SlideShare a Scribd company logo
1 of 3
Dongeng Bahasa Sunda " Si Kabayan Dicukur"

si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jajago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere
atawa nyarande sok ker wae kerek.

sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan
supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan,
kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. saperti
biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na
teh…. “tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina
sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu keur ngalenggut
ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “pondokeun wae
mang…” trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus
kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae
mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh,
teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang
tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si
kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui
peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna.
ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna
mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sabab
sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa
ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka
tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan
“dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna
geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh
dongeng maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari
nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku
dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku
barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”
Si Kabayan Ngala Tutut
                  Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia
             mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

                   Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

                  Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang
             ngagaru geura.

      Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna
loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-
teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu
sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang
langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina.
Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut
téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

      Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana
nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-
deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya
beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh
lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop
jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta
leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina
didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé,
tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

     Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

      Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong
langit.”

     Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

     Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
         Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh
keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan
jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
         Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik.
“Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya
kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu
dagingna empuk tur pelem.”
         Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu
manehna rek datang deui, nagih jangji.
         Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi
piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus
dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
         “Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang
nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika
ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina
panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak.
Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
         Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero
guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong
kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna
kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan
Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-
jengong.
         Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila,
teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu
kaduga nenjona.”
         Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru.
Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok,
disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan,
sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh
pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang
Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan
budi.
         Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong

More Related Content

Viewers also liked

Viewers also liked (10)

Pidato perpisahan
Pidato perpisahanPidato perpisahan
Pidato perpisahan
 
Surat resmi
Surat resmiSurat resmi
Surat resmi
 
Pidato perpisahan sekolah
Pidato perpisahan sekolahPidato perpisahan sekolah
Pidato perpisahan sekolah
 
Cerita fabel
Cerita fabelCerita fabel
Cerita fabel
 
Drama 6 orang kabayan
Drama 6 orang kabayanDrama 6 orang kabayan
Drama 6 orang kabayan
 
dongeng cerita bahasa inggris Narrative text Cinderella
dongeng cerita bahasa inggris Narrative text Cinderella dongeng cerita bahasa inggris Narrative text Cinderella
dongeng cerita bahasa inggris Narrative text Cinderella
 
BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11
 
Cerita rakyat bahasa jawa, Keong Mas, Jaka Tarub, Rawa Pening
Cerita rakyat bahasa jawa, Keong Mas, Jaka Tarub, Rawa PeningCerita rakyat bahasa jawa, Keong Mas, Jaka Tarub, Rawa Pening
Cerita rakyat bahasa jawa, Keong Mas, Jaka Tarub, Rawa Pening
 
FABEL (DONGENG)
FABEL (DONGENG)FABEL (DONGENG)
FABEL (DONGENG)
 
Contoh Administrasi OSIS
Contoh Administrasi OSISContoh Administrasi OSIS
Contoh Administrasi OSIS
 

More from Yadhi Muqsith

Not balok mengheningkan cipta
Not balok mengheningkan ciptaNot balok mengheningkan cipta
Not balok mengheningkan ciptaYadhi Muqsith
 
Makalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isi
Makalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isiMakalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isi
Makalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isiYadhi Muqsith
 
Makalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijayaMakalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijayaYadhi Muqsith
 
Makalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologiMakalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologiYadhi Muqsith
 
Kisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdasKisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdasYadhi Muqsith
 
Kebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengahKebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengahYadhi Muqsith
 
Kebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian baratKebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian baratYadhi Muqsith
 
Karya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokokKarya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokokYadhi Muqsith
 
Dongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggrisDongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggrisYadhi Muqsith
 
Biografi presiden ir soekarno
Biografi presiden  ir soekarnoBiografi presiden  ir soekarno
Biografi presiden ir soekarnoYadhi Muqsith
 
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasiAnatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasiYadhi Muqsith
 
50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesia50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesiaYadhi Muqsith
 
Sumber pencemaran air
Sumber pencemaran airSumber pencemaran air
Sumber pencemaran airYadhi Muqsith
 
Biografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesiaBiografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesiaYadhi Muqsith
 
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasaDrama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasaYadhi Muqsith
 
Story collections3123
Story collections3123Story collections3123
Story collections3123Yadhi Muqsith
 

More from Yadhi Muqsith (20)

Not balok mengheningkan cipta
Not balok mengheningkan ciptaNot balok mengheningkan cipta
Not balok mengheningkan cipta
 
Makalah pendidikan
Makalah pendidikanMakalah pendidikan
Makalah pendidikan
 
Makalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isi
Makalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isiMakalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isi
Makalah tentang model pembelajaran kooperatif (autosaved)11 daftar isi
 
Makalah pipisahan
Makalah pipisahanMakalah pipisahan
Makalah pipisahan
 
Makalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijayaMakalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijaya
 
Makalah inggris
Makalah inggrisMakalah inggris
Makalah inggris
 
Makalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologiMakalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologi
 
Lamaran kerja
Lamaran kerjaLamaran kerja
Lamaran kerja
 
Kisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdasKisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdas
 
Kebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengahKebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengah
 
Kebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian baratKebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian barat
 
Karya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokokKarya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokok
 
Dongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggrisDongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggris
 
Biografi presiden ir soekarno
Biografi presiden  ir soekarnoBiografi presiden  ir soekarno
Biografi presiden ir soekarno
 
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasiAnatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
 
50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesia50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesia
 
Sumber pencemaran air
Sumber pencemaran airSumber pencemaran air
Sumber pencemaran air
 
Biografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesiaBiografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesia
 
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasaDrama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasa
 
Story collections3123
Story collections3123Story collections3123
Story collections3123
 

Dongeng bahasa sunda1

  • 1. Dongeng Bahasa Sunda " Si Kabayan Dicukur" si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jajago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek. sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang. si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “pondokeun wae mang…” trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”
  • 2. Si Kabayan Ngala Tutut Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.” Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?” Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura. Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges- teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.” Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut- deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut. Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?” Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.” Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah. Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
  • 3. Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji. Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun. Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran. Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!” Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha. Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni. Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang- jengong. Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna. Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong