2. Ngukur Kareueus Umat Islam
Para Mitra Manglé,
Geus ilahar, upama robahna taun, sok pada ngareuahreuah. Malahan di sababaraha tempat mah, nepikeun
kabungahna téh nepi ka wani ngaluarkeun waragad miliyaran. Kituna téh, cenah, lantaran ku ayana robahna taun, geusan aya parobahan. Kétang! aya ogé (boa-boa lolobana) nu
saukur milu raraméan wungkul. Robahna taun, sapertina
waé dina taun Masehi, apan kacida dipupujuhkeunana. Ti
mimiti gegedén nepi ka masarakat cacah, saruka bungah. Sok
sanajan, duka naon tujuanana jeung udaganana.
lomba kembang api, nariup tarompét atawa kagiatan nu
ramé. Tapi ganti taun Islam, manusa kudu ‘harudang’! Hudang, lantaran hayang ngariksa diri (muhassabatun nafsi).
Tandes sakumaha dina Alqur’an surat At Taubah: 20 – 21;
"Jalma-jalma anu ariman, hijrah jeung jihad dina jalan Alloh
ku harta banda jeung dirina, leuwih luhur darajatna mungguhing Alloh, jeung maranéhna téh jalma-jalma nu pinunjul.
Alloh nepikeun béja gumbira ka maranéhna kalayan rohmat,
karidoan Alloh, jeung sawarga anu di jerona maranéhna
meunang kanimatan anu langgeng."
Para Mitra Manglé,
Kumaha upama ganti taun Hijriyah? Kareueus umat
Islam, nu harita milu mupujuhkeun ganti taun anyar Masehi,
dina ganti taun hijriyah mah loba nu talibra. Biheung téh teuing hayang inget kana pentingna ganti taun Islam. Lantaran,
cenah, inyana teu ngarasa penting jeung teu aya alaeunana
tina ganti taun Hijriyah mah.
Gambaran kitu, mémang lain saukur béja, tapi luyu jeung
kanyataanana. Naha umat Islam kudu nurutan ngareuhreuah cara ganti taun Maséhi? Asana teu kudu, malahan
kudu béda. Islam henteu nyunnahkeun, ganti taun kudu aya
Para Mitra Manglé,
Umat Islam, kiwari geus paroho kana pentingna kalénder
hijriyah. Teu rumasa, ibadah urang loba nu disarandékeun
jeung kalénder hijriyah, saperti puasa, lebaran, haji, kaasup
waktu solat. Lantaran kitu, upama umat Islam teu aya pisan
kareueus ku kajadian ganti taun anyar Islam, asana teungteuingeun pisan. Nepikeun kareueus, lain hartina kudu
raraméan ka jalan atawa ngarumpul di lapang, tapi reueus
lantaran mampuh ‘hudang’ keur ngarobah, ngariksa diri,
geusan nguatan kayakinan ka Alloh jeung nanjeurkeun kasoléhan ka papada manusa. Mudah-mudahan. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 20
Asa Teu Pira
6
LAPORAN
Asa teu pira. Harita téh kuring ngan
saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi kieu kaayaanana.
Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu
puguh dédéngéan. Ieu deuih panon
ujug-ujug teu puguh titingalian. Asa ku
anéh...
Kamus Utama Basa Sunda
BANDUNG-BANDUNG
Kota Bandung
Bakal Medalkeun Perda Rétribusi
Pagawé Asing
........................................................... 8
Ngalanglang Alam Rusdi
Jeung Misnem (3)
Budi Rahayu Tamsyah
........................................................ 42
IMPLIK-IMPLIK
CARITA NYAMBUNG
Langlayangan Goblay
Ngalanglang Pakalangan
......................................................... 46
Carita Sarebu Samalem (163)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (1)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (3)
HD. Bastaman
............................................................. 48
Dedemit Saguling
Andang S. Argayuda ....................... 24
Potret : Reisyan
BAHASAN
Rahmi
Panata Rias & Raksukan:
Sanggar Ayu Busana (Galery
Rias Pengantin) Komplek
Neglasari Jl. Neglarasa No. 9
Ujungberung – Bandung
Telp. 022 – 70432343
HP: 08122395408
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ...................................... 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
PURIDING PURINGKAK
S
ekarManglé
Dongéng Maung Jeung Sumur Karamat
Yus R. Ismail ........................................ 22
CARITA PONDOK
Asa Teu Pira
Mimif Miftahul Huda ....................... 18
Qurban Perasaan
Rizky Prasasti Anwari ........................ 20
4. Hijrah
W
aktu pamaréntah Singapura
keukeuh ngahukum gantung dua prajurit KKo anu
katéwak dina mangsa konfrontasi
Dwikora, Bung Hatta kacida hanjeluna. Pikeun anjeunna mah tindakan Lee Kuan Yew kitu téh
dianggapna geus ngahina jeung
neungteuinganan pisan. Papadaning
dina urusan kanagaraan jeung diplomasi anjeunna geus teu kagungan
pangaruh nanaon, tapi ka dirina ku
anjeun Bung Hatta kedal jangji, ti
mimiti harita saumur hirup moal nincak deui Singapura!
Kungsi cenah sababaraha kali aya
rupa-rupa uleman ti pihak Singapura,
boh ti pamaréntahna boh ti
masarakatna anu ditujulkeun ka Bung
Hatta, kaasup jadi keynote speech di
kampus-kampus. Tapi Bung Hatta
henteu unggut kalinduan. Anjeunna
angger pageuh kana niatna. Dugi ka
pupusna henteu kungsi nincak deui
Singapura.
Asvi Warman Adam anu ngaguar
deui éta kajadian téh. Ceuk Asvi cacak
lamun sakumna urang Indonésia
ngarasa diteungteuinganan tur sapamadegan jeung Bung Hatta, teu mustahil Singapura bakal bangkrut. Tapi
pan henteu nepi ka kajadian kitu.
Malah apan boro-boro ngarasa nyeri
haté atawa ngarasa dihina, malah agul
baé anu aya lamun pulang anting ka
Singapura téh. Komo para koruptor
mah apan téga ngagasab duit
bangsana sorangan terus dipaké
ngabeungharan nagarana Lee Kuan
Yew.
Bung Hatta téh kaasup inohong
anu istikomah, konsistén kana niat
jeung jangjina. Komo anjeunna mah
Manglé 2450
apan ngalaman pisan kumaha susah
payahna hayang boga nagara anu
merdéka téh. Piraku ari geus merdéka
kalah dihinakeun ku bangsana sorangan. Babakuna ku para pamingpinna
deuih.
Naha ku lantaran Pa Harto jeung
SBY mah henteu ngalaman pait
peuheurna merjoangkeun sangkan
bangsa Indonésia jadi bangsa anu
merdéka nepi ka ku urang saréréa
kudu dimaklum lamun dina enggoning mingpin nagara henteu istikomah saperti Bung Hatta? Tangtu
teu kitu. Lantaran sing saha baé anu
kaparengkeun jadi pamingpin di nagara urang sok capétang ari dina
mangsana agustusan mah. Malah téks
peoklamasi anu ditéken ku Bung
Karno jeung Bung Hatta gé unggal
taun dibaca dina upacara kanagaraan.
Ngan semet dinya. Pamingpin di
nagara urang mah kakara ngarasa
tugenah lamun dikiritik ku bangsana
sorangan. Éta mah sok langsung nyeuneu. Tapi ari lebah bangsana diteungteuinganan ku nu séjén mah
kalem-kalem baé. Malah kalah hayang
milu neungteuinganan.
Leuwih palinter pamingpin Indonésia anu ayeuna téh. Kitu deui wakilwakil rayatna. Hanjakalna, ngan
semet dinya. Bung Karno jeung Bung
Hatta, kitu deui anu sajaman jeung
aranjeunna, apan kurang kumaha
palinter. Tapi kapinteranana téh henteu dimangpaatkeun pikeun kapentingan dirina sorangan. Da lamun
udagan hirupna ngan semet dinya,
naon gunana Bung Karno, Bung Hatta
katut nu séjénna maké jeung
ngalawan ka Walanda. Turut wé kahayangna, tangtu pangkatna bakal
luhur, hirupna bakal senang, sagala
euweuh kakurang.
Anu henteu diconto ku bangsa
Indonésia nu ayeuna téh lebah
dinyana. Sigana geus euweuh boh
pamingpinna boh wakil rayatna nu
ayeuna hirupna leuwih mentingkeun
cita-citana. Malah cita-citana ogé teu
boga. Kabuktianana dina lebah ngatur
anggaran nagara. Tara aya anggaran
anu sagemblengna keur kapentingan
rayatna. Tina anggaran anu aya
réngkolna téh kudu wé sakitu persénna balik deui ka maranéhanana.
Kum teu diwiji-wiji kituna téh. Urang
mana baé asalna, naon baé agamana,
geus kabuktian dina rupa-rupa pangadilan, kabéhanana ogé henteu ngarasa
hina lamun korupsi. Malah anu kacerek ku KPK ogé apan disebutna téh
apes. Lain ceuk si itu ceuk si éta kituna
téh. Dalah pamingpin nagara gé loyogna téh ka dinya.
Dina kaayaan bangsa urang keur
kitu ninggangna taun baru Hijrah
1435 téh. Tapi ngan semet libur nasional. Aya éta gé anu ngahagalkeun
pawéy obor, duka ka mana maksudna.
Padahal lamun dibandungan deui titimangsana, apan cenah kajadian
hijrahna Rasulullah SAW ti Mekah ka
Madinah téh lain ngan sakadar
ngungsi.
Ustad tangtu leuwih apal ngaguar
perkara éta mah. Ngan anu rada diarep-arep téh asa taya salahna lamun
sumanget atawa rohna hijrah diloyogkeun kana mahabuna korupsi di
urang ayeuna. Basajan wé, lamun
kedal ucap nurutan Bung Hatta: Nu
ngarasa muslim ti mimiti tanggal 1
Muharram 1345 Hijrah moal arék
korupsi deui. AM
3
5. Mekarkeun Koperasi
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Ti payun, pamugi Mangle
tetep panjangkeun lalakon
dina raraga ngamumule basa
jeung sastra Sunda. Hapunten sateuacana, simkuring
ngiring nyerat, nu diantawisnya nyerat perkawis kamekaran koperasi di urang.
Kamekaran ekonomi, cek
simkuring mah sarua jeung
mapandekeun kana tutuwuhan. Saperti tutuwuhan nu
hade, nu bisa mekar
sakumaha
mistina.
Lir
tatangkalan tea, boh jati boh
mahoni, bisa tuwuh jangkung ngalanglaung, lantaran
boga potensi pijangkukeung
jeung pigedeeun.
Kumaha atuh kuduna?
mekarna tutuwuhan bisa
gede tur jangkung teh lantaran lingkunganana hade.
Atuh, mun eta tatangkalan
‘jadi ku maneh’, nepi ka hade
kitu teh, lantaran lahanna
subur.
Pepelakan sejen nu ngahaja dipelak di kebon atawa
di palataran, bisa jadi kalayan
hade, upama dipelakeun di
tempat
anu
merenah.
Saterusna, mun tempatna
geus merenah, nu sejenna
saperti ngagemukna, cara
miarana, jeung sajabana
bakal jadi pangdeudeul kana
kamekaran eta tangkal.
Tah, mMapadekeun kana
pepelakan kawas kitu, urang
kudu
boga
kayakinan,
pausahaan ge bisa mekar
kalayan hade upama ditempatkeun di tempat anu merenah.
Hartina, pilihan tempat keur
mekarkeun ‘jenis’ usaha, jadi
bagian anu penting.
Kitu deui dina mekarkeun koperasi, kacida pentingna kudu aya di tempat anu
merenah. Di mana? nya di nu
dipikabutuh ku masarakat
sabudeureunana. Hartina,
ulah ngadegkeun koperasi,
ukur lantaran hayang narima
4
banyuan ti pamarentah.
Mun ukur semet dinya,
tangtu we nyieun jeung
ngokolakeun koperasi ge
ukur puraga tamba kadengda. Lantaran, sanggeus
narima bantuan atawa
modal, bisa wae kagiatan
koperasina mah bubar!
Ku kituna, sakali deui,
mekarkeun koperasi kudu
dibebenah sarua jeung miara
kana tutuwuhan. Mudahmudahan pamarentah bisa
percaya jeung mampuh
ngabebenah koperasi di
urang.
Kitu deui, kumaha carana
sangkan kamekaran koperasi
di saban wilayah bisa mekar
kalayan hade, oge dumasar
kana kapunjulan masingmasing? Jelas, cek simkuring
mah, kudu aya nu mantuan
milu
ngurus
ngaturna.
Ngokolakeun alam teh butuh
kaahlian. Sapertina wae, keur
patani ge tetep butuh
panuyun dina mekarkeun
hasil usahana, misalna wae,
kacida butuhna panyuluh nu
memang ahli dina widangna.
Kitu deui panyuluh-panyuluh
sejen nu bisa ngarojatkeun
hasil kacida dibutuhkeunana
ku masarakat.
Ku kituna, cek simkuring,
pangusaha leutik pangpangna koperasi, butuh perhatian ti masing-masing
pamarentah
kabupaten/kotana. Lian ti eta, butuh perhatian jeung ilubiungna
pihak-pihak nu sejen nu boga
kamampuhan
dina
mekarkeun koperasi di masing-masing daerah. Mudahmudahan.***
Pa Tata Sulaeman
Baleendah Bandung
Poe
Pahlawan,
Nguatan Harti Pangorbanan
Sampurasun! Damang
Ais Pangampih Mangle?
Ayeuna teh urang keur mi-
eling poe pahlawan. Diadegkeunana ieu nagara,
moal leupas tina jasa-jasa
para pahlawan urang. Saban
daerah aya nu berjoang, aya
nu wani ngaluarkeun pangorbanan. Ieu hartina, cek
simkuring mah, para pahlawan teh henteu gampang
hayang bisa nagara urang
merdeka teh. Nu pangpentingna, nyaeta lantaran
dina dirina daek korban demi
nagara. Teu paduli kana
nyawa sorangan, nu penting
jaman pikahareupeun kudu
hade.
Tah, haekakt perjuangan
mah kitu, nyaeta pangorbanan. Sabalikna, nu teu aya
rasa pangorbanan, hartina
jauh tina disebut pahlawan.
Kumaha jaman kiwari,
naha aya keneh nu ngarasa
berkorban
atawa
ngajalankeun pangorbanan? Jigana geus langka. Lantaran
daraek gawe teh lantaran
hayang gajih gede. Guru ngajar, lantaran digaji jeung rek
boga kadudukan. Kitu deui
hakim atawa pangacara, daek
gawe teh lantaran dibayar
jeung sabangsana.
Kumaha upama jalmajalma teu boga pangorbanan?
Memang kecap pangorbanan
boga lalakon panjang. Kituna
téh lumangsung ti waktu ka
waktu dina sajarah kamanusaan. Aya korban, nu
ngorbankeun, jeung nu
narima mangpaat korban. Nu
tilu bagian kitu gumulung
dina peradaban manusa.
Pangorbanan
harta,
tangtu teu ngan ukur keur
ngagugurkeun kawajiban. Di
satukangeun pangorbanan,
kudu natrat mangpaatna
keur balaréa, boh dina dangka pondok boh dina dangka
panjang. Leuwih ti kitu,
pangorbanan harta, kudu
jadi
simbol
kasadaran
‘ngaleupaskeun’ hak pribadi
geusan kapentingan pihak
séjén.
Kiwari, kasadaran daék
ngorbankeun hak-hak pribadi kacida pereluna. Da,
kitu dina kahirupan manusa
salaku mahluk sosial mah.
Éta téh tandaning tuwuhna
kasadaran yén manusa silihpikabutuh.
Bukti
dina
nyumponan pangabutuh gé
taya saurang ogé nu leupas
tina jasa jalma séjén.
Kadaharan, pakéan jeung sajabana enas-enasna mah meunang batur.
Kasadaran daék korban,
samistina nyerep kana ati
sanubari. Nu daék korban,
hartina namperkeun kanyaah ka nu lian. Lian ti kitu,
hartina ogé, dirina téh keur
ngawangun jati diri atawa
ngawangun ajén dirina.
Dina saban kahirupan,
komo deui jaman kiwari,
sumanget daék korban
kacida dipikabutuhna. Da,
upama masing-masing pihak
daék korban keur pihak
séjén, piraku boga karep
ngarampas hak pihak séjén.
Lantaran keur nu daék korban, tong boro ngagasab hak
nu lian, dalah nu geus jadi
milikna gé teu teu lebar dikorbankeun keur pihak séjén.
Kitu deui sumanget berjuang,
sarua jeung sumanget migawe pangorbanana. Ku kituna, dina mieling poe
pahlawan, simkuring umajak, sangkan nu boga kalungguhan, sangkan diperedih
deui rasa pangorbanan keur
ngabdi ka nagara. Hartina
sagalana ulah dumasar lantaran gede bayareunana.
Sakitu, mudah-mudahan
urang masing-masing tiasa
ngalap mangpaat tina tujuan
perjoangan keur ngabuktikeun urang tiasa berkorban
demi bangsa, agama katut
nagara.
Sakitu nu kapihatur.
Hapunten bilih seueur lepat
basana.
Wassalam.
Pa Ahmad Kholik
Ti Cianjur
Manglé 2450
6. Dewan Kabudayaan Jawa Barat
Dihirupkeun Deui?
Ku: Karno Kartadibrata
D
ina acara sawala Misi Seni
Sunda ka Mancanagara,
sababaraha minggu ka tukang,
di aula koran mingguan Galura,
Wagub Provinsi Jawa Barat, Deddy
Mizwar, netelakeun Provinsi Jawa
Barat bakal ngadegkeun Dewan
Kabudayaan. Hanjakal pisan, harita
Wagub tacan ngeceskeun iraha-irahana lembaga bieu ngadegna tur naon
wae pancenna teh.
Memang, Propinsi Jawa Barat ti
saprak dipingpin ku Gubernur Ahmad
Heryawan, tacan ngapimilik Dewan
Kabudayaan nu pancenna nepikeun
nasehat
ngeunaan
kabijakan
kabudayaan ka Gupernur nu satuluyna
bakal ngalarapkeun kabijakan bieu
dina prakprakan pamarentahanana.
Padahal, dina mangsa pamarentahan
samemehna mah lembaga kitu teh
kungsi ngadeg, upamana wae, Dewan
Pertimbangan Kebudayaan Jawa Barat
mangsa Gubernur Mashudi, Dewan
Kebudayaan Jawa
Barat mangsa Gubernur Solichin
GP, Dewan Kesenian Jawa Barat
mangsa Gupernur Nuriana jeung
Kalang Budaya mangsa Gupernur
Danny Setiawan.
Henteu Metu
Dibandingkeun jeung Dewan Kesenian DKI Jakarta mangsa Gupernur
Ali Sadikin, memang sakabeh lembaga
kebudayaan di Jawa Barat nu ditataan
bieu teh kurang metu (epektip). Alias
henteu jelas nepi ka mana dampakna
kana kamajuan kabudayaan. Ruparupa hal bisa wae ngalantarankeun hal
saperti kitu karandapan. Upamana
wae, nu remen dipake alesan, eta teh
pangpangna cenah patali jeung
anggaran. Jelas anggaran pamarentahan Propinsi Jawa Barat jauh melamelu gedena dibandingkeun jeung
anggaran pamarentahan DKI Jakarta.
Manglé 2450
Kukituna, bisa dibayangkeun sabaraha
gedena anggaran pikeun kabudayaan.
Lian ti kitu, aya bedana konsep inditinditan antara lembaga kebudayaan di
Jawa Barat jeung Dewan Kesenian
DKI Jakarta. Ari lembaga kebudayaan
di Jawa Barat mah( ti mimiti Dewan
Pertimbangan Kebudayaan nepi ka
Kalang Budaya) wewenangna saukur
nepikeun nasehat ka gupernur, nu
kukituna bisa wae mimindengna henteu dipirosea, tah, ari Dewan Kesenian
DKI Jakarta mah boga wewenang
ngalarapkeun kagiatan kasenian dumasar kana program nu geus dirancang ti awalna. Satuluyna, bisa oge
kulantaran kapamingpinan Gupernur
DKI Jakarta Ali Sadikin leuwih epektip
dibandingkeun jeung kapamingpinan
Gupernur Jawa Barat, kaasup lebah
ngamajukeun widang kabudayaan. Hal
kitu ngalantarankeun Dewan Kesenian
DKI Jakarta leuwih epektip dibandingkeun jeung lembaga kebudayaan di
Jawa Barat, kaasup Dewan Kesenian di
propinsi sejenna.
Perlu Jadi Palajaran
Hengkerna
sakur
lembaga
kebudayaan
mitra
Pamarentah
Provinsi Jawa Barat ( ti mimiti Dewan
Pertimbangan Kebudayaan, Dewan
Kebudayaan nepi ka Kalang Budaya)
tangtu wae perlu jadi palajaran pikeun
urang sakumna, boh kalangan budayawan boh pamarentah nu boga maksud
ngahirupkeun deui lembaga saperti
kitu. Jelasna, kahengkeran atawa kagagalan nu geus karandapan ku lembaga kabudayaan samemehna ulah
nepi ka karandapan deui.
Hal-hal nu kaitung penting nu
perlu dijadikeun tinimbangan upamana wae,
Kahiji, Dewan Kesenian DKI
Jakarta ti awalna keneh geus diposisikeun minangka lembaga nu maneuh,
kontinyu hirupna henteu gumantung
kana mangsa pamarentahan gupernur.
Sanajan gupernur maren, lembaga
bieu terus hirup. Ti mimiti gupernur
Ali Sadikin nepi ka gupernur Djoko Wi
ayeuna, Dewan Kesenian DKI Jakarta
tetep bisa hirup. Kukituna, programprogramna oge bisa lumangsung tuluy
tumuluy. Beda hal kitu teh jeung lembaga kebudayaan di Jawa Barat nu
hirupna kawatesanan ku mangsa
pamarentahan saban gupernur.
Kadua, lembaga kebudayaan di
Jawa Barat ( ti mimiti Dewan Pertimbangan Kebudayaan nepi ka Kalang
Budaya)
wewenangna
saukur
nepikeun nasehat kabudayaan ka
gupernur, beda jeung Dewan Kesenian
DKI Jakarta nu boga wewenang
ngalaksanakeun sakur program nu
geus dirancang ti awalna. Tetela, lembaga kabudayaan di Jawa Barat teu
manggapulia saupama nasehatnasehatna henteu dilaksanakeun ku
pamarentah provinsi. Contona, nasehat kabudayaan dina “buku biru” nu
dirancang ku Dewan Pertimbangan
Kebudayaan Jawa Barat tetela henteu
dipirosea ku pamarentah propinsi
mangsa harita.
Katilu, lembaga kabudayaan mitra
pamarentah, sangkan bisa hirup bari
jeung huripna tangtu wae, lian ti
merlukeun lembaga pamarentah nu
boga karep kuat ngamajukeun
kabudayaan, ahirna merlukeun oge
kalangan budayawan nu masagi, boga
visi nu jelas sarta komitmen nu kuat
enggoning ngamajukeun kahirupan
kabudayaan.
Tah, ari Dewan Kebudayaan nu rek
dihirupkeun deui di Jawa Barat ayeuna
kumaha? Naha geus boga “kelaikan
terbang”, nyumponan pasaratan
samistina minangka dewan kabudayaan nu epektip?
***
5
9. KotaBandung
BakalMedalkeunPerdaRétribusiPagawéAsing
D
ina jaman perdagangan
bébas jeung globalisasi,
ayana pagawé asing ti luar
negri éstu geus jadi kabutuhan
sakaligus tangtangan di saban
daérah, kaasup di Kota bandung.
Éta hal ngalantarankeun Pemkot
Bandung ngarasa perlu pikeun
ningkatkeun pangawasan sarta
nalingakeun pagawé asing, ku cara
ngaluarkeun Perda anyar ngeunaan rétribusi ngokolakeun patalimarga, jeung rétribusi perpanjangan
ijin magawékeun pagawé asing.
“Éta hal dilaksanakeun sangkan
aya kacindekan dina prakprakanana ngadalikeun sarta
nalingakeun pagawé asing anu aya
di pausahaan-pausahaan di Kota
Bandung,” kitu ditétélakeun ku
Ketua Fraksi Gerinda Damai
DPRD
Kota
Bandung,
H.C.Hendarwan SH.MM.MSi, ka
Manglé sawatara waktu nu kaliwat.
Hendarwan ogé nétélakeun,
pikeun ngaronjatkeun pangwangunan di Kota Bandung, PAD (Pendapatan Asli Daérah) mangrupa
sumber dana anu kacida penting na, pangpangna anu dihasilkeun
Ketua Fraksi Gerinda Damai DPRD Kota Bandung, H.C.Hendarwan SH.MM.MSi (dok.)
8
tina pajak jeung rétribusi daérah.
Ngeunaan hal éta, Raperda anu
keur dipadungdeumkeun ku législatip jeung éksékuitip, luyu jeung
PP (Peraturan Pemerintah) no 97
taun 2012 ngeunaan rétribusi
ngokolakeun patalimarga jeung
rétribusi perpanjangan ijin magawékwun pagawé asing téh, aya
tambahan dina nangtukeun harga
rétribusi nu mangrupa wewenang
pamaréntah Kota Bandung.
Dumasar kana tinimbangan
ayana éta tambahan, pamaréntah
Kota Bandung madungdengkeun
Raperda (Rancangan Peraturan
Daerah ) sangkan jadi Perda (Peraturan
Daerah).
Papayung
hukumna nyoko kana PP No 69
taun 2010 ngeunaan “tatacara
pemberian dan pemamfaatan
daerah”. Medalna Perda téh ogé
luyu jeung peraturan Kementrian
Tenaga kerja dan Tranmigrasi NO.
Per.02/MEN/III/2008 ngeunaan
“tata cara penggunaan tenaga
asing” , jeung Perda Kota Bandung
No.18 taun 2000 ngeunaan
“penyelenggaraan ketenagakerjaan
di Kota Bandung”, sarta Perda No
8 taun 2007 ngeunaan “urusan
pemerintahan Kota Bandung’.
Fraksi Gerinda Damai DPRD
Kota Bandung, dina medar Lembaran Kota
No.7 taun 2013
ngeunaan rétribusi perpanjangan
ijin magawékeun pagawé asing,
ngajukeun pananya ka éksékutip
ngeunaan jumlah pagawé asing,
sarta sabaraha pausahaan anu
magawékeun pagawé asing di Kota
Bandung. Ogé hasil tina rétribusi
pagawe asing tur sabaraha udagan
anu kudu dihontal. Éta hal, ceuk
Hendarwan anu kacatet minangka
anggota Komisi C DPRD Kota Ban-
Manglé 2450
10. Perda ngeunaan pagawé asing kudu puguh papayung hukumna (dok.)
Dina jaman globalisasi, pagawé asing geus jadi kabutuhan & tangtangan (nét)
Pamaréntah kudu nalingakeun jumlah jeung ketak pagawé asing (dok.)
Manglé 2450
dung, ditanyakeun sangkan lamun
aya pasualan bisa sagancangna
bisa diungkulan, tur léngkah naon
baé nu kudu dilaksanakeun ku
dinas anu aya pakaitna jeung éta
pasualan.
Nu kacatet dina Perda nu bakal
datang, Walikota Bandung ngaliwatan dinas anu aya pakaitna
jeung éta hal, bakal ngaluarkeun
ijin perpanjangan sarta nangtu keun tarip rétribusina. Nyaéta
rétribusi
perpanjangan
ijin
magawékeun pagawé asing pikeun
pagawé asing anu geus boga IMTA,
nyaéta ijin ti Kementrian Tenaga
Kerja dan Tranmigrasi. Walikota
ogé geus nangtukeun patugas
pikeun ngalaksanakeun pangawasan nu disebut PPNS (Penydik
Pegawai Negri Sipil). PPNS boga
kawenangan
ngayakeun
pamariksaan jeung panalungtikan
sarta ngumpulkeun data-data
ngeunaan ketak pagawé asing,
mariksa buku catetan sarta
dokumén lianna anu aya pakaitna
jeung manéhna.Ogé ménta bantuan tenaga ahli pikeun kalancaran
panalungtikan, sarta manggil
pagawé lianna sangkan méré laporan lamun aya pagawé asing anu
ngarempak aturan.
PPNS di pamaréntahan Kota
Bandung ogé ngalaksanakeun
penyidikan tindak pidana dina
widang rétribusi, luyu jeung undang-undang hukum acara pidana.
Hasil tina penyidikan bakal
diteruskeun ka pihak kepolisian.
Pamaréntah
Kota
Bandung
metakeun tindakan anu tegas,
sangkan saban pagawé asing
ngalaksanakeun aturan-aturan nu
aya, tur ngajalankeun kawajibanana sangkan teu ngarugikeun pamaréntah Kota Bandung.
Ku aya Perda nu bakal
dipedalkeun ku pamaréntah Kota
Bandung, dipiharep pausahaanpausahaan anu maké pagawé asing
leuwih tartib tur taat kana aturan.
Salian ti éta ku ayana papayung
hukum nu jinek, bakal numuwuhkeun katengtreman ka pagawé
asing anu brasna bisa ngarojong
kana pangwangunan di Kota Bandung, utamana dina widang
ékonomi.***Cucu/Dédé
9
11. Bagian
181
S
ajongjongan, Komarujaman titiron
téh ngahuleng.
Untungna, raja ngamaphum kana kabingung éta
putra raja téh. Pok wéh
nyarita, cenah, teu kudu
sungkan-sungkan da
léléngohan ieuh. Keun waé
teu kudu loba tinimbangan, lantaran geus puguh
sagala rupana. Payus
kacida pangéran kawin ka
putri raja!
“Upami kitu kahoyong
salira, mangga ngiringan,”
pokna ka raja.
“Sukur atuh ari kitu
mah,” walon raja.
Sangeus jinek, raja
cacarita. Intina mah,
maheutkeun rarancang
kariaan nikahkeun putrana. Atuh, harita kénéh
pihak karajaan téh ngondang para gegedén nagara.
Prung babadamian, sarta
hasilna diémbarkeun ka
sakumna rahayat.
Cunduk kana waktu,
ninggang kana mangasa-
10
na, dina hiji poé mah
prung wéh upacara
jatukrami putri raja ka
pangéran téh dimimitian.
Dina waktu walimahan,
taya saurang ogé nu
nyangka yén nu keur dirapalan téh duanana gé
awéwé.
Dina séjén waktu, raja
nepikeun bewara. Kitu téh
luyu jeung jangjina, upama
anakna geus boga salaki
kalayan ka nu cocog jeung
lelembutanana, éta minantu téh rék dijenengkeun jadi raja. Saréréa gé
nyakséni jeung nyaluyuan,
malah aratoheun kacida,
lantaran raja anom téh
taya cawadeunana.
Putri Budur kapaksa
kudu nyumputkeun semu.
Kitu téh, lantaran sadar
kana kaayaan dirina nu
keur nyumput buni di nu
caang. Kudu titih-rintih
dibarung ku ngabalitungkeun sagala rupana.
Inyana téh sadar pisan
mun katohyan baris
ngarandapan mamala nu
moal gampang
diungkulanana.
Upama nyuputkeun
diri ka batur teu pati hésé,
beda deui jeung ka batur
sakasur mah. Ku lantaran
kitu, kapaksa ieu raja téh
méakeun waktuna keur
ngurus ngatur nagara.
Atuh, mun reup peuting
waktuna nepungan garwana, kapaksa kudu néangan
cara sangkan mun waktuna hanjat ka pangsaréan
téh, putri raja kudu geus
ngageubra.
Saban peuting, waktu
Putri Budur téh ngan
dibéakeun keur solat, solat
isa, solat sunat, jeung
peutingna solat tahajud.
Kituna téh, bari jeung
neneda ka Nu Mahakawasa sangkan sagancangna meunang pituduh
geusan lesot tina bangbaluh hirup.
Peuting ka-211
Poé séjénna, Putri
Budur saperti sasari,
ngalaksanakeun pancén
nagara. Dina sual kamam-
puhan ngurus nagara
jeung mingpin rahayat
mah taya cawadeunana.
Ngan, orokaya, anggér wé
geus balik ka karaton mah,
bingung, pangpangna mah
ningali pasemon Putri
Hayati Nufus nu bangun
sedih kingkin.
“Ku naon bet bangun
sedih rayi?”
Teu talangké, nu ditanya téh balaka. Cenah,
salila ieu dirina téh teu
weléh ngilungan kalakuan
salaki nu teu katepi ku
harti teu kahontal ku akal.
Batur mah, panganténan
téh suka bungah, tapi nu
kaalaman ku dirina mah,
sabalikna. Ngan, kapaksa
teu wani balaka nu saujratna ka raja mah, da sieun
ku mamalana.
“Ari saterusna
kumaha?”
Pok deui putri téh ngajwab. Cenah, kapaksa wé
basa isuk-isuk tadi mah
balaka, yen dirina téh
masih keneh tacan
ngararsakeun maduna
rumah tangga, lantaran ti
saprak ngawangun rumah
tangga, sare gé tacan
Manglé 2450
12. ngarasa sagebrug. “Janten,
ama téh kacida benduna,”
pokna.
Daradad deui putri téh
medar sagala rupa caritaan
raja. Intina mah, mun
peuting engké angger
kénéh kawas saméméhna,
raja baris nyokot deui
kakawasaan ti minantuna.
Malah, teu mustahil mun
ahirna pihak karajaan téh
nibankeun hukuman anu
kacida beuratna.
Ngadéngé caritaan
putri kitu, Komarujaman
mamalihan téh, ngahuleng. Ras inget ka salakina.
Kajurung ku rarasaanana,
putri téh sasambat melasmelis, nu kekecapanana
matak nodel mamaras rasa
nu ngadéngékeunana.
Putri ngadeukuetn.
Neuteup beungeut salakina nu keur bangun sedih
kacida. Nu diteuteup
Manglé 2450
males neuteup. Prok
paadu teuteup.
Pok Putri Budur
nyarita. Ditetek taya nu
kaliwat. Lalakon Putri
Budur kitu, matak ngésétan haté Putri Hayati. Ceuk
pikirna, mun éta kajadian
tumiba ka dirina, tangtu
manéhna gé bakal ngalaman tunggara, nu boa
moal kuat nadanganana.
Dina ahir caritaanana,
Putri Budur miharép
sangkan putri éta karajaan
téh bisa ngajaga rusiahna.
Atuh, cenah, isuk jaganing
pagéto mun geus patepung
jeung salakina, geletuk
batuna kecebur caina mah,
urang pasrahkeun we ka
Nu Mahakawasa.
Putrti raja, kacida
karunyaeunana. Manéhna
jangji rek mélaan Putri
Budur. Ceuk pikirna, moal
hésé akon-akon ka kolotna
mah, da moal enya
naléngténg tetelepék.
Intina, éta putri téh rék
saolah-olah umumna nu
rumah tangga.
Peuting éta mah, Putri
Budur jeung Putri Hayati
téh saré dina pangsaréan
nu sarua. Guntréng ngobrol dibarung ku silih gonjak. Kakara reup wanci
janari. Teu lila kahudangkeun ku adan subuh.
Puting ka- 212
Malikan deui carita.
Kacatur deui Raja Syahraman, waktu anakna teu
balik dina wancina mulang, raja téh reuwas
kacida. Enya, ogé percaya
kana kagagahan anakna
komo deui aya baturna nu
sidik luhung elmuna,
angger wé teu tingtrim.
Inggis ku bisi rempan ku
sugan, da jalma mah tara
salilana punjul. Nu digajaya ge bisa keuna ku
apes!
Waktu nu ditunguan
teu jol mulang, raja téh
langsung maréntahkeun
baladna sangkan nyusul ka
pamoroan. Teu
tinggaleun, raja gé jengkar,
kalayan mingpin pasukan
husus. Teu hésé, ujug-ujug
kapanggih wé laratanana.
Malah, raja pisan nu
manggihan papakéan
Komarujaman nu geus
rangsak guyang getih. Teg
weh, tangtuna anakna téh
geus taya di kieuna.
Dina kaayaan sedih,
Raja Syahraman
ngumpulkeun baladbaladna. Sanggeus
cacarita, bring marulang
ka nagrina. Kasedih raja,
tépa ka rahayatna. ***
(Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 19 }
N
yi Nisah ngadéngé
pélét-pélét kitu,
robah riuk
beungeutna, ku Si Abdullah
disangka duméh héran baé,
teu nyaho kana kandungan
haté pamajikan. Bojona
ingguk-inggukan bari némbalan: “Enya, enya, tuluy
kumaha?”
“Tah ayeuna kieu,” ceuk
Si Abdullah, “isuk Enok
biasa baé dagang ka Nyi
Rapiah. Mun Nyi Rapiah
meuli kadaharan sabisabisa béré nu beueus-beueus
dikalapaan atawa dikincaan. Manéhna téh meureun
bongoh, moal molotot baé
nénjokeun dagangan
urang. Tah sabot kitu, éta
pélét ku manéh cicikeun
kana balanjaan Nyi Rapiah
sing bisa, ulah katara.
Ngarti?”
Nisah: “Dicicikeun? na
ari kitu cai?”
Abdullah haréwos
nompo beungeut: “Sttt ...
tong geruh. Heueuh, cai,
pélét, ‘cimata-duyung’ téa.”
Nyi Nisah mani nga-
12
jenghok ngadéngé salakina
nyebut cimata-duyung téh
puguh éta anu dilalamun ti
baréto ogé! Lain teu katara
pamajikan ngajenghok téh,
tapi ku Si Abdullah
disangka héran biasa baé,
malah kusiwel botol leutik
téh dikaluarkeun tina
pésakna. Nyi Nisah
dipapatahan peta-petana
sarta dimulamantian pisan
ulah loba carita ka sahasaha gé, disingsieunan
magar lamun kanyahoan
ku pulisi nerapkeun pélét
téh dibui, dibuang cara nu
ngaracun.
Cék pamikir Si Abdullah, ku jalan kitu, manéhna
téh bakal bebas tina
sangkaan. Upama dina papariksaan pulisi engké
katangen yén Nyi Rapiah
paéh diracun, nu dicerek
téh geus tangtu Nyi Nisah,
lamun diambat, Si Abdullah mah rék mungkir adegan kalawan wani
disumpah. Sakitu tah
telengesna Si Abdullah téh,
nepi ka pamajikan rék di-
jieun wadal.
Geus bérés badami
jeung peupeujeuh, “cimataduyung” ogé diampihan ku
Nyi Nisah. Si Abdullah
sugema pikirna, asa bakal
punah majar kanyeri ka Nyi
Piah, nu ceuk pamikir Si
Abdullah mah magar téh
“dijeujeuhkeun bet males
ku nganyenyeri”. Kitu
puguh gé, jelema sasar mah
bebeneranana sok tibalik,
awéwé digubruskeun gé
magar dijeujeuhkeun.
Puguh-puguh ngabedol pamajikan batur téh lampah
doraka, pangrasana mah
bet sohor. Éta deuih,
kagembang ku duit salawé
pérak, maké lulas kana pati
batur.
Nyi Nisah ogé pohara
ngarasa sugemana, sabab
jaba ti salaki ngadadak
bageur téh, bet boga pélét
anu meunang hayang ti baheula. Ceuk itungan Nyi
Nisah nu bodo: “Bet gampang-gampang diterapkeun
ka Nyi Rapiah, mending ku
manéhna diterapkeun ka Si
Abdullah, ambéh nyaaheun
jeung asih, sina nangkel
sina montél. Mun teu ayeuna iraha deui, ngahaja
néangan moal enya kabeuli.
Hanas magar geusan Nyi
Rapiah, béjakeun baé geus
diterapkeun, da moal aya
nu naléngténg ieuh. Lamun
teu aya kabubuatanan di
awak Nyi Rapiah, éta mah
meureun pélét cambal, teu
mental, da béjana sok aya
jelema anu bandel! wisaya
atawa pélét.” Kitu ceuk
pikir Nyi Nisah, awa ... lainlain acan pikir, éta mah
gerak-wisat perbawa lalamunan.
Biasana subuh-subuh
Nyi Nisah sok hudang. Ari
Si Abdullah mah atuda
ngantor henteu, ka sawah
tara, hudangna téh sok
beurang, bojona mah geus
ka mana boa. Ari peta oloolo, cara putra baron, hudang molor téh kudu geus
nyampak cikopi dina
gopikan digurubed ku simbut butut ambéh kasampak
panas kénéh, da ku Nyi
Nisah disadiakeun isuk
kénéh, méméh indit nyampeur dagangan ka Ibu Haji
Ubeng. Mun teu
disadikaeun cikopi, engke
ari balik ngider, Nyi Nisah
cadu tarima bengep dicabokan.
Isuk éta gé nya kitu,
sabot Si Aom Koko-
Manglé 2450
14. rompong ngagojod kénéh
téh Nyi Nisah mah geus
sadia cikopi maké cai anu
dina botol leutik téa.
Awahing hayang puas,
botol téh maké dikungkurahan ku cikopi, dihijikeun
deui kana gopikanna.
“Hag siah,” ceuk Nyi
Nisah, “geus dipélét kitu
mah Si Bedul téh piraku teu
sujud kana dampal suku
aing, tuman lalaki kitu
mah, kudu sina ngorondang bari acong-acongan
nyembah hayang
dipikarunya. Cekeng téh:
hayoh sia, rék kumaha?
Lebok kainyah.”
Geus sagala bérés, Nyi
Nisah indit rék nyampeur
dagangan. Bari leumpang,
botol leutik anu mani
koréndas téh dialungkeun
ka susukan geuleuh. Nyi
Nisah leumpangna mani
ngagandeuang bawaning
sugema pikir; diwawaskeun: balik ngider
dipapagkeun ku salaki,
dirontok jeung diceungceurikan. Emh, aya
ni’mat!***
7
Deukeut ka wanci
manceran —harita Nyi
Nisah keur di Kajaksaan
Girang, ngélék nyiru korédas— nyebar béja, pabéjabéja sadayeuh Bandung,
yén Abdullah paéh aya nu
ngabaruang. Mimiti
kadéngé gegerungan ku
tatanggana, ari
disalampeurkeun bet keur
adug-songkol bari mencétan beuteung, utah-uger
pinuh dapur pinuh
patengahan. Béja téa ka Nyi
Nisah ogé nepi, atuh pohara ngarénjagna. Guragiru manéhna balik. Di
jalan kénéh Nyi Nisah geus
rambisak, nepi ka buruan
mah gauk baé midangdam;
abus ka imah aeuk-aeukan.
Najan Nyi Nisah awéwé
bodo, tapi manginget jeung
wirasatna mah da teu paéh,
Manglé 2450
ana, boh nu dilicikan
ngadu, boh nu ditupu
barangna jeung jaba ti éta,
ku saréréa geus dianggap
pantes, lamun di antara nu
kanyenyerian jeung nu
ngewaeun téa tuluy
ngabaruang. Pulisi gé kitu
anggapanana; jadi ayeuna
néangan nu ngabaruang
téh kudu luareun imah Si
Abdullah. Tapi saha kirakirana? Urang Bandung
silih-tanya, ma’lum jaman
harita, rasiah pulisi téh
babari pisan nyebar ka luar.
Jadi mungguh hakékatna,
henteu kurang henteu
leuwih,
nu terap ka Si Abdullah,
hukumullah anu adil,
anu teu pilih kasih,
wenang ngaganjar
ngahukum,
sabab pikeun Allah mah,
taya sulit taya buni,
unggal dosa sadia hukumanana.
rasana hirup. Kumanéhna,
masing teu kahartieun gé
karasaeun, yén anu ku
salakina disebut pélét téh
saenyana mah racun geusa
ngabaruang Nyi Rapiah.
Sabodo-bodona jalma, ari
diancam bahya mah
mangingetna sok ngabéjaan. Sok sumawonna
manusa, sato anu teu bisa
mikir gé ari nyaho aya
bahya mah sok hayang
salamet. Ku Nyi Nisah
karasaeun, yén lamun
manéhna waleh ngaku
nyicikeun cai tina botol leutik kana cikopi, tangtu
manéhna cilaka, didakwa
ngaracun. (Da jeung enya
ari batinna mah Nyi Nisah
téh henteu ngaracun.
Sakanyaho manéhna mah
nu dina botol téh pélét
cimata duyung).
Lantaran dina papariksaan pulisi Nyi Nisah ngaku
teu terang naon-naon,
jeung sakur nu wawuh ka
Nyi Nisah pada
ngamustahilkeun yén Nyi
Nisah aya guam ngaracun
salakina, leuh, awéwé
macem kitu, pimanaeun
boga wawanén ngaracun
(ieu mémang bener), jadi
pulisi gé teu teterusan
nerka. Komo nénjo peta
Nyi Nisah enyaan ceurik
kanyenyerian mah.
Saurang gé teu aya nu
ngira, yén Nyi Nisah mah
saenyana nyeungceurikan
polahna pribadi, dikira
ceurik nyeri ku ditinggalkeun maot baé. Sangkaan
saréréa, nu ngabaruang téh
asupna tangtu sabada Nyi
Nisah kaluar ti imah rék
nyampeur dagangan, sabot
Nyi Nisah kaluar ti imah
rék nyampeur dagangan,
sabot Si Abdullah tibara
kénéh. Ari ka Si Abdullah,
—pulisi gé terangeun—
puguh réa pisa nu ngéwa
atawa kanyenyerian, boh
nu digerejud pamajikan-
Jeung Allah ma tara
nyiksa,
salawasna welas-asih,
mun aya nu nandang
siksa,
siksa ti dosa pribadi,
adilna Maha Suci,
ka nu kaniaya hasud,
sok rajeun kajadian,
tamiang meulit ka bitis,
nu cilaka ku pitapakna
sorangan.
Nyi Nisah bébas tina
sangkaan jeung dakwaan.
Nu narénjo pada watir
ngadeuleu nu ceurik mani
gégéréléngan kawas budak.
Saréréa nyangka yén ceurik
nyeri katinggal salaki, teu
saurang-urang acan nu
ngira, yén Nyi Nisah
nyeungceurikan dirina
pribadi. Nénjo nu ceurik
nepi ka kitu, beuki leungit
baé terka ka Nyi Nisah téh,
kalah pada ngarupahan,
malah ku Ibu Haji Ubeng
mah nepi ka dikaléng
dibawa diuk. (hanca)
13
15. Metik Hikmah tina Peristiwa Hijrah
Ku Féndy Sy. Citrawarga
A
lhamdulillah, kiwari urang
sadayana parantos nincak
étangan taun Hijriyah anu
énggal, nyatana taun 1435 Hijriyah
nu dikawitan ku sasih Muharram.
Ku gentosna taun Hijriyah ieu,
kanggo urang salaku muslim mah
ngandung hikmah anu peryogi dipiémut dina raraga ngaronjatkeun
ajén diri, utamina dina tarékah
ngawedelan iman sareng akidah,
katakwaan, katut ibadah ka Mantenna.
Sakumaha nu tos kauninga ku
urang sadayana yén étangan taun
Islam
(taun
Hijriyah)
téh
dideklarasikeun ku alpukahna
Amirul Mukminin, Umar bin
Khaththab r.a. , nyatana dicandak
tina perjoangan dawah Rosululloh
saw. katut para sohabatna nalika hijrah (ngalih) ti Mekah ka Madinah.
Umar henteu nyandak étangan taun
Islam tina kalahiran atanapi wafat
Nabi saw., ogé sanés tina peristiwa
Isro sareng Miraj, atanapi tina
ngawitan lungsurna ayat Al Quran.
Hal éta taya sanés kumargi peristiwa hijrah Nabi saw. katut para
sohabat téh mangrupi peristiwa anu
teu kinten kebek ku ajén jihad anu
ageung margi seueur rosikona dugi
ka jungjunan Nabi saw. ku anjeun
nandonkeun pati. Ku kitu téh da
puguh kaom kafir Qurés terasterasan ngaganggu lumangsungna
dawah Rosululloh saw. Anapon
gangguanana sanés baé mangrupi
provokasi, nanging ku ancaman
pati.
Nanjeurna Dienul Islam, di
sagédéngeun nashrullah (pitulung
Alloh) ogé ngalangkungan tarekéh
jihad anu soson-soson Rosululloh
14
saw. katut para sohabat. Salami tilu
welas taun anjeunna umajak ka
kaom Qurés di lelewek Mekah,
salami éta kaom jahiliyah ngayakeun
perlawanan, utamin para gegedugna.
Nabi saw. waktos harita cumeluk
ka sakumna manusa sangkan babalik pikir tina ageman jahiliyah kana
agama tauhid, nebihan syirik,
nyieuhkeun sagala rupa paripolah
jahiliyah anu tos jéntré ngotoran kamulyaan sajatining manusa. Nya kitu
deui nyembah tapékong atanapi
berhala, ngukut takhayul, mépéhék
kaom wanoja kedah ditebihan. Ku
kitu téh sangkan martabat manusa
bener-bener aya dina kamulyaan, teu
kaci ngagunasika sasama. Ukuran
kamulyaan manusa, sanés harta nu
dipibandana, ogé sanés tahta/jabatan nu dicangkingna, nya kitu deui
rupa naha kakasépan atawa
kageulisan, nanging katakwaan ka
Alloh SWT.
Dina
emprona,
panggero,
kanyaah, sareng kadeudeuh Rosululloh saw. téh kalah pada ngalélécé,
malah ngalawan anu teu kinten
mahabuna. Para gegedug Qurés
ngarasa kaancam harga dirina lamun
ajaran Islam anu dicandak ku Rosululloh ngélébét di Mekah. Ku kituna,
maranéhna teu eureun-eureun
ngayakeun perlawanan ku pirang-pirang cara dugi ka ngancam pati. Sok
sanaos kitu, Nabi saw. katut para
sohabat nu tos lebet Islam nu jumlahna sakedik kénéh henteu boboléh,
teras ngélébétkeun sumanget dawah
ka kaom jahiliyah sangkan dina hiji
waktu mah kénging hidayah.
Sanés Boboléh
Di antawis perjoangan Rosulul-
loh téh nyaéta hijrah ti Mekah ka
Madinah. Aya nu nyebatkeun (oriéntalis), cenah ngalihna Rosululloh
saparakanca ka Madinah téh alatan
boboléh, kasoran. Padahal sanés
kitu, nanging mangrupi stratégi
atanapi siasat kanggo ngempelkeun
kakiatan, boh lahir boh batin kanggo
ngaronjatkeun ajén perjoangan
salajengna.
Anu janten bekel utami hijrah
kaom muslim, taya kajabi anging ku
wedelna kaimanan dina diri
aranjeunna. Anapon iman sareng
akidah téh hal utami anu tos
ditancebkeun ku Rosululloh saw.
nalika di Mekah.
Ku kituna, nalika aya pancén hijrah ti Alloh SWT ngalangkungan
Nabi saw., kaom muslim henteu
kalékéd sok sanaos karaos abot da
apan kedah paturay sareng kulawarga, kedah ngantunkeun lemah
cai nu dipikameumeut, kedah ngantunkeun harta pakaya, demi miharep
karidoan Alloh SWT. Malih harta
pakaya dijantenkeun bekel kanggo
ngalengkepan perjoangan bari henteu aya rasa mangmang deui.
Ku kituna, Alloh SWT maparin
kaunggulan tur ngangkat darajat
aranjeunna sakumaha nu dicutat
dina pidawuhNa:
"Jalma-jalma anu ariman, hijrah
jeung jihad dina jalan Alloh ku harta
banda jeung dirina, leuwih luhur
darajatna mungguhing Alloh, jeung
maranéhna téh jalma-jalma nu
pinunjul. Alloh nepikeun béja
gumbira ka maranéhna kalayan
rohmat, karidoan Alloh, jeung
sawarga anu di jerona maranéhna
meunang kanimatan anu langgeng."
(QS At Taubah: 20 - 21)
Manglé 2450
16. Iman jeung Ihlas
Konci suksés merjoangkeun
agama Alloh sapertos dilaksanakeun
ku Nabi saw. sareng para sohabat
nalika hijrah nyatana nyepeng deleg
kaimanan anu dibuktoskeun ku
kaihlasan. Ihlas ngorbankeun sagala
rupi anu diperyogikeun ku perjoangan téa. Dina hal ieu tegesna
dawah, umajak ka umat kana jalan
hak nebihan kabatilan.
Ngalaksanakeun amal kalayan
jejer ihlas atanapi janten jalmi anu
salawasna
mukhlish
kacida
ditekenkeunana ku Alloh SWT
sakumaha pidawuhNa nu hartosna:
"Caritakeun (Muhammad), saéstuna kuring diparéntah sangkan
nyembah Alloh kalayan pinuh kaihlasan sarta ngamurnikeun katoatan
ka Mantenna dina ngajalankeun
agama. Jeung kuring diparéntah
sangkan jadi jalma anu pangmunggaranana sumerah diri." (QS Az
Zumar: 11 - 12)
Kitu gambaran perjoangan kaom
muslim dina ngudag karidoan Alloh.
Cindekna, sagala rupi hal kedah dijejeran kaihlasan sarta panceg dina
istikomah ngajalankeun agama
Alloh. Tegesna, ngabuktoskeun
ayana iman teu cekap ku pangangkenan
dina
manah
atanapi
dikedalkeun dina lisan, nanging
kedah dibuktoskeun ku amal
padamelan anu nyata.
Nu disebat Diinul Qayyimah,
agama anu lempeng/istikomah, di
sagédéngeun iman anu wedel, éta
kaimanan kedah dibuktoskeun ku
ngajalankeun saréat Islam sapertos
solat, zakat, sareng sajabina.
Pidawuh Alloh dina Al Quran nu
hartosna:
"Padahal maranéhna henteu diparéntah anging sangkan nyembah
Alloh kalayan ngamurnikeun katoatan ka Anjeunna dina ngajalankeun agama kalayan lempeng,
sarta
sangkan
maranéhna
ngadegkeun solat jeung zakat. Tah
éta téh agama anu lempeng." (Al
Bayinah: 5)
Dina hadis ogé seueur katerangan perkawis peryogina kaihlasan
dina perjoangan nanjeurkeun agama
Alloh, malih aya patalina sareng
peristiwa hijrah. Tegesna, suksés hijrah keur kaom muslim téh nyatana
Manglé 2450
gumantung kana kaihlasan niatna,
niat anu ihlas karana Alloh nya tangtos karidoan Alloh nu diarep-arepna.
Hadis nguningakeun nu hartosna:
"Sohabat Umar bin Khaththab
r.a. sasauran: simkuring ngadangu
Rosululloh saw. ngadawuh: saéstuna
sahna sakabéh amal gumantung
niatna. Jeung hiji pagawéan anu dipigawé ku jalma gumantung kana niatna. Sing saha anu hijrah karana
miharep karidoan Alloh jeung RosulNa, maka karidoan Alloh katut RosulNa anu baris kapanggih. Jeung
singsaha anu hijrah karana rék néangan harta banda atawa karana
awéwé anu rék ditikah, maka naonnaon anu dipiharepna éta nu dialana." (HR Bukhori sareng Muslim)
Kitu pidawuh Rosululloh saw.
ngeunaan peryogina niat anu ihlas
dina berjoang miharep karidoan
Alloh. Hal éta tos dibuktoskeun ku
anjeunna nalika hijrah téa.
Ciri amal anu ihlas ku ayana haté
anu beresih, wening, tina sagala rupi
kasakit batin kayaning sirik pidik
atanapi harepan kana ruruba dunya.
Dina hadis kauninga nu hartosna:
"Sohabat Abu Huraéroh r.a.
sasauran yén Rosululloh saw. parantos ngadawuh: Saéstuna Alloh SWT
henteu ningal (meunteun) kaayaan
awak sarta rupa maranéh, tapi Alloh
meunteun kaihlasan haté maranéh."
(HR Bukhori sareng Muslim)
Ku ayana haté nu beresih baris
panceg nyekel bebeneran, iman
bakal wedel, henteu kapangaruhan
ku naon baé sabab sagala rupi
diséndérkeun kana kayakinan ayana
Alloh. Hadis nguningakeun deui nu
hartosna:
"Mun téa mah salasaurang di antara maranéh ngalakukeun pagawéan di jero guha anu teu aya panto
jeung liangna, maka éta amal tetep
bakal bisa kaluar (tetep dicatet ku
Alloh) nepi ka iraha waé ogé." (HR
Bukhori sareng Muslim)
Nimat nu Ageung Ajénna
Ku kituna, para salafus saléh
ngagolongkeun kaihlasan atanapi
karidoan dina jihad ngabéla agama
Alloh mangrupi kanimatan anu teu
kinten ageung ajénna. M. Yunan
Nasution dina bukuna "Khutbah
Jumat" nerangkeun:
"Sikep rido téh mangrupa kanimatan rohani anu pangluhurna. Ahli
tasauf Ibn 'Atha' sasauran, rido téh
katenangan/katingtriman
haté
nampi hiji perkara anu dipilih Alloh
keur hambaNa. Aya ogé ahli tasauf
séjénna nu sasauran yén rido téh
puncak tawakal, narima katangtosan
Alloh kalayan senang, haté anu tumampi aya dina yuridiksi hukum
Alloh.
Nalika Abu Hazim aya nu naros,
harta naon anu pangmahalna,
anjeunna ngawaler, sikep rido kana
karunia sareng takdir Alloh.
Ku kituna tiasa dicindekkeun yen
rido téh - sakumaha disaurkeun ku
Dr. Yusuf Qardhawi - nyaéta nimat
rohani
sabagé
karunia
anu
dianugrahkeun ku Alloh, tumuwuh
alatan iman anu wedel sareng alatan
miara hubungan anu tartib sarta
teras-terasan ka Mantenna. (Al Iman
wal Hayat, kaca 135)."
Hijrah nu Utami
Sakali deui, unggulna jihad dina
raraga dawah Rosululloh saw. sareng
para sohabat ngalangkungan hijrah
téh didadasaran ku kaihlasan, lilahitaala, miharep karidoan Alloh dugi
ka kapetik hasilna kaala buah mangpaatna. Témahna, Islam sumebar
sanés baé di lelewek Arab nanging
nyambuang ka mana-mana tug dugi
ka nagri urang.
Ku kituna, kanggo urang ayeuna
nu kapapancénan neraskeun risalah
dawah Islamiyah luyu sareng kamampuh séwang-séwangan, sawadina metik hikmah tina peristiwa
hijrah. Tegesna leres-leres matrikeun kaihlasan dina diri saparantos
mibanda iman anu ogé dipiharep
tetep wedel sakumaha anu parantos
dibuktoskeun ku Rosululloh saw.
sareng para sohabatna.
Sanaos tangtosna hijrah kanggo
umat anjeunna kiwari sanés hijrah
dina hartos ngalih tempat wungkul,
nanging hijrah nu utami nyaéta
ngarobih paripolah awon kana
kasaéan, tina kabatilan kana hak,
masiat kana toat nu karaosna
langkung abot batan hijrah patempatan. Nanging nya di dinya
ngancikna perjoangan atanapi ajén
jihad mah, tegesna jihad ngayonan
hawa napsu. ***
15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Hukum Puasa Asyuro
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat, badé
tumaros perkawis saum dina poé
Asyura (tanggal 10 Muharram). Naha
kalebet wajib? Kumaha asal-usul
disunatkeun saum dina poé Asyura?
Sim kuring nyuhunkeun kateranganana, boh tina Alquran atanapi tina Hadits. Hatur nuhun.
Wassalam,
Afif Rahman
Palered Purwakarta
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana
sagala rupi perhatosanana. Kalender
hijriyah mangrupa taun nu biasa
digunakeun ku umat Islam, sok sanaos
umat Islam di urang lolobana henteu
merhatikeun kana kalender hijriyah
ieu, atawa henteu arapal kana pananggalan hijriyah. Kalender hijriyah
dimimitian ti bulan Muharram,
kalawan dipungkas ku bulan Dzulhijjah (Rayagung). Bulan Muharram kaasup salasahiji bulan suci dina taun
hijriyah anu disebut “Syahrul Hurum”
sajabi ti tilu bulan lianna, nyaéta Dzul
Qa’dah, Dzulhijjah, sareng Rajab. Lantaran kitu, éta bulan nu opat dianggap
bulan suci tur mulya, mangka diharamkeun umat Islam ngayakeun
peperangan dina éta bulan.
Husus bulan Muharram anu mangrupa bulan munggaran kalender hijriyah,
seueur
pisan
kautamaan-kautamaan anu pantes
dipiéling ku umat Islam. Hasan Bashri
kantos nyebatkeun, henteu aya bulan
dina sataun salian ti bulan Ramadhan
anu langkung agung tur mulya di
payuneun Alloh ti batan bulan Muharram. Malihan aya ulama anu nyebatkeun bulan Muharram disebat
“Sayhrulloh al-Asham” hartosna bulan
Alloh anu tengtrem, nuduhkeun bulan
anu kacida mulyana.
Di antara kautamaan anu aya dina
16
ieu bulan nyaéta disunatkeun
ngalaksanakeun saum, utamina saum
dina poénan tanggal 10, anu disebut
saum ‘Asyura (Asyuro). Dina Hadits
disebatkeun, wiréh Siti Aisyah kantos
ngariwayatkeun
sapartos
anu
diriwayatkeun ku Imam Bukhari-Muslim, anu unggelna nyebatkeun, yén poé
‘Asyuro nyaéta poé kasapuluh bulan
Muharram. Dina poé ieu aya katerangan nu nerangkeun, yén di jaman
jahiliyah urang Quraisy tos biasa
ngalaksanakeun puasa, kalebet Rosululloh SAW. Kaayaan saperti kieu
lumangsung nepi ka Rasul hijrah ka
Madinah. Ku hal kitu, di awal-awal
taun Nabi hijrah, puasa Asyuro
hukumna wajib, sakumaha disebatkeun dina Hadits anu sumberna ti
Salamah bin al-Akwa. Namung hukum
wajib puasa Asyuro robah janten sunat
hukumna, saatos turun paréntah
(wajib) puasa bulan Ramadhan dina
taun kadua hijriyah. Hartosna kawajiban puasa Asyuro kapupus ku kawajiban puasa di bulan Ramadhan,
sedengkeun puasa Asyuro hukumna
jadi sunat.
Namung sok sanaos puasa Asyuro
hukumna sunat, kautamaana ulah
dipopohokeun. Abu Hurairah kantos
ngariwayatkeun Hadits ngeunaan kautamaan puasa Asyuro. Disebatkeun
dina éta Hadits, wiréh puasa anu paling utama saatosna puasa Ramadhan
nyaéta puasa di bulan Muharram,
jeung solat anu paling utama saatosna
solat wajib nyaéta solat Tahajud.
Seueur pisan kautamaan puasa di
bulan Muharram, utamina puasa dina
poé Asyuro. Abu Qatadah al-Anshari
nyebatkeun, puasa Asyuro tiasa nutup
dosa-dosa sataun ka tukang, boh dosadosa leutik atawana dosa-dosa gedé.
Kautamaan lianna, saperti dijelaskeun
ku Ibnu Abbas wiréh Rasulullah SAW
hanteu ngalaksanakan puasa dina poépoé séjénna kalawan bari ngalap kautamaana salian ti puasa dina poé
Asyuro, tegesna puasa dina poé Asyuro
leuwih utama ti batan puasa sunat dina
poé-poé séjénna.
Puasa Asyuro ogé mangrupa sunnah Nabi Musa AS anu mangrupa
salasahiji bentuk jeung tanda rasa
syukur disalametkeun ku Alloh tina ancaman bala tentara Fir’aun. Lajeng
disunatkeun puasa Asyuro ka umat
Nabi Muhammad SAW. Hartosna
nuturkeun salasahiji sunnah Nabi
Musa AS. Hal ieu dumasar kana Hadits
Rasul anu sumberna ti al-Rabi’ bin
Afra’, anjeuna nyarioskeun, wiréh Rosululloh SAW kantos maréntahkeun
utusan ka désa-désa Anshar anu aya di
sabudeureun Madinah dina poé
Asyuro. Lajeng Rasul ngadawuh, sing
saha anu ngalaksanakeun puasa,
mangka teruskeun puasana, jeung sing
saha anu can niat puasa, mangka geura
niat seja puasa dina éta poé.
Dumasar kana pidawuh kitu,
mangka ti wangkit harita para sahabat
Nabi ngalaksanakeun puasa dina poé
Asyuro tur ngajarkeun ka anak-anakna
bari ngabéwarakeun ka para sahabat
lianna, sangkan ngalaksanakeun puasa
dina éta poé. Akhirna sunnah puasa
Asyuro ieu teras dilaksanakeun
(disunahkeun) ku Rasululloh SAW, lajeng diteraskeun ku para sahabatna.
Ibnu Qayim Jauziyah dina kitabna
“Zadul Ma’aad” nyebatkeun, wiréh
puasa Asyuro numutkeun kana riwayat-riwayat anu aya, dibagi kana tilu
urutan, nyaéta: kahiji, dilakukeun
salila tilu poé, nyaéta dina tanggal 10
Muharram
ditambah
sapoé
saméméhna jeung sapoé saatosna (9,
10 sareng 11). Urutan anu kahiji ieu
mangrupa urutan anu paling sampurna kalawan dasarna Hadits anu kuat
jeung loba. Urutan kadua, dilakukeun
salila dua poé, nyaéta dina tanggal 9
sareng 10 Muharram. Puasa tanggal
salapan biasana disebut puasa
“Tasu’a”, puasa anu tanggal 10 disebut
puasa Asyuro. Lajeng urutan anu
katilu, mung sapoé, nyaéta dina tanggal 10 Muharram wungkul. Sakitu,
mudah-mudahan aya mangpaatna.
Wallohu ‘alam.***
Manglé 2450
18. Atikan
Bahaya Narkoba ka Parasiswa
B
adan Narkotika Nasional
gul kalawan ngajauhan narkoba.
(BNN) gawe bareng
Para nonoman Sunda husuna,
jeung Yayasan PendiIndonesia umumna misti mamdikan Dasar dan Menengah
puh jadi generasi pinunjul, jadi
(YPDM) Pasundan sarta gerbangsa anu kuat sarta pinunjul di
akan Pramuka kwartir ranting
tingkat dunya.
Rancaekék, ngagelar acara sosiaBangsa Indonesia umumna,
lisasi mahing tur ngungkulan
urang Sunda husuna, ceuk Soma,
bahaya narkoba anu ngaruksak
ngabogaan sikep anu santun.
mental masarakat, hususna baMasarakat anu ngabogaan sipat
rudak rumaja jeung pelajar.
jeung karakter, silih asah, asih
Eta kagiatan diiluan ku ratujeung asuh. Tuh pan, ceuk Soma
san siswa SMP-SMK Pasundan
deui natrat naker yén bangsa
Rancaekek-Kabupatén
Banurang kacida pisan make kana
Drs. Soma Gantika, M.Si.,… “Nonoman Sunda pinunjul
dung, digelar poé Kemis (31/10).
ajen inajen kearifan lokal.
masing jadi harepan balarea”
Harita, parasiswa dibekeKu sabab kitu, Soma
lan atikan ngeunaan halnegeskeun, pikeun ngahal bahayana narkoba nu
bénténgan arus global,
kiwari mahabu sarta nganya kudu nguatan akarruksak mental jeung laku
akar budaya lokal, sarta
lampah masarakat, husus
misti diwujudkeun teu
na pelajar. Hadir dina éta
cukup ku teori, tapi bari
acara pajabat ti (BNN)
jeung prakna deuih.
Badan Narkotika Pro"Dipiharep ku kapunvinsi Jawa Barat, Pingjulan-kapunjulna putrapinan jeung guru sakola,
putra daérah baris jadi
para tokoh masarakat
tokoh-tokoh Sunda nu
sarta para sepuh murid.
manggung boh nu di ekWakil Ketua YPDM Pasekutif boh legislatif.
sundan, Drs. Soma GanLéngkah jeung kanyaahtika, M.Si., dina bian
na éstu pisan dianti-anti
tarana nétélakeun, digeku sakumna masarakat.
larna acara ieu mangrupa
Teu saeutik urang Sunda
salasahiji tarakéh engpinunjul nu manggung di
Acara sosialisasi bahaya narkoba digelar di komplek SMP-SMK Pasundan nasional, anu bisa digoning mageuhan tali
Rancaekek, Kabupaten Bandung
silaturahmi, meungkeut
jadikeun kareueus keur
beungkeutan tatali batin
masarakat Sunda. Nya
balaréa, pangpangna generasi ngora.
antara yayasan, sakola Pasundan, Ku kituna, narkoba kudu musna. saperti AGK (Agus Gumiwang Karhusuna jeung parasepuh murid.
”Mudah-mudahan ku diayakeunna tasasmita) apan éta putra pinjul pituin
Eta kagiatan, ceuk Soma, ngandung kagiatan sosialisasi samodel ieu, ma- Sunda nu ayeuna jadi anggota DPR RI,
makna nu kacida gedéna keur sa- sing jadi atikan oge bahan pikeun ceuk Soma.
kumna pihak. Sabab dipiharep mam- ningkatna ajen kawaspadaan ka baruKukituna, dipaharep, urang Sunda
nu manggung di puseur (eksekutif dan
puh jadi apresiasi masarakat leuwih dak urang," ceuk Soma.
nyaho yén bahaya narkoba jeung zat
Soma nandeskeun, pasualan ngeu- legislatif) masing bisa bisa ngaapresiasi
adiktif téh henteu waé ngaruksak men- naan bahayana narkoba geus jadi pa- naon nu jadi kereteg jeung harepan
tal barudak, tapi masarakat Indonesia sualan nasional, malah internasional. sakumna masarakat Sunda. "Kudu
umumna.
Narkoba jadi musuh masarakat dunya. katara ayana jeung karasa mang"Narkoba téh lian ti jadi panyakit nu
Ku kituna, ceuk Soma, para nono- paatna ku balarea," ceuk Soma Gantika
ngabahayakeun, ogé musuh urang man Indonesia kudu jadi manusa ung- nutup wangkongan.***
Manglé 2450
17
19. Asa Teu Pira
Carpon Mimif Miftahul Huda
A
sa teu pira.
Harita téh
kuring ngan
saukur méré
baju ka si Siti.
Na mani teungteuingeun,
jadi kieu kaayaanana. Haté
jadi teu puguh rarasaan.
Ceuli teu puguh dédéngéan. Ieu deuih panon ujugujug teu puguh titingalian.
Asa ku anéh.
Enya, teu pira ceuk kuring gé. Pira méré baju.
18
Pédah meureun si Siti téh
randa ngora anu ditinggalkeun maot ku salakina.
Tapi da kuring teu boga
niat nanaon, iwal ti ngarasa karunya. Taya deui
lian ti karunya. Pédah wé
manéhna di dieu téh teu
boga sasaha deui.
Kulawarga geus teu
boga. Gawé teu tangtu.
Dahar kadang aya, kadang
euweuh. Baju nu dipaké
ogé sigana téh éta deui-éta
deui.
Éta mimitina mah anu
ngabalukarkeun kuring
kapikir méré baju téh.
Nyedek pisan ka lebaran,
piraku bajuna sararoéh.
Kapan ceuk agama gé
lamun aya tatangga anu
sangsara, urang wajib
méré. Nya kuring téh
meuli baju wé sasetél.
Tuluy dibikeun ka manéhna.
Euweuh. Euweuh kajadian nanaon deui harita
téh. Malahan mah manéhna téh nunuhunan
pisan ka kuring.
Ari der téh isukna urang
lembur geunjleung. Mani
ramé. Cenah mah si Siti
reuneuh. Asa teu mungkin
cenah reuneuh ku almarhum salakina mah, da geus
lila atuh maotna gé. Kuring
mah biasa wé ngadéngé
omongan kitu téh. Enya
mimitina mah rada reuwas. Tapi da lain urusan
kuring ieuh.
Barang kuring balik digawé, ujug-ujug aya nu
nepak kana taktak di jalan
téh. Geuning si Samin,
manggul pacul.
“Sardi, cenah manéh
ngareuneuhan si Siti?”
pokna. Ngadéngé kitu,
ngagebeg kuring téh. Asa
kabéntar gelap. Geuwat wé
kuring téh nyentak si
Samin.
“Ari manéh Samin
ngomong téh sok ka mana
waé.”
“Éhhh... saha nu sok ka
mana waé téh? Urang lembur mah geus pada apal.
Cenah si Siti reuneuh!”
Rék ditémbalan deui téh
geus kaburu nepi ka hareupeun imah. Langsung
waé kuring téh asup.
Barang asup, sakedapan
mah kuring téh ngagebeg.
Dédéngéan mah asa aya
Manglé 2450
20. nu ceurik. Piraku aya kunti
wayah kieu? Ari disampeurkeun ka tempat
datangna sora, geuning si
Isah, pamajikan kuring
anu ceurik téh. Atuh da
iraha teuing ngadéngé si
Isah ceurik. Salila rumah
tangga, asa can kungsi
ngadéngé pamajikan
ceurik kawas kitu. Éta anu
matak kuring reuwas téh.
Ari ditanya kalahka
ngabigeu. Cék pikir téh,
boa-boa kitu gara-gara si
Siti téa. Nya diantep wé
pamajikan téh. Da mun
keur dina kaayaan siga kitu
mah moal bisa dikukumaha. Sababaraha poé ti
harita, ngadadak ménta
pipisahan pamajikan téh.
Kuring teu ngarti naon anu
nyangkaruk dina pipikiranu pamajikan. Ari ditanya
téh ngan ukur ngajawab
geus teu bisa percaya deui
ka kuring. Nya kuring ogé
teu bisa nyalahkeun. Da
mun teu nyabar-nyabar
manéh mah, moal bisa
betah cicing di ieu lembur.
Atuh da mun aya nanaon
téh tara lila, jalma salembur langsung pada nyahoeun. Jeung deuih
omongan-omonganana
téh ibarat seuseukeut
hinis. Tara bisa dijaga biwirna téh. Dileuleuyan wé
pamajikan téh.
Sanggeus kitu, kuring
langsung ngadatangan
imah si Siti. Rék nanyakeun bener-henteuna. Tapi
geuning di imahna euweuh
sasaha. Di tengah jalan
kabeneran kuring papanggih jeung si Samin.
“Min, manéh nyaho teu
saha nu mimiti ngomong
yén si Siti reuneuh? Terus
reuneuhna pajar ku kuring?”
“Éh, éta sugan bener teu
manéh anu ngareuneuhan?” Ceuk Si Samin kalah
ka malik nanya.
“Manéh teu percaya ka
Manglé 2450
uing?”
“Lain teu percaya Di,
tapi pan kana jerona haté
jalma mah saha nu nyaho.”
“Nya enggeus lamun kitu
mah urang tanyakeun
langsung ka Si Sitina,” kuring langsung némpas
omongan si Samin.
Nepi ka soré, anu ditungguan téh teu baé
datang. Isukna langsung
waé jalma salembur téh
dikumpulkeun di balé
désa. Si Siti cenah rék balaka ngeunaan kaayaan
manéhna. Kabéh jalma
anu boga pakuat-pakait
jeung si Siti aya di dinya.
Kaasup kuring jeung pamajikan.
Ari geus balaka, kalah
beuki reuwas kabina-bina.
Asa teu percaya ku omongan si Siti, cenah kuring
anu ngareuneuhan
manéhna. Kabéh percaya
kana omonganana, kaasup
pamajikan kuring. Enya
atuh da sakumaha
rongkahna kuring ngabéla
diri gé moal aya nu percayaeun. Puguh taya saksi
jeung teu boga bukti.
Kabéh jalma anu aya di
dinya malencrong ka kuring. Sajajalan kuring geus
teu puguh pikir.
Awak di mana, pikiran di
mendi. Kuring buru-buru
mulang. Ningali pamaji
kan keur nyegruk,
diomongan kukumaha ogé
geus teu bisa diupahan.
Manéhna keukeuh ménta
pepegatan.
Sababaraha poé ti harita,
sanggeus dijelaskeun
bébéakan, pamajikan téh
tetep teu percayaeun. Geus
ngomong ka indung-bapana, angger teu bisa.
Tungtungna kuring kudu
ngéléhan; kuring kudu
ihlas pepegatan jeung pamajikan anu dipikameumeut.
Teu karasa harita bet
nyurucud cipanon. Asa
geus lawas cipanon téh teu
kaluar. Nyeri haté mah.
Tapi kudu kumaha deui,
geus takdirna kieu
meureun.
Kuring panasaran naha
si Siti bisa ngomong kawas
kitu? Téga ngabohong.
Padahal kuring geus kurang kumaha bageurna ka
manéhna. Teungteuingeun
pisan.
Kuring bener-bener
yakin, yén kuring teu
kungsi milampah pagawéan nu teu uni. Keur naon
atuh boga pamajikan.
Kapan sidik, boga pamajikan téh salasahijina
pikeun ngajauhan jinah.
Barang nepi ka imah si
Siti, kadéngé sora anu ngabelentrang dituturkeun ku
sora nu ceurik. Gening si
Siti keur disiksa! Ku saha?
Kuring teu nyaho. Kuring
geuwat asup
nyalametkeun si Siti. Ngan
temahna, pareng kuring
malik karasa aya nu
neunggeul kana sirah,
nenggel naker. Ti dinya
kuring les teu inget
nanaon.
Inget-inget geus aya dina
korsi. Sakedapan mah kuring téh ngarasa bingung.
Sirah jejedudan. Asa ngan
sakilat pisan kajadianana
téh, nepi ka teu apal saha
nu nyiksa si Siti jeung nu
neunggeul kuring.
Sanggeus dipaksa nyarita
kakara si Siti daék balaka.
Geuning kajadian ieu téh
aya patula-patalina jeung
fitnah.
“Hampura Kang. Abdi
bener-bener teu niat mitnah ka akang,” omong Siti
bari reumbay cimata.
“Padahal Kang Sardi
bageur pisan ka abdi. Tapi
abdi gé teu bisa
kukumaha,” sora Siti méh
les-lesan.
Kuring ngan saukur bisa
ngusapan tonggongna.
Sanajan manéhna geus
nyababkeun kahirupan
rumah tangga kuring burakrakan, tapi tetep da
manéhna téh awéwé.
Kuring teu wasa mudalkeun kakeuheul ka
manéhna. Komo nyiksa
mah.
Sajongjongan mah
kaayaan simpé baé. Ti
dinya, kakara kuring bisa
nyarita.
“Enya teu nanaon. Nu
akang hayang nyaho téh,
naha saha saenyana nu
milampah nirca ka Siti
téh?” anu tadina rék
ngambek, teuing kunaon
jadi leuleuy kieu. Haté
mah kacida ambekna, tapi
anu kaluar tina baham
naha kalah kieu? Kuring
teu ngarti.
“Kang Samin, Kang. Nya
manéhna deuih anu maksa
Siti mitenah Kang Sardi
gé,” manéhna ceurik, teu
bisa nuluykeun deui caritaanana. Kuring geus teu
bisa maksa deui Siti
pikeun nyarita.
Asa teu percaya, sobat
kuring, si Samin anu
ngalantarankeun rumah
tangga jeung kahirupan
kuring jadi kieu. Saprak
kajadian éta si Samin
kabur ti lembur, ngaleungit teuing ka mana. Ilang
nepi ka ayeuna. Jalma
salembur geus pada apal
saha anu ngareuneuhan si
Siti sarta geus pada apal
kajadian anu saenyana.
Kuring tetep masih tacan
percaya, naha naon anu
ngalantarankeun si Samin
milampah goréng ka sobatna sorangan? Enya, ka
kuring sasatna? Cenah
mah gara-gara sirik kana
kahirupan kuring, nu
meureun aya leuwihna
tina kahirupan manéhna.
Beu! Emh enya, asa ku teu
pira. ***
Gerlong,
Agustus 2013
19
21. Qurban Perasaan
Carpon Rizky Prasasti Anwari
B
asa harita,
Uing téh
embé anom.
Gagah
deuleu. Kuat.
Nya badag nya gedé.
Tanduk gé nguir nya
seukeut. Panesna mah
keur meumeujeuhna
beuki ka bikang mah.
Tapi duka kunaon, uing
mah euweuh hasrat ka
bikang téh. Di kandang
gé loba bikang. Gareulis.
Si Yayah, si Tuti, si
Minah, tapi da teu beuki
uing mah. Uing mah asa
20
resep kénéh ka papada
jalu. Ngarareunah kénéh
jeung jalu. Haneuteun
mun saré pagelek-gelek
jeung maranéhna. Tibra.
Enya, bapa uing jawara
di kandang téh. Euweuh
nu wanieun ngalawan
paréntahna. Bapa uing
nu ngawasa, nu boga hak
pilih keur saha-saha waé
nu kudu dijadikeun qurban. Tong hariwang,
bapa uing wijaksana.
Moal asal milih. Céek
manéhna, milih téh dumasar kana pilihan ti
Gusti nu lumungsur
datang kana impian.
Jeung deuih ngimpi téh
dipercaya pisan. Tong
sieun! Cek bapa uing gé
dipeuncit dina poé
lebaran mah leuwih terhormat batan na poé
biasa. Maotna gé maot
syahid cenah. Da kapan
maot dina jalan bebeneran. Sarua jeung ngalaksanakeun paréntah Gusti.
Teu lila, di kandang
uing aya bikang anyar.
Kakara ayeuna uing
manggih bikang nu Sub-
hanallah geulis pisan.
Leuwih geulis batan
widadari. Teu ngan ukur
geulis, tapi mancur cahya
tina haténa. Ngenclang.
Beresih. Bageur pisan
sigana. Manéhna cocog
pisan jadi indung anakanak uing. Cocog pisan
mun seug engkéna
ngalahirkeun anak-anak
uing. Sapoé eta ing
ngadu’a. Uing hayang
boga hasrat ka bikang.
Uing hayang nyumponan
kahayang bapa. Boga
incu-incu nu garagah ti
uing. Uing hayang boga
turunan. Uing capé teu
akur jeung bapa. Uing
hayang nénjo bapa agul
boga anak siga uing. Teu
cara ayeuna. Bapa siga
nu ijideun ka uing.
Geuleuheun.
Peutingna. Gusti
ngadangu kahayang ing.
Harita awak uing panas.
Lalinu. Keur ngurangan
nu karasa, uing aajlengan. Oséh-oséhan
ngosok-ngosok tanduk
kana naon waé nu aya
hareupeun uing. Teu
kuat, hayang geura
ngeukeupan si Juwita,
embé anyar téa. Uing teu
Manglé 2450
22. bisa saré.
Allahu akbar! Allahu
akbar! Allahu akbar!
La ilaha illallah wallahu akbar!
Allahu akbar Wa lillahi
l-hamd..
Wanci geus mustari.
Kabéh embé ngariung di
kandang. Ngadangukeun
bapa uing sasauran.
Sasauran kanggo milih nu
énjing dipeucit téa.
“Duh anaking saéstuna
bapa diparéntah ngaliwatan impian pikeun meuncit hidep anaking. Tah,
ayeuna prak pikiran
kumaha alusna ceuk
hidep? Peuting ieu
diantos kaputusanna,”
bapa sasauran.
“Duh Pa! Naha Uing?
Loba nu séjén nu leuwih
mantes dipeuncit. Si
Burhan tuh, tukang
merkosa bikang. Si éta
wéh nu isukan dipeucit
téh Pa! Tong ing!” Uing
protés.
Bapa uing sabar. Uing
nyeuneu. Uing teu
narima mun kudu uing
nu ayeuna dipeuncit.
Uing can ngabuktikeun
mun uing gé boga hasrat
ka bikang. Uing hayang
bapa katémbong bungaheun. Uing hayang boga
turunan. Uing hayang …
…………………..
“Aéh heueuh! Sigana
mah lantaran éta, bapa
milih ing téh. Teu
ngimpi-ngimpi acan boa
ayeuna mah. Cék
manéhna apan harita
uing teu guna, teu bisa
méré incu. Kuduna
geura-geura dipeuncit
uing mah,” gerentesna
“Ieu teu adil! Bapa uing
teu wijaksana!” Uing
gogorowokan bari neunggar-neunggarkeun sirah
kana tatangkalan.
Allahu akbar! Allahu
akbar! Allahu akbar!
Laa ilaha illallah walManglé 2450
lahu akbar!
Allahu akbar Wa lillahi
l-hamd..
Beuki peuting sora takbir beuki ngalanglaung .
Ngajanggélék jadi galindeng nu matak muriding
kana ati. Manéhna geurageura cengkat. Embé
séjénna geus ngariung
deui. Bapa sasauran,
“Anaking, sayaga pikeun
ngajalankeun paréntah
Gusti?”
“Teu! Ieu teu adil! Bapa
milih uing lantaran ing
can bisa méré rundayan
pan? Bapa éra pan boga
anak siga uing? Bapa
teu….”
“Teu pisan-pisan,
Anaking. Saéstuna bapa
diparéntah ngaliwatan
impian pikeun meuncit
hidep, Anaking! Sing
Inget Anaking, yén sagala
nu aya, ti mimiti harta
banda, putra garwa, tug
dugi ka diri pribadina, éta
kabéh mangrupa amanat.
Mangrupa titipan. Sadayana ogé milik Gusti,”
bapa némpas.
“Manusa mah teu
ngaboga-boga. Ukur ngagaduhan tugas pikeun
mulasara, ngajaga,
ngariksa ogé ngamangpaatkeun sakumaha mistina. Miturut kapalay nu
maparinanana, nyatana
Alloh aza wazala,” cék
manéhna deui.
Uing ngabetem. Teu lila
si Burhan jeung Yedi
nyéréd uing ka pameuncitan. Uing gogorowokan,
bébéréléan, embé-embéan. Sanajan kitu,
angger percumah. Aya ku
pageuh si Burhan jeung
Yedi nalian beheung uing
kana awak tatangkalan.
Bikang uing, si Juwita
bangun nu ngarasakeun
sakur nu karandapan ku
uing. Manéhna surtieun
kana guligah nu karasa
ku uing. Manéhna
ngadeukeutan uing. Tapi
Burhan jeung Yedi metot
manéhna sangkan asup
ka kandang. Bikang uing
beuki jauh. Beuki jauh.
Uing gogorowokan.
Allahu akbar! Allahu
akbar! Allahu akbar!
La ilaha illallah wallahu
akbar!
Allahu akbar Wa lillahi
l-hamd..
Beuki subuh sora takbir
beuki tarik. Uing beuki
aajlengan, beuki
gogorowokan, motah,
guligah. Nyurudukan
tatangkalan. Metotan tali.
Tapi percumah. Awak ing
kalah ka beuki leuleus,
lungsé. Ssah rék kabur.
Katambah ku hasrat
hayang ka bikang téa.
Awak lalinu. Capé.
Ngadu’a sangkan aya nu
nulungan. Tapi weléh teu
aya. Sadrah ieu mah.
Hirup uing ngan nepi ka
dieu. Anggeus semet
dieu. Mereun uing mah
émang teu ditakdirkeun
boga turunan. Kudu ihlas.
Euweuh uing gé si Juwita
mah pasti boga turunan.
Uing imut.
“Bapa...! Ulah diengkeengke, geuwat laksanakeun! Sabab, mun seug
paréntah Gusti ditundatunda bisi timbulna
gogoda. Nu ahirna éta
paréntah téh dilalaworakeun. Malah nu
leuwih parna mah ditinggalkeun!” Uing jojorowokan
“Talian uing sing
pageuh Pa! Méh teu loba
usik, méh teu
ngahésékeun bapa keur
meuncitna. Tutupan beungeut uingna Pa, ambéh
bapa téga meuncitna.
Seukeutan pésona, Pa!
Ambéh teu karasa nyerina. Sing gancang nya,
Pa! Ambéh ngurangan
kapeurihna. Béjakeun Pa,
ka Neng Juwita . Uing
Tresna. Bikeun bulu uing
keur manéhna, ambéh ingeteun baheula aya uing
nu mikacinta, cenah dipaké méh haneut!” Teu
eureun ing ngagorowok.
Dina poé rayagung ieu,
uing kudu ihlas maot terhormat. Mun enya aya
sawarga husus keur
embé, uing mikaharep
panggih jeung bikang
uing di ditu. Bikang nu
leuwih geulis ti anu
kungsi papanggih jeung
uing. Amiin.
“Heup Kang, Heup!”
cek Juwita semu
ngagorowok bari nyampeurkeun. Uing olohok.
Awak Juwita bareureum,
hanyir. Siga tas dibalur
getih. Panonna reumbay
cimata.
“Kunaon? Naha tali
Akang diudaran? Keun
baé Juwita. Ulah, ulah
mantuan Akang. Akang
moal gimir moal ringrang
moal hamham. Sagala
paréntah anu datangna ti
Nu Maha Kawasa mah
moal nepi ka teu dilaksanakeun!” uing yakin.
“Tos Kang, Atos. Yu
cuang ka lebet. Bapa
ngantosan,” cék Juwita
bari tuluy metot kana
peupeuteuyan.
Satepina kana kandang.
Ngagolépak layon si bapa
nu keur dirariung ku
embé séjén. Uing olohok.
Uing ngabetem. Getihna
ngalémbéréh, ngabayabah. Muncrat ka mamana.
“Sing sabar wé. Sadrah.
Bapa anjeun nu geus
kapeto ku Manten-Na!”
haréwos Burhan. ***
10 Dzulhijjah
1434 H
Rizky Prasasti Anwari
Mahasiswa UPI Bandung
Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah
21
23. Carpon Yus R. Ismail
Dongeng Maung Jeung
Sumur Karamat
A
njog ka nu dituju kira wanci
tunggang gunung. Soré aya
ku éndah.
Panonpoé sumorot norobos
dangdaunan. Cahyana lir
kaén kasumba ngajajar niruk
lemah. Cahya anu areunteup
dina dangdaunan patinggurilap diulinkeun ku angin.
Ieu meureun tempat anu
disebut-sebut dina pantun
didengéng-dengéng dina
dongéng téh. Tempat karamat. Tempat anu mangtauntaun, meureun geus mang
ratus taun, disusud ka gunung-gunung diaprak ka
unggal madhab. Tempat anu
salawasna aya dina tungtung
suku jeung pikiran kaula.
Apan hirup kaula mah tugasna ngan néangan ieu tem-
22
pat. Tempat karamat anu can
kungsi aya anu mangnimukeun. Tegesna mah meureun, can kungsi aya anu
ngabéwarakeun kakaramatan ieu tempat ka balaréa.
Lantaran unggal anu nimukeun ieu tempat, saterusna
mah sasab di jerona.
Kereteg haté bet cumantél
ka dieu basa uprak-apruk
nété akar ngeumbing jangkar
ka ieu leuweung geledegan.
Duka sabaraha poé, bulan,
boa mangtaun-taun, uprakaprak ngubek leuweung.
Tungtungna kereteg haté téh
bet ngemplong, tenang, ambekan ogé hararampang,
basa hiji soré anjog ka ieu
tempat. Henteu lega
saenyana tempatna mah.
Taya tanda-tanda husus.
Para kasepuhan anu kungsi
ngadongéngkeun henteu
nétélakeun ciri-cirina. Anéh,
kaula ogé bet henteu hayang
nanyakeun. Pikiran bet
yakin, ciri-ciri téh henteu
perlu ditatanyakeun.
Da geuning saenyana,
barang anjog mah ka ieu
tempat, haté langsung
ngarasakeun. Tenang jeung
hararampang basa dampal
suku mimiti ngaliwat tangkal
kamper anu ngajajar lir gapura. Hawa aya ku seger,
sumarambah kana urat-urat
panglembutna dina sakujur
awak, terus ngamalir nepi
kana tungtung buuk jeung
dampal suku. Capé anu
mangtaun-taun narapel siga
daki lir anu muluduh sapada
harita. Tempat karamat téh
legana mah ngan saukuran
dua kali lapang badminton.
Tatangkalan sagedé beuteung munding ngajajar lir
soldadu anu ngabaris. Akar
ngagarantung sagedé-gedé
pigeulang leungeun. Dangdaunan mirupa payung anu
dianyam tina dahan-dahan
sabudeureunana. Di handap,
amparan jukut aya ku asri,
héjo seger, jangkungna rata
lir buludru. Haté bet teu
hayang tumanya, saha anu
ngaraksa-ngariksa ieu tempat? Da cara ka tempat-tempat karamat lainna, alam ogé
ngarumat mariksa.
Diuk téh di juru, handapeun tangkal loa sagedé
beuteung gajah. Tungkul.
Reureuh sakedapan.
Tapi geuning haté bet jadi
rus-ras, ngarakacak teu
pupuguh. Reureuh ogé
rarasaan téh jadi henteu
perlu. Lalampahan mangtaun-taun téh henteu karasa
capéna. Anu puguh mah
awak seger lir dimandian ku
cai wening tina mangréwu
cinyusu. Ngan haté bet rusras teu puguh rarasaan.
“Di tengah tempat karamat
téh, aya hiji sumur. Sumur
anu geus lukutan tina ku
kakolotan,” ceuk hiji kasepuhan di hiji kabuyutan.
“Tah éta sumur karamat téh,
sumur anu jadi panto ka
dunya anu anyar.”
**
Sumur karamat téh aya di
tengah amparan buludru
jukut. Sisi-sisina diwatesan
ku taneuh porang anu warnana héjo poék kalimpudan
ku lukut. Warna kolot semu
baseuh anu sanggup ngeleterkeun ieu haté.
Tatangkalan anu rapet
ngawatesan, akar anu ngagarantung, kakara karasa lir
anu nyidem simpé. Meureun
geus mangabad-abad
maranéhna layeut jeung
simpé. Boa simpé téh
maranéhna téa. Panonpoé
duka iraha nyabutan
cahyana, da sadar-sadar
hieum nuruban ieu tempat.
Sajongjonan kaula teu ngiceup neuteup sumur. Sumur
anu duka iraha mimiti
kanyahoanana. Da tadi mah
Manglé 2450
24. basa anjog, basa sup ka ieu
tempat, sumur téh acan aya,
henteu katangen. Boa sumur
téh ayana lain di dunya
nyata, dunya sapopoé kaula.
Lamun kitu pantes loba anu
upruk-aprak nyusud ieu
sumur karamat kalah sasab
ka sumur-sumur anu dijagaan ku jampé pamaké jurig
nyiliwuri.
Jajantung mimiti ratug.
Tapi ieu awak hideng nangtung, suku hideng ngaléngkah. Cai sumur aya ku
wening. Lir eunteung. Henteu endag saeutik-eutik acan.
Aya ku éndah ngeunteung di
dieu. Kaéndahan anu terus
sumarambah kana sakujur
awak. Rus-ras ka mana boa.
Rus-ras kana lalampahan
anu kaliwat. Bet gumeter ieu
haté, nyalangkrung cisoca
tunggara. Apan saenyana,
sapanjang hirupna, jalma
mah guyang dina lautan
kasedih.
Tina jero cai sumur téh aya
anu mucunghul. Méh baé
kula tijengkang ningalina.
Maung lodaya tanggah bari
neuteup seukeut niruk jajantung. Muriding sabulu-bulu.
Tapi lain muriding ku sieun.
Da haté mah yakin, maung
anu ngagerem némbongkeun
sihung jeung simana téh,
henteu pikasieuneun. Boa
maung sagedé anak sapi téh
ngajak cacarita.
Maung téh ngalanggéor ka
jero sumur. Sadetik sanggeus
maung ngaleungit, patingpucunghul sasatoan séjénna.
Kelenci, gajah, bagong, kidang, oray sanca, banténg,
jerapah, sabangsaning
manuk, monyét, kuda, jeung
sato séjénna. Maranéhna
ngabaris lir anu keur karnaval, taranggah ka kaula.
Sukuna nu sabeulah dipaké
gugupay.
Sugema ieu haté ningalina.
Sugema nyaksian karnaval
anéh anu boa moal kungsi
aya di mana waé ogé. Biwir
hideng imut. Tapi teu sabaraha lila kaula méh tijengkang pikeun nu kadua kalina.
Sora maung ngagerem
ngendagkeun tembok sumur.
Manglé 2450
Sasatoan anu keur karnaval
téh paburencay bari patingjarerit. Maung mucunghul
deui. Enya, ayeuna mah teuteup jeung geremna méotkeun haté. Maung téh lir anu
kaeunteupan amarah. Sabulu-bulu cararengkat. Suku
nyorodcod. Jajantung beuki
ratug. Kumaha lamun
maung téh ngagajleng ka
dieu? Mangkaning ti tadi
meusmeus tanggah meusmeus tanggah siga anu ngintip jeung ngira-ngira jerona
sumur.
“Aing enya maung anu
amarah!” Si maung tutunjuk
ku kukuna. Suku kaula hideng mundur saléngkah.
“Aing saksina yén jelema
mawa musibah...!” ceuk
maung deui.
Dina eunteung cai sumur
tingpucunghul maung
séjénna. Mangpuluh, atawa
boa ngaratus meureun jumlahna. Maranéhna arulin,
ocon, moro sato nu jadi
mangsana. Teu lila datang
rombongan manusa maranggul bedil jeung tumbak.
“Manusa ngalempagkeun
tumbak jeung némbakan
kolot aing, dulur-dulur aing,
sobat-sobat aing!” ceuk
maung téh.
“Keur aing saparakanca,
moro téh jalan hirup. Aing
saparakanca ngarogahala
pikeun dahar. Tapi manusa
henteu! Maranéhna mergasa,
nyiksa, lantaran kawasa.
Loba dulur aing dipaéhan,
disisit diarah kulit, awak
sabeuleugeunjeurna mah cul
waé di tengah leuweung.
Manusa ngarogahala keur
némbongkeun kamampuhna.”
Si maung téh neuteup
seukeut ka kaula. Neuteup
binarung ceuceub, pinuh
amarah. Tuur leuleus sapada
harita.
“Ti harita, aing téh amarah, dengdam. Dipergasa
saha waé anu kapanggih!”
Dina eunteung cai sumur
patingpucunghul deui sasatoan anu lalumpatan ka dituka dieu, bari patingjarerit,
patinglalengis, patingkocéak.
Maung téh ngagerem,
ngudag, nekuk, ngerekeb,
saha waé anu deukeut ka
manéhna. Hiji jalma ngababatang bari tina beuheungna
ulawéran getih tapak sihung
maung. Kuda anu adugadugan terusna mah
ngudupruk sabada beuheungna dikokos maung.
Mangpuluh sato séjénna
paéh sabada ditekuk maung.
Unggal poé éta kajadian
kawas kitu. Unggal waktu
hirup diintip-intip ku pati.
Terus mucunghul gajah
anu tulaléna nununjuk ka
kaula. Pok téh gajah
nerangkeun, “Lantaran saha
waé ogé henteu aya anu
sanggup ngeureunkeun talajak maung, nya sakabéh sato
di ieu leuweung karumpul
bari terus mupakat.
Maranéhna bakal séba hiji
nyawa unggal poé asal
maung henteu ngamuk.
Maung satuju. Unggal poé,
enya ogé henteu lapar,
maung bisa ngamalirkeun
dengdamna. Sato anu henteu
kapilih jadi séba bisa ngarénghap enya ogé ukur
sapoéeun.”
Terus mucunghul kelenci
bari pok nerangkeun, “Nepi
ka hiji poé séba téh nunjuk
ka uing. Tangtu waé uing
geumpeur. Sieun. Sedih.
Saha anu henteu ngarakacak
basa nyaho umur ukur
sababaraha rénghapan
deui?”
Kelenci téh ngambekan
rada lila. Pokna, “Pitulung
Alloh téh datang basa léngkah geumpeur sapanjang
jalan ka sayang maung, uing
manggihan hiji sumur. Uing
ngeunteung salila-lila.
Cipanon murubut teu kaampeuh. Tapi sanggeus ngeunteung mah haté téh jadi
tenang. Ceuk haté, maung
téh maéhan lain keur
baranghakan, atuh lamun
kitu mah maung téh sato
pikarunyaeun anu katideresa. Enya, katideresa ku
amarahna, ku napsuna.
Rarasaan uing harita, ieu
sumur téh jadi panto unggal
batin anu katideresa.”
Kelenci neruskeun léngkahna, séba diri, nepungan
maung. Saméméh maung
ngarogahala dirina, kelenci
téh miheulaan nyarita.
“Hampura juragan maung,
uing datang telat,” ceuk kelenci.
Maung ngagerem semu
ambek. “Enya, naha sia
datang telat? Méh baé aing
ngamuk deui!”
“Kieu dongéngna anu
matak uing telat téh. Da
puguh awak téh ngan sagedé
kieu, bisi juragan maung
henteu seubeuh ngahakan
uing, nya uing téh datang
duaan jeung adi uing. Tapi di
satengahing jalan uing duaan
dipegat. Adi uing jadi korban.”
“Dicegat ku saha? Saha
anu wani-wani maok séba
keur aing?”
“Bangsat anu megat téh
nyaéta... hiji maung anu
gagah perkosa kawas anjeun.”
Maung anu sakujur awak
jeung jiwana geus kalimpudan ku amarah jeung dengdam téh henteu kungsi mikir
deui. Sanggeus ngadéngé
carita kelenci samodél kitu,
maung ngagerem, cakarna
nguwak-ngawik tatangkalan
anu aya di sakurilingna.
Manéhna kahina. Benerbener kahina! Kelenci
mundur sababaraha léngkah,
jajantungna beuki ratug. Tapi
manéhna yakin, nasibna
ngan ditangtayungan ku pikiran jeung haté anu tenang.
“Maung bangsat téh nekuk
adi uing, terus digusur ka
jero sumur....”
“Tunjukkeun di mana
sumurna! Ku aing diudag
nepi ka mana waé ogé éta
bangsat téh.”
Kelenci ngaléngkah
ngadégdég. Tapi terusna
mah tenang deui. Di hareupeun sumur tempat tadi
manéhna ngeunteung jeung
Nyambung ka kaca 30
23
25. Dedemit Saguling
U
nggal mulang
ka Bandung,
raeng tatangga
naranyakeun
proyek saguling, pedah di Bandung geunjleung ku culik jang wadal
bendungan Saguling. Malah
di Ujung Berung mah, aya
tukang ngarit dirogahala ku
masyarakat, pedah mawa
karung, disangka culik terus
dikoroyok ku jalma loba, nepi
ka hanteuna. Proyek raksasa,
neruskeun lalampahan
Sangkuriang anu kabeurangan, cenah mah kari sagulingeun deui kaburu bara
nang siang, nu matak eta
tempat dingaranan Saguling,
gunungna disebut Baranang
siang. Digawe jadi Clerk, nguruskeun pagawe, ti mimiti
labour, minner, foreman,
operator alat berat, tug nepi
ka general forman. Ratusan
jumlah pagawe teh, ratusan
sipat jeung tabeat, malah loba
jeger urang Garut anu
nyumput jadi pagawe, sabab
sarieuneun ku panembak
misterius, jaman harita para
jeger diparaehan, didor ku
petrus, terus dibuang ka
Citarum.
Unggal poe proyek saguling
dikirim bugang jalma anu
paralid, jeger wungkul, kaciri
dina tatona, mimitina mah
basa aya dua mayit, ku lobaan
dihanjatkeun terus dikubur
sisi lebak, tapi kadiuena mah
ngabrul loba teuing, sok diantep bae sina palid ka
hilirkeun. Jadi proyek saguling mah teu kudu nyulik jang
wadal, sabab unggal poe dikirim bugang manusa, riweuh culik eta mah jalma anu
ngangpaatkeun situasi.
24
Ku Andang S. Argayuda
Pancen gawe ditugaskeun
anu beurang wungkul, biasa
mulang jam lima sore, tapi ka
parengkeun hiji poe aya clerk
anu dines peuting bebeja gering, atuh kapaksa meureun
engke teh kudu ngantor deui.
Hadena dipareng boga bojo
urang Rajamandala, geulis,
someah murah imut, jeung
asa kabeneran teh ku bageurna, ku belana, najan
budak keneh tapi estu
ngabakti ka salaki, masih
sakola, kelas dua sma di
Ciranjang, numatak kawin
oge susulumputan.
“Neng, akang dinten ieu
kudu ka proyek deui, engke
wengi”. Bari ngarasakeun cai
kopi haneut meunang nyieun
pamajikan, bebeja rek ngantor deui.
“Har, kapan nembe oge uih
Kang, pan biasana oge Akang
mah dines siang ?”.
“Eta aya rerencangan teu
damang, jadi anu engke
wengi teu aya clerk na, nya
Akang kedah tanggel waler,
kedah ngagentosan clerk”.
“Lah boa jangjian sareng
nu geulis, alesan ngantor”.
“Istri ti mana Neng, di
proyek mah lalaki wungkul,
ongkohan moal mungkin
Akang hianat ka Neneng”.
Ngabebenjokeun anu ngarajuk, ari ngaranna mah panjang jeung alus bojo teh, ngan
kabiasaan sok nyebut Neneng.
“Emh, si Akang sok tiasa
bae ari ngarayu teh, kawas
anu enya”.
“Sumpahna oge daek
salamet dunya akherat,
Akang pasti satia ka eneng,
salamina”.
“Muhun, Neneng oge per-
canten ka Akang, nanging
moal cape kitu ?”.
“Cape mah biasa Neng,
lalaki ieuh, meungpeung
kaduga, meungpeung aya
kasempetan, ke tos janten
artos mah kacape teh ilang”.
“Ati-ati atuh Kang, kawartoskeun saguling mah tempatna sungil, cenah jurigna
oge sok ngandar narembongan”.
“Atuh nyingsieunan nu
geulis teh, pan ngajurungkeun, kumaha ke mun Akang
direweg jurig saguling ?”.
“Ih amit-amit Kang, moal
enya Akang eleh ku jurig,
moal nanaon jung di du’akeun sing salamet, ulah sok
nyarios anu lain-lain, pimelangeun”.
Jam salapan peuting mobil
jemputan sok nungguan di
simpang tilu, waktu nepi ka
dinya mobil jemputan ka
Intek Adit geus pinuh ku
penumpang, tempat digawe
teh di hulu tunnel, anu
ngaran lokasina disebut Intek
Adit.
“Pinuh geuning, kumaha
geus karumpul kabeh euy ?”.
Tumanya ka nu geus dariuk
dina mobil. Bari ngalacat
muru kajero mobil, jangkung
mobil teh da tina treuk meunang ngarekayasa, supaya
bisa dipake jemputan pagawe.
“Pa, geuning dines wengi,
pan bapa mah tugasna siang
?”. salah saurang pagawe tumanya, pedah tara-tara ti
sasari make mangkat gawe
peuting.
“Pan Pa Wawan udur, jadi
peuting ieu teu aya clerk, nya
kapaksa Bapa nyuluran
gawe”.
“Di payun atuh Pa, di dieu
mah tiris”.
“Di dieu bae ah resep ramerame, kamana anu sok dicaroo ku sarerea geuning teu
aya ?”. Pernah waktu ka
tukang ngalaman dines peuting, dina mobil jemputan aya
awewe saurang, lumayan
manis, ngan eta awewe dicaroo digarulung dina mobil,
dasar anu bangor kalah
seuseurian.
“Ayeuna mah bulan kolot
Pa, engke pami tanggal muda
sok aya, malah ayeuna mah
nambahan jadi tluan”.
“Kade ah ulah sok kokomoan ku nu karitu, bisi
cilaka, sing inget ka nu di
imah”.
“Eta oge emut ka anu di
bumi, nu matak gagarayaman
asa ka indung budak, heu...
heu..heuy”. Dasar barudak
proyek garelo, kalah raeng
ngomong ngacapruk.
Anu disebut kantor teh
sederhana, ngarana oge
proyek, tapi sababaraha lokal,
tempatna persis sisi gawir
lungkawing, di handapna
walungan Citarum. Mumunggang pasir bolenang, satungtung tenjo ukur taneuh
beureun anu bubud teu diurus, teu aya imah da puguh
jauh ka lembur, sosoranganan tengah peuting di tempat anu araraneh, para
pagawe geus arasup ka
torowongan, neruskeun
hanca anu katunda ku rombongan tadi beurang.
Inget kana caritaan pamajikan, boa enya sungil, sabab
mani rehe kieu, jabaning asa
karareueung. Geus beres
nyieun jang laporan isuk,
terus ka luar ti kantor,
Manglé 2450
26. miceun kakeueung, luak-lieuk
ka sabudeureun tempat,
paroek, tapi langit kabeneran
keur lenglang, bulan caang
tanggal wewelasan.
Keur nganteur panglamunan bari ngajanteng di jalan,
ti beh girang aya anu
leumpang make seragam
sepe, asa boga batur, terus digeroan bari disampeurkeun,
tapi aya ku aneh, eta jalma digeroan teh ukur ngalieuk,
terus ngungkug ka sisi
jungkrang, gajleng eta jalma
teh luncat kana jungkrang
anu sakitu lungkawingna.
“Asstagfirrulloh hall
adziim, jalma eta jurig
eta teh, piraku jalma
luncat kana
jungkrang, jerona
jungkrang teh lima
ratus meter, mun
manusa meureun
rajit”
“Jurig eta mah”.
Gebeg, ngarenjag
kaget, ti tukangeun
aya anu ngomong
deukeut naker,
dilieuk, bet teu aya
sasaha. Buru-buru ka
kantor deui, lampu
kabeh dicaangkeun,
terus nyokot buku laporan, tulas-tulis ngabrangbrangkeun.
Peuting ieu teh
malem minggu,
kuduna mah ulin
jeung bojo, ari ayeuna
bet kudu nyanghareupan jurig bung keuleukan,
asa miris, enya oge ludeungan, ari kitu-kitu teuing mah
mani asa sasah, teu puguh
rasa. Lila ngabulak-balik buku
laporan, ngaleungitkeun
kasieun, barang cengkat, bet
kalangkang aya dua, luak
lieuk teu aya sasaha, malah
kalangkang anu hiji mah bet
ngajangkungan, terus ngajangkungan nepi ka nembus
lalangit.
Satengah sadar, gajleng
luncat ka buruan, angen ratug
tutunggulan, angkohan mah
rek mabur ka torowongan,
nyampeurkeun batur, naha
atuh tina palebah lawang
torowongan, aya anu ngabrul
bari arigel-igelan, awakna
persis supa suung, sarupa,
sawanda, awakna mencos ka
Manglé 2450
luhur kawas aseupan, nya siga
supa rampak wae kitu.
“Ha...ha...ha...ha, rek kamana manusa ?”. Eta anu
jangkung hideung jiga
kalangkang teh ngomong bari
seuseurian, bakat ku sieun antukna kahudang kawani, inget
kana diri, terus ngawatek
sagala kamampuan bathin
warisan ti kolot, lumayan jadi
reugreug.
“Saha andika anu sabenerna, ku naon make ngajungjurigan kula”.
“Aing anu ngageugeuh ieu
mawani deui nyingsieunan
anjeun”.
“Ari itu anu ngaleut bangsa
naon eta teh ?”.
“Eta teh jurig jarian,
dedemit saguling, bongan
tempatna diganggu, maranehna kaluar rek menta
wadal”.
“Menta wadal kumaha,
ulah lalawora, ulah ganggu ka
manusa”.
“Tempokeun wae ku anjeun, anak buah anjeun bakal
nungtut jadi korban, paeh di
jero torowongan dipake tum-
tempat, aing teu suka boga
nagara diruksak ku bangsa
manusa, maneh ayeuna rek
dibawa jang tumbal,
ha...ha...ha...ha”. Eta jurig
ngomong garihal, ngancam
rek mergasa.
“Hey raja jin kafir, kula
moal eleh ku pantar andika,
kula apal ka anjeun jeung ka
nu nyiptakeun bangsa anjeun,
ulah rek coba ngaganggu
sabab kula boga elmuna
pikeun ngahancurkeun diri
anjeun”.
“Ke, ning anjeun gede
kawani, saha anjeun?, ti mana
asal anjeun ?”.
“Tempo panon kula, anjeun
bakal apal saha ari diri kula,
jeung ti mana asal kula”.
“Tobat, ampun, kula sujud
ka anjeun, kula moal ku-
bal”.
“Ulah kitu raja jin, kula
moal mikeun”.
“Najan kula teu wani
ganggu ka anjeun, tapi anjeun
moal bisa ngahalangan, sabab
can waktuna anjeun bisa kitu,
ha...ha...ha...ha, kula pamit
rek ngampih”. Les anu
jangkung hideung jeung rombongan dedemit teh leungit,
hate rada tenang teu reuwas
teuing, tapi omongan jurig
tadi jadi pipikiran.
Nungguan beurang mani
asa lila, kajadian tadi peuting
nyesakeun kareuwas, inggis
ku bisi rempan ku sugan, bisi
enya. Satengah genep jemputan datang, nepi ka imah
kasampak bojo keur ngajanteng di buruan, ningali salaki
datang pamuluna robah jiga
anu bungah, ngabageakeun
ku imut anu kareueut, mani
asa pangbagjana sadunya, asa
panggih jeung sawarga.
“Neng, dinten ieu mah ulah
masak”.
“Har, ari Akang, atuh kalaparan, ku naon kitu ?”.
“Urang jalan-jalan, ngadon
emam ka sasak heubeul, pan
aya rumah makan di dinya
teh, ngabangbrangkeun,
akang tos kenging kareuwas”.
“Kareuwas naon Kang ?”.
“Enyaan leres ceuk Neneng,
saguling teh sungil, yu ah
urang berangkat, motorna
tos pinuh ku bensin”. Ulin
paduduaan dina motor, pamajikan nangkeup pageuh,
napasna karasa niupan ceuli,
ieu meureun kabagjaan teh,
anu kieu meureun anu disebut nikmat hirup teh.
Dua poe ti harita, di
torowongan geunjleung,
master blasting, tukang
ngabitukeun dinamit, maot
katinggang batu, ambulan
ngajerit panjang mawa layon
ka rumah sakit rek di visum.
Duka kabeneran duka memang aya patalina jeung ancaman dedemit saguling,
ngendek sabaraha poe tas
kajadian tukang dinamit, riweuh deui di torowongan,
foreman maot ka tinggang
batu, dua urang sakaligus,
duanana foreman.
Teu cukup ku kajadian di
tunnel wae, geus opat poe
aya dua urang foreman teu
asup gawe, teu aya beja, teu
mere alesan, atuh riweuh ditatanyakeun, tapi teu aya anu
manggihan. Ngendek sapoe,
ibur cenah aya dua urang korban kacilakaan di jalan
Sukarno Hata, motor asup
kana kolong treuk, mayitna
aya di RS. Hasan Sadikin, anu
jadi hareugeueun teh eta
ngaranna, sarua jeung ngaran
foreman anu keur diteangan.
Terus disusud ka rumah sakit,
beu, bener bae geuning foreman anu geus sababaraha poe
teu asup gawe.
“Duh, naha ieu teh bener
kitu dedemit saguling menta
wadal ?”. Wallohu allam bbi
syawab.
Saguling-Rajamandala. Taun 1983.
25
27. JEMPLANG KARANG EUIS KARTINI
Pangaruh Cianjuran kana Jiwa
Ku H.D. Bastaman
N
eraskeun hanca dina nomer kamari. Aya pangalaman unik sawatara diva tembang nu kungsi
minton di mancanagara. Cenah sering
nyaksian urang asing nu ngahadiran pintonan loba nu reumbay cimata ngabandungan mamaos Cianjuran bari sama sakali teu
ngartieun eusi rumpakana. Hartina kaéndahan mamaos Cianjuran bisa karasa ku
saha baé, kaasup ku urang asing nu sama
sakali teu wanoh kana budaya Sunda tapi
lejar manah tur ngahargaan budaya deungeun nu béda ti maranéhna.
Mun urang asing baé kawas nu kagendam ku éndahna Cianjuran, piraku gorombolan DI/TII nu lolobana urang Sunda teu
katoél mamaras rasana nguping Jemplang
Karang panyeluk Euis Kartini. Mun teu
nepi ka kitu téh bisa jadi ceulina.….. ceuk
Kang Ajip Rosidi mah. Kacipta geura peuting-peuting cuang-cieung di pamubusan
jero leuweung luhur gunung bari ngahodhod jeung kukurubukan. Pangpangna hariwang deuih réh jauh di lebak lebah
mumunggang katingal rébuan durukan
jeung obor pager bitis ningker gunung.
Dina kaayaan kitu hég ngadéngé panyeluk
indung dina Jemplang Karang tina radio
nu disetél lalaunan piraku teu matak juuh
cimata hayang buru-buru turun ka lembur
rék nyegruk kana lahunan indung.
Da kitu atuh sipat seni mah, hususna
mamaos Cianjuran, pangaruhna kana jiwa
éstu lemes bari teu karasa deuih kumaha
prosésna, terang-terang geus aya akibatna
baé boh nu hadé atawa nu goréng. Mun diibaratkeun pakarang mah kawas pedang
seukeut nyempring ditilaskeun sakilat kana
tangkal cau kawas taya urut-urutna.
Tangkal cauna tetep ajeg masing geus sapat
ogé. Kitu sangkaan kuring ngeunaan daya
mamaos Cianjuran.
Saterusna dina mahabuna sasalad krisis
karakter siga ayeuna naha mamaos Cianjuran nu geus bukti gedé pangaruhna kana
jiwa bisa diilukeun pikeun ngatik Karakter
alias Akhlak? Jawabana: Bisa, ngan teu
langsung. Maksud téh kieu.
Pendidikan karakter, pangpangna pi-
26
keun pribadi-pribadi déwasa, loba rambat
kamaléna lantaran silih pangaruhan antara
unsur-unsur lingkungan (kulawarga,
masyarakat), poténsi jiwa (niat, cita-cita,
kasadaran, pikiran, rasa, sikep), métode
atikan (tuladan, kajian, mawas diri,
ibadah), prak-prakan ngalaksanakeun,
ajén-inajén kahadéan nu rék diatikkeun
jeung unsur-unsur pangrojong séjénna.
Kuring mah moal milu medar perkara éta
mah lantaran lain cabakna. Urang sérénkeun baé éta mah ka “urang UPI” Bandung. Kuring mah ukur rék milu
ngébréhkeun pamanggih sorangan dumasar pangalaman kungsi milu aub
sakeudeung di lingkungan Tembang
Sunda. Kitu gé baréto jaman keur jagjag
belejag. Heureut deuih sawanganana gé
ngan rék ngaguar pangaruh lagu jeung
rumpaka Cianjuran kana jiwa.
Dina seni Cianjuran aya prosés psikologi
nu unik. Pidangan mamaos Cianjuran nu
nyerepna langsung kana alam rasa tangtu
bisa ngalemesan rasa, hususna nyuburkeun rasa éndah. Unggulna jalma nu lemes
alam rasana diantarana bisa ngaragap haté
batur (émpati), romantis, intuisina ogé
leuwih seukeut deuih, dina harti sarérétan
ogé ujug-ujug nyaho kana niat batur boh
nu hadé atawa nu goréng. Ari héngkérna
jalma nu alam rasana lemes (teuing) nyaéta
gampang kasigeung jeung sok nurutkeun
teuing perasaan jeung ngumbar kahayang
nepi ka gampang kabawa sakaba-kaba.
Ahirna…”badan anu katempuhan” ceuk
guguritan “Éling-éling mangka éling” mah.
Sajaba ti éta rumpaka dina lagu-lagu
Cianjuran mah sering kadanguna téh ukur
kalimah-kalimah harfiahna, ari jerona
ma’na jeung jiwa sajakna mah méh teu
karampa lantaran kalindih ku reunceumna
reureueus jeung dongkari, éndahna galindeng, gelik suling jeung paténgtongan kacapi. Cobi geura dangding-dangding karya
H. Hasan Mustapa nu sakitu jero ma’nana
asa moal karasa mun “dicianjurankeun” da
kasilep ku euyeubna dongkari jeung
reureueus. Kitu deui guguritan-guguritan
Dyah Padmini nu genah digalindengkeu-
nana, terus terang kuring mah hamham
eusi rumpakana nu sakitu jero teuleumaneunana bakal karagap mun dicianjurankeun. Da kudu dihaleuangkeun dina
lagu pupuh nu rancag (lain Rarancagan!),
komo mun digerendengkeun kawas maca
sajak mah karék kaguar ajén-inajén palsapahna nu nyumput jeroning rumpaka.
Enya ti baheula gé atikan budi pekerti
ngaliwatan haleuang mah geus ilahar, upamana baé “Éling-éling mangka éling”,
“Éling-éling murangkalih” jeung “Utamana
jalma kudu réa batur”. Atuh kaayeunakeun
kawih kapahlawanan seperti “Karatagan
Pahlawan” (Mang Koko) jeung madah
cinta lemah cai “Degung Sunda Mekar” (I.
Rosadi) populér pisan. Tapi kabéh ogé dina
kawih jeung lagu panambah nu teu reunceum ku reureueus jeung hiasan
dongkari nepi ka eusina gampang kaharti.
Da ceuk jenatna Apung SW ogé dina
bukuna “Kuring jeung Tembang Sunda”
rumpaka nu payu keur tukang tembang
mah nu basajan gampang kahartina. Nu
déskriptif romantis atuh légégna mah.
Ku kituna sanajan rumpaka Cianjuran
teu saeutik nu ngandung ajén-inajén atikan
budi pekerti, tapi ceuk kuring mah tetep
asa kurang éféktif pikeun pendidikan
karakter lantaran kasilep ku kaéndahan
lagu jeung piriganana. Jabaning numutkeun titénan Apung SW mah kira-kira
52% eusi rumpaka Cianjuran…kabirahian!
Kudu tina sumber séjén nyokotna ajéninajén atikan karakter mah, upamana baé
tina ayat-ayat Kitab Suci jeung Hadis
Rosul, biografi para inohong, babasan,
paribasa jeung semboyan nu ngagambarkeun ajén-inajén idéal pikeun mekarkeun karakter jeung padoman hirup
kumbuh. Contona: “Silih asah, silih asih,
silih asuh” (Pemda Jabar); “Shalat, Silat,
Siliwangi” (AMS); “Élmu luhung kasakti
diri” (DAMAS); “Ésa hilang, dua terbilang”
(Kodam Siliwangi); “Cageur, Bageur, Pinter, Bener”; “Ka cai jadi saleuwi, ka darat
jadi salebak”; “Tanjeur di juritan, Jaya di
buana”. Da leubeut ieuh di lingkungan
masyarakat jeung budaya Sunda nu kitu
Manglé 2450
28. mah.
Ku kituna patalina antara seni Cianjuran
jeung kamekaran karakter kira-kirana
kieu: Tembang Cianjuran fungsina ngalemesan rasa, hususna rasa éndah/
éstétika. Dina kondisi jiwa kitu mah ajéninajén étika ti lingkungan masyarakat gampang mekarna jadi karakter pribadi. Teu
béda ti binih nu dipelak dina tanah léndo.
Binihna ajén-inajén atikan, tanah léndona
alam rasa nu lemes. Sabalikna ajén-inajén
étika nu mekar jadi karakter bisa ngadalian
rasa nu lemes téa tina kahayang sorangan
nu mangprung taya seubeuhna sarta
Manglé 2450
ngabénténgan diri tina sakur pangajak teu
puguh jeung pangbibita nu matak nyambalkeun diri.
Wangsul deui ka Euis Kartini nu dihudangwayangkeun. Anjeunna téh putra
kawalon Mang Uking Sukri, juru kacapi
kahot Tembang Sunda RRI Bandung. Euis
ngajodo ka R. Gardéa (nu teu acan lami
ngantun), putra R. Soegeng. Ari R. Soegeng
kantos nikah ka Nyi Mas Saodah lajeng
ngadamel pakempelan mamaos “Sekar
Familie” di Bandung. Euis Kartini &
Gardéa téh sepuhna Gan-gan Garmana,
pakar kacapi mamaos nu tos saba man-
canagara. Apung SW dina bukuna “Kuring
jeung Tembang Sunda” nyarioskeun Euis
Kartini kantos dijangjian, duka ku Pemda
duka ku Kodam, badé dipaparin skuter minangka hadiah nyeluk turun “urang gunung” ku haleuang Jemplang Karang.
Nanging dugi ka ayeuna lebeng teu péntilpéntilna acan. Panyawat “Lupa” rupina tos
mahabu ti kapungkur di urang ogé.
(réngsé)
Ciputat,
Lebaran Haji 2013.
27