2. T
adarus Alqur’an jeung ngabuburit dina bulan
puasa, jadi kagiatan paporit. Ngan, bédana
tadarus Alqur’an mah jalmi pinilih, ari ngabubu-
rit mah saha baé. Kaasup nu teu puasa atawa saukur
puasa ayakan, ogé ngahaja hayang milu ngabuburit.
Kitu deui tempat jeung waktuna. Tempat ngabuburit
ilaharna ka tempat-tempat hiburan atawa ka pasar-
pasar kagét, nu matak ramé, nu matak teu karasa
waktu. Atuh waktuna pasosoré muru waktu ka magrib.
Béda deui jeung tadarus, tempatna suwung, waktuna
bada Isya sanggeus bérés tarawéh lamun lalaki. Atawa
waktu isuk-isuk lamun ninggang di ibu-ibu. Taradus
isuk-isuk, lantaran pasosoré mah, ngabuburit ulin téa.
Upama nineung ka jaman baheula, saméméh kabi-
asaan ngabuburit aya, cenah taradus Alqur’an téh dis-
arebutna ngabuburit. (Saperti nu kiwari, masih aya
kénéh dilakokan di sabagéan pasantrén). Méméh dur
magrib, barudak jeung kolot-kolotna arasup ka masjid
maca qur’an, minimal meunang sa-ain éwang. Kituna
téh, waktu gé teu karasa beuki nyedek ka magrib.
Kiwari mémang lain bihari. Sanajan pada terang
Alqur’an téh dilungsurkeun dina sasih romadon, har-
tosna kedah dimumulé pisan, tapi ngabuburit cara
taradus Alqur’an nu ilahar, asa pamohalan deui. Naon
pangna bisa kitu? Naha puasa teu dijadikeun deui pa-
mageuh kaimanan urang? Mangga uihkeun deui ka diri
séwang-séwangan.
***
Tadarus Alqur’an jeung Ngabuburit
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. RANCAGÉ
Citak Ulang
Sabada Lima Puluh Taun
........................................................... 5
BAHASAN
Mangkalan ........................................ 6
SAJAK
Palangsiang
Muhamad Faisal ............................... 8
PURIDING PURINGKAK
Kunti
Ki Umbara ...................................... 24
UNAK-ANIK
Ngabuburit
Resep nu Maca Komik ................... 46
CARITA PONDOK
Incu Asup Sakola
Salira ............................................... 20
Cimata Panungtungan
Mimif Miftahul Huda ......................... 23
Karémbong Nini
Novi Yanti ........................................... 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ....................................... 32
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (166)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (6)
M.A. Salmun
............................................................. 12
SekarManglé
Aisyah Rubiansah
44
IMPLIK IMPLIK
Pangrajin Sapatu
Teu Kabagéan Riweuhna Lebaran
Potret:Reisyan
Wasta kuring Sekar Asih Chadarwati
dibabarkeun di Bandung 16 warsih ka-
pungkur. Pun bapa sareng pun biang
geus pirak sabot kuring masih kéneh SD.
Kuring ancik sareng nini ti pun biang di
Bandung. Ari pun biang ancik sareng di-
gawé di Jakarta pikeun ngabiayaan ku-
ring jeung nini di Bandung............
26
Karembong Nini
Jl. Taruna Raya No. 60
Ujungberung Bandung
Panata Riasa & Raksukan :
Tien Maman Wijaya, LKP. Gilang
Kancana
Jl. Pasir Layung Selatan I No. 10
Padasuka Bandung Telp. 022-
7200578 Hp. 08156212981
4. Ngahampura Koruptor
N
gahampura téh, ceuk ustad
gé, salasahiji pagawéan anu
gedé ganjaranana. Tapi
kumaha lamun ngahampurana téh
ka koruptor?
Apan salasahaiji anu jadi kaca-
pangan dina awal bulan Puasa taun
ieu téh soal éta. Nu jadi cukang lan-
taranana mah lantaran Priyo Budi
Santoso ngahagalkeun ngirim surat
ka Presidén Yudhoyono. Eusina aya
patalina jeung soal rémisi, atawa
ngurangan hukuman ka anu keur di-
hukum dina waktu-waktu anu
tangtu. Salasahiji rémisi téh sok
dikaluarkeun dina bulan Agustus.
Lantaran sipatna ngurangan kana
lilana hukuman, meujeuhna lamun
ku anu keur araya di jero bui diarep-
arep pisan.
Ka para koruptor gé kitu biasana
mah. Nu dihukumna opat taun
sakalina meunang rémisi genep
bulan, pan lumayan. Opat kali meu-
nang rémisi lilana ditahan geus ngu-
rangan leuwih ti saparona.
Mangkaning dina sataun rémisi téh
bisa leuwih ti sakali.
Ari kadieunakeun aya usul
sangkan nu dibuina lantaran korupsi
mah ulah dibéré rémisi. Maksudna
sangkan, susuganan, matak kapok
ka nu séjén. Tapi dikitukeun téh
para koruptorna teu tarima.
Mangkaning maranéhna lain jalma
joré-joré, lolobana mah kungsi
nyekel kalungguhan anu penting
dina pamaréntahan.
Tah, Priyo Budi Santoso gé nepi
ka usul ka Presidén sangkan para
koruptor ulah diiwalkeun tina rémisi
téh sabada lolongok ka panjara
Sukamiskin. Ayeuna mah geus
ditetepkeun Sukamiskin téh jadi
panjarana para koruptor. Di
Sukamiskinna nu ditepungan ku
Priyo téh nya aranjeunna, anu lain
jalma joré joré téa. Diantarana aya
Hari Sabarno anu kungsi jadi Mentri
Dalam Negeri dina pamaréntahan
Presidén Suharto.
Barang surat ti Priyo anu dituju-
keun ka SBY téa kanyahoan ku pub-
lik, atuh langsung harita kénéh ribut.
Kumaha ieu téh teu puguh? Ongkoh
cenah geus kedal ucap arék
ngabasmi korupsi. Ari ayeuna anu
karorupsina kalah disina dikurangan
hukumanana. Aya kalimah anu jolna
ti masarakat tur ditujulkeun ka SBY
jeung kabinétna. Kadé, ulah éléh ku
koruptor, cenah.
Naha bakal bisa kitu koruptor
ngéléhkeun Presidén?
Aya carita ngeunaan Presidén
John Fitzgerald Kennedy (JFK), anu
kaungkab sabada anjeunna pupus
aya nu némbak di Dallas téa.
Salasaurang anu deukeut ka kula-
warga Kennedy téh Frank Sinatra,
biduan anu mashur téa. Kulawarga
Kennedy téh pada ngajénan ku
saréréa. Moal samata-mata Frank
Sinatra bisa deukeut lamun
manéhna ogé ngan sakadar biduan.
Sakali mangsa JFK téh rék ngan-
jang ka hiji tempat. Lantaran
deukeut jeung Frank Sinatra téa, nya
Frak Sinatra téh dikumahaan. Lan-
taran JFK embung saré di hotél, cing
pangnéangankeun kira-kirana
pantesna ngéndong di saha.
Dikumahaan kitu, tangtu wé Frak
Sinatra gé bungah jeung reueus.
Pondokna carita, JFK gé satuju kana
usul ti Frank Sinatra, yén engké téh
bakal saré di imana si Anu.
Pitéréheun pisan kana jung indit,
Bob Kennedy, adina JFK anu jadi
Jaksa Agung, ngabéjaan ka
lanceukna yén anu rék dipaké ngén-
dong ku JFK téh imahna salasahiji
mafia. Lantaran katimbang bakal
jadi picacapékeun ka hareupna, nya
harita kénéh diputuskeun yén ngén-
dongna JFK téh moal jadi di dinya.
Lumrah lamun sanggeus
ngadéngé kitu Frak Sinatra
ngadadak katarajang seueul angen
anu pohara. Komo deui anu boga
imahna. Hanas geus cuih ka saréréa
bakal diéndongan ku Presidén, kari-
kari ahirna teu jadi. Asa dihina ari
dikieu kieu teuing mah. Piraku aing
kudu cicing baé. Cacing gé ditincak-
tincak teuing mah bakal paéh.
Naha éta kajadian téh aya patula
patalina jeung ditémbakna Kennedy
di Dallas téa? Taya saurang gé anu
bisa mastikeun lantaran urusan JFK
maot lantaran ditémbak téa, nepi ka
ayeuna masih kénéh dianggap goib.
Euweuh anu bisa mastikeun, kaasup
Kejaksaan Agung, saha nu némbak-
na jeung naon sababna. Enya aya ari
anu ditéwak mah, Lee Harvey Os-
wald. Tapi saha anu rék percaya
jalma pantar kitu, ti tentarana ogé
dipecat, nepi ka bisa maéhan
Presidén Amérika Serikat anu
sakuriling bungkingna didékéng ku
para pengawal anu sakerejep gé tara
ngajalankeun tugas bari nundutan.
Lamun kitu babandinganana,
naha maké kudu sieun, apan di
urang mah euweuh mafia, lin? AM
Manglé 2435 3
5. 4 Manglé 2435
Bupati Ninggal-
keun Basa Sunda
Sampurasun!
Saum Romadon, geus
nincak welasan. Hartina
sok teu karasa, moal lila
deui, nincak lebaran.
Tatahar mudik lebaran.
Aya pangalaman nu beda
upama mudik lebaran
teh, diantarana dina sual
basa. Sapertina wae,
upama solat Id di kam-
pung di tatar Sunda
Ciamis, sok biasa memeh
solat teh sok aya biantara
ti Bupati Ciamis. Taun
kamari mah, biantarana
rada aneh. Anehna, naha
biantara Bupati bet make
basa Indonesia, henteu
make basa Sunda, basa
urang Ciamis. Terus
terang simkuring kerung
jeung rada sebel ka pa-
mingpin nu gagayaan
amanat pidato make basa
Indonesia.
Tah, sugan jeung
sugan, simkuring mah
usul ka para bupati,
hususna di tatar Jawa
Barat, iwal Cirebon jeung
Indramayu, ulah isi
lamun make basa Sunda,
basa urang sorangan.
Lantaran lamun bupatina
teu ngarasa reueus ku
basa Sunda, asa kacida
teuing.
Sakitu wae Nyi Ma-
ngle. Hatur nuhun kana
perhatosanana.
Wassalam,
Hilman
Ujungberung Badung
WAWARAN
Dina mayunan Boboran Siam 1434 H (Lebaran),
medalna Majalah MANGLE aya parobihan. Dina
sasih Agustus 2013, nu kedahna 5 (lima) nomer,
janten 4 (opat) nomer. Parobihanana, nyaéta:
1. Edisi Mapag Lebaran, No. 2435, medal saperti
biasa.
2. Edisi Nomer Lebaran No. 2436, Manglé medal
janten dinten Salasa, 1 Agustus 2013.
3. Kemis, ping 8 Agustus 2013, Manglé henteu
medal.
4. Manglé 2437, medal deui Kemis 15 Agustus
2013 sareng saterasna sakumaha biasa
Sakitu wawaran parobihan medal Manglé.
Mugia ka uninga ku sadayana.
Bandung, 10 Juli 2013
Redaksi
6. Masarakat perlu kaatik bisa nga-
banding-banding karya sastra mu-
tahir jeung karya sastra samemehna.
Pikabungaheun, antoloji sastra
Kanjutkundang nu medal taun 1963
ayeuna dicitak ulang.
A
ntoloji Kanjutkundang disusun
ku Ajip Rosidi jeung Rusman
Sutiasumarga, anggeus taun
1959, tapi karek medal taun 1963. Me-
mang disusun ku duaan, “Namung Ajip
nu pangseueurna marios mah”, kitu
ceuk Rusman sababaraha puluh taun
ka tukang. Ieu antoloji mangrupa
kumpulan prosa jeung puisi ti 42
pangarang, ngurung waktu sapuluh
taun sabada perang (1949-1959). Bisa
disebut antoloji sastra antar generasi,
coba wae dimimitian ku karya Caraka
nu lahir taun 1902 nepi ka karya Ayat
Rohaedi nu lahir taun 1939.
Matak narik, dina ieu antoloji bisa
kabaca karya pangarang nu keur tumu-
wuh saperti Wahyu Wibisana jeung
Simon Suminar (ngaran samaran
Iskandarwassid) jeung pangarang nu
geus nepi ka puncak saperti Caraka,
Syarif Amin, Sayudi jeung Tini Kartini.
Lian ti kitu, kabaca oge karya panga-
rang nu satuluyna ngiles, saperti Unus
Sur, Ida N.Lab (Balnadi Sutadipura)
Tan Bie Hun jeung Rachman O.M.
Padahal, tembong Balnadi nulisna
sakitu lancarna ( carpon misteri Aya
“Bagja” Teu Daulat), komo deui Rach-
man O.M, gaya nulisna kaitung maju,
ngaluncatan jaman harita ( carpon
Hana). Matak hanjakal, kunaon
maranehna henteu nulis deui? Satuluy-
na, tetela karya panulis wanoja saeutik
pisan, saperti bisa dikira-kira tina
ngaranna, Tien Wiradikusumah (sajak-
na Ka Mana “Kuring” Nu Kuring?), Ati
WR (carpon Telepon jeung sababaraha
sajak), Tini Kartini ( carpon Ulangtaun,
Surat, Jurig). Atuh meureun nu bisa
disebut istimewa, pedah satuluyna
leuwih sohor minangka panulis drama
tingkat nasional, kabaca oge karya Utuy
T. Sontani (sajak Sangkuriang, carpon
Gambar, Si Kabayan Dina Poean
Lebaran, sempalan opera Sang Kuri-
ang).
Perlu Antoloji Sejenna
Tangtu masih keneh bisa disawala-
keun, naha antoloji Kanjutkundang teh
memang mangrupa sakitu-kituna
kumpulan karya pinilih dina mangsa
sapuluh taun sabada perang? Boa-boa
rea keneh karya sastra waktu harita nu
can kaayak sarta satuluyna bisa diasup-
keun kana eta antoloji? Nu matak hal
sarupa kitu teh estuning mangrupa
tangtangan pikeun nu haat nyusun an-
toloji sastra Sunda sejenna. Beuki re-
nung medal sababaraha hiji antoloji
sastra, pan bakal leuwih alus keur
masarakat sastra.
Satuluyna, antoloji Kanjung-
kundang teh disusun tina hasil
metikan karya pangarang nu medal
dina sababaraha media jaman harita
saperti Kiwari, Warga, Sunda, Pang-
hegar, Sipatahoenan, Tjandra, Mangle,
Siliwangi, Panglayang jeung Kalawarta
Lembaga Basa jeung Sastra
Sunnda.Tah, sabada harita, nincak taun
6oan tuluy nepi ka ayeuna, rea
medal(keneh) media Sunda saperti
majalah Sunda, Mangle, Langensari,
Sangkuriang, Kalawarta Kujang, Tjam-
paka, Sari, Gondewa, Galura, Cupu
Manik, Sunda Midang jeung media
sejenna. Tangtu wae, sababaraha karya
pangarang kaitung pantes mun
dikumpulkeun dina antoloji sastra.
Contona, Caraka nulis keneh dina
Langensari, lian ti maruncul panulis
anyar saperti Yus Rusiana, Karna Yudi-
brata, Saini KM, Usep Romli HM jeung
nu lianna. Kaasup tangtuna oge Moch
Rustandi Kartakusuma, pangarang nu
geus lila icikibung nulis dina basa
Idonesia, tuluy nulis dina basa Sunda.
Cindekna, kaitung rea tulisan nu bisa
dipilih tuluy dikumpulkeun dina buku
antoloji.
Perlu Dibageakeun
Jelas, antoloji sastra Kanjut-
kundang nu munggaran diterbitkeun
ku Bale Pustaka, Jakarta (1963) sarta
ayeuna dicitak ulang ku Kiblat Buku
Utama (2013) kaitung penting tur
perlu pada maca ku generasi kiwari.
Kukituna, saperti nu dipiharep ku nu
nyusunna, generasi ayeuna bisa
ngabogaan perspektip enggoning nga-
banding-banding karya sastra Sunda
ayeuna jeung karya samemehna.
Sanajan kitu, lain taya cacadna,
dina citak ulang Kanjutkundang ayeu-
na kapanggih sababaraha salah citak,
atuh riwayat hirup sababaraha urang
pangarang perlu diedit deui kulantaran
ditambahan ku waktu pupusna. Conto-
na, matak aneh, disebutkeun panga-
rang Unus Sur dilahirkeun 13
September 1936, pupus 7 Pebruari
2007, tapi aya kalimah “ Ayeuna masih
mahasiswa di Departemen Kimia- Bio-
logi ITB”. Hal saperti kitu kapanggih
oge dina riwayat hirup pangarang se-
jenna. Atuh pupusna Sahuri diserat
taun 1966, padahal sakaterang pairing-
iring sareng pupusna Sayudi ( dina ieu
antoloji diserat taun 2000).*** (kk)
Citak Ulang
Sabada Lima Puluh Taun
Rancagé
Judul :
Kanjutkundang, Prosa jeung Puisi
Sunda Sabada Perang
Panyusun:
Ajip Rosidi, Rusman Sutiasumarga
Panerbit:
Citakan ka I, Balai Pustaka, Jakarta,
1963, edisi Kiblat Buku Utama,
Citakan ka I, Mei 2013.
Manglé 2435 5
7. K
ecap “mangkalan’ kawasna
waé dikunjal tina mangkal,
anu hartina pindah tempat
saheulaanan pikeun migawé hiji
pagawéan. Tujuan mangkalan
dina ieu tulisan, patalina jeung ngu-
rus sawah, nalika umur paré anu
dipelak masih kénéh genep bulanan,
anu disebut usum morékat jeung
taun kali téa. Paré anu dipelakna lain
paré hawara kawas jaman ayeuna
anu umurna ngan saratus poé, tapi
paré hawara batu, bangawan atawa
pandanwangi anu umurna teu ku-
rang ti 6 bulanan.
Ti mimiti ngabaladah atawa
rubuh jami tepi ka tandur jeung
ngarambét mah sawah teu kudu di-
tungguan. Réngsé ngarambét
mindo (=ngarambet anu ngadua-
kalian) mangsana gedé paré maju
ka cul-cel tug tepi ka beuneur héjo,
perlu meunang perhatian ti bapa
jeung ambu tani. Ngajaga katut
ngariksa, bisi paré digorogot si
monyong, ditapuk jeung disedot
hama wereng. Dimana aya tanda-
tanda awal pibahayaeun, ambéh
bisa téréh diungkulanana.
Mun geus cunduk kana waktuna
mangkalan, Abah tataruka
ngoméan deui saung sawah. Ti-
hang-tihangna diwewegan, hateup
eurihna ditambahan bisi aya nu
bocor atawa dipaké nyayang
sasatoan. Saung ranggon kaasup
anu teu luput tina panitén, da
sawaktu-waktu diperlukeun pikeun
nyalayakeun pipikiran sabot
nunggu cundukna metik hasil
tatanén. Ranggon anu biasana
misah jeung wawangunan saung,
diperlukeun deuih waktu tunggu
pibuateun, tempatna leuwih luhur
ti saung sangkan awas ka sakabéh
palataran sawah, minangka
“menara pengawas”-na. Ti saung
ranggon, tali anu ranteng dikenyed-
kenyed ngahuyah-huyah nyingsie-
unan manuk jeung ngarigig-rigig
bebegig sawah sangkan manuk ar-
incah tina kotakan sawah. Teu kali-
wat tungku batu di dapur saung
mimiti dihurungkeun deui,
sangkan reungit nyaringkah nga-
jauhan. Sajaba paranti Ambu popo-
lah téh, dapur saung dipaké mun
wanci isuk, atawa peuting-peuting
ngadon siduru bari mubuy sampeu
meunang ngarabut tina galengan,
maturan nyuruput bajigur atawa
bandrék maké gula kawung tulén.
Sanajan milu marengan Abah
jeung Ambu mangkalan téh ngan
ari waktuna pakanci, panineungan-
ana natrat tepi ka ayeuna. Peuting-
peuting lalangkarakan di ranggon
saung, dialokan ku sasatoan peu-
ting nu patémbalan manyanyi.
Bulan mabra di langit nu ngalamuk
paul, dibaturan tingkaretipna cika-
cika luhureun kotakan sawah. Di
tebéh kalér ngajungkiring Pasir
Mangkalan
Saung Ranggon
6 Manglé 2435
8. Béntang matak waas titingalan.
Mun angin ngadudud tarik, sora
kolécér tingjaredud di unggal juru
pasawahan. Paingan ceuk Abah
harita, nyaung-nyaung bari
mangkalan di sawah ogé bisa di-
jadikeun lahan tadabbur alam dina
raraga mikacinta alam bari nafaku-
ran kakawasaan Gusti Alloh
SWT.....
Mangsa paré beuneur,
sapangeusi imah dikerid peuti,
atuda kana dibuat ngan ukur
mimingguan deui. Dalah kuring
jeung Ki Lanceuk ogé diparéntah
ku Abah, samulangna sakola téh
langsung ka saung, térékél naék
kana saung ranggon, ngenyed-
ngenyed tali bebegig ngagebahan
manuk sawah nu sok maokan paré
nu keur sumedeng kumecrot.
Isukna rék dibuat, minangka
puncak acara mangkalan. Abah
tataruka leuwih rongkah natahar-
keun sakur nu diperlukeun. Diban-
tuan ku panyawah petingan, Wa
Acang anu nataharkeun kaperluan
“upacara” kayaning mitembeyan
jeung gék-gékan tatacara nyuguh
ka karuhun anu sasajénna di-
teundeunan dina tempat husus.
Mangkalan dianggap lekasan,
mun hasil tatanén geus dipoé,
diteruskeun kana acara mangkék.
Mun paré geus bérés dipangkék,
dikunjalan ka lembur diasup-asup-
keun ka leuit keur nyambung hirup
patani katut kulawargana sataun ka
hareup tepi ka mangsa ngolah
sawah deui.
Kiwari mah tatacara ngurus
sawah geus loba bédana, nyakitu
deui kabiasaan mangkalan geus
musna. Geus euweuh patani anu
mangkalan, sabab usum molah
sawah kiwari mah singget pisan. Ti
mimiti tandur tepi ka panén jeung
tandur deui téh ngan kurang leuwih
saratus poé. Lahan anu tadina ngan
sataun dua kali digarap, dipeleter
jadi opat kali, taneuh teu dibéré
nyeunghap pikeun reureuh. Pikeun
ngaronjatkeun deui kasuburan,
hantem dibérak ku pupuk pabrik,
kaasup pestisida keur ngabasmi
hama. Akibatna, lain hama waé anu
musna tapi sakur pangeusi sawah
nungtutan ngariles teuing ka
mendi. Kini-kini kuwang-kuwang,
asin gétok peupeundeuyan geus
tara kapanggih deui; écéng-génjér
na kotakan, antanan dina galengan
geus teu baretaheun hirup, dalah
belut anu bihari mah bisa dikukuy,
kiwari mah sok rajeun manggihan
luar-léor mangsa beurang, siga nu
horéameun atawa meureun teu
kuateun mubus deui ka jero leutak
sawah.
Sok hayang malikan mangsa
lawas. Ngajakan kulawarga, utama-
na mah barudak nu keur sumedeng
mekar jiwana. Ngan hanjakal basa
barudak jeung indungna diajakan
mangkalan téh bororaah haripeut
ngaheueuhan, dalah diajak
wawanohan jeung tatacara ngurus
sawah ogé siga teu puruneun.
Manakomo meureun kukucupra-
kan dina leutak sawah, bobolokot
ngarambét mindo. Ditungguan ka-
hayang daratang ti maranéhna, di-
dadago-dago karahka tilewo, da
rajeun barudak ngurihit ka indung-
na ogé ari harayang jalan-jalan ka
pasar swalayan, atawa laha-loho ka
mol (mall).
Kabiasaan mangkalan ngan kari
panineungan lawas, dipitineung ku
anu kungsi ngalaman, kiwari ngan
bati waasna.***
(Endan Sukanda, guru SMAN 3
Kota Sukabumi).
Pasawahan Tatar Sunda
Manglé 2435 7
9. Muhamad Faisal
Palangsiang
Boa gunung téh geus capé
nyawang mumunggang mamanggul kamelang
Boa gunung téh hayang nyalsé
nempo tutugan nu saban poé melak kahariwang
Boa gunung téh eureun gawé
hayang napak dina léngkah nu beuki rongkah
Boa laut téh geus liwung
nepungkeun ombak nu capé ngagogolak
Boa laut téh keur humaregung
saban poé ngagedur karang tagiwur
Boa laut téh ngadak-ngadak silung
unggal poé kosta kana pamustunganana
Boa langit nu tan watesan
ngemu amarah nu beuki motah
Boa langit nu pinuh ku jejempling
nyidem ringkang nu ngawiwirang
Boa langit nu linduk ku du’a-du’a
ngarangrangan cimatana nu karaha
: Horéng mangsa geus tepi kana hancana
2013
Bubulak
Hujan masih kénéh muguran niruk jajantung
dina tutugan waktu du’a-du’a rompang ngabarungsinang
sedeng ibun juuh disimbeuhan mangsa
maseuhan saban tatu dina tungtung kalbu
urang ngan kari nungguan sésa-sésa waktu
nu kapalidkeun cimata tina detik-detik nu laligar
Manglé 24358
10. Halimun masih kénéh ngungun nyimbutan rarasaan
dina mumunggang mangsa urang néang ringkang nu lewang
sedeng peteng anteng nguliweng dina implengan
marengan karaha nu nyaliara kana lalampahan
bet léngkah ngadadak hégak ngudag-ngudag impian riwan
palangsiang peuting geus teu dihibaran deui jejempling
Angin masih kénéh tigin niiran lelembutan
dina lamping wanci wirid-wirid leungiteun ruruhitna
sedeng kakeueung ngahiuk kalangkang wirang
gumulung jeung layung nu panungtung
naha sukma bet teu walakaya basa pitapak
nincak bubulak nu tetengerna ngamimitian mangkak
2013
Pafésta
Keur Dwi
Hatur nuhun keur salira
taman nu baheula jempling bet ayeuna humariring
saban nyeri nu teu weléh ngajamparing jadi dalingding talkin
aya nu halimpu tibatan lagu, aya nu rumahuh ngajakan luluh
Hatur nuhun keur salira
taman nu lawas gudawang bet ayeuna gumiwang
saban tatu nu dipelak marangkak jadi lampu-lampu kalbu
aya nu gumenclang tibatan lumar, aya nu raang nyingraykeun samar
Hatur nuhun keur salira
taman nu lila bayeungyang bet ayeuna ngahibaran
saban raheut diseungeut jadi geugeut nu tinggulugur na jajantung
aya nu ngabebela tibatan tresna, aya nu sadrah ninggalkeun raga
Geuning sukma ditalikung halimun nu ngelun ka pangparatan mangsa
tapi dina tungtung waktu, layung bakal nungtun urang
kana lamping nu pangweningna. Hatur nuhun keur salira
2013
Manglé 2435 9
11. 10 Manglé 2435
Bagian
166
Peuting ka-176
Najan anak teu
ngagugu kana ka-
hayangna, Raja Syah-
raman tetep ngarasa
nyaah. Ambek sotéh sa-
harita, ukur waktu dina
gempungan. Sanggeus
bubar riungan mah
amarahna sirna. Malah,
timbul rasa nyaah, sieun
anakna kumaha onam.
Reup peuting, Raja
Syahraman langsung ka
pangsaréanana. Satékah
polah ningtrimkeun di-
rina. Tapi, karepna kitu
téh teu matak
ningtrimkeun batinna.
Buktina, raja teh kalah
gulinggasahan. Pitundu-
heun laleungitan.
Ari Komarujaman,
mémang ngarasa tung-
gara. Ras inget kana
kalakuanana, aya rasa
kaduhung, hanjakal nolak
kahayang kolotna. Ngan,
da geus kitu kajadianana,
kari tumamprak kana
sagala rupa nu baris
karandapanana.
Reup peuting,
Komarujaman gancang
muru juru rohangan.
Mimiti diuk nyarandé
kana tembok, saterusna
mah ngagoledag kana ka-
surna. Ngan, nya kitu teu
bisa reup peureum, da
haténa mah ngacacang ka
jauhna, ngalanglang tem-
pat-tempat nu biasa ka-
anjangan waktu sukan-
sukan jeung babaturan-
ana.
Bray beunta, inyana
rarat-rérét. Nu tembong,
ukur tembok panjara nu
kacaangan lilin nu ukur
reyem-reyem. Ngan,
ahirnna mah éta roha-
ngan téh poék lantaran
lilinna pareum’
Peuting ka-179
Sél nu ditempatan
Komarujaman, kaasup
rohangan nu geus kacida
kolotna, Di dinya téh aya
sumur nu geus heubeul
naker. Ujaring carita, éta
sumur téh ditempatan jin
awéwéna. Ngan, lain jin
samanéa, da kaasup putri
jin anak raja nu kawentar
di dunya kajinan mah.
Biasana jin awéwé nu
ngaranna Maimunah téh,
ukur kaluar tina sumur
waktu peuting. Matuh,
mangsa janari. Nya geus
di luar mah, inyana téh
sok ngalayang kakalaya-
ngan di awang-awang
nyaba ka tempat’tempat
nu dipikahayangna.
Waktu éta jin kaluar ti
sumurna, ngarayap kana
biwir sumur, manéhna
héran. Kituna téh, lan-
taran tara-tara ti sasari.
Barang lol sirahna ka
luhur, témbong ku dirina,
aya cahaya di lebah juru.
Padahal, biasana mah
tara aya nu kawas kitu.
Nu tembong téh, me-
mang cahaya lilin nu ngan
hiji-hijina deui nu hurung
nu ditempatkeun di gigi-
reun Komarujaman.
Ningali cahaya di éta tem-
pat sarta nempo nu
ngarengkol deukeut lilin
téa, jin téh panasaran.
Jin ngandeukeutan.
Brek deku lalaunan naker
kawas nu sieun
ngabarubahkeun nu keur
saré. Leumgeunan,
ngaragamang, ngeyang
simbut nu nutupan beu-
ngeut Komarujaman.
Sanggeus ningali beu-
ngeut Komarujaman, jin
téh ngahuleng. Ceuk
pikirna, éta manusa téh
kasép naker, bangun lain
jalma joré-joré. Jorojoy
timbul kakarunya, da apal
mun aya manusa di éta
tempat tangtuna gé nu
keur nandangan tung-
Ngalereskeun
Neda pangapunten saréhna carita sarebu
samalem dina nomer 2434 ngalangkungan sabagian
(bagian 167), kumargi kitu kasanggakeun bagian 166
anu insya Allah minggu payun kasambung deui
bagian 167 supados bapa kalih ibu ngaguluyur
maosna.
Hatur sewu nuhun
Redaksi
12. Manglé 2435 11
gara.
Peuting ka-180
Ningali paroman
Komarujaman, jin
awéwéna téh ngarasa
karunya. Térétét dina
haténa hayang mélaan éta
nonoman, sarta jangji rék
nalingakeun éta anak raja
tina rupa-rupa gangguan
boh manusa boh sabangsa
jin saperti dirina.
Eta jin, mémang sohor
di dunyana mah. Sakti
mandraguna pilih tan-
ding. Najan awéwé, moal
éléh ku jin lalakina.
Malah, kagagahanana gé
pada mikagigis.
Réngsé neuteuep beu-
ngeut Komarujaman, éta
jin neruskeun
lalampahanana. Biasa
kakalayangan luhureun
tempat-tempat padumu-
kan manusa. Keur anteng
ngumbar paningalna,
kadengeun di lebah han-
dap aya kiplik jangjang nu
keur manéhna mah moal
samar deui, éta sora téh
datang tina keplek jang-
jang bangsana.
Rét ka handap, tétéla
aya nu keur nyeuleuyeung
meulah mega. Ningali aya
bangsana, siet wéh éta jin
awéwé téh nyirorot ka
handap. Ukur sakedét
nétra geus aya hareupeun
nu dipegat.
Jin nu tas lumampah
sarta angkanana mah rék
balik ka tempatna
ngarandeg. Reuwas aya
nu ngajega hareupeunana
téh. Ngan, leuwih kagét
horéng éta téh jin nu
biasa jadi bukur catur
bangsana upama keur
nyaritakeun kasakstén
bangsa sasamana.
“Hey, ti mana andika,
Danasy?” ceuk Maimunah
nyentak.
Jin lalakina, nu
katélah Danasyi kacida
reuwaseunana.
Ngomongna gé arapap-
eureupeup. Tayohna
bakakating ku sieun.
Ngan, saterusna mah nu
dipegat teu neger-neger
manéh, sarta nyarita sa-
olah-olah ngingetan yén
dirina gé geus ngagem
agama Islam.
Pok Maimunah nyarta
deui, ngaenyakeun kana
pangakuan éta jin. Tapi,
cenah, lain hartina
manéhna rék
ngabebaskeun paripolah
Danasyi. Cindekna,
cenah, mun aya nu
ngalanggar aturan, tangtu
manéhna baris méré
hukuman.
“Hemh, upama kitu,
sok caritakeun tempat
mana waé nu tas di-
datangan ku andika?”
tanya jin awéwéna semu
maksa.
Ngadéngé Maimunah
bangun panasaran, jin
lalakina téh gancang
nyarita. Nyebutkeun tas
ngadatangan tempat nu
ahéng kacida.
“Sok atuh caritakeun
tempat naon éta téh?”
Ngadéngé panaya kitu,
Danasyi teu waka nga-
jawab. Manéhna kalah
ménta tanjakan. Heug
cenah, rék nyaritakeun
pangalamanan, tapi,
panuhun hayang boga
surat ti Maimunah nu
nétélakeun manehna ulah
digannggu ku saha waé
kaasup ku jin nu ngancik
di lautan.
“Ih, kalah loba carita!”
“Leres, kitu kahoyong
teh!”
“Heug atuh!” ceuk
Maimunah.
Ahirna, jin lalaki teh
sapuk. Rek nyaritkeun
pangalaman satarabasna.
Malah, mun tétéla di ahir
caritaanana sulaya tina
buktina, sanggup nandan-
gan hukuman ti Maimu-
nah. *** (Hanca)
13. 12 Manglé 2435
H
iji poé Arsali nyari-
takeun ka Haji Sam-
sudin: “Tuan, abdi
téh sanés teu nuhun, sanés teu
tarima kana pangangken Tuan
Haji, nanging éra, asa diogo
didama-dama. Upami aya pi-
welas Tuan Haji, abdi hayang
dijeujeuhkeun dipaparin
padamelan. Kitu gé hayang di-
widian wangsul heula ka lem-
bur néang anak-bojo. Wangsul
ti ditu, mangga dipernahkeun
kana naon-naon ogé.”
Jawab Haji Samsudin:
“Sukur manéh boga pikir kolo-
teun kitu. Ari pacabakan
manéh di lembur kana naon?”
Arsali: “Teu kantenan,
sacabak-cabak baé. Usum
ngahuma, sok ngahuma, bada
dibuat kula-kuli di dayeuh. Ari
mios sok ngabantun awi
atanapi kai, jualeun di
dayeuh.”
Haji Samsudin: “Kai atawa
suluh?”
Arsali: “Kai, pitihangeun.
Lembur téh caket ka Ciujung,
bawahan Cilélés pakemitan
Parungkujang. Leuweungna
weuteuhan, arang kasaba
jalma wantuning geledegan,
maungna gé sanggem nu
parantos ningal mah sami
sareng kuda gedéna. Kaina
laban sareng rasamala kahot.
Kai sanés gé seueur, sapertos
kihiang, angsana, bungur, tun-
dun sareng rupi-rupi deui.”
“Kumaha dibawana ka
dayeuh? Naha aya jalan gedé
kitu?” cék Haji Samsudin.
“Jalan mah aya, nanging
awon; ku roda moal aya nu kit,
lalakon tilu dinten nanjak-
mudun. Abdi mah sok jalan
cai; kai atanapi awi téh di-
damel rakit, dianggo malid-
keun manéh, ngalun tilu
dinten upami arus nuju deres,
nanging upami nuju leuleuy
mah tampolanana lima din-
ten, jabi sok rajeun kandas
lebah babantar, kapaksa di-
hoyong.”
Haji Samsudin: “Jadi atuh
manéh nyaho kana urusan kai
nya? Kumaha ari batu, bata,
keusik, semen, kenteng, jeung
sapapadana?”
Arsali: “Duka atuh, pang-
inten sakatimu-timuna pan-
gartos tukang témbok baé,
rarajeunan jadi kenék bas.
Sakadarngabentenkeun bata
padet atanapi bata béar mah
aya ogé katerang; atanapi
semen nagri sareng semen
landarung.”
Haji Samsudin: “Ih atuh
meujeuhna sakitu gé. Tapi
naha maké hayang boga
pacarian téh di dieu, di
Bandung, lain di lembur
sorangan, umpamana di
Rangkasbitung atawa di
Serang.”
Méméh ngawalon, Arsali
ngaheruk rada lila, bangun
susah, pok ngajawab semu
ngarahuh: “Lah, Tuan Haji, di
lembur mah teu aya pangin-
ten. Ma’lum jalma téa, ka urut
parantéan –dibui téh awahing
ku awon milik baé, dipitenah
deungeun! Munggah jalma
réa, moal mapay ka dinyana,
anggeus ku ngecap “sésa bui”
baé sapertos ka runtah di jar-
ian. Diayana nu nga-
mulyakeun, moal leupas ti
curiga sareng sak. Di mana
jadina kasenangan ka diri
abdi?”
“Enya bener,” walon Ki
Haji, “karéréanana jalma téh
ngan sok inget kana goréngna
baé. Kieu baé atuh ayeuna
mah. Bisi rék balik, jung
pagéto, kabeneran Asep Rach-
man arék ka Batawi, jadi
manéh bisa ngarencangan
suan kami, milu ngajaga da-
ganganana. Di Batawi
kawasna Asep mah satengah
bulan, bisa jadi leuwih. Manéh
bisa nyelang balik, aras-urus
di lembur. Lamun Asep balik,
manéh milu deui.”
Arsali marahmay bawan-
ing bungah, ngucap nuhunna
gé sababaraha kali.
Isukna, aras-urus surat
katerangan jeung bebekelan
ajangna jeung bawaeun Asep
Rachman. Pagetona arindit;
opat poé di jalan, nepi ka
Batawi, moro numpang di
Kimas Japar, sudagar asal ti
Palembang sobat Haji Sam-
sudin, di kampung Matara-
man.
Geus bérés badami piba-
likeun, Arsali mah sirikna hen-
teu ngadudud indit moro
meuting ka Benteng (kitu dise-
butna Tanggerang harita) di
baraya, tukang témbok di
dinya.
Awahing hayang gancang,
ti Tanggerang mah Arsali
nyéwa kuda ka lemburna.
Sabulan ti harita, Arsali
geus aya deui di Bandung,
saanak-bojona, ngeusian imah
di Gardujati; ku Haji Sam-
sudin dijeujeuhkeun kana
ngabantuan jual-beuli bahan
wangunan, nuturkeun Ujang
Tamim, lanceuk Ujang Kusén.
Puguh baé Ujang Tamim téh
asa boga deudeul, dibaturan
ku jalma réa kanyahona tina
bab bahan wawangunan.***
3
{ 5 }
Ku M.A. Salmun
14. Manglé 2435 13
Dina katompernakeun
abad XVIII nepi ka nengah
abad XIX, pamaréntah jajahan
di urang ngayakeun rupa-rupa
aturan anyar geusan lancarna
paparéntahan. Di antarana,
sabada Pakumpulan Kumpeni
Hindia Wetan (Vereenigde
Oost-Indische Compagnie
atawa dipondokeun jadi VOC)
dina taun 1799-1800 mas-
rahkeun sagala rupa
kakawasaan ka anu sok disare-
but Pamarentahan Hindia Be-
landa téa, di tanah Sunda
ngalaman pirang-pirang roba-
han kanagaraan.
Diantarana, ngayakeun
“Aturan-Priangan” anu dise-
but “Prenger-Stelsel” téa.
Wewengkon Galuh, Pa-
manukan, Pagaden jeung
Bogor, “dipasiheun” ti tanah
Sunda bagian kidul. Éta
bagian kitul disebutna “Pre-
anger-Regentschappen.”
(tangkal kopi anu pohara
gedéna) Banten (ti jaman
Daendels keneh) diheureutan
wates-wates anu tadina
ngabawa Mawuk, Tanggerang,
Jasinga, Leuwiliang, parat
nepi ka Citatih (Cibadak) téh
diritukeun semet Cibareno
jeung Cidurian.
Geus ngababarkeun patai-
marga, sawatarakabupatian di
tanah Sunda dileungit-leun-
gitkeun, diredongkeun ka
kabupatian nu leuwih penting
geusan pamarentah jajahan.
Geus kapentingan cari-un-
tung, sawatara dayeuh kabu-
patén anu “jolok”
dipindah-pindahkeun ka béh
kalér saeutik, kayaning: Lebak
ka Rangkasbitung, Cikundul
ka Cianjur, Ukur ka Bandung,
Limbangan ka Garut, Suka-
pura ka Tasikmalaya jeung
sapapadana.
Jadi, dayeuh Bandung
dina taun 1874 waktu kajadian
ieu carita téh teu kaitung
dayeuh kahot, malah lamun
diukur ku jangka sajarah
dunya mah kaitung babakan
kénéh, kitu sotéh lamun teu
diitung ti jaman padukuhan,
alam mangrupa tegal upluk-
aplak sampalan ucal jeugn
mencek, minangka imah téh
ukur sawatara saung, hateup
eurih tihang awi. Jalan Baraga
oge taun 1974 mah surup
kénéh ka ngaranna. (baraga
nyaéta jalan tengah pasawa-
han nu sajalan jeung walun-
gan. Nu rada leutik, mangrupa
galengan rubak, disebutna jaj-
away. Ari susukan nu sajalan
jeung baraga atawa jajaway,
ngaranna darmaga (dramaga),
biasana maké ulu-ulu (koko-
coran cai sawah). Jalan Braga
baheulana mah dihapit ku
sawah kenca-katuhu. Sagigire-
unana, aya Cikapundung.
Rumah bola kl. Th 1870 di-
adegkeun di imah-leutik tung-
tung jalan kidul ngaranna
Societeit Baraga (méméh jadi
Concordia). Bada ruksak ku
lini dilandih jadi Braga (Dewa
Kasusastraan Jerman Kuno).
Kawasna baé éjaan ka-Wa-
landa cara, parapatan = prap-
atan, paledang = pledang,
balubur = blubur, karapyak =
krapyak, kalapa = klappa
dstr.)
Ti harita Bandung téh geus
katara yén béda dangiangna,
punjul ti dayeuh-dayeuh
karesidenan lianna, malah
ceuk kolot-kolot harita: isuk
jaganing pageto bakal jadi
puseur tanah Sunda, Bandung
bakal ngalaman heurin ku
tangtung, malah cenah bakal
ngalaman jadi pancer-buana
(kota nu jadi perhatian jeung
palemekan saeusining jagat)
omong kolot harita, magar
majuna dayeuh Bandung
bakal ajlok-ajlokan milu jeung
windu.
Upama diukur ku getering
jaman, dina taun 1874 oge
kawilang geus ramé tur resmi
direndengkeun jeung dayeuh
kabupatén pantaranan mah,
halalegarna, pikabetaheunana
jeung... nu gareulisna.
Malah pikeun ahli pelesir
jaman harita mah, nya ieu
yeuh, nu ngareulisna anu nga-
jadikeun asihan dayeuh
pangjugjugan ti mana-mana
téh, malah geus ti alam harita
Bandung mah jadi “kota
modeu” téh.
Tah ti jaman harita kota
Bandung diparaké jalan usaha
ku sawatara jalma nu rarujit
budina bejat susilana téh.
Patukangan-patukangan nu
hirupna jadi panglayar bange-
nan atawa centeng bunian,
sumput salindung nyumpo-
nan napsu nu “pelesir” ti
harita geus mimiti nga-
jalankeun gawé masiat.
Jelema nu salawon jeung
model Nyi Dampi atawa Si Ab-
dullah nu ngabaragujul Nyi
Rapiah téh teu saeutik.
Geusan ngajaga supaya nu
balageur teu kaganggu ku nu
balangor, éta nu balangor téh
dilarang matuh di kampung-
kampung jalma balageur,
malah dihaja diayakeun
panonoban maké dicirian ku
lantera beureum digan-
tungkeun di tepasna; dilarang
keras kalawan diancam huku-
man bérok lamun aya nu ngu-
layaban, ngalantrah néangan
layan.
Tapi bubuhan jelema réa
akalna, pulisi-susila téh teu
weléh sering “kapalingan”
sabab éta nu balangorana
“ngencar” sok nyamur.
Sawaréh aya nu nyéta agan-
agan, dangdan singsarwa ka-
menakan diiring ku ngelek
tampekan (wadah seupaheun)
nanaon. Mun teu kitu, jiga anu
heueuh, niron nyi haji, maké
mudawarah sagala. Aya ogé
anu barangpakéna basajan
baé, maké nungtun budak,
ambeh dipajarkeun nganteur.
Tapi mungguh ku nu ahli saba
kobong mah, najan nyeta-
nyeta agan malihwarni jadi nyi
haji atawa nyamur jadi babu
ogé teu weléh katara baé,
magar téh katara dina
cingeusna, témbong dina lo-
goyohna; cenah keupatna jiga
magga, lungguh tungkul tapi
hayu; ana ngabalieur jiga
ngéwa, lain balieur geuleuh,
tapi isarah hiap tuturkeun.
Ku nu jadi bupati Ban-
dung, awéwé bangor nu kato-
hyan sabot nyamur ngulayab
sok sina ditangkep, dibawa ka
kantor kabupaten pikeun di-
cirian. Ari petana: pipina nu
kenca ditojos ku jarum diru-
pakeun titik nungku tilu, tuluy
dibalur minyak meunang nga-
haranggasuan, jadi cara tapak
tatu dina pigeulang sawatara
serdadu atawa matros geun-
ing, saumur hirup gé moal
beuang dipupus! Meunang
nyirian, dikerem di pang-
berokan tilu poe tilu peuting.
Teu wudu rea nu kapok, sabab
najan nyamur oge tangtu aye-
una mah kaciri.
Sagala rupa anu dicari-
takeun di luhur, nu ngarang
teu pindo gawé, minangka
bubuka sangkan urang babari
nuturkeun lalakon Nyi
Rapiah, popotongan Ujang
Kusén, bojo Aom Usman nu
kolot, meunang ngiwat Si Ab-
dullah jaman migunung di
kebon kopi Sekeawi. (hanca)
15. P
idawuh Alloh Swt. “Dzaalikal
kitaabu laa roiba fiihi hudan
lil muttaqin,” hartosna, Ieu
kitab (Al-Qur’an) téh, henteu aya
kamangmangan dina eusina, pi-
tuduh (hidayah) pikeun jalmi-jalmi
takwa.
Alhamdulillah, ayeuna urang
tiasa deui miéling nuzulul qur’an
dina taun 1434 H. Teu di kota teu di
désa, umat Islam teu kendat nga-
gungkeun Alloh ngalangkungan
aosan-aosan kalam illahi. Mudah-
mudahan, urang kalebet golongan
jalmi takwa nu salawasna ngagung-
keun al-qur’anul karim.
Dina acara miéling nuzulul
Qur’an atanapi turunna al-Qur’an,
biasana sok direuah-reuah ogé ku
rupa-rupa kagiatan kaagamaan.
Ngan naon sababna, saréngséna
miéling, kaimanan umat, seueurna
mah sok angger, teu aya robahna?
Miéling nuzulul Qur’an lekasan,
tapi nu maca Qur’an, nu paham lain
kalah nambahan. Rupina, ieu nu
kedah janten eunteung urang
sadayana. Boa-boa, alatan kitu téh,
loba jalmi nu miéling tapi haténa
mah teu éling.
Sangkan urang éling, mangka
Al-Qur’an jadikeun minangka
hudan, pituduh, sangkan hirup
urang henteu sasar. Naon sababna
manusa perlu pituduh? sabab
hirupna manusa, éstu moal cicing
dina hiji kaayaan, aya kalana dina
senang aya kalana dina susah. Geus
jadi sunatulloh. Laqod holaknal
ingsanaana fi kabad. Saéstuna
manusa téh ku Kami diyugakeun
dina kaayaan susah. (QS. Al-Balad:
4). Kitu deui henteu waé nerap di
pajabat atawa nerap di nu masakat.
Nu humandeuar teu kurang-ku-
rang: di warung, di huma, di sakola,
di pabrik, di kantor, teu pilih bulu.
Margi kitu, al-Qur’an masihan
waleranana, sangkan nu bagja kudu
syukuran, nu tunggara kudu sobar.
Keur bagja kudu béréhan, tutulung
ka nu butuh. Atuh nu masakin ogé
henteu kudu leutik harepan nepi ka
jadi kufur. Sabab jalmi kufur mah,
lamun seug hantem diantepkeun,
kurang-kurang temah wadi mah
éstu matak musyrik kana takdir.
Témahna nganaha-naha ka Nu
Maha Kawasa, naha iraha datangna
kabagjaan anu sajati? Kalan-kalan,
lain waé nu ripuh ku haleuah
dunya, dalah lamun geus ngurus-
keun hirup mah, rata-rata jalma
jiga sok nu nanya; saha atuh jalma-
na anu kasinugrahan bagja-bagja-
ning hirup? Lamun mah satiap
jalma nu kumelendang di alam
dunya ieu, teu leupas tina pasualan,
lésot hiji jol deui pasualan séjén.
Tah, dina sasih Romadon ieu,
nu mumutkeun dawuhan Kangjeng
Rosul ogé 'gufirollohu maa taqod-
dama min danbih', bakal diham-
pura dosa-dosa nu geus kaliwat,
tangtos ulah dimomorékeun. Ngan
saha jalmina nu iman tur ihlas?
gambaran sadayana aya dina al-
Qur’an.
Ku margi kitu, dina miéling
nuzulul qur'an, tangtos momen ieu
kedah janten pikeun ningkatkeun
pangaweruh agama Islam jalan
keur muhassabatun nafsi. Tos dugi
ka mana urang nempatkeun Al-
Qur'an? Naha leres jadi cepengan
hirup urang? atanapi bujeng-bu-
jeng jadi cepengan, pituduh, dalah
kanyataan mah dibumi nyalira ogé
teu aya al-Qur'an-al-Qur'an acan.
Euh, biheung temenan Alloh ma-
sing rohmat-Na. Aya deui, saurna
ari al-Qur'an mah gaduh, malahan
Qur'anna saé, kaligrafi hérang lir
emas 24 karat, tapi duka kumaha
maosna. Nu aya mah, resep kana
hiasan Al-Qur'an nu mantak adem
cenah. Pas sumping ka pa Ustad,
saurna hoyong pangwurukan
murangkalihna, margi ramana teu
tiasa iqro-iqro acan. Kumaha
upami kitu?
Mangga urang uih deui kana
Nuzulul Qur'an. Naon atuh nu tiasa
janten palajaran kanggo urang?
Seueur pisan, diantarana :
Kahiji, terang kana agama
sareng tauhid. Jalmi tiasa to'at
sareng fasik téh gumantung kana
terang sareng henteuna kana pi-
tuduh-Na. Ari pituduh Alloh
ngalangkungan al-Qur'an sareng
hadits pikeun mageuhan manusa
sangkan nyekel agama Islam. Inna
dinna indallohil Islam. Saéstuna
agama nu diridoan ku Alloh téh
mung Agama Islam. Islam hiji
agama ngagaduhan dasar-dasar
pokona, nu disebat rukun Islam
téa, syahadat, solat, zakat, puasa,
Nuzulul Qur'an 1434 H;
Miéling Sangkan Manusa Éling
Ku Abdul Khalik, M.Ag. *)
14 Manglé 2435
16. sareng munggah haji. Kitu deui,
tina al-Qur'an urang bakal terang
kana eusi agama, mana nu meu-
nang rido Alloh, mana anu hanteu.
Sakumaha tadi ogé, ngan agam
Islam wungkul nu dipikarido ku
Alloh Swt. Dawuhan Alloh Swt. :
“Wa angjalna 'ilaikal kitaba bil
haqqi musoddiqol lima baena
yadaihi, Jeung kami nurunkeun ka
manéh kitab Al-Qur'an anu mawa
haq anu ngabenerkeun kana kitab
anu saméméhna. (QS. Al-Maidah
48). Nu dimaksad saméméhna téh
nyaéta Taurat, Injil sareng Zabur.
Kadua, dumasar kana surat al-
Alaq, ayat 1-5, Iqro bismirobbikal
ladzii kholaq, baca, kalayan as-
mana-Na Alloh Pangeran manéh
anu geus ngayugakeun. Ieu
nuduhkeun sangkan milari élmu.
Margi ku élmu, hirup bakal caang.
Kangjeng Rosululloh SAW
negeskeun, Thalabul ilmi faridotun
'ala kulli muslimin wa muslimat"
Milari élmu téh wajib pikeun tiap
muslim jeung muslimat, "Uthlubul
ilma wa lao bish shin", prak palu-
ruh élmu sok sanajan nepi ka nagri
Cina. Kitu deui, "Uthlubul ilma
minal mahdi ilal lahdi", téangan
élmu ti mimiti brol lahir nepi ka
liang kubur. "Innamal ulama
warasatul anbiya", anu baroga
élmu, éta téh ahli waris para Nabi.
Dina dawuhan séjénna, Rosul SAW
kantos nandeskeun, yén dina poé
kiamat téh bakal ditimbang mangsi
ulama sareng getih syuhada,
kabuktian mangsi ulama leuwih
beurat tinimbang getih syuhada.
Katerangan séjénna, darajat
manusa gumantung kana al-
Qur'an. Dawuhan Rosululloh SAW
nu hartosna kieu : Innaloha yarfa'u
bihaadal kitaabi aqwaama wado'u
bihi aahorin. Hartosna : Alloh
bakal ngangkat darajat sababaraha
kaum ngaliwatan kitab ieu (al-
Qur'an) jeung Alloh bakal nurun-
keun (darajat) sababaraha kaum
séjénna ngaliwatan kitab ieu (Al-
Qur'an).
Katilu, manhaz al-Hayat sareng
washilah al-hayat. Ngalangkungan
al-Qur'an urang tiasa terang kana
manhaz al-hayat, aturan naon nu
wajib, naon nu haram, makruh,
sunat, mubah, batal, syah jeung
sajabana. Intina ku aturan, manusa
bakal terang mana nu kudu di-
lakukeun mana nu kudu ditinggal-
keun. Margi tadi téa, senang jeung
susah, hadé jeung goréng boh
sipatna boh tempatna, éta mémang
tos sunatulloh. Ngalangkungan Al-
Qur'an urang bakal terang kana
hukum-hukum Alloh. Hukum bis-
nis, aya hukum muamalah, badé
solat, zakat, thaharoh jeung saja-
bana aya hukumna. Badé ancrub
kana dunya politik, aya hukum
siyasah. Kanggo kulawarga, aya
akhwalusy syahsiyyah, badé kana
perang, aya élmu jinayah, kitu deui
sareng nu sanésna, sadayana aya
dina al-Qur'an.
Lian ti Manhaz ogé, al-Qur'an
ngajelaskeun yén urang téh
dipaparinan al-washilah al-Hayat,
sarana hirup, tempat saeusi alam
ieu. Bumi, langit, lautan, daratan,
pepelakan, ingon-ingon, hawa,
nafas, anggaota badan jeung sarana
séjénna nu moal kaitung, éta sa-
daya anugrah Alloh Swt. Lain
syakartum la ajiidannakum walakin
kafartum, inna 'adzabil laasadiid.
Kitu deui, washilah ieu ogé, henteu
cukup ditempatan wungkul, tapi
kudu dipiara ulah diruksak. Dho-
harol Fasad fil barri wal bahri bima
kasabat aidinnas. Kasuksakan di
daratan jeung di lautan téh karana
leungeun manusa kénéh.
Kaopat, amaliah. Al-Qur'an
disebatna ogé hudan, pituduh
sangkan manusa ulah tigebrus kana
picilakaeun, ulah kabawa, kaséréd
kana jalan pidorakaeun.
Ngalangkungan al-Qur'an tiasa
terang, golongan mu'minin, golon-
gan muttaqin, muslihin, solihin, so-
birin jeung sajabina. Kitu deui aya
golongan munafik, fasik sareng go-
longan sasar sanésna. Sadayana
golongan éta, tiasa kauninga tina
sajarah-sajarah manusa dina Al-
Qur'an, sapertos nalika Nabi Adam,
Nuh, Musa, Isa dugi ka jamanna
Nabi Muhammad SAW, kalebet
urang sadayana.
Lian kitu, du'a-du'a, sami éta
ogé kalebetna amaliah. Kumaha
du'a nabi Adam, du'a Nabi Ibro-
him, Allohuma robbi habli minas
solihin, dua nabi Musa, du'a Nabi
Dawud dugi ka du'a Nabi Muham-
mad SAW. Éta sadayana pituduh
nu kedah janten amaliah urang sa-
daya. Al-Qur'an dikawitan ku surat
Al-Fatihah ngawengku tauhid
kaimanan, élmu kaagungan Alloh,
hukum syari'at, washilah al-Hayat
sareng dasar amaliah. Syirotol
ladziina an'amta 'alaihim ghoiril
maghdubi 'alaihim waladdooliin.
Nu hartosna, (Nyaéta) jalmi-jalmi
anu parantos dipaparin ni'mat ku
Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu
kénging bebendon ti Gusti, sareng
sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar.
Ku margi kitu, mangga urang
ngeunteung diri, tos dugi ka mana
urang ngajadikeun Al-Qur'an. Naha
tos janten dasar pikeun
ningkatkeun élmuna, ahlakna
sareng kaimannana? Margi, jalma
nu pengkuh nyepeng al-Quran
(jeung hadis) tanwandé salila
hirupna moal pinanggih jeung
sasar. Mun kahirupan henteu
undut kalinduan gedag kaanginan
satuhu ngajalankeun paréntah al-
Quran dijamin saratus persén,
naon anu jadi udagan kahirupan
bakal kahontal. Upama kitu, jelas,
Qur'an téh teu kénging kaéléhkeun
ku koran. Ari koran pangheulana
dibaca, ari Qur'an mung sataun
sakali, kitu ogé dina tadarusan.
Jéntré tur écés, Al-Qur'an téh pi-
tuduh sareng al-furqon, nu
ngabédakeun mana nu haq mana
dolim. Atuh dina sasih Romadon
ayeuna, hayu urang mimitian deui,
urang resep maca sareng milampah
sakumaha pituduh al-Qur’an. Kitu
deui, mudah-mudahan, dina
Romadon taun ayeuna, urang
salawasna dipasihan nur ka-
mulyaan, dipasihan marfiroh
sareng inayah sareng diluhurkeun
darajat kahirupan. Mudah-muda-
han Alloh Swt. dina Nuzulul Qur'an
ieu salawasna masihan pituduh
sareng hidayahNa. Amin Ya Robbal
'Alamin. ***
*) Guru MTs. Yayasan Pen-
didikan Kalangsari Cijulang
Ciamis
Manglé 2435 15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS
Ngosok Waos Waktos Saum
Patarosan:
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Tumaros, 1. Upami urang nuju
saum, naha saum sunat atanapi
saum wajib, naha kénging ngosok
waos? 2. Pami nuju saum, kumaha
hukumna kekemu sareng ngalebet-
keun cai kana pangamung, nalika
wudu? Sakitu waé, hatur nuhun.
Wassalam,
Deni
Cipacing Rancaekek Bandung
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun. Urang
bahas heula patarosan nu kadua.
Aya istilah nu peryogi ka uninga
ngeunaan kekemu (kukumur/-
kekemes) sareng ngalebetkeun cai
kana pangamung dina waktos
wudu. Dua padamelan éta, dina
hukum Islam atanapi élmu fiqih,
umumna disebat istinsyaq. Ieu isti-
lah dinukil tina basa Arab, hartosna
kekemu (kukumur/kekemes)
sareng ngalebetkeun cai kana
pangamung dina waktos wudu.
Aya dua perkawis anu janten
patarosan, nyaéta istinsyak sareng
ngosok waos dina waktos saum.
Patarosan anu kahiji perkawis
istinsyak biasana dilaksanakeun
dina waktos wudu (abdas).
Patarosan anu kadua biasana
dilaksanakeun di luar wudu
kalayan disaluyukeun sareng
kaayaan atanapi kabutuhan.
Anapon istinsyak dina waktos
wudu, sapalih ulama, aya anu
galebetkeun kana hukum sunat.
Dina hartos, sanajan dina
ngalaksanakeun wudu teu kukumur
atanapi istinsyak heula, henteu jan-
ten nanaon, sah wuduna, margi ieu
padamelan henteu kalebet fardu
wudu sakumaha pamadegan Imam
Abu Hanifah, Imam Malik, sareng
Imam Syafi’i. Tapi numutkeun
pamadegan Imam Ahmad bin
Hambali mah istinsyak kalebet
kana fardu wudu, margi mangrupa
bagéan tina ngumbah raray.
Sedengkeun ari ngumbah raray
dina wudu kalebet fardu.
Sedengkeun pamadegan mayoritas
ulama mah, istinsyak dina wudu
hukuma kalebet sunat.
Margi kitu, leupas tina hukum
istinsyak dina wudu, naha kalebet
sunat atapi wajib, saéna mah dua
perkara ulah dikantunkeun, naha
nuju waktos saum atanapi henteu.
Paling nu kedah dipahing téh, dina
waktos saum, isytinsyak téh ulah
dugi kaleuleuwi.
Anapon nu ngalebetkeun isytin-
syak hukumna fardu, luyu jeung
pamadegan nu dumasar kana
katerangan ti hadits Rosul Saw:
”Lamun anjeun isytinsyak, prak
laksanakeun nu bener-bener
sampurna, iwal anjeun keur
ngalaksanakeun saum,” (Hadits
diriwayatkeun ku Imam anu opat).
Upami urang wudu nuju saum,
teras nalika isytinsyak aya cai anu
lebet kana tikoro, bari teu dihaja
jeung teu kaleuleuwi, éta ogé
saumna sah. Tapi pami lebetna cai
kana tikoro bari dihaja, komo lebet
kana patuangan, éta mah saumna
batal. Hal ieu dumasar kana Hadits
Rasul Saw: ”Teu dianggap salah
(dosa) pikeun umat kuring ngeuna-
an pagawéan anu dipilampah lan-
taran teu dihaja atawa dina
kaayaan poho atawa dipaksa”.
Teras ogé dina Alqur’an disebat-
keun: ” ... jeung henteu jadi dosa
pikeun anjeun perkara anu anjeun
hilap ngalaksanakeunana, tapi nu
matak dosa mah anu ngahaja niat
milampahna ...” (QS. Al-Ahzab: 5).
Sajabi ti pamadegan kitu, aya
deui katerangan ulama anu teu
ngameunangkeun istinsyak dina
waktos saum. Nu jadi dasarna keur
ngajagi (ikhtiyath) bilih aya cai anu
lebet kana tikoro, nu teras lebet
kana patuangan (kaleueut). Ku
kituna, istinsyak dina waktos saum
saéna dikantunkeun heula, tapi sok
sanaos dikantukeun ogé, tangtos
wuduna tetep sah, margi istinsyak
dina wudu hukumna sunat.
Teras, hukum ngosok waos,
numutkeun pamadegan sapalih
ulama hukumna mustahab, tegesna
sunat, pami dilaksanakeunana
sateuacan waktu panon poé aya di
saluhureun sirah. Tapi pami
dilaksanakeuna dina waktu panon
poé tos ngagilincir, hukumna
makruh. Katerangan ieu dumasar
kana Hadits Rasul Saw: ”Demi
Alloh! Anu sayaktosna diri abdi aya
dina kakawasaan-Na. Saenya-
enyana seungitna nafas jalma anu
nuju saum, di sisi Alloh langkung
seungit tibatan seungitna minyak
kasturi” (HR. Bukhori). Dumasar
kana ieu katerangan, para ulama
ngagaduhan pamadegan pikeun nu
saum, makruh hukumna. Pamade-
gan ulama lianna, aya ogé anu
nyebatkeun hukumna mustahab
(sunat). Pamadegan ieu dumasar
kana salasahiji Hadits Rasul Saw
anu sumberna ti sohabat Amir bin
Robi’ah: ”Kuring ningal Kangjeng
Rosul Saw sering ngosok waos, dugi
ka teu kaétang, padahal mantena
nuju saum.” (HR. Bukhori, Abu
Dawud, sareng Imam Tirmidzi).
Wallohu ‘alam.
16 Manglé 2435
18. K
ocap poé kagenep puasa saperti
biasa Abu Nawas ngadaweung
dina babancik imahna bari
ngadagoan bedug magrib. Sabot kitu in-
yananyawangkumahasangkandapurna
tetep ngebul. Meunang kira-kira sapa-
nyeupahan ras inget di lembur éta téh
aya tuan tanah nu hirupna sugih-mukti.
Imahna gedé, pangkéng-pangkéngna
ngajajar, lahan pangangonana satung-
tung deuleu, ingon-ingonna ngaratus,
leuitna ngajéjér, duit pérakna méh-
méhan teu kawadahan, jsb. Hampir
saban jalma teu kajaba Abu Nawas sok
baluburuh di manéhna. Ngan hanjakal
manéhna téh kawentar kumed. Najan
pagawéanna paéh poso buruhna teu
sabaraha. Sakalina aya nu dibéré nga-
hutang, naurna tara kurang ti dua kali
lipet. Disebut réntenir téh lain boboho-
ngan. Hiji mangsa tuan tanah apaleun
Abu Nawas boga kamonésan. Demi Abu
Nawasmahsabandibérénginjeumnaon
baé ogé cenah témpona naur téh sok jadi
anakan. Contona baé mun inyana diin-
jeuman hayam (bikang), témpona dipu-
langkeun téh jadi dua jeung anakna.
Ceuk pikirna saha nu embung ngin-
jeumkeun ka Abu Nawas. Pasti ngun-
tungkeun! Manéhna, ti harita bisa
disebutkeun ngarep-ngarep kainjeuman
ku Abu Nawas.
Soré éta kénéh Abu Nawas boga
karep rék nginjeum endog tilu siki.
Tangtu baé tuan tanah bungaheun
naker. Lantaran pasti endogna moal lila
deui bakal anakan. Malahan harita
kénéh tuan tanah ngahengkopkeun ka
Abu Nawas bisi rék nginjeum deui nu
séjénna. Ngan ceuk Abu Nawas moal.
Da, pereluna ogé ukur endog tilu siki.
Teu poho tuan tanah langsung nanya ka
Abu Nawas, iraha endog nu diinjeumna
rék ditaur. Abu Nawas ngajawab, moal
bisa nangtukeun ngan mun geus aya
jang naurna tangtu moal diengkékeun.
Lima poé ti harita, Abu Nawas geus
ngurunyung rék naur endog nu diin-
jeumna. Nu tadina tilu siki jadi lima siki.
Nempokaayaankitu,tuantanahbungah
amar watasuta. Tanpa pikir panjang,
tuan tanah nawaran deui bisi aya kénéh
nu rék diinjeum. Nya harita Abu Nawas
nginjeum piring poslén dua siki. Jero
pikirna,sababarahapoékahareuppiring
polénna bakal ngalobaan. Lima poé ti
harita, Abu Nawas datang deui rék mu-
langkeun piring poslén nu diinjeumna.
Nutadinaduasikijaditilusiki.Najanteu
sapertinudiharepkeun,tuantanahtetep
atoh. Piring poslénna nambahan.
Sanggeusna kitu tuan tanah ngahaja
nawarkeun duitna. Gedéna sarébu
dinar! Jumlah nu luar biasa. Cenah
sarébu dinar téh cukup keur mayar gajih
pagawéna campleng sabulaneun. Sarua
jeung saméméhna harepana duitna
bakal anakan. Saloba-lobana. Biasana
Abu Nawas naur hutangna saban geus
lima poé. Antukna duit nu sarébu dinar
téh “kapaksa” diinjeum ku Abu Nawas.
Tapi, selang lima poé ti harita Abu
Nawas can hol. Selang sabulan can hol
kénéh.Tuan tanah geus teu sabar.Tung-
tungna curiga. Moal kitu dicalikong mah
ku Abu Nawas?
Awalna tuan tanah jeung centéngna
siap-siap rék ngontrog Abu Nawas.
Ngan,inyanakaburudatang.Tuantanah
atoh, da nu didago-dagona datang.
Sugan téh rék naur hutangna.
Kumahaatuh?“Hanjakaltuan.Artostéh
bujeng-bujeng anakan. Malihan tilu din-
ten saatosna ditambut sadayana ma-
raot”, ceuk Abu Nawas.
NgadéngéomonganAbuNawaskitu,
tuan tanah ngambek sataker kebek.
Malah centéng-centéngna méh-méhan
ngarintug Abu Nawas.
Tuan tanah ngadukeun kajadian
bieu ka kadi/hakim. Kadi/hakim satuju
disidangkeun. Abu Nawas didakwa nga-
laporkeun “kajadian” nu dijieun-jieun.
Malah didakwa ngahaja ngawadul. Gan-
jarana Abu Nawas kudu digantung
atawa dicambuk/dirajam. Tapi putusan
kadi/hakim bener-bener adil. Ceuk
kadi/hakim: “Sakur nu sok anakan pasti
paéh. Sabab embé sok anakan pasti
paéh. Nya kitu deui duit, mun duit sok
anakan pasti paéh”. Alhasil, Abu Nawas
dibébaskeun tina sagala tungtutan.***
(Disarungsum tina
sababaraha sumber).
Dasar Kumed
Ku Mahmud Yunus
Manglé 2435 17
19. 18 Manglé 2435
M
un ayeuna malikan ingetan
jaman keur budak, tilupara-
pat abad kaliwat, aya opat
kagiatan husus mapag bulan puasa di
lembur kuring nyaeta: nyekar, kura-
mas, munggah jeung…. ngoméan be-
dug. Saur pun bapa, ti jaman aki
Halipah Bintang nepi ka digentos ku
anjeunna tradisi eta geus prah di-
ayakeun. Kuring gé ngalaman kénéh
méméh muguran akibat “sodara tua”,
balatentara penjajah Jepang, nga-
galaksak.
Nyekar
Saminggu méméh puasa makam-
makam nu tadina canéom barala ku
kalakay, pangpung jeung jukut ngaje-
jembrung ngadadak caraang lalening.
Sasatoan saperti oray, kalajengking,
babakaur sésa maéhan kalabur teuing
ka mana. Engké kawasna baralik deui
sanggeus makam barala kawas ti heu-
la. Meunang sawatara taun méméh
bulan puasa, lebé ngeprik jalma-jalma
nu dumukna sabudeur pamakaman
jeung sing saha baé nu daék, utamana
kulawarga nu dipendem, pikeun nga-
yakeun kerja bakti lilana dua-tilu poé
meresihan pamakaman.
Nu nyuguhanana saha baé nu ihlas,
tapi umumna mah para pamuka
saperti Juragan Camat, Juragan
Kuwu, Juragan Ulis, Juragan Jakat
jeung Juragan Halipah. Dicontoan ku
para “élit lembur” mah nu séjénna
saperti nu boga toko jeung jalma-
jalma nu sawahna lalega sok milu
nganteuran susuguh.
Bapa kuring mah ku sabab harita je-
neng Halipah (kapala KUA ayeuna
mah) sok pangheulana miwarang
nganteuran téh. Atuh Ema dibantuan
ku réncang-réncang ti bada subuh
geus upres di dapur ngadamel opieun
jeung timbel sapuratina. Pabeubeu-
rangdianteurkeunkuMangEnongdi-
tanggung meunang dua balikan.
Kuring ogé sok susulumputan nu-
turkeun Mang Enong. Tara bébéja
heula sabab pasti bakal dicaram.
Resep di makam mah loba barudak
ngadon arulin bari paheula-heula mu-
lungan manggu, limus jeung pisitan
nu arasak maruragan, malah remen
nimu suung mangkak. Dina waktuna
ngopi atawa dahar kuring mah ku
Mang Lebé sok kabagéan jatah satim-
bel, didahar ku duaan jeung si Idris,
anakna. Tara balik mun can disusulan
ku piwarangan Ema mah. Datang-
datang digambréng, da méméh indit
poho mandi.
Tah, sanggeus pamakaman lalening
jeung caraang mah rabul nu nyalekar
kamakamkulawargaséwang-séwang-
an. Pamakaman nu biasana combrék
jeung geueuman ngadadak ramé ku
nu nyalekar. Di mana-mana aya nu
meuleum sapu paré, haseupna ngelun
pacampur jeung mabek bau menyan.
Teu anéh mun harita loba nu aha-oho
katerap panyakit batukdadakanjeung
panon peurih kapuput haseup sapu
paré. Da kitu di lembur kuring mah
mun nyekar téh loba nu mareuleum
sapu paré jeung ngukus. Pajah ngaha-
neutan jeung nyeungitan nu dipen-
dem.
Kuramas di walungan
Kuramas mah piisukeun puasa. Pa-
jarkeun téh susuci raga mapag puasa
nu dianggap susuci batin. Kawasna
mah saréréa, lalaki, awéwé, kolot,
budak poé éta mah salembur ubyag
dialangir di sumur masing-masing
atawa di walungan. Jaman walungan
Ciroyom caina gedé kénéh, loba leuwi
jeung kedungna, malah lebah lembur
Sukarenah mah caina hérang nyéot
tarik ngaliwatan babatuan jeung kiki-
sik sabuderna. Umumna urang lem-
bur harita sok di walungan marandi
jeung kuramasna téh, kolot-kolot mah
tempatna ngahaja milihan leuwi nu
rada jéro béh girang misah ti tempat
barudak. Sok dibuburak mun aya
barudak rék milu mandi di dinya
najan geus tarapis ngojayna ogé.
“Halik, montong di dieu marandina
bisikasambet”kitunyingsieunanatéh.
Kasambet téh kasarumahan atawa ka-
surupan. Padahal mah karagokeun
meureun,dasaruaatuhsokbarulucun
cukup ditutupan ku dua ramo mun
rék gebrus jeung haranjatna téh.
Sanggeus di darat gog naragog bari
masangkeun sarung ngaliwatan sirah,
karék jung nangtung.
Kuring mah mun bongoh ti kolot
sok milu kekecebekan di walungan.
Tapi sok kanyahoan baé ku Ema mah
ari tas ulin ti walungan téh. Kungsi éta
ogé ngangles, tapi langsung kuninga.
”Ari éta panon bareureum ku naon?”
saurna bari molototan. Atuh teu bisa
kukumaha.“Dahérangieuh,atuhMa”
walon kuring méré alesan. “Yeuh ma-
sing katénjona hérang ogé tetep baé
kotor Ciroyom mah. Geura kumaha
mun di girang aya nu ngamandian
munding jeung nu bubuang. Iiiy
geuleuh. Matak budug deuih” saurna
tandes. Da enya atuh sakapeung mun
keur jongjon karokojayan sok aya “lélé
konéng” milu ngaliwat. Tapi da tara
dipaliré ieuh, diantep baé najan méh
ngadupak irung ogé. Kajaba mun
ukuranana rada istiméwa, nyaéta
“karyapadat”nukabebeng,ngagelem-
peng tanding pangpung ngambang
Tatahar Puasa di Lembur
Ku H.D. Bastaman
1
20. Manglé 2435 19
nyoloyong anteng ti girang. Nu kitu
mah ku barudak sok ditalénggoran ku
batu pakeuna-keuna. Can keuna mah
sok “dibalapan” ka hilir bari terus
dibalédogan ti sisi. Tah, mun meneran
keuna nepi ka paburantak ger
salusurakan bari tingcorowok “Sing
murus siah! Sing mejen siah!” Mak-
sudna nyarékan jeung nyupata nu
bubuang sambarangan bari nyaho di
girangeunana loba nu mandi. Tapi
“sakadang” téh aya ogé nu salamet teu
katénggor,leungitkabawacainyéotka
hilir, teuing ka mana losna.
Kuramas istri-istri
Istri-istri mah maké cai saringan
beuleum sapu paré kuramasna téh. Ti
anggalna geus disayagikeun, milihan
tinageugeusanparé“Geulismandi”nu
baradag, garing semu hérang. Can
usum sampo harita mah, malah
mandi ogé loba kénéh nu dikasay ku
daun peuteuy sélong minangka
sabunna. Atuh meresihan pameunteu
mah biasana ku pucuk daun jambu
kulutukmeunangmetikbarikacai,di-
caian saeutik terus, digélang ku
dampal leungeun nepi ka bubuk,
diusap-usap kana damis lalaunan.
Moal katerap ku hunung atawa éwa-
teun alias jarawat mun damis sering
dibersihan ku éta mah. Harita mah
boro-boro sampo, wedak nu panga-
lusna ogé (da ngan hiji-hijina atuh)
nyaéta wedak Saripohaci. Dijieunna
tina tipung béas, diwadahan ku cepuk
buleud tina kardus, eusina baruleud
laleutik gedéna saluhureun siki saga,
seungit orok. Saripohaci mah serba
guna, bisa dipaké wedak atawa mas-
ker. Mun rék dipaké wedak tinggal
dibubukkeun nepi ka lemes diantara
curuk, jajangkung jeung jempol, terus
dipaké pupur. Duka ku naon di lem-
bur kuring mah barudak laleutik
awéwé lalaki sanggeus dimandian sok
terus diwedakan. Kuring mah ti
leuleutik panghoréam-horéamna di-
wedakan téh lantaran kungsi kapire-
upeunan. Mun dipaksa kudu diwedak
an sok buru-buru lumpat ka cai,
ngumbahbeungeut.Atuhpadangage-
lendeng ku nu mapantes, pangpangna
ku lanceuk-lanceuk awéwé, ceu Éna
jeung ceu Momi. Tah, ceu Éna jeung
ceu Momi nu biasa maké masker
Saripohaci téh jaman duanana karék
bijil amis cau. Carana, sababaraha siki
Saripohaci diwadahan kana pisin, di-
caian ku cikendi, sanggeus rada kiled
terus diulas-olés kana pameunteu,
antep nepi ka garing. Sanggeus ga-
ring…..hasilna camohok kawas….....
bungaok. Sok dipoyokan ku kuring
mah mun duanana keur anteng ngu-
rus beungeut: “Siga bungaok! Siga
bungaok!” ceuk kuring gogorowokan.
Beretek lumpat ka jalan bari terus
moyokan. Arambekeun pisan. Malah
ceu Éna mah sok ngudag, mun
katéwak béak diciwitan jeung dilé-
kéték.Tapidatarawanieunaringudag
nepi ka jalan mah. Sieuneuneun
disangka bungaok enyaan kawasna.
Uninga bungaok? Bungaok téh bé-
jana sabangsa jurig awakna hideung
lestreng buluan ari beungeutna bodas
kawas nu diwedak camakblak.
Mun urang leumpang di leuweung
sok ujug-ujug jleg baé aya hareupeun
bari rugag-rigig ngarenyohan, kereles
leungitukurkadéngésorana“hohoho-
hoho” tarik pisan ti jero leuweung siga
ngeunah nyeungseurikeun nu nga-
yekyek kasima. Kawasna mah bu-
ngaok téh sabangsa monyét gedé nu
kiwari kari ngaran lantaran tumpur.
Aéh, naha bet kalah nyaritakeun bu-
ngaok? Urang balik deui kana perkara
kuramas téa.
Istri-istri mah sanggeus réngsé ku-
ramas sok ngagaringkeun rambut di
nu rada panas bari dihéar-héar.
Nu panjang pisan rambutna mah,
siga Ema, sok disampaykeun kana
parantina siga rak anduk tina golon-
dongan awi konéng.
Poho deui ngaranna mah. Tas kitu
disisiran bari diminyakan ku minyak
keletik (kalapa) meunang ngahaja
nyieun sorangan dicampuran kekem-
bangan sareungit saperti malati, tan-
jung, campaka jeung kananga.
Rambut panjang gomplok hideung
meles téh hasilna jadi semu hérang.
Tara rontok atawa huisan cenah buuk
nu sering diminyak-keletikan mah.
Sanggeuskituterusibu-ibujeungpara
mojang maridang mapag isuk mung-
garan saum bari siap-siap silih anteu-
ran katuangan munggah.
Kaciptana téh gareulis maranis ba-
reresih istri-istri nu maridang anyar
dikuramas mah, matak narik geugeut
para carogé. Akibatna? Méméh saur
kudu mindo dikuramas.
(hanca)
21. 20 Manglé 2435
K
awantu kado-
rong ku rasa
sono ka incue
lalampahan nu
sakitu jauhna
téh mani teu karasa.
Indit ti imah wanci janari
leutik. Tumpak mobil dogong
bareng jeung nu rék balanja
ka pasar. Turun tina mobile
nyelang solat subuh dilaju
sasarap. Muka timbel beu-
nang indung budak. Geus
karasa cukup reureuh mahe
lalampahan dituluykeun naék
élf ka terminal. Turun tina
élfe clak kana beus nu kabe-
neran rék mangkat pisan.
Karasa rinéh geus meu-
nang tempat diuk dina beus
mah. Angkanan téh rék nu-
luykeun hanca peuting nu ka-
ganggue dug deui wé saré.
Nyangkéré dina jok empuk.
Lep wé. Sadar-sadar beus
geus asup ka jalan tol. Éta gé
pédah digeuingkeun ku kon-
déktur nu nagih ongkos.
Ngarérét kana arlojie geus
méh tujuh jam lalampahan
basa beus asup ka terminal
Leuwi Panjang téh. Tinggal
satahap deui muru tujuan.
Naék taksi wé lah ambéh
gancang. Teu kuat ku sono ka
incu. Sakalian deuih ambéh
gampang naékkeun babawa-
an nu sakitu rébona.
Pukul sapuluh leuwih saeu-
tik taksi eureun hareupeun
panto gerbang imah si cikal.
Jut turun rada rurusuhan.
Méméh muka panto téh nga-
haja noong heula tina sela-
sela jaruji panto gerbang.
Katémbong Ahzane incu ku-
ring keur nangtung di téras
imah dibaturan ku indungna
nu diuk dina korsi. Kawasna
mah karék balik sakola da
diseragam kénéh.
Teu kuate haté kumejot
hayang geura ngarawu
budak. Rekéét... lalaunan
muka panto gerbange hari-
wang gareuwah ka nu di jero.
Na ari panto mukae gorowok
téh budak ngajorowok sabari
ngalieuk. “Mamah... itu liat...
ada Engking...”
Deregdeg lumpat muru
kuring. “Engking... Engking
ko cendilian... Ci Amih eng-
gak ikut... lagi ngasih makan
ayam ya King..?”
Budak norowéco. Leu-
ngeunna nangkeup pageuh
kana bitis. Jung budak di-
pangkue celengok diciuman.
Emhe kabayar capé téh. Nya
ieu pisan anu disawang sapa-
parat jalan. Sora incu!
“Iya Dé.., Si Amih mah lagi
ngasih makan ayam dulu.”
ngajawab saengabna.
“Haturan Apa. Teu sareng
Embu?” teu katangén ti
anggalnae Eulis geus nang-
tung gigireun.
“Oh.. enya Lise si Embu
mah rada kurang séhat tadi
téh,” kuring ngajelaskeun
sabari nampanan leungeun
Eulis ngajakan salam.
“Sanés ngawartosan heula
atuhe panginten dijemput ku
Kang Arman.” Eulis nga-
naha-naha.
“Ah da apa gé kuat kénéh.
Ieu geuning bisa nepi ka
dieu,” cekéng téh bari
mésem.
Sanggeus reureuhe kuring
ngumpul di ruang makan.
Dahar saaya-aya da bongan
teu ngabéjaan heula ceuk
Eulis téh. Kabeneran ti imah
dibekelan pais lauk nileme
nya sakalian wé murak oléh-
oléh.
“King... Dédé cekalang
udah besal da. Cekolahnya
juga udah mau pindah ke és
dé...” Ahzan capétang nga-
gulkeun sakolana.
Ngomongna cadél. Ti saprak
panggih ogé budak téh em-
bungeun turun tina lahunan.
Ahzane incu kuring nu
munggarane umurna karék
lima tahun maju ka genep.
Teu karasa geus nincak dala-
pan taun rarabina si cikal téh.
Capé-capé nyakolakeune
réngsé kuliah meunang gawé
di bank anu lumayan gedé.
Teu lila hahadéan jeung Ar-
mane batur sakantor nu
ayeuna jadi salakina. Keuna
ku peraturan perusahaane
kapaksa Eulis ngéléhan milih
ngasuh budak di imah.
Armane budak ngora gan-
dang. Keur kasép téh soléh
deuih. Atuh kumawulana ka
kolote katarima pisan. Teu
salah Eulis milih salaki teh.
Hadé repok ceuk babasan
mah. Kurang ti dua taun
rarabie Eulis ngalahirkeun.
Budak lalaki. Kasép ngala ka
bapanae pikalucueun persis
indungna keur leutik. Budak
lalaki nu ayeuna aya dina
lahunan. Ahzane incu kuring
pisan.
“Dédé mau ke és dé mana
sekolahnya?” Cekéng bari
ngusapan sirah budak.
“Udah daftal da ke és dé i
té... Bécok juga ke cana la-
gih...” ceuk Ahzan. Leung-
eunna teu cicinge ngopépang
ngomé cocooan nu ngahaja
meunang meuli tadi di jalan.
“Badé séléksi énjing si
Dédé téh Pa. Kamari paran-
tos daftarna mah.” Eulis
mairan.
“Emhe mani kudu séléksi
asup SD ogé di kota mah
nya...” Kuring ngagerendeng.
“Kalo udah gedé nanti Dédé
mau jadi apa?” Kuring
neruskeun nanya ka budak.
“Péngén jadi gulu... kaya
Engking...” Ahzan ngajawab.
Kuring ngajenghok. Reuwas
ngadéngé jawaban budak.
Ngarérét ka Eulise manéhna
ogé semu reuwaseun.
***
Réngsé solat isa terus
dahar ngariung. Teu biasa
dahar peuting sabenerna ku-
ring mah. Tapi ngéléhan.
Nunggu minantu nu karék
mulang ti kantor wayah ma-
grib kolot. Rada ponyo dahar
téhe najan diréwong ku incu
anu teu elat ménta dihuapan.
“Dédé makannya sendiri
dong.., kasihan Engking.”
Arman ngahulag. Budak teu
ngawaroe malah beuki nga-
hajakeun.
“Keun wé Mane da tara
sabulan sakali bisa ngahua-
pan incu cara kieu téh.” Ku-
Ku Salira
22. Manglé 2435 21
ring ngupahan.
“Muhun.., ngadadak janten
ogo ari aya Apa téh. Biasana
mah da tara kersaeun dihua-
pan daharna téh.” Eulis nga-
jéntrékeun.
Karasa ni’mat dahar dise-
lang ku ngobrol ngalér
ngidul. Biasa wé
ngadongéngkeun kaayaan
lembure pangalaman nu
karandapan tadi di jalane
jeung réa-réa deui. Reugreug
nempo rumah tangga Si
Cikal. Najan karék diajare
tapi geus katempo eungkeut-
eungkeut pimajueun.
Réngsé dahare ngobrol téh
diteruskeun di ruang tengah.
Ahzan mah jongjon maén
game dina komputer nu teu
jauh ti tempat ngariung.
“Geus meujeuhna boga adi
si Dédé téh Man.” Ceuk ku-
ring muka obrolan.
“Sumuhun Pa. Kahoyong
abdi mah kitu éta ogé. Ngan
Eulis bangun rada horéam-
eun.” Arman ngajawab bari
ngarérét ka Eulis nu norojol
mawa baki eusi dua cangkir
kopi jeung kéler eusi
lalawuhna.
“Ah asa carapé kénéh Apa
ngasuh hiji ogé.” Eulis
mairan bari sok neundeun
cangkir jeung kéler dina
méja.
“Bisi ogo Lis teu bogaeun
batur ulin mah. Geus rék
genep taun lin Si Dédé téh?”
Kuring méré alesan.
“Leres ari kituna mah Pae
namung anu rada abot téh
ngadidikna. Kedah leres-leres
direncanakeun.” Eulis ném-
pas.
“Leres Pa. Ayeuna ogé
kanggo lebet ka SD. Lumayan
abot geuning didieu mah.”
Arman neruskeun maksud
Eulis.
“Ihe tong kitu. Sing percaya
ka Pangéran. Sng yakin gusti
Alloh nyiptakeun manusa
dibarengan jeung rejekina.”
Cekéng téh mapagahan. Le-
ungeun mah ngodomang
kana cangkir.
“Leres pisan hakékatna
mah kitu Apae mung sacara
saréat mah angger wé kedah
diétang-étang geuning. Leres
teu Kang?” Ceuk Eulis bari
ngarérét geugeut ka salakina.
Arman tibang imut.
“Ih hirup mah lain maté-
matika Lis. Rasiah Alloh mah
teu bisa diitung ku jelema.”
Kuring embung éléh. Lelem-
butan mah ngulampreng ka
jaman baheula. Kabayang
deui kumaha ripuhna nga-
gedékeun jeung ngadidik tilu
urang bati asih jeung indung-
na. Jempling sakedapan nu
ngobrol téh. Karasa panon
mimiti cepel.
“Bilih badé leleson atuh
Pae mangga ti payun. Abdi
mah gaduh padamelan
sakedik.” Arman surtieun.
“Enya Mane Apa mah geus
rada tunduh ieu téh.” Kuring
ngajawabe jung cengkat tina
korsi. “Dédé mau tidul cama
Engkiiing...” Ahzan nu keur
jongjon maén gamé lumpat
muru kuringe terus metot le-
ungeun ngajak ka kamarna.
Komputer mah diantep wée
teu dipareuman. Éléh dééte
kuring nuturkeun budak ka
kamarna.
Isuk-isuk wanci haneut
moyane kuring diuk dina
korsi di téras imah. Dina
méja geus nyampak kopi
sacangkir jeung lalawuhna.
Tambuh lakue mukaan koran
nu karék katarima tadi isuk.
Arman mah geus indit rebun-
rebun kénéh ogée maké
mobil inventaris kantor. Eulis
katempo pak-pik-pek ti
subuh mula nyiapkeun nu
rék sasarape ngabebenah
imahe sakalian ngajeujeuh-
keun Ahzan nu rék séléksi.
Watir sabenerna mah nempo
kariweuh Si Cikal téh. Kungsi
éta ogé ditawaran ladén ti
lembure tapi Eulis nolak.
Karagok cenah aya nu séjén
di imah téh. Keun wé da
masih kasiwer ngurus duaan
mah. Reueus nénjo kaparige-
lanana ngurus rumah tangga.
Teu ieuh kadéngé luh-lah
sumawona nepi ka ngarasula
mah.
“King... mau ikut ga ke
cekolah Dédé yang balu?”
Ahzan norojol ti jero.
“Ih... jangan atuh Dée
kasian Engking mah masih
capé.” Eulis nuturkeun bu-
dake laju mukakeun panto
mobil. Rék manaskeun mesin
kawasna mah.
“Iyah Dé... Engking mah
nunggu di rumah ajah ya?”
Kuring ngajawab sabari
ngécagkeun koran. Budak
ukur manyun ngadéngé
jawaban kuring.
“Abdi mios heula Pae
mudut pidu’ana.” Eulis nyo-
longkrong nyium leungeun.
Deudeuh teuing anakinge
didu’akeun ku apa... Kereteg
jero haté.
“Ayo Dée salam dulu sama
Engking.” Eulis maréntah.
Teu sawatara lila mobil
ngageuleuyeung ninggalkeun
imah. Ninggalkeun kuring nu
reueus nempo anak kadua
incu.
***
Asa karesel nungguan nu
arindit téh. Haben mindah-
mindah chanel TVe tapi eu-
weuh nu kapaké. Euweuh nu
ramé. Stasiun ieu acarana
gosip. Pindah kanu itu
acarana leuwih lalaworae
popolah di sisi laut. Ahe
puguh ogé kuring mah teu
pati resep lalajo. Da lamun di
lembur mah wayah kieu téh
keur ngawur maraban lauk
dilaju ngoconan si Mégae
hayam pelung kameumeut.
Babaku teu boga kasibukan
sanggeus pangsiune mi-
nangka cocooan téh balong
jeung ingon-ingon.
“Mau dikilim apa King..,
nanti Dédé bawain.” Kadéngé
deui sora budak sabot rék
indit.
“Emhe didu’akeun ku Eng-
king kasép,” kuring nga-
gerendeng ngomong
sorangan.
Pikiran mah ngalayang ka
mangsa katukange nalika
aktif kénéh mingpin SD di
lembur. Boro-boro kudu
séléksie éstu néangan budak
nu hayang sakola téh meuni
hésé pisan. Lamun kapare-
ngan aya budak hayang
sakola ogé pan kolotna teu
mikeun. Mending dibawa ka
huma atawa ngabantu-bantu
nyiar suluh ka leuweung
batan disakolakeun mah. Ka-
rooh ku tanaga budak. Ceuk
basa meunang salosin sirah
ogé geus leuheung. Sakitu téh
meunang sataker kebek nyiar
ti imah ka imah. Sakapeung
mah mani kudu beberegég
pacéntal-céntal heula jeung
kokolot lembur. Emh ari
inget kadinya téh sok hayang
seuri sorangan.
“Kumaha Lise langsar tadi
Si Dédé séléksina?” Kuring
nanya ka Eulis. Kabeneran
pasarandog di dapur basa
kuring kaluar ti kamar
mandi. Geus wudhu rék solat
asar. “Puguh kesel nungguan
nu keur arindite tadi téh
kalah kapeureuman.” Kuring
nuluykeun kalimah.
Eulis nu keur olah pakeun
dahar soré ngalieuk. Bele-
nyéh imut. “Alhamdulillah
Pae katingalna mah langsar.”
“Naon wungkul séléksina
téh?” Kuring nalungtik.
“Rupi-rupi Pa,” témbal Eu-
lise “Macae ngétange nyerate
sareng apalan serat-serat
pondok. Ditambih doa-doa
sadidinten. Sakantenan wéh
wawancara sareng sepuhna.”
“Duh... meuni réa kitu geu-
ning séléksina ogé. Kumaha
hasilna?” Teu sabar kuring
hayang buru-buru nyaho
hasilna.
“Dua dinten deui hasilna
tiasa ditingal dina internéte
Pa.” Ceuk Eulis. Tibang bisa
ngahuleng ngadéngé jawaban
Eulis téh.
Karasa solat téh teu pati
husu. Obrolan jeung Eulis
bieu ngaganggu konséntrasi.
Asa ngareunah teuing sakola
di kota mah. Rajeun narima
murid hayang tarima bersih.
Hayang anu geus bisa macae
bisa ngitunge jeung bisa
nulis. Emhe teu kaci atuh
kitu mahe teu afdol digawé
téh! Naon peta atuh guru-
guru nu ngajar di kelas hiji?
Inget deui kumaha hésé
bélékéna kuring jeung baba-
turan baheula ngajar di kelas
hiji. Lain perkara gampang
ngawanohkeun huruf ka
murid-murid kelas hiji mah.
Asa geus tipepereket nga-
jarkeun maca jeung ngitung
ka barudak. Henteu wé nepi
ka pegat urat genggerong
mah. Tibeberegég ngajeg-
keun leungeun barudak
23. 22 Manglé 2435
nyekel patlot keur diajar nulis.
Nepika kaluar késang lembut
kesang badag ceuk bohongna
mah. Éhe nu diajarna mah
haré-haré we.
Kabayang deui kumaha
paripolah barudak di sakola.
Boro-boro rarapih maké se-
ragam lengkep jeung sapa-
tuna. Indit ka sakola téh
cukup ku nyékére paling gin-
ding maké sendal capit. Maké
baju saayana. Teuing salin
teuing henteu dina saminggu-
samingguna téh. Teuing
mandi heula teuing henteu
deuih méméh indit sakola téh.
Da maju ka beurang mah asa
barau hangru kelas téh. Uleng
ngalamune nepi ka poho geus
nepi rakaat sabaraha nu
kaadegkeun. Astaghfirullohe
hapunten Gustie rumaos abdi
lalawora. Ahirna diébatkeun
wé solat téh. Deg nyieun ade-
gan anyar.
“Satadina mah apa rék mu-
lang isukan. Tapie jadi
panasaran hayang nyaho hasil
séléksi si Dédé.” Kuring muka
obrolan nalika ngariung
sabada solat isa. “Sing rarido
wé nyae apa jadi rada lila
nganjang téh.” Cekéng
neruskeun pamaksudan.
“Ihe Apa teu kénging
nyarios kitu. Insya Alloh
langkung ti ridoe malih abdi
ngaraos bingah pisan ka-
sumpingan Apa. Da upami
kersa mah atos wé Apa sareng
Embu téh di dieu.” Arman
gagancangan némpas.
“Muhun leres pisan.
Reugreug panginten abdi tiasa
ningal Apa sareng Embu tiap
dinten.” Eulis nambahan
kalimah salakina.
“Sukur atuh ari hidep rarido
mah. Ngan ari kudu nganjrek
di dieu mah jigana moal bisa.
Teu biasa apa mah cicing di
kota.” Reugreug haté nga-
déngé karidoan anak kadua
minantu.
“Kumaha upami mulih téh
engké waé ahir sasih Pa?
Kaleresan abdi badé ngaban-
tun cuti. Sakantenan liburan
di lembur.” Arman nawaran.
“Iya Kinge nanti Dédé bela-
jal mancing lagi kaya libulan
kemalin. Telus belajal
mandiin ayam...” Ahzan milu
mairan ngobrol bari ngalé-
ndéan. Kuring nyenghél
nahan piseurieune kagugu ku
kalakuan budak.
“Engking pulang duluan
mau ngasih makan ikane biar
nanti kalau Dédé ke sana
ikannya udah pada gedé.”
Kuring ngabébénjokeun.
“Keun wé tong teuing ngari-
weuhkeun Mane geus puguh
hasil séléksi si Dédé mah apa
rék mulang baé. Jeung deuih
si Embu bisi melangeun. Nya
rék liburan di lembur mah
sukure ku apa ditunggu
pisan.”
***
Nincak saminggu nganjang
di imah si cikal haté asa tagi-
wur. Hayang geura mulang ka
lembur. Tapi panasaran
hayang nyaho hasil séléksi si
Dédé. Samar koléséh. Lajag-
léjég teu puguh gawé. Diuk
mukaan korane tapi henteu
ari dibaca mah. Sababaraha
kali nanyakeun ka Eulis ngeu-
naan béwara hasil séléksi téa.
Tepi ka tadi beurang mah can
aya waé. Naha nya? Pan ceuk
Eulis ogé jelas poé ieu hasil
séléksi téh baris diibarkeu-
nana. Boa-boa diundur? Ah
atuh mulang ka lembur téh
moal tulus isukan. Hampura
Embue pan jangji apa ngan
dua poé.
“Kiiing... ciniiiih...! Ii ada
nama Dédé di komputel...”
Kadéngé Ahzan ngajorowok.
Gura-giru kuring asup ka jero
imah. Katempo Ahzan jeung
indungna keur nengetan in-
ternét.
“Ciiing... Engking lihat...”
Teu sabar kuring molototan
béwara dina komputer.
Ditengetan hiji-hiji ngaran nu
aya dina daftar hasil séléksi.
Sidik kabacae MUHAMMAD
AHZAN. Incu kuring lulus!!
“Lulus budak teh Lis..!”
Kuring teu wasa nahan galura
haté. Lamun teu éra ku budak
mah mani hayang ajrag-ajara-
gan bakating ku bungah. Jung
budak dipangku. Hantem di-
galéntor diciuman. Teu karasa
aya cai haneut merebey tina
juru panon. Alhamdulillahe
incu kuring tulus asup ka
sakola nu dipikahayang.
Sanggeus ngécagkeun bu-
dake panon jongjon nengetan
deui layar komputer. Teu
menda-menda atuh da maca
ngaran incu dina daftar.
Tetempoan téh terus ka han-
dap. Kabaca sarat adminis-
trasi nu kudu ditedunan ku
kolot murid nu lulus. Kuring
ngajenghoke asa teu percaya
kana tetempoan.
“Eulise coba ieu tengetan
sing gemete na teu salah
tetempoan Apa..?” Kuring né-
pakeun kahélok.
Eulis neuteup kuring
sakedapan. Kajudi manéhna
ngarasa héran ku sikep nu jadi
bapana. Haben ditunjukan
angka nu aya dina komputer
téh. Sidik teu salah. Kabaca
aya rupa-rupa biaya nu kudu
dibayar; duit taunan tilu jutae
duit bulanan tujuh ratus lima
puluh rébue duit keur meuli
tilu rupa seragam opat ratus
lima puluh rébu. Total nu
kudu dibayar ku si cikal téh
opat juta dua ratus rébu. Éta
deuih di handapeunana aya
katerangan yén duit téh kudu
dilunasan dina waktu daftar
ulang. Subhanallohe ieu mah
lain bayareun jalma leutik!
“Leres Pae na kunaon kitu?”
Eulis malik nanya semu teu
ngarti. Kuring teu wasa nga-
jawab. Hareugeueun nempo
angka dina komputer.
Ba’da solat subuh kuring
tatahar rék mulang. Asa
lalungsé awak téh. Tambah-
tambah pikiran teu bisa leu-
pas tina kajadian soré kamari.
Kabayang waé angka dina
komputer. Dina haté leutik
mah percaya yén Si Cikal geus
nyiapkeun waragad keur
sakola anakna. Nu jadi pikiran
téhe éta asa kacida biaya
sakola di kota mah. Jigana
jalma leutik mah ngimpi
hayang sakola di nu merenah
ogé teu meunang!
Kurah-koréh kana kantong
tas. Inget saacan indit téh nga-
jual heula burayak tina ko-
takan handap. Duitna can
kaburu disetorkeun ka si
Embu. Keun baé ah rék di-
paké ngajimatan incu.
Rarasaan mah si Embu ogé
bakal ridoeun. Sajuta dua
ratus rébu kabéhna mah duit
téhe cocéng saratus rébu di-
paké ongkos jeung meuli oléh-
oléh basa indit. Atuh keur
balik nyésakeun saratus rébu
deui. Sesana nu sajuta di-
tilepane sup kana saku baju.
“Janten mulih dinten ieu
Pa?” Eulis nanya basa nempo
kuring geus saged kaluar ti
kamar.
“Enya Lis. Geus lila teuing
ninggalkeun lembur. Melang
ka nu ditinggalkeun.” Kuring
ngajawab sabari ngécagkeun
tas di patengahan. Eulis ukur
mésem ngadéngé jawaban
kuring teh.
“Engking jangan pulang
cekalang...” Ahzan norojol ti
kamarna. Tayohna mah
kageuingkeun ku obrolan ku-
ring jeung Eulis. Jung budak
téh dipangku. Ditangkeup
pageuh pisan.
“Engking kan mau ngasih
makan ikan. Kasian pada
belum makan..” Cekéng ngu-
pahan. “Dédé mau ikut sama
Engking?”
“Dédé mah nanti ke lumah
Engking nya naék mobil cama
ayah.” Ahzan ngajawab.
Awakna ngagurinjal hayang-
eun turun tina pangkuan.
“Udahe Dédé solat dulu
gih!” Eulis maréntah. Budak
téh ngartieun. Léos ka kamar
mandi rék wudu.
“Jangan lupa gosok gigi ya
Déé..”
Saréngséna sasarap ngari-
ung jeung anak miantu katut
incue kuring amitan. Teu
poho ngeupeulkeun duit nu
geus disiapkeun tadi ka Eulis.
Kéképéhan si cikal embung-
eun narima. Tapi sanggeus
kuring ngajelaskeun yén
hayang ngajimatan ka Ahzan
mahe ahirna duit téh ditari-
ma.
“Naon atuh candakeun ka
lembur nyae teu gaduh
kanggo oléh-oléh.” Ceuk Eulis.
Leungeuna nyodorkeun kar-
dus nu geus dirarapih. “Ieu
mah tamba teu aya teuing bu-
rueun. Nitip kanggo Embu.”
Eulis neruskeun kalimah.
“Aah... keun teuing atuh
tong ngaririweuh.” Kuring
ngajawab. Kardus mah dita-
mpa ku Arman. Sot diteun-
deun dina bahasi. “Sok nya...
didu’akeun ku apae sing
garédé milik.”
Hiji-hiji budak jeung incu
dirangkul. Tadina indit téh
24. Manglé 2435 23
rék kana taksi nepi ka termi-
nal mahe tapi Arman maksa
hayang nganteurkeun.
Sakalian indit ka kantor
cenah. Padahal kuring ogé
nyaho kantor Arman mah
patukang tonggong jeung
terminal.
“Apa mah nganggo masi-
han artos sagalae janten isin
abdi.” Arman muka obrolan
basa mobil kaluar ti
pakarangan.
“Ih ulah sok kitu. Éta mah
jimat tanda kanyaah keur Si
Dédé. Kabeneran Apa meu-
nang rejeki.”
“Sumuhun katampi pisan.
Namung janten ngarépot-
keun ka Apa sareng ka
Embue padahal parantos
disiapkeun biaya kanggo si
Dédé mah da.” Arman
ngagerendeng.
Balas dibarengan ku ngo-
brol mah lampah téh teu
ieuh karasa. Mobil geus asup
ka terminal. Jut turun ditu-
turkeun ku minantu nu nga-
jingjing babawaan. Sup kana
beus nu masih ngetém.
Hayang reureuh tuluy saré
dina beus téh cara kamari
keur inditkeune tapi teu bisa.
Dipeureum-peureumkeune
panon kalah ka cangkeul.
Aya nu ngaganjel dina lelem-
butan. Antukna pipikiran téh
lus-los ka ditu-ka dieu. Inget
deui kana biaya sakola incu
kuring nu kabaca kamari.
Punduk asa kukurayeun.
Kagambar deui dina lamu-
nan kumaha kaayaan sakola
nu aya di lembur. Boro-boro
diperedih duit juta-jutae
sakadar udunan keur
nyumponan kahayang baru-
dak dina samen ogé sakitu
susahna. Loba pisan kolot
murid nu teu bisaeun
nyumponan duit keur
udunan nu gedéna teu nepi
ka sapuluh rebu ogé.
Heuheuy deuhe ari samen
hayang dikariakeune tapi
palebah babayaran mahe
“Nyanggakeun sadaya-
daya...” jawabanna téh.
Kukituna mah enya
meureun bororaah keur
kariaan samene dalah keur
kaperluan sapopoé ogé sa-
kitu weritna.
Teu bisa ditahan-tahane
lamunan téh kalah ngulam-
preng ka salah saurang
murid kuring baheula.
Rohmane murid kameumeut
minangkana mah. Keur
bageur téh pinter deuih.
Atuh getolna kana diajar
taya nu bisa ngéléhkeun.
Masagi deuih budak téh. Di-
ajar hayue olahraga bisae
atuh dina seni pangpun-
julna. Matak teu anéh lamun
manéhna mindeng ngawaki-
lan sakola mun seug aya per-
lombaan. Malah dina taun
harita mah manéhna jadi
juara ka dua murid teladan
pinilih tingkat kabupatén.
Harita Rohman diuk di
kelas lima. Rék naék ka kelas
genep lamun euweuh kaja-
dian ieu mah. Hiji poée teu
cara biasana Rohman teu
asup sakola. Teuing kunaon
da taya béja. Meunang béja
téh kabeurangnakeun. Mang
Jajie tukang cocooan baru-
dak nu sok ngampar di bu-
ruan sakolae dumukna
salembur jeung Rohman.
Éstu reuwas meunang béja ti
Mang Jaji harita.
“Hapunten Pae sim kuring
katitipan wartos réhna ra-
mana Rohman... ngantun-
keun!” Ceuk Mang Jaji
sanggeus diuk dina korsi
papan di jero kantor.
“Inna lillahi wa inna ilaihi
rojiun. Bener éta téh Mang?”
Kuring malik nanya.
Kabayang beungeut budak
nu sakitu lungguhna.
“Leres Pa. Nembé ge abdi
ngiring ngurebkeun.” Mang
Jaji nandeskeun. Reye awak
karasa leuleus taya tangan
pangawasa. Antukna poé éta
mah diajar téh teu parat.
Sakabéh murid kelas lima
katut guru-guru diabring-
keun ngalayad ka imah
Rohman. Kelas séjénna mah
sina baralik wéh.Aya nu
rembes haneut kana dada
basa kuring ngarangkul
Rohman. Diantep wé budak
téh nginghak ceurik dina
keukeupan. Sakedapan mah
teu wasa nyarita. Teu kuat
nahan nu nyelek na tikoro.
“Sing sabar kasép. Anggur
mah urang du’akeun bapa
hidepe mugia ditampi iman
islamna...” Maksakeun
nyarita. Karasa beurat létah
téh. Nyah budak tanggahe
tapi teu nyarita.
Ngan panonna wé
katempo rambisak.
Tina obrolan jeung in-
dungnae kuring jadi nyaho
yén Rohman téh nunggal.
Hirupna éstu prihatin. Kabi-
asaan sapopoénae sanggeus
balik sakola tuluy kula-kuli
ngabantu-bantu kolotna.
Mun teu ngala keusik man-
tuan bapanae Rohman sok
milu nyadap lahang kawung
jeung mamangna. Ditilik
tina kaayaan imahnae ja-
jauheun tina senang jigana
téh.
“Abdi bingung kanggo
neraskeun sakola pun anake
Pa.” Dareuda indung
Rohman waktu ku kuring di-
ajak ngobrol. “Waktos ba-
pana aya mahe nya alit-alit
ogé aya kanggo ngabayuan
sakola pun anak. Ka
payunna mah duka atuh...”
Ceuk indung Rohman dise-
lang ku nginghak ceurik.
“Keun wé tong seueur teu-
ing émutan Ceu. Rohman
téh pintere bageure atuh
paripolahna pikahémaneun.
” Kuring nyelang ngaréng-
hap nyingkahkeun bang-
baluh rasa. “Lebar upami
sakolana kedah pegat. Sing
kahadé teraskeun. Perkawis
biaya mah tong diémutan.
Insya Allohe mudah-muda-
han aya rejekina.” Kuring
lah-lahan méré luang. Da
saenyanae dina euweuhna
ogé waragad ti sakola keur
nulung manéhnae keun wé
ku kuring ditangkes.
Saminggu ti saprak ba-
pana maote Rohman can
témbong asup sakola. Di-
tanyakeun ka baturna eu-
weuh nu nyahoeun.
Dipaluruh ka Mang Jaji ogé
lapur teu aya béja. Mak-
sakeun ditéang ka imahna.
Keun baé jauh ogé.
Hayang ngariksakeune
palangsiang gering atawa aya
naon-naon.
Nepi ka imahnae lumayan
rada ngahégak engapan
balas nyorang jalan nanjak.
Suwunge teu katempo aya
jelema di jero imah téh.
“Teu aya Pa Gurue Ceu
Isah mah nuju ngarambét di
lebak.” Kuring ngalieuk ka
nu nyoara. Geuning tatangga
Rohman nu karék balik ti
sawah.
“Dupi putranae Rohmane
nuju ka mana?” Nu ditanya
ngajengjen teu ngajawab.
“Dupi Ceu Isah di palih
mana ngarambétnae tebih
teu?” Kuring nanya deui.
“Cakete itu di lebak.
Mangga atuh dijajap ku
abdi.” Manehna ngajawab.
Kuring ngiclik leumpang nu-
turkeun lalaki tengah tuwuh
muru ka sawah nu aya
lebakeun imah Rohman.
“Hapunten Bapae sanés
abdi teu ngupami kana
kanyaah Bapa. Da éta ogé ku
abdi téh tos diwagele tapi
budak téh maksa geuning,”
semu reuwaseun Ceu Isah
ngajawab basa ku kuring di-
tanya ngeunaan anakna.
“Na ka mana Rohman
téh?” Kuring nanya beuki
panasaran. Nu ditanya
ngahuleng sakedapan. Teu
lila pok manéhnae
”Euhe ngiring sareng
tatanggi. Badé kuli saurna
téh di kota.”
Antaré pisan Ceu Isah
ngajelaskeun budakna. Dege
aya nu nenggel kana angen.
Seueul karasana. Kuring teu
bisa cumarita. Haté peurih
lir digerihan hinis.
“Deudeuh teuing
Rohman...” Teu sadar kuring
ngagerendeng. Nu diuk gi-
gireun ngalieuke melong
sakedapan. Kuring human-
deuar. Beus maju éstu
ngarayap. Léléda pisan.
Kawas nu horéameun ngam-
bah tanjakan. Teu béda
jeung rahayat leutik nu méh
teu walakaya.
Ngarumpuyuk kateum-
brag mahalna biaya sakola.
Tipepereket meureumkeun
panone neger-neger haté nu
pagaliwota ku rupa-rupa
rasa.
Lamunan ngawang-
ngawang diayun ambing ku
gerungna sora mesin
***
Karang Katineunge
Juli 2012
25. 24 Manglé 2435
G
eus sapuluh
poé Jang
Endin teu indit
ngantor. Geus
sapuluh poé
manéhna gering. Panyak-
itna reureundahan. Dua
poé mending, katilu poé-
na karasa. Sapoé men-
ding, kaduana karasa.
Kitu jeung kitu baé,
matak bosen anu ngurus.
Mun keur karasa, éstu
matak watir anu ningal.
Sakujur badanna tiis
combrék, ngan palebah
dadana anu panas nye-
bret téh. Ketug jajan-
tungna nurugtug.
Panonna burial-buncelik,
huntuna tipepereket.
Adug lajer.
Ka dokter mah ka dok-
ter, pindah-pindah ka
sababaraha dokter. Tapi
teu cageur baé, karasa
deui karasa deui. Jeung
atuda ku dokter-dokter
téh teu diubaran, paling-
paling di-haneutan,
awakna digosok ku mi-
nyak kayu putih. Kabéh
dokter nu geus didata-
ngan téh sapamanggih,
yén nu gering teu aya pa-
nyakitan. Teu perlu di-
ubaran, teu perlu diop
name. Majar téh cukup
ku dihaneutan awakna,
bari dibeberah haténa.
Bosen ka dokter, tatam-
bana pindah ka dukun.
Teu mempan ka dukun
ieu, pindah ka dukun itu.
Tapi tetep teu aya men-
dingna. Kabéh dukun nu
geus dipentaan tulung,
sapamanggih, yén ge-
ringna Jang Endin téh
aya nu ngaheureuyan.
Najan kitu cageur mah
henteu. Dukun lintuh,
kasakit matuh.
Ayeuna pindah ka kiai.
Kiai beken tukang nga-
landongan anu katum-
pangan. Sanggeus ku
Kiai dipelong, pok
anjeunna sasauran ka
lanceukna anu gering,
"Tangtu baé moal cageur
ku ubar dokter, da lain
gering biasa. Ieu mah
geringna téh lantaran
ngagenggem rasiah. Mun
rasiahna kedal mah,
insya Alloh Mama bisa
nuduhan pilandongeun-
ana. Ayeuna mah ririhan
heula baé, sugan daé-
keun wakca."
Ngendek dua poé
lanceukna geus pun-
cengis deui datang ka
Kiai. Tuluy nyarita,
"Parantos diririhan téh
supados wakca, ku pun
biang, ku pun bapa, ku
abdi pisan. Parantos ku
leuleus parantos ku
keras, nanging tetep
ngabigeu. Bujeng-bujeng
wakca, nyarios ogé hen-
teu. Éta mah sadaya-
daya, nyanggakeun
kumaha Mama."
Mama Kiai ngaheneng
sajongjongan. Saurna,
"Nya ari kitu mah ku
Mama rék dicoba baé
dipigawé, sugan Alloh
marengkeun. Ngan wa-
yahna nu gering téh sina
maca takbir sapeutingna
3600 kali, salila tujuh
peuting. Mun teu kua-
teun, beunang dibaran-
tuan ogé. Engké dina
peutingan anu katujuh
Mama tangtu ka ditu.
Engké peuting mimi-
tina."
"Mangga Mama, badé
diéstokeun pisan."
Ayeuna unggal peuting
nu gering téh teu eureun-
eureun maca takbir,
dibantuan ku bapana, ku
lanceuk-lanceukna jeung
ku adi-adina.
Tacan sararé mun jum-
lahna tacan 3600 kali
mah.
Sanggeus sok talakbir
mah, nu gering téh teu
karasa-karasa.
Dina peutingan katu-
juh Mama Kiai sumping.
Bada isa breng deui
saréréa takbir saperti
sasari. Malah Mama Kiai
ogé mantuan.
Kira-kira tabuh sapu-
luh, Jang Endun adina
nu gering, katingal
ngalenggut nundutan,
malah tungtungna mah
golédag baé saré. Maké
kérék nanaon.
Teu kungsi sajam
meureun saréna téh,
kulisik nyaring, tuluy hu-
dang. Panonna buring-
has, rungah-ringeuh,
tuluy ngusap beungeut
sababaraha kali bari
istigpar.
Ceuk indungna, "Batur
muji, ieu mah kalah ka
saré!"
"Saré? Da teu saré
Endun mah, nembé
dongkap."
"Na, tas ti mana
rarasaan téh?"
"Tadi basa keur muji,
ngan jol baé aya sepuh
ngajak mios. Maksa teu
kenging teu daék. Jung
baé Endun nuturkeun.
Lami-lami dongkap ka
hiji gedong. Katingal di
patengahan éta gedong
nu caangna ukur reyem-
reyem téh, seueur istri
sataranjang keur tingra-
KuntiKu Ki Umbara
26. Manglé 2435 25
rigig bari tingcikikik
arigel-igelan, ngurilingan
anu cindeluk di tengah-
tengah. Ari disidik-sidik,
geuning anu cindeluk téh
... Kang Endin. Ku Endun
gancang diburu, bari ny-
ingray-nyingray anu keur
tingrarigig."
"Ku naon Kang Endin
aya di dieu?" ceuk Endun
téh.
"Enya," omongna bari
neuteup.
"Hayu atuh urang uih!"
"Teu bisa leumpang
Akang téh, ieu suku dua-
nana laleuleus!"
"Regeyeng ku Endun
dipanggul, tuluy kaluar ti
éta gedong. Sepuh nu tadi
téa parantos teu aya, du-
ka ka mana. Ngagedig
wangsul bari manggul
Kang Endin. Sadongkap-
dongkap, teras dikedeng-
keun dina éta ranjang,"
pokna bari nunjuk kana
tempat saré nu gering.
"Tah, tetela nu gering
téh kasambet. Diganggu
nu alus. Éta awéwé-
awéwé téh ... kunti," saur
Mama Kiai, "ari kunti téh
asalna awéwé nu maot
ngalahirkeun ..."
"Tobat, Mama!" ceuk
nu gering tibuburanjat.
"Ema, Bapa, hapunten
abdi, rumaos ageung
dosa!" tuluy ceurik
ngagukguk.
Sanggeus leler, paralak
nu gering téh nyarita,
"Parantos sapuluh sasih
abdi téh sasaéan sareng
hiji mojang, réncang
sapadamelan. Dugi ka éta
mojang téh... ngandeg,"
segruk deui manéhna
ceurik. Bari inghak-ing-
hakan nu gering nuluy-
keun caritaanana,
"Manéhna keukeuh
nyuhunkeun ditikah.
Abdi keukeuh alim, da
sieun ku Ema sareng ku
Bapa. Malah saparantos
terang manéhna ngan-
dung mah, abdi téh nyaba
ogé: tara deui. Ari tilu
minggu kapengker, aya
nu ngawartosan, yén
manéhna maot nga-
lahirkeun, bari orokna
teu kungsi lahir ...”
Na, ana jarangkang téh
Jang Endun nangtung,
tuluy engklak-engklakan
bari seuseurian, presis nu
eusleum.
Breng deui nu araya
takbir, sorana mani
ngaguruh, bangun nu
harusu pisan.
"Hihihih! Hihihi! Hihi-
hih! ... Panas! Panas! ...
Teu kuat!" ceuk Jang
Endun bari ngusapan
dadana.
Nu talakbir sorana
beuki bedas, "Allohu
Akbar! Allohu Akbar! Al-
lohu Akbar!"
"Panas! Teu kuat!... Hi-
hihi... hihihi, hihihih!"
Golédag Jang Endun
ngalumpuruk, les teu
inget....
(Harita nu di laluar
cenah naringal aya
awewe ngariringkik
kaluar ti kamar nu ge-
ring, tuluy ngagayabag ka
luhur ka palebah dapuran
awi tukangeun imah, bari
cicikikikan. Sorana matak
muringkak bulu punduk).
Sanggeus ku Mama Kiai
sirahna diceuceuhan
jeung dijiad, Jang Endun
ngulisik, inget deui.
“Mama...,” ceuk nu ge-
ring ngarérét ka Mama
Kiai, “tuduhkeun abdi
jalan tobat!” tuluy ing-
hak-inghakan.
“Insya Alloh, Jang!”
saur Mama Kiai.
“Cageur baé heula
ayeuna mah.
Keun nu maot mah,
sugan Alloh marengkeun,
urang sampurna-
keun.”***
27. 26 Manglé 2435
W
asta ku-
ring
Sekar
Asih
Chadar-
wati dibabarkeun di Ban-
dung 16 warsih kapungkur.
Pun bapa sareng pun biang
geus pirak sabot kuring
masih kéneh SD. Kuring
ancik sareng nini ti pun
biang di Bandung. Ari pun
biang ancik sareng digawé
di Jakarta pikeun ngabi-
ayaan kuring jeung nini di
Bandunge sedengkeun pun
bapa henteu apal laratanana
sabab saprak pirak jeung
pun biange pun bapa tara
ngalongokan kuring.
Ayeuna kuring sakola di
SMAN 5 Bandung kelas XI-
IPA 2. Urang sadaya tangtu
geus apal lamun SMAN 5
téh kaasup salasahiji sakola
favorit nu aya di Bandung.
Loba siswa nu hayangeun
asup ka éta sakolae kuring
pohara bungahna bisa asup
sakola ieu. Di sakola kuring
boga dua urang sobat anu
ku kuring dipikanyaahe
nyaéta Dita jeung Abel.
Urang tiluan geus sosobatan
saprak SD. Ku lantaran
kitue teu anéh lamun ku-
ringe Ditae jeung Abel po-
hara raketna. Lian ti kitue
kuring téh anak tunggale
Dita jeung Abel téh geus ku
kuring dianggep kawas
baraya kandung sorangan.
Kuring gumbira kacida lan-
taran boga sobat Dita jeung
Abel. Poé ieu kuring hudang
kabeurangane meureun lan-
taran kuring saré peuting
teuing sanggeus lalajo acara
tipi dance k-pop. Kuring po-
hara mikaresep Koreae
sumawonna lamun soal
dance bisa disebut kuring
ieu 'k-popers' atawa nu
mikaresep Korea. Sagala
rupa ngeunaan Korea ku-
ring bogae ti mimiti poster-
poster artis Koreae kasétnae
bajue nepi ka barang-
barang anu ngeunaan Korea
kuring boga. Artis Korea
anu kuring pikaresep téh
nyaeta girlband SNSDe lan-
taran gareulis jeung deuih
dancena alus jeung kerén
kacida. Lamun kuringe
Ditae jeung Abel geus
ngomongkeun Korea man
moal aya ahirnae he… he.
Jam weker di kamar kuring
geus nembongkeun tabuh
06.30, kuring geuwat kaluar
kamare tuluy pamitan ka
nini rék indit ka sakola. Di
tempat biasa kuring nung-
guan angkot nu ka sakola-
keune tapi ayeuna mah
euweuh hiji angkot ogé nu
ngaliwate meureun da geus
beurang teuing.
"Aah lantaran saré peu-
ting teuing yeuh jadi wéh
pan kuring telat", gerendeng
kuringe kaluman lantaran
geus lila nungguan angkot
euweuh hiji ogé anu liwat.
Sabot nungguane ngadak-
ngadak aya mobil anu ma-
juna ka arah kuringe sarta
pas di hareupeun kuring aya
kuyumbang caie atuh baju
kuring baseuh kakeunaan
cipratan kuyumbang cai éta.
"Wooye ari manéh teu
bisa mawa mobil lain?!?"
ceuk kuring bari ngetok
kaca mobil éta.
Teu lila kaca mobil
dibukae tetela jelema nu aya
di jero mobil téh nyaeta
Beverlye Sisile jeung Minie
babaturan sakola kuring.
Maranéhanana téh di sakola
emang geus katelah tukang
nyieun masalah.
"Uups sorrye sugan téh
euweuh jelema" ceuk Be-
verly ngalédék kuring bari
jeung nyeungseurikeun.
"Pantesan waé manéh teu
ningali lamun aya jelemae
kacamata manéh tah laan
heula! Siga nu rék nyaingan
tukang urut lain?!?" témbal
kuring malik ngalédék Be-
verly anu maké kacamata
hideung jiga tukang urut lo-
long.
Ngadéngé omongan
kuringe Beverly ambeke
tuluy boga niat nyampeur-
keun kuringe tapi dua
baturna nyarék Beverly lan-
taran sieun kabeurangan.
"Kadé manéh enyae uru-
san urang tacan bérés!"
ceuk Beverly ka kuring bari
ngajalankeun deui mobilna.
Beverly jeung dua baturna
emang henteu resep ka
kuringe meureun pédah
kuring téh saingan dance
maranéhanana.
"Aduhe kumaha ieu geus
beurang kacidae euweuh
angkot ogé!" ceuk kuringe
semu kesel sabab angkot eu-
weuh hiji-hiji acan anu
ngaliwat.
Rege aya motor anu eur-
eune ngarandeg di hareup-
eun kuring. Lamun ditingali
tina saragamna mahe
manéhna ogé sakola di
SMAN 5 Bandunge sabab
saragamna sarua jeung anu
ku kuring dipakée ngan bé-
dana kuring maké eroke
Karémbong Nini
Ku Novi Yanti
Juara Kadua
Pasanggiri Ngarang Carpon Paguyuban Pasundan