SlideShare ist ein Scribd-Unternehmen logo
1 von 12
Pupuh Sunda

Kumpulan 17 Pupuh Sunda.

Asmarandana

Laras: Salendro
Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada := 7 padalisan.

Pupuh 1: Asmarandana

Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-
mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )

Panambih:

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

——————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Balakbak

Watek: pikaseurieun.
1 pada := 3 padalisan.

Pupuh 2: Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Panambih:

Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Dangdanggula

Pupuh 3: Dangdanggula

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

Panambih:

Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia

——————————-
Laras: Pelog, Sorog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Durma

Pupuh 4: Durma:

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

Panambih:

Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

———————
Laras: Pelog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 27 Agustus 2004

Gambuh

Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku.
1 Pada := 5 padalisan.

Pupuh 5: Gambuh

Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )
panon poe geus rek surup ( 8 – u )
keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

Panambih:

Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong

———————-
Laras: Pelog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 27 Agustus 2004

Gurisa

Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
1 Pada := 8 Padalisan.

Pupuh 6: Gurisa

Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

Panambih:

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

———————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 3 September 2004

Juru Demung

Pupuh 7: Jurudemung

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Panambih:

Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang

—————————-
Laras: Pelog Liwu
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 3 September 2004

Kinanti

Laras: Pelog/Salendro
Watekna: miharep atawa prihatin.
1 Pada := 6 Padalisan

kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )
henteu aya papadana ( 8 – a )
ratuning kembang sajati ( 8 – i )
papaes di patamanan ( 8 – a )
seungit manis ngadalingding ( 8 – i )

Pupuh 8: Kinanti

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Panambih:

Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna

————————
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com)
Titimangsa: 3 September 2004

Ladrang

Pupuh 17: Ladrang

Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Panambih:

Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

————————-
Laras:
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004

Lambang

Watek: banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.

Pupuh 9: Lambang

Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )

Panambih:

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal

Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com)
Titimangsa: 4 September 2004
Magatru

Pupuh 10: Magatru

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

Panambih:

Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang

————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 4 September 2004

Maskumambang

Dikintun: koryati (202.51.230.139)
Kaping: 17.02.2004 09:52

Pupuh : Maskumambang

Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan

Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana

Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula

Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean

Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan

Mijil

Pupuh 12: Mijil

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu

Panambih:

Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

———————-
Laras: Pelog
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 10 September 2004

Pangkur

Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
———-

Pupuh 13: Pangkur

Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )
―Aing ngaran Jayapati‖( 8 – i )
Panambih:

Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

————————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004

Pucung

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
———

Pupuh 14: Pucung

Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a )

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

Panambih:

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

————————
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Sinom

Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.

Contona :
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )

Pupuh 15: Sinom

Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Panambih:

Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti

———————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Wirangrong

Pupuh 16: Wirangrong

Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara

Panambih:

He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela

——————————
Laras:
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004

Weitere ähnliche Inhalte

Mehr von Yadhi Muqsith

Makalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijayaMakalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijayaYadhi Muqsith
 
Makalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologiMakalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologiYadhi Muqsith
 
Kisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdasKisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdasYadhi Muqsith
 
Kebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengahKebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengahYadhi Muqsith
 
Kebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian baratKebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian baratYadhi Muqsith
 
Karya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokokKarya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokokYadhi Muqsith
 
Dongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggrisDongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggrisYadhi Muqsith
 
Biografi presiden ir soekarno
Biografi presiden  ir soekarnoBiografi presiden  ir soekarno
Biografi presiden ir soekarnoYadhi Muqsith
 
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasiAnatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasiYadhi Muqsith
 
50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesia50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesiaYadhi Muqsith
 
Sumber pencemaran air
Sumber pencemaran airSumber pencemaran air
Sumber pencemaran airYadhi Muqsith
 
Biografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesiaBiografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesiaYadhi Muqsith
 
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasaDrama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasaYadhi Muqsith
 
Story collections3123
Story collections3123Story collections3123
Story collections3123Yadhi Muqsith
 
Pengertian zat adiktiv
Pengertian zat adiktivPengertian zat adiktiv
Pengertian zat adiktivYadhi Muqsith
 
Pengertian zakat fiqih
Pengertian zakat fiqihPengertian zakat fiqih
Pengertian zakat fiqihYadhi Muqsith
 
Naskah drama 2 orang
Naskah drama 2 orangNaskah drama 2 orang
Naskah drama 2 orangYadhi Muqsith
 

Mehr von Yadhi Muqsith (20)

Makalah pipisahan
Makalah pipisahanMakalah pipisahan
Makalah pipisahan
 
Makalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijayaMakalah keuangan mahasiswa deni wijaya
Makalah keuangan mahasiswa deni wijaya
 
Makalah inggris
Makalah inggrisMakalah inggris
Makalah inggris
 
Makalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologiMakalah dampak teknologi
Makalah dampak teknologi
 
Lamaran kerja
Lamaran kerjaLamaran kerja
Lamaran kerja
 
Kisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdasKisah tentang burung beo cerdas
Kisah tentang burung beo cerdas
 
Kebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengahKebudayaan dari indonesia bagian tengah
Kebudayaan dari indonesia bagian tengah
 
Kebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian baratKebudayaan dari indonesia bagian barat
Kebudayaan dari indonesia bagian barat
 
Karya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokokKarya ilmiah bahaya merokok
Karya ilmiah bahaya merokok
 
Dongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggrisDongeng bahasa inggris
Dongeng bahasa inggris
 
Biografi presiden ir soekarno
Biografi presiden  ir soekarnoBiografi presiden  ir soekarno
Biografi presiden ir soekarno
 
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasiAnatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
Anatomi fisiologi organ reproduksi dan diklus menstruasi
 
50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesia50 taman nasional di indonesia
50 taman nasional di indonesia
 
Sumber pencemaran air
Sumber pencemaran airSumber pencemaran air
Sumber pencemaran air
 
Biografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesiaBiografi presiden indonesia
Biografi presiden indonesia
 
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasaDrama perkenalan 5 orang 3 bahasa
Drama perkenalan 5 orang 3 bahasa
 
Story collections3123
Story collections3123Story collections3123
Story collections3123
 
Pengertian zat adiktiv
Pengertian zat adiktivPengertian zat adiktiv
Pengertian zat adiktiv
 
Pengertian zakat fiqih
Pengertian zakat fiqihPengertian zakat fiqih
Pengertian zakat fiqih
 
Naskah drama 2 orang
Naskah drama 2 orangNaskah drama 2 orang
Naskah drama 2 orang
 

Pupuh Sunda

  • 1. Pupuh Sunda Kumpulan 17 Pupuh Sunda. Asmarandana Laras: Salendro Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. 1 Pada := 7 padalisan. Pupuh 1: Asmarandana Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling- mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i) rumingkang di bumi alam( 8 – a ) darma wawayangan bae ( 8 – e ) raga taya pangawasa ( 8 – a ) lamun kasasar lampah ( 7 – a ) nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u ) badan anu katempuhan ( 8 – a ) Panambih: Eling-eling masing eling Di dunya urang ngumbara Laku lampah nu utama Asih ka papada jalma Ucap tekad reujeung lampah Tingkah polah sing merenah Runtut rukun sauyunan Hirup jucung panggih jeung kamulyaan ——————- Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan Titimangsa: 26 Agustus 2004 Balakbak Watek: pikaseurieun. 1 pada := 3 padalisan. Pupuh 2: Balakbak
  • 2. Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng(15-e) Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e) Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e). Panambih: Aya warung sisi jalan Rame pisan ku nu jajan Tihothat nu ngaladangan Nu jarajan sukan-sukan ————————- Laras: Madenda Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan Titimangsa: 26 Agustus 2004 Dangdanggula Pupuh 3: Dangdanggula Mega beureum surupna geus burit Ngalanglayung panas pipikiran Cikur jangkung jahe koneng Naha teu palay tepung Sim abdi mah ngabeunying leutik Ari ras cimataan Gedong tengah laut Ulah kapalang nya bela Paripaos gunting pameulahan gambir Kacipta salamina Panambih: Hiji basa, hiji bangsa Basa bangsa, Indonesia Hiji bangsa, hiji nusa Nusa tunggal, Nusantara Seler-seler, suku bangsa Di wewengkon, mana-mana Sakasuka, sakaduka Wujud bangsa, Indonesia ——————————- Laras: Pelog, Sorog Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
  • 3. Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan Titimangsa: 26 Agustus 2004 Durma Pupuh 4: Durma: Moal ngejat sanajan ukur satapak Geus dipasti ku jangji Mun tacan laksana Numpes musuh sarakah Heunteu niat seja balik Najan palastra Mati di medan jurit Panambih: Di mamana si penjajah Pada amarah marudah Manan kapok anggur gawok Najan dituyuk diragut Nagri sadayana Umumna ngabela Nyempad rosa, pulitik penjajah Tapi nu ngajajah Teu pasrah, teu sadrah Terus meres, ngahina ngarinah ——————— Laras: Pelog Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan Titimangsa: 27 Agustus 2004 Gambuh Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku. 1 Pada := 5 padalisan. Pupuh 5: Gambuh Ngahuleng banget bingung ( 7 – u ) henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u ) turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i ) panon poe geus rek surup ( 8 – u ) keueung sieun aya meong ( 8 – o )
  • 4. Ngahuleng banget bingung Heunteu terang kamana nya indit Turug-turug harita teh, enggeus burit Panonpoe geus rek surup Keueung sieun, aya meong Panambih: Hulang-huleng, hulang-huleng Ngahuleng ngaraga meneng Hate ratug, tutunggulan Heunteu terang, kaler-kidul Turug-turug, turug-turug Harita teh, enggeus burit Panonpoe geus rek surup Keueung sieun aya meong ———————- Laras: Pelog Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan Titimangsa: 27 Agustus 2004 Gurisa Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. 1 Pada := 8 Padalisan. Pupuh 6: Gurisa Hayang teuing geura beurang ( 8 – a ) geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a ) nagih anu boga hutang (8 – a ) mun meunang rek meuli soang ( 8 – a ) tapi najan henteu meunang ( 8 – a ) teu rek buru buru mulang ( 8 – a ) rek tuluy guguru nembang ( 8 – a ) jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a) Hayang teuing geura beurang Geus beurang rek ka Sumedang Nagih ka nu boga hutang Mun meunang rek meuli soang Tapi najan henteu meunang Mo rek buru-buru mulang
  • 5. Rek terus guguru nembang Jeung diajar nabeuh gambang Panambih: Hayang teuing geura beurang Geus beurang rek ka Sumedang Nagih ka nu boga hutang Mun meunang rek meuli soang Tapi najan henteu meunang Mo rek buru-buru mulang Rek terus guguru nembang Jeung diajar nabeuh gambang ———————- Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 3 September 2004 Juru Demung Pupuh 7: Jurudemung Mungguh nu hirup di dunya Ku kersaning anu agung Geus pinasti panggih Jeung dua rupa perkara Senang paselang jeung bingung Panambih: Mungguh hirup di alam dunya Ku kersaning anu agung Geus pinasti bakal panggih Suka bungah jeung kasedih Dua rupa nu tumiba Sakabeh jalma di dunya Senang patumbu jeung bingung Eta geus tangtu kasorang —————————- Laras: Pelog Liwu Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung
  • 6. Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 3 September 2004 Kinanti Laras: Pelog/Salendro Watekna: miharep atawa prihatin. 1 Pada := 6 Padalisan kembang ros ku matak lucu ( 8 – u ) nya alus rupa nya seungit ( 8 – i ) henteu aya papadana ( 8 – a ) ratuning kembang sajati ( 8 – i ) papaes di patamanan ( 8 – a ) seungit manis ngadalingding ( 8 – i ) Pupuh 8: Kinanti Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon bae nu kapanggih Panambih: Ari beurang ngagarantung Pinuh dina dahan kai Disarada patembalan Nu kitu naon ngaranna ———————— Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com) Titimangsa: 3 September 2004 Ladrang Pupuh 17: Ladrang Aya hiji rupa sato leutik Engkang-engkang, engkang-engkang Sok luluncatan di cai Ari bangun arek sarupa jeung lancah
  • 7. Panambih: Coba teguh masing telik Eta gambar sidik-sidik Sato naon kitu wanda Reujeung dimana ayana ————————- Laras: Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 11 September 2004 Lambang Watek: banyol atawa pikaseurieun. Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan. Pupuh 9: Lambang Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a ) nyair bogo meunang kadal ( 8 – a ) atuh teu payu dijual ( 8 – a ) rek didahar da teu halal ( 8 – a ) Panambih: Nawu kubang sisi tegal Nyiar bogo meunang kadal Nawu kubang sisi tegal Nyiar bogo meunang kadal Atuh teu payu dijual Rek didahar da teu halal Nawu kubang sisi tegal Nyiar bogo meunang kadal Meunang kadal Atuh teu payu dijual Rek didahar da teu halal Da teu halal Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com) Titimangsa: 4 September 2004
  • 8. Magatru Pupuh 10: Magatru Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung Rajamandala, Cimahi Leles, Limbangan, Tarogong Panambih: Sukuna pakepit tilu Panonna opat harerang Leumpangna semu nu lesu Ngalengkah teu bisa gancang ————————- Laras: Madenda Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 4 September 2004 Maskumambang Dikintun: koryati (202.51.230.139) Kaping: 17.02.2004 09:52 Pupuh : Maskumambang Duh manusa mana kaniaya teuing teu aya rasrasan abong ka mahluk nu laip nyiksa henteu jeung aturan Hulu abdi karaosna langkung nyeri tulang asa bejad tanduk mah pon kitu deui taya raoskeuneunnana Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri pedah kabisan tapi yaktosna mah abdi ngan bakating kumawula Oge margi anjeun rupina ka abdi miwarang jeung maksa
  • 9. buktina disina jurit kalawan jeung dihatean Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi moal bisa panjang abdi ningal bumi langit rek mulang ka kalanggengan Mijil Pupuh 12: Mijil Mesat ngapung putra Sang Arimbi Jeung mega geus awor Beuki lila beuki luhur bae Larak-lirik ninggali ka bumi Milari sang rai Pangeran Bimanyu Panambih: Aduh Gusti nu Kawasa Jisim abdi ageung dosa Pangna abdi gering nangtung Reh ka sepuh wantun nundung ———————- Laras: Pelog Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 10 September 2004 Pangkur Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan. ———- Pupuh 13: Pangkur Seja nyaba ngalalana ( 8 – a ) ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i ) henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u ) balik paman sadaya ( 7 – a ) nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u ) Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a ) ―Aing ngaran Jayapati‖( 8 – i )
  • 10. Panambih: Euleuh itu budak gembul Awak gembru bayuhyuh gawena kedul Ukur heuay jeung nundutan Ka sakola unggal poe kabeurangan He barudak tong nurutan Ka nu gembul kokomoan Bisi kedul jeung ogoan Awal akhir katempuhan ————————- Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 11 September 2004 Pucung Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan. ——— Pupuh 14: Pucung Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 – u ) jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a ) tanda yen bagjana gede ( 8 – e ) hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a ) Lutung buntung luncat kana tunggul gintung Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek Bajing kuning jaralang belang buntutna Panambih: Hayu batur urang diajar sing suhud Ulah lalawora bisi engke henteu naek Batur seuri urang sumegruk nalangsa ———————— Laras: Salendro Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 11 September 2004
  • 11. Sinom Watekna gumbira. Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan. Contona : Di wetan fajar balebat ( 8 – a ) panon poe arek bijil ( 8 – i ) sinarna ruhay burahay ( 8 – a ) kingkilaban beureum kuning ( 8 – i ) campur wungu saeutik ( 7 – i ) kaselapan semu biru ( 8 – u ) tanda Batara Surya ( 7 – a ) bade lumungsur ka bumi ( 8 – a ) murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a ) Pupuh 15: Sinom Warna-warna lauk empang Aya nu sami jeung pingping Pagulung patumpang-tumpang Ratna Rengganis ninggali Warnaning lauk cai Lalawak pating suruwuk Sepat pating karocepat Julung-julung ngajalingjing Sisi balong balingbing, sisi balungbang Panambih: Harta pada nareangan Harti pada narabahan Harta harti sarwa guna Pada bisa mere bukti Bisa hasil sapaneja Sok nyumponan cita-cita Harta harti song mangpaat Dapon diraksa taliti ———————- Laras: Madenda Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 11 September 2004
  • 12. Wirangrong Pupuh 16: Wirangrong Barudak mangka ngalarti Ulah rek kadalon-dalon Enggon-enggon nungtut elmu Mangka getol mangka tigin Pibekeleun sarerea Modal bakti ka nagara Panambih: He barudak mangka ngarti Ulah rek kadalon-dalon Nungtut elmu jeung pangarti Masing rajin soson-soson Pibekeleun hirup tandang Modal bakti ka nagara Lemah cai anu urang Perlu dijaga dibela —————————— Laras: Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 11 September 2004