaran réa manusa
nampik atawa ngabohongkeun
kana éta kurnia ni’mat, Alloh SWT
nepi ka 30 (tiga puluh) kali, tuma-
ros, naha manusa bet ngabohong-
keun ni’mat-ni’matNa (Q.s. ar
Rahman)
Nya kajadian, réa manusa
miyuni sato héwan. Modal awal
rupaning awak nu lengkep gem-
bleng, sampurna titungtung buuk
nepi dampal suku, ditambah “opat
mutiara” nu ngagerakkeun jiwa,
sakuduna ngajurung kana lahirna
sikep sukur nikmat.
Tapi dina kanyataan, réa nu
nyaliwang. Dedegan sampé rupa
hadé, kadang kala digunakeun
pikeun perkara ma’siat. Mutiara
jiwa henteu digunakeun pikeun
kahadéan. Malah dipaké ngalajur
hawa napsu. Akal dileungitkeun,
nepi ka ucapan, katut kalakuan, teu
waras teu logis. Pituduh agama di-
apilainkeun. Agama dijieun kedok,
bahan kaulinan jeung ka-
heureuyan. Atawa dipaké taméng
dina milampah pagawéan nu
patukangtonggong jeung ajén ina-
jén agama. Rasa éra dialungkeun
jauh. Nepi ka teu asa-asa nyorang
sagala rupa perkara nu papaling-
pang jeungkasucian kudrat-
manusa.
Lantaran padoman akal, pi-
tuduh agama, sarta kaéra geus
disingkirkeun, hasilna lain amal
soléh deui. Tapi sagala rupa kaja-
hatan, kamungkaran, katut
kagoréngan séjénna, nu teu pantes
dipilampa ku jalma boga akal,
ngigama, jeung boga kaéra.
Mun geus kitu, manusa geus teu
sukur nimat deui. Manusa geus
nyorang kufur nikmat. Nya daék
teu daék, ancaman Alloh SWT
mimiti tumiba. Salila manusa
sukur kana sagala ni’mat Alloh, éta
n’kmat baris diundakkeun.
Sabalikna, lamun kufur ni’mat
baris meunang azab Alloh nu
peurih kacida (Q.s.Ibrahim : 7).
Rajapati Mahabu Kabina-bina
Ku H.Usép Romi HM
15Manglé 2469
Dawuhan Rosululloh Saw, dina
hiji hadis riwayat Imam Thabrani,
parobahan tina sukur n’kmat kana
kufur ni’mat, mangrupa panyakit
nu bakal karandapan ku sakabéh
umat (ad Daul Umam). Panyakit
nu ngaruntuy. Sabab tina kufur
ni’mat bakal muncul kalakuan
sangeunahna (al bathor). Ningkat
kana kalangenan numpuk-numpuk
harta bari teu miduli ti mana jeung
kumaha cara meunangkeun éta
harta (at takatsur). Disusul ku
saéngan teu séhat, papada mawa
karep sorangan (at tanafus). Tim-
bul wé sili pikaceuceub, silidengkék
sili pangkék, marebutkeun kauntu-
ngan pribadi séwang-séwangan (at
tabaghud). Dicampur ku sili fit-
nah, sili dengki, sili intip sili
kakalakeun (at tahasud). Dolim,
nganyerikeun jalma séjén, geus teu
tumarumpang deui (al baghyu).
Puncakna,kajahatan sili ala nyawa,
sili paténi (al khoroj).
Ngaleungitkeun nyawa sasama
manusa, geus dianggap pagawean
énténg. Rasa watir, sieun jeung
dosa, geus teu mempan. Maéhan,
sili paéhan, pikeun kasugemaan,
ngalubarkeun amarah, geus teu
bisa dicegah.
Sabab sakabéh komponén akal,
agama, rasa éra jeung amal soléh,
geus leuwih tiheula dipaténi.
Sakabéhna dimimitian tina
ilangna sukur nikmat. Ditukeuran
ku kufur ni’mat. Padahal geus
tétéla pépéling Alloh SWT, yen
jalma nu nukeuran ni’mat ku
kakufuran, bakal tigebrus kana ju-
rang “Darul Bawar”. Nagri Ka-
ancuran (Q.s.Ibrahim : 28).
Lamun seug niténan kajadian
rajapati anu mahabu saban waktu,
boa urang geus aya di dinya. Tapi
mugi-mugi wé henteu. Turta urang
aya dina panangtayungan Alloh
SWT, sangkan teu jadi tukang
maéhan jeung jadi korban nu di-
paéhan. Sarta boga kasadaran
pikeun gancang mulang kana pi-
tuduh Alloh SWT. Tobat tina sagala
dosa, sarta meunang kakuatan
sangkan urang jadi manusia
saéstuna nu boga akal, ngigama,
gedé kaéra, katut mampuh
ngaréaan amal soléh.
Muga-muga urang dijauhkeun
tina lampah dosa. Kitu deui muga-
muga henteu nganggap énténg
kana dosa perdosa nu sihoréng
badag kacida. Malah muga-muga
kaasup jalma anu disebut dina
Alquran surat Najm ayat 32, nu
kitu unina:
Hartosna: “Nyaéta jalma nu
ngajauhan dosa-dosa badag jeung
pagawéan keji tina kasalahan-
kasalahan leutik. Saéstuna Robb
anjeun Maha Lega pangampura-
na.”
Ku kituna, dina raraga takwa ka
Alloh, diusahakeun satékah polah,
ngajauhan dosa perdosa. Urang
sasarengan nambahan élmu panga-
weruh ngeunaan amal-amal ka-
hadéan, boh mangrupa ibadah
mahdloh (ritual), boh ibadah ghoir
mahdloh (sosial), sangkan urang
apal mana pihadéeun, mana pi-
dosaeun.
Mung ka Alloh SWT urang neda
pangampura tina sagala dosa nu
karasa sareng nu teu karasa. Innal-
loha ghofurur rohim.***
Hasbunallahu wa ni’mal wakil,
ni’mal maula wa ni’man
nashir.***
internet
Manglé 246916
TTanyaJawab
Patarosan:
Tumaros perkawis hukum ramalan
cuaca numutkeun ajaran Islam.
Simkuring ngantos waleranana. Hatur
nuhun sateuacanna.
Wassalam,
M. Yazid Hilmi Jiddan
Nagrog Bandung
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana sagala
rupi perhatosanana. Ngeunaan
pedaran hukum ramalan cuaca numut-
keun ajaran Islam, biasana sok di-
hubungkeun jeung élmu béntang (élmu
Perbintangan), sabab dina prak-praka-
na, dua élmu éta aya samina, nyaéta
ngaramal kana kajadian anu bakal
datang. Bédana, saupama élmu bén-
tang sok digunakeun kana perkara anu
patali jeung nasib hiji jalma anu di-
dasaran ku nempo béntang.
Sedengkeun élmu ramalan cuaca mung
sakadar ngaramal cuaca anu jadi ciri
kana kaayaan hujan jeung angin du-
masar kana élmu (sains). Ku hal kitu
sateuacan ngabahas hukum ramalan
cuaca numutkeun ajaran Islam, saéna
kedah dibahas heula masalah élmu
béntang.
Élmu béntang mangrupa bagian
tina élmu astronomi (astrologi), dina
basa Arab disebut ‘Ilm al-Nujum
(Ilmun Nujum). Sacara etimologis,
élmu béntang nyaéta élmua nu
nganyahokeun masalah kajadian-kaja-
dian (fenomena) anu aya di langit terus
dijadikeun patokan (pituduh) kana
bakal ayana kajadian di bumi. Dina
harti lian, sagala kajadiana nu aya di
langit sok dikaitkeun (aya pangaruhna)
kana kaayaan di bumi. Contona,
saupama di langit aya samagaha
panonpoé, mangka kajadian ieu sok di-
hartikeun kana bakal ayana kajadian
atawa musibah di bumi, saperti aya
pamingpin nagara (tokoh) anu tilar
dunya. Conto sanésna, saupama aya
béntang pindah ngagésér ka tempat
lian atawa murag ka tempat lian,
mangka hal ieu jadi ciri bakal lahir hiji
jalma anu hebat jeung pinter. Malah
aya anu boga kayakinan, saupama aya
anak anu lahir dina waktu peutingan
bulan purnama, mangka éta anak
engkéna bakal jadi jalma beunghar.
Namung saupama numutkeun
ajaran Islam, sakumaha Rasululloh
SAW kantos ngadawuh kieu: “Alloh
SWT nyiptakeun béntang-béntang di
langit pikeun tilu kagunaan, nyaéta
pikeun hiasan, pikeung maledog syé-
tan, jeung pikeun tanda atawa rambu-
rambu arah. Sing saha anu
ngagunakeunana pikeun ngaramal,
mangka geus geus méngpar jeung geus
ngahambur-hambur waktuna sarta
ngajadikeun hambatan (beban) pikeun
dirina sorangan.” (HR. Bukhari).
Nurutkeun para ulama, wiréh élmu
béntang kabagi kana dua bagian: Élmu
Ta-tsir sareng Élmu Taysir. Élmu Ta-
tsir nyaéta élmu anu nganyahokeun yén
orbit béntang di langit ngabogaan
pangaruh kana kaayaan alam. Élmu ieu
biasana disebut Astrologi. Sedengkeun
ÉlmuTaysir nyaéta élmu anu
nganyahokeun orbit-orbit béntang
wungkul.
Élmu béntang “ta-tsir” biasa digu-
nakeun pikeun nganyahokeun jeung
ngayakinkeun yén béntang-béntang di
langit ngabogaan pangaruh kana
kahirupan di bumi, malah sok ngaras
yakin, bisa mangaruhan kaayaan di
bumi. Atawa élmu ieu biasa oge di-
jadikeun sabab atawa cukang lantaran
pikeun nganyahokeun élmu-élmu goib
jeung dijadikeun ciri (simbol) kana
bakalna aya kajadian di bumi, boh
kajadiana nu sifatna hadé (pikabunga-
heun), atawa kajadian anu sifatna
goréng (pikasediheun). Kayakinan
saperti kitu numutkeun akidah Islam
hukumna musyrik tur haram, sabab
geus ngayakinkeun nasib kaayaan di
bumi gumantung ka mahluk, henteu
gumantung ka khaliq, tegesna Alloh
SWT. Sakumaha pidawuh-Na: “Prak
béjakeun ku hidep Muhammad! Hen-
teu aya hiji jalma ogé di langit jeung di
bumi anu nganyahokeun kana perkara
goib, anging Gusti Alloh.” (QS. al-Naml:
65). Pidawuh sanésna: “Béjakeun ku
hidep Muhammad! Saestuna Gusti
Alloh teh hiji (tunggal). Mantena jadi
tempat gumantung jeung panyalindu-
ngan.” (QS. al-Ihlas: 1-2).
Lajeng élmu béntang“taysir” biasa
digunakeun: Kahiji, pikeun kamasla-
hatan agama, saperti nu nuduhkeun
arah kiblat, waktu solat jeung sajabana.
Ku hal kitu, nganyahokeun élmu bén-
tang saperti ieu, hukumna wajib, sabab
digunakeun pikeun nganyahokeun
perkara-perkara anu wajib dina agama.
Kadua, pikeun kamaslahatan urusan
duniawi, saperti pikeun nangtukeun
arah angin, arah kutub jeung sabangsa-
na. Élmu béntang saperti ieu, numut-
keun ajaran Islam hukumna wenang
(jaiz), sakumaha pidawuh-Na: “… jeung
ku lantaran béntang-béntang,
maranéhna bisa nangtukeun arah” (QS.
al-Nahl: 16).
Margi kitu, aya sababaraha hal anu
peryogi diperhatoskeun, di antarana:
Kahiji, kudu diyakinkeun yén perkiraan
cuaca éta gumantung kana kersaning
Alloh, sabab loba perkiraan cuaca di
sababaraha nagara atawa kota anu
nyulayaan tina perkiraan; Kadua,
perkiraan cuaca anu saperti kitu henteu
kaasup élmu goib, sabab dasarna
nyaéta panalungtikan anu sifatna
ilmiah. Hasil panalungtikan kadang
bisa salah, kadang bisa bener. Ku hal
éta, mangka henteu meunang di-
jadikeun kapastian, boh pikeun ka anu
ngainformasikeuna atawa pikeun ka
anu narimana. Sok sanaos kitu, ayana
ramalan cuaca ieu tiasa dicandak
hikmahna, nyaéta pikeun ngajaga-jaga,
utamina pikeun kaperluan manusa
dina widang tatanén, nelayan, kandara-
an (transportasi) jeung sajabana.***
Wallohu ‘alam.
Ramalan Cuaca
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Manglé 246918
CCaritaPondok
S
aminggu deui si
Tétéh nikah.
Rencana mah
acara pernika-
hanana téh moal
méwah-méwah,
cukup ku akad nikah, résépsi.
Tempatna di lapang badmin-
ton RT. Nu ngariasna Mamah
Omi, babaturan senam si
Ibu. Nu masakna ogé rék ku
si Uwa jeung dulur-dulur
wungkul. Sedengkeun kuring
dipercaya jadi tukang moto.
Saréréa geus apaleun yén
hobi kuring téh popotoan.
Hanjakal kaméra kuring keur
rusak. Can sempet dibawa ka
jalan Morse.
“Kapaksa kudu unjam-in-
jeum ka barudak kieu carana
mah,“ gerentes téh.
Ti sababaraha balad nu
dihubungi, Roni nu pangheu-
lana siap méré nginjeum. Fix
kuring jadi juru dokuméntasi
dina acara nikahan si Tétéh
kalayan maké kaméra meu-
nang nginjeum ti Roni.
***
Dina poéan pernikahan si
Tétéh, kabéh geus siap dina
cekel gawéna masing-masing.
Nu teu kabagian barang gawé
geus ginding ku dangdanan-
ana siga nu rék lomba adu
geulis. Kitu deui kuring, geus
siap jeung sakabéh senjata nu
diperlukeun; kaméra, lénsa,
tripod, flash, trigger, kabéh
siap. Tinggal ngécéng targét,
jeprét.
Akad nikah lumangsung
di masjid Al-Mubarok, masjid
antara imah jeung lapang
Badminton nu dipaké hajat.
Bubuka, ceramah, jeung
maca Qur’an dipercayakeun
ka Pa Isak, Ustad di lembur
kuring. MC dipercayakeun ka
Bu RT. Si Ibu, indung kuring,
kabagian hubungan jeung
pihak-pihak séjén. Nu kaban-
dungan mah si Ibu keur
badami jeung pa Naib.
Mamah Omi, tukang rias téa,
salian ti mangriaskeun si
Tétéh téh ngabonusan ku
ngondisikeun upacara adatna
sagala. Basajan pisan. Tapi
gedé maknana.
Ti mimiti pangantén
lalaki turun tina mobil pa-
ngantén. Kuring mimiti nga-
jeprétkeun kaméra. Sagala
anu dianggap penting, di-
dokumentasikeun. Momen-
momen nu matak narik
mimiti ditéangan. Dipotoan.
Dina acara akad nikah, ti
mimiti bubuka nepi ka pan-
gantén bérés nanda tangan
surat nikah, kabéh dipoto.
Surat nikah pangantén gé teu
kaliwat, dibukakeun kaca te-
ngahna, dipoto jeung pangan-
ténna.
Kitu deui, basa pangantén
geus aya di pelaminan, kabéh
didokuméntasikeun. Keluar-
ga besar dipoto bareng jeung
pangantén. Sobat-sobat sa-
kola. Babaturana gawéna.
Ngajalajar di kénca-katuhu-
eun pangantén silihgenti
dipotoan.
Hasil jeprétan kuring gé
teu nguciwakeun. Loba nu
muji.
***
Bérés acara pernikahan si
Tétéh, tinggal capé jeung
bungahna. Keluarga besar
ngarariung kénéh di imah.
Nini, sibuk ngabagi menu
parasman nu nyésa. Nepi ka
jam dalapan peuting aya
kénéh tamu nu datang, nu teu
bisa datang ti beurang. Nini
nu geus pangalaman
nikahkeun anak-anakna, geus
boga sawangan kana hal ieu,
nu datang peuting balikna
dibahanan idangan atahan.
Kuring masih sempet
RECOVERY
Carpon Andi Gita Lesmana
19Manglé 2469
ngadokuméntasikeun.
***
H +1, kuring hudang,
bérés ti cai langsung solat.
Bérés solat langsung ka
dapur. Ninyuh kopi.
“Di, mana poto-poto nu
kamari téh?” ceuk si Ibu.
“Aya dina kaméra kénéh,
teu acan dialihkeun kana lap-
top,” témbal kuring.
“Sok atuh geura pindah-
keun, Ibu hayang ningali
poto-potona!”
Kuring ka kamar deui,
tuluy ngahurungkeun laptop.
Cikopi mah diteundeun gi-
gireun laptop, can waka di-
inum, panas kénéh. Bari
ngadagoan laptop siap di-
paké, kuring ngahurungkeun
deui kaméra, mukaan poto-
poto kamari. Loba gening
hasil jeprétan kamari téh.
Kurah-koréh néangan
kabel data dina tas kaméra.
Kabel data kapanggih,
kaméra langsung disam-
bungkeun kana laptop. Di-
tungguan sababaraha detik,
sapuluh detik, ditungguan
kénéh, samenit, nepi karasa
lila, kaméra téh can kabaca
waé ku laptop. Padahal
masalah culak-colok kaméra
kana laptop téh lain kakara.
“Alah siah, ieu kunaon?”
kuring kaburu tegang. Kuring
langsung gap kana hapé,
nelpon Roni. Ngadadagoan
nepi ka sababaraha kali sora
tut-tutan dina speaker hapé.
“Ron, naha kaméra teu
konék kana laptop urang
nya?”
“Ah, maenya?” ceuk sora
Roni dina telepon.
“Asli, ieu urang rék min-
dahkeun poto-poto nu ka-
mari, ngan teu kabaca,”
kuring ngajelaskeun.
“Cobaan wé laan MMC-
na, maké card reader, ké
kamérana mah ku urang di-
pariksa heula. Urang gé per-
nah ngalaman jiga kitu da,”
ceuk Roni deui.
“Oh, heueuh atuh. Ké
atuh urang cobaan heula.
Nuhun bray,” ceuk kuring.
“Okéy!” ceuk Roni.
“Ditutup heula wé atuh
nya.”
“Okéy.”
MMC dilaan tina kaméra,
tuluy dicolokkeun maké card
reader. Alhamdulilah, MMC-
na wungkul mah kabaca.
Ngan barang dibuka, datana
kosong. Astagfirulloh. Dibuka
folder option, sugan kahid-
den, da sidik henteu. Awak
mimiti késangan, mimiti
tegang. Bingung antara sieun
kaméra si Roni rusak jeung
sieun poto-poto nikahan si
Tétéh laleungitan: mangka-
ning dokuméntasi hiji-hijina.
Bakat ku bingung, kalah ka
nangkarak bengkang kuring
téh. Ngoréjat-ngoréjat sabada
kopi kadupak ku suku. Kopi
nu can kainum téh ngabaya-
bah mubajir.
“Aduh untung teu kana
laptop siah!” ceuk kuring
kana kopi bahé. Teu lila kopi
nu ngabayabah téh dielap ku
elap pél. Kuring nyolokeun
modem, muka Google, susug-
anan manggih solusi keur
masalah MMC nu teu kabaca.
Aya artikel ngeunaan recov-
ery file tina storage nu teu
kabaca. Ngan kudu maké
sababaraha aplikasi tamba-
han. Heueuh baé. Kuring
ngadownload aplikasi nu
dibutuhkeun.
Nepi ka kabéh nu dibu-
tuhkeun keur ngarecovery téh
siap, MMC dicolokkeun deui.
Lila gening ngarecovery téh.
Lain dagoan-dagoaneun bari
ngahuleng. Kuring turun deui
ka dapur. Néangan kopi deui.
“Wayah kieu geus rék dua
kali ngopi?” ceuk si Ibu kagét.
“Nu tadi bahé Bu,” ceuk
kuring.
“Kumaha poto téh?” si
Ibu nanya deui, bakating ku
panasaran jigana mah.
“Itu keur dipindahkeun,”
ceuk kuring tandes, horéam
ngajelaskeun panjang lébar.
Lila-lila mah ngarecovery
téh bérés. Bareng muka folder
recovery-na, eusi MMC téh
lain ngan poto nikahan si
Tétéh hungkul, tapi aya data
pribadi si Roni: poto si Roni
jeung kabogohna. MasaAlloh,
kuring teu nyangka, teu téga
ningali poto-potona. Teuing
aya sabaraha puluh, atawa
boa aya leuwih kana saratus
poto mah. Potona kabéh di
kosan si Roni. Astagfirulloh.
Poto nikahan si Tétéh nu
jumlahna teu nepi kana
satengah eusi MMC buru-
buru dipisahkeun. Dipin-
dahkeun kana folder anyar.
Bari ngadagoan bérés min-
dahkeun file kana folder dina
laptop, pikiran kuring nga-
layang ka awéwé anu aya dina
poto tadi, kabogohna Roni,
Déwi. Pribadi anu pikare-
sepeun, pinter jeung geulis.
Katambah-tambah lamun pa-
pakéan téh sok mantes waé.
Kuring jeung barudak nu sok
nangkring gé pada muji ka
manéhna téh. Rék saha
jelema anu teu resep ka
manéhna. Taya cawadeun.
Basana, paripolahna, éstu-
ning awéwé harepan pisan.
Antara kuring jeung
manéhna téh mémang kungsi
deukeut. Sababaraha bulan
ka tukang. Mémang, di satu-
kangeun Roni. Tada teuing
ruksakna hubungan hadé
kuring jeung Roni upama
manéhna nyahoeun yén ku-
ring kungsi maling-maling
waktu panggih jeung kabo-
gohna. Ari kuring jeung Déwi
mah apal alesan deukeutna
urang téh semet mana. Ales-
an panggihna naon. Ngan
lamun batur nu nafsirkeun,
bisa jadi rupa-rupa tafsiran.
Sakali waktu mah panggihna
gé lain rék nanaon, harita téh
kuring nyumponan paménta
Déwi. Manéhna hayang
curhat. Curhat ngeunaan
masalah antara manéhna
jeung Roni.
“Di, lamun Déwi gaduh
pikiran kanggo putus ti Roni
kumaha?” ceuk Déwi dina hiji
soré di taman nu sepi.
Manéhna ningali ka kolam,
tapi sorot panonna kosong.
Teuing keur ngalayang di
mana pikiranna.
“Lebar atuh Wi,” ceuk
kuring.
“Naha lebar?” ceuk
manéhna, sorot panonna
masih kosong. Malah dina so-
rana gé teu kadéngé nada
nanya.
“Nya asa lebar wéh,
hubungan nu geus sakitu
lilana, geus sakitu seriusna,
ujug-ujug putus.”
“Teu ujug-ujug ogé sih
Di... kantos diemutan ku
Dewi gé.”
“Ulah ah, lebar,” ceuk
kuring. Kuring mikir lebar téh
da ningali Roni jeung Déwi
geus layeut pisan. Lamun
ujug-ujug putus, pasti per-
masalahanna bakal robah jadi
hanjakal.
“Hmm. Lebar nya... pami
aya masalah nu beurat pisan
kumaha Di?” Déwi nanya
deui. Mimiti kadéngé aya nu
hirup dina dirina. Lain Déwi
nu kosong bari neuteup
kolam sababaraha menit
saméméhna.
“Ari masalah mah kudu
dibéréskeun, lain diting-
galkeun,” ceuk kuring. Kuring
harita ngajawab maké kali-
mah ti para motivator.
Kalayan sadar, matak hayang
lumpat tina masalah téh ku
sabab masalahna geus teu
mungkin dibéréskeun kitu
waé, biasana mah.
“Lamun bérés masalahna,
kumaha hubunganna?” ceuk
Déwi. Harita manéhna min-
dahkeun paneuteupna, tina
kolam kana beungeut kuring.
“Pertahankeun,” ceuk
kuring.
Pikiran kuring nu nga-
layang kana adegan curhat di
taman di sisi kolam téh balik
deui kana tempatna. Panon
fokus deui kana layar laptop.
Najan teu téga, aya saba-
baraha poto anu ku kuring
dibuka. Ditingali informasi
potona maké adobe Bridge.
Jéntré éta poto téh dicokot
sababaraha bulan ka tukang.
Berarti saméméh Déwi
curhat.
“Wi, hampura, kuring teu
apal masalah manéh téh nepi
ka kituna. Hampura kuring
geus nitah anjeun mertahan-
keun hubungan jeung si
Roni.” ***
Fébruari 2014
Manglé 246920
J
alan ka Cikolé
dumadakan
karasa jauh.
Padahal sarua
jeung minggu-
minggu katu-
kang, naék béndi ditarik ku
dua kuda Eropa. Tapi ayeu-
na mah karasana jauh. Kitu
carék gerentes Dalem Astra-
manggala.
Pantes waé rék kitu ogé,
kusabab Dalem keur ka-
béngbat ku wanoja kembang
désa Cikembar. Najan bau
lisung, Apun Gencay --kitu
ngaran éta wanoja pikeun
dirina siga bidadari kahya-
ngan geulis camperenik,
moal matak éra dibawa ka
padaleman. Komo umurna
18 taun keur meujeuhna
alaeun mun dina kembang
mah.
“Kumaha Demang, éta
budak awéwé téh geus di-
paruluh kulawargana?
Tanyakeun atuh, bisi geus
bogaeun papacangan. Kapan
kaula teu genah haté mun
ngarebut bébéné batur
mah,” cék Dalem Astra-
manggala, Bopati Cianjur
anu kasohor rajakayana, ahli
ngebon kopi.
Pangawakan dalem téh
jangkung leutik. Gagah
naker. Paromanna kasép.
Umur Dalem 40 taun, keur
meumeujeuhna jaya cék
dina itungan kolot mah.
Dalem harita boga ketak
rék mariksa para pagawé
anu ngokolakeun manghék-
tar-héktar kebon kopi.
Tangtu nu utamana mah
bari manggihan deui Apun
Gencay, wanoja geulis anu
minggu katukang dipang-
gihkeun ku Demang Cikolé.
Wanoja anu sababara poé
katukang ieu geus ngeusi
lamunanana saban waktu.
“Parantos, Gusti. Apun
Gencay masih nyorangan.
Taya hahalang, taya pakuat-
pakait sareng sasaha ogé.
Cocog pisan saumpami dipi-
garwa ku Gusti,“ cék De-
mang Cikembar bari nye
mbah sawaktu mapag dalem
turun tina béndi di pasang-
grahan distrik Cikolé paranti
ngareurehkeun lungsé.
Cikolé téh bagian ti
Kabupatem Cianjur. Alamna
dilingkung gunung; Gunung
Bésér, gunung Béngbréng,
Gunung Guruh. Geus kitu
loba pakaya tina cai, aya Pal-
abuan Ratu, Lembur Situ,
Situ Gunung, éstu ngajadi-
keun rahayat jeung gege-
dénna mamur tengtrem ku
Duriat Apun Gencay
Carpon Luki Muharam
CCaritaPondok
21Manglé 2469
kakayon alam.
Sewangan dikamar
tukang pasanggrahan, Apun
Gencay keur dirias ku Nyi
Demang. Geus kitu kuduna,
saupama Apun Gencay
diewed ku dalem mawa
matak ka pangkat salakina,
bisa waé diponclot tina
pangkat demang.
“Apun ulah ngérakeun
kami. Manéh kudu tuhu
kana sagala kahayang Gusti
Dalem. Sabab lamun teu
kitu, Gusti Dalem tada teu-
ing benduna. Temahna,
kabéh urang Cikolé bakal
kabagéan mamalana,“ cék
Nyi Demang mapagahan
Apun Gencay bari anteng di-
geugeulis.
“Muhun Juragan,“ cék
Apun ngajawab bari tung-
kul. Padahal dina haténa
ratug tutunggulan. Teu
disangka, basa diamprok-
keun jeung Dalem Cianjur
minggu kamari, haté nu
asalna ngarasa sieun --boh
bisi ukur dijadikeun lu-
lumayanan wungkul sabot
Dalem aya di Cikolé, ayeuna
mah haté leutikna geus
kapentang asmara ku Dalem
Astramanggala. Dalem gedé
kakawasaanana. Katambah-
tambah loba rajakayana.
Apun salila ieu cicing di lem-
bur Cikembar, mantuan
kolotna purah buburuh
meresihan kebon kopi, geus
ngarasa teu betah hirup
ripuh. Dina lelembutanana
nyawang yén hiji waktu di-
rina kudu hirup senang.
Sagala aya, hayang teu
dibadegaan waé .
“Bawa ka dieu Nyi
Apun!“ cék Dalem Cianjur
ka Demang Cikolé.
Anu dititah hariweus-
weus muru ka kamar tu-
kang. Apun Gencay kaluar ti
kamar lir putri raja kaluar ti
kaputrén, geulis campere-
nik. Laju nyampeurkeun
Dalem anu seuri bungah
ningali buah atina sakitu
geulisna.
“Ka dieu Geulis, deukeut
ka dieu. Akang téh sono. Aya
samingguna teu manggihan
Nyai,“ cék Dalem.
Anu ditanya nyembah
acung-acungan. Tuluy diuk
timpuh, ngeluk teu wanieun
tanggah. Ngarasa ajrih ku
Kangjeng Dalem.
“Gusti sembaheun abdi,
nyanggakeun diri abdi sa-
daya-daya. Seja babakti ka
Gusti papayung nagri,“ cék
Apun ngajawab semu da-
reuda. Dadana kebek ku
geder ratug dag-dig-dug
nahan gumuruh cintana.
“Hayu, ayeuna kénéh
urang ka Cianjur. Nyai baris
cicing di pendopo. Saméméh
akang nikah ka Nyai, Nyai
baris diatik heula sababara-
ha waktu sangkan biasa
jeung kahirupan di pendo-
po,“ kangjeng Dalem semu
lirih.
Ti harita Apun Gencay
dibawa ka Cianjur, ninggal-
keun kolotna anu teu weléh
pasrah kana nasib. Apun
geus buleud rék ninggalkeun
sagala kapeurih hirupna jadi
jalma sangsara.
Apun Gencay téh kem-
bang lembur Cikembar.
Geulisna taya tanding di di-
strik Cikole mah. Ema jeung
bapana sakapeung sok bati
bingungeun lantaran rabul
lalaki anu hayang mibanda
Apun. Ngan weléh kabéh
ogé taya anu laksana. Lain
kurang ku nu garagah ka-
rasép, jeung ku nu baleung-
har, tapi kabéh lalaki anu
hayangeun ka Apun kabéh
malundur. Naon sababna?
Sababna mah aya Ki Soma,
jawara anu dipikasieun ala-
tan sakti mandraguna bari
boga talajak panas baranan.
Cék kolot mah sahaok kadua
gaplok.
Ki Soma geus omat-
omatan ka kolotna Apun,
ogé ka kabéh urang Cikolé
teu meunang mikeun Apun
ka lalaki mana waé, iwal ti
ka manéhna. Najan can aya
beungkeutan antara Soma
jeung Apun, ngan manéhna
geus asa mibanda, padahal
Apun ogé can karuhan
daékeun dipigarwa.
“Bapa-ema, mana Nyai
Apun? Cenah dibawa ku De-
mang Cikolé ka Cianjur?
Naha dibikeun?“ cék Soma
hariweuweus datang nga-
jorag ka padumukan kolot
Apun.
“Ujang ulah ngambek ka
kami. Kami mah teu wala-
kaya. Juragan Demang katut
opas kamari soré datang ka
dieu, tuluy mawa si Apun.
Cenah jadi ditikah ku Gusti
Bupati Cianjur téh,“ cék in-
dungna Apun.
Ki Soma ngahuleng,
“Heueuh ku geulis-geulisna
Apun pangkat bupati ogé
kagégéloan. Ngan lain
tandingan aing lamun kudu
ngarebut Apun ti Bupati
mah. Tapi dagoan siah…aing
seja ngawales kajadian ieu,
kumaha waé carana,“ cék
gerentes Ki Soma bari tuluy
ngaléos.
Kacaritakeun di padale-
man Cianjur. Dalem jeung
Apun keur suka bungah
ngaliwatan poé ku hiasan
kembang-kembang cintana.
Lir ibarat Raden Munding-
laya jeung Dewi Asri anu pa-
pada mikacinta dina lalakon
“Sasakadomas”. Teu karasa
sababaraha poé deui Apun
baris didahup ku papayung
nagri. Nu tatahar di pendo-
po katémbong pisan najan
basajan. Loba tukang kem-
bang, tukang masak, jeung
para badega pendopo pu-
lang-anting mawa sarupa-
ning kaperluan. Ninggang
dikabéh pada riweuh, pada
sibuk nataharkeun kara-
méan. Taya anu nyahoeun
Ki Soma datang ka pendopo
mawa kembang satanggu-
ngan nyaru-nyaru tukang
kembang.
“Di mana siah Dalem
Cianjur? Aing paéh gé teu
panasaran lamun geus bisa
maéhan heula dalem anu
geus ngiwat bébéné aing,“
cék gerentes Ki Soma bari
ngusap-ngusap condré anu
diselapkeun dina cang-
kéngna.
Sanggeus luak-lieuk bari
salungkar-salengkor mawa
kembang satanggungan, Ki
Soma ningali Apun Gencay
keur dirariung ku para
dayang di gedong Pancaniti
pendopo.
“Emh Apun, buah haté
akang. Asa beuki geulis waé
Nai téh. Saksian akang rék
nyieun balitungan ka Kang-
jeng Dalem,“ cék gerentesna.
Ngan sawaktu nempo ka
lebah pendopo, di jero aya
hiji jalma diuk dina korsi
anu moncorong komarana;
dirariung ku para ménak
anu sila marendeko.
“Itu sigana dalem téh,”
cék Ki Soma bari nyalingker
sisi pendopo ngadagoan ri-
ungan bubar. Laju Ki Soma
mapatkeun ajian halimunan
meunang ngalap ti Ki Bagja
kuncén Gunung Gorowong.
“Ajian aing halimunan. Saha
waé moal ngadeuleu aing.
Jalma, jin, jeung demit
marakayangan ogé moal
ngadeuleu ka aing. Samar-
samar kabéh téténjoan ka
aing kasimbutan ku hali-
mun. Leungit aing tina
panénjo saha waé. Leungit
ngiles.“
Ki Soma tuluy nénjrag
bumi tilu kali. Les ngiles
wujud Ki Soma. Nu ngaleu-
ngit téh asup ka jero pen-
dopo, mawa condré ka
hareupeun Dalem. Ari Kang-
NNyambung ka kaca 38
Manglé 246922
B
ada isya,
Oyoy
leumpang so-
rangan muru
lembur Pos
Jaga OKD
Karang Anyar nu geus
narungguan manéhna.
Haténa karasaeun haram-
pang jeung bungangang.
Mun téa mah manéhna bisa
numpes gorombolan nu rék
ngaranjah lembur Karang
Anyar, mana teuing bakal
panjang caritana. Moal boa
éta béja bakal nepi ka Lilis.
Aya harepan Lilis bakal
daékeun ngarangkep jeung
manéhna, geus kitu mah
kabagjaan téh bakal eunteup
pageuh na kahirupan Oyoy
boa nepi ka tungtung teuteu-
pan. Pikiran éta nu ngalan-
tarankeun Oyoy héhéotan
sajeroning leumpang téh.
Sakeudeung deui nepi ka
lembur Karang Anyar. Kari
ngaliwat ka tanjakan Cibo-
das nu rada netek, tuluy
méngkol ngénca mapay
sawah Ki Adad nu katelah
panglegana. Jog, bakal anjog
ka Lembur Karang Anyar.
Pikiranna mah geus nepi ti
tadi ka tempat nu di tuju.
Teu ku hanteu, basa rék
naék kana tanjakan Cibodas,
Oyoy kurang waspada.
Manéhna teu nyahoeun yén
di luhur, di mumunggang
tanjakan, aya sapuluh urang
gorombolan DI/TII nu keur
mapagkeun. Ngarasa bu-
ngah sabab aya dina posisi
nu nguntungkeun, ti luhur
mah awas pisan ka handap.
Cacak mun sapeleton ogé
bakal kawalahan diserang ti
luhur, da kajaba poék téh
meneran négla deuih. Taya
tempat pikeun nyumput
nyalindung. Komo ieu, nu
leumpang maké baju loréng
téh ngan sorangan.
***
“Caang bulan euy...!”
“Ssst...! Tong tarik teu-
ing, Belegug! Bisi aya
gorombolan nyamuni!”
“Ah, Moal Pa. Da lamun
aya gé nu ngabring ti girang
pasti ngaliwat kana jem-
batan luhur cai. Tah, ha-
reupeun urang!”
“Enya, ngeunah euy mun
heueuh aya nu ngaliwat téh.
Kari didodéd ti dieu.”
“Seungeut atuh roko téh
Wan, tong digélang waé.”
“Silaing hayang nya?”
“Kantenan Gan, ti tatadi
dianti-anti!”
“Sst..sst... tah déngékeun
barudak, sada rokrak nu ka-
tincak!” Limaan OKD di-
pimpin ku Iping curinghak
sirikna manjangkeun ceuli
nenget-nenget datangna
sora di tonggoheun walun-
gan. Maranéhna nyempod di
handapeun tangkal Ki hujan
paeunteung-eunteung jeung
walungan Ciminyak katutu-
pan ku eurih jeung areuy,
sayaga bisi enya aya gorom-
bolan nu rék ngadon
ngaranjah lembur. Teu lila
kadéngé nu ngucuplak kana
walungan.
“Goblog téh, bangkong
kawin ning euy! Téwak Sar-
wan!” Gajleng Si Wawan
ngajleng bari ngarontok
bangkong nu keur patum-
pak-tumpak dina beungeut
cai walungan.
“Yeuh Pa, rék dikuma-
hakeun?”
“Ka dieu, urang talian!”
Pangangguran Iping nyabut
jukut eurih tina sela-sela
CCaritaPondok
Tanjakan Panawuran
Ku Anita Rohani
23Manglé 2469
sapatu botna ret ret éta
bangkong anu sajodo téh di-
talian nepi ka teu bisaeun
hojah. Tuluy dibungkus
maké daun tisuk.
“Alus euy, buleud kieu.
Cing pangalakeun karakas
tina tangkal cau, Usén!” Teu
nanya heula keur naon, Si
Usén gancang ngala karakas
tina tangkal cau gigireunana.
“Ieu Pa.” Éta bangkong
nu geus dibungkus daun
tisuk téh dibaguded ku
karakas garing. Bleg wé siga
bungkusan gula.
“Hahaha... Siga gula
batok teu euy?”
“Wah heueuh bener Pa,
teu dipiceun sasieur!”
“Hayu tuturkeun déwék,
urang heureuyan barudak
OKD Cibitung!”
“Ari di dieu kumaha Pa,
euweuh nu jaga?”
“Lah, keun baé. Geus
wayah kieu mah moal taru-
run urang gunung gé. Nam
ti heula!” Bring Barudak
OKD kalima pamingpinna
Iping, ngabring muru pos
jaga OKD lembur Cibitung
pimpinan Oyoy. Ari Oyoy
téh sobat dalit Iping, pada-
pada jadi kepala OKD ngan
béda lembur.
Harita téh keur kaayaan
genting sabab méh saban
peuting gorombolan DI/TII
nu katelah “urang gunung”
sok turun ka lembur, nga-
don dudurukan jeung
budag-badog. Ingon-ingon
mah geus teu kacatur deui.
Malah sadésa méh kabéh teu
ngingu ingon-ingon. Lamun
teu buru-buru dijual atawa
dipeuncit, peutingna tangtu
leungit dibawa ku urang gu-
nung. Matak TKR marén-
tahkeun sakabéh désa
nyieun OKD atawa Organi-
sasi Keamanan Desa.
Sanggeus aya OKD mah
rada bisa ngarénghap, da
urang lembur asa aya nu
nangtayungan.
Sanggeus nepi kasampak
OKD Cibitung mah keur
nyegrék saré. Kérékna sada
patémbal-témbal, anu pang-
tarikna kérék nya Oyoy so-
rangan.
“Hudang euy, ngan
molor wéh gadag téh! Yeuh,
gula yeuh. Geura tarinyuh.”
Oyoy hudang bari lulungu.
Janari kitu atuh, keur meu-
jeuhna nikmat saré.
“Walah, meunang gula ti
mana silaing euy?” Ceuk
Oyoy bari gigisik.
“Lah, tong loba tatanya.
Buka anggur mah!” Gura-
giru Oyoy nyabut sekin tina
sarangkana. Srét srét bung-
kusan karakas téh dibuka.
Ari hég péso sekin téh keuna
pisan kana tali jukut eurih,
na da éta mah ngan gajleng
bangkong sadua-dua luncat
kana beungeut Oyoy. Atuh
Oyoy ngabangkieung labuh
nangkarak bengkang bari
ngajorowok.
“Ieueueueueung....!”
“Hahahaha... Amis teu
euy gulana?” Ceuk Iping,
barudak OKD kabéh
saleuseurian, malah aya nu
nepi ka nyekelan beuteung
sagala bakat ku teu kaduga-
eun nahan piseurieun.
Kuniang Oyoy hudang,
laju lumpat muru ka Iping
rék males caritana mah.
Ngan dasar nu lulungu,
ngudagna teu pati bener, aya
lombang rada gedé di ha-
reupeun pos jaga teu kati-
ngalieun. Solédat gebru….!
Manéhna labuh ngadua-
kalian. Iping nu geus taki-
taki rék lumpat malik deui
bari nyakakak.
“Ampun, silaing mah
Iping jail téh teu euih euih.
Hanas geus kumétap ieu
létah aing rék kasumpingan
kopi gula batok. Kéhéd téh!”
Gék Oyoy diuk dina
golodog bari hah-héh-hoh,
teu lila Iping ogé diuk gigir-
eunana.
“Lain euy, urang téh
hayang ka Si Lilis urang
Lembur Aki Adad. Ku silaing
anteur yu!” Ceuk Oyoy ka
Iping.
Ngadéngé ngaran Lilis
disebut-sebut, gebeg téh
haté Iping ngagebeg.
Sababna mah taya lian
Iping geus nyahoeun yén
Nyi Lilis téh bogoheunana
ka manéhna. Katémbong
dina keletna unggal panggih
di pasanggrokan.
“Ah embung, sieun ku
salakina,” pokna.
“Moal lah, kumaha
déwék wé. Silaing mah tim-
bang nganteur,” ceuk Oyoy
bari ngaduruk lintingan
bako molé karesepna. Ngan
haseup wé rabeng kaluar
tina baham jeung irungna.
“Pék wé bisi silaing
hayang mah, ngan ulah ma-
mawa déwék!” Iping keu-
keuh dina pamadeganana.
“Ceuk déwék gé moal!
Hayu atuh urang indit!”
Jung Oyoy nangtung bari
ngeprukan calanana nu
kakotoran taneuh urut labuh
tadi.
“Har, rék ayeuna? Janari
kieu.”
“Puguh ngahaja wanci
janari, hayu lah.”
Oyoy leumpang ngagedig
muru lembur Karang Anyar
anu katelah lembur Aki
Adad. Najan kalékéd teu bu-
rung Iping ngalénghoy nu-
turkeun ti tukang.
Kahayangna mah saré
ngaguher bareng jeung
barudak OKD nu geus
ngararéngkol di pos jaga,
tapi da ngawayahnakeun
pédah sobat dalit pisan nu
mereyeng boga kahayang
téh.
Sajajalan, Oyoy nem-
bang lagu gandrung semu
dipengkek. Sieun urang lem-
bur kagareuwahkeun. Sok
sanajan asa piraku kétang,
da maranéhna leumpang di
tengah leuweung leutik nu
misahkeun Désa Cibitung
jeung Désa Karang Anyar.
Jog anjog di tungtung
lembur Karang Anyar, mun
dikira-kira mah meureun
wanci adan sakali harita téh.
Keur meujeuhna sepi jem-
pling. Oyoy kadua sobatna
cingogo di handapeun
tangkal awi, meneran pisan
pas muragna kalangkang. Ti
kajauhan mah, bleg wé poék
moal aya nu nyangka aya
jelema dadaékanan cicing di
dinya wanci kitu. Paneuteup
duanana lempeng ka ditu, ka
imah anu suhunanna ken-
téng beureum, bilikna dika-
pur pulas héjo daun cau,
buruanana dipapaés rupa-
rupa kekembangan nu keur
meujeuhna mangkak. Kem-
bang angkrék japati oyag-
oyagan katiup angin napel
dina tangkal jambu aér,
kembang eros kayas
nyangsaya na pager nu dika-
pur pulas bodas. Katingali
yén éta buruan téh hadé
omé.
Kaéndahan éta teu
karasaeun ku Oyoy, nu keur
udud gancang. Udud anu
teu diseuseup jero tapi ngan
saukur dikenyot wungkul,
ciri bangun kacida geum-
peureunana. Iping lila-lila
kesel tuluy nyarita.
“Sok sok atuh ari rék
nyémah mah, nungguan
naon?”
“Ké heula,” témbal Oyoy
pondok.
Teu lila kulutrak sada
aya nu muka konci, dina
kaayaan sepi kieu mah sora
leutik gé asa béntés kapi-
rengna. Bray aya cahya nu
kaluar tina sela-sela panto
imah, sanggeus pantona di-
tutupkeun, kakara katara
aya lalaki nu keur ngajan-
teng bari ngahurungkeun
palita. Tétéla salakina Lilis
nu rék indit ka pasar.
Ari salakina Lilis téh
kasabna kana dagang ku-
rupuk, unggal janari
manéhna indit pikeun
ngiangkeun kurupuk ka
pasar-pasar sakuriling Désa
Karang Anyar. Beuki jauh ti
NNyambung ka kaca 38
P
oé Kemis di bulan
Juli katompérna-
keun, panon poé
mangsa reup-
reupan, langit
lenglang taya aling-aling,
harita téh mémang keur usum
mamareng. Bari nyeueung én-
dahna layung anu keur ngem-
pur hurung luhureun gunung,
pirajeunan ngadaweung dina
bangbarung, bari ngopi maké
gula kawung, lalawuhna sam-
peu rumaja meunang ngago-
réng.
Di buruan cai balong
boborélakan kasorot cahaya
layung, kancra bareureum
tinggareboy ngojay ka kulon-
ka wetan, waas, mawa ting-
trim kana ati sanubari. Sagala
karungsing, sagala ka pusing,
sirna tina pamikiran, kaganti
ku rasa haté anu bangblas.
Turun ka buruan mawa awur
sacanggeum, wur parab lauk
di awurkeun ka tengah ba-
long, cai balong ngadak-
ngadak motah ku lauk anu
parebut parab, aya ku éndah.
Keur kitu aya anu uluk
salam, sanggeus dijawab, anu
uluk salam téh di ajak ka jero
imah, duaan tamu téh, lalaki
wungkul, sanggeus basa-basi
tandana ngaku ka tatamu,
terus ditalék pamaksudan-
nana pangna datang sore-sore
jiga aya penting.
“Punten tumaros, aya
kaperyogian naon atuh salira
téh, sumping ka rompok
Akang sonten-sonten kieu”.
Bari neuteup seukeut, tatamu
téh langsung ditanya pamak-
sudannana.
“Hatur nuhun ditaros
Kang, puguh Abdi téh gaduh
anu udur,” rengkuh sopan
cumarita, jiga-jiga anu
dareuda.
“Ka dokter atuh Ayi, ulah
ka Akang.”
“Parantos éta ogé, nanging
teu acan aya perobihan, ma-
nawi waé ngalangkungan diri
Akang, Alloh marengkeun
kana tujuan Abdi,” tatamu téh
keukeuh rék ménta tulung.
“Anu tiasa
ngadamangkeun deui anu
udur, sanés dokter, ogé sanés
obat anu dipasihkeun ku dok-
ter, sanés dukun, sanés jalmi
sapertos Akang, tapi cageurna
manusa tina udur, éta mang-
rupi kuasana Alloh SWT.”
“Leres kahartos pisan,
Kang, tapi pan cenah kedah
nganggo cukang lantaran, nu-
mawi abdi ka dieu nepangan
Akang, manawi baé pendak
cukang lantaran ngalangku-
ngan katiasa salira Akang.”
“Saha anu teu damangna,
sareng panyawat naon?” di-
talék ku pananya kitu, tamu
téh bet ngeluk alum, duma-
reuda, cumalimba, matak
watir.
“Pun bojo Kang, tos lami
keuna ku panyawat bareuh
beuteung, punten waé Kang
abdi tulungan.” Emh, istrina
geuning anu udurna téh,
paingan titadi tatamu téh
alum waé, panyakit busung
geuning, hésé gering kitu mah
diubarannana.
“Dupi bumi di palih mana
Yi?”
“Abdi ti Cibeureum, palih
tonggoheun Rancah, Kang.”
Nu ditanya ngajawab nuduh-
keun tempat pangancikan-
nana, ngabéjakeun
sacéréwéléna.
“Ayeuna mah Ayi jung
geura mulang, engké saatos
magrib Akang ka ditu.”
Karunya, rék ditingali waé
anu udurna, niat karena Alloh
taalla.
Nyubadanan jangji, bérés
solat maghrib miang ngajug-
jug Rancah, nembus leu-
weung geledegan anu
harieum canéom, nepi ka Ko-
jéngkang, tuluy nurugtug
mudun mapay lembur, geus
jiga di kota, lampu listrik
baranang di tiap buruan.
Datang kanu dituju,
kasampak loba jalma anu
keur narungguan nu gering,
sanggeus uluk salam sup ka
jero, nu gering pada ngariung,
nangkarak bengkang beu-
teung kembung, beungeut ce-
long, awak rangkébong.
Deudeuh teuing, ieu mah pa-
nyakit geus parna, duka bisa
diubaran duka moal, ceg bitis
anu gering téh dicekel, diteu-
teup bari diobrolan sangkan
mawa katenangan kanu ge-
ring.
“Ibu sing sabar sing
tawakal, kadang hirup
manusa kedah ngalaman
cobaan sapertos kieu, mung
ka ikhlasan haté anu tiasa
ningtrimkeun diri, mung
Gusti Alloh anu tiasa nulu-
ngan urang, mung Gusti
Aloha nu tiasa ngadamang-
keun deui urang,” diobrolan,
anu gering téh unggeuk tanda
ngarti, cipanonna ngalém-
béréh mapay pipina.
Sanggeus mariksa anu
geringna, nguniang hudang
muru ka tengah imah, ménta
cai hérang rék di du’aan jang
anu gering, sanggeus aya,
prak dzikir di kamar ngamal-
keun élmu pikeun ngubaran,
khusu ngadu’a téh, tapi aya ku
anéh gelas anu digolérkeun
ber ngagerebeg caina nepi ka-
muncrat, kila-kila jigana mah,
tapi bet asa aya anu nepak
punduk, piraku aya jurig
onaman.
Teu loba carita, cai titah
dibikeun sina dileueut kunu
gering, bari diubaran beu-
teungna, susuganan, teu dibé-
jakeun kajadian keur ngadu’a
mah bisi rareuwaseun, teu
terus kapanjangan, sanggeus
tugas bérés terus amitan mu-
lang, diandeg ogé ku nu boga
imah, alesan rék neruskeun
dzikir di imah.
Rék jung pisan miang, anu
boga imah muntangan leung-
eun, terus tumanya ngaharé-
wos, bari panonna carinak
dak.
“Kang kumaha pun bojo
téh kinten-kintena, naha tiasa
damang deui?” Nu muntang-
an téh keukeuh hayang apal
kana kaayaan bojona.
“Wallohu allam bi sya-
wab, Akang teu gaduh katiasa
nyageurkeun, ukur boga élmu
saeutik pikeun ngubaran anu
udur, nanging cageurna mah
mangrupi kuasa Gusti Alloh
SWT”. Dijawab kitu téh,
manéhna unggeuk, pamuluna
alum ngungun, beurat ka bojo
anu keur nandang lara.
Mulang geus rada peuting,
maké motor nyemprung ka
tonggohkeun, liwat Kojéng-
kang jalan poék meredong,
leuweung mahoni sapanjang
jalan matak geueuman, matak
keueung, teu ieu jadi piker ras
inget kana kajadian tadi, bisi
aya anu rék dengki, buru-buru
mulang dirusuhkeun.
Sanggeus beres solat jeung
wiridan, kuring ngagéléhé
kana korsi panjang di tengah
imah, indung budak geus saré
tibra, kitu deui barudak dua-
Manglé 246924
PPuridingPuringkak
Jurig Teluh
Ku Andang S. Argayuda
25Manglé 2469
nana geus kérék ti soré kénéh,
teu enak rarasaan, jadi teu
bisa saré, nyileuk sorangan
nepi ka wanci tengah peuting.
Kira-kira jam dua welas, imah
ujug-ujug ngariyeg, korsi anu
dipaké gégéléhéan ngagere-
beg, sugan mah aya lini, terus
luncat rék ngahudangkeun
barudak, imah ngariyeg deui,
keur kitu geblus aya anu asup
ka tengah imah.
Hiji mahluk pikagilaeun
ngabedega dina juru rohangan
tamu, tangtungan badag ru-
bak, kulit beuteung baba-
rendilan, dada babaling
bingan, beungeut bosongot,
irung pengék, mata bolotot,
sungut calawak, huntuna
ranggéténg sareukeut, awak
buligir ukur dicawet, huluna
gundul, tina hulu nepi kana
tonggong pinuh ku tanduk,
ramo-ramona sareukeut
paranjang.
“Mahluk nanahaon, bet
pikagilaeun, boa anu rék
ngarogahala yeuh!”
gegerenyeman dina haté,
bakat ku kagét jeung gila
nempo mahluk anu sakitu
seremna, kuring mundur
sababaraha léngkah, nga-
jauhan tina korsi, ceg kana
gobang anu ngagantung dina
tembok, jaga-jaga bisi ieu
mahluk téh rek niat jahat.
“Hey mahluk kajajadén,
andika saha jeun anu timana?
aya naon kuwawani asup ka
imah kula tanpa bema
krama?” Ngawanikeun diri,
tumanya ka éta mahluk, anu
ceuk tetempoan mah jiga
siluman buhaya.
“Ha ... ha ... ha ... héy
manusa, kula samber nyawa,
datang kadieu rék nyabut
nyawa manusa.
” Éta jurig ngomong
bosongong, seuri babarakata-
kan, mata burial buncelik,
suku téténjrag, imah ngadak-
ngadak inggeung, jantung
ratug asa rék murag.
“Oh, jadi anjeung téh jurig
teluh?”
“Enya, kula datang kadieu
meunang pancén titah nyabut
nyawa manusa.”
“Kelanan, sakanyaho kula
mah anu sok nyabut nyawa
téh, nyaeta malaikat Izrroil,
lain bangsa anjeun”.
“Lain malaikat Izrroill
waé, kula ogé bisa nyabut
nyawa, geus loba manusa anu
dicabut nyawana ku kaula,
sakeudeung deui anjeun ogé
bakal dicabut nyawa ku kaula,
ha... ha ... ha ...” Éta siluman
édan, nyarita jiga anu enya,
dasar jurig teluh.
“Tong nyingsieunan, da
kula mah teu sieun ku paéh,
tapi kula mah yakin moal paéh
ku bangsa anjeun.” Teuneung
ludeung, yakin kana kuasana
Alloh SWT, teu ieuh sieun ku
ancaman jurig nyiliwuri.
“Ha ... ha ... ha ..., kula mé-
mang datang ka dieu rék ngala
jiwana manusa, éta geus man-
grupa tugas kula anu moal
gagal.” Éta jurig tetep
ngomong kitu dibarung ku
seuri babarakatakan, matak
sawan anu borangan.
“Rék ngala jiwa saha atuh
anjeun téh?” Kuring tumanya
panasaran, najan surti kana
tujuannana, tapi hayang apal
tina caritana.
“Ha ... ha ... ha..., kula rék
nyabut nyawana anu ngaran si
Andang, geura tuduhkeun,
mana anu ngaran si Andang?”
Beu bener waé geuning ieu
samber nyawa téh rék ngaro-
gahala, rék ngala nyawa ka
diri.
“Inni tawakallttu alallohi,
robbi wa robbikum, héy jurig
teluh, di dieu mah euweuh
anu ngaran si Andang ieuh,
tuh di ditu, di Rancah
meureun”. Kuring tegas
ngomong ngabohong ka éta
jurig, nuduhkeun kanu jauh.
Na da éta mah, sanggeus
dibéjaan kitu, éta jurig
siluman téh ngagibegkeun
awakna, terus ngabelesat
hiber ka kidulkeun, muru
panuduhan.
“Huh, dasar jurig belegug,
jurig euweuh kanyaho, lolong
bonconong, puguh uing anu
ngaran si Andang téh”. Bari
ngucap sukur kuring ngareng-
hap narik napas panjang, all-
hamdulillah bisa leupas tina
pangrogahala jurig teluh.
Geus aman mah terus
ngagéléhé deui kana korsi
panjang urut tadi, peuting
beuki simpé, pipikiran jadi
ngacacang kaman-mendi,
nepi ka datang waktu subuh,
bangblas teu bisa saré. ***
Patakaharja, Rancah –
CIAMIS.
CCarita Heubeul
K
u kituna
Ukur henteu
petot-petot
neneda ka
Nu Kawasa
sangkan di-
jaring-diaping, ginulur kara-
hayuan. Saban poé manéhna
tigin pisan ngalatih diri,
ngawalayar rupa-rupa kas-
antikan kaprajuritan, anu
perlu dipibanda ku unggal
satria.
Dina jaman harita di
unggal dayeuh karajaan, sa-
bulan sakali sok diayakeun
tongtonan di alun-alun,
nyaéta anu disebut “sené-
nan”. Demi anu sok dipin-
tonkeun dina senénan,
sawarnaning kasantikaan
ngolah gagama, saperti ujun-
gan, maén pedang, maén
tumbak dina kuda, tanding
keris jeung katangkesan-
katangkesan lianna, sakur
anu jadi kamaheran prajurit.
Anu matak disebut “sené-
nan” lantaran diayakeunana
téh dina saban poé Senén
kahiji, unggal bulan.
Kacaritakeun senénan
anu baris diayakeun harita,
kaasup anu bakal pangra-
ména, sabab nincak dina
bulan “kenem” (Mulud). Nu-
rutkeun adat kabiasaan
jeung kapercayaan urang
Jawa, dina bulan éta téh sok
dipaké nyipuh wewesan, kas-
antikan, kadigjayaan, bari
mamérkeun gagaman pusa-
ka jeung rupa-rupa pajimat-
an. Pidua-tilu poéeun deui
kana prungna senénan, para
bupati, ponggawa ti nu jauh
ti nu deukeut, kabéh merlu-
keun datang ka dayeuh
Mataram. Aya anu ngan
saukur arék seba jeung
njumponan puraga wungkul,
jeung aya anu ngahaja arék
milu ngadu jajatén. Kitu deui
rahajat biasa, ti suklakna ti
siklukna geus merul dara-
tang ka dayeuh, ngahaja arék
lalajo senénan.
Gancangna carita geus
cunduk kana waktuna. Alun-
alun sakurilingna dipucuk
jeung dibebetek, lawé ronték
ting kélébét, umbul-um-
bulna melengkung, ting hili-
wir katiup ku angin leutik.
Babancong geus dihias, lir
pajangan pangantén.
Samalah korsi gading paling-
gihan Sultan ogé, harita geus
dipindahkeun ti pasebanna.
Di kenca-katuhueun baban-
cong, kitu deui di saparat-
parat jalan, anu baris kalang
kungan ku Kangjeng Sultan,
ti karaton ka alun-alun, rajeg
prajurit katut gulang-gulang
anu nyarekel tumbak jeung
pedang. Jalma-jalma noyék
di sakuriling bungking alun-
alun, kolot budak, awéwé
lalaki pasedek-sedek, pada
hayang meunang tempat nu
panghareupna. Sanajan
harita masih kénéh isuk-
isuk, tapi ku perbawana
hawa jelema anu mangrébu-
rébu, geus karasa panas
hareudang. Gamelan jeung
monggang muni piligenti. Ti
waktu rebun-rebun kénéh
ogé geus ditabeuh taya
lirénna, ngalagukeun lagu nu
matak gumbira, ngahudang-
keun sumanget kaprajuritan.
Teu kungsi lila jeleng-
gung-jelenggung goong
kabuyutan disada, tangara
Sultan rék rawuh. Jalma
mojég, ting euleungeung bari
jaréngké. pada hayang awas
ka nu jadi panembahan.
Kangjeng Sultan geus anjog
ka babancong, diiring ku
Ratu Padmi, ditema ku para
ceti jeung emban, anu
marawa upacara karajaan,
epok lampit, tumbak binang
sawunggaling jeung
salianna. Katingalna hurung-
hérang murub-mubyar,
pusaka emas sinangling, di-
tarétés ku sosoca. Gamelan
jeung monggang agem
ngalagukeun kebojiro.
Sanggeusna beres lalinggih,
Sultan maparin isarah ka
Senapati Ronggonoto, su-
paya senénan geura
dimimitian.
Senapati Ronggonoto
gasik maréntah ka tamtama,
supaja nandingkeun nu rék
ujungan. Nu rék diadu ujun-
gan kabéhna aya genepan.
Ku tamtama prak diatur, di-
Manglé 246926
{ 33 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
pasangkeun dua-dua. Ger
diadukeun sapasang-
sapasang, di satengahing
alun-alun. Pohara raména,
silih gitik silih gebug ku hoé
sagedé indung suku, pan-
jangna kira-kira sadeupa.
Keur ngajaga bisi kakeunaan
sirah, kabéh maraké balaku-
tak; bincurangna ditutupan
ku kulit munding nu geus
meunang ngagaringkeun. Nu
diarah babakuna indung
suku, sabab cek angga-
panana nya lebah dinya
mamarasna téh. Mim-
itina kacar anggang,
paneunggeulna di-
ulinkeun, nguriling bari
jeung ngigel, tincakna
ninggang wirahma, dina
lagu léang-léang.
Upama aya nu kakeun-
aan, nu lalajo ger saru-
rak, mapanas ka nu
talingeuh. Beuki lila
beuki ragot, ngagitik
patarik-tarik, ting jale-
bred ting beletak.
Upama geus aya nu
ngarumpuyuk, kakara
disapih. Nu éléh gan-
cang digotong, nu ung-
gul réngkénék ngigel
deui, tandang nangtang
sugan aya lawan séjén-
na. Anu unggul dia-
dukeun jeung nu unggul
deui, nepi ka tung-
tungna ngan tinggal
sapasang deui. Ger
ramé diadu deui, jago
lawan jago, pada kesit
pada rikat, pelit dilawan
pelit. Saharita mah taya
nu bisa ngira-ngira,
mana nu baris unggul,
mana nu bakal kasoran.
Kira-kira geus satengah jam
lilana, anu saurang katara
geus rada leuseuh tanagana,
nyingcetna geus kurang
tanginas, nakisna geus ku-
rang tapis. Ku lawanna terus
dibabuk-lalaykeun, nepi ka
jajarigjeugan. Sabot kitu ki
lawan mundur saléngkah,
hiuk paneunggeulna di-
heumbatkeun, rikat ngan
sakolébatan, beletak keuna
meneran indung sukuna nu
katuhu. Harita kénéh bru
ngarumpuyuk, tuluy nyuuh
henteu kuat nangtung deui.
Ku tamtama diburu sarta
terus diparéntahkeun supaya
gancang digotong, dikaluar-
keun ti pakalangan.
Ki lawan, anu unggul téa
henteu buru-buru ninggal-
keun pakalangan. Bari maké
balakutak rampayak manéh-
na ngigel ngibing lagu rajak-
rajak. Barang geus deukeut
ka payuneunanan, brek te-
pak deuku ku tuur kénca,
cedok nyembah, gék diuk
mendeko. Ku Senapati bal-
akutakna dipiwarang dibuka.
Barang bréh beungeutna ku
Senapati katingali, anjeunna
ngarenjag lain meumeueu-
san. Sing horéng anu pan-
gunggulna dina ujungan téh
... Ki Ukur.
Senapati Ronggonoto
nyaur bari keding hangit:
“Euh kutan manéh jele-
mana, anu unggul dina uju-
ngan téh?”
“Sumuhun dawuh,” rin-
tih Ukur ngawalonna.
“Ulah waka ieu aing,
boga rasa pangpunjulna.
Ujungan mah ngan saukur
kasantikaan pikeun prajurit,
lain keur nu bakal jadi tam-
tama. Ayeuna ku kami
manéh baris diadukeun deui
jeung Ki Jajengrono, tam-
tama anu geus kahot.”
“Abdi dalem tansah
ngiringan sakersa,” walon
Ukur. Sikepna henteu
galideur, tapi henteu pisan-
pisan nembongkeun pase-
mon angkuh.
“Jig ayeuna geura sasadi-
aan! Kami hayang uninga,
geus nepi ka mana panga-
bisa manéh enggoning ngo-
lahkeun tumbak, bari
tumpak kuda.”
Ki Ukur henteu talangké,
cedok nyembah tuluy undur.
Jelenggung-jelenggung
goong ditabeuh deui. Sena-
pati ngembarkeun, yén anu
baris dipintonkeun ayeuna,
kasantikan tumpak
kuda bari ngolahkeun
tumbak. Ger nu lalajo
surak ayeuh-ayeuhan,
bari moyeg hayang
geura nyaraksian.
Répéh nu surak, ditema
ku sora gamelan, nga-
lagukeun lagu pangli-
ma, sorana halimpu
angin-anginan. Henteu
kungsi lila torojol Ki
Djajengrono, nitih kuda
dawuk ruyung. Dasar
kuda palajaran, sisirig
bari adéan, tincakna
ninggang wirahma,
luyu jeung sora game-
lan. Ki Tamtama segut
sigit, anggoanana saru-
rup, niron-niron pong-
gawa tedak Astina. Ger
nu lalajo sarurak deui,
kataji ku Ki Tamtama.
Di Mataram mah kabéh
abdi jeung pradjurit
geus pada nyaho kana
kagagahan Ki Tamtama
Jajengrono, kapeten-
gan tukang nundung
musuh, ngusir nu rék
julig dengki.
Ti lawang beulah
kidul jol Ki Ukur,
tumpak kuda hideung
lestreng, turangga Batara
Wisnu. Leumpang kuda
lalaunan, teu sisirig teu
adéan, surup jeung anu
tumpakna, henteu dangong
borongongong, lungguh tim-
puh lir satria Kamajaja. Kitu
deui panganggona éstu
sagala basajan, da puguh
ukur prajurit.***
(lajengkeuneun)
27Manglé 2469
Manglé 246928
Bagian
200
CCarita Nyambung
Peuting ka-241
A
di holipah
terus nga-
lelemu.
Ngalap haté
Niam sang-
kan gumbira.
Ngan, nya kitu, nu dibubun-
gah mah, bangun teu maliré.
Kitu téh, lantaran pangaruh
haténa nu sabil, sedih jeung
nalangsa lantaran pajauh
jeung nu dipicintana.
Haténa rumasa, salah
léngkah. Rumasa teu jeung
jeujeuhan, percaya ka jalma
nu ngan ukur tembong ka-
soléhan luarna wungkul.
Ngan, geus kitu mah teu bisa
majar kumaha, kari tuma-
prak ka nu Mahakawasa
sarta ngadoa dina batinna
sangkan dibéré jalan leupas
tina mamala.
“Untung nu meuli anjeun
mah, najan kudu ngaluar-
keun duit saratus rébu dinar
ogé,” ceuk adi holipah.
Niam teu nembal, Piki-
ranana malaweung.
“Enden putri, dupi ieu
téh di mana, sareng ieu téh
kota naon?” pokna kalah
malik nanya.
“Ih, naha teu apal kitu?
Teu dibéjaan ku nu mawa
anjeun ka dieu?”
“Teu acan!”
“Ieu téh istana holipah.
Ngaran kota ieu Damaskus.”
Niam kakara jinek, mé-
mang dirina téh ditipu ku
nini-nini. Diculik, sarta dijual
ka nu séjén, nu ahirna dijual
deui ka holipah. Kitu ceuk
pikir éta awéwé mah.
Adi holipah pamitan.
Kakara isukna deui nepung-
an Niam kalayan mawa pa-
pakéan sapuratina. Najan
dipisalain ku papakéan nu
sakitu aralusna, haté Niam
mah teu sing bungah. Malah,
nu karasa mah mingkin
sedih lantaran geus kacipta
kumaha héséna leupas tina
éta mamala. Mun enya ogé
manéhna balaka, da moal
aya nu mercaya, malum
dirna mah beudak beulian nu
teu bisa nangtukeun kaha-
yang sorangan.
Pangaruh haténa nu
nalangsa, Niam brék gering.
Tuna dahar, tuna nginum.
Mun peuting ukur cungelik,
leungit pitunduheun. Atuh,
sakur nu kapapancénan nga-
jaga Niam baringungeun na-
ker, sieun nu ditalingakeun
ana kumaha onam.
Kayaan Niam kitu kaém-
pér-émpér ka holipah. Mimi-
tina mah, ukur nganggap
wajar lantaran tumamu
kénéh. Ceuk pikirna, geus
ngaloma mah piraku sedih,
da ku ayana di dinya téh jadi
unggah darajat, dipikaasih
ku holipah.
Béak poé ganti minggu,
kaayaan Niam mingkin pika-
hariwangeun. Ahirna, holi-
pah gé ngarasa hariwang.
Mimiti wéh diubar-aber, di-
tambaah ka ahlina. Tapi, nya
kitu, hasilna téh jauh ti nyu-
gemakeun, malah najan
rupa-rupa tabib gé taya nu
bisa nyageurkeun.
Kacatur deui Nikmatul-
lah. Saperti biasa mun tas
barangsiar téh gura-giru
balik ka imah. Biasana deuih
tara leungiteun pamajikan,
mun ogé teu kasampak, pas-
tina keur aya di indungna.
Ti imahna, salaki Niam
téh muru indungan.
Nanyakeun pamajikanna.
Tangtu wé, indungna gé
kagét, lantran poé éta mah
teu kaanjangan ku minantu-
na. Enya, cenah, sababaraha
poé ka tukang, minantuna
ménta diidina deui rék ngan-
jang ka jalma soléh jeung
nini-nini téa, tapi da teu
diidinan, ngan nyarek mah
henteu, kumaha karepna wé,
kumaha pipikiranana. Kitu
ceuk indung Nikmatullah.
Nikmatullah kaluar ti
imah indungna, saterusna
mah, neangan ka tempat-
tempat ramé. Sakur nu
pantes jeung biasa didatang-
an pamajikanan disungsi.
Ngan, nya kitu, nu ditéangan
téh lebeng.
Dina kayaan bingung,
Nikmatullah papangih jeung
salah saurang tatanggana.
Pok wéh kasusahna téh di-
dadarkeun. Ari pok téh, écés,
inditna Niam téh bareng
jeung nini-nini nu biasa
nyemah ka imahna.
Papanggihan kitu, jadi
29Manglé 2469
bahah keur laporkeuneun ka
pihak kaamanan. Atuh,
harita kénéh, éta béja téh
ditepikeun ka bagian kaa-
mananan téea, minangka la-
poran. Ngan, nya kitu,
sanggeus sababara poé tur
ditanyakeun deui ka nu dila-
poran téa, taya jawaban anu
jinek.
Peuting ka-242
Lila-lila mah, teu burung
kanyahoan, leungitna Naim
téh ngalibetkeun gubernur.
Atuh, geus kitu mah,
Nikmatullah téh teu bisa
majar kumaha. Da, kajudi,
bakal susah kacida upama
éta pasualan diréngsékeun
ku dirina.
Tilu bulan ti satasna ka-
leungitan pamajikan, Nikma-
lutllah brék gering. Langsung
parna kasakitna téh nepi ka
matak ngahariwangkeun
kolotna. Baa Nikmatullah,
Rabi Hatim. Ngumaha ka
para tabib. Teu burung
kasakitna mah gampang
pulih. Ngan, cenah, mun
batinna teu diubaran, awal-
ahir gé bakal gering deui.
Atuh, mun terus kagege-
ringan mah, kasakitna bakal
leuwih parna.
Kulawarga Rabi Hatim
babadamian. Pamustung-
anana, neang jalma nu lain
ukur pinter ngubaran, tapi
nu sakira-kirana bisa
ngungkulan éta pasualan.
Kabeneran deuih, nu dipen-
taan tulungna tabib nu lain
ukur ahli ngubaran, tapi
deuih percéka jeung loba
akalna.
Lian ti ngubar-ngaber
Nikmatullah, pihak ku-
lawarga gé terus néangan nu
ngiwat Niam. Tina hasil
panalungtikan pihak ku-
lawarga, mémang kanya-
hoan, Niam geus aya di
Damaskus, rék dijadikeun
selir holipah. Ku lantaran
kitu, tabib gé ngayakeun
tarékahna téh ku cara ngajak
pindah Nikmatullah ti Kuffah
ka Damaskus.
Di tempat anyar, tabib
muka toko obat. Ngahaja
nyéwa toko sisi jalan nu kira-
kira baris kajojo ku balaréa.
Da maksud nu saenya gé
sangkan meunang raratan nu
dialuruhna.
“Ayeuna mah kieu,” ceuk
tabib ka Nikmatullah.
Derekdek wéh medar
tarékahna. Initina ,mah, ti
mimiti poe éta, tabib téh rék
ngaku anak ka Nikmatullah.
Kitu deui Nikmatullah mun
di hareupeun jalma séjén
mah, kudu nyebut bapa ka
tabib téh. Keur Nikmtullah
mah teu jadi pasualan. Nurut
kana sagala saran jeung pa-
patah tabib téa.
Kabiasaan jaman harita,
lain ti basa nagara masing-
masing, basa nu dipake ku
nu palinter mah basa Persia.
Kitu deui tabib jeung
Nikmatullah, maké basa
sapopoé di Damskus mah,
maké bsa Persia wé. Mak-
sudna, nyumput buni di nu
caang, sangkan sagala omon-
ganana teu gampang harti ku
balarea nu aya di sabudeur-
eun éta temlat.
Can gé saminggu, toko
obat téh geus kajojo, Loba nu
ngahaja daratang ka éta tem-
pat, lantaran kataji ku carana
nu boag toko majang obat-
obatanana. Tangtu deuih,
loba nu kataji téh ku panga-
bisa tabib téa, nu mémang
lain jalma joré-joré. ***
(Hanca)
Manglé 246930
MMimbar Atikan
N
ungtut élmu nyiar
luang,nyuprihpangarti
nambah pangabisa, éta
paréntah ti nu maha
kawasa, Alloh Sub-
hanahu Wata'ala.
Murid atawa santri nu bihari,
jeung murid nu kiwari béda pisan
beubeunangannana dina nyuprih
pangarti. Kitu nu kacaritakeun ceuk
"sho hibul hikayat". Anu bihari mah
téréh bisa, babari ngarti, gampang
tulur-talar.
Sedengkeun anu kiwari éstu saba-
likna matak hesti; hésé ngarti, barho;
ari bubar ari poho, heubtular; heuat
beurat tulur-talar.
Padahal élmuna éta kénéh-éta
kénéh, kitu kénéh-kitu kénéh, mun
lauk mah kancra-kancra kénéh. Moal
boa mun teu salah eupan, useupna
anu bengsal (teu bangénan).
Ti antara eupan nguseup élmu
para “ulama baheula”, guru nu ka-
pungkur, murid atawa santri nu bi-
hari, nyaeta hormat-khidmat ka
tukang ngawuruk (guru). Jadi teu dis-
akelaskeun jeung palayan toko atawa
tukang ngaladangan ka guru téh geus
hasil barang mah tara ieuh inget kanu
ngaladangan.
Sayyidina Ali kantos nyanggem:
"INNY 'AEDUN MAN 'ALLAMANY
HARFAN WA HIDAN.”
Hartosna: “Satemenna kuring
abidna jalma anu ngajar ka kuring
sanajan sa huruf.”
Padahal dina kasempetan anu
sanés mah, anjeunna nyanggem:
"JA’ALAKA ALLOHU HURRON
FALA TAKUN ABDA GHOIRIKA.”
Hartosna: “Satemmena Alloh geus
ngadamel anjeun dina kaayaan mer-
deka, omat anjeun ulah rék jadi abid
jalma lian".
Parandénékitu,arikagurumahku
Sayyidina Ali diiwalkeun da bongan
jadi syarat metik hasilna elmu, jadi
eupan nguseup élmu. Keun téa mah
campelak-cumantaka ka nu jadi guru,
najan loba pangabisa, sugih ku pa-
ngarti, pasti elmuna moal aya bereka-
han, da bongan ingkar tina dawuh
Rosul: “WAQQIRUU MAN TATA’AL-
LAMUUNA MINKUM.”
Hartosna: “Hormat (hargaan)
jalma anu ngajar ka anjeun.”
Kiwari lain sepi ku pangarti, lain
suwung ku nu berelmu, anu pinter
mah pajejel, sarjana pabalatak, ngan
nu hormat-khidmat ka guru hésé
néangannana. Munasabah adzab ti
Pangérantumibakabalaréa,sababteu
ngahargaan ka guru, teu hormat ka
tukang ngawurukan, éta sala sahiji ka-
mashiatan nu nimbulkeun bebendon
Pangeran, akibat elmu ngahunyud
tapi teu mangpaat taya berekahan.
Dawub Nabi SAW: "LA MAUTU
QOBILATIN AISARU MIN MAUTI
‘ALIMIN” Hartosna: Maot sa qobilah
(sadesa), leuwih enteng batan maot
saurang 'Alim (tukang ngawurukan).
Dawuhmantennadinakaterangan
anu sanes: “Al ‘Ulamau aminulloh fil
ardli.”
Hartosna: “Tukang ngawuruk
(guru), Ulama téh kapercayaan Alloh
(anu di percaya ku Alloh di ieu bumi".
Kitu Rosululloh SAW, ngahar-
gaannanakatukang ngawuruk(guru),
ka Ulama.
Demi nu jadi udagan tukang
ngawurukan (guru) ti bihari nepi ka
kiwari ceuk rarasaan mah teu robah,
angger pageuh, yén diri boga rasa di-
parentah ku Alloh, nohonan kamis-
tian. Ngaping, ngajaring nya jas ma-
niah nya rohaniah, anu dina
seuhseuhannana napak dina tilu hal:
Kahiji: Ngawarah diri sorangan (dina
ngawurukan téh) Kadua : Méré conto
(kaanujadimurid/santri)Saleuwihna
ti éta, ngahubungkeun shilaturrahim,
sinimpayan rasa ka tresna.
Dina al-Qur’an, surat At-Taubah
ayat 105, Alloh SWT, ngalahir:
“WAQUL I’MALU FASAYAROL-
LOHU ‘AMALAKUM WAROSU-
LUHU WAL-MUMINUNA” (Jeung
pok caritakeun ku anjeun “Muham-
mad”, prak digarawe aranjeun, engke
Alloh jeung Rosulna jeugn jalma-
jalma anu Mu’min bakal ningali (mere
pangajen) kana hasil pagawean aran-
jeun)
Perkara pangajen ti Alloh sareng ti
Rosulna kana hasil gawé dikala ngan
jalma-jalma, khususna hasil gawé
tukang ngawuruk (guru), disagédéng-
eun teu aya pimangmangeun téh, ogé
sagemblengna aya dina wewenang
mantenna duaan, urang sadaya yakin
kalawan pinuh ku kaimanan. Ana-
mung, anu peryogi buktos, kahartos,
tur karaos téh teu aya sanés pangajen
ti papada "jalma mu'min”.
Dina hal ieu, teu sadaya jalma
mu’min kagungan wewenang kanggo
maparin pangajén, tangtosna wabil
khusus dikalangan papayung, para
inohong, nu nangtungan rayat. Saper-
tos anu parantos dibuktoskeun ku
UmarIbniAbdilAziz(salahsawiospa-
payung agung, kholifah), anu teu kin-
ten merhatoskeunnana, ngangkat
harkatdarajatna,turngajenannanaka
tukang ngawuruk (guru), dina bagian
surat anu ditulis ku anjeunna kanggo
Jadi Udagan jeung Pangharepan
di Dunya Atikan
Ku Dede Muttaqin
31Manglé 2469
para inohong (pajabat) boh nu aya di
Madinah/Kota, boh anu aya di qo-
ryah/daerah,eusinaparéntahsangkan
méré pangajén ka tukang ngawuruk
(guru), dina bagian akhir surat
anjeunna;
“HATTA YU’ALLIMA MAN LA
YA’LAMU, FAINNAL ‘ILMA LA
YAHLIKU HATTA YA KUUNA SIR-
RON.”
Hartosna: Nepi ka tukang ngawu-
ruk (guru) lumangsung ngatik-nga-
didik murid/santri, sabab ari elmu
moal sirna kajaba upama guru geus
teu dihargaan. = Fathul Bary juz.1
kaca. 194 = Demi nu jadi harepan
tukang ngawuruk (guru), ti bihari nepi
kakiwarimoalkaluartinaperkaraanu
bisa diperedih, dipénta. Tegesna
meredih tur ménta anu jadi hakna,
hoyong aya buktos ulah mung sakadar
carios supados kahartos sarta karaos
model naon cara kumaha pangajén nu
kudu ditarima boh ti nu nangtungan
rayat, boh ti wawakil kapercayaan
rayat. Saperkawis; Syukur al-ham-
dulillah, ngiring bingah. Ka adi-
adi/batur akang tukang ngawuruk
(guru) anu sakawitna guru
honda/kontrak, kiwari parantos robih
nasib, da saleresna asa kurang panuju
ku ayana isti lah kecap “honor/
kantrak”, sakali guru mah, tetep wé
guru. Malihan dipahing tong sok
ngabenten-benten antara guru negeri
sareng guru swasta atanapi guru PNS
sareng guru NON PNS, margi mung-
guhing dina ngalaksanakeun kawa-
jibannana mah sami-sami éstu teu
dibénten-bénten.Kituogéupamibadé
ngantep moal rék ngarobih nasib
guru-guru anu duka kumaha pika-
payuneunnana, kantenan nu nincak
umur tos langkung ti 40 taun padahal
pangalamannana dina ngawuruk teu
kirang ti 20 taun, boh nu ngawruk di
sakola Negeri, boh nu ngawuruk di
sakola swasta, sumangga nyangga-
keun badé modél naon cara kumaha
maparin pangajén atanapi masrah-
keun hak ka aranjeunna?
Kadua perkawisna: Mangpirang-
pirang tukang ngawuruk ( guru) anu
kagolongkeun nasibna duka kumaha
pikapayuneunnana téa, parantos tiasa
minuhan tur nyumponan syarat-
syarat kaguruannana:
Ti kawit tamatan sakolana (S1/Ak-
taIV)
Lajeng Sertifikasi Guru, parantos
ditempuh (Lulus). Éta diantawisna.
Ampun paralun teu aya maksad nolak
kana kasaéan, nampik sugri pangasih,
ku ayana lungsur TunPus (Tunjangan
Fungsional) syukur alhamdulillah,
éstu katampi tur nganuhunkeun
pisan,nangingieuTunFusteuayapat-
ula-patalina sacara khusus sareng
guru anu parantos nyumponan/mi
nuhan syarat-syarat kaguruannana,
margi buktos anu teu acan ogé sami-
sami pada nampi. Sumangga nyang-
gakeunbadémodélnaoncarakumaha
maparih pangajén atanapi masrah-
keun hak ka guru anu parantos tiasa
minuhan tur nyumponan syarat-
syarat kaguruannana?
Kalihnatiéta:Mugiajantenuninga
wiréh nu janten kasangtukangna
pangna si kuring kumawani jadi guru
Mulok(basa Sunda),diantawisna:Ka-
paksa ku kaayaan, jalaran arang-
langka malihan teu aya saurang ogé
guruanusayogingawurukbasaSunda
pangpangna dilingkungan MTs, anu
antukna sim kuring kéngéng panggi-
lan kanggo Uji Sertifikasi ogé dina
widang basa Sunda, alhamdulillah
parantos ditempuh tur LULUS. Dupi
sim kuring S1 Tarbiyyah (PAl), mu-
nasabah margi gaduh dasar ti Pas-
antren (Mts-MA).
Pamugi dijeujeuhkeun kumaha
sakedahna kumaha saéna? kanggo
léngkah-léngkah kapayunna, margi
hoyong énggal metik hasilna ngala
buahna.***
Dede Muttaqin S.Pd.I, guru
honorér basa Sunda MTs N
Ciparay Kabupatén Bandung
Guru nu teu owél ku élmu, ngawidir santri nu hayang ngarti (poto: net)
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469
Mangle 2469

More Related Content

What's hot

KAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAPKAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAPARISKA COMPNET
 
Kerajaan holing atau kerajaan kalingga ppt
Kerajaan holing atau kerajaan kalingga pptKerajaan holing atau kerajaan kalingga ppt
Kerajaan holing atau kerajaan kalingga pptFaradina Tshania Laily
 
Ancaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFO
Ancaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFOAncaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFO
Ancaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFOGungun Misbah Gunawan
 
Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"
Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"
Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"Àlvenda Ryan
 
Presiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowi
Presiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowiPresiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowi
Presiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowiFelix net
 
Materi Sejarah Kelas XII - Disintegrasi Bangsa
Materi Sejarah Kelas XII - Disintegrasi BangsaMateri Sejarah Kelas XII - Disintegrasi Bangsa
Materi Sejarah Kelas XII - Disintegrasi BangsaAmira A
 
Pidato tentang korupsi
Pidato tentang korupsiPidato tentang korupsi
Pidato tentang korupsinursiah1972
 
Kerajaan Hindu Tertua di Indonesia Kutai
Kerajaan Hindu Tertua di Indonesia KutaiKerajaan Hindu Tertua di Indonesia Kutai
Kerajaan Hindu Tertua di Indonesia KutaiRiana Indah
 
Makalah kerajaan mataram
Makalah kerajaan mataramMakalah kerajaan mataram
Makalah kerajaan mataramBridhaz Bravo
 
Perjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi Bangsa
Perjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi BangsaPerjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi Bangsa
Perjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi BangsaDavid Adi Nugroho
 
Kerajaan kutai presentasi
Kerajaan kutai presentasiKerajaan kutai presentasi
Kerajaan kutai presentasiayuksri Rahayu
 
Sejarah reformasi
Sejarah reformasiSejarah reformasi
Sejarah reformasiANAKilang81
 
Kisah inspirasi
Kisah inspirasiKisah inspirasi
Kisah inspirasiLilik Sari
 

What's hot (20)

KAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAPKAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
 
Kerajaan holing atau kerajaan kalingga ppt
Kerajaan holing atau kerajaan kalingga pptKerajaan holing atau kerajaan kalingga ppt
Kerajaan holing atau kerajaan kalingga ppt
 
Ancaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFO
Ancaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFOAncaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFO
Ancaman disintegrasi sistem pemerintahan PRRI/PERMESTA dan BFO
 
Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"
Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"
Cerpen Bahasa Jawa "Lutung kasarung"
 
Presiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowi
Presiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowiPresiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowi
Presiden dan wakilnya dari yang 1 sampai jokowi
 
Kerajaan Gowa-Tallo
Kerajaan Gowa-TalloKerajaan Gowa-Tallo
Kerajaan Gowa-Tallo
 
Peranan 4 tokoh
Peranan 4 tokohPeranan 4 tokoh
Peranan 4 tokoh
 
Materi Sejarah Kelas XII - Disintegrasi Bangsa
Materi Sejarah Kelas XII - Disintegrasi BangsaMateri Sejarah Kelas XII - Disintegrasi Bangsa
Materi Sejarah Kelas XII - Disintegrasi Bangsa
 
Pidato tentang korupsi
Pidato tentang korupsiPidato tentang korupsi
Pidato tentang korupsi
 
Pidato siswa prestasi
Pidato siswa prestasiPidato siswa prestasi
Pidato siswa prestasi
 
COVER ABSEN SISWA.docx
COVER ABSEN SISWA.docxCOVER ABSEN SISWA.docx
COVER ABSEN SISWA.docx
 
Kerajaan Hindu Tertua di Indonesia Kutai
Kerajaan Hindu Tertua di Indonesia KutaiKerajaan Hindu Tertua di Indonesia Kutai
Kerajaan Hindu Tertua di Indonesia Kutai
 
Pertempuran ambarawa
Pertempuran ambarawaPertempuran ambarawa
Pertempuran ambarawa
 
Makalah kerajaan mataram
Makalah kerajaan mataramMakalah kerajaan mataram
Makalah kerajaan mataram
 
Perjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi Bangsa
Perjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi BangsaPerjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi Bangsa
Perjuangan Menghadapi Ancaman Disintegrasi Bangsa
 
Kerajaan kutai presentasi
Kerajaan kutai presentasiKerajaan kutai presentasi
Kerajaan kutai presentasi
 
Sejarah reformasi
Sejarah reformasiSejarah reformasi
Sejarah reformasi
 
Naskah drama 7 orang
Naskah drama 7 orangNaskah drama 7 orang
Naskah drama 7 orang
 
Kisah inspirasi
Kisah inspirasiKisah inspirasi
Kisah inspirasi
 
Revolusi china
Revolusi china Revolusi china
Revolusi china
 

Viewers also liked (20)

Mangle 2482
Mangle 2482Mangle 2482
Mangle 2482
 
Mangle 2468
Mangle 2468Mangle 2468
Mangle 2468
 
Mangle 2467
Mangle 2467Mangle 2467
Mangle 2467
 
Mangle2480
Mangle2480Mangle2480
Mangle2480
 
Mangle 2474
Mangle 2474Mangle 2474
Mangle 2474
 
Mangle 2472
Mangle 2472Mangle 2472
Mangle 2472
 
Mangle 2473
Mangle 2473Mangle 2473
Mangle 2473
 
Mangle 2454
Mangle 2454Mangle 2454
Mangle 2454
 
Mangle 2455
Mangle 2455Mangle 2455
Mangle 2455
 
Mangle 2471
Mangle 2471Mangle 2471
Mangle 2471
 
Mangle 2457
Mangle 2457Mangle 2457
Mangle 2457
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
Mangle2465
Mangle2465Mangle2465
Mangle2465
 
Mangle 2458
Mangle 2458Mangle 2458
Mangle 2458
 
Mangle2463
Mangle2463Mangle2463
Mangle2463
 
Mangle 2462
Mangle 2462Mangle 2462
Mangle 2462
 
Mangle_2460
Mangle_2460Mangle_2460
Mangle_2460
 
Mangle 2464
Mangle 2464Mangle 2464
Mangle 2464
 
Mangle 2459
Mangle 2459Mangle 2459
Mangle 2459
 
Mangle 2466
Mangle 2466Mangle 2466
Mangle 2466
 

Similar to Mangle 2469

MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2432
Mitra Sunda - Mangle 2432Mitra Sunda - Mangle 2432
Mitra Sunda - Mangle 2432mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447mitra_sunda
 

Similar to Mangle 2469 (18)

MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
 
Mangle 2449
Mangle 2449Mangle 2449
Mangle 2449
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
 
Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441
 
Mangle 2452
Mangle 2452Mangle 2452
Mangle 2452
 
Mangle 2478
Mangle 2478Mangle 2478
Mangle 2478
 
Mangle 2451
Mangle 2451Mangle 2451
Mangle 2451
 
Mangle 2450
Mangle 2450Mangle 2450
Mangle 2450
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
Mitra Sunda - Mangle 2432
Mitra Sunda - Mangle 2432Mitra Sunda - Mangle 2432
Mitra Sunda - Mangle 2432
 
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443
 
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447
 

More from mitra_sunda

More from mitra_sunda (6)

Mangle 2483
Mangle 2483Mangle 2483
Mangle 2483
 
Mangle2481
Mangle2481Mangle2481
Mangle2481
 
Mangle 2479
Mangle 2479Mangle 2479
Mangle 2479
 
Mangle 2477
Mangle 2477Mangle 2477
Mangle 2477
 
Mangle 2476
Mangle 2476Mangle 2476
Mangle 2476
 
Mangle 2453
Mangle 2453Mangle 2453
Mangle 2453
 

Mangle 2469

  • 1.
  • 2. 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS : Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As- marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S, Ade. N gawawarkeun paniatan hayang boga kahadéan keur balaréa....cenah! Naha maké kudu di- wawarkeun? Apan batur acan wawuheun ka uing! Can wanoh kana dedeg pangadeg, can apal kana kaahlian uing, can apal kana paniatan uing. Katingal babalapanana, paalus-alus pasang peta, pahadé-hadé nyieun uar panga- jak, jeung pagedé-gedé pangbibita. Ari kituna mah kaharti, apan nu kampanyeu téh lain saurang dua urang, puluhan malah ratusan pada-pada hayang kapilih ku balaréa, palay jeneng andegléng dina korsi goyang di gedong sigrong di Senayan. Kajurung ku ngagedurna karep hayang “nyait nasib ngangkat darajat” dulur salembur baraya sanagara, atuh dina prakna kampanyeu téh loba pisan anu poho kana tatakrama, jiga sakarep ingsun , teu nolih wanci teu maliré lahan. Pan aya nu geus derengdeng miheulaan batur saméméh piriwit ditiup ku KPU jeung Pnwaslu. Nu mi- dang dina koran jeung majalah, nambahan pangasilan ka pamedalna. Nu narangkod baé dina tangkal kai jeung ti- hang listrik sapanjang jalan téh teu maliré kana larangan pamaréntah kota “ atribut kampanyeu ulah ngarurujit kaéndahan kota”. Ari pokpokanana, jangjina ésatu aramis pisan. Jigana teu kaémut naha éta jangji téh geus diijir bakal bisa kacumponan? Jeung éta raray anu nyarengan jangji nu ngajeblag téh geuning raray anu tos dipiwanoh da seuseueurna nu karampanyeu ayeuna téh anu tos lami je- neng di Senayan. Ari kitu iraha atuh rék ngagéhan ka nu anyar anu bener-bener hayang babakti ka nangri, bébéla kana nasib balaréa. Jigana mah teu jadi soa bisa nedunan jangji mah, nu penting ayeuna mah uing bisa meunang sora panglobana. Lamun perlu, iwal anu tingjareblag dina papan reklameu atawa dina tatangkalan nu ngahieuman deudeuleuan téh teu kurang-kurang anu geus sasadiaan amplop jeung sembako keur serangan pajar, cenah! Ari kituna mah unggal usum gé urang teu bisa nying- kahan ieu kaumuman téh da geus dirageuman ku urang saréréa yén nya ku cara kieu urang bisa wanoh ka calon pamingpin bangsa anu dipiharep bisa nyait nasib ngangkat darajat bangsa téh. Muga baé kabiruyungan.*** Kampanyeu... kampanyeu... kampanyeu! LLawangSakéténg
  • 3. IMPLIK - IMPLIK Pamor Karinding Geus Mimiti Turun ......................................................... 10 NYUSUR GALUR Prasasti Batutulis Bogor Saperti Nu Dipedar ku Saléh Danasasmita ..................... 12 LAPORAN Kang Uu Sunda Lain Ukur Ngigelan, Tapi Ngigelkeun Jaman .......................... 24 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Nyusur Galur .................................... 12 Munara Cahya ................................... 14 Tanya Jawab ..................................... 16 Aweuhan ........................................... 41 Gedong Sate ...................................... 42 Katumbiri .......................................... 44 Bale Bandung .................................... 50 Mangle Rumaja .................................. 51 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 5 PROFIL Agus Gumiwang Kartasasmita; Nguatan Gerakan Milih Pamingpin Sunda Potret:Reisyan Bada isya, Oyoy leumpang sorangan muru lembur Pos Jaga OKD Karang Anyar nu geus narungguan manéhna. Haténa karasaeun harampang jeung bungangang. Mun téa mah manéhna bisa numpes gorombolan nu rék ngaran- jah lembur Karang Anyar, mana teuing bakal panjang caritana. Moal boa éta béja bakal nepi ka Lilis. Aya harepan Lilis bakal daékeun ngarangkep.... Tanjakan Panawuran JAGAT WANGWANGAN ( 17 - 40 ) RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan karyana tangtos kenging honor. MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
  • 4. 3Manglé 2469 KKacaTilu Tuan Kawasa S alila tilu minggu, ti mimiti tang- gal 15 Maret, sakumna bangsa Indonésia bisa nyaksian kampa- nye di mana-mana. Para pamingpin, anu sapopoéna andegléng di kantor anu diamparan karpét jeung tara pareum tina AC, ayeuna mah turun unggah panggung nepi ka kampung- kampung. Di mana-mana maranéhna awong-awongan pidato, bisa jadi eusi- na mah kitu kénéh kitu kénéh, bari jeung teu mustahil sabenerna mah maranéhna gé teu ngarti kana eusi pidatona. Tapi da mémang ayeuna waktuna. Cenah, kitu soténan ceuk maranéhna sorangan. Dina salila lima taun téh ngan tilu minggu lilana pahareup- hareup langsung jeung rayat mah. Bari jeung sakolépat-sakolépat da jadwalna ngahaja disina padet. Isuk- isuk pidato di hiji tempat, beurangna pindah ka tempat séjén, soréna nya kitu deui. Naon hasilna tina nepungan rayat dina waktu nu sakitu samporétna? Bisa jadi tujuanana ogé lain ka dinya. Lain arék ngadéngé kana paménta atawa kahayang rayat tapi sabalikna, hayang ngabéjaan kahayangna sora- ngan tur miharep ku rayatna bakal digugu. Naon salahna? ceuk maranéhna, lantaran kakawasaan keur aya dina cekelanana. Nu diparebutkeun dina jero tilu minggu téh teu kurang teu leuwih iwal ti kakawasaan. Waktuna sagala rupa tohtohan, lantaran lamun pareng bisa nyekel kakawasaan éta téh pikeun lima taun lilana. Keun baé capé jeung kurang saré salila tilu minggu gé lan- taran engkéna bakal bisa senang- senang, hirup monyah-monyah bari saré tibra lima taun lilana. Kungsi populér pisan nu ngaranna Tuan Kawasa. Jaman ba- heula, ceuk dina caritana mah. Jaman Walanda, da anu jaradi tuan- na ogé nya maranéhna. Kangaranan nu ngajajah nya tangtu wé sagala rupa sangeunahna. Sagala rupa kumaha manéhna. Teu kudu kahala- ngan pédah teu adil, teu kudu hamham pédah hawek jeung koko- moan. Manéh anu kudu bobolokot késangna, kuring anu senang- senangna. Éta téh cirina anu bisa kumawula. Mémang kitu kuduna lantaran kuring Tuan Kawasa. Kakawasaan Walanda geus burak salila-lila, tapi ari Tuan Kawasana mah henteu milu baralik ka nagarana. Ngan semet ganti kulit, ganti beu- ngeut, tabéatna mah teu pati jauh bédana. Saha anu bisa netepkeun sawah anu subur kudu ganti jadi lahan industri? Tuan Kawasa. Saha anu ngidinan pasir beusi diunjalan ku jalma anu ceuk urang dinyana mah saha boa? Tuan Kawasa. Saha anu bisa netepkeun leuweung geledegan dikapling-kapling pikeun ditaluaran kaina? Tuan Kawasa. Saha anu ngidi- nan cai nyusu anu tadina bisa diinum ku saha bae sina robah jadi air mine- ral anu dijualan ka unggal jalma? Tuan Kawasa. Dina jaman Romawi, minangka panghargaan ka tentara anu gedé jasana, tanah rampasan téh diduum- keun sina jadi garapan masing-ma- sing. Sanggeus pangsiun para jendral téh bisa hirup medah-meduh. Tapi lain di Romawi kajadianana lamun aya jendral pulisi anu boga tanah lega di mana-mana. Turta éta tanah téh lain minangka pamulang kana jasana. Démokrasi, anu keur dikeureu- yeuh ku urang, mindeng pisan ti- tatarajongna. Kakawasaan anu hakna aya di rayat, mémang didelegasikeun ka para pamingpin boh nu aya di pamaréntahan boh nu aya di législatif. Tapi naon agulkeuneunana pemilu anu di- sebut jujur jeung adil lamun hasilna ngan semet unggal taun nyadiakeun raskin. Tuan Kawasa anu harita ngunjalan sagala rupa ti urang ka nagarana, jumlahna beuki dieu asa beuki loba. Geus puguheun anu baroga modalna, dalah anu jaradi calona di dieu gé sarua ngarasa jadi Tuan Kawasa. Ngan wandana anu robah téh da prakprakanana mah kitu-kitu kénéh. Cenah apan, lamun juragan bupati harita arék kariaan, ménta sapi ka unggal wadana hiji séwang. Dina gili- ranana, unggal wadana ménta sapi ka unggal camat hiji séwang. Ti camatna, ménta sapi ka unggal lurah, hiji séwang. Alesanana mah sarua, jura- gan bupati badé kagungan maksad. Bener ceuk nu weruh di semuna, rék dina jaman karajaan rék dina jaman républik, lalakon Tuan Kawasa mah moal leungit-leungit. Komo dina jamanna démokrasi diwowoy ku anu baroga modal. AM.
  • 5. Sim kuring tinggal di Jakarta, sakali-kali lamun sok aya liburan poe Saptu jalan-jalan ka Bandung. Tapi lamun ka Bandung teh paling ka daerah Bandung Kaler anu rame ku jualan "fac- tory outlet" , jarang maen ka daerah kulon, wetan atawa kidul mah. Sakali waktu kuring jalan ka puseur kota Ban- dung nyaeta ka sakitar alun-alun, jaman baheula mah anu namina puser kota teh nyaeta alun-alun jeung aya masjid di hare- upna. Tah ieu aya hubun- ganana jeung judul nu diluhur, tapi maksudna heurin di dieu lain heurin ku tangtung (bangunan) tapi ku PKL nyaeta pada- gang kaki lima. Kamana atuh Wa- likota Bandung teh?, naha teu ningali kaayaan di kotana? padahal studi bandingna mah geus ka mancanagara tapi hasilna can katingali. Ulah jauh-jauh cobi tingali kota Surabaya atawa kota Solo bisa ngatur PKL anu minuhan trotoar, naha Bandung heunteu bisa ngabere- sihkeun PKL? padahal baheula mah Bandung teh kasohor kota "Paris Van Java". Jakarta aye- una geus ngawitan mere- san PKL di daerah Tanah Abang. Baheula mah jalan Dago, Cipaganti, Ciham- pelas jeung jalan Riau teh mangrupa hunian elit, masih aya keneh wangu- nan-wangunan paning- galan urang Walanda. Ari ayeuna campur baur jeung nu jualan rupi-rupi. Coba dingawitan ti sakitar alun-alun heula ngabersihkeun PKL teh utamina di trotoar jeung di alun-alun di sakitar mesjid Agung, tem- patkeun sementawis di daerah Tegalega. Sat- erasna eta angkot ulah muter di alun alun. Cukup we nepi ka Kebon Kalapa jeung jalan Oto Iskandardinata. Hatur nuhun, mugi kaaos ku juragan-juragan panggede di Bandung. Jakarta Rachmat Budiman Sudjanabrata Milih Pamingpin Bébasna nangtukeun pilihan, salah sahiji wujud kabébasan warga nagara. Dina sual nang- tukeun putusan, moal aya nu bisa ngahalang-ha- lang. Ceuk kekecapan Kahlil Gibran mah, “An- jeun bisa nalikung le- ungeun kuring, ngabakutet suku kuring, malah ngalungkeun awak kuring ka panjara, tapi anjeun moal bisa ngaha- lang-halang pikiran kur- ing.” Pilihan bébas ogé bisa dilarapkeun dina wak- tuna milih pamingpin. Masing-masing pihak, bisa ngalaksanakeun léngkah-léngkah jeung mutuskeun luyu jeung hak masing-masing. Upama kandidat boga hak ngébréhkeun ka- mampuhanana, nu rék milih gé boga hak nguji jeung nimbang-nim- bangna. Di dinya mah, bisa batu-turun keusik naék, nepi ka masing- masing ngahotal karepna, najan teu bisa sugema sagemblengna kana pili- han jeung putusanana. Margi kitu, sawadina saméméhna milih teh kedah datangna tina rasa jeung pikiran nu panjang. Tina rasa, henteu cukup ku resep, tapi wanoh kana program-program. Panjang, hartina aya im- plengan pikahareupeun nu leuwih hadé. Sakitu waé serat ti pribados. Ngahaturkeun rewu nuhun ka Ais Pangampih Manglé. Wassalamu’alaikum Jumhana Bandung Manglé 24694 KKoropak Majalah Manglé Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya. Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé Jalan Lodaya No. 19 Bandung. Telepon 022-7303438, Hp. (Tuti) 0857 21307232 1.Tatarucingan Rp. 15.000,- 2.Kabungbuleungan Rp. 40.000,- 3.Cahaya Gumawang dina Ati Rp. 20.000,- Bandung Heurin ku Tangtung
  • 6. 5Manglé 2469 PProfil Agus Gumiwang Kartasasmita; Nguatan Gerakan Milih Pamingpin Sunda A ngen-angenna ancrub ka dunya pulitik, écés patékadanana, babakti ka lemah cai. Ku lantaran kitu, waktu Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK) kapeto jadi anggota Dewan Perwakilan Rakyat (DPR RI), 1997 -1999, inyana ngecagkeun pancén gawé séjénna, demi museurkeun perhatian kana tugasna, jadi anggota DPR RI. Harita umur AGK téh kakara 28 taun. Jadi wawakil rahayat gé, kaa- sup kana ‘golongan’ lima urang nu panggorana mangsa harita téh. “Asa teu percaya waktu harita dilantik jadi anggota DPR RI téh,” pokna nyoréang mangsa ka tukang. Upama inyana kapeto jadi anggota déwan, mémang teu ujug- ujug. Da, dimitembeyanana gé ti anggalna kénéh. Asupna kana dunya pulitik, jadi pangurus Golkar lantaran asak pangalamanana dina rupa-rupa organisasi kapamudaan jeung kamasarakatan. Atuh, mere- nah, upama inyana téh pada ngahiap-hiap, diajakan ngagabung ka Golkar. Salah sahiji bekel ancrubna kana dunya pulitik, di antarana, lantaran AGK téh kungsi jadi ketua umum AMPI. Jadi pulitisi nu ngantor di Senayan, méméh Reformasi mah ukur dua taun (1997 – 1999). Saterusna, lir ayak-ayak beas,! Ngan nu bener-bener hadé ajénna jeung weweg pangalaman nu saterusna ajeg makalangan mah. Apan, satu- tas Reformasi, babak pilihan umum gé leuwih bruk-brak, nu kapilih téh nu bener-bener me- unang dukungan masarakat. AGK ngabuktikeun dirina, mampuh ngayonan parobahan jaman. Modal jeung Pangalaman Agus Gumiwang Kartasasmita, teu- reuh Sunda. Lahirna taun 1969 di Jakarta, lantaran ramana Gi- nanjar Kartasamita mancén gawé di peuseur nagara, nya lir ceuk paribasa, teng manuk teng anak merak kukun- cungan. Teureuh ‘katokohan’ kolotna gé, nétés ka di- rina. Kitu téh, lan- taran AGK diwanohkeun kana pulitik jeung uru- san-urusan kana- garaan ti bubudak. Inyana remen dibawa nepungan paratokoh nasio- nal di saban tem- pat. Ku cara kitu, Agus boga kalude- ung campur gaul jeung rupa-rupa jalma, kaasup jeung nu saluhureun. Upama aya pari- basa pangalaman téh guru anu Ancrub kana dunya pulitik, lir lauk jeung caina. Kitu Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK) mah. Ngan, naon wae ketak jeung lalampahanana salila makalangan di dunya pulitik? AGK medar pangalamanana. *** Agus Gumiwang Kartasasmita (AGK) Nyumangetan milih pamngpin Sunda
  • 7. utama, ku AGK mah éta kekecapan téh karasa pisan. Malah, nya tina pangalaman téa, dirina ngarasa boga kamampuhan ngalaksanakeun pancén gawé sarta boga ‘jurus’ geu- san ngungkulan rupa-rupa pasu- alan. “Sim kuring yakin, pulitik téh raket tumalina sareng pangalaman. Upama urang rajin ngimeutan rupa-rupa pasualan sarta gaduh bakat, sagala rupi bangbaluh tiasa diungkulan,” pokna gedé haté. Kayakinanan kitu ogé, medal tina pangaruh sepuhna. Ramana, teu weléh ngingetan, hayang ngarti kana pulitik bisa diajar tina lingku- ngan, pangalaman, jeung kawijakan (wosdom). “Ngan, tangtos kedah ngagaduhan élmu pangaweruh sanésna sangkan ancrubna kana pulitik téh puguh kaahlian nu diandelkeunana,” pokna. Sual kamampuhan nu ku AGK disebut ‘andelkeuneun’, keur dirina mah mémang jinek. Ancruba jadi wawakil rahayat téh apan kudu di- dadasaran ku kamampuhan anu jinek. Da, inyana gé sadar pisan, jadi wawakil rahayat nu ngantor di Senayan mah, kudu ‘masagi’. Lian ti boga wawasan nu tumali jeung puli- tik boh daérah, nasional, ogé inter- nasional, ogé boga bekel élmu pangaweruh nu dipikabutuh ku bangsa katut nagara. Cindekna, kudu boga élmu nu cukup keur ngemban tugasna. Jauh saméméh ancrub kana dunya pulitik, inyana gé geus nyusun tatapakan karirna. Tangtu wé, lian ti atikan kulawarga, boh nu tumali jeung agama, ogé sakola saluhur-luhurna. Keur budak, najan tara ngaji ka madrosah, tapi angger wé ngaji mah kudu. Malah, kula- wargana gé ngadatangkeun guru ngaji sangkan Agus sadulur-dulur bisa ngaji jeung paham kana agama. Ari sakolana, satutas tamat SMP téh diteruskeun di nagri deu- ngeun. Sakolana di Amerika. Kituna téh, tanjrih nepi ka kuliah. Sabada tamat SMA di Amerika, neruskeun deui nyuprih élmu di Pasific Wes- Manglé 24696 PProfil
  • 8. tern University Bachelor of Science Commercial and Industrial Econo- mic, California, Amerika Serikat. Dumuk di nagri deungeun, sarta biasa ngalanglang mancanagara, teu poho ka bali geusan ngajadi. Malah, kanyaahna ka bangsa sora- ngan téh beuki nambahan. Da mun kaparengan sasabaan ka nagri nu leuwih maju, apan sok timbul rasa hayang ngamajukeun lemah cai sangkan kawas nagri deungeun nu maraju. Atuh, patékadan sakola di luar nagri gé, demi lemah cai. Saterusna, najan di nagri deu- ngeun, remen pisan ngawangkong jeung para nonoman dulur sa- bangsa nu keur sarakola di Amerika. Jejer obrolan, taya lian ti nyaritakeun kaayaan nagri sora- ngan kalayan upaya ngamajukeun- ana. Réngsé tolab elmu, mulang ka lemah cai. Prak deui wé aktip dina rupa-rupa organisasi, ti tingkat pusat. Ku cara kitu, rasa nyaah ka balaréa téh tumuwuh leuwih kuat. Matak, najan loba piliheun profesi lantaran boga élmu ti luar nagri, inyana milih leuwih deukeut jeung masarakat. Pilihan pulitik AGK lana manjangkeun lalakon. Dina pilihan umum mungaran pasca reformasi, AGK makalangan. Mancén tugas ti Partey Golkar, jadi wawakil rahayat ti Jabar 2, ngawakilan Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Bandung Barat (KBB). Harita, (1999 -2004) AGK kapilih, miang ka Senayan. Ancrubna deui jadi caleg, AGK boga tujuan jinek. Sangkan leuwih loba deui urang Sunda nu jadi anggota DPR RI. Da, upama loba urang Sunda nu jadi wawakil raha- yat di puseur nagara, bakal jadi cukang lantaran lobana pamingpin Sunda dina rupa-rupa widang. Ku lantaran kitu, AGK ngupayakeun pisan sangkan gerakan milih pamingpin Sunda walatra di saban tempat. Luyu jeung kamampuhan ogé kasang tukang atikanana, AGK 7Manglé 2469 Silaturahmi jeung masarakat Kab. Bandung, & Kab. Bandung Barat
  • 9. mancén tugas di Komisi I, nu ngawengku politik luar negeri, per- tahanan, militer, intelejen, jeung penyiaran. Nilik kana pancén gawéna kawas kitu, hartina AGK teh jadi ‘jagabaya’ nu ngariksa kadaula- tan nagara. Dina miara kaamanan nagara, AGK gé kudu mastikeun, nagri urang kuat sagala rupana. Atuh, anggaran nagara keur meulian senjata ogé alat-alat pertahanan séjénna, taya lian ti keur ngariksa nagara, sangkan aman tina sagala rupa pangrobéda deungeun. Tumali jeung kaamanan di jero nagara, kitu deui, AGK gé engeuh kacida kana kaamanan masarakat sakumna téh. Di Komisi I, Agus, dipercaya jadi Ketua Panitia Kerja (Panja) RUU Intelejen. Eta undang- undang téh penting pisan keur kaamanan jeung kalanggengan na- gara mah. Pihak intelejen, ceuk Agus, sawadina mampuh ‘nganyahoankeun’ sagala rupa nu bisa jadi gangguan kana kaamanan nagara. Mun éta kaamanan tumali jeung terorisme, saterusna bagian Densus 88 nu ngungkulanana. Dina pilihan umum keur mangsa bakti 2004-2009, Agus ‘istirahat’ heula. Inyana leuwih museurkeun pipikiranana nataharkeun jeung mekelan dirina ku rupa-rupa élmu, saperti kuliah S-2 di Administrasi Publik Fisip Universitas Pasundan (Unpas). Atuh, adu-manis élmu ti luar nagri jeung élmu pamarénta- han di urang téh, keur Agus mah, jadi bekel makalanganana dina waku-waktu saterusna. Atuh, basa pilihan umum keur mangsa bakti 2009-2014 AGK tarung deui di Dapil Jabar II. Pancenna nya saperti nu tiheula wé, di Komisi I kénéh. Dina tengah-tengah kari- weuhanana, karepna tolab élmu mah teu kungsi sirna. AGK gé saterusna, keur kuliah di S-3 Fisip Universitas Padjadajaran (Unpad). Sabada makalangan lir heulang nu kakalayangan di awang-awang, Agus Gumiwang Kartasasmita, teu poho ka pamiangan. Tatar Sunda lembur karuhun, jadi kaagulan. Matak, waktu parteyna nugaskeun deui jadi wawakil rahayat, AGK gé milih Dapil Jabar II deui baé. Keur dirina, najan aber-aberan ka mana- mana, mancén gawé di puseur na- gara, nyuprih élmu di nagri duengeun, tetep pakarepanana mah keur kamaslahatan balaréa, kapentingan bangsa jeung nagara. Ngajurung Ludeung Ketak Agus makalangan di tingkat nasional, malah ngaman- canagara, jadi tuturus nonoman sapandeurieunana. Kaludeung, ka- mampuhan, jeung kawanina makalangan di peuseur nagara, keur dulur sasélérna gé, jadi kareueus. AGK lir tuturus nu nuduhkeun yen ku karep jeung kahayang, bari jeung patékadanana keur kamaslahatan balaréa, tinangtu baris laksana pakarepan. Angen-angen Agus dina ngamajukeun nagara, kasaksén ku balaréa! Di tengah-tengah sora hariwang, kurangna urang Sunda nu boga karep ancrub kan dunya pulitik, nilik kana karep AGK mah, bisa kaubaran. Makalanganana di puseur nagara, jadi Anggota DPR RI, salah sahiji bukti kamampuhan urang Sunda di tingkat nasional. Ngan, pasipatanana jeung kabasajanana mah angger, saperti pasipatan urang lembur umumna Agus nu keur leutik biasa ulin jeung apal kana kasti, apal kana galah asin, pasipatanana gé resep gaul jeung rupa-rupa golongan jalma. Atuh karesepna nepi ka ayeuna, éstu basajan, resep gapléh, saperti kaulinan ‘kolot-kolot’ di palembu- ran bari ngawangkong ngeusia waktu luang. Jadi wawakil rahayat, AGK satékah polah ngarasakeun kereteg haté masarakat. Datangna ka masarakat gé lain ukur waktuna reses, tapi biasa saban inyana boga waktu luang. “Mung kumargi amba- han dapil teh lega, tangtos wé teu sadayana kauber,” pokna. Mun ngadéngé di dapilna aya pasualan nu perelu ku bantuan, AGK gé jeung sabalad-balad gé moal burung ngurunyung. Atuh, mun teu bisa langsung datang, bisa waé ngajurungan nu séjén. Nu pen- ting mah, natratkeun kadeudeuh ka masarakat nu nitipkeun aspirasi ka dirina. Ku cara kitu, ka mana waé AGK nyaba, teu weléh meunang pangabagéa ti balaréa. Ieu wawakil rahayat téh teu weléh pada ngahiap- hiap, lantaran datangna ka masarakat téh lain ukur dina waktu- na kompanye wungkul. Dina milih pamingpin, masarakat gé geus palinter. Apal kana jengléngan pamingpin nu di- angen-angen ku urang Jawa Barat. Da, masarakat tatar Sunda mah, mun milih ogé boga ukuran anu jinek, saperti nyantri, nyakola, nyunda jeung nyantika. Pangbagéa masarakat ka AGK walatra di saban tempat. Hasil survey Social Weather Indonesia (SWI), sawatara waktu ka tukang, ngeunaan caleg nu kira-kira bakal kapilih, nempatkeun Agus Guwi- wang, incumbent nu masih kénéh meunang kapercayaan ti masarakt dina pilihan umum 2014. Hartina, ceuk ‘responden’ Agus Gumiwang Kartasasmita merenah kénéh jadi wawakil ra- hayat keur mangsa bakti 2014- 2019. Keur AGK, pangabgéa ti masarakat, jadi ‘tangtangan’. Da, cenah, karepna jadi wawakil rahat gé, taya lian ti jadi hayang jadi panumbu catur angen-angen masarakat nu ditepikeun ka pihak pamaréntah. “Wawakil rahayat kedah mampuh jadi cukang lan- taran karaharjaan masarakatna,” pokna pinuh ku pangharepan. *** Manglé 24698 PProfil
  • 11. S ababaraha taun ka tukang, aya sababaraha seniman anu ngawanohkeun deui alat musik karinding ka masarakat. Sorana nu has ngalantarankeun réa anu kataji ku éta alat musik tina awi anu basa- jan. Grup musik karinding tingpecenghul di ditu di dieu. Malah di Kabupatén Bandung kungsi di- gelar pintonan karinding pikeun di- catet dina rékor MURI. “Demam” karinding lain saukur ngalantarankeun réa urang Sunda— ti budak satepak nepi ka jalma déwasa—nu diajar nyadakeun karinding, tapi ogé réa deuih anu nyieunan éta alat musik nu cenah ba- heula mah sok dipaké nyieuhkeun hama di kebon atawa di sawah/huma. Salasaurang pangrajin nu nyieunan karinding nyaéta Asep Somantri, warga Kampung Pintu Loji Désa Banjaran, Kacamatan Ban- jaran, Kabupatén Bandung. Ceuk katerangan ti Asep, kiwari pamor karinding geus mimiti turun. Éta hal dumasar kana kanyataan yén kiwari geus jarang jalma anu meuli karin- ding ka manéhna. Grup musik karinding anu dikokolakeun ku manéhna ogé geus tara latihan jeung manggung deui. “Tos aya kana lima sasihna jarang aya nu mésé karinding kadieu. Pada- hal setok karinding di abdi masih kénéh seueur,” pokna, waktu ditepungan ku Manglé ka padumu- kanana, sababaraha waktu nu kali- wat. Asep ogé nétélakeun, waktu keur ramé-raména karinding rata-rata dina sapoé manéhna bisa ngajual lima karinding. Nu meulina réréana barudak sakola. Malah Asep gé sok dititah ngajar di sakola nu hayang ngayakeun ékstrakurikulér karinding jeung celempungan. Biasana manéhna ngajar di éta sakola salila dua bulan. “Rupina ayeuna mah tos barose- neun kana karinding téh. Batur- batur abdi nu biasa ngagugulung karinding sareng celempung, ayeuna tos ngaralih kana kagiatan sanés,” ceuk Asep, rumahuh. Sok sanajan batur-baturna geus tara “nyagap” karinding, Asep mah masih kénéh satia ngamumulé karinding jeung alat musik Sunda buhun lianna nu dijieun tina awi Manglé 246910 IImplik-implik PamorKarindingGeusMimitiTurun Karinding, alat musik nu basajan tur sorana has (nét) Karinding leuwih alus dipaénkeun ku leuwih ti tilu urang (nét)
  • 12. 11Manglé 2469 saperti celempung, awi kendang, awi goong, jeung sajabana. Asep diajar nyieun karinding jeung alat musik lianna nu dijieun tina awi sacara otodidak. Mimiti di- ajar kira-kira dua taun anu kaliwat. Husus karinding, diajar nyieunna méakkeun waktu sabulan sarta diajar nyadakeunana ogé sabulan. Mi- nangka répérénsina, manéhna rajin mukaan internét nu midangkeun inpormasi ngeunaan karinding. Lian ti kitu, manéhna ogé nyieun grup musik karinding nu dingaranan Jagat Awi. Grup musik Jagat Awi remen manggung di wilayah Ban- jaran, malah kungsi ogé maén di UIN Bandung. “Ngawitan mah abdi ngadamelan karinding kanggo dianggo ku nyalira, tapi ku margi seueur nu hoyongeun teras wé ngadamelan seueur,” pokna deui. Asep ancrub kana dunya seni karinding jeung alat musik awi lianna éstu didadasaran ku niat nga- mumulé seni titinggal karuhun anu luhung ajénna, sok sanajan manéhna henteu boga kasang tukang pen- didikan seni anu formal. Asep mah ukur lulusan STM (sekolah Tekhnik Menengah) sarta kiwari digawé di PLN (Perusahaan Listrik Negara) Banjaran. Minangka pangrajin jeung seni- man karinding, Asep miharep pamor karinding bisa naék deui. Sarta aktipitas nyieunan jeung maén karinding di lemburna bisa hirup deui. Karinding nu dijieun ku Asep dijual kalawan harga rata-rata dua puluh lima rébu rupia. Nu meuli karinding ka Asep ogé bisa pesen karinding dumasar kana karakter sorana, lantaran karinding mah asup kana alat musik nu teu boga laras. Nyimpen karinding, ceuk Asep, hadéna mah ulah sagawah. Karin- ding kudu diwadahan atawa maké késing, lamun diteundeun atawa ditembrakeun di mana baé karinding bisa miis tur sorana jadi kurang alus. Sangkan sorana leuwih alus, karin- ding bisa dibalur ku minyak muncang. Ku lantaran teu ngalaras, maén karinding alusna tilu urang atawa leuwih. Karinding ogé bisa diadumaniskeun jeung alat musik séjén, boh alat musik tradisional boh alat musik modéren. “Kiwari abdi ukur ngical karin- ding di bumi, tapi upami aya distributor atanapi grosir nu butuh karinding seueur tur pangaosna ka- hartos, sim kuring sanggem mro- duksi karinding sacara masal. Abdi tangtos bakal ngajak rerencangan kanggo ancrub deui kana ngadame- lan karinding, margi seueur kénéh réréncangan anu ngaligeuh teu gaduh damel,” Asep ngémbo- han.***dédé Budak sakola réa anu diajar maén karinding (nét) Karinding biasa diadumaniskeun jeung celempung (nét)
  • 13. Manglé 246912 NNyusur Galur S itus titinggal sajarah di daérah Batutulis ieu téh perenahna di sisi jalan Batutulis hareupeun kara- ton “Hing Puri Bima Sakti” kantor Presidén RI anu munggaran Ir. Sukarno anu leuwih mashur disebat Bung Karno. Kaéréh ka Kelurahan Batutulis Kacamatan Kota Bogor Kidul Kacamatan Bogor. Kulantaran perenahna sisi jalan aspal nu nepungkeun kota Bogor jeung setatsion karéta api Batutulis jeung daérah Cipaku terus ka Rancamaya anu kaayaan lalu- lintasna padet pisan, jadi situs Batutulis gampang kadongkangna. Jalan Batutulis nyambung jeung jalan aspal anu tepung jeung jalan raya Bogor-Sukabumi di Teluk Pinang kiduleun Ciawi. Ari legana éta situs nurutkeun kaayaan taun 1981 22 X 1650 méter pasagi , wincikanana 14.50 X 16.50 m2, situs gigireunana ukuran 7.50 X 16.50 m2. Nurutkeun hasil pangukuran taun 1975 nu di- lakukeun ku Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Kodya Bogor lega situs sagemblengna 23X 17 M2, wincikanana Situs inti 15 X 17 M2 , Situs gigireunana 8 X 17 m2. Parobahana kajadian sabada jalan Batutulis dilegaan jeung bada ngagésérna wates, basa situs dipugar ku Dinas Pariwisata. Situs gigir anu perenahna di bagian kidul dipaké wawangunan permanén tapi basajan. Lahan di bagian anu aya wawangunan imah ieu dijual ku salah- saurang kulawarga kuncén situs. Bari kuncénna sorangan ogé henteu nyahoeun. Nu meulina téh anu boga imah téa Perwira pulisi anu imahna mémang ngaréndéng jeung situs inti beulah wétan. Kusaba pancénna di Irian Jaya susah ditepunganana. Pager jeung Cungkup Pager situs inti tepika kiwri diwangun ku pager beusi sisi kulonna, ngaréndéng jeung jalan Batutulis, di sisi kalér jeung wétan pager témbok. Pager beusi jeung tem- bok ieu diwangun ku Dinas Pariwisata. Wates beulah kidul mah témbok imah téa. Saméméh dipugar, sisi kulonna pager kawat. Pager awi, sisi kalér jeung wétan , dilapis ku tangkal pakujaja. Tatangkalan anu ayeuna aya, tatangkalan anyar sagigi- reun jambu aér. Ari cungkup, nu ayeuna aya saenyana cukup heubeul meunang ngarombak, ngan digndingna diluhuran, ayeu- na mah maké jandéla-jandéla kaca. Baheula mah cungkup téh aya tepasan. Lanténa téhel beureum ukuran 30X30 sentiméter. Tepasna ukuran 5,50 X 4 m2, hateup- na kenténg , bilikna kai. Tapi ayeuna mah tepasna geus dipiceun, terasna digeder béh kulon dilempengkeun jeung panto paranti asup. Pamugaran sabenerna dumasar kana konsép pemugaran anu disusun ku Kantor Departemen Pendi- dikan dan Kebudayaan Kotamadya Bogor (1975) anu mangsa harita geus disaluyuan ku kepala Direktorat Saja- rah dan Purbakala. Tapi dina palaksanaana konsép mah ditinggalkeun, iwal ti dipindahkeunna panto asup anu tadina ditungtung kidul sisi kulon, kitu gé henteu diteun- deun dina posisi anu samistina. Cungkup heubeul ukuran 4,50 X 4 m2. Da tilu sisina, kulon kalér jeung wétan maké salasar, sarupaning kori- dor atawa gang rubakna 60 sentimeter, di sisi kulon jeung wétan, 80 cm di sisi kalér, di sisi kidul wangunan cungkup nyambung jeung tepas. Ukuran heubeul ieu téh kudu diperhatikeun sabab masih ngadeukeutan anu aslina. Barang Titinggalna Gambar 1. Dilukiskeun dénah posisi batu-batu paninggalan nurutkeun kaayaan ayeuna. Batu-batu anu ditandaan (E) batu pindahan tina posisi séjénna. Batu (C) pindahan tina pétak A, batu F 3a jeung F3b pindahan tina pétak III keur nahan cai hujan. Batu tanda + (C1b) batu anyar nu muncul lantaran teras anu tadina nutupan dibongkar. Waktu pamugaran batu-batu anu tadina pabalatak nyebar ka mana-mana sabudeureun cungkup, diurugan dina pétak B 2/3 jeung sabagian di- tambahkeun ka Gambar 2; dilukiskeun dadampar batu titinggal diti- ngal ti luhur, mun ditingal ti gigir bisa ditingal gambar. Di antara sakabéh titinggal ngan hiji batu (D 6a) nu eusi- na ngan tulisan 9 baris maké aksara jeung basa Suda kuno. Batu prasasti ieu téh aya di jero cungup jeung batu séjénna. Prasasti Batutulis Bogor Saperti Nu Dipedar ku Saléh Danasasmita
  • 14. 13Manglé 2469 Balukar ayana cungkup nu nutup ieu, kesatuan ideu anu kajadian dina posisi batu-batu jadi pecah-pecah. Sacara teu dihaja disababkeun ku tujuan panalitian anu beurat sabeulah kana batu prasasti. Para panaliti mopohokeun malah teu paduli kana batu séjénna. Ngan Rouffaer, terus Ten Dam jeung Amir Sutaarga anu nga- balitungkeun batu-batu séjénna sagigireun prasasti. Kitu gé ngan kana batu lingga anu ngajentul gigireun prasasti. Tanpa prasasti jeung dua batu anu diukir hareupeun pasasti, éta situs moal béda ti situs-situs megaltik séjénna. Ngan pedah lokasina baheula di kota puseur pa- maréntahan, situs saolah-olah mangrupa pamadetan ti rupa-rupa kombinasi. Di jerona kapanggih, upamana baé; - “Stone avenue’’ nu diwangun ku lima menhir. - Menhir tunggal nu buleud. - Disolit (kombinasi menhir jeung batu datar atawa batu pondok. - Méja batu berundak. - Petak berbatu jeung dua menhir. - Pétak pasagi opat anu dijangkungan. - Bisa jadi kasumputkeun oge kombinasi “teralit” Éta kabéh luput tina pehatian dina panalitian-panali- tian saméméhna sabab para panaliti ti mimiti Friederich (1853) tepika Noorduyn (1959) ngan ngabalitungkeun aspék sajarah liwat batu prasasti. Dina hal ieu ogé, dua batu nu diukir nu aya hareupeun batu prasasti teu pere- nah disigeung ma’na jeung gunana. Hasil panaltian panungtung nuduhkeun yén batu- batu titinggal sajarah dina situs ieu paling saeutik saperti asalna ti dua periodeu anu misah. Batu pasasti jeung tilu batu cépér anu dua diantarana maké ukiran nu aya hareupeunana, diperenahkeun di dinya dina waktu béh dieu. “plus” jeung “minus” kolompok batu prasasti kudu dibalitungkeun lamun kana analisa situs ieu arék diasup- keun skala waktu. Batu Congkrang Perenahna di sisi jalan Batutulis deukeut simpang jalan Balé kambang kaléreun Batutulis. Dina tulisan Pleyte (1911) eta batu ku penduduk masih disebut Kara- mat Embah Cakra atawa Karamat Prabu Guntur Agung. Éta batu perenahna hareupeun imah penduduk, dipager ku batu pikeun wates. Éta batu pager saenyana titinggal jaman baheula. Purwakalih Éta situs perenahna di simpang jalan Batutulis- Lawang Gintung kiduleun situs Batutulis. Titinggal sa- jarah nu aya dina situs diwangun ku hiji ménhir pondok, jeung tilu patung tipeu polinésia. Nu gedé mah euweuh sirahan. Ieu patung ku warga disebut Embah Purwakalih. Da patung séjénna leuwih leutik disebut Embah Gelap Nyawang jeung Embah Kidang Pananjung. Éta tilu bokoh téh dina naskah Babad Pajajaran di- sebut panakawan Prabu Siliwangi, pangasuhna Guru Gantangan, disebut-sebut ogé dina Carita Mundinglaya di Kusumah. Dina naskah Pustaka Raja-raja Pajajaran di Bhumi Nusantara nu disebut tokoh Purwakalih téh purohita (pandita karaton) dina jaman pamaréntahan Sri Baduga Maharaja. Taun 1911 Pleyte masih nyatet ngaran Purwa Galih, ayeuna penduduk nyebutna Purwakalih. Barang- barang nu aya dina ieu situs disimpen dina cungkup basajan pisan anu geus kudu diganti. Disolit di Gang Amil Mimitina mah éta situs ayana di tempat anu nembrak, nyelap diantara imah-imah penduduk, ayeuna mah geus aya di papiliun imah salah saurah penduduk anu sakali- gus ngarawat eta situs tulatén pisan. Ieu disolit diwangun ku menhir pasagi lima alami jeung hiji batu cépér gigireunana. Gang Amil sabenerna mangrupa titinggal sajarah sabab nuruteun laporan Winkler taun 1600 disebutkeun yén manéhna manggihan hiji jalan anu dikuatan ku batu kacida bérésna, brasna téh ka Paseban heubeul. Gigireun gang atawa jalan, Winkler ogé manggihan batu badag nu dibentuk hadé. Anggota pasukan Winkler nyebuteun yén éta tempat téh urut tempat penjagaan jalan Pajajaran. Upama prajurit geus ngarasa capé, bakal diuk dina batu anu memang geus disadiakeun keur tempat ngaso. Hal éta nuduheun yén batu anu dilaporkeun ku Winkler di gang Amil téh disolit di Gang Amil, lian ti kitu diécéskeun yén Gang Amil baheulana tempat anu ngahubungkeun karaton jeung situs Batutulis. Waktu Winkler nikreuh leumpang di jalan ieu, ahirna cunduk ka urut paséban kolot, di dieu manggihan tujuh runggunuk tangkal caringin. **HRS/Hanca** Ngalereskeun Dina MANGLE No. 2468 kaca 12 aya kalepatan anu kedah dilereskeun. 1. Dina Judul seratan diserat jenengan R.H.Lily Suantri Kedahna R.H. LILY SUMANTRI 2. Dina seratan diseratna DIANTI ku Sani Lupias Abdurachman Kedahna DIGANTI ku Sani Lupas Abdurachman. Ku jalan kitu kalepatan parantos dileresken, hapun- ten kanu kagungan jenengan. (Rumpaka)
  • 15. Manglé 246914 MMunara Cahaya D anget ieu mindeng kajadian rajapati. Nu maéhan jeung dipaéhan. Malah réa nu “anéh”. Kawas indung maéhan anakna dilelepkeun kana toren. Anak jeung minantu maéhan in- dung bapa katut mitoha. Budak ru- maja maéhan urut kabogohna. Jeung réa-réa deui nu matak muringkak bulu punduk sing saha nu apal kana dosa. Nu boga rasa kamanusaan. Padahal Alloh SWT nyiptakeun manusa dina wangun pisik hadé (Q.s.at Tin : 4). Nu hartosna: saéstuna Kami geus nyiptakeun manusa dina wujud nu panghadéna. Kitu deui dilengkepan panca- indra nu nyusun rapih, pancén katut kagunaanana merenah (Q.s.al Infithar : 7-8). Diwuwuhan deui ku komponén- komponén sejen, sangkan harkat martabatna istiméwa, nu ku Kang- jeng Nabi Muhammad Rosululloh Saw, disebut “jawahir” (mutiara). Nyaéta akal, ad dien (agama), rasa éra jeung amal soléh. Sakabéhna, ngajadikeun manusa mahluk unggul lahir batin. Jauh ngungkulan mahluk-mahluk séjén, nu ngan dipulas lahiriahna wungkul, teu dibéré kalengkepan batiniah. Nepi ka manusa, nu ukur mangrupa kekebul dina amparan jagat raya alam goromyangan, nyengceling nyengcelak. Ngaluhu- ran gugusan-gugusan jutaan galaksi, lantaran sakabéh runtuyan jiwa ragana, pasrah sumérah wungkul ka Alloh SWT. “Dainun- nah lillahi wahdah”. Teu weléh syukur kana sagala ni’mat anugrah Alloh SWT, lantaran kurnia Anjeunna, ngaleuwihan sagala usaha manusa. Jumlah ni’mat nu katampa ku manusa, moal kawi- lang (Q.s. Ibrahim : 34). Tapi lantaran réa manusa nampik atawa ngabohongkeun kana éta kurnia ni’mat, Alloh SWT nepi ka 30 (tiga puluh) kali, tuma- ros, naha manusa bet ngabohong- keun ni’mat-ni’matNa (Q.s. ar Rahman) Nya kajadian, réa manusa miyuni sato héwan. Modal awal rupaning awak nu lengkep gem- bleng, sampurna titungtung buuk nepi dampal suku, ditambah “opat mutiara” nu ngagerakkeun jiwa, sakuduna ngajurung kana lahirna sikep sukur nikmat. Tapi dina kanyataan, réa nu nyaliwang. Dedegan sampé rupa hadé, kadang kala digunakeun pikeun perkara ma’siat. Mutiara jiwa henteu digunakeun pikeun kahadéan. Malah dipaké ngalajur hawa napsu. Akal dileungitkeun, nepi ka ucapan, katut kalakuan, teu waras teu logis. Pituduh agama di- apilainkeun. Agama dijieun kedok, bahan kaulinan jeung ka- heureuyan. Atawa dipaké taméng dina milampah pagawéan nu patukangtonggong jeung ajén ina- jén agama. Rasa éra dialungkeun jauh. Nepi ka teu asa-asa nyorang sagala rupa perkara nu papaling- pang jeungkasucian kudrat- manusa. Lantaran padoman akal, pi- tuduh agama, sarta kaéra geus disingkirkeun, hasilna lain amal soléh deui. Tapi sagala rupa kaja- hatan, kamungkaran, katut kagoréngan séjénna, nu teu pantes dipilampa ku jalma boga akal, ngigama, jeung boga kaéra. Mun geus kitu, manusa geus teu sukur nimat deui. Manusa geus nyorang kufur nikmat. Nya daék teu daék, ancaman Alloh SWT mimiti tumiba. Salila manusa sukur kana sagala ni’mat Alloh, éta n’kmat baris diundakkeun. Sabalikna, lamun kufur ni’mat baris meunang azab Alloh nu peurih kacida (Q.s.Ibrahim : 7). Rajapati Mahabu Kabina-bina Ku H.Usép Romi HM
  • 16. 15Manglé 2469 Dawuhan Rosululloh Saw, dina hiji hadis riwayat Imam Thabrani, parobahan tina sukur n’kmat kana kufur ni’mat, mangrupa panyakit nu bakal karandapan ku sakabéh umat (ad Daul Umam). Panyakit nu ngaruntuy. Sabab tina kufur ni’mat bakal muncul kalakuan sangeunahna (al bathor). Ningkat kana kalangenan numpuk-numpuk harta bari teu miduli ti mana jeung kumaha cara meunangkeun éta harta (at takatsur). Disusul ku saéngan teu séhat, papada mawa karep sorangan (at tanafus). Tim- bul wé sili pikaceuceub, silidengkék sili pangkék, marebutkeun kauntu- ngan pribadi séwang-séwangan (at tabaghud). Dicampur ku sili fit- nah, sili dengki, sili intip sili kakalakeun (at tahasud). Dolim, nganyerikeun jalma séjén, geus teu tumarumpang deui (al baghyu). Puncakna,kajahatan sili ala nyawa, sili paténi (al khoroj). Ngaleungitkeun nyawa sasama manusa, geus dianggap pagawean énténg. Rasa watir, sieun jeung dosa, geus teu mempan. Maéhan, sili paéhan, pikeun kasugemaan, ngalubarkeun amarah, geus teu bisa dicegah. Sabab sakabéh komponén akal, agama, rasa éra jeung amal soléh, geus leuwih tiheula dipaténi. Sakabéhna dimimitian tina ilangna sukur nikmat. Ditukeuran ku kufur ni’mat. Padahal geus tétéla pépéling Alloh SWT, yen jalma nu nukeuran ni’mat ku kakufuran, bakal tigebrus kana ju- rang “Darul Bawar”. Nagri Ka- ancuran (Q.s.Ibrahim : 28). Lamun seug niténan kajadian rajapati anu mahabu saban waktu, boa urang geus aya di dinya. Tapi mugi-mugi wé henteu. Turta urang aya dina panangtayungan Alloh SWT, sangkan teu jadi tukang maéhan jeung jadi korban nu di- paéhan. Sarta boga kasadaran pikeun gancang mulang kana pi- tuduh Alloh SWT. Tobat tina sagala dosa, sarta meunang kakuatan sangkan urang jadi manusia saéstuna nu boga akal, ngigama, gedé kaéra, katut mampuh ngaréaan amal soléh. Muga-muga urang dijauhkeun tina lampah dosa. Kitu deui muga- muga henteu nganggap énténg kana dosa perdosa nu sihoréng badag kacida. Malah muga-muga kaasup jalma anu disebut dina Alquran surat Najm ayat 32, nu kitu unina: Hartosna: “Nyaéta jalma nu ngajauhan dosa-dosa badag jeung pagawéan keji tina kasalahan- kasalahan leutik. Saéstuna Robb anjeun Maha Lega pangampura- na.” Ku kituna, dina raraga takwa ka Alloh, diusahakeun satékah polah, ngajauhan dosa perdosa. Urang sasarengan nambahan élmu panga- weruh ngeunaan amal-amal ka- hadéan, boh mangrupa ibadah mahdloh (ritual), boh ibadah ghoir mahdloh (sosial), sangkan urang apal mana pihadéeun, mana pi- dosaeun. Mung ka Alloh SWT urang neda pangampura tina sagala dosa nu karasa sareng nu teu karasa. Innal- loha ghofurur rohim.*** Hasbunallahu wa ni’mal wakil, ni’mal maula wa ni’man nashir.*** internet
  • 17. Manglé 246916 TTanyaJawab Patarosan: Tumaros perkawis hukum ramalan cuaca numutkeun ajaran Islam. Simkuring ngantos waleranana. Hatur nuhun sateuacanna. Wassalam, M. Yazid Hilmi Jiddan Nagrog Bandung Waleran: Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Ngeunaan pedaran hukum ramalan cuaca numut- keun ajaran Islam, biasana sok di- hubungkeun jeung élmu béntang (élmu Perbintangan), sabab dina prak-praka- na, dua élmu éta aya samina, nyaéta ngaramal kana kajadian anu bakal datang. Bédana, saupama élmu bén- tang sok digunakeun kana perkara anu patali jeung nasib hiji jalma anu di- dasaran ku nempo béntang. Sedengkeun élmu ramalan cuaca mung sakadar ngaramal cuaca anu jadi ciri kana kaayaan hujan jeung angin du- masar kana élmu (sains). Ku hal kitu sateuacan ngabahas hukum ramalan cuaca numutkeun ajaran Islam, saéna kedah dibahas heula masalah élmu béntang. Élmu béntang mangrupa bagian tina élmu astronomi (astrologi), dina basa Arab disebut ‘Ilm al-Nujum (Ilmun Nujum). Sacara etimologis, élmu béntang nyaéta élmua nu nganyahokeun masalah kajadian-kaja- dian (fenomena) anu aya di langit terus dijadikeun patokan (pituduh) kana bakal ayana kajadian di bumi. Dina harti lian, sagala kajadiana nu aya di langit sok dikaitkeun (aya pangaruhna) kana kaayaan di bumi. Contona, saupama di langit aya samagaha panonpoé, mangka kajadian ieu sok di- hartikeun kana bakal ayana kajadian atawa musibah di bumi, saperti aya pamingpin nagara (tokoh) anu tilar dunya. Conto sanésna, saupama aya béntang pindah ngagésér ka tempat lian atawa murag ka tempat lian, mangka hal ieu jadi ciri bakal lahir hiji jalma anu hebat jeung pinter. Malah aya anu boga kayakinan, saupama aya anak anu lahir dina waktu peutingan bulan purnama, mangka éta anak engkéna bakal jadi jalma beunghar. Namung saupama numutkeun ajaran Islam, sakumaha Rasululloh SAW kantos ngadawuh kieu: “Alloh SWT nyiptakeun béntang-béntang di langit pikeun tilu kagunaan, nyaéta pikeun hiasan, pikeung maledog syé- tan, jeung pikeun tanda atawa rambu- rambu arah. Sing saha anu ngagunakeunana pikeun ngaramal, mangka geus geus méngpar jeung geus ngahambur-hambur waktuna sarta ngajadikeun hambatan (beban) pikeun dirina sorangan.” (HR. Bukhari). Nurutkeun para ulama, wiréh élmu béntang kabagi kana dua bagian: Élmu Ta-tsir sareng Élmu Taysir. Élmu Ta- tsir nyaéta élmu anu nganyahokeun yén orbit béntang di langit ngabogaan pangaruh kana kaayaan alam. Élmu ieu biasana disebut Astrologi. Sedengkeun ÉlmuTaysir nyaéta élmu anu nganyahokeun orbit-orbit béntang wungkul. Élmu béntang “ta-tsir” biasa digu- nakeun pikeun nganyahokeun jeung ngayakinkeun yén béntang-béntang di langit ngabogaan pangaruh kana kahirupan di bumi, malah sok ngaras yakin, bisa mangaruhan kaayaan di bumi. Atawa élmu ieu biasa oge di- jadikeun sabab atawa cukang lantaran pikeun nganyahokeun élmu-élmu goib jeung dijadikeun ciri (simbol) kana bakalna aya kajadian di bumi, boh kajadiana nu sifatna hadé (pikabunga- heun), atawa kajadian anu sifatna goréng (pikasediheun). Kayakinan saperti kitu numutkeun akidah Islam hukumna musyrik tur haram, sabab geus ngayakinkeun nasib kaayaan di bumi gumantung ka mahluk, henteu gumantung ka khaliq, tegesna Alloh SWT. Sakumaha pidawuh-Na: “Prak béjakeun ku hidep Muhammad! Hen- teu aya hiji jalma ogé di langit jeung di bumi anu nganyahokeun kana perkara goib, anging Gusti Alloh.” (QS. al-Naml: 65). Pidawuh sanésna: “Béjakeun ku hidep Muhammad! Saestuna Gusti Alloh teh hiji (tunggal). Mantena jadi tempat gumantung jeung panyalindu- ngan.” (QS. al-Ihlas: 1-2). Lajeng élmu béntang“taysir” biasa digunakeun: Kahiji, pikeun kamasla- hatan agama, saperti nu nuduhkeun arah kiblat, waktu solat jeung sajabana. Ku hal kitu, nganyahokeun élmu bén- tang saperti ieu, hukumna wajib, sabab digunakeun pikeun nganyahokeun perkara-perkara anu wajib dina agama. Kadua, pikeun kamaslahatan urusan duniawi, saperti pikeun nangtukeun arah angin, arah kutub jeung sabangsa- na. Élmu béntang saperti ieu, numut- keun ajaran Islam hukumna wenang (jaiz), sakumaha pidawuh-Na: “… jeung ku lantaran béntang-béntang, maranéhna bisa nangtukeun arah” (QS. al-Nahl: 16). Margi kitu, aya sababaraha hal anu peryogi diperhatoskeun, di antarana: Kahiji, kudu diyakinkeun yén perkiraan cuaca éta gumantung kana kersaning Alloh, sabab loba perkiraan cuaca di sababaraha nagara atawa kota anu nyulayaan tina perkiraan; Kadua, perkiraan cuaca anu saperti kitu henteu kaasup élmu goib, sabab dasarna nyaéta panalungtikan anu sifatna ilmiah. Hasil panalungtikan kadang bisa salah, kadang bisa bener. Ku hal éta, mangka henteu meunang di- jadikeun kapastian, boh pikeun ka anu ngainformasikeuna atawa pikeun ka anu narimana. Sok sanaos kitu, ayana ramalan cuaca ieu tiasa dicandak hikmahna, nyaéta pikeun ngajaga-jaga, utamina pikeun kaperluan manusa dina widang tatanén, nelayan, kandara- an (transportasi) jeung sajabana.*** Wallohu ‘alam. Ramalan Cuaca Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
  • 18.
  • 19. Manglé 246918 CCaritaPondok S aminggu deui si Tétéh nikah. Rencana mah acara pernika- hanana téh moal méwah-méwah, cukup ku akad nikah, résépsi. Tempatna di lapang badmin- ton RT. Nu ngariasna Mamah Omi, babaturan senam si Ibu. Nu masakna ogé rék ku si Uwa jeung dulur-dulur wungkul. Sedengkeun kuring dipercaya jadi tukang moto. Saréréa geus apaleun yén hobi kuring téh popotoan. Hanjakal kaméra kuring keur rusak. Can sempet dibawa ka jalan Morse. “Kapaksa kudu unjam-in- jeum ka barudak kieu carana mah,“ gerentes téh. Ti sababaraha balad nu dihubungi, Roni nu pangheu- lana siap méré nginjeum. Fix kuring jadi juru dokuméntasi dina acara nikahan si Tétéh kalayan maké kaméra meu- nang nginjeum ti Roni. *** Dina poéan pernikahan si Tétéh, kabéh geus siap dina cekel gawéna masing-masing. Nu teu kabagian barang gawé geus ginding ku dangdanan- ana siga nu rék lomba adu geulis. Kitu deui kuring, geus siap jeung sakabéh senjata nu diperlukeun; kaméra, lénsa, tripod, flash, trigger, kabéh siap. Tinggal ngécéng targét, jeprét. Akad nikah lumangsung di masjid Al-Mubarok, masjid antara imah jeung lapang Badminton nu dipaké hajat. Bubuka, ceramah, jeung maca Qur’an dipercayakeun ka Pa Isak, Ustad di lembur kuring. MC dipercayakeun ka Bu RT. Si Ibu, indung kuring, kabagian hubungan jeung pihak-pihak séjén. Nu kaban- dungan mah si Ibu keur badami jeung pa Naib. Mamah Omi, tukang rias téa, salian ti mangriaskeun si Tétéh téh ngabonusan ku ngondisikeun upacara adatna sagala. Basajan pisan. Tapi gedé maknana. Ti mimiti pangantén lalaki turun tina mobil pa- ngantén. Kuring mimiti nga- jeprétkeun kaméra. Sagala anu dianggap penting, di- dokumentasikeun. Momen- momen nu matak narik mimiti ditéangan. Dipotoan. Dina acara akad nikah, ti mimiti bubuka nepi ka pan- gantén bérés nanda tangan surat nikah, kabéh dipoto. Surat nikah pangantén gé teu kaliwat, dibukakeun kaca te- ngahna, dipoto jeung pangan- ténna. Kitu deui, basa pangantén geus aya di pelaminan, kabéh didokuméntasikeun. Keluar- ga besar dipoto bareng jeung pangantén. Sobat-sobat sa- kola. Babaturana gawéna. Ngajalajar di kénca-katuhu- eun pangantén silihgenti dipotoan. Hasil jeprétan kuring gé teu nguciwakeun. Loba nu muji. *** Bérés acara pernikahan si Tétéh, tinggal capé jeung bungahna. Keluarga besar ngarariung kénéh di imah. Nini, sibuk ngabagi menu parasman nu nyésa. Nepi ka jam dalapan peuting aya kénéh tamu nu datang, nu teu bisa datang ti beurang. Nini nu geus pangalaman nikahkeun anak-anakna, geus boga sawangan kana hal ieu, nu datang peuting balikna dibahanan idangan atahan. Kuring masih sempet RECOVERY Carpon Andi Gita Lesmana
  • 20. 19Manglé 2469 ngadokuméntasikeun. *** H +1, kuring hudang, bérés ti cai langsung solat. Bérés solat langsung ka dapur. Ninyuh kopi. “Di, mana poto-poto nu kamari téh?” ceuk si Ibu. “Aya dina kaméra kénéh, teu acan dialihkeun kana lap- top,” témbal kuring. “Sok atuh geura pindah- keun, Ibu hayang ningali poto-potona!” Kuring ka kamar deui, tuluy ngahurungkeun laptop. Cikopi mah diteundeun gi- gireun laptop, can waka di- inum, panas kénéh. Bari ngadagoan laptop siap di- paké, kuring ngahurungkeun deui kaméra, mukaan poto- poto kamari. Loba gening hasil jeprétan kamari téh. Kurah-koréh néangan kabel data dina tas kaméra. Kabel data kapanggih, kaméra langsung disam- bungkeun kana laptop. Di- tungguan sababaraha detik, sapuluh detik, ditungguan kénéh, samenit, nepi karasa lila, kaméra téh can kabaca waé ku laptop. Padahal masalah culak-colok kaméra kana laptop téh lain kakara. “Alah siah, ieu kunaon?” kuring kaburu tegang. Kuring langsung gap kana hapé, nelpon Roni. Ngadadagoan nepi ka sababaraha kali sora tut-tutan dina speaker hapé. “Ron, naha kaméra teu konék kana laptop urang nya?” “Ah, maenya?” ceuk sora Roni dina telepon. “Asli, ieu urang rék min- dahkeun poto-poto nu ka- mari, ngan teu kabaca,” kuring ngajelaskeun. “Cobaan wé laan MMC- na, maké card reader, ké kamérana mah ku urang di- pariksa heula. Urang gé per- nah ngalaman jiga kitu da,” ceuk Roni deui. “Oh, heueuh atuh. Ké atuh urang cobaan heula. Nuhun bray,” ceuk kuring. “Okéy!” ceuk Roni. “Ditutup heula wé atuh nya.” “Okéy.” MMC dilaan tina kaméra, tuluy dicolokkeun maké card reader. Alhamdulilah, MMC- na wungkul mah kabaca. Ngan barang dibuka, datana kosong. Astagfirulloh. Dibuka folder option, sugan kahid- den, da sidik henteu. Awak mimiti késangan, mimiti tegang. Bingung antara sieun kaméra si Roni rusak jeung sieun poto-poto nikahan si Tétéh laleungitan: mangka- ning dokuméntasi hiji-hijina. Bakat ku bingung, kalah ka nangkarak bengkang kuring téh. Ngoréjat-ngoréjat sabada kopi kadupak ku suku. Kopi nu can kainum téh ngabaya- bah mubajir. “Aduh untung teu kana laptop siah!” ceuk kuring kana kopi bahé. Teu lila kopi nu ngabayabah téh dielap ku elap pél. Kuring nyolokeun modem, muka Google, susug- anan manggih solusi keur masalah MMC nu teu kabaca. Aya artikel ngeunaan recov- ery file tina storage nu teu kabaca. Ngan kudu maké sababaraha aplikasi tamba- han. Heueuh baé. Kuring ngadownload aplikasi nu dibutuhkeun. Nepi ka kabéh nu dibu- tuhkeun keur ngarecovery téh siap, MMC dicolokkeun deui. Lila gening ngarecovery téh. Lain dagoan-dagoaneun bari ngahuleng. Kuring turun deui ka dapur. Néangan kopi deui. “Wayah kieu geus rék dua kali ngopi?” ceuk si Ibu kagét. “Nu tadi bahé Bu,” ceuk kuring. “Kumaha poto téh?” si Ibu nanya deui, bakating ku panasaran jigana mah. “Itu keur dipindahkeun,” ceuk kuring tandes, horéam ngajelaskeun panjang lébar. Lila-lila mah ngarecovery téh bérés. Bareng muka folder recovery-na, eusi MMC téh lain ngan poto nikahan si Tétéh hungkul, tapi aya data pribadi si Roni: poto si Roni jeung kabogohna. MasaAlloh, kuring teu nyangka, teu téga ningali poto-potona. Teuing aya sabaraha puluh, atawa boa aya leuwih kana saratus poto mah. Potona kabéh di kosan si Roni. Astagfirulloh. Poto nikahan si Tétéh nu jumlahna teu nepi kana satengah eusi MMC buru- buru dipisahkeun. Dipin- dahkeun kana folder anyar. Bari ngadagoan bérés min- dahkeun file kana folder dina laptop, pikiran kuring nga- layang ka awéwé anu aya dina poto tadi, kabogohna Roni, Déwi. Pribadi anu pikare- sepeun, pinter jeung geulis. Katambah-tambah lamun pa- pakéan téh sok mantes waé. Kuring jeung barudak nu sok nangkring gé pada muji ka manéhna téh. Rék saha jelema anu teu resep ka manéhna. Taya cawadeun. Basana, paripolahna, éstu- ning awéwé harepan pisan. Antara kuring jeung manéhna téh mémang kungsi deukeut. Sababaraha bulan ka tukang. Mémang, di satu- kangeun Roni. Tada teuing ruksakna hubungan hadé kuring jeung Roni upama manéhna nyahoeun yén ku- ring kungsi maling-maling waktu panggih jeung kabo- gohna. Ari kuring jeung Déwi mah apal alesan deukeutna urang téh semet mana. Ales- an panggihna naon. Ngan lamun batur nu nafsirkeun, bisa jadi rupa-rupa tafsiran. Sakali waktu mah panggihna gé lain rék nanaon, harita téh kuring nyumponan paménta Déwi. Manéhna hayang curhat. Curhat ngeunaan masalah antara manéhna jeung Roni. “Di, lamun Déwi gaduh pikiran kanggo putus ti Roni kumaha?” ceuk Déwi dina hiji soré di taman nu sepi. Manéhna ningali ka kolam, tapi sorot panonna kosong. Teuing keur ngalayang di mana pikiranna. “Lebar atuh Wi,” ceuk kuring. “Naha lebar?” ceuk manéhna, sorot panonna masih kosong. Malah dina so- rana gé teu kadéngé nada nanya. “Nya asa lebar wéh, hubungan nu geus sakitu lilana, geus sakitu seriusna, ujug-ujug putus.” “Teu ujug-ujug ogé sih Di... kantos diemutan ku Dewi gé.” “Ulah ah, lebar,” ceuk kuring. Kuring mikir lebar téh da ningali Roni jeung Déwi geus layeut pisan. Lamun ujug-ujug putus, pasti per- masalahanna bakal robah jadi hanjakal. “Hmm. Lebar nya... pami aya masalah nu beurat pisan kumaha Di?” Déwi nanya deui. Mimiti kadéngé aya nu hirup dina dirina. Lain Déwi nu kosong bari neuteup kolam sababaraha menit saméméhna. “Ari masalah mah kudu dibéréskeun, lain diting- galkeun,” ceuk kuring. Kuring harita ngajawab maké kali- mah ti para motivator. Kalayan sadar, matak hayang lumpat tina masalah téh ku sabab masalahna geus teu mungkin dibéréskeun kitu waé, biasana mah. “Lamun bérés masalahna, kumaha hubunganna?” ceuk Déwi. Harita manéhna min- dahkeun paneuteupna, tina kolam kana beungeut kuring. “Pertahankeun,” ceuk kuring. Pikiran kuring nu nga- layang kana adegan curhat di taman di sisi kolam téh balik deui kana tempatna. Panon fokus deui kana layar laptop. Najan teu téga, aya saba- baraha poto anu ku kuring dibuka. Ditingali informasi potona maké adobe Bridge. Jéntré éta poto téh dicokot sababaraha bulan ka tukang. Berarti saméméh Déwi curhat. “Wi, hampura, kuring teu apal masalah manéh téh nepi ka kituna. Hampura kuring geus nitah anjeun mertahan- keun hubungan jeung si Roni.” *** Fébruari 2014
  • 21. Manglé 246920 J alan ka Cikolé dumadakan karasa jauh. Padahal sarua jeung minggu- minggu katu- kang, naék béndi ditarik ku dua kuda Eropa. Tapi ayeu- na mah karasana jauh. Kitu carék gerentes Dalem Astra- manggala. Pantes waé rék kitu ogé, kusabab Dalem keur ka- béngbat ku wanoja kembang désa Cikembar. Najan bau lisung, Apun Gencay --kitu ngaran éta wanoja pikeun dirina siga bidadari kahya- ngan geulis camperenik, moal matak éra dibawa ka padaleman. Komo umurna 18 taun keur meujeuhna alaeun mun dina kembang mah. “Kumaha Demang, éta budak awéwé téh geus di- paruluh kulawargana? Tanyakeun atuh, bisi geus bogaeun papacangan. Kapan kaula teu genah haté mun ngarebut bébéné batur mah,” cék Dalem Astra- manggala, Bopati Cianjur anu kasohor rajakayana, ahli ngebon kopi. Pangawakan dalem téh jangkung leutik. Gagah naker. Paromanna kasép. Umur Dalem 40 taun, keur meumeujeuhna jaya cék dina itungan kolot mah. Dalem harita boga ketak rék mariksa para pagawé anu ngokolakeun manghék- tar-héktar kebon kopi. Tangtu nu utamana mah bari manggihan deui Apun Gencay, wanoja geulis anu minggu katukang dipang- gihkeun ku Demang Cikolé. Wanoja anu sababara poé katukang ieu geus ngeusi lamunanana saban waktu. “Parantos, Gusti. Apun Gencay masih nyorangan. Taya hahalang, taya pakuat- pakait sareng sasaha ogé. Cocog pisan saumpami dipi- garwa ku Gusti,“ cék De- mang Cikembar bari nye mbah sawaktu mapag dalem turun tina béndi di pasang- grahan distrik Cikolé paranti ngareurehkeun lungsé. Cikolé téh bagian ti Kabupatem Cianjur. Alamna dilingkung gunung; Gunung Bésér, gunung Béngbréng, Gunung Guruh. Geus kitu loba pakaya tina cai, aya Pal- abuan Ratu, Lembur Situ, Situ Gunung, éstu ngajadi- keun rahayat jeung gege- dénna mamur tengtrem ku Duriat Apun Gencay Carpon Luki Muharam CCaritaPondok
  • 22. 21Manglé 2469 kakayon alam. Sewangan dikamar tukang pasanggrahan, Apun Gencay keur dirias ku Nyi Demang. Geus kitu kuduna, saupama Apun Gencay diewed ku dalem mawa matak ka pangkat salakina, bisa waé diponclot tina pangkat demang. “Apun ulah ngérakeun kami. Manéh kudu tuhu kana sagala kahayang Gusti Dalem. Sabab lamun teu kitu, Gusti Dalem tada teu- ing benduna. Temahna, kabéh urang Cikolé bakal kabagéan mamalana,“ cék Nyi Demang mapagahan Apun Gencay bari anteng di- geugeulis. “Muhun Juragan,“ cék Apun ngajawab bari tung- kul. Padahal dina haténa ratug tutunggulan. Teu disangka, basa diamprok- keun jeung Dalem Cianjur minggu kamari, haté nu asalna ngarasa sieun --boh bisi ukur dijadikeun lu- lumayanan wungkul sabot Dalem aya di Cikolé, ayeuna mah haté leutikna geus kapentang asmara ku Dalem Astramanggala. Dalem gedé kakawasaanana. Katambah- tambah loba rajakayana. Apun salila ieu cicing di lem- bur Cikembar, mantuan kolotna purah buburuh meresihan kebon kopi, geus ngarasa teu betah hirup ripuh. Dina lelembutanana nyawang yén hiji waktu di- rina kudu hirup senang. Sagala aya, hayang teu dibadegaan waé . “Bawa ka dieu Nyi Apun!“ cék Dalem Cianjur ka Demang Cikolé. Anu dititah hariweus- weus muru ka kamar tu- kang. Apun Gencay kaluar ti kamar lir putri raja kaluar ti kaputrén, geulis campere- nik. Laju nyampeurkeun Dalem anu seuri bungah ningali buah atina sakitu geulisna. “Ka dieu Geulis, deukeut ka dieu. Akang téh sono. Aya samingguna teu manggihan Nyai,“ cék Dalem. Anu ditanya nyembah acung-acungan. Tuluy diuk timpuh, ngeluk teu wanieun tanggah. Ngarasa ajrih ku Kangjeng Dalem. “Gusti sembaheun abdi, nyanggakeun diri abdi sa- daya-daya. Seja babakti ka Gusti papayung nagri,“ cék Apun ngajawab semu da- reuda. Dadana kebek ku geder ratug dag-dig-dug nahan gumuruh cintana. “Hayu, ayeuna kénéh urang ka Cianjur. Nyai baris cicing di pendopo. Saméméh akang nikah ka Nyai, Nyai baris diatik heula sababara- ha waktu sangkan biasa jeung kahirupan di pendo- po,“ kangjeng Dalem semu lirih. Ti harita Apun Gencay dibawa ka Cianjur, ninggal- keun kolotna anu teu weléh pasrah kana nasib. Apun geus buleud rék ninggalkeun sagala kapeurih hirupna jadi jalma sangsara. Apun Gencay téh kem- bang lembur Cikembar. Geulisna taya tanding di di- strik Cikole mah. Ema jeung bapana sakapeung sok bati bingungeun lantaran rabul lalaki anu hayang mibanda Apun. Ngan weléh kabéh ogé taya anu laksana. Lain kurang ku nu garagah ka- rasép, jeung ku nu baleung- har, tapi kabéh lalaki anu hayangeun ka Apun kabéh malundur. Naon sababna? Sababna mah aya Ki Soma, jawara anu dipikasieun ala- tan sakti mandraguna bari boga talajak panas baranan. Cék kolot mah sahaok kadua gaplok. Ki Soma geus omat- omatan ka kolotna Apun, ogé ka kabéh urang Cikolé teu meunang mikeun Apun ka lalaki mana waé, iwal ti ka manéhna. Najan can aya beungkeutan antara Soma jeung Apun, ngan manéhna geus asa mibanda, padahal Apun ogé can karuhan daékeun dipigarwa. “Bapa-ema, mana Nyai Apun? Cenah dibawa ku De- mang Cikolé ka Cianjur? Naha dibikeun?“ cék Soma hariweuweus datang nga- jorag ka padumukan kolot Apun. “Ujang ulah ngambek ka kami. Kami mah teu wala- kaya. Juragan Demang katut opas kamari soré datang ka dieu, tuluy mawa si Apun. Cenah jadi ditikah ku Gusti Bupati Cianjur téh,“ cék in- dungna Apun. Ki Soma ngahuleng, “Heueuh ku geulis-geulisna Apun pangkat bupati ogé kagégéloan. Ngan lain tandingan aing lamun kudu ngarebut Apun ti Bupati mah. Tapi dagoan siah…aing seja ngawales kajadian ieu, kumaha waé carana,“ cék gerentes Ki Soma bari tuluy ngaléos. Kacaritakeun di padale- man Cianjur. Dalem jeung Apun keur suka bungah ngaliwatan poé ku hiasan kembang-kembang cintana. Lir ibarat Raden Munding- laya jeung Dewi Asri anu pa- pada mikacinta dina lalakon “Sasakadomas”. Teu karasa sababaraha poé deui Apun baris didahup ku papayung nagri. Nu tatahar di pendo- po katémbong pisan najan basajan. Loba tukang kem- bang, tukang masak, jeung para badega pendopo pu- lang-anting mawa sarupa- ning kaperluan. Ninggang dikabéh pada riweuh, pada sibuk nataharkeun kara- méan. Taya anu nyahoeun Ki Soma datang ka pendopo mawa kembang satanggu- ngan nyaru-nyaru tukang kembang. “Di mana siah Dalem Cianjur? Aing paéh gé teu panasaran lamun geus bisa maéhan heula dalem anu geus ngiwat bébéné aing,“ cék gerentes Ki Soma bari ngusap-ngusap condré anu diselapkeun dina cang- kéngna. Sanggeus luak-lieuk bari salungkar-salengkor mawa kembang satanggungan, Ki Soma ningali Apun Gencay keur dirariung ku para dayang di gedong Pancaniti pendopo. “Emh Apun, buah haté akang. Asa beuki geulis waé Nai téh. Saksian akang rék nyieun balitungan ka Kang- jeng Dalem,“ cék gerentesna. Ngan sawaktu nempo ka lebah pendopo, di jero aya hiji jalma diuk dina korsi anu moncorong komarana; dirariung ku para ménak anu sila marendeko. “Itu sigana dalem téh,” cék Ki Soma bari nyalingker sisi pendopo ngadagoan ri- ungan bubar. Laju Ki Soma mapatkeun ajian halimunan meunang ngalap ti Ki Bagja kuncén Gunung Gorowong. “Ajian aing halimunan. Saha waé moal ngadeuleu aing. Jalma, jin, jeung demit marakayangan ogé moal ngadeuleu ka aing. Samar- samar kabéh téténjoan ka aing kasimbutan ku hali- mun. Leungit aing tina panénjo saha waé. Leungit ngiles.“ Ki Soma tuluy nénjrag bumi tilu kali. Les ngiles wujud Ki Soma. Nu ngaleu- ngit téh asup ka jero pen- dopo, mawa condré ka hareupeun Dalem. Ari Kang- NNyambung ka kaca 38
  • 23. Manglé 246922 B ada isya, Oyoy leumpang so- rangan muru lembur Pos Jaga OKD Karang Anyar nu geus narungguan manéhna. Haténa karasaeun haram- pang jeung bungangang. Mun téa mah manéhna bisa numpes gorombolan nu rék ngaranjah lembur Karang Anyar, mana teuing bakal panjang caritana. Moal boa éta béja bakal nepi ka Lilis. Aya harepan Lilis bakal daékeun ngarangkep jeung manéhna, geus kitu mah kabagjaan téh bakal eunteup pageuh na kahirupan Oyoy boa nepi ka tungtung teuteu- pan. Pikiran éta nu ngalan- tarankeun Oyoy héhéotan sajeroning leumpang téh. Sakeudeung deui nepi ka lembur Karang Anyar. Kari ngaliwat ka tanjakan Cibo- das nu rada netek, tuluy méngkol ngénca mapay sawah Ki Adad nu katelah panglegana. Jog, bakal anjog ka Lembur Karang Anyar. Pikiranna mah geus nepi ti tadi ka tempat nu di tuju. Teu ku hanteu, basa rék naék kana tanjakan Cibodas, Oyoy kurang waspada. Manéhna teu nyahoeun yén di luhur, di mumunggang tanjakan, aya sapuluh urang gorombolan DI/TII nu keur mapagkeun. Ngarasa bu- ngah sabab aya dina posisi nu nguntungkeun, ti luhur mah awas pisan ka handap. Cacak mun sapeleton ogé bakal kawalahan diserang ti luhur, da kajaba poék téh meneran négla deuih. Taya tempat pikeun nyumput nyalindung. Komo ieu, nu leumpang maké baju loréng téh ngan sorangan. *** “Caang bulan euy...!” “Ssst...! Tong tarik teu- ing, Belegug! Bisi aya gorombolan nyamuni!” “Ah, Moal Pa. Da lamun aya gé nu ngabring ti girang pasti ngaliwat kana jem- batan luhur cai. Tah, ha- reupeun urang!” “Enya, ngeunah euy mun heueuh aya nu ngaliwat téh. Kari didodéd ti dieu.” “Seungeut atuh roko téh Wan, tong digélang waé.” “Silaing hayang nya?” “Kantenan Gan, ti tatadi dianti-anti!” “Sst..sst... tah déngékeun barudak, sada rokrak nu ka- tincak!” Limaan OKD di- pimpin ku Iping curinghak sirikna manjangkeun ceuli nenget-nenget datangna sora di tonggoheun walun- gan. Maranéhna nyempod di handapeun tangkal Ki hujan paeunteung-eunteung jeung walungan Ciminyak katutu- pan ku eurih jeung areuy, sayaga bisi enya aya gorom- bolan nu rék ngadon ngaranjah lembur. Teu lila kadéngé nu ngucuplak kana walungan. “Goblog téh, bangkong kawin ning euy! Téwak Sar- wan!” Gajleng Si Wawan ngajleng bari ngarontok bangkong nu keur patum- pak-tumpak dina beungeut cai walungan. “Yeuh Pa, rék dikuma- hakeun?” “Ka dieu, urang talian!” Pangangguran Iping nyabut jukut eurih tina sela-sela CCaritaPondok Tanjakan Panawuran Ku Anita Rohani
  • 24. 23Manglé 2469 sapatu botna ret ret éta bangkong anu sajodo téh di- talian nepi ka teu bisaeun hojah. Tuluy dibungkus maké daun tisuk. “Alus euy, buleud kieu. Cing pangalakeun karakas tina tangkal cau, Usén!” Teu nanya heula keur naon, Si Usén gancang ngala karakas tina tangkal cau gigireunana. “Ieu Pa.” Éta bangkong nu geus dibungkus daun tisuk téh dibaguded ku karakas garing. Bleg wé siga bungkusan gula. “Hahaha... Siga gula batok teu euy?” “Wah heueuh bener Pa, teu dipiceun sasieur!” “Hayu tuturkeun déwék, urang heureuyan barudak OKD Cibitung!” “Ari di dieu kumaha Pa, euweuh nu jaga?” “Lah, keun baé. Geus wayah kieu mah moal taru- run urang gunung gé. Nam ti heula!” Bring Barudak OKD kalima pamingpinna Iping, ngabring muru pos jaga OKD lembur Cibitung pimpinan Oyoy. Ari Oyoy téh sobat dalit Iping, pada- pada jadi kepala OKD ngan béda lembur. Harita téh keur kaayaan genting sabab méh saban peuting gorombolan DI/TII nu katelah “urang gunung” sok turun ka lembur, nga- don dudurukan jeung budag-badog. Ingon-ingon mah geus teu kacatur deui. Malah sadésa méh kabéh teu ngingu ingon-ingon. Lamun teu buru-buru dijual atawa dipeuncit, peutingna tangtu leungit dibawa ku urang gu- nung. Matak TKR marén- tahkeun sakabéh désa nyieun OKD atawa Organi- sasi Keamanan Desa. Sanggeus aya OKD mah rada bisa ngarénghap, da urang lembur asa aya nu nangtayungan. Sanggeus nepi kasampak OKD Cibitung mah keur nyegrék saré. Kérékna sada patémbal-témbal, anu pang- tarikna kérék nya Oyoy so- rangan. “Hudang euy, ngan molor wéh gadag téh! Yeuh, gula yeuh. Geura tarinyuh.” Oyoy hudang bari lulungu. Janari kitu atuh, keur meu- jeuhna nikmat saré. “Walah, meunang gula ti mana silaing euy?” Ceuk Oyoy bari gigisik. “Lah, tong loba tatanya. Buka anggur mah!” Gura- giru Oyoy nyabut sekin tina sarangkana. Srét srét bung- kusan karakas téh dibuka. Ari hég péso sekin téh keuna pisan kana tali jukut eurih, na da éta mah ngan gajleng bangkong sadua-dua luncat kana beungeut Oyoy. Atuh Oyoy ngabangkieung labuh nangkarak bengkang bari ngajorowok. “Ieueueueueung....!” “Hahahaha... Amis teu euy gulana?” Ceuk Iping, barudak OKD kabéh saleuseurian, malah aya nu nepi ka nyekelan beuteung sagala bakat ku teu kaduga- eun nahan piseurieun. Kuniang Oyoy hudang, laju lumpat muru ka Iping rék males caritana mah. Ngan dasar nu lulungu, ngudagna teu pati bener, aya lombang rada gedé di ha- reupeun pos jaga teu kati- ngalieun. Solédat gebru….! Manéhna labuh ngadua- kalian. Iping nu geus taki- taki rék lumpat malik deui bari nyakakak. “Ampun, silaing mah Iping jail téh teu euih euih. Hanas geus kumétap ieu létah aing rék kasumpingan kopi gula batok. Kéhéd téh!” Gék Oyoy diuk dina golodog bari hah-héh-hoh, teu lila Iping ogé diuk gigir- eunana. “Lain euy, urang téh hayang ka Si Lilis urang Lembur Aki Adad. Ku silaing anteur yu!” Ceuk Oyoy ka Iping. Ngadéngé ngaran Lilis disebut-sebut, gebeg téh haté Iping ngagebeg. Sababna mah taya lian Iping geus nyahoeun yén Nyi Lilis téh bogoheunana ka manéhna. Katémbong dina keletna unggal panggih di pasanggrokan. “Ah embung, sieun ku salakina,” pokna. “Moal lah, kumaha déwék wé. Silaing mah tim- bang nganteur,” ceuk Oyoy bari ngaduruk lintingan bako molé karesepna. Ngan haseup wé rabeng kaluar tina baham jeung irungna. “Pék wé bisi silaing hayang mah, ngan ulah ma- mawa déwék!” Iping keu- keuh dina pamadeganana. “Ceuk déwék gé moal! Hayu atuh urang indit!” Jung Oyoy nangtung bari ngeprukan calanana nu kakotoran taneuh urut labuh tadi. “Har, rék ayeuna? Janari kieu.” “Puguh ngahaja wanci janari, hayu lah.” Oyoy leumpang ngagedig muru lembur Karang Anyar anu katelah lembur Aki Adad. Najan kalékéd teu bu- rung Iping ngalénghoy nu- turkeun ti tukang. Kahayangna mah saré ngaguher bareng jeung barudak OKD nu geus ngararéngkol di pos jaga, tapi da ngawayahnakeun pédah sobat dalit pisan nu mereyeng boga kahayang téh. Sajajalan, Oyoy nem- bang lagu gandrung semu dipengkek. Sieun urang lem- bur kagareuwahkeun. Sok sanajan asa piraku kétang, da maranéhna leumpang di tengah leuweung leutik nu misahkeun Désa Cibitung jeung Désa Karang Anyar. Jog anjog di tungtung lembur Karang Anyar, mun dikira-kira mah meureun wanci adan sakali harita téh. Keur meujeuhna sepi jem- pling. Oyoy kadua sobatna cingogo di handapeun tangkal awi, meneran pisan pas muragna kalangkang. Ti kajauhan mah, bleg wé poék moal aya nu nyangka aya jelema dadaékanan cicing di dinya wanci kitu. Paneuteup duanana lempeng ka ditu, ka imah anu suhunanna ken- téng beureum, bilikna dika- pur pulas héjo daun cau, buruanana dipapaés rupa- rupa kekembangan nu keur meujeuhna mangkak. Kem- bang angkrék japati oyag- oyagan katiup angin napel dina tangkal jambu aér, kembang eros kayas nyangsaya na pager nu dika- pur pulas bodas. Katingali yén éta buruan téh hadé omé. Kaéndahan éta teu karasaeun ku Oyoy, nu keur udud gancang. Udud anu teu diseuseup jero tapi ngan saukur dikenyot wungkul, ciri bangun kacida geum- peureunana. Iping lila-lila kesel tuluy nyarita. “Sok sok atuh ari rék nyémah mah, nungguan naon?” “Ké heula,” témbal Oyoy pondok. Teu lila kulutrak sada aya nu muka konci, dina kaayaan sepi kieu mah sora leutik gé asa béntés kapi- rengna. Bray aya cahya nu kaluar tina sela-sela panto imah, sanggeus pantona di- tutupkeun, kakara katara aya lalaki nu keur ngajan- teng bari ngahurungkeun palita. Tétéla salakina Lilis nu rék indit ka pasar. Ari salakina Lilis téh kasabna kana dagang ku- rupuk, unggal janari manéhna indit pikeun ngiangkeun kurupuk ka pasar-pasar sakuriling Désa Karang Anyar. Beuki jauh ti NNyambung ka kaca 38
  • 25. P oé Kemis di bulan Juli katompérna- keun, panon poé mangsa reup- reupan, langit lenglang taya aling-aling, harita téh mémang keur usum mamareng. Bari nyeueung én- dahna layung anu keur ngem- pur hurung luhureun gunung, pirajeunan ngadaweung dina bangbarung, bari ngopi maké gula kawung, lalawuhna sam- peu rumaja meunang ngago- réng. Di buruan cai balong boborélakan kasorot cahaya layung, kancra bareureum tinggareboy ngojay ka kulon- ka wetan, waas, mawa ting- trim kana ati sanubari. Sagala karungsing, sagala ka pusing, sirna tina pamikiran, kaganti ku rasa haté anu bangblas. Turun ka buruan mawa awur sacanggeum, wur parab lauk di awurkeun ka tengah ba- long, cai balong ngadak- ngadak motah ku lauk anu parebut parab, aya ku éndah. Keur kitu aya anu uluk salam, sanggeus dijawab, anu uluk salam téh di ajak ka jero imah, duaan tamu téh, lalaki wungkul, sanggeus basa-basi tandana ngaku ka tatamu, terus ditalék pamaksudan- nana pangna datang sore-sore jiga aya penting. “Punten tumaros, aya kaperyogian naon atuh salira téh, sumping ka rompok Akang sonten-sonten kieu”. Bari neuteup seukeut, tatamu téh langsung ditanya pamak- sudannana. “Hatur nuhun ditaros Kang, puguh Abdi téh gaduh anu udur,” rengkuh sopan cumarita, jiga-jiga anu dareuda. “Ka dokter atuh Ayi, ulah ka Akang.” “Parantos éta ogé, nanging teu acan aya perobihan, ma- nawi waé ngalangkungan diri Akang, Alloh marengkeun kana tujuan Abdi,” tatamu téh keukeuh rék ménta tulung. “Anu tiasa ngadamangkeun deui anu udur, sanés dokter, ogé sanés obat anu dipasihkeun ku dok- ter, sanés dukun, sanés jalmi sapertos Akang, tapi cageurna manusa tina udur, éta mang- rupi kuasana Alloh SWT.” “Leres kahartos pisan, Kang, tapi pan cenah kedah nganggo cukang lantaran, nu- mawi abdi ka dieu nepangan Akang, manawi baé pendak cukang lantaran ngalangku- ngan katiasa salira Akang.” “Saha anu teu damangna, sareng panyawat naon?” di- talék ku pananya kitu, tamu téh bet ngeluk alum, duma- reuda, cumalimba, matak watir. “Pun bojo Kang, tos lami keuna ku panyawat bareuh beuteung, punten waé Kang abdi tulungan.” Emh, istrina geuning anu udurna téh, paingan titadi tatamu téh alum waé, panyakit busung geuning, hésé gering kitu mah diubarannana. “Dupi bumi di palih mana Yi?” “Abdi ti Cibeureum, palih tonggoheun Rancah, Kang.” Nu ditanya ngajawab nuduh- keun tempat pangancikan- nana, ngabéjakeun sacéréwéléna. “Ayeuna mah Ayi jung geura mulang, engké saatos magrib Akang ka ditu.” Karunya, rék ditingali waé anu udurna, niat karena Alloh taalla. Nyubadanan jangji, bérés solat maghrib miang ngajug- jug Rancah, nembus leu- weung geledegan anu harieum canéom, nepi ka Ko- jéngkang, tuluy nurugtug mudun mapay lembur, geus jiga di kota, lampu listrik baranang di tiap buruan. Datang kanu dituju, kasampak loba jalma anu keur narungguan nu gering, sanggeus uluk salam sup ka jero, nu gering pada ngariung, nangkarak bengkang beu- teung kembung, beungeut ce- long, awak rangkébong. Deudeuh teuing, ieu mah pa- nyakit geus parna, duka bisa diubaran duka moal, ceg bitis anu gering téh dicekel, diteu- teup bari diobrolan sangkan mawa katenangan kanu ge- ring. “Ibu sing sabar sing tawakal, kadang hirup manusa kedah ngalaman cobaan sapertos kieu, mung ka ikhlasan haté anu tiasa ningtrimkeun diri, mung Gusti Alloh anu tiasa nulu- ngan urang, mung Gusti Aloha nu tiasa ngadamang- keun deui urang,” diobrolan, anu gering téh unggeuk tanda ngarti, cipanonna ngalém- béréh mapay pipina. Sanggeus mariksa anu geringna, nguniang hudang muru ka tengah imah, ménta cai hérang rék di du’aan jang anu gering, sanggeus aya, prak dzikir di kamar ngamal- keun élmu pikeun ngubaran, khusu ngadu’a téh, tapi aya ku anéh gelas anu digolérkeun ber ngagerebeg caina nepi ka- muncrat, kila-kila jigana mah, tapi bet asa aya anu nepak punduk, piraku aya jurig onaman. Teu loba carita, cai titah dibikeun sina dileueut kunu gering, bari diubaran beu- teungna, susuganan, teu dibé- jakeun kajadian keur ngadu’a mah bisi rareuwaseun, teu terus kapanjangan, sanggeus tugas bérés terus amitan mu- lang, diandeg ogé ku nu boga imah, alesan rék neruskeun dzikir di imah. Rék jung pisan miang, anu boga imah muntangan leung- eun, terus tumanya ngaharé- wos, bari panonna carinak dak. “Kang kumaha pun bojo téh kinten-kintena, naha tiasa damang deui?” Nu muntang- an téh keukeuh hayang apal kana kaayaan bojona. “Wallohu allam bi sya- wab, Akang teu gaduh katiasa nyageurkeun, ukur boga élmu saeutik pikeun ngubaran anu udur, nanging cageurna mah mangrupi kuasa Gusti Alloh SWT”. Dijawab kitu téh, manéhna unggeuk, pamuluna alum ngungun, beurat ka bojo anu keur nandang lara. Mulang geus rada peuting, maké motor nyemprung ka tonggohkeun, liwat Kojéng- kang jalan poék meredong, leuweung mahoni sapanjang jalan matak geueuman, matak keueung, teu ieu jadi piker ras inget kana kajadian tadi, bisi aya anu rék dengki, buru-buru mulang dirusuhkeun. Sanggeus beres solat jeung wiridan, kuring ngagéléhé kana korsi panjang di tengah imah, indung budak geus saré tibra, kitu deui barudak dua- Manglé 246924 PPuridingPuringkak Jurig Teluh Ku Andang S. Argayuda
  • 26. 25Manglé 2469 nana geus kérék ti soré kénéh, teu enak rarasaan, jadi teu bisa saré, nyileuk sorangan nepi ka wanci tengah peuting. Kira-kira jam dua welas, imah ujug-ujug ngariyeg, korsi anu dipaké gégéléhéan ngagere- beg, sugan mah aya lini, terus luncat rék ngahudangkeun barudak, imah ngariyeg deui, keur kitu geblus aya anu asup ka tengah imah. Hiji mahluk pikagilaeun ngabedega dina juru rohangan tamu, tangtungan badag ru- bak, kulit beuteung baba- rendilan, dada babaling bingan, beungeut bosongot, irung pengék, mata bolotot, sungut calawak, huntuna ranggéténg sareukeut, awak buligir ukur dicawet, huluna gundul, tina hulu nepi kana tonggong pinuh ku tanduk, ramo-ramona sareukeut paranjang. “Mahluk nanahaon, bet pikagilaeun, boa anu rék ngarogahala yeuh!” gegerenyeman dina haté, bakat ku kagét jeung gila nempo mahluk anu sakitu seremna, kuring mundur sababaraha léngkah, nga- jauhan tina korsi, ceg kana gobang anu ngagantung dina tembok, jaga-jaga bisi ieu mahluk téh rek niat jahat. “Hey mahluk kajajadén, andika saha jeun anu timana? aya naon kuwawani asup ka imah kula tanpa bema krama?” Ngawanikeun diri, tumanya ka éta mahluk, anu ceuk tetempoan mah jiga siluman buhaya. “Ha ... ha ... ha ... héy manusa, kula samber nyawa, datang kadieu rék nyabut nyawa manusa. ” Éta jurig ngomong bosongong, seuri babarakata- kan, mata burial buncelik, suku téténjrag, imah ngadak- ngadak inggeung, jantung ratug asa rék murag. “Oh, jadi anjeung téh jurig teluh?” “Enya, kula datang kadieu meunang pancén titah nyabut nyawa manusa.” “Kelanan, sakanyaho kula mah anu sok nyabut nyawa téh, nyaeta malaikat Izrroil, lain bangsa anjeun”. “Lain malaikat Izrroill waé, kula ogé bisa nyabut nyawa, geus loba manusa anu dicabut nyawana ku kaula, sakeudeung deui anjeun ogé bakal dicabut nyawa ku kaula, ha... ha ... ha ...” Éta siluman édan, nyarita jiga anu enya, dasar jurig teluh. “Tong nyingsieunan, da kula mah teu sieun ku paéh, tapi kula mah yakin moal paéh ku bangsa anjeun.” Teuneung ludeung, yakin kana kuasana Alloh SWT, teu ieuh sieun ku ancaman jurig nyiliwuri. “Ha ... ha ... ha ..., kula mé- mang datang ka dieu rék ngala jiwana manusa, éta geus man- grupa tugas kula anu moal gagal.” Éta jurig tetep ngomong kitu dibarung ku seuri babarakatakan, matak sawan anu borangan. “Rék ngala jiwa saha atuh anjeun téh?” Kuring tumanya panasaran, najan surti kana tujuannana, tapi hayang apal tina caritana. “Ha ... ha ... ha..., kula rék nyabut nyawana anu ngaran si Andang, geura tuduhkeun, mana anu ngaran si Andang?” Beu bener waé geuning ieu samber nyawa téh rék ngaro- gahala, rék ngala nyawa ka diri. “Inni tawakallttu alallohi, robbi wa robbikum, héy jurig teluh, di dieu mah euweuh anu ngaran si Andang ieuh, tuh di ditu, di Rancah meureun”. Kuring tegas ngomong ngabohong ka éta jurig, nuduhkeun kanu jauh. Na da éta mah, sanggeus dibéjaan kitu, éta jurig siluman téh ngagibegkeun awakna, terus ngabelesat hiber ka kidulkeun, muru panuduhan. “Huh, dasar jurig belegug, jurig euweuh kanyaho, lolong bonconong, puguh uing anu ngaran si Andang téh”. Bari ngucap sukur kuring ngareng- hap narik napas panjang, all- hamdulillah bisa leupas tina pangrogahala jurig teluh. Geus aman mah terus ngagéléhé deui kana korsi panjang urut tadi, peuting beuki simpé, pipikiran jadi ngacacang kaman-mendi, nepi ka datang waktu subuh, bangblas teu bisa saré. *** Patakaharja, Rancah – CIAMIS.
  • 27. CCarita Heubeul K u kituna Ukur henteu petot-petot neneda ka Nu Kawasa sangkan di- jaring-diaping, ginulur kara- hayuan. Saban poé manéhna tigin pisan ngalatih diri, ngawalayar rupa-rupa kas- antikan kaprajuritan, anu perlu dipibanda ku unggal satria. Dina jaman harita di unggal dayeuh karajaan, sa- bulan sakali sok diayakeun tongtonan di alun-alun, nyaéta anu disebut “sené- nan”. Demi anu sok dipin- tonkeun dina senénan, sawarnaning kasantikaan ngolah gagama, saperti ujun- gan, maén pedang, maén tumbak dina kuda, tanding keris jeung katangkesan- katangkesan lianna, sakur anu jadi kamaheran prajurit. Anu matak disebut “sené- nan” lantaran diayakeunana téh dina saban poé Senén kahiji, unggal bulan. Kacaritakeun senénan anu baris diayakeun harita, kaasup anu bakal pangra- ména, sabab nincak dina bulan “kenem” (Mulud). Nu- rutkeun adat kabiasaan jeung kapercayaan urang Jawa, dina bulan éta téh sok dipaké nyipuh wewesan, kas- antikan, kadigjayaan, bari mamérkeun gagaman pusa- ka jeung rupa-rupa pajimat- an. Pidua-tilu poéeun deui kana prungna senénan, para bupati, ponggawa ti nu jauh ti nu deukeut, kabéh merlu- keun datang ka dayeuh Mataram. Aya anu ngan saukur arék seba jeung njumponan puraga wungkul, jeung aya anu ngahaja arék milu ngadu jajatén. Kitu deui rahajat biasa, ti suklakna ti siklukna geus merul dara- tang ka dayeuh, ngahaja arék lalajo senénan. Gancangna carita geus cunduk kana waktuna. Alun- alun sakurilingna dipucuk jeung dibebetek, lawé ronték ting kélébét, umbul-um- bulna melengkung, ting hili- wir katiup ku angin leutik. Babancong geus dihias, lir pajangan pangantén. Samalah korsi gading paling- gihan Sultan ogé, harita geus dipindahkeun ti pasebanna. Di kenca-katuhueun baban- cong, kitu deui di saparat- parat jalan, anu baris kalang kungan ku Kangjeng Sultan, ti karaton ka alun-alun, rajeg prajurit katut gulang-gulang anu nyarekel tumbak jeung pedang. Jalma-jalma noyék di sakuriling bungking alun- alun, kolot budak, awéwé lalaki pasedek-sedek, pada hayang meunang tempat nu panghareupna. Sanajan harita masih kénéh isuk- isuk, tapi ku perbawana hawa jelema anu mangrébu- rébu, geus karasa panas hareudang. Gamelan jeung monggang muni piligenti. Ti waktu rebun-rebun kénéh ogé geus ditabeuh taya lirénna, ngalagukeun lagu nu matak gumbira, ngahudang- keun sumanget kaprajuritan. Teu kungsi lila jeleng- gung-jelenggung goong kabuyutan disada, tangara Sultan rék rawuh. Jalma mojég, ting euleungeung bari jaréngké. pada hayang awas ka nu jadi panembahan. Kangjeng Sultan geus anjog ka babancong, diiring ku Ratu Padmi, ditema ku para ceti jeung emban, anu marawa upacara karajaan, epok lampit, tumbak binang sawunggaling jeung salianna. Katingalna hurung- hérang murub-mubyar, pusaka emas sinangling, di- tarétés ku sosoca. Gamelan jeung monggang agem ngalagukeun kebojiro. Sanggeusna beres lalinggih, Sultan maparin isarah ka Senapati Ronggonoto, su- paya senénan geura dimimitian. Senapati Ronggonoto gasik maréntah ka tamtama, supaja nandingkeun nu rék ujungan. Nu rék diadu ujun- gan kabéhna aya genepan. Ku tamtama prak diatur, di- Manglé 246926 { 33 } Ku Rohendy Sumardinata Dipasieup deui ku Supis
  • 28. pasangkeun dua-dua. Ger diadukeun sapasang- sapasang, di satengahing alun-alun. Pohara raména, silih gitik silih gebug ku hoé sagedé indung suku, pan- jangna kira-kira sadeupa. Keur ngajaga bisi kakeunaan sirah, kabéh maraké balaku- tak; bincurangna ditutupan ku kulit munding nu geus meunang ngagaringkeun. Nu diarah babakuna indung suku, sabab cek angga- panana nya lebah dinya mamarasna téh. Mim- itina kacar anggang, paneunggeulna di- ulinkeun, nguriling bari jeung ngigel, tincakna ninggang wirahma, dina lagu léang-léang. Upama aya nu kakeun- aan, nu lalajo ger saru- rak, mapanas ka nu talingeuh. Beuki lila beuki ragot, ngagitik patarik-tarik, ting jale- bred ting beletak. Upama geus aya nu ngarumpuyuk, kakara disapih. Nu éléh gan- cang digotong, nu ung- gul réngkénék ngigel deui, tandang nangtang sugan aya lawan séjén- na. Anu unggul dia- dukeun jeung nu unggul deui, nepi ka tung- tungna ngan tinggal sapasang deui. Ger ramé diadu deui, jago lawan jago, pada kesit pada rikat, pelit dilawan pelit. Saharita mah taya nu bisa ngira-ngira, mana nu baris unggul, mana nu bakal kasoran. Kira-kira geus satengah jam lilana, anu saurang katara geus rada leuseuh tanagana, nyingcetna geus kurang tanginas, nakisna geus ku- rang tapis. Ku lawanna terus dibabuk-lalaykeun, nepi ka jajarigjeugan. Sabot kitu ki lawan mundur saléngkah, hiuk paneunggeulna di- heumbatkeun, rikat ngan sakolébatan, beletak keuna meneran indung sukuna nu katuhu. Harita kénéh bru ngarumpuyuk, tuluy nyuuh henteu kuat nangtung deui. Ku tamtama diburu sarta terus diparéntahkeun supaya gancang digotong, dikaluar- keun ti pakalangan. Ki lawan, anu unggul téa henteu buru-buru ninggal- keun pakalangan. Bari maké balakutak rampayak manéh- na ngigel ngibing lagu rajak- rajak. Barang geus deukeut ka payuneunanan, brek te- pak deuku ku tuur kénca, cedok nyembah, gék diuk mendeko. Ku Senapati bal- akutakna dipiwarang dibuka. Barang bréh beungeutna ku Senapati katingali, anjeunna ngarenjag lain meumeueu- san. Sing horéng anu pan- gunggulna dina ujungan téh ... Ki Ukur. Senapati Ronggonoto nyaur bari keding hangit: “Euh kutan manéh jele- mana, anu unggul dina uju- ngan téh?” “Sumuhun dawuh,” rin- tih Ukur ngawalonna. “Ulah waka ieu aing, boga rasa pangpunjulna. Ujungan mah ngan saukur kasantikaan pikeun prajurit, lain keur nu bakal jadi tam- tama. Ayeuna ku kami manéh baris diadukeun deui jeung Ki Jajengrono, tam- tama anu geus kahot.” “Abdi dalem tansah ngiringan sakersa,” walon Ukur. Sikepna henteu galideur, tapi henteu pisan- pisan nembongkeun pase- mon angkuh. “Jig ayeuna geura sasadi- aan! Kami hayang uninga, geus nepi ka mana panga- bisa manéh enggoning ngo- lahkeun tumbak, bari tumpak kuda.” Ki Ukur henteu talangké, cedok nyembah tuluy undur. Jelenggung-jelenggung goong ditabeuh deui. Sena- pati ngembarkeun, yén anu baris dipintonkeun ayeuna, kasantikan tumpak kuda bari ngolahkeun tumbak. Ger nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan, bari moyeg hayang geura nyaraksian. Répéh nu surak, ditema ku sora gamelan, nga- lagukeun lagu pangli- ma, sorana halimpu angin-anginan. Henteu kungsi lila torojol Ki Djajengrono, nitih kuda dawuk ruyung. Dasar kuda palajaran, sisirig bari adéan, tincakna ninggang wirahma, luyu jeung sora game- lan. Ki Tamtama segut sigit, anggoanana saru- rup, niron-niron pong- gawa tedak Astina. Ger nu lalajo sarurak deui, kataji ku Ki Tamtama. Di Mataram mah kabéh abdi jeung pradjurit geus pada nyaho kana kagagahan Ki Tamtama Jajengrono, kapeten- gan tukang nundung musuh, ngusir nu rék julig dengki. Ti lawang beulah kidul jol Ki Ukur, tumpak kuda hideung lestreng, turangga Batara Wisnu. Leumpang kuda lalaunan, teu sisirig teu adéan, surup jeung anu tumpakna, henteu dangong borongongong, lungguh tim- puh lir satria Kamajaja. Kitu deui panganggona éstu sagala basajan, da puguh ukur prajurit.*** (lajengkeuneun) 27Manglé 2469
  • 29. Manglé 246928 Bagian 200 CCarita Nyambung Peuting ka-241 A di holipah terus nga- lelemu. Ngalap haté Niam sang- kan gumbira. Ngan, nya kitu, nu dibubun- gah mah, bangun teu maliré. Kitu téh, lantaran pangaruh haténa nu sabil, sedih jeung nalangsa lantaran pajauh jeung nu dipicintana. Haténa rumasa, salah léngkah. Rumasa teu jeung jeujeuhan, percaya ka jalma nu ngan ukur tembong ka- soléhan luarna wungkul. Ngan, geus kitu mah teu bisa majar kumaha, kari tuma- prak ka nu Mahakawasa sarta ngadoa dina batinna sangkan dibéré jalan leupas tina mamala. “Untung nu meuli anjeun mah, najan kudu ngaluar- keun duit saratus rébu dinar ogé,” ceuk adi holipah. Niam teu nembal, Piki- ranana malaweung. “Enden putri, dupi ieu téh di mana, sareng ieu téh kota naon?” pokna kalah malik nanya. “Ih, naha teu apal kitu? Teu dibéjaan ku nu mawa anjeun ka dieu?” “Teu acan!” “Ieu téh istana holipah. Ngaran kota ieu Damaskus.” Niam kakara jinek, mé- mang dirina téh ditipu ku nini-nini. Diculik, sarta dijual ka nu séjén, nu ahirna dijual deui ka holipah. Kitu ceuk pikir éta awéwé mah. Adi holipah pamitan. Kakara isukna deui nepung- an Niam kalayan mawa pa- pakéan sapuratina. Najan dipisalain ku papakéan nu sakitu aralusna, haté Niam mah teu sing bungah. Malah, nu karasa mah mingkin sedih lantaran geus kacipta kumaha héséna leupas tina éta mamala. Mun enya ogé manéhna balaka, da moal aya nu mercaya, malum dirna mah beudak beulian nu teu bisa nangtukeun kaha- yang sorangan. Pangaruh haténa nu nalangsa, Niam brék gering. Tuna dahar, tuna nginum. Mun peuting ukur cungelik, leungit pitunduheun. Atuh, sakur nu kapapancénan nga- jaga Niam baringungeun na- ker, sieun nu ditalingakeun ana kumaha onam. Kayaan Niam kitu kaém- pér-émpér ka holipah. Mimi- tina mah, ukur nganggap wajar lantaran tumamu kénéh. Ceuk pikirna, geus ngaloma mah piraku sedih, da ku ayana di dinya téh jadi unggah darajat, dipikaasih ku holipah. Béak poé ganti minggu, kaayaan Niam mingkin pika- hariwangeun. Ahirna, holi- pah gé ngarasa hariwang. Mimiti wéh diubar-aber, di- tambaah ka ahlina. Tapi, nya kitu, hasilna téh jauh ti nyu- gemakeun, malah najan rupa-rupa tabib gé taya nu bisa nyageurkeun. Kacatur deui Nikmatul- lah. Saperti biasa mun tas barangsiar téh gura-giru balik ka imah. Biasana deuih tara leungiteun pamajikan, mun ogé teu kasampak, pas- tina keur aya di indungna. Ti imahna, salaki Niam téh muru indungan. Nanyakeun pamajikanna. Tangtu wé, indungna gé kagét, lantran poé éta mah teu kaanjangan ku minantu- na. Enya, cenah, sababaraha poé ka tukang, minantuna ménta diidina deui rék ngan- jang ka jalma soléh jeung nini-nini téa, tapi da teu diidinan, ngan nyarek mah henteu, kumaha karepna wé, kumaha pipikiranana. Kitu ceuk indung Nikmatullah. Nikmatullah kaluar ti imah indungna, saterusna mah, neangan ka tempat- tempat ramé. Sakur nu pantes jeung biasa didatang- an pamajikanan disungsi. Ngan, nya kitu, nu ditéangan téh lebeng. Dina kayaan bingung, Nikmatullah papangih jeung salah saurang tatanggana. Pok wéh kasusahna téh di- dadarkeun. Ari pok téh, écés, inditna Niam téh bareng jeung nini-nini nu biasa nyemah ka imahna. Papanggihan kitu, jadi
  • 30. 29Manglé 2469 bahah keur laporkeuneun ka pihak kaamanan. Atuh, harita kénéh, éta béja téh ditepikeun ka bagian kaa- mananan téea, minangka la- poran. Ngan, nya kitu, sanggeus sababara poé tur ditanyakeun deui ka nu dila- poran téa, taya jawaban anu jinek. Peuting ka-242 Lila-lila mah, teu burung kanyahoan, leungitna Naim téh ngalibetkeun gubernur. Atuh, geus kitu mah, Nikmatullah téh teu bisa majar kumaha. Da, kajudi, bakal susah kacida upama éta pasualan diréngsékeun ku dirina. Tilu bulan ti satasna ka- leungitan pamajikan, Nikma- lutllah brék gering. Langsung parna kasakitna téh nepi ka matak ngahariwangkeun kolotna. Baa Nikmatullah, Rabi Hatim. Ngumaha ka para tabib. Teu burung kasakitna mah gampang pulih. Ngan, cenah, mun batinna teu diubaran, awal- ahir gé bakal gering deui. Atuh, mun terus kagege- ringan mah, kasakitna bakal leuwih parna. Kulawarga Rabi Hatim babadamian. Pamustung- anana, neang jalma nu lain ukur pinter ngubaran, tapi nu sakira-kirana bisa ngungkulan éta pasualan. Kabeneran deuih, nu dipen- taan tulungna tabib nu lain ukur ahli ngubaran, tapi deuih percéka jeung loba akalna. Lian ti ngubar-ngaber Nikmatullah, pihak ku- lawarga gé terus néangan nu ngiwat Niam. Tina hasil panalungtikan pihak ku- lawarga, mémang kanya- hoan, Niam geus aya di Damaskus, rék dijadikeun selir holipah. Ku lantaran kitu, tabib gé ngayakeun tarékahna téh ku cara ngajak pindah Nikmatullah ti Kuffah ka Damaskus. Di tempat anyar, tabib muka toko obat. Ngahaja nyéwa toko sisi jalan nu kira- kira baris kajojo ku balaréa. Da maksud nu saenya gé sangkan meunang raratan nu dialuruhna. “Ayeuna mah kieu,” ceuk tabib ka Nikmatullah. Derekdek wéh medar tarékahna. Initina ,mah, ti mimiti poe éta, tabib téh rék ngaku anak ka Nikmatullah. Kitu deui Nikmatullah mun di hareupeun jalma séjén mah, kudu nyebut bapa ka tabib téh. Keur Nikmtullah mah teu jadi pasualan. Nurut kana sagala saran jeung pa- patah tabib téa. Kabiasaan jaman harita, lain ti basa nagara masing- masing, basa nu dipake ku nu palinter mah basa Persia. Kitu deui tabib jeung Nikmatullah, maké basa sapopoé di Damskus mah, maké bsa Persia wé. Mak- sudna, nyumput buni di nu caang, sangkan sagala omon- ganana teu gampang harti ku balarea nu aya di sabudeur- eun éta temlat. Can gé saminggu, toko obat téh geus kajojo, Loba nu ngahaja daratang ka éta tem- pat, lantaran kataji ku carana nu boag toko majang obat- obatanana. Tangtu deuih, loba nu kataji téh ku panga- bisa tabib téa, nu mémang lain jalma joré-joré. *** (Hanca)
  • 31. Manglé 246930 MMimbar Atikan N ungtut élmu nyiar luang,nyuprihpangarti nambah pangabisa, éta paréntah ti nu maha kawasa, Alloh Sub- hanahu Wata'ala. Murid atawa santri nu bihari, jeung murid nu kiwari béda pisan beubeunangannana dina nyuprih pangarti. Kitu nu kacaritakeun ceuk "sho hibul hikayat". Anu bihari mah téréh bisa, babari ngarti, gampang tulur-talar. Sedengkeun anu kiwari éstu saba- likna matak hesti; hésé ngarti, barho; ari bubar ari poho, heubtular; heuat beurat tulur-talar. Padahal élmuna éta kénéh-éta kénéh, kitu kénéh-kitu kénéh, mun lauk mah kancra-kancra kénéh. Moal boa mun teu salah eupan, useupna anu bengsal (teu bangénan). Ti antara eupan nguseup élmu para “ulama baheula”, guru nu ka- pungkur, murid atawa santri nu bi- hari, nyaeta hormat-khidmat ka tukang ngawuruk (guru). Jadi teu dis- akelaskeun jeung palayan toko atawa tukang ngaladangan ka guru téh geus hasil barang mah tara ieuh inget kanu ngaladangan. Sayyidina Ali kantos nyanggem: "INNY 'AEDUN MAN 'ALLAMANY HARFAN WA HIDAN.” Hartosna: “Satemenna kuring abidna jalma anu ngajar ka kuring sanajan sa huruf.” Padahal dina kasempetan anu sanés mah, anjeunna nyanggem: "JA’ALAKA ALLOHU HURRON FALA TAKUN ABDA GHOIRIKA.” Hartosna: “Satemmena Alloh geus ngadamel anjeun dina kaayaan mer- deka, omat anjeun ulah rék jadi abid jalma lian". Parandénékitu,arikagurumahku Sayyidina Ali diiwalkeun da bongan jadi syarat metik hasilna elmu, jadi eupan nguseup élmu. Keun téa mah campelak-cumantaka ka nu jadi guru, najan loba pangabisa, sugih ku pa- ngarti, pasti elmuna moal aya bereka- han, da bongan ingkar tina dawuh Rosul: “WAQQIRUU MAN TATA’AL- LAMUUNA MINKUM.” Hartosna: “Hormat (hargaan) jalma anu ngajar ka anjeun.” Kiwari lain sepi ku pangarti, lain suwung ku nu berelmu, anu pinter mah pajejel, sarjana pabalatak, ngan nu hormat-khidmat ka guru hésé néangannana. Munasabah adzab ti Pangérantumibakabalaréa,sababteu ngahargaan ka guru, teu hormat ka tukang ngawurukan, éta sala sahiji ka- mashiatan nu nimbulkeun bebendon Pangeran, akibat elmu ngahunyud tapi teu mangpaat taya berekahan. Dawub Nabi SAW: "LA MAUTU QOBILATIN AISARU MIN MAUTI ‘ALIMIN” Hartosna: Maot sa qobilah (sadesa), leuwih enteng batan maot saurang 'Alim (tukang ngawurukan). Dawuhmantennadinakaterangan anu sanes: “Al ‘Ulamau aminulloh fil ardli.” Hartosna: “Tukang ngawuruk (guru), Ulama téh kapercayaan Alloh (anu di percaya ku Alloh di ieu bumi". Kitu Rosululloh SAW, ngahar- gaannanakatukang ngawuruk(guru), ka Ulama. Demi nu jadi udagan tukang ngawurukan (guru) ti bihari nepi ka kiwari ceuk rarasaan mah teu robah, angger pageuh, yén diri boga rasa di- parentah ku Alloh, nohonan kamis- tian. Ngaping, ngajaring nya jas ma- niah nya rohaniah, anu dina seuhseuhannana napak dina tilu hal: Kahiji: Ngawarah diri sorangan (dina ngawurukan téh) Kadua : Méré conto (kaanujadimurid/santri)Saleuwihna ti éta, ngahubungkeun shilaturrahim, sinimpayan rasa ka tresna. Dina al-Qur’an, surat At-Taubah ayat 105, Alloh SWT, ngalahir: “WAQUL I’MALU FASAYAROL- LOHU ‘AMALAKUM WAROSU- LUHU WAL-MUMINUNA” (Jeung pok caritakeun ku anjeun “Muham- mad”, prak digarawe aranjeun, engke Alloh jeung Rosulna jeugn jalma- jalma anu Mu’min bakal ningali (mere pangajen) kana hasil pagawean aran- jeun) Perkara pangajen ti Alloh sareng ti Rosulna kana hasil gawé dikala ngan jalma-jalma, khususna hasil gawé tukang ngawuruk (guru), disagédéng- eun teu aya pimangmangeun téh, ogé sagemblengna aya dina wewenang mantenna duaan, urang sadaya yakin kalawan pinuh ku kaimanan. Ana- mung, anu peryogi buktos, kahartos, tur karaos téh teu aya sanés pangajen ti papada "jalma mu'min”. Dina hal ieu, teu sadaya jalma mu’min kagungan wewenang kanggo maparin pangajén, tangtosna wabil khusus dikalangan papayung, para inohong, nu nangtungan rayat. Saper- tos anu parantos dibuktoskeun ku UmarIbniAbdilAziz(salahsawiospa- payung agung, kholifah), anu teu kin- ten merhatoskeunnana, ngangkat harkatdarajatna,turngajenannanaka tukang ngawuruk (guru), dina bagian surat anu ditulis ku anjeunna kanggo Jadi Udagan jeung Pangharepan di Dunya Atikan Ku Dede Muttaqin
  • 32. 31Manglé 2469 para inohong (pajabat) boh nu aya di Madinah/Kota, boh anu aya di qo- ryah/daerah,eusinaparéntahsangkan méré pangajén ka tukang ngawuruk (guru), dina bagian akhir surat anjeunna; “HATTA YU’ALLIMA MAN LA YA’LAMU, FAINNAL ‘ILMA LA YAHLIKU HATTA YA KUUNA SIR- RON.” Hartosna: Nepi ka tukang ngawu- ruk (guru) lumangsung ngatik-nga- didik murid/santri, sabab ari elmu moal sirna kajaba upama guru geus teu dihargaan. = Fathul Bary juz.1 kaca. 194 = Demi nu jadi harepan tukang ngawuruk (guru), ti bihari nepi kakiwarimoalkaluartinaperkaraanu bisa diperedih, dipénta. Tegesna meredih tur ménta anu jadi hakna, hoyong aya buktos ulah mung sakadar carios supados kahartos sarta karaos model naon cara kumaha pangajén nu kudu ditarima boh ti nu nangtungan rayat, boh ti wawakil kapercayaan rayat. Saperkawis; Syukur al-ham- dulillah, ngiring bingah. Ka adi- adi/batur akang tukang ngawuruk (guru) anu sakawitna guru honda/kontrak, kiwari parantos robih nasib, da saleresna asa kurang panuju ku ayana isti lah kecap “honor/ kantrak”, sakali guru mah, tetep wé guru. Malihan dipahing tong sok ngabenten-benten antara guru negeri sareng guru swasta atanapi guru PNS sareng guru NON PNS, margi mung- guhing dina ngalaksanakeun kawa- jibannana mah sami-sami éstu teu dibénten-bénten.Kituogéupamibadé ngantep moal rék ngarobih nasib guru-guru anu duka kumaha pika- payuneunnana, kantenan nu nincak umur tos langkung ti 40 taun padahal pangalamannana dina ngawuruk teu kirang ti 20 taun, boh nu ngawruk di sakola Negeri, boh nu ngawuruk di sakola swasta, sumangga nyangga- keun badé modél naon cara kumaha maparin pangajén atanapi masrah- keun hak ka aranjeunna? Kadua perkawisna: Mangpirang- pirang tukang ngawuruk ( guru) anu kagolongkeun nasibna duka kumaha pikapayuneunnana téa, parantos tiasa minuhan tur nyumponan syarat- syarat kaguruannana: Ti kawit tamatan sakolana (S1/Ak- taIV) Lajeng Sertifikasi Guru, parantos ditempuh (Lulus). Éta diantawisna. Ampun paralun teu aya maksad nolak kana kasaéan, nampik sugri pangasih, ku ayana lungsur TunPus (Tunjangan Fungsional) syukur alhamdulillah, éstu katampi tur nganuhunkeun pisan,nangingieuTunFusteuayapat- ula-patalina sacara khusus sareng guru anu parantos nyumponan/mi nuhan syarat-syarat kaguruannana, margi buktos anu teu acan ogé sami- sami pada nampi. Sumangga nyang- gakeunbadémodélnaoncarakumaha maparih pangajén atanapi masrah- keun hak ka guru anu parantos tiasa minuhan tur nyumponan syarat- syarat kaguruannana? Kalihnatiéta:Mugiajantenuninga wiréh nu janten kasangtukangna pangna si kuring kumawani jadi guru Mulok(basa Sunda),diantawisna:Ka- paksa ku kaayaan, jalaran arang- langka malihan teu aya saurang ogé guruanusayogingawurukbasaSunda pangpangna dilingkungan MTs, anu antukna sim kuring kéngéng panggi- lan kanggo Uji Sertifikasi ogé dina widang basa Sunda, alhamdulillah parantos ditempuh tur LULUS. Dupi sim kuring S1 Tarbiyyah (PAl), mu- nasabah margi gaduh dasar ti Pas- antren (Mts-MA). Pamugi dijeujeuhkeun kumaha sakedahna kumaha saéna? kanggo léngkah-léngkah kapayunna, margi hoyong énggal metik hasilna ngala buahna.*** Dede Muttaqin S.Pd.I, guru honorér basa Sunda MTs N Ciparay Kabupatén Bandung Guru nu teu owél ku élmu, ngawidir santri nu hayang ngarti (poto: net)