SlideShare ist ein Scribd-Unternehmen logo
1 von 10
Downloaden Sie, um offline zu lesen
1 | - 1 0
MTs Al-Farisy
Jl. Cihanjuang No. 237, Cibabat, Cimahi Utara,
Kota Cimahi
081220734155, 6644120
UJIAN AKHIR MADRASAH (UAM)
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
Mata Pelajaran : Basa Sunda
Hari/Tanggal : Kamis, 9 April 2020
Waktu : 90 menit
PETUNJUK UMUM :
1. Tulisalah terlebih dahulu Nama dan Nomor Peserta pada lembar Jawaban yang
sudah disediakan
2. Dahulukan menjawab soal yang kamu anggap lebih mudah.
3. Laporkan pada Pengawas apabila ada soal yang kurang jelas atau rusak.
4. Periksa kembali hasil pekerjaanmu sebelum di serahkan ke Pengawas
I. Pilihan Ganda
Pilih a, b, c, atawa d anu dianggap pangmerenahna !
Baca sempalan paguneman ieu di handap!
Puji : “Eleuh buku téh katinggaleun geuning”
Dian : “………………………………………..?”
Puji : “Dikolong bangku tadi téh basa rék istirat téh hilap teu diampihkeun
kana kantong”
1. Kalimat anu luyu pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta ….
a. katinggaleun dimana atuh?
b. naha atuh, puji téh beut pohoan
c. hayu atuh urang cokot ayeuna
d. kutan, katinggaleun?
Baca sempalan paguneman ieu di handap !
Mang Utas : “ Lo…ka dieu sakeudeung urang ngopi heula !”
Si Ilo : “ Aéh…sugan téh kabulusan geus saminggu ieu di lembur. Urang Tasik
mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis amang mah asa
di Patulungan Kuningan Lo !”
2 | - 1 0
2. Jejer paguneman di luhur nyaéta ….
a. kabulusan c. lembur kuningan
b. hawa Tasik nu tiis d. ngajakan minum
3. Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranna parondok disebut ….
a. carpon c. dongéng
b. novel d. drama
Baca sempalan dongéng ieu di handap!
Satria
Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu walakaya, tina kakolotan
jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting gawéna ngan huma regung, kahujanan kapanasan téh
teu bisa ingkah.Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan.Ayeuna
ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.
“Euleuh kuat kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh!Cik pék aing udag deuleu!”
omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.
“Na sakandang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé kadinya, sépak tah lebah iga
burungna!Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mengkeluk?” ceuk peucang.
4. Watek si peucang dina sempalan dongéng di luhur nya éta ….
a. Jujur c. pinter
b. Licik d. wanian
Baca sajak di handap ieu!
KU NAON?
Kunaon langit bet poék?
Tuluy hujan taya reureuhna
Tuluy banjir taya saatna
Tuluy mawa rupa rupa panyakit
Ku naon runtah beuki patulayah?
Tuluy numpuk malah jadi urug
Ngurug sagala nu nyampak
Nyampak handapeunana
Ku naon Indonésia kuring bet kieu?
Kumaha jaga lamun kuring déwasa?
Ka saha kudu nyalindung?
Deudeuh lemah cai kuring. . .
5. Eusi sajak di luhur nya éta ngeunaan . . . .
a. lemah Cai c. banjir
b. musibah d. runtah
3 | - 1 0
6. “Ngurug sagala nu nyampak”, kecap nyampak hartina . . . .
a. kabaca
b. kadéngé
c. kasawang
d. katingali
Perhatikeun aksara Sunda ieu di handap!
7. Aksara Sunda di luhur dibaca …
a. Balanya,naraka,daraka
b. Balanya,ayana,jaraka
c. Nyalaya, naraba, jaraka
d. Nyalaya ,naraka,daraka
8. Kecap “batur ulin “ lamun ditulis kana aksara Sunda …
a. ᮘᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘᮘ
b. ᮘᮘᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘᮘ
c. ᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘ
d. ᮘᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘ
9. Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan biasa mibanda
wirahma nu angger/tangtu, nya éta....
a. pupuh c. tembang
b. kakawihan d. kawih
Baca sempalan kawih ieu di handap!
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan ...
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan ...
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan ... 2X
10. Eusi kawih di luhur nya éta nyaritakeun ngeunaan ....
a. mojang nu ngagandeuang
b. kageulisan wanoja
c. mojang nu keur ringrang
d. kasatiaan wanoja
4 | - 1 0
11. “Bangun taya karingrang” kecap bangun ngandung harti ....
a. Hirup c. hudang
b. Sabab d. siga
Baca sempalan warta ieu di handap!
Museum Konfrénsi Asia Afrika (MKAA), dina poé Rebo (4/8), mitembeyan Progam
Féstival Konfrénsi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga téma “Carita Kota”. Éta program nu
dialpukahan ku MKAA rukun gawé jeung Netzwerk katut Smart Convex téh minangka
program advokasi di widang diplomasi publik.
Project Oicer FKAA 2010, Deddy Mulyana Surya nétélakeun program ieu miboga
tujuan pikeun ningkatkeun ajén historis jeung modal plitis KAA nu lumangsung di Bandung
aun 1955. Rukun gawé papada nagara di Asia Afrika, tétéla bisa dijadikeun modal pikeun
nwangu daya saing bangsa cara ngusahakeun séktor atika jeung industri kréatif.
12. Salah sahiji tujuan diayakeunana progam FKAA téh, iwal ....
a. ngageuing deui ajén historis jeung modal politis KAA di Bandung taun 1955
b. ngaraketkeundeui rukun gawé papada nagara di Asia Afrika
c. nabeungkeut urang Bandung dina acara FKAA
d. ngaronjatkeun daya saing séktor atikan jeung industri kréatif
13. Iraha program FKAA dilaksanakeun ...
a. Tanggal 8 April
b. Di Bandung 2010
c. Tanggal 4 Agustus
d. Di Bandung 1955
Baca conto sisindiran ieu di handap!
Lamun urang ka cikolé
Moal hésé tumpak kahar
Lamun urang boga gawé
Moal hésé barang dahar
14. Ungkara di luhur, kaasup sisindiran …
a. rarakitan piwuruk
b. paparikan silih asih
c. rarakitan silih asih
d. paparikan sesebred
Perhatikeun conto wawangsalan ieu di handap!
Teu beunang dihurang sawah,
Teu beunang dipikameumeut.
5 | - 1 0
15. Wangsalna nya éta ….
a. hurang c. sawah
b. simeut d. beunang
16. Pancén utama pangjejer acara, nya éta…
a. ngatur jalanna acara sangkan tertib tur lancar
b. ngatur anu boga hajat sangkan tartib
c. ngatur pamaen anu rek manggung
d. ngatur pakéan anu rék minton
17. Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok disebut…
a. novél c. carpon
b. sajak d. wawaran
Baca sempalan carpon ieu di handap!
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna.
Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Mobil
anu harérang patingjulugrug, geus puguh ari motor mah patingjalajar teu kaitung réana. “Duh
gusti, haying teuing kuring jadi budak sakola kawas maranéhna.” Kuring ceurik dina jero haté.
Lian ti kacirina palinter téh awak jeung papakéanana bareresih. Ras ka diri sorangan.Awak
begang kulit hideung balas kapoé.
“Emmh dasar émang geus nasib diri batan sakieu meureunan!” ceuk Atin dina jero hate bari
ngupahan manéh.
18. Amanat nu haying ditepikeun ku pangarang tina sempalan carpon di luhur nyaéta . . . .
a. jadi jalma kudu tawakal
b. putus asa
c. kudu leutik haté
d. hayang sakola
19. Watek tokoh dina sempalan carpon di luhur nyaéta . . . .
a. wanian c. pasrah
b. tawekal d. handap asor
Baca sempalan carpon ieu di handap!
Sawah héjo ngemploh. Cai nyurulung ti pancuran. Kebon entéh anu ngeplak. Ngan hanjakal
ngan ukur na implengan. Ayeuna aya gé nu pinuh ku runtah. Sawah geus jadi jalan nu gedé.
Kebon entéh tinggal carita. Dedeuh teuing, ieu gening lembur kuring. Nu baheula dianti-anti,
kiwari tinggal carita
6 | - 1 0
20. Eusi dina sempalan carpon di luhur mangrupa …
a. ngawanohkeun kajadian
b. deskripsi waktu
c. ngawanohkeun tokoh
d. deskripsi latar
Baca sempalan biantara ieu di handap!
Hadirin hormateun sim kuring,
Upama urang, utamina para nonoman Sunda, parigel tur rancagé enggoning miara lingkungan
sabudeureun urang, tan wandé lingkungan urang bakal résik katut éndah sakumaha anu
dipicangkem. Margi kitu dina danget ieu sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang kawitan
ngajaga, ngariksa tur ngarawat lingkungan sabudeureun urang.
Tah, saupama sadayana mibanda sikap sareng paripolah samodel kitu, Tatar Sunda anu adem
ayem tur tiis tingtrim bakal ngawujud.
21. Eusi sempalan téks biantara di luhur nya éta ….
a. pentingna ngajaga lingkungan sabudeureun urang
b. para nonoman Sunda nu kudu parigel miara lingkungan sabudeureun urang
c. lingkungan kudu dijaga sangkan éndah
d. urang ulah miceun runtah dimana waé
Baca sempalan biantara ieu di handap!
”Sakitu anu kapihatur, tutus langkung képang halang, bobo sapanon carangsapakan, hapunten
anu kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna, nanging tiasa aya mangpaatna kanggo urang
sadayana.”
22. Ungkara di luhur téh biasana domongeun dina biantara minangka bagéan ….
a. bubuka c. do’a
b. eusi d. panutup
Baca sempalan biantara ieu di handap!
Bapa kalih ibu, hadirin hormateun sim kuring, Cunduk waktu anu mustari ninggang mangsa nu
utama, jauh di …., anggang di …., sim kuring saparakanca ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut,
ngemat-ngemat nyatang pinang, seja ngadugikeun pamaksadan anu utama nya éta silaturahmi.
23. Kecap anu merenah pikeun mamanis basa dina biantara di luhur nya éta ….
a. datang-dongkap
b. jugjug-téang
c. sumpingan-dongkapan
d. jugjug-tepung
7 | - 1 0
Baca sempalan wacana di handap ieu!
Kampung Adat Cireundeu
Kampung Adat Cireundeu nyaéta hiji kampung anu ayana di lamping Gunung
Kunci,Gunung Ciménténg jeung Gunung Gajah langu. Sacara administratif, Kampung Adat
Cireundeu pernahna di Kelurahan Leuwigajah, Kecamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi.Istilah
Cireundeu diwangun kudua kecap, nyaéta ci (cai) jeung reundeu. Reundeu nyaéta ngaran hiji
daun, tangkalna jadi dileuweung sarta bisa dilalab, tur rupana jiga daun sampeu. Cireundeu teu
béda jeung umumna hiji kampung. Misalna dina segi wangunan imah pendudukna. Di antarana
make hateup tina kenténg, batana ditémbok, jandélana tina kaca, jeung méh sakabéh
pendudukna geus miboga alat éléktronik saperti télévisi, radio, kaasup telepon sélulér atanapi
hp téa
Masarakat Kampung Adat Cireundeu masih kénéh pengkuh nyekel ajaran tradisi
karuhunna.Kapercayaan anu diagemna nyaéta kapercayaan Sundawiwitan. Nu dibawa ku
Pangéran Madrais ti Cigugur, Kuningan. Masarakat Kampung Cireundeu di antarana masih
kénéh ngalaksanakeun Upacara Adat Tutup Taun Saka anu dilaksanakeun sabantaun. Ieu
upacara dilaksanakeun dina raraga mapag taun anyar Kalénder Sunda. Waktu tutup Taun Saka
biasana méh bareng jeung Taun Anyar Islam.
Masarakat Kampung Adat Cireundeu miboga kayakinan ti karuhun Sunda yèn
maranèhna teu meunang ngadahar sangu. Aya kapercayaan yén anu ngarémpak kana aturan éta
bakal langsung maot. Minangka gagantina, maranéhna ngagunakeun rasi.Rasi diolah tina
sampeu nu mangrupa guguruntulan laleutik siga sangu.
24. Kacindekan eusi pedaran dina téks diluhur nya éta ….
a. Upacara Adat Kampung Cireundeu
b. Kapercayaan masarakat Kampung Adat Cireundeu
c. Asal muasal Kampung Adat Cireundeu
d. Kahirupan Kampung Adat Cireundeu
25. Salah sahiji ciri masyarakat kampung adat Cireundeu nya éta ….
a. Pengkuh nyekel tradisi karuhun
b. Jauh tina puseur pamaréntahan
c. Teu ka pangaruhan ku ayana teknologi modern
e. Wangunan arsitek turimah nu masih kéneh tradisional
26. Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo,
panyabak, jeung pangambeu) minangkahasil pangalamanana disebut ….
a. Karangan éksposisi
b. Karangan narasi
c. Karangan arguméntasi
d. Karangan déskripsi
8 | - 1 0
Baca sempalan novél ieu di handap!
Udin balik, leungeunna meus-meus ngaragap saku ngarampaan duit titipan Mang Mita keur
indungna bisi ragrag. Barang geus deukeut kana sisimpangan jalan gedé, kadéngé sada
tatabeuhan ngaguruh. “Hey, Jang, Milu yu!”
“Yu Jang, urangmilukaditu“ ceukOyibbaringadeukeutan.
“Kamana nu iring-iringantéh?” ceukUdin
“KaditukaCitomo, pan di ditu nu karianananaogé, nanggapkuda lumping”
LatwaéUdinpoho kana omonganindungna, poho kana duitanusakituréanadinasaku.
Sajeroningmilungabringtéhkadituwaépikiranana kana resepnalalajokuda lumping, engké …
27. Atikan moral nu rékditepikeuntinasempalannovél di luhurnyaéta ….
a. Dina kahirupan kudu bisa akur jeung batur
b. Urang kudu nurut kana paréntah nu jadi kolot
c. Kudu bisa ngajaga amanah supaya teu kagoda kusakaba-kaba
d. Jujur téh mangrupa konci kasuksésan hiji jalma
28. Watek nu kagambar dina diri Udin nya éta ….
a. teu jujur c. babarian
b. teu amanah d. adigung
29. Latar tempat nu kagambar dina novél di luhur nya éta
a. di lapang c. di imah Mang Mita
b. di jalan d. di Citomo
30. Karangan dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut ….
a. carpon c. novél
b. dongéng d. carita drama
31. Bagian drama anu miboga fungsi nepikeun kacindekan, atawa inti sari carita disebut…..
a. prolog c. dialog
b. épilog d. monolog
Baca sempalan drama ieu di handap!
Isah : " Tah geuning mangkeluk téh karék ngurunyung.
kamana waé atuh, batur manggih kabingung téh ?"
Omad : "……………………………………………………….."
Isah : " Tuh da ukur ngadu. Ieuh akang si nyai ditéwak pulisi ? "
Omad : " Keun baé engké ogé balik deui ! "
Isah : " Na mani euweuh kamelang ka anak téh. Kumaha
lamun si nyai dihukum
9 | - 1 0
32. Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan dialog drama di luhur nya éta…
a. “Gandéng ah, aing pusing yeuh !”
b. “ Cicing kami rék saré “
c. “Ari Si Udin indit kamana”
d. “ Gandéng ah, aing éléh ngadu hayam”
33. Suasana anu karasa ku Isah dina sempalan drama di luhur nya éta…
a. ambek c. melang
b. bungah d. sedih
Baca sempalan drama ieu di handap!
Si Kabayan : "He he he bener Nyai. Asa diingetan, puguh
akang téh hayang diajar ngingu ingon-ingon. "
Nyi Iteung : " Terus rék kumaha ayeuna Akang téh ? "
Si Kabayan : " Kieu Nyi Akang ayeuna rék badami heula jeung
Si Lamsijan. pokona mah Nyi Iteung ulah hariwang Akang pasti usaha".
34. Dumasar sempalan drama di luhur, kaasup kana plot bagian….
a. éksposisi c. klimak
b. konflik d. komplikasi
35. Latar/tempat kajadian dina sempalan drama nyaeta….
a. di tengah imah c. di leuwi
b. di dapur d. di golodog
36. Bagéan naskah drama anunerangkeunkaayaanlatar, suasana, palaku,
jeungkajadiandinaawalbabakdisebutna…
a. pertélaan palaku
b. babak jeung adegan
c. candraan
d. amanat
37. Paguneman antara palaku dina drama, disebut…
a. prolog c. monolog
b. palaku d. dialog
Leuh mani kayungyun Galih mah…tara ngaengkékeun ari dititah téh.”
38. Babasan anu merenah pikeun ngalengkepan…..
a. hampang leungeun
b. handap lanyap
c. hawara biwir
d. hampang birit
10 | - 1 0
39. Ulah sok resep ngucah-ngacéh kagoréngan batur.
a. ngaliarkeun taleus ateul
b. ngukur ka kujur nimbang ka badan
c. ngindung ka waktu ngabapa ka jaman
d. ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam
40. Jelema anu kandel kulit beungeut teh nya éta jalma anu….
a. teu boga kaéra
b. kuat beungeutna
c. éraan
d. gedé kawani
II. Éssay
41. Jieun hiji conto iklan layanan masyarakat (Téma: Pentingna Maca)!
42. Baca ieu cutatan guguritan!
Demi anu luhur budi,
Ajrih taya papadana,
Soméah tara jumago,
Teu adigung adiguna,
Dipiresep balaréa,
Nu kitu kudu ditiru,
Turutan laku-lampahna.
Sebutkeun téma, amanat, guru lagujeung guru wilanganana!
43. Pék jieun masing-masing sapada paparikan jeung rarakitan!
44. Sebutkeun ngaran-ngaran istilah suhunan Sunda!
45. Jieun bubuka biantara (téma: perpisahan siswa kelas 9)!

Weitere ähnliche Inhalte

Was ist angesagt?

Soal bahasa inggris kelas 4
Soal bahasa inggris kelas 4Soal bahasa inggris kelas 4
Soal bahasa inggris kelas 4Lentar Luckey
 
Soal uts pkn kelas 4 semester 2
Soal uts pkn kelas 4 semester 2Soal uts pkn kelas 4 semester 2
Soal uts pkn kelas 4 semester 2Sekolah Dasar
 
Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3
Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3
Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3NabilaUlfa08
 
Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)
Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)
Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)Fitri Immawati
 
Soal uas ipa kelas 2 smtr 1
Soal uas ipa  kelas 2 smtr 1Soal uas ipa  kelas 2 smtr 1
Soal uas ipa kelas 2 smtr 1portal indonesia
 
Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...
Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...
Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...Sekolah Dasar
 
Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2
Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2
Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2Sekolah Dasar
 
Ilhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal Statistika
Ilhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal StatistikaIlhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal Statistika
Ilhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal StatistikaIlhamsyahIbnuHidayat
 
Ulangan IPAKelas VI Bab tata surya
Ulangan IPAKelas VI Bab tata suryaUlangan IPAKelas VI Bab tata surya
Ulangan IPAKelas VI Bab tata suryaSekolah Dasar
 

Was ist angesagt? (20)

Soal cpns-paket-10
Soal cpns-paket-10Soal cpns-paket-10
Soal cpns-paket-10
 
Soal semester pkn kelas iv sd
Soal semester  pkn kelas iv sdSoal semester  pkn kelas iv sd
Soal semester pkn kelas iv sd
 
Soal bahasa inggris kelas 4
Soal bahasa inggris kelas 4Soal bahasa inggris kelas 4
Soal bahasa inggris kelas 4
 
Soal cpns-paket-2
Soal cpns-paket-2Soal cpns-paket-2
Soal cpns-paket-2
 
Soal penjas uts kelas 8 genap
Soal penjas uts kelas 8 genapSoal penjas uts kelas 8 genap
Soal penjas uts kelas 8 genap
 
Tes Potensi Akademik
Tes Potensi AkademikTes Potensi Akademik
Tes Potensi Akademik
 
Kisi kisi soal uas semester 2 BSI
Kisi  kisi soal uas semester 2 BSIKisi  kisi soal uas semester 2 BSI
Kisi kisi soal uas semester 2 BSI
 
Soal uts pkn kelas 4 semester 2
Soal uts pkn kelas 4 semester 2Soal uts pkn kelas 4 semester 2
Soal uts pkn kelas 4 semester 2
 
Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3
Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3
Ulangan Kenaikan Kelas Bahasa Indonesia Kelas 3
 
Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)
Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)
Soal tryout KLS IX (IPA FISIKA)
 
Soal uas ipa kelas 2 smtr 1
Soal uas ipa  kelas 2 smtr 1Soal uas ipa  kelas 2 smtr 1
Soal uas ipa kelas 2 smtr 1
 
Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...
Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...
Ulangan Seni Budaya dan Keterampilan kelas 4 semester 2 www.mautidakmauharusm...
 
Soal b indonesia kelas iii uts mid semester ii 09-10
Soal b indonesia kelas iii   uts mid semester ii 09-10Soal b indonesia kelas iii   uts mid semester ii 09-10
Soal b indonesia kelas iii uts mid semester ii 09-10
 
Soal pts pkn kls 5
Soal pts pkn kls 5Soal pts pkn kls 5
Soal pts pkn kls 5
 
Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2
Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2
Soal UTS Matematika KTSP Kelas 6 Semester 2
 
Tugas resensi novel
Tugas resensi novelTugas resensi novel
Tugas resensi novel
 
B. jawa
B. jawaB. jawa
B. jawa
 
Ilhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal Statistika
Ilhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal StatistikaIlhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal Statistika
Ilhamsyah Ibnu Hidayat - Soal-soal Statistika
 
Ulangan IPAKelas VI Bab tata surya
Ulangan IPAKelas VI Bab tata suryaUlangan IPAKelas VI Bab tata surya
Ulangan IPAKelas VI Bab tata surya
 
Soal cpns-paket-7
Soal cpns-paket-7Soal cpns-paket-7
Soal cpns-paket-7
 

Ähnlich wie BHS_SUNDA_UM_2020_

Ähnlich wie BHS_SUNDA_UM_2020_ (10)

soal bahasa sunda.docx
soal bahasa sunda.docxsoal bahasa sunda.docx
soal bahasa sunda.docx
 
Soal US bahasa Sunda 2013
Soal US bahasa Sunda 2013Soal US bahasa Sunda 2013
Soal US bahasa Sunda 2013
 
soal PAT Bhs Sunda kelas 3.docx
soal PAT Bhs Sunda kelas 3.docxsoal PAT Bhs Sunda kelas 3.docx
soal PAT Bhs Sunda kelas 3.docx
 
Pts bhs sunda kls 3 s di
Pts bhs sunda kls 3 s diPts bhs sunda kls 3 s di
Pts bhs sunda kls 3 s di
 
Carpon
CarponCarpon
Carpon
 
Basa sunda kelas_8_carpon
Basa sunda kelas_8_carponBasa sunda kelas_8_carpon
Basa sunda kelas_8_carpon
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
basasunda Nulis Esey SMA
basasunda Nulis Esey SMAbasasunda Nulis Esey SMA
basasunda Nulis Esey SMA
 
Kawih
KawihKawih
Kawih
 
Ngamumule basa sunda
Ngamumule basa sundaNgamumule basa sunda
Ngamumule basa sunda
 

Mehr von MTs DARUSSALAM

Tuntas SKU Penggalang Ramu
Tuntas SKU Penggalang RamuTuntas SKU Penggalang Ramu
Tuntas SKU Penggalang RamuMTs DARUSSALAM
 
BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020
BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020
BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020MTs DARUSSALAM
 
BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020
BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020
BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020MTs DARUSSALAM
 
BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020
BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020
BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020MTs DARUSSALAM
 
Surat edaran lomba_spanduk_new
Surat edaran lomba_spanduk_newSurat edaran lomba_spanduk_new
Surat edaran lomba_spanduk_newMTs DARUSSALAM
 
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_MTs DARUSSALAM
 
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_MTs DARUSSALAM
 
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISYB. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISYMTs DARUSSALAM
 
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISYPENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISYMTs DARUSSALAM
 
MATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISY
MATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISYMATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISY
MATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISYMTs DARUSSALAM
 
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY
PKn UM 2020 MTs AL-FARISYPKn UM 2020 MTs AL-FARISY
PKn UM 2020 MTs AL-FARISYMTs DARUSSALAM
 
B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_
B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_
B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_MTs DARUSSALAM
 
B.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISY
B.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISYB.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISY
B.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISYMTs DARUSSALAM
 
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISYPENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISYMTs DARUSSALAM
 
B. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISY
B. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISYB. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISY
B. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISYMTs DARUSSALAM
 

Mehr von MTs DARUSSALAM (20)

Tuntas SKU Penggalang Ramu
Tuntas SKU Penggalang RamuTuntas SKU Penggalang Ramu
Tuntas SKU Penggalang Ramu
 
Scouting for boys
Scouting for boysScouting for boys
Scouting for boys
 
BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020
BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020
BAHASA ARAB MTS KELAS VIII 2020
 
BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020
BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020
BAHASA ARAB MTs KELAS VII 2020
 
BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020
BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020
BAHASA ARAB MTS KELAS IX_2020
 
Surat edaran lomba_spanduk_new
Surat edaran lomba_spanduk_newSurat edaran lomba_spanduk_new
Surat edaran lomba_spanduk_new
 
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY_
 
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY_
 
SENI BUDAYA UM 2020
SENI BUDAYA UM 2020SENI BUDAYA UM 2020
SENI BUDAYA UM 2020
 
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISYB. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY
B. INGGRIS_UM_2020_MTs ALFARISY
 
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISYPENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
 
MATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISY
MATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISYMATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISY
MATEMATIKA UM 2020 MTs AL-FARISY
 
BHS_SUNDA_UM_2020
BHS_SUNDA_UM_2020BHS_SUNDA_UM_2020
BHS_SUNDA_UM_2020
 
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY
PKn UM 2020 MTs AL-FARISYPKn UM 2020 MTs AL-FARISY
PKn UM 2020 MTs AL-FARISY
 
B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_
B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_
B. INDONESIA_UM_2020_MTs AL-FARISY_
 
B.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISY
B.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISYB.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISY
B.INDONESIA UM 2020_MTs AL-FARISY
 
SENI BUDAYA UM 2020
SENI BUDAYA UM 2020SENI BUDAYA UM 2020
SENI BUDAYA UM 2020
 
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISYPENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
PENJASORKES_UM_2020_MTs ALFARISY
 
B. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISY
B. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISYB. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISY
B. INGGRIS_UM 2020_MTs AL-FARISY
 
BHS. SUNDA_UM_2020
BHS. SUNDA_UM_2020BHS. SUNDA_UM_2020
BHS. SUNDA_UM_2020
 

BHS_SUNDA_UM_2020_

  • 1. 1 | - 1 0 MTs Al-Farisy Jl. Cihanjuang No. 237, Cibabat, Cimahi Utara, Kota Cimahi 081220734155, 6644120 UJIAN AKHIR MADRASAH (UAM) TAHUN PELAJARAN 2019/2020 Mata Pelajaran : Basa Sunda Hari/Tanggal : Kamis, 9 April 2020 Waktu : 90 menit PETUNJUK UMUM : 1. Tulisalah terlebih dahulu Nama dan Nomor Peserta pada lembar Jawaban yang sudah disediakan 2. Dahulukan menjawab soal yang kamu anggap lebih mudah. 3. Laporkan pada Pengawas apabila ada soal yang kurang jelas atau rusak. 4. Periksa kembali hasil pekerjaanmu sebelum di serahkan ke Pengawas I. Pilihan Ganda Pilih a, b, c, atawa d anu dianggap pangmerenahna ! Baca sempalan paguneman ieu di handap! Puji : “Eleuh buku téh katinggaleun geuning” Dian : “………………………………………..?” Puji : “Dikolong bangku tadi téh basa rék istirat téh hilap teu diampihkeun kana kantong” 1. Kalimat anu luyu pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta …. a. katinggaleun dimana atuh? b. naha atuh, puji téh beut pohoan c. hayu atuh urang cokot ayeuna d. kutan, katinggaleun? Baca sempalan paguneman ieu di handap ! Mang Utas : “ Lo…ka dieu sakeudeung urang ngopi heula !” Si Ilo : “ Aéh…sugan téh kabulusan geus saminggu ieu di lembur. Urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis amang mah asa di Patulungan Kuningan Lo !”
  • 2. 2 | - 1 0 2. Jejer paguneman di luhur nyaéta …. a. kabulusan c. lembur kuningan b. hawa Tasik nu tiis d. ngajakan minum 3. Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranna parondok disebut …. a. carpon c. dongéng b. novel d. drama Baca sempalan dongéng ieu di handap! Satria Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting gawéna ngan huma regung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah.Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan.Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan. “Euleuh kuat kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh!Cik pék aing udag deuleu!” omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké. “Na sakandang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé kadinya, sépak tah lebah iga burungna!Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mengkeluk?” ceuk peucang. 4. Watek si peucang dina sempalan dongéng di luhur nya éta …. a. Jujur c. pinter b. Licik d. wanian Baca sajak di handap ieu! KU NAON? Kunaon langit bet poék? Tuluy hujan taya reureuhna Tuluy banjir taya saatna Tuluy mawa rupa rupa panyakit Ku naon runtah beuki patulayah? Tuluy numpuk malah jadi urug Ngurug sagala nu nyampak Nyampak handapeunana Ku naon Indonésia kuring bet kieu? Kumaha jaga lamun kuring déwasa? Ka saha kudu nyalindung? Deudeuh lemah cai kuring. . . 5. Eusi sajak di luhur nya éta ngeunaan . . . . a. lemah Cai c. banjir b. musibah d. runtah
  • 3. 3 | - 1 0 6. “Ngurug sagala nu nyampak”, kecap nyampak hartina . . . . a. kabaca b. kadéngé c. kasawang d. katingali Perhatikeun aksara Sunda ieu di handap! 7. Aksara Sunda di luhur dibaca … a. Balanya,naraka,daraka b. Balanya,ayana,jaraka c. Nyalaya, naraba, jaraka d. Nyalaya ,naraka,daraka 8. Kecap “batur ulin “ lamun ditulis kana aksara Sunda … a. ᮘᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘᮘ b. ᮘᮘᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘᮘ c. ᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘ d. ᮘᮘᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘ 9. Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu, nya éta.... a. pupuh c. tembang b. kakawihan d. kawih Baca sempalan kawih ieu di handap! Angkat ngagandeuang Bangun taya karingrang Nganggo sinjang dilamban Mojang priangan ... Umat-imut lucu Sura-seuri nyari Larak-lirik keupat Mojang Priangan ... Diraksukan kabaya Nambihan cahayana Dangdosan sederhana Mojang priangan ... 2X 10. Eusi kawih di luhur nya éta nyaritakeun ngeunaan .... a. mojang nu ngagandeuang b. kageulisan wanoja c. mojang nu keur ringrang d. kasatiaan wanoja
  • 4. 4 | - 1 0 11. “Bangun taya karingrang” kecap bangun ngandung harti .... a. Hirup c. hudang b. Sabab d. siga Baca sempalan warta ieu di handap! Museum Konfrénsi Asia Afrika (MKAA), dina poé Rebo (4/8), mitembeyan Progam Féstival Konfrénsi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga téma “Carita Kota”. Éta program nu dialpukahan ku MKAA rukun gawé jeung Netzwerk katut Smart Convex téh minangka program advokasi di widang diplomasi publik. Project Oicer FKAA 2010, Deddy Mulyana Surya nétélakeun program ieu miboga tujuan pikeun ningkatkeun ajén historis jeung modal plitis KAA nu lumangsung di Bandung aun 1955. Rukun gawé papada nagara di Asia Afrika, tétéla bisa dijadikeun modal pikeun nwangu daya saing bangsa cara ngusahakeun séktor atika jeung industri kréatif. 12. Salah sahiji tujuan diayakeunana progam FKAA téh, iwal .... a. ngageuing deui ajén historis jeung modal politis KAA di Bandung taun 1955 b. ngaraketkeundeui rukun gawé papada nagara di Asia Afrika c. nabeungkeut urang Bandung dina acara FKAA d. ngaronjatkeun daya saing séktor atikan jeung industri kréatif 13. Iraha program FKAA dilaksanakeun ... a. Tanggal 8 April b. Di Bandung 2010 c. Tanggal 4 Agustus d. Di Bandung 1955 Baca conto sisindiran ieu di handap! Lamun urang ka cikolé Moal hésé tumpak kahar Lamun urang boga gawé Moal hésé barang dahar 14. Ungkara di luhur, kaasup sisindiran … a. rarakitan piwuruk b. paparikan silih asih c. rarakitan silih asih d. paparikan sesebred Perhatikeun conto wawangsalan ieu di handap! Teu beunang dihurang sawah, Teu beunang dipikameumeut.
  • 5. 5 | - 1 0 15. Wangsalna nya éta …. a. hurang c. sawah b. simeut d. beunang 16. Pancén utama pangjejer acara, nya éta… a. ngatur jalanna acara sangkan tertib tur lancar b. ngatur anu boga hajat sangkan tartib c. ngatur pamaen anu rek manggung d. ngatur pakéan anu rék minton 17. Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok disebut… a. novél c. carpon b. sajak d. wawaran Baca sempalan carpon ieu di handap! Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Mobil anu harérang patingjulugrug, geus puguh ari motor mah patingjalajar teu kaitung réana. “Duh gusti, haying teuing kuring jadi budak sakola kawas maranéhna.” Kuring ceurik dina jero haté. Lian ti kacirina palinter téh awak jeung papakéanana bareresih. Ras ka diri sorangan.Awak begang kulit hideung balas kapoé. “Emmh dasar émang geus nasib diri batan sakieu meureunan!” ceuk Atin dina jero hate bari ngupahan manéh. 18. Amanat nu haying ditepikeun ku pangarang tina sempalan carpon di luhur nyaéta . . . . a. jadi jalma kudu tawakal b. putus asa c. kudu leutik haté d. hayang sakola 19. Watek tokoh dina sempalan carpon di luhur nyaéta . . . . a. wanian c. pasrah b. tawekal d. handap asor Baca sempalan carpon ieu di handap! Sawah héjo ngemploh. Cai nyurulung ti pancuran. Kebon entéh anu ngeplak. Ngan hanjakal ngan ukur na implengan. Ayeuna aya gé nu pinuh ku runtah. Sawah geus jadi jalan nu gedé. Kebon entéh tinggal carita. Dedeuh teuing, ieu gening lembur kuring. Nu baheula dianti-anti, kiwari tinggal carita
  • 6. 6 | - 1 0 20. Eusi dina sempalan carpon di luhur mangrupa … a. ngawanohkeun kajadian b. deskripsi waktu c. ngawanohkeun tokoh d. deskripsi latar Baca sempalan biantara ieu di handap! Hadirin hormateun sim kuring, Upama urang, utamina para nonoman Sunda, parigel tur rancagé enggoning miara lingkungan sabudeureun urang, tan wandé lingkungan urang bakal résik katut éndah sakumaha anu dipicangkem. Margi kitu dina danget ieu sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang kawitan ngajaga, ngariksa tur ngarawat lingkungan sabudeureun urang. Tah, saupama sadayana mibanda sikap sareng paripolah samodel kitu, Tatar Sunda anu adem ayem tur tiis tingtrim bakal ngawujud. 21. Eusi sempalan téks biantara di luhur nya éta …. a. pentingna ngajaga lingkungan sabudeureun urang b. para nonoman Sunda nu kudu parigel miara lingkungan sabudeureun urang c. lingkungan kudu dijaga sangkan éndah d. urang ulah miceun runtah dimana waé Baca sempalan biantara ieu di handap! ”Sakitu anu kapihatur, tutus langkung képang halang, bobo sapanon carangsapakan, hapunten anu kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna, nanging tiasa aya mangpaatna kanggo urang sadayana.” 22. Ungkara di luhur téh biasana domongeun dina biantara minangka bagéan …. a. bubuka c. do’a b. eusi d. panutup Baca sempalan biantara ieu di handap! Bapa kalih ibu, hadirin hormateun sim kuring, Cunduk waktu anu mustari ninggang mangsa nu utama, jauh di …., anggang di …., sim kuring saparakanca ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngemat-ngemat nyatang pinang, seja ngadugikeun pamaksadan anu utama nya éta silaturahmi. 23. Kecap anu merenah pikeun mamanis basa dina biantara di luhur nya éta …. a. datang-dongkap b. jugjug-téang c. sumpingan-dongkapan d. jugjug-tepung
  • 7. 7 | - 1 0 Baca sempalan wacana di handap ieu! Kampung Adat Cireundeu Kampung Adat Cireundeu nyaéta hiji kampung anu ayana di lamping Gunung Kunci,Gunung Ciménténg jeung Gunung Gajah langu. Sacara administratif, Kampung Adat Cireundeu pernahna di Kelurahan Leuwigajah, Kecamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi.Istilah Cireundeu diwangun kudua kecap, nyaéta ci (cai) jeung reundeu. Reundeu nyaéta ngaran hiji daun, tangkalna jadi dileuweung sarta bisa dilalab, tur rupana jiga daun sampeu. Cireundeu teu béda jeung umumna hiji kampung. Misalna dina segi wangunan imah pendudukna. Di antarana make hateup tina kenténg, batana ditémbok, jandélana tina kaca, jeung méh sakabéh pendudukna geus miboga alat éléktronik saperti télévisi, radio, kaasup telepon sélulér atanapi hp téa Masarakat Kampung Adat Cireundeu masih kénéh pengkuh nyekel ajaran tradisi karuhunna.Kapercayaan anu diagemna nyaéta kapercayaan Sundawiwitan. Nu dibawa ku Pangéran Madrais ti Cigugur, Kuningan. Masarakat Kampung Cireundeu di antarana masih kénéh ngalaksanakeun Upacara Adat Tutup Taun Saka anu dilaksanakeun sabantaun. Ieu upacara dilaksanakeun dina raraga mapag taun anyar Kalénder Sunda. Waktu tutup Taun Saka biasana méh bareng jeung Taun Anyar Islam. Masarakat Kampung Adat Cireundeu miboga kayakinan ti karuhun Sunda yèn maranèhna teu meunang ngadahar sangu. Aya kapercayaan yén anu ngarémpak kana aturan éta bakal langsung maot. Minangka gagantina, maranéhna ngagunakeun rasi.Rasi diolah tina sampeu nu mangrupa guguruntulan laleutik siga sangu. 24. Kacindekan eusi pedaran dina téks diluhur nya éta …. a. Upacara Adat Kampung Cireundeu b. Kapercayaan masarakat Kampung Adat Cireundeu c. Asal muasal Kampung Adat Cireundeu d. Kahirupan Kampung Adat Cireundeu 25. Salah sahiji ciri masyarakat kampung adat Cireundeu nya éta …. a. Pengkuh nyekel tradisi karuhun b. Jauh tina puseur pamaréntahan c. Teu ka pangaruhan ku ayana teknologi modern e. Wangunan arsitek turimah nu masih kéneh tradisional 26. Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo, panyabak, jeung pangambeu) minangkahasil pangalamanana disebut …. a. Karangan éksposisi b. Karangan narasi c. Karangan arguméntasi d. Karangan déskripsi
  • 8. 8 | - 1 0 Baca sempalan novél ieu di handap! Udin balik, leungeunna meus-meus ngaragap saku ngarampaan duit titipan Mang Mita keur indungna bisi ragrag. Barang geus deukeut kana sisimpangan jalan gedé, kadéngé sada tatabeuhan ngaguruh. “Hey, Jang, Milu yu!” “Yu Jang, urangmilukaditu“ ceukOyibbaringadeukeutan. “Kamana nu iring-iringantéh?” ceukUdin “KaditukaCitomo, pan di ditu nu karianananaogé, nanggapkuda lumping” LatwaéUdinpoho kana omonganindungna, poho kana duitanusakituréanadinasaku. Sajeroningmilungabringtéhkadituwaépikiranana kana resepnalalajokuda lumping, engké … 27. Atikan moral nu rékditepikeuntinasempalannovél di luhurnyaéta …. a. Dina kahirupan kudu bisa akur jeung batur b. Urang kudu nurut kana paréntah nu jadi kolot c. Kudu bisa ngajaga amanah supaya teu kagoda kusakaba-kaba d. Jujur téh mangrupa konci kasuksésan hiji jalma 28. Watek nu kagambar dina diri Udin nya éta …. a. teu jujur c. babarian b. teu amanah d. adigung 29. Latar tempat nu kagambar dina novél di luhur nya éta a. di lapang c. di imah Mang Mita b. di jalan d. di Citomo 30. Karangan dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut …. a. carpon c. novél b. dongéng d. carita drama 31. Bagian drama anu miboga fungsi nepikeun kacindekan, atawa inti sari carita disebut….. a. prolog c. dialog b. épilog d. monolog Baca sempalan drama ieu di handap! Isah : " Tah geuning mangkeluk téh karék ngurunyung. kamana waé atuh, batur manggih kabingung téh ?" Omad : "……………………………………………………….." Isah : " Tuh da ukur ngadu. Ieuh akang si nyai ditéwak pulisi ? " Omad : " Keun baé engké ogé balik deui ! " Isah : " Na mani euweuh kamelang ka anak téh. Kumaha lamun si nyai dihukum
  • 9. 9 | - 1 0 32. Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan dialog drama di luhur nya éta… a. “Gandéng ah, aing pusing yeuh !” b. “ Cicing kami rék saré “ c. “Ari Si Udin indit kamana” d. “ Gandéng ah, aing éléh ngadu hayam” 33. Suasana anu karasa ku Isah dina sempalan drama di luhur nya éta… a. ambek c. melang b. bungah d. sedih Baca sempalan drama ieu di handap! Si Kabayan : "He he he bener Nyai. Asa diingetan, puguh akang téh hayang diajar ngingu ingon-ingon. " Nyi Iteung : " Terus rék kumaha ayeuna Akang téh ? " Si Kabayan : " Kieu Nyi Akang ayeuna rék badami heula jeung Si Lamsijan. pokona mah Nyi Iteung ulah hariwang Akang pasti usaha". 34. Dumasar sempalan drama di luhur, kaasup kana plot bagian…. a. éksposisi c. klimak b. konflik d. komplikasi 35. Latar/tempat kajadian dina sempalan drama nyaeta…. a. di tengah imah c. di leuwi b. di dapur d. di golodog 36. Bagéan naskah drama anunerangkeunkaayaanlatar, suasana, palaku, jeungkajadiandinaawalbabakdisebutna… a. pertélaan palaku b. babak jeung adegan c. candraan d. amanat 37. Paguneman antara palaku dina drama, disebut… a. prolog c. monolog b. palaku d. dialog Leuh mani kayungyun Galih mah…tara ngaengkékeun ari dititah téh.” 38. Babasan anu merenah pikeun ngalengkepan….. a. hampang leungeun b. handap lanyap c. hawara biwir d. hampang birit
  • 10. 10 | - 1 0 39. Ulah sok resep ngucah-ngacéh kagoréngan batur. a. ngaliarkeun taleus ateul b. ngukur ka kujur nimbang ka badan c. ngindung ka waktu ngabapa ka jaman d. ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam 40. Jelema anu kandel kulit beungeut teh nya éta jalma anu…. a. teu boga kaéra b. kuat beungeutna c. éraan d. gedé kawani II. Éssay 41. Jieun hiji conto iklan layanan masyarakat (Téma: Pentingna Maca)! 42. Baca ieu cutatan guguritan! Demi anu luhur budi, Ajrih taya papadana, Soméah tara jumago, Teu adigung adiguna, Dipiresep balaréa, Nu kitu kudu ditiru, Turutan laku-lampahna. Sebutkeun téma, amanat, guru lagujeung guru wilanganana! 43. Pék jieun masing-masing sapada paparikan jeung rarakitan! 44. Sebutkeun ngaran-ngaran istilah suhunan Sunda! 45. Jieun bubuka biantara (téma: perpisahan siswa kelas 9)!